Tuesday, June 24, 2014

DILÉMA PILPRÉS 2014




ku Iwan M. Ridwan

Sababaraha waktu anu bakal datang sakumna rahayat Indonesia baris nyanghareupan hajat gedé. Pilprés, alias pemilu présidén. Mun mah baheula rahayat dina jaman orde baru jeung orde lama ukur milih partéy, kiwari di jaman réformasi rahayat bisa milih présidén sacara langsung. Hal ieu geus ditetepkeun dina Undang-Undang Republik Indonesia Nomor 42 taun 2008 ngeunaan pemilihan umum presiden jeung wakil présidén sacara langsung. 

Sababaraha poé katompernakeun, dua kubu pasangan caprés jeung cawaprés geus ditetepkeun salaku pamilon dina Pilprés 2014. Bewara geus diwawarkeun ngaliwatan mangrupa-rupa media. Dalah ti saméméhna geus ramé loba iklan boh dina média tévé, Koran atawa internét. Mahabu pisan.

Teu ngan saukur iklan diri sorangan, bisa kasebut iklan silih gorengkeun gé teu katahan. Teuing saha jeung sahana mah anu nyararieun iklan dina internét. Aya berita duka sémiotik ngeunaan maotna Jokowi. Dirancang kawas dina bewara kaum Tionghoa anu maot. Ari dikuburna téh mernah pisan dina alamat sékrétariat partai anu ngadukungna.    

Keur rahayat sorangan dipepekan ku iklan-iklan propaganda téh matak balueng. Bingung nya saha anu kudu dipilih. Diléma téa ngaranna. Lamun rék dibéjérbéaskeun, duanana calon présidén teh boga cacat di mata masyarakat mah. Ceuk sawaréh anu nyararita, Prabowo téh kalibet kana kasus Semanggi 1998 anu harita kanyahoan ku balaréa loba mahasiswa anu perlaya lantara didérédéd ku pasukan tentara. Harita anu jadi panglimana nya Prabowo téa. Aya anu nyebutkeun yén ieu téh geus ngalanggar kana HAM alias Hak Asasi Manusia. Ceuk béwara anu (deui-deui ngungkab mangsa baheula) nyebutkeun ceuk Amin Rais nyebutkeun Prabowo Subianto kudu gusur ka Mahkamah Militer pikeun nganyahokeun “motif penculikan” aktivis pro démokrasi. Atuh lian ti éta aya ogé béwara anu nyebutkeun karyawan Prabowo acan narima gajih leuwih ti tilu bulan, anu hartina Prabowo ngahutang ka pagawéna, tapi manéhna sorangan ngagembor-gemborkeun iklan béak mangpuluh-puluh juta malah leuwih. Atuh cenah deui waé Prabowo mah kungsi dipecat tina jabatanana.

Nilik ka calon wakilna, dina panitén rahayat kénéh Hatta Rajasa kungsi ngalaman (anak) boga kasus pelanggaran lalulintas, nyaéta nabrak kandaraan séjén dugika tiwasna anu ditabrakna. Tapi dina fakta hukumna geuning malah bébas. Atuhnya jinisna sorangan cenah kungsi kalibet kana korupsi pengadaan gerbong karéta api urut anu didatangkeun ti Jepang.

Anyar-anyar deui ayeuna media masa ngungkab vidéo ngeunaan Hashim Djojohadikusumo adi teges Prabowo samangsa di Amerika. Cenah nyebutkeun yén Prabowo téh pro pisan ka Amerika. Sakola SMA-na di Amerika, ogé sakola saméméhna. Hal ieu cenah ngabuktikeun salila ieu Prabowo mitenah Jokowi anu bakal jadi anték-anték Amerika.   

Dina kamandang rahayat kénéh, Jokowi ogé apanan cenah di Solo téh acan tuntas masa jabatanana, der nyalonkeun di gupernur DKI, tuluy kapilih. Ngurus Jakarta ogé acan ngahasilkeun nanaon. Masih kurang ti dua taun manéhna geus rék ngaleupaskeun jabatanana demi ngudag anu leuwih luhur. Lanca-linci majarkeun. Mangpang-meungpeung kasohor. Saruwa jeung ngaheureuykeun nagara. Hal ieu téh méré kesan ka rahayat yén jabatan atawa pamaréntahan téh kawas anu dianggap kaulinan. Atuh lian ti éta cenah majuna Jokowi téh lain atas dasar kana karepna diri sorangan, tapi dijeujeuhkeun ku partéyna, khususna ku Megawati. Anu cenah deui waé Jokowi mah mangrupa bonekana Megawati.

Naon atuh anu geus ditembongkeun ku Jokowi salaku gupernur DKI ogé acan katempo. Jakarta masih kénéh banjir, macét masih jadi pasualan anu urgent. Cenah gawéna ngan ukur ngandelkeun ‘blusukan’ kaditu-kadieu néangan pencitraan. Deukeut sotéh ka rahayat anu didatangan teu nyaho itu-ieu, ari ka bawahan sorangan mah diculjeunkeun, jadi teu karoris kumaha gawé-gawéna.

Masih ngeunaan Jokowi, cenah diisukeun étnis tionghoa alias lain bangsa asli Indonesia, bari jeung disinyalir rék mawa isu-isu kaum Yahudi. Majarkeun manéhna mah ngan ukur jadi bonéka anu dierohan ku isme-isme luar. Cenah ayeuna pasangan Jokowi-Jk geus nyuri start kampanye.

Nilik ka calon wakilna, Jusuf Kala (JK), geuning aya anu ngungkab video kamandang manéhna ka Jokowi, lamun Jokowi jadi présidén bakal kacow ieu negri, bakal ancur. Keun wé antep heula sina jadi gupernur. Ari kabuktianana manéhna sorangan anu nyalonkeun jadi wawakil présidén marengan Jokowi. Dina panon rahayat mah ieu téh kawas anu ngalétak ciduh sorangan.

Antukna jadi perang kagorengan dina média masa séwang-séwangan salaku anu dibayar tur dipimilik ku masing-masing caprés jeung cawaprés. Média ieu hahanteman némbongkeun kagoréngan pasangan Jokowi-JK, téték bengékna diuar-uar. Média itu terus-terusan néangan kasalahan jeung dosa anu aya di pihak Prabowo-Hatta anu nyababkeun harénghéng keur rahayat. Rahayat anu sakuduna boga sumanget jeung harepan anyar pikeun nasib kahareupna malah ditémbongkeun ku kagoréngan-kagoréngan calon pangingpinna.  

Hal ieu keur kuring mah matak waas jeung baluas. Geuning bangsa urang téh can nepi kana cita-citana anu kakandung dina falsafah pancasila jeung undang-undang dasar 1945 ngeunaan program ngawujudkeun kasejahteraan keur sakumna rahayat Indonesia. Mun mah enya duanana boga visi jeung misi anu saruha, naha maké kudu silih goréngkeun jeung silih hina. Sakuduna mah urang salaku nagara anu mayoritas Islam nyonto kana demokrasina jaman Khulafaurrasyidin sabada ditinggal kangjeung Rosul. Ti opat kandidat nyaéta Abu Bakar Siddiq, Usman bin Affan, Umar bin Khotob, jeung Ali bin Abi Thalib, euweuh salah sahiji ogé anu ngagorengkeun anu séjén. Malah dina kampanyeuna téh silih aluskeun. Ceuk anu leuwih kolot, pilih anu ngora, anu masih seger cangker, tinangtu bakal mawa rahayat leuwih hadé. Anu kolot mah geus kurang walakaya, jeung loba pohona. Atuh ceuk anu leuwih ngora, pilih mah anu kolot, anu geus loba élmu pangaweruhna dina nyanghareupan pasualan-pasualan kanagaraan, lain anu ngora anu acan nyaho itu ieu. (wallohu’alam)   


Tuesday, March 18, 2014

POPOÉAN


Galura, Edisi Minggu ka-III Maret 2014


“Hujan! Hujan!” sorana ngéngkréng ti tengah imah.

Kulutrak panto dapur muka. Panto ka luar, tukangeun imah. Manéhna gura-giru nyaitan popoéan anu masih kénéh baseuh. Cuh-cih leungeunna ngajéwang saban nu nyampai. Popoéan anu ngahunyud téh ditangkeup laju dibawa ka hareupeun kamar cai. Bay disampaikeun sakaligus. Tuluy gura-giru deui nyaitan popoéan anu liana. Sarua kawas mimiti, disampaikeun jeung baturna. 

“Kamarana barudak téh mani euweuh hiji-hiji acan. Nyareuseuh paloba-loba. Sakieu hujan waé téh?” omongna semu anu kukulutus.  

Ayeuna mah leuwih bisa haré-haré nyaksian Si Ibu kitu peta téh. Geus teu anéh deui sabab kitu tabéatna. Mémang keur anyaran mah sok ngarasa reuwas ngadéngé Si Ibu kukulutus téh. Sok asa kacarékan atawa mémang keur nyarékan batur. Tapi geuning éta mah kabiasaan anu teu anéh. 

Karék opat bulan harita nyicingan ieu kontrakan téh. Bubuhan karék bisa adaptasi jeung lingkungan. Ngan hadéna anu ngontrakna barudak mahaiswa. Umumna mah mahasiswa sakampus. 

Kawilang paling angggang ieu kontrakan. Ceuk barudak mah nyungseb. Mun dileumpangan mah ka kampus gé kudu méakeun waktu dua puluh menit. Enya kitu anu kaalaman ku kuring. Sakapeung mah sok nébéng kana motor Si Icha, ngahaja méméh balik téh sok diajak nyimpang. Apanan ngarah bisa nganteurkeun. Peupeuriheun dianteurkeun ku kabogoh iraha teuing ngalamanna. Ah kétang saha teuing lalakina anu rék daék ka awéwé pantar kuring. Urang kampung bau lisung bari papakéan rangkedut sakadaékna. Sabenerna mah lain sakadaék-sakadaékna teuing tapi taya deui pakéeun. Ceuk pangrasa baju anu di bawa ti lembur téh minangka baju pang aralusna. Paranti méjéng sisi jalan, ngariung dina jambatan hareupeun sakola imprés. Sok asa panggindingna dibandingkeun jeung Nining, Rina atawa Adah mah.

Horéng di kota papakéan téh jadi pangnorakna: Maksi hideung, kurudung nyungcung jeung baju panjang pulas bulao téh teu mawa kageulisan anu nyari. Ningali Si Zéna mah sakitu mani hurung-hérangna ka kampus téh. Maké calana nyiripit, lépis ipis. Kaluhurna maké kaos sapotong dibunian ku jas leutik bari ngetat. Lamun teu kitu, maké baju panjang tapi leueur pulas gedang asak. Ari sapatuna lain sandal busa kawas kuring, tapi sabangsa kelom jangkung hérang matak nyentrik kanu makéna.  

Geulis katempona. Nécis. Manis. Tapi nya kitu geuning saimbang jeung haregana. Kungsi kuring ogé jalan-jalan bari nempoan anu kararitu ka Mall. Ngahaja ménta dianteur ka Si Icha, bubuhan manéhna mah apan ti éséma pindah ka Bandungna milu jeung indung bapana. 

“Tah ieu ngaranna Skinny Jeans. Cocokna maké tank top jeung blazer atawa dress. Méh katingali nyentrik jangkung sapatuna maké wedges atawa high hill. Teu pas maké sandal busa siga Rohimah mah.” Ceuk Si Icha mani norowélang. Percis anu dipaké ku Si Zéna babaturan kampus anu ditunjuk-tunjuk ku manéhna téh. Sedil da mun seug nyebut ngaran asli téh.

“Ima, kitu! Geuleuh ngadéngéna. Kampungan.”

“Haha. Kolot manéh téh geus ngabubur beureum ngabubur bodas keur éta ngaran. Tarimakeun.”

“Nyao ah!” cekéng ngabalieur. 

“Lah mani gumeulis. Geura yeuh lebah dieu pakéan luhuranana mah.” Inget kénéh wé harita Si Icha nuyun kuring di Béipé. 

“Ké heula, Cha, itu aya calana mani aralus. Ngan hanjakal nya parondok teuing. Calana budak éta téh?” 

“Euh. Éta téh hot pen, pék waé ari hayang katémbong pingping urut pélor mah.” Manéhna nyeuleukeuteuk. Angger leungeunana ngenyang leungeun kuring. Atuh leumpang téh satengah digusur. 

Srog ka hareupeun jajaran baju-baju aralus. Ditataan kabéh ku Si Icha. Mani kabita nakeranan harita. Kabéh dicabakan tepika anu jaga tokona buad-baeud, pédah éta meureun gep ieu gep ieu ari meuli hanteu. Kuring téa sok terus rasa mun seug aya anu buad-baeud téh. Antukna kuring anu ngajewang leungeun Si Icha dibawa kaluar toko.

Si Icha mawa deui kuring ka toko sapatu, toko tas, toko géspér ceuk manéhna mah, toko aksesoris: jam tangan, geulang, génggé, anting, kongkorong,, bondu, bross. Lieur tungtungna mah ampir-ampiran rék utah. Panon karasa panas, peurih balas keuna asé. Beuteung lapar. Enya atuh salila kukurilingan téh apanan remen ngaliwatan toko kuéh: roti, donat, fried chicken, pisang keju, pop corn, apal sotéh pédah wé dibacaan tempat-tempatna. 

Gura-giru ngajak balik ka Si Icha. Hayang geura-geura nyangu di kontrakan. Lapar. Manéhna malah nyeungseurikeun.

“Lapar mah hayu ditraktir ku urang. Tah di kééfsi gé moal méakeun dua ratus rébu.” Cenah ngajewang ka tempat dahar di luareun gedong super mall. Daék teu daék nuturkeun manehna.
*** 

Ayeuna geus seméster dua, anu ngaranna skinny jeans téh geus kabeuli. Kitu deui thank top, dress, wedges, tas impor. Malah hot pen ogé meuli hiji. Duitna mah meunang kukumpul salila dikirim kunu jadi kolot. Diapi-apik pisan makéna gé, tara ieu dipeleter sok inggis belél. Geus aya kana opat kalina dipaké téh, kakara diseuseuh poé ieu. Nyeuseuhna gé apik pisan teu sugan digiles atawa disikat, palalaur soéh.  

Bérés nyeuseuh tuluy nyangu, dahar saayana. Ngké gé aya Si Icha ka kontrakan sok mangmawakeun deungeun sangu, meunang nyokot ti warung indung bapana. Sakituna mah haat jeung nyaahan Si Icha téh ka kuring mah. Bérés dahar téh reup waé kasaréan. Enya sasatna geus capé bébérés kamar, nyeuseuh, kari-kari beuteung seubeuh sok sanajan ukur jeung bala-bala ditambah sambel goang ogé. Sora si Ibu anu ngéngkréng téh bet kabawa ngimpi.

Lep, les wé teu inget di bumi alam. Luareun imah horéng hujan mani ngagebrét. Angin jeung guludug mani hoghag: lilimbungan, tingbarasat, tingbeledag. Kuring hudang kagareuwahkeun kunu récok di luar. Rét kana ubin, cai nguyumbang. Ibu kos jeung Kang Abdul mani cuh cih nyaralametkeun barang anu kabawa hujan. Cenah sawaréh geus marilu palid kana liang cai. Sasampayan pegat katinggang kenténg anu riab ku angin. Caina malid-malidkeun seueuhan anu disampaikeun ku Si Ibu dina sasampayan hareupeun kamar cai.   

Teu dipikirkeun cai anu ngamplang di jero kamar mah. Pikiran inget kana hot pen, skinny jeans, dress, blazer jeung tank top anu dipoé.

“Ibu, kamana jemuran?” geus neg wé ningali dina sasampayan euweuh téh. Geuning sasampayanana ogé runtuh.  Kang Diman mah sibuk sorangan di jero kamar. Asbésna ngaliglag kaanginkeun cenah orokaya caina ampih ka jero kamar. Maseuhan buku. Maseuhan Komputer. 

“Ibu, kamana jemuran abdi?” cekéng bari rambisak. Beungeut jeung buuk mah teuing kumaha rupana. Sasat hudang saré langsung kaluar milu riweuh. Bari jeung teu apal kumaha mimitina. Anu diajak ngomong kalah cuh cih kaditu kadieu.  

“Allohuakbar!..... Ieu Gusti Nu Maha Agung…… Diman, kumaha atuh nya buku baraseuh jeung kasur deuih nya, komputer…. Alah!..... Abdul atuh geuwat éta kodokan seuseuhan anu paralid kana liang cai téh…. Aduh kamana ari Mang Ujang cenah nya….!”

“Ieu Étéh apanan kamar Si Dandin ogé banjir…” omong Mang Ujang bari tibeberegég ngakutan cai ti jero kamar anakna ibu kos. Sewur wéh dibaheukeun ka hareupeun Kang Abdul anu ngarojokan liang cai.

“Moal kapuluk, Bu, seuseuhan mah. Tos palid kana liang got…” Kang Abdul némpas bari hemar-hemir. Ari Kang Diman, anteng wé meureutan kaos butut anu dipaké ngelap ubin kamarna. Curulung caina kana émbér.

Anu alanyar datang milu riweuh nyaksian kaayaan kamarna carem satengahing bitis. Si Nita hariweusweus, Si Rudi, A Sodik, ribut maruka kamarna. Itu geuningan aya Si Icha mani ngadarégdég, awakna teu éléh rancucutna jeung nu leuwih tiheula datang. 

“Rohimah, siah urang kapegat hujan ka dieu téh ah. Tuh tempo mani baraseuh kieu…”

“Ichaaa….. baju, Cha…. Hot pen, skinny jeans, kabeh kabawa paliiiddd…!” hing wé kuring ceurik. Kaéra ngadadak leungit. Pakéan anu dihayang-hayang téh ngadon kabawa caah.

“Ah bongan meulina make duit semésteran….”

“Manéh mah kalah mupuas…”
Rengse, Bandung Maret 2014





     
Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com