Wednesday, December 31, 2014

HUJAN SILANTANG

Ku: Iwan M. Ridwan 
(Mangle, No. 2512 : 29 Jan - 4 Feb. 2015)

Langit hideung deui. Panon poé kawas anu teu dibéré jatah maturan ringkang manusa. Teu kaop manceran, kudu waé disimbutan méga hideung. Palias teuing kawas kamari, hujan angin dordar gelap téh lain bobohongan. Tepika asup berita dina televisi. Leuwih ti saratus imah burakrakan, tatangkalan gempar rarungkadan. Malah éta anu matak hookeun mah kampusna Hana ogé tepi ka paburasét kenténgna. Pamajikan mah melangeun kacida meunang béwara sarupa kitu. Teu sirikna harita kénéh ogé nelepon Hana. Hariweusweus kacida basa tetelepék dina telepon téh, teger-teger sanggeusna nampa béja Hana geus di imah basa kajadian hujan angin téh. Matak reugreug kacida. Adi teges anu ngan hiji-hijina ari kitu téa mah rék ku saha deui diperhatikeunana ari lain ku dirina, kitu ceuk babasaanana. Témbong haatna téh boga motor ogé dibikeun ka Hana malah mandar kuliahna lancar.

Ayeuna kuring anu ngarasa melang nenjo langit angkeub. Pamajikan ngadon boga kagiatan di sakola. Cenah kabéh guru wajib milu kana éta kagiatan. Teu lila ari kituna mah ukur lima poé. Tapi keur kuring mah kacida pisan ngamplengna. Melang tur hariwang. Lian ti keur usum hujan angin apanan pamajikan téh keur gedé beuteung. Atuh ampir tiap waktu diomat-omatan ulah capé teuing. Ulah loba teuing anu diiluan komo sarupaning kagiatan anu ngalibetkeun pisik mah. Nya dikitukeun téh geuning meunang karinganan ti sakolana. Kagiatan-kagiatan anu matak capé mah diijinan teu miluan. Manéhna istirahat di ruang UKS atawa cicing di ruang guru. Kitu anu katarima dina henpun mah. 

Hujan geus mimiti turun. Kadéngé tingparalak dina kenténg. Kilat pating burinyay. Sora guludug handaruan. Mun mah anu boga panyakit jantungeun moal teu kalengger. Kuring satékah polah babacaan. Mapatkeun dunga salamet jeung dungan Nabi Sulaéman. Kadituna maca ayat kursi, amanar jeung falaq binnas. Ditoong tina kaca téh enya waé angin mani lilimbungan. Kawas anu keur élég jeung cihujan. Sorana ngaguruh kawas kapal udara. Tatangkalan hareupeun imah tingpelendoy. Kuring beuki tarik mapatkeun dunga diselang ku takbir jeung adan. Reg sakedapan eureun. Angin malik ka jauhna. Kituna téh teu lila, sewur deui hujan mani ngagebrét nyebrot ka buruan imah. Cileuncang mimiti ngagedéan. Jalan témbong nguyumbang. Tina juru-juru imah cai curcor kawas digolontorkeun. Selokan mimiti katutupan, caina leber. Limpas ka jalan aspal. Antukna lir susukan.

Tina lebah péngkolan hiji tangtungan ngadodorong motor, kawasna mah mogok. Jas hujanna jibrug, kaca hélmna ditutupan. Beuki lila beuki deukeut. Tipepereket mawa laju motor ngalawan hujan angin jeung cileuncang.

“Aéh geuning Hana. Deudeuh teuing!” gerentes haté. Sanggeus sidik rikat mukakeun panto. 

“Hana!” Kuring ngagorowok tuluy lumpat muru manéhna anu rancucut. Gap kana motor anu dicepengna. Didorong sataker kebek geuwat diampihkeun ka garasi. Hana nuturkeun di tukangeun.

“Enggal ka lebet!” Kuring geuwat ngajak buru-buru ka jero. Teu poho pager ditutupan.

“Kunaon motor téh, Han, mogok?” Kuring nalék sanggeusna aya di jero. 

“Muhun, Ka.” Témbalna. Jas hujan anu dipakéna dilaanan. Deudeuh teuing baju anu dipakéna ogé milu ribug.

“Karunya teuing. Simpen di dapur waé jas hujan mah.” Ceuk kuring bari ngoloyong ka kamar rék ganti baju anu kabaseuhan. Teu poho ngasongkeun anduk ka manéhna. 

“Ibak ku cihaneut, nya. Nganggo acuk Si Tétéh waé.” Ceuk kuring bari léos deui ka dapur rék mangnaheurkeun cai. Balik ti dapur téh bari ngajéwang citéh panas. Song deui ka manéhna anu keur ngelapan tungtung buukna ku anduk.

“Nuhun, Ka!” pokna sabada nempo kuring ngécagkeun gelas dina méja hareupeun tempat diukna.

“Ah siga ka saha waé. Sok sok geura eueut méh teu kabulusan.” Témbal téh.

“Kaka, punten nya dirérépot. Tadi téh badé uih pisan ti kampus, pas itu di jalan payun banjirna mani ageung. Motor téh ngadon paéh mesinna, duka kunaon.” Omongna bangun anu hanjelu.

“Wios atuh mogok mah. Ngké ku Kaka diparios. Untung waé mogokna di payun. Kumaha pami tebih, meureun kamana kedah ngiuhan.” Kuring némbalan panjang lébar.

Imah kuring téh mémang teu pati jauh ti kampus Hana, malah unggal poé ogé kaliwatan jalan utamana. Pédah ari imah kuring mah kudu asup heula jalan komplék meunang dua bélokan. Kitu ogénan ukur saratus méter. Sapopoéna Hana kuliah didugdag. Pamajikan teu tégaeun lamun kudu naék angkot, matakna motor anu kungsi dipaké ku manéhna dibikeun ka Hana. Lian ti kitu apanan indungna Hana jeung indung pamajikan kuring mimindengna mah nyorangan di imah. Bapana mah sabulan sakali mulang téh. Cenah mah taun ieu kabagéan dines di Magelang. Résiko jadi abdi Negara majar téh kudu daék di tinggalkeun. Atuh nya lamun Hana indekos meureun indungna cuangcieung.

“Enggal ibak kaituh, bisi kabulusan. Anggo acuk ieu wé jung! Tuh cai mah tos ngagolak.” Kuring ngasongkeun pakéan pamajikan ti jero lomari kamar. Puguh ogé teu hararésé néangan pakéan keur Hana mah, awakna teu jauh béda jeung pamajikan kuring.

“Muhun, Ka.” Manéhna unggeuk. Gelas anu keur dikeukeuweuk téh diécagkeun. Leungeunna nampanan pakéan anu ku kuring diasongkeun. Jung nangtung léos ka tukang. Ka dapur nyokot cipanas anu nagen dina kompor gas. Geblug kadéngé sora panto kamar mandi nutup. 

Hujan di luar masih kénéh ngagebrét. Angin masih tingsaléor. Kilat ting barasat. Sora guludug handaruan matak nembrag kana jajantung. Bet asa palalaur nempokeun langsung ka luar téh. Hordéng geuwat di tutupkeun. Lampu imah dihurungkeun. Sajongjongan mah ngahuleng ngaraga meneng. Ingetan nganteng kanu jadi pamajikan. Atra nakeranan riukna mun seug kuring cumarita nyabit-nyabit Hana. Bréh deui lalampahan ka tukang basa anyar wawuh jeung Hana.  

Tilu taun ka tukang kuring dipanggihkeun jeung Hana ku Si Adél. Kuring anu ménta sabada némpo Hana dina poto profile bébéém Si Adél. Hana sorangan nyanggupan wawuhan jeung kuring sakur jadi babaturan. Kuring nyaluyuan kana hal éta nu penting tujuan kuring wawuh jeung Hana laksana.

Mimiti amprok ogé Hana téh ujug-ujug nyebut Kaka. Cenah mah adatna nyebut ka saluhureun téh kitu. Kawasna mah apaleun kuring leuwih kolot batan manéhna. Inget harita téh munggaran tepung di tempat anu ramé. Di food court  lanté tilu. Majar téh témpat paranti manéhna nongkrong saban mulang jalan-jalan atawa nongton di bioskop. Mémang pagawéanana di dinya nu matak unggal poé ogé bisa ka dinya.

Sakali dua kali panggih jeung Hana, antukna jadi remen. Dahar bareng dina waktu istirahat atawa dahar peuting saméméh dianteurkeun balik ka imahna. Kawas peuting harita hujan masih kénéh ngaririncik kuring geus anjog ka hareupeun tempat manéhna digawé. Kawas biasa kuring ngabéjaan geus di hareupeun éta tempat. Tara kudu ngadagoan lila manéhna sok tuluy  ngurunyung ti jero jeung papada batur gawéna, sakapeung mah jeung Si Adél.

“Hujanna ageung, Ka?” Tanya Hana sanggeusna aya di hareupeun kuring. Bari ngomong téh manéhna tanggah néangan lolongkrang anu teu kahalangan ku lalangit gedong.

“Masih girimis.” Kuring némbalan.

“Ah teu ageung sakieu mah. Hayu waé, Ka!” Kalacat manéhna kana motor kuring.

“Serius?” kuring ngayakinkeun.

“Muhun.” Témbalna deui. Song kuring mikeun hélm. Gerung motor dihirupan. Biur waé meulah girimis. Nu diboncéng ngasupkeun leungeunna kana saku jakét kuring, tiris tayohna. Neut gadona diteundeun dina taktak kuring. Dirérét tina spion panonna peureum kawas anu keur ngararasakeun hawa tiris jeung geuleuyeungna motor.

“Ka, Hana mah asa lapar. Tos tuang teu acan?” Omongna basa anjog ka stopan lampu mérah.

“Teu acan. Hayu atuh badé emam di mana?” Kuring ngajakan dahar, panon mah ngarérét spion.

“Hoyong ramén.” Témbalna deui.

Lampu héjo. Motor ngabiur ka kénca ngajugjug rumah makan anu teu jauh éta parapatan. Jog ka tempat anu dituju. Kabeneran hujan geus raat. Teu talangké manéhna mesen dua mangkok. Bari ngadagoan pesenan téh sok ngadon heureuy. Ngomongkeun anu teu kaimpleng saméméhna.

“Han, kersa nikah sareng Kaka?” ceuk kuring. Jep manéhna cicing tina seuseurianana. Biwirna anu ipis téh bet semu calangap. Panonna teu ngiceup-ngiceup neuteup kuring. Tapi teu lila kituna téh, beungeutna roba jadi kerung tuluy seuri.

“Kaka ngalindur?” Pokna bari nyeuleukeuteuk.

“Henteu, Han. Kaka serius. Kaka resep ka Hana.” Kuring ngayakinkeun.

“Atuh bébas resep mah, Ka, mani ngajak nikah sagala.” Ceuleukeuteuk deui manéhna seuri.

Kerewek leungeun manéhna ku kuring dicekelan. Beungeutna diteuteup jero nakeranan. Nempo kaayaan kitu manéhna ukur molohok. Leungeunna rék dikejatkeun tapi ku kuring beuki dicekel pageuh.

“Kaka serius. Kaka cinta ka Hana. Kersa nikah sareng Kaka?” deui-deui kuring nyarita kitu. Bet kawas anu teu boga ka éra sanajan keur aya di tempat umum. Hadéna téh lampu di éta tempat mah teu pati caang tapi ngahaja sina rada poék anu tujuanana mémang sina nyieun suasana romantis keur barudak ngora.

“Kaka téh tos hoyong gaduh istri, ningal Hana haté Kaka ujug-ujug yakin bakal bisa ngawangun rumah tangga. Tos waktosna Kaka gaduh bojo. Tos waktosna Kaka hirup rumah tangga sok sanajan ukur gaduh rorompok sacangkéwok, Insyalloh baris bisa mikanyaah Hana sagemblengna.” Kuring panjang lébar. “Kersa, Han?” pungkas kuring bari neuteup anteb.

“Kaka. Hana mah alit kénéh. Hana mah nembé lulus éséma. Damel téh ngantosan lebet kuliah dua sasih deui. Kaka serius hoyong nikah?” manéhna neuteup. Kuring unggeuk. “Kaka dijodokeun waé ku Hana ka Si Tétéh nya, da teu aya bentenna sareng Hana. Si Tétéh mah tos lulus kuliah taun ieu.”

Rey. Karasa aya anu nyaliara jeroeun awak mun seug inget kana kekecapan Hana harita. Di luar hujan masih kénéh ngagebrét. Kilat masih tingburinyay. Kulutrak Hana kaluar ti kamar mandi, selengseng seungit awakna sumebar ka rohangan imah anu ngan sakitu-kituna.

“Hujanna ageung kénéh nya, Ka. Kumaha atuh Hana uih?” pokna semu anu hariwang. Kituna téh bari nyingkabkeun hordéng. Di luar geus katingali poék.

“Si Tétéh kamana, teu acan uih? Nga-private?” Tanyana. Kuring ukur unggek.

“Upami teu raat mah badé mondok waé nya, Ka, di kamar payun. Énjing kuliah tabuh tujuh sieun teu ka bujeng. Keun waé badé naék angkot.” Sambungna deui. Beledag kilat ngaburinyay. Hana ngagabrug kuring anu teu jauh nangtung hareupeun manéhna. Haté ratug tutunggulan. Sanggeus guludug reureuh Hana ngélémés semu anu éra. Sajongjongan ngadon pabetem-betem.

“Hana emam heula angguran. Tuh di méja makan saaya-aya. Kaka nu masak.” Kuring negerkeun diri.

“Muhun atuh. Lapar Hana mah.” Teu hararésé Hana mah nanaon téh. Teu maké jeung kararagok atawa éra, anggapanana ka kuring téh leuwih ti ka lanceuk teges. Matakan teu ieuh ragab kawasna sok sanajan di imah ukur paduduaan téh. Manéhna dahar jongjon, solat magrib jeung isa nya kitu kénéh.

Peuting ieu kuring teu bisa saré. Inget ka pamajikan anu keur gedé beuteung milu kagiatan sakola. Inget deui ka Hana anu peuting ieu milu mondok. Jung cengkat. Ngadon nangtung neuteup anu keur nyangkéré di jero kamar, simbut teuing di mana, erokna nyéngléd pingpingna ngaborélak.

“Hana…!” biwir kuring engab awak ngadarégdég.

Saturday, November 15, 2014

DI CIPANAS BATI WAAS




                                         Carpon Mangle No. 2501 : 13 - 19 Nopember 2014
(Iwan M. Ridwan)

“Jemput nya. Cacandakanana seueur!” ceuk manéhna dina bébéém. Sanajan bari seunggah ogé kuring ngéléhan. Najan bari capé, teu ieuh ngarasula. Bari jeung hujan miripis. Macét. Teu burung anjog katempat nu dijangjikeun. 

Manéhna ngajangjikeun panggih di warung. Sisi jalan. Warung nu biasa dipaké nongkrong. Warung Ceu Awih. Kasampak manéhna geus saged. Angkaribung mawa dua tas. Hiji eusi papakéan, hiji deui kadaharan. Kérésék inuman mah misah. Jus jambu jeung manalika. Enya, untung ransel kuring mah gedé. Tas kadaharan jeung kérésék inuman mah asup kabéh sabab kuring teu pati loba babawaan. Keun da ari tas papakéan mah disorén ku manéhna.

“Nyandak jas hujan?” cekéng basa ngasupkeun babawaan kana tas.

“Nyandak!”

“Anggo ayeuna wé. Tos hujan di kota mah!”

Manéhna ngawaro. Rap dipaké.

Tas ku kuring disimpén dina lolongkrang antara stang jeung jok motor. Tada teuing angkaribungna mun seug digandong ka hareup atawa ku manéhna.

“Mamah terangeun angkat sareng Aa?” cekéng nga-Aa-keun keneh. Pok sotéh basa manéhna geus naék kana motor.

“Terangeun.” Jawabna pondok. Tapi dibarengan ku imut katempo tina kaca sepion.

Gerung. Motor dihirupan. Meulah girimis. Meulah cileuncang. Jalan téh teuing ku ruksak. Cileuncang nyalangkrung dina calobak. Batu-batuna rentul. Garedé jeung paburantak. Matak kaguguran nu keur kakandungan. Hadéna téh teu sapapanjangna. Kaditunana mah lumayan ngabulungbung. Ngan éta banjir cileuncangna teu kaop hujan rada gedé. Ngamacetkeun. Matak capé. Matak ararateul suku.

“Rerencangan ngarantosan di mana?”

“Cibiru saurna mah. Kempelna tabuh lima!”

Sebrut motor mangprung handapeun girimis. Luak-léokna jalan teu dirasa. Nyelap-nyelip kana lolongkrang jalan nu metet ku kandaraan. Jauh pisan tempat nu dijugjug téh. Elatna gé tilu parapat jam. Ngaliwatan alun-alun Banjaran, tuluy ngulon muru Baleendah. Lebah dinya rada pupuihan téh sabab kudu nyingkahan cileuncang anu ngeueum jalan. Ngahaja nyokot jalan kalér, sabab teu untupan mun kudu ngaliwat pasar Dayeuhkolot anu geus tangtu kakeueum.

Motor terus mangprung muru Bojongsoang, tuluy ka Buah Batu. Geus teu anéh deui mun kudu ngeteyep jalaran macét mah. Antara Buah Batu jeung Cibiru sok sanajan kasebutna jalan bépas dina kabuktianana teu bisa bangblas. Jog kanu dituju. Geuning ukur aya Si Muti jeung Si Adit. Cenah selang lima menit aya di dinya kuring datang. Nu lain masih kapegung macét di tempatna séwang-séwangan. Ceu Délla jeung Kang Nana kapegung macét di Cicaheum. Putty jeung Chandra keur di Gedé Bagé. Nu lila mah ngadagoan Téh Pipit jeung Kang Yasér. Cenah mah Kang Yasér ngahaja ti Subang didugdag jadi rada lila. Enya kumpul kabéh téh jam tujuh. Ah dasar kriminal leutik. Korupsi waktu.

Sanggeus kumpul kabéh, Chandra jeung Putty miheulaan. Cenah rék ngeusi bénsin heula. Dina pamustunganana ngabring saréréa téh ti pom bensin.

Asa konpoy. Lima motor ngabring bari papasangan. Ngan anu jadi teu biasanana téh inditna bet ka peutingnakeun. Enya puguh gé lain rék piknik jalan-jalan ieu mah. Tapi rék ngadon titirah. Cenah barudak di kantor manéhna hayang ngeueum dina cai panas. Sakalian malem mingguan. Ah asa pikin-piknik keneh. Heuheu. Kawas abégé waé. Padahal mah sawaréh geus umuran. Siga Ceu Délla jeung Kang Nana. Aéh acan kétang Kang Nana mah masih ngora kénéh. Malah leuwih ngora ti kuring. Tapi dasar Ceu Délla dipaikabogoh ku nu leuwih ngora téh kalah beuki maceuh. Asa pangngorana wé. Asa pangabégéna. Masih kénéh alay mun ceuk barudak ayeuna mah.

Karék gé nepi ka Cileunyi, Chandra geus ngabiur miheulaan. Disusul ku Kang Yasér jeung Nana. Atuh Si Adit gé kapangaruhan. Nya teu bisa majar kumaha kuring gé milu lumpat. Tapi mungguh nu tiluan mah maraké matic, lumpatnana téh hésé kasusul da teu upar-oper gigi kawas kuring. Keur mah cenah Chandra jeung Putty téh keur paraséa, meureun mawa motor téh asa aya jalan hamo ngaleupaskeun karungsing. Nu duaan deui atuh ngadon hayo ngudag anu kekebutan. Antukna mah pasusul-susul téh ukur jeung Si Adit nu ngaboncéng Si Muti.

“Terang jalanna?” manéhna nanya.

“Terang. Kunaon kitu?”

“Tong ngebut lah urang mah. Keun wé maranéhna mah sina ti payun!” omongna kawas anu salempang.

Enya tungtungna  mah kuring pandeuri. Liwat Cileunyi, Rancaékék, tepika Nagrég. Ngararasakeun hawa seger paduduaan. Tapi kalah pabetem-betem. Jarang pisan miheulaan muka carita ari teu penting-penting teuing mah. Sakapeung manéhna muka carita. Tapi teu kapapanjangan. Atawa kuring nu ngan saukur nanya.

“Ari batur tos di marana nya?” ceuk manéhna ngusir kasimpé. Enya Simpé sotéh batin séwang-séwangan. Kangaranan di jalan iraha teuing simpénan, komo jalan raya kawas Rancaékék-Cicaléngka sok sanajan kasebutna peuting, tapi kandaraannya mah teu weléh suwung.

“Kontak atuh!” cekéng dapon engab.

“Hénpon abdina lowbat. Nambut atuh! Gaduh kénéh nomer Muti pan?”

“Aya. Candak wé dina saku!”

Ngajalankeun motor téh lalaunan. Méré waktu ka manéhna keur ngaésémés. Teu kungsi lila manéhna kedal deui.

“Muti sareng Adit mah tos di Nagrég. Saurna badé ngantosan di jalan cagak.”

“Enya atuh.”

“Ceu Délla di mana nya? Aktifkeun deui ah hénpun abdina, sugan wé masih tiasa nampi ésémés!” nanya dijawab ku sorangan. Omongan éta mah teu ditémbalan. Ngan geus rada lila manéhna ngomong deui.

“Éh. Ieu saur Téh Pipit, ngarantosan di alun-alun Cicaléngka!”

“Émang Cicaléngka gaduh alun-alun?”

“Duka. Ari urang tos nyampé mana ieu téh?”

“Nagrég. Sakedap deui gé jalan cagak. Saurkeun wé urang ngarantosan di jalan cagak kitu.”

Perjalanan téh deui-deui kaselang ku ngadagoan. Enya ngadagoan maranéhna anu tadi kekebutan. Asa ku araranéh. Ongkoh tihareula. Tapi naha kudu kasusul. Bet mun kasusul mah meureun kudu kaliwatan. Apanan ieu mah henteu. Enya sigana mah ngadon ngatuhu jalanna tepika anjog ka alun-alun Cicaléngka ogé. Areureun deuih. Ngadagoan. Tungtungna mah urang deui, urang deui nu ngadagoan. Enya kuring jeung manéhna. Si Adit jeung Si Muti. Kawas tadi ngadagoan di Cibiru.
***

Kapeutingnakeun anjog téh. Kitu ogé untung bisa kapanggih teu hararésé. Majar saréréa gé can aya nu kungsi kadinya, iwal ti kuring. Baheula. Teuing kanu mana. Geus poho deui. Jaba lain ngahaja da sakalian ulin ka imah Si Hérdi babaturan kuliah.

Datang téh dibagéakeun calo nu narawaran hotél. Aya nu sapakét jeung kolamna, aya ogé anu misah. Di jérona ngan ukur bak pangeueuman. Kaditu kadieu mani lieur ku calo. Unggal léngkah dituturkeun. Pamustunganana mah nyéwa paviliun. Dijejel wé cenah saré mah, da teuing rék saré teuing moal. Ancokeuneun genep urang ieu dijejel sapuluh. Ah jeun teuing biasana gé tara sararé dina waktu kawas kieu mah.

Geus istirahat sakeudeung barudak langsung ngareueum. Jigrah kawas budak leutik manggih cocooan. Tinggejebur. Tingkucuprak. Silih simbeuh. Tingjéréwét. Dalah Ceu Dilla mah nyéwa ban sagala. Kokojayan. Dadapangan. Roromantisan jeung Kang Nana, cenah. Sisinétronan majar téh. pahareup-hareup naleukeuman ban pelampung. Atuh nu lainna ogé pada-pada embung éléh. Enya sok sanajan kacaritakeun Chandra jeung Putty téh keur aya pajogrégan, geuning dina suasana kawas kitu mah teu éléh layeutna. Komo anu keur suka bungah kawas nu lain tada teuing bungangangna haté maranéhna. Bungah lain dikira.

Mun mah lain cai panas, sararanggeuk teuing kudu turun peuting-peuting. Ieu mah ngaragangan manéhna wé ngarendem sotéh. Maenya batur papasangan ari  manéhna sorangan. Keur mah sakapeung témbong loba huleng jentul. Duka teuing naon nu aya dina pipikiranana. Ah. Asa teu dibéré hayang tetelepék.

Ancrub saancrub-ancrubna. Ukur bisa marengan. Deudeukeutan bari haté mah duka teuing ka mana luntana.

“Eumh. Geulis. Geuning urang mah teu bisa kawas batur. Kabagja urang lain kabagja nu baheula. Anu lahir tina kasucian haté urang. Teuteup urang lain teuteup deudeuh anu biasana patepung dina rohangan kanyaah. Kecap-kecap nu kaluar tina biwir urang geus teu mangrupa sora haté nu nyuburkeun citresna. Sagala nu karandapan ayeuna teu béda jeung pasaran kosong nu taya hartina. Taya eusina. Layon cinta urang  teu nyampak di dinya. Duka masih kénéh hirup atawa geus jadi ririwa. Tapi mun mah masih kénéh kumelendang, saha nu daék ngeusikeunana. Kawasna kacinta urang geus ngamalir kana sagarana séwang-séwangan. Sabab anjeun milih pamuntangan anu lian geusan ngababakan dina dunya anu pinuh kahéman sok sanajan haté tetep ngeukeuweuk ieu diri.” 
Kitu gerentes haté salila marengan manéhna dina kubangan kolam Cipanas anu bati waas.

Bandung, 2014

Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com