Monday, February 11, 2019

OPAT PULUH MILIYAR


Ku Iwan M. Ridwan

Mangle No. 2715| 24 - 30 Januari 2019

Indit tèh ukur tiluan, Jupri, Juragan Ghoni, jeung asistènna, Sonaya. Si Abraf jeung Si Jansen batur satim Jupri papada pangawal mah malah diijian cuti mulang ka nagarana cenah rèk kariaan mapag taun baru di lemburna.  Padahal mah Jupri anu ngarep-ngarep mulang tèh. Manèhna sonoeun ka kulawargana, cenah budakna di lembur hayangeun meuli motor anyar bubuhan sakeudeung deui asup kuliah. Pamajikanana deuih mèh saban waktu kirining deui, kirining deui ngabèl hayang ngarèhab imahna. Majarkeun èra rèk aya sobat dalitna waktu SMA nganjang ngadon tepang sono. Merenying hatèna mah, tapi dalah dikumaha dirina ukur bisa sadrah kana putusan nu jadi dunungan. Keur mah duit wèselkeuneun ogè tacan cukup keur nedunan pamènta anak jeung pamajikanana. Diajak indit tèh atoh sabab tangtu dununganana mèrè presènan. Kitu ilaharna mun tas nyaba ka luar negeri mah sok aya buruh paleuleuwihna.
Aya nu hèmeng pikeun Jepri. Indit tèh teu dititah singkil kawas rèk nyanghareupan bisnis, teu makè jas jeung dasi. Ngan ari kaca panon  hideung mah teu welèh dibabawa keur nyinglar serab pabeubeurang di nagara deungeun. Dangdanan tèh kawas rèk ulin. Teg wè panyangka Jupri mah Juragan Ghoni tèh rèk senang-senang. Biasana ogè kitu. Jupri beuki yakin kana sangkaanana basa anu didatangan mimiti tèh kantor salah sahiji bank sèntral. Rèk naon deui ari lain nyairkeun duit mah. Rèk pelesir atawa barangbeuli kitu? Hatè Jupri noroweco.
“Nyanggakeun. Jumlahna luyu sarèng pamundut juragan,” ceuk pagawè bank dina basa Inggris.
Dunungan Jupri tèmbong seuri,  tuluy nutupan koper. Song ka Sonaya. Gap dicokot. Leungeunna nataan jumlah baris ka hareup jeung ka gigir. Dicokot sagepok tuluy dikorèhkeun tapak nyokotna. Duit anu sagepok tuluy diitung. Rada lila ngitungna sajanan ngitungna ku opat ramo anu piligenti asup kana sela-sela lambaran duit. Rèrès ngitung tuluy diteundeun deui kana tempat samèmèhna. Koper ditutup. Sonaya unggeuk ka juragan Ghoni anu tèmbong seuri. Mèmèh amitan koper tèh diasongkeun ka Jupri. Orokaya hatèna ngagebeg bakating reuwas. Duit anu sakitu lobana tèh titah dibawa ku manèhna. Sanggeus sasalaman, jung sarèrèa nangtung tuluy ngalèos ninggalkeun rohangan.
“Sabaraha ieu?” Jupri ngaharèwos ka Sonaya.
“Teu katempo duit lima ratusan?” Sonaya nèmbal pondok.
“Nyaho. Sabaraha lambar?” Jupri panasaran.
“Lima rèbu,” Sonaya nahan sorana. Beureukeuteuk seuri. 
Aya anu ngabagel dina genggerong Jupri. Duit anu cenah ukur lima ratusan, geuning aya lima rèbu lambarna. Leuheung lamun duit rupiah, pan ieu mah Euro. Lamun dirupiahkeun mah kana sabaraha puluh miliyareun. Nya rèk dibawa ka mana atuh duit saloba kitu? Hatè Jupri galècok. Manèhna tacan kèneh ngarti. Piraku teuing ka tempat hiburan mah. Biasana ogè tara ieu mèakeun duit sakitu lobana. Atuh lamun seug duit keur borah bisnis mah apanan geus tara dicairkeun jadi duit lambaran, tapi dina e-banking kari transfer nominal-na.
Pipikiran Jupri jadi kumalayang ka nu teu pararuguh. Ras ka dununganana anu kalan-kalan sok resep ngadatangan tempat-tempat hiburan. Boa enya rèk liburan. Rèk senang-senang jeung para biduan.  Jupri ngahuleng deui. Ceuk pikirna asa pamohalan ka tempat hiburan mawa duit sakitu puluh miliyar, galibna ogè ukur mèakeun puluhan atawa ratusan rèbu dolar, kawas basa indit ka Reeperbahn. Mungguh pangalaman anu moal bisa kapopohokeun keur dirina. Jupri nyaksian jalma-jalma anu kahirupanana dina wanci anu tibalik. Peuting dipakè nyorang kahirupan, ari beurang rèhè combrèk. Nyaksian hurung hèrangna tempat hiburan malam anu ngagindingan kota. Sora musik ti mimiti pop elektrik, hip hop, tepi ka rock n roll ngeungkeung piligenti. Inuman jeung fasilitas hiburan ti sajumlahing nagara aya di dinya. Rèk nu kumaha ogè aya. Samalah dirina ogè kungsi ngalanto ka Spielbudenplatz, nyaksian sajumlahing pintonan akrobat, juggling, katut sulap. Panungtungan manèhna dibawa ka Herbertstrasse anu tempatna dijaga ku petugas kawas pulisi. Mèakeun peuting anu beuki nyaring. Nyeuseupan kembang-kembang pupulasan anu saenyana ukur hampasna. Pangalaman anu moal aya duana keur dirina mah.
Inget ka lebah dinya, Jupri jadi gorèng sangka ka nu jadi dununganana. Boa-boa rèk ulin deui ka tempat sarupa kitu? Rèk mèakeun duit sakoper di tempat anu pinuh ku kasenangan dunya, anu saèstuna ukur rereged jeung gegedoh dosa. Boa aya tempat anu leuwih matak hookeun batan anu ditataan dina kalangkang panineungan Jupri.
“Tong malaweung, Jupri!” Sonaya ngagebah Jupri anu leumpangna mèh-mèhan nabrak batur sabot pasangrog dina panto lift. Koper anu dicekelna ampir-ampiran murag lamun teu gasik ditahan ku leungeun kèncana mah.
Jupri gancang nuturkeun deui Sonaya jeung dununganana. Asup ka rohang lift ngajugjug ka lantèy dasar. Sajeroning lift tèh Jupri ngaharèwos.
“Sabaraha ieu duit?”
“Duit nagara manèh mah opat puluh,” tembal Sonaya.
“Opat puluh Juta?” Jupri panasaran.
“Miliyar,” Sonaya ngaharèwos.
Panon Jupri burial buncelik kawas monyèt neureuy siki kadongdong. Bet kawas anu seuseut Jupri neureuy ciduhna. Sukuna dumadak kawas anu beurat. Leungkahna mugen sanajan panto lift geus muka deui. Lamun teu disurungkeun ku Sonaya mah kawasna bakal ngajejentul bakating hookeun.
“Kawas anu kakara mawa duit sakitu,” Sonaya ngajèwang peupeuteuyan Jupri anu seseg.
“Puguhan karèk ayeuna duit cash mah, pan biasana ogè cèk atawa rèkening,” Jupri nèmbalan bari ngagedig.
Duanana leumpang gancang nuturkeun dunungan anu muru mobil opel. Sonaya gasik mukakeun konci mobil tina rèmot dina leungeunna. Bus sarèrèa asup kana èta mobil. Kasebutna dunungan Tuan Ghoni tèh, tapi tara ieuh ngaboss, muka mobil mah ku sorangan muru panto tukang. Diukna di tengah. Korsi hareup mah apanan didiukan ku Jupri, ari Sonaya nyupiran. Cacakan pangawak awèwè, Sonaya mah parigel pisan nyupiran tèh.
Mobil kaluar ti gerbang parkir. Lèok ka kènca muru jalan ngembat. Sapanjang perjalanan hatè Jupri teu welèh galècok. Hèmeng ku duit anu sakitu lobana naha rèk dibawa ka tempat hiburan atawa ka mana? Ras deui ka nu di lembur, mun seuk èta duit enya rèk dibawa curak-curak komo deui rucah, tada teuing lebarna. Mun mah bisa dibawa kabur ka lembur, tada teuing bagjana kulawarga Jupri. Enya ceuk pikir Jupri mawa kabur duit hancengeun dosa jeung maksiat mah kaitung nyalametkeun harta. Bisa dipakè ka nu leuwih mangpaat. Ngurangan hisab nu bogana. Keur ari pasualann dirina mah, meureun kasebutna lagi maling, tapi nyalametkeun.
Lèok mobil ngènca muru ka hiji gedong jalugjug. Hotèl. Kitu idèntitas èta wangunan anu katèmbong ku Jupri. Sup tiluanana ka lobby anu pantona kaca tur muka sorangan. Tiluanana arasup tuluy nyampeurkeun receptionist. Tiluanana dibagèakeun ku salah saurang receptionist. Sonaya anu nèmbalan mah. Sajongjongan mah kawas anu keur uplek ngobrol. Ngan teu lila kituna tèh. Tiluanana tuluy nuturkeun receptionist anu ngobrol jeung Sonaya, muru lift. Bray pantona muka. Jupri jeung juragan Ghoni nuturkeun Sonaya anu masih asup mèh bareng jeung receptionist. Lift maju ka luhur. Reg dina angka 9. Pantona muka deui. Receptionist miheulaan kaluar dituturkeun ku nu tiluan ngajugjug ka salah sahiji rohangan anu di jaga ku security.
Rohangan tèh kawilang lega. Ditataan ku panon Jupri sakurilingeunana. Anu pangheulana katènjoeun tèh sajumlahing mèja makan anu korsina ukur opat-opat.  Sisi lebah katuhu mah kaca anu hordè`ngna narutup. Teu kebat nataan rohangan tèh sabab kaburu dititah diuk ku receptionist. Diuk mah dina sopa geuning lebah kènca anu can katènjo ku panon Jupri. Sopa pulas ganola aya tujuh tempat pangdiukan. Mèjana tina kai tapi dimèni. Luhureunana geus nyampak gelas kristal kosong ditutupan ku turub kertas. Gedengeun anggur hèjo.
Satutas diuk panon Jupri mimiti nataan deui tempat. Sisieun lawang asup ka èta rohangan tèh geuning aya mèja bartènder, tèmbong rapih tur harèrang kawas anu anyar mèmèrès. Jupri teu kalalanjoanan nataan èta rohangan sabab kagareuwahkeun ku juragan Ghoni anu nitah neundeun duit dina mèja hareupeun sopa.
Teu talangkè Jupri neundeun koper anu dicekelna. Sanajan geus diècagkeun panonna mah mah mencrong kèneh kana èta koper. Ras ingeteun deui ka kulawargana, budakna anu merenying hayang dipangmeulikeun motor. Pamajikanana anu geus pok deui, pok deui natanyakeun iraha rèk ngawangun imah di lembur. Ceuk pamikirna tong boroning ukur sawates kuriak gedong sigrong jeung meuli motor, meuli mobil sport ogè tangtu bisa upama èta duit dina koper jadi milikna. Atuh imah anu bisa dijieunna ogè rèk sagedè kumaha ogè tangtu kahontal, moal tepi ka mèakeun duit dina èta koper. Cita-cita manèhna anu hayang miangkeun indung bapana katut mitohana ka tanah suci tangtu bakal laksana. Hanjakal pikeun jupri èta duit tèh lain milikna sanajan dikeukeuweuk ku dirina. Tapi naha keur meuli naon atuh dununganana ngaluarkeun duit sakitu gedèna tèh, welèh manèhna teu bisa neguh. Buktina geuning teu dibawa ka tempat hiburan atawa curak-curak. Manèhna ukur dititah mawa èta duit ka hotèl anu teu pati alus keur ukuran Eropah mah, nya bisnis naon atuh juragan Ghoni tèh? Lebeng, Jupri masih poèkeun.
Sajongjongan ngalamun tèh Jupri tuluy hookeun ku jalma tiluan anu arasup ka èta rohangan. Jajaka umuran wewelasan taun nyalampeurkeun. Lalaki duaan, wanoja saurang. Papakèanana anu lalaki mah marakè jas jeung dasi ari anu awèwè makè papakèan siga-siga anu rèk rapalan. Gaun pulas bulao anu handapna ngembang eros. Ari kaluhurna semu ngètat samalah teu nepi ka nutupan puhu harigu. Nyi mojang anu lambeyna euceuy ku gincu tèh tèmbong imut ka juragan Ghoni. Tuluy sasalaman satutas jajaka duaan anu ngapingna sasalaman ka juragan Ghoni turta Sonaya katut Jupri. Hanajakalna Nyi Mojang mah teu sasalaman ka Jupri jeung Sonaya.
“Kumaha damang, tuan Ghoni?” ceuk salah saurang jajaka dina basa Inggris.
“Hade,”  juragan Ghoni ngajawab dina basa Inggris ogè.
Tuluy duanana saleuseurian kawas anu meunang kabungah. Ngan kituna tèh teu lila sabab Si Jajaka mindahkeun obrilan kana koper anu ngajugrug luhureun mèja.
“Dalapan puluh persèn kanggo ngalunasan?” pokna bari nunjuk koper.
Juragan Ghoni unggeuk, tuluy marèntahkeun Sonaya muka èta koper. Satutas dibuka koper tèh disanghareupkeun ka jajaka gedengeun Nyi Mojang. Èta jajaka tuluy mariksa jumlah duitna. Satutas yakin jumlahna luyu kana catètan dirina, Si Jajaka imut tuluy nutupkeun èta koper.
“Akur?” Juragan Ghoni ngayakinkeun. Si jajaka unggeuk. Jupri mah anu ngabandungan teu nyoara sakemèk-kemèk acan. Ukur ngembang kadu.
Tètènjoan anu leuwih matak hèlok pikeun Jupri, Si Jajaka anu gedengeun katuhu nyi mojang tèmbong ngaluarkeun sawatara kertas geus disiapkeun. Song ka juragan Ghoni bari nunjukeun lebah kertas anu kudu ditanda. Rèngsè juragan Ghoni song ka Nyi Mojang, sarwa nanda tangan. Satutas Nyi Mojang kakara salah saurang ti jajaka anu duaan anu nanda. Geus kitu maranèhna sasalaman deui.
“Mangga ayeuna mah sadayana siap-siap heula, kumargi acarana badè dikawitan sajam deui. Tuan Ghoni sarèng Nona Gisellene tiasa tatahar di palih ditu dijajap ku sobat abdi Marky. Nyonya Sonaya sarèng Tuan Jupri parantos disayogikeun ogè palih ditu,” ceuk jajaka anu nampa koper nunjuk ka kènca katuhueun rohangan.
Horèng di èta rohangan tèh aya tempat sèjèn pikeun leleson anu bisa nyaksian kaèndahan kota. Jupri salila papisah jeung dununganana tèh tèmbong huleng jentul, sakapeung digonjak ku Sonaya anu kawas geus teu ragab deui jeung manèhna.
Pikiran Jupri kawas anu keur nginget-nginget wanoja anu cikèneh aduhareupan jeung dirina. Kawas anu asa-asa. Enya hatèna galècok, nya dimana jeung iraha dirina panggih jeung èta mojang. Pikiranana kumalayang, nginget-nginget èta beungeut. Lebeng manèhna can kungsi amprok. Tapi imut èta wanoja kawas anu kungsi katènjo samèmèhna ku Jupri. Enya kungsi. Jupri kungsi neuteup èta imut dina hape Si Jansen basa rèk sararè. Si Jansen batur satimna kungsi ngasongkeun potrèt. Cenah kasengsem ku èta wanoja. Ngan hanjakal moal kabual. Teu sanggup ari kudu ngayakeun duit lima puluh miliyar mah. Ti mana boga duit sakitu. Jupri kungsi tetelepèk harita tèh, naon maksud Si Jansen nyarita kitu. Ngan teu manggih kacindekan lantaran Si Jansen teu ngajentrèkeun leuwih atra.
“Mending mandi, Jupri ngarah cenghar. Jung tuh manèh di kamar itu,” Sonaya nunjukeun kamar sèjèn.
“Juragan tèh  meuli naon?” Jupri kalah nanya.
“Naha can nyaho?”
“Naon atuh?”
“Ari tadi anu gaun bulao tèh naon?”
“Maksud?”
Minangka ngajawab tèh Sonaya ngasongkeun hapèna. Jupri gasik nampanan. Brèh potrèt anu kungsi diasongkeun ku Si Jansen harita. Percis potrèt èta anu diasongkeun tèh. Potrèt Nyi Mojang anu cikèneh adu hareupan jeung dununganana katut dirina. Potrèt nyi mojang tèmbong neuteup anteb  dina layar hapè, imutna masih kawas harita nalika diasongkeun ku Si Jansen. Ramo Jupri ngèsèrkeun potrèt sèjènna dina layar hapè. Brèh deui Nyi Mojang nu èta-èta kènèh. Dina poseu anu bèda. Leungeunna nyepengan keretas anu ditulisan Cinderella Escort. Handapeun èta potret aya tulisan dina basa Inggris “Girl sells virginity for £2.7 Million.Leng, sirah Jupri karasaeun kawas aya anu ngenyang. Tètènjoanana ririakan kawas nènjo kica-kica anu rabeng. Les manèhna teu inget dibumi alam. Awak anu sakitu simbar dada tèh ngarumpuyuk hareupeun Sonaya anu molohok.
Panglawungan 13, Tungtung 2018

#cerpen #sunda #sastra #bahasa


Thursday, June 7, 2018

MESSENGER TENGAH PEUTING



Galura, Minggu Ka-IV Mei 2018

Ku Iwan M. Ridwan

Manèhna nèmbongan deui satutas pada-pada dipisahkeun ku nasib anu geus sakuduna pajauh. Kuring ogè ngarasa leuwih deukeut batan baheula, sanajan lain raga badagna. Potrèt jeung tulisan-tulisanna anu hiber ti jauhna bet pagilinggisik dina kahirupan kuring kiwari. Bet mawa deui panineungan anu kungsi karandapan mangwelas-welas taun kalarung. Hayangna mah reureujeungan deui sanajan dina enyana teu kungsi salulut. Ukur bisa neuteup imutna anu bèar marahmay, kitu ogè neuteup ti ka anggangan sabab dina buktina mah èta imut tèh mawur keur batur. Sorana matak gantung dèngèeun mangsa ngedalkeun kekecapana anu handap asor. Sopan tur matak tengtrem kana hatèna. Matak seseblakan. Hanjakal pisan èta kekecapan ogè lain keur kuring, tapi keur batur, pangpangna mah keur guru anu mènta kamandang barudak kana salah sahiji pasualan dina hiji pelajaran. Calakan manèhna mah. Pinter. Kasèp deuih.

Enyaan. Ti baheula ogè kasèp. Pinter. Ceuk sasaha ogè kasèp jeung pinter. Komo ceuk Si Nuni mah anu majar sugan tèh urang kota. Awakna mani bodas, beresih tur sarareungit. Pinter deuih. Resep cenah ka lalaki anu kasèp tur pinter tèh. Sedil ngadèngè Si Nuni ngomong kitu. Kawasna mah naksir. Boa enya Si Nuni jeung manèhna tèh kungsi hahadèan? Kawas anu mindeng kadèngè ceuk Si Wiwin. Geuning sok ngaadeuy-adeuy lamun seug Si Nuni tèmbong patanya jeung manèhna tèh. Keuheul kacida mun geus nyaksian talajak sarupa kitu.

Teu hayang leuwih kuring mah. Kasèp jeung pinterna anu remen dibagikeun ka balarèa ogè pèk tèh teuing, sanajan hatè mah kumejot hayang miboga ku sorangan. Sadrah tur lèah hatè tèh sabab meureun kuring mah teu boga tempat dina hatèna. Samalah dina waktu konganna ogè manèhna teu kungsi ngahaja nyampeurkeun kuring najan ukur nanya bari imut. Teu kawas Si Nyayang anu mèh unggal waktu nyampeurkeun. Ngajak ngobrol. Sedil sakapeung mah. Nu diarep-arep manèhna, anu norojol Si Nyanyang deui, Si Nyayang deui. Manèhna mah tiis leuwih-leuwih ti gunung ès. Teu kungsi ngaley sanajan dina jero hatè anu neuteup di tukangeunanan ngagegedur seuneu kageugeut. Teu. Kawasna ukur hatè kuring anu gugupay ngajak kumalayang ka alak paul. Boa kuring anu ngapung ngawang-ngawang ngajomantara sosoranganan. Geuning kiwari kuring anu ngajauhan. Ninggalkeun manèhna anu ceuk rarasaan mah kuring anu ditinggalkeun.

Kuring teu bisa ngalelebah di mana jeung kumaha manèhna nyanghareupan kahirupan satutas pada-pada lunta ninggalkeun sakola. Ceuk Si Sarah manèhna nuluykeun ka sakola lanjutan di puseur dayeuh. Si Sarah kungsi saangkot basa indit sakola. Teu loba nu dicaturkeun cenah, da kitu manèhna mah tara loba catur tanpa bukur. Satutas nampa èta bèja kuring teu nyaho deui ngeunaan manèhna. Hamo bisa panggih deui meureun. Jajauheun bisa reureujeungan mah. Pamustunganana ingètan ngeunaan manèhna tèh disieuhkeun. Jauh. Dikubur dina lèngkob leuweung kahirupan anu pangjerona tur pangpoèkna malah mandar teu bisa kasampeur deui. Nu matak harita kuring nampa lamaran Kang Bibin ogè hayang ngaleungitkeun manèhna tina ieu pikiran. Sugan ari boga salaki mah duriat tèh bisa nyagak. Mun geus nyagak tangtu bakal aya salah sahiji anu mangkak. Mugia waè anu mangkak tèh kacinta ka salaki sorangan sabab tangtu saban waktu dipiara ku dirina, tur anu palastra tèh kacinta anu nganteng keur manèhna anu teuing di mana alang ujurna.

Kang Bibin, nyaah jeung deudeuhna teu kurang-kurang. Hirupna dibèakeun keur mèlaan kulawarga. Ngan hanjakal pagawèan Kang Bibin kalindih ku urang deungeun. Antukna di-PHK. Buburuh itu ieu sakasampeurna. Kangaranan nyiar kipayah anu teu puguh alang ujurna, Kang Bibin kurang bisa ngabayuan kulawarga. Teu bisa nyukupan pangabutuh sapopoè anu hahargaanana beuki ngajaul. Pangabutuh barudak anu geus sarakola duanana. Nyiar deui pakasaban sèjèn nyamos jeung nyamos waè. Matak teu wasa pikeun dicaritakeun. Kula-kuli di sawah apananan geus lain andelkeueun. Sawah-sawahna geus saralin rupa jadi wangunan. Anu nyèsa ogè geus  ditaringgalkeun ku nu bogana sabab parèna geus tara kahasil. Hama geus mahabu. Caina geus kakeumeuhan ku limbah-limbah pabrik anu ngaradeg dina pasawahan sisi jalan. Pabrik bonèka. Pabrik sapatu. Pabrik kaèn jeung sajabana. Kari nungguan pangwangunan satuluyna.

Bet matak ngarumas nyaksian kumaha tihot-hatna Kang Bibin anu keukeuh hayang bisa ngabayuan kulawarga. Nu matak basa Ceu Yuli ngajak nyaba tèh kuring asa aya cukang komo meuntas. Kairut ku pakaya Ceu Yuli hasil tina buburuh di negeri gedong pencakar langit. Enya ogè kuring ukur bisa barang gawè sapopoè di imah, kuring buleud tèkad pikeun ngadu nasib di nagara anu beurat beunghar. Meungpeung umur can opat puluh taun, omong Ceu Yuli harita. Meungpeung geulis kènèh pokna tèh. Lamun geus kolot mah sok hararèsè sabab loba PT. anu arembungeun.

Bari jeung cumalimba ogè hatè kang Bibin lèah ngijinan kuring digawè pikeun sakalieun kontrak. Dua tauneun. Hasil tina buburuh salila digawè rèk dipakè sapopoè sèsana rèk dikumpulkeun keur wawarungan. Sugan bisa ngagolang tur manjang.

Nincak taun kadua kuring bet diparengkeun panggih deui jeung manehna. Ngaliwatan media social facebook. Jadi jalma jegud geuning. Boga pakasaban anu teu ilahar dipigawè ku urang lembur. Fotografer geuning manèhna tèh. Kanyahoan sotèh satutas nitènan potrètna anu diposting dina sawatara mèdia sosialna. Ah bet matak timburu nitènan manèhna sagulung sagalang jeung Nyi Modèl anu sakitu hèrang mèncrangna bari makè baju kawas anu kurangeun bahan.

“Sani, damang?”

Ngadadak ratug tutunggulan basa harita manèhna ngamimitian chatting ngalilwatan messenger kuring. Saminggu satutas facebookna diadd ku kuring. Ham-ham mimitina mah rèk nambahkeun pertemanan ka manèhna tèh lamun teu dipapaksa ku Si Sarah anu ngirimkeun halaman facebookna mah. Inggis teu dikonfirmasi. Tapi ceuk Si Sarah manèhna kungsi natanyakeun kuring basa Si Sarah chatting jeung manèhna. Nya kuring anu ngèlèhan ngaadd tiheula satutas nyaho ceuk Si Sarah manèhna can boga anak pamajikan. Moal aya anu garah-geureuh ieuh meureun.

Wanci papeupeuting manèhna mimiti chatting tèh. Ampir jam sabelas. Cenah di lemburna mah geus ngagayuh ka janari. Geus biasa wayah kitu masih nyileuk pokna tèh. Ngadon cindekul hareupeun kompoterna. Ngoprèk itu ieu anu keur kuring mah biheung nyaho. Ari komputerna teu welèh online. Majar keur ngabangbrangkeun kakesel sok bari internètan.

Aya kana bulanna chatting dina messenger tèh enya ogè tara unggal peuting. Tapi geus loba anu dicaritakeun. Utamana mah ngeunaan pangalaman salila ieu. Samalah remen nyaritakeun mangsa keur sakola tujuh ‘las taun katukang. Manèhna anu sok ngamimitianana mah. Kawas peuting tadi. Manèhna bet los-los natanyakeun Si Nyayang anu remen ngadeukeutan kuring harita.

“Nyanyang?”

“Muhun. Geuning kapungkur mah mani siga anu loma pisan sareng Nyanyang tèh,”

“Ah siga anu teu terang waè kumaha Nyanyang,”

“Hèhèh!” pokna. Kacipta wè manèhna gumujeng.

“Masih sareng Nuni?” giliran kuring anu nalèk.

“Nuni? Na saha anu kantos sareng Nuni?”

“Oh. Henteu nya?”

“Henteu. Na kumaha kitu?”

“Ah teu kukumaha.”

“Abdi mah teu wantun nyakètan anu dipikaresep waktos kapungkur tèh.”

“Maksadna? Kantos aya nu dipikaresep?”

“Duka atuh, da harita mah teu acan ngartos. Mung èta wè aya anu matak abdi geumpeur pami pacaket. Komo waktos pasangrog dina lawag panto mah,” omongna.

“Oh.”

“Muhun. Kumargi èta abdi langki pisan nyarios ka anjeunna, malihan calikna ogè ku abdi dipengkeran waè.”

Lebah èta kalimah kuring ngadadak paranas tiris. Hatè ngadadak seseblakan. Hapè anu keur dikeukeuweuk tèh saharita diècagkeun kana kasur. Sajongjongan mah kuring ngahuleng ngaraga meneng. Ras ka manèhna anu baheula kawas anu kaweur mangsa paadu teuteup dina lawang panto kelas. Manèhna tungkul, tuluy nyisi bari leumpang gagancangan ninggalkeun kuring anu renghap ranjug. Katempo kènèh ceulina tepi ka euceuy harita tèh. Ukur sakali-kalina bisa pasangrog kitu tèh. Harita mangsa jam istirahat basa manèhna rèk asup deui ka kelas ari kuring rèk kaluar.

Cling! Sora hapè kadèngè deui satutas sababaraha lila kuring ngahuleng.

“Nu mawi dugi ka ayeuna ogè tèh èmut wae.”

Kuring ukur ngarèrèt kana hapè. Aplikasi messenger ditutup. Sakedapan mah ukur ngaheneng.

“Tos kulem?” ceuk manèhna deui.

Tèmbong tulisanana ukur sabaris dina balon messenger. Kuring ukur neuteup antep kana hapè anu ngagolèr dina kasur. Golèdag kana bantal. Ngadon nyeueung lalangit kamar anu nèmbongkeun mangpirang lalakon mangsa kuring aya di lemah cai. Lalakon tujuh welas taun katukang mangsa makè seragam biru bodas. Lalakon mangsa mangtaun-taun mitineung manèhna satutas pada-pada lunta ti sakola. Brèh deui kagambar basa Kang Bibin ngalamar kuring jeung kulawargana tepi ka kuring laki-rabi jeung dirina. Brèh deui beungeut barudak. Endan jeung Sopi ngadadak imut dina lalangit kamar. Dina lalangit batin.

P13 Hebras, Mei 2018

Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com