Thursday, September 18, 2014

Kajadian Méméh Mulang



(Galura, Edisi III September 2014)
(Iwan M. Ridwan)

Isuk-isuk. Di imah geus haneuteun. Barudak geus harudang najan lain rék sarakola, bubuhan poé minggu harita téh. Keur mah eukeur mangsana pakansi. Rék poé senén atawa salasa ogé moal arindit ka sakola sabab cikénéh bérés ulangan ahir seméster. Kari ngadagoan samen alias kenaikan kelas saminggu deui. Nu di SMP nya kitu kénéh, adi jeung lanceuk téh sarwa pada libur.

Indungna subuh kénéh geus bérés nyeuseuhan. Nyangu nya kitu kénéh sabot nyeuseuh téh hawu geus hurung tiheula ditungguan ku nu SMP bari hayoh waé nyonyoo hénpun. Kitu puguh ari loba budak mah bisa kabunta-bantu, saeutik-eutikeun. Mémang éta ogé ari pagawéan beurat mah can katanagaan, tayohna barudak kaitung masih kénéh laleutik. Tapi saheunteuna ari mihapékeun hawu mah teu burung kapaké. Pon kitu deui sasapu di imah bisa kabantuan sok sanajan bari dihareureuykeun ogé. Kitu téa mah imahna gé teu pati gedé. 

Wanci carangcang tihang imah geus raresik. Pacabakan geus bérés. Barudak paheula-heula ngarariung di dapur. Rob sareréa nyanghareupan sangu pulen nu masih kénéh ngebul. Diakeul ku indungna dironyok ku anak-anakna badis wé bilatung dulang téh.

“Mamah emamna sareng naon?” ceuk si bungsu nu karék umur tilu taun téh mani céléméng. Nu lain milu récok. Mémang biasana ogé teu weléh ramé imah leutik téh. Komo ari keur datang waktu dahar. Piring jeung sendok gé ceuk paribasana milu guntreng. Sakali mangsa mah aya anu peupeus sagala rupa. Bérés dahar, buriak saréréa. Arulin sakadaékna. Lalulumpatan bari tingjéréwét. Sakapeung mah ceurik sabab dikerewes dulurna kénéh. Atuh bagéan indung anu katempuhan ngarépéhkeun nu ceurik. Tapi harita mah teu sugan ieu gétréng paséa. Ngadadak akur saréréa gé. Buktina waé waktu aya di dapur mani sakitu taraptina. 

“Mamah ih sareng naon emamna?” deui-deui si bungsu tetelepék.

“Lah sareng naon wé atuh Ena ayeuna mah. Engké ngantosan Si Tétéh hoyong sareng nu raos mah!” nu ngajawab lain indungna, tapi lanceukna anu di SMP. 

“Ngké mah Ena hoyong mamam sareng naon waé oge bakal pangmésérkeun ku Si Tétéh. Bakal nyandak emameun anu arénak geura. Nyandak pitsa, nyandak jeruk sankis, apel beureum, korma, nyandak kornét. Bakal nyandak acuk anu saraé, harérang. Bakal nyandak cincin, kangkalung, anting sareng pinggel. Bakal nyandak jam tangan. Tah engké Ena bakal reunceum. Bakal nyandak artos sakoper. Ih da Tétéh mah badé mésér aipon, sareng tablét, motor matic wéh keur jalan-jalan sareng ka sakola ambéh teu capé.” Ceuk anu di SMP mani norowélang pisan. Kitu geuning barudak jaman ayeuna mah kahayangna téh  geus  ampir  nyaruaan kolot.

Indungna ngabandungan anakna guntreng ngarobrol pinuh harepan. Aya bagja jeung cumalimba dina geter jajantungna. Bagja mun mireungeuh anak-anakna aya dina kaséhatan bari jeung aya rejekina. Akur jeung dulur teu sugan silih cilakakeun. Mun ras deui inget ka Si Cikal anu mangtaun-taun lunta ti imah seja néangan kipayah mantuan nu jadi indung bapa. Ngarumas mun geus inget ka lebah dinya. Budak téh sakuduna mah sakola tuluy kuliah siga batur. Tapi ieu kalah kula-kuli buburuh ripuh. Sok sanajan Batinna ngahelas manéhna maksa-maksakeun imut, sabab geus nyaho jinisna nu keur jadi bahan piobrolan barudakna téh.

“Enya kitu mamah, Si Tétéh bakal nyandak jeruk sareng apel beureum? Bakal nyandak cincin sareng kalung kanggo Ena?” ceuk si bungsu deui matak nyérédét kana hate indungna.

Nu ditanya ngajawab ku imut tuluy ngaréka jawaban. “Muhun, ké urang papagkeun tabuh sapuluh mah dugi meureun ka bumi.”  

“Mamah, hoyong geura-geura datang Si Tétéh ageung téh ih. Ani mah hoyong nyungkeun artos sing seueur kanggo mésér tivi.” Nu pangais milu némpas bari gék diuk. Piring séng anu meunang ngarongkong can lila diécagkeun nungguan indungna ngalasan sangu kana piringna.

“Enya. Sok ayeuna mah aeramam heula!” tembal indungna bari sok, sok neueul-neueulkeun cocolék kana dulang plastik nu dipaké wadah sangu. Sacocolék-sacocolék sangu nu témbong ngebul téh diteundeun kana piring séwang-séwangan. Ari deungeunna ngan ukur jeung angeun kangkung meunang ngala tina galengan . Méréanana gé sarua kawas méré sangu dialasan kana piring séwang-séwangan.

“Mamah ah Ani mah hoyong seueur caina. Badé di kuah!” ceuk nu pangais bungsu minangka protés dibéré saeutik.   

Kitu sapopoéna kahirupan di éta imah. Hiji imah rangkay anu karék kaitung buni tina hujan jeung panas. Témbok-témbokna témbong ngabelegbeg poék tacan aya cét anu mapaésan saeutik-eutik acan, komo deui panyampurna mah kawas pager beusi, kekemangan dina pas bunga atawa tatangkalan pendék bari baruahan kawas anu katempo di imah uana barudak. Uyuhan atuh bisa dahar soré isuk gé keur maranéhna mah. Bapana ngan ukur kuli bangunan bari jeung langka, sakapeung kuli macul mun pareng aya di imah usum nyawah. Anak saloba-loba. Minangka nu diandelkeun téh si cikal anu ayeuna keur jadi bahan paguneman maranéhna. 

Salila tilu taun kahirupan ieu kulawarga ngandelkeun wesél ti si cikal. Bari lamun datang téh sapoé gé bisa béak, mayar hutang ka warung urut jajan barudak, meuli béas anu hargana beuki undak, kitu ogé dahar karo uyah atawa minangka aya deungeunna téh jeung kangkung atawa urab génjér meunang ngundeur dina galengan batur. Hirup di kampung gé karasa weritna ku maranéhna mah najan cenah ceuk urang kota mah hirup di kampung teu sagala meuli. Ah kitu sotéh keur jalma nu boga. Boga kebon, boga sawah jeung balong. Hayang lauk tinggal nyair, hayang angeuneun tinggal ngala, hayang lalab tinggal metikan. Ari keur jalma cacak kuricakan mah keukeuh wé leuwih eungap batan di kota. Ceuk paribasana di kota mah modal tutup botol gé barudak bisa meunang duit, ngamén ka unggal angkot di parapatan, atawa mulungan cangkang botol pelastik gé bisa jadi duit. Sedengkeun di lembur, apanan duit téh hararésé kacida. Nu matak si cikal geus lulus SMP téh langsung daftar ka PT seja kuli di nagara minyak. Sugan jeung sugan bisa ngaringankeun béaya hirup kulawarga. Ayeuna geus tilu taun satengah manéhna di Saudi, cenah ari kuduna mah dua taun gé balik, ngan manéhna mah tacan meunang duit sasat diwesélkeun waé tilu bulan sakali. 
*

Wanci ngagayuh ka beurang. Panon poé karasa panasna. Jalan ojeg nu ngan mahi keur sajalaneun mobil témbong kawas nu ngabebela.  Témbong pasuliwer ojég ngulon ngétan. Narik nu geus baralanja atawa nu rék miang ka kota. Sisi-sisi jalan loba nu laleumpang paranonoman, nyérangkeun indung bapana nu jauh di tengah sawah tingaronggéng tandur. Teu sugan aya kereteg hayang milu mantuan. Ieu mah mending ginding waé bari carecengiran muru jalan anu ngahubungkeun pakampungan jeung kota. 

Tina paméngkolan jalan ti kota témbong aya mobil satengaheun élef pulas bulao. Dina kaca hareupna aya tulisan pulas oranyeu “PT. YALAKARYA RINTISKRIDA” Ngageuleuyung muru kalemburkeun. Gerung. Gerung mobil téh majuna lalaunan bangun anu paureun ti gorogas kana kotakan. Tapi sok sanajan kitu teu ngeureunkeun majuna. Tuluy muru lembur Sukahurip tempat ngadegna hiji imah anu pangeusina geus ngadago-dago. Teu kungsi lila ngaliwatan sawah, jog kapilemburan. Reug eureun hareupeun éta imah. Pangeusina anu kalolobaan budak leutik surak bari ngengklak mapagkeun si cikal nu turun tina panto tukang.  

Kabéh jempling basa nu kaluar tina mobil nangtung nyanghareup ka maranéhna. Euweuh nu ngomong sakecap-kecap acan. Lian ti cimata nu ngeclak tina pipi indungna. Bareng jeung ngeclakna cimata kana taneuh, indungna langsung muru ngagabrug ka si cikal nu témbong alum ngungun. 

“Rahmah, geulis, naha anjeun téh kunaon bet jadi kieu?” indungna ngagabrug si cikal bari digeubig-geubig. Tuluy di kaléng ka buruan imah. Adi-adina melong kosong. Hookeun kacida. Kawas anu teu percaya yén anu datang téh lanceukan.

“Mamah éta téh saha?” Ceuk nu pangais bungsu rada undur-unduran. Éta panalékan téh lain meunang jawaban sagancangna, tapi diantep salila-lila tepika datang patalékan-patalékan séjén ti dulur-dulurna.
Lalaki nu maturan supir milu nyampeurkeun bari ngélék koper leutik majar cenah eusi pakean. Tuluy disimpen dina bangbarung. 

“Ini pakaian saudari Rahmah, saya mohon pamit!” cenah bari balik deui asup kana mobil satengah élef. Mobil muter hareupeun buruan, gerung deui ka kulonkeun. Teu kungsi lila ninggalkeun lembur.

“Mamah, hapunten abdi anu talédor! Tilu sasih sateuacan mulang, bumi dunungan téh kahuruan tina kompor gas anu teu dipareuman ku abdi. Sagala rupi nu aya di bumi ludes ku seuneu kalebet bekel sareng anggoan abdi” 

Bandung, 2014

Friday, September 12, 2014

Siaran Langsung



(Iwan M. Ridwan) 
Mangle, No. 2492. 11 - 17 September 2014

Jam sapuluh kurang sapuluh menit. Lampu tungsten geus hurung kabéh. Cahayana ngempur nyaangan rohangan anu geus disetting ti anggalna. Sofa bungur, méja kaca, kembang eros jieunan luhureunana. Diaping dua gelas kristal nu ngabigeu kawas arca kabulusan. Enya aséna tiis kacida. Duka keur anteng nataan toplés nu ngajajar hareupeunana. Gedé leutik loba jinisna. Kawasna mah kitu. Sabab loba aksaraan dina tiap toplés téh, tapi anu paling sidik mah “Cobra Oil”. Atra pisan katempona. 

Alketip beureum ditincak méja. Geus biasa, teu ieuh sirik pédah ayana panghandapna. Puguh ari pangluhurna mah LCD nu teu eureun-eureun muter bumper. Kitu biasana salila lumangsung acara. Minangka tetengger yén nu disanghareupan ku penonton téh keur ngabahas masalah kaséhatan. Sidik gambarna ogé aya gambar halu, lulumpang jeung obat hérbal. Meureun ti dituna mah siloka jajamu. Ari jajamu téa apanan obat tradisional. Ieu meureun anu jadi cicirén bahasan dina peuting ieu.   

Tilu unit kaméra geus masang dina tripod-na: kaméra hiji keur cover presenter, kaméra dua keur master, kaméra tilu keur narasumber. Kabeh geus di-white balance, iris, shutter speed jeung gain-na geus diatur luyu jeung caangna cahaya. Atuh kabel HDMI ogé geus nyambung ka monitor VD di ruang MCR. Clearcom nya kitu kénéh geus kahubung jeung audioman di ruang téknik. Enya monitor keur preview ogé geus hurung ti tatadi da ngarah nyalsé. Biasa cicingna téh gigireun kaméra hiji da ngahaja nyadiaan presenter ngarah bisa kamonitor ku manéhna. Padahal mah di sakuriling studio gé aya LCDTV tilu unit anu ngahaja dipasang keur nempo freeview, pédah di luhur neundeunna. Meureun kagok.     

Dina frame élsidi kaméra mah nyeplés pisan studio téh kawas di hiji rohangan tengah imah, matak pikabetaheun, da puguh éta rohangan dihaja méh siga di tempat anu genah. Padahal ngan ukur sakitu-kituna. Sawaréhna mah, kitu wé teu pantes keur dicaritakeun. Presenter jeung narasumber geus dariuk ti tatadi ngadagoan waktuna prung. 

Téh Héra anu jadi presenter dina peuting ieu mah. Geulis manéhna téh ngan rada galak, mun seug crew aya nu ngomong atawa seuri mangsa live, sok dipolototan, atawa ngadadak bangkenu. Meureun ti dituna mah kudu professional mun keur gawé. Buktina waé manéhna mah sugan aya kacaritakeun elat datang. Paling leuir ogé satengah jam bari jeung geus meunang dangdan. Atawa aya kacaletot letah nu matak jadi salah kana kecap informasi atawa salah nyebut istilah. Éstuning rikip pisan, lugas, tatag, matak pikahartieun bari teu kudu méakeun waktu loba.

Pas pisan jam sapuluh atawa 22.00 WIB, count down geus kadéngé dina clearcom. Sorana halimpu da puguh VD-na Néng Kiki anu jadi béntang balaréa di studio. Teu weléh imut kasasaha. Mawurkeun paroman anu marahmay. Sing saha waé anu ngadéngé sorana boh dina clearcom atawa asilna moal burung gantung déngéeun. 

Standby! Three… two… one… action!” Cenah ku basa Inggris. Kitu manéhna mah resep kénéh maké basa deungeun mun seug intruksi keur siaran langsung téh. Ari kitu téana mah wajar manéhna dididik ku tévé nasional anu mangrupakeun adopsi ti tévé luar nagri. 

Kuring ogé anu ngadéngéna milu nuturkeun. Téh Héra surti kana naon anu diucapkeun ku kuring minangka panyambung ti VD. Gelenyu Téh Héra imut laju ngabagéakeun pamiarsa di bumi ngalangkungan televisi. Didadarkeun harita keur aya dina acara naon-naonana.  

Nya sakumaha mistina sanggeus dibuka acarana Téh Héra ngabagéakeun narasumber anu geus diuk ti tatadi. Dibagéakeun ku Téh Héra téh sura-seuri bangun anu boga kabungah. Panonna pinuh ku kayakinan. Satuluyna mah dijujut ngeunaan diri manéhna jeung tempat usahana.

Ceuk manéhna, dijamin sing saha waé anu boga keluhan dina masalah reproduksi bakal cageur. Rek masalah diabetes, ejakulasi dini, ereksi, kaputihan tepika hésé boga  turunan majar téh bisa ditarékahan. Duka tah ari sipilis mah asa tara diungkit-ungkit da béda deui ségménna meureun. Sipilis mah dibikeunna ka dokter.

Kesel sabenerna mah ngabandungan program ieu téh, asa jarijipena ngadéngéna. Enya atuh masalah rusiah pribadi pisan, privacy lah. Ieu diumbar ka jomantara. Jeung loba deuih anu ngahaja narelepon. Dasar jelema ayeuna mah geus owah kabéh. Teu ieuh ngarasa éra atawa pamali, lamun geus nyaritakeun nu kararitu patut téh bangun kawas nu atoh. Der ditémpas ku itu ku ieu. Ceuk pamikiran kuring, masalah nu kitu mah teu kudu hambur bacot, mun rék datang mah datang wé ka klinik langsung.

Teu saeutik anu nelepon maké basa teu ngeunah kadéngéna. Ah teu pantes dicaritakeun. Kéna-kéna ségmén déwasa bari jeung tayangna ampir tengah peuting.

Sok baluas mun ngaritakeun masalah nu kitu téh. Teuing pédah kaayaan kulawarga kuring teu kawas batur dina sual nu kituna. Duka atuh. Mun mah disebutkeun kuring teu normal, asa jajauheun, ti baheula boga bébéné awéwé tulén kabéh. Atuh ayeuna kawin ogé ka awéwé tur kawilang geulis. Ceuk dulur anu di Padang mah mani rancunit pamajikan téh, ngan hanjakal can kungsi panggih tepika ayeuna. Jauh ari kitu téa mah, atuh piirahaeun teuing aya waktu kuring mawa pamajikan nepungan dulur sajauh di Padang, anu dilembur ogé apanan teu katepungkeun sakabéhna.   

Kageulisan ngan ukur bonus sabenerna mah. Mungguh kitu rupa mah alam ahir gé bakal pinanggih jeung ruksak. Geus kolot mah meureun moal sageulis ayeuna. Moal sageulis mangsa uumuran salapan welas tepika dua puluh opat taun. Mangsana jadi héhéjo bulu panon lalaki. Pan kitu kuring ka pamajikan gé samaméh jadi salaki jeung pamajikan. Saprak wanoh di kampus téh apanan teu sirikna bet kabayang beurang peuting. Sugan mah sapoé teu nempo manéhna téh asa aya anu kurang dina ngajalanan hirup. Éta basa ngadéngé kekecapan manéhna nampi kuring gé mani asa teu percaya sacongo buuk. Wanoja anu lir bidadari kaimpi-impi téh kari-kari ngabukti. Widadari anu perténtang nyarios basa Inggris jeung basa Arab. Tapi sok sanajan kitu ari ngawangkong sapopoe mah teu weléh ku basa Sunda, basa anu mangrupa cicirén diri sorangan salaku wanoja Sunda. Widadari anu leubeut ku pangaweruh agamana. Widadari anu manis ku raksukan hijabna. Mun mah di dunya ieu euweuh nu sampurna, ceuk kuring mah aya, nyaéta manéhna.   

Lungguh kemayu ceuk basa légégna mah. Sorot soca anu cureuleuk téh matak waas anu neuteup. Soca lir talaga dina carita karajaan Pakuan Pajajaran. Linduh matak pikabetaheun. Matak poho kana sagala rupa permasalahan hirup anu karandapan. Permasalahan hirup anu matak jangar kana sirah. Pangambung rancunit, lambey ipis kawas anu geus ditaker ku Nu Kawasa seja masieup raray anu teu weléh marahmay. Mun mah aya imut anu murag kawasna matak parebut lalaki anu nganyahoankeunana.   

“Studio, telephone!” sora neng Kiki ngagareuwahkeun kuring anu keur ngabayangkeun pamajikan sorangan. Sontak kuring ngangkat papan telepon anu ngagolér dina luhureun teve monitor. Cung diarahkeun ka Téh Héra anu keur guntreng ngawangkong jeung narasumber. 

“Nampaknya sudah ada yang bergabung berasama kita, Pa Gatot, kita sapa terlebih dahulu. Hallo dengan siapa di mana?” omong Téh Héra bari nyanghareup ka kaméra hiji anu disanghareupan ku kuring. Si Ardi di kaméra tilu ngadon nundutan, katémbong pisan lelenggutanana.

“Halow salamualaikum!” ceuk anu dina telepon. Kadéngé ngoncrang dina speaker jero studio mah.
Sora anu teu asing dina ceuli kuring. Moal kapalingan jeung moal nyalahan. Sora anu teu weléh ngagalindeng jero ceuli. Sora anu teu weléh écés kadéngé basa manéhna unggal peuting natanyakeun balik jam sabaraha. Rey getih asa naék kana sirah basa anu dina telepon nyebutkeun sandiasmana. Sandiasma anu mindeng dijadikeun ngaran dongéng mun mangsana peuting paduduaan di kamar seja ngabébénjokeun manéhna. Beungeut beureum lir beusi atah beuleum. Naon anu keur dipadungdengkeun bet teu kadéngé. Dada karasa eungap. Ngaguruh lir lambak sagara basa manéhna nyaritakeun naon anu jadi bangbaluh dina permasalahan rumah tanggana. (Réngsé)

Bandung, 16 Juni 2014



Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com