Showing posts with label Dongéng. Show all posts
Showing posts with label Dongéng. Show all posts

Tuesday, December 25, 2012

CARITA SAKADANG KUYA JEUNG SAKADANG MONYÉT


Serial : MELAK CAU

Hiji mangsa mah sakadang monyét jeung sakadang kuya keur ulin sisi wahangan. Lar aya tangkal cau anakna palid. Sakadang monyét rikat ngarawél daunna anu pareng ngagulusur ka lebah biwir wahangan. Gep beunang rawél. Sakadang monyét gegeroan ménta bantuan sakadang kuya geusan narik anak tangkal cau ka darat. Ugal-ugil ku duaan teu burung bisa kaangkat ka luhur anak tangkal cau téh. Sanggeus aya di luhur sapuk éta tangkal cau rék dipelakeun, tapi duanana parebut pada-pada hayang miboga. 

Pamustungananan duanana sapuk rék motongkeun éta anak tangkal cau jadi dua bagian. Sapotong keur sakadang kuya sapotong keur sakadang monyét. Tapi duanana pada-pada hayang kabagéan luhurna sabab ceuk pamikirna anu téréh buahan pasti luhurna. Duanana parebut kénéh waé. Geus jadi kabiasaan atuh anu ngéléhan mah sakadang kuya. Ahirna mah anu abagéan luhurna sakadang monyét, ari sakadang kuya kabagéan handapna. Kudu kumaha deui atuh sakdang kuya ari lain kudu tumarima mah.  

Gancangna carita geus pada-pada melakeun tangkal cau séwang-séwangan. Pajauh-jauh supaya pada-pada jongjon ngurusna majarkeun téh. Gancangna deui carita geus ampir sataun ti harita. Tangkal cau handapna anu dipélak ku sakadang kuya alus jadina. Motok pisan subur nakeranan. Buahna gé dalah mah kuatka bareuncing. Geus aya anu karonéng sagala tandaning geus asak. Anak-anakna anu ngurilingan tangkalna rempeg ogé cul-cel sakurilingeunana. Bet matak uruy nempona.

Béda deui cau luhurna anu dipelak ku sakadang monyét. Éta tangkal cau kalah paéh. Enya atuh ninggang dina saréat ogé tangkal cau bogana sakadang monyét mah euweuh akaran rék kumaha bisa buahan, jadi gé moal. Ari bébéjana ka sakadang kuya mah cenah buahna mani ceuyah. Ruhay pisan. Arasak. Tapi barang dilongok ku sakadang kuya geuning tangkalna kalah garing. 

Apal kaayaan cau bogana sakadang kuya geus siap dipanén, sakadang monyét nawarkeun jasa cenah rék mangalakeun buahna. Sabab sakadang kuya mah apanan teu bisa naék keuna ku paribasa saban kuya. Katempona mah siga anu enya sakadang monyét teh bageur. Daék pangngalakeun teu ieu ménta buruhan. Tapi nya kitu téa otak licikna geus kabaca ku sakadang kuya. 

Teu ngadagoan hararésé sakadang monyét naék kana tangkal cau. Buahna anu geus ruhay téh témbong matak pikabitaeun. Bareuncingna. Paranjangna. Top markotop ceuk basa sakadang monyét mah. Abong sato ngala cau téh hiji-hiji dipetikan kawas anu rék dihuapkeun saharita. Da éta gé enya geuning dipetik hiji, sup diasupkeun kana koja. Metik deui hiji, dipesék. Am didahar.  Kitu jeung kitu wé tepika seubeuhna. Dina haténa sakadang monyét seuri konéng. 

“Dasar sakadang kuya mah belegug. Uing mah seubeuh di luhur manéhna mah nungguan di handap bari lapar.” Kitu gerentes haténa. Sakadang monyét jongjon gawéna téh kitu jeung kitu. Hiji diasupkeun kana koja, hiji dihuapkeun tepika beuteungna kamerekaan.

Lila ku lila mah geuning cau dina turuyanana téh béak diala. Butitina ogé euweuh nu nyesa. Bari jeung beuteung bucitreuk sakadang monyét naékna ngaluhuran. Gurawil. Gulayun. Sakadang monyét pindah kana tangkal sélong. Kojana digandong bangun anu hampangeun pisan. Haténa bungah bungangang sabab boga cau anu sakitu lobana. Térékél deui pindah kana tangkal anu séjén, tuluy ngajauhan. Teu nolih sakadang kuya anu gegeroan. Sanggeus aya di tempat anu singkur manéhna ngecagkeun kojana anu panjang ngarumbay. Dirampaan. Ditoongan. Manéhna kacida hélokna sabab geuning koja téh kohok alias bolong. 

Caturkeun sakadang kuya anu tadi gegeroan ningali sakadang monyét lumpat ngajauhan manéhna. Salila sakadang monyét naék kana tangkal cau, sakadang kuya mah anteng nyieun lombang keur ngagundukeun cau beunang ngala sakadang monyét. Sakadang monyét teu apaleun kojana dibolongan ku sakadang kuya saméméhna. Unggal manéhna ngasupkeun cau kana koja, si buah cau tuluy morojol ka handap laju dicokotan ku sakadang kuya tuluy diasup-asupkeun kana lombang jieunanana.  

Cau téh metet minuhan lombang. Sakadang kuya andekak ngabaheuhay bari ngadaharan cau. Deui-deui manehna leuwih pinter batan monyét anu sok boga niat deleka. (cag)

Friday, December 21, 2012

CARITA SAKADANG KUYA JEUNG SAKADANG MONYÉT


Serial : MAOK CABÉ

Isuk kénéh kira-kira wanci haneut moyan, sakadang monyét nyampeurkeun sakadang kuya anu keur moyan luhureun batu. Salsé pisan bangun anu keur nikmat ngararasakeun haneutna panon poé isuk-isuk. Panonna tipeureum-peureum. Ningali kaayaan kitu otak jail sakadang monyét mimiti kaluar. Manéhna luak-lieuk néangan batu leutik. Sanggeus meunang batu sagedé cengkir, belewer  dibabetkeun kana cai hareupeun sakadang kuya, orokaya batu téh ngagejebur caina mancawura kana awak sakadang kuya.
Koréjat sakadang kuya hudang. Luak-lieuk ka sabudeureunana. Témbong sakadang monyét keur cecengiran bangun anu atoh pisan. Tapi kituna téh bari geuwat nyampeurkeun.
“Angger ari geus belegug teh, Nyét!” ceuk sakadang kuya.
“Bongan atuhda wayah kieu ngadon saré.” Jawab sakadang monyét bari ngadeukeutan.
“Aya naon deui atuh?”
“Kieu. Manéh apal teu kebon cabé Haji Udin, anu dilebak téa geuning?” ceuk sakadang monyét.
“Apal. Ari kitu?” jawab sakadang kuya tiis.
“Cabéna geus arasak. Keur meujeuhna amis. Hayu urang ngala. Seger sigana.” Sakadang monyét ngajak.
Mugen mimitina mah diajak ku sakadang monyét téh. Tapi dasar sakadang monyét pinter akalna, tungtungna  mah daék ogé sakadang kuya milu maok cabé di kebon haji Udin.  Gancangna carita geus anjog ka kebon cabé. Enya wé katempo cabé téh mani ruhay. Sawaréh geus bareureum meujeuhna alaeun. Tapi teu saeutik ogé anu masih kénéh héjo ngagedod matak pikabitaeun.
“Ulah gandeng siah, Nyét. Manéh mah sok deleka ka uing téh.” Ceuk sakadang kuya omat-omatan deui sabadana tadi omat-omatan ulah tepika kapanggiheun kunu boga kebonna.
Sakadang monyét ngadon runyah-renyoh bari jeung rawél kaditu, rawél kadieu kana cabé. Hiji-hiji diacak. Diasaan kawas anu nikmat pisan. Celetrok. Celetrok. Bari angger runyah-renyoh. Létahna mimiti ngelél. Ari sakadang kuya mah cacakan leumpangna gé apanan ngarayap ngala cabé téh  néangan anu sakirana ampir adek jeung taneuh.
“Lada geuninganan, Kuya.” Cenah bari seuseurian.
“Tong gandeng atuh! Bisi kapanggih kunu bogana.” Sakadang kuya ngagebés.
“Seuuuuhah lata-lata! Seuuuuhaah lata-lata!” sakadang monyét gogorowokan.
Atuh sakadang kuya mani reuwaseun pisan. “Ah sia mah teu balég, Nyét! Ngagandéngkeun waé.”
Éta sahaaaaaa?” gorowok téh aya sora ti lebah saung. Barang dirérét ku sakadang monyét horéng  anu boga kebon. Gura-giru sakadang monyét lumpat ti éta tempat ninggalkeun sakadang kuya.
“Héy sakadang monyét, manéh mah jahat!” ceuk sakadang kuya bari ngalengis. Orokoaya manéhna mah teu bisa lumpat.
“Hampura duluuur. Hahaha!” Cenah bari seuri. Tuluy manéhna ngajauhan. Les teuing kamana leungitna.
“Ieu geuning nu maok cabé téh.” Omong nu karék datang sanggeus nempo didinya aya sakadang kuya bari sisieunana pabalatak cabé. Teu antaparah deui regeyeng dibawa. Diwadahan kana bongsang.
***
Peutingna di imah Haji Udin, patani anu boga kebon cabé téa, sakadang kuya alum ngungun di kurungan di pipir dapur. Sabot keur kitu geuning kurunyung sakadang monyét. Sing horéng manéhna téh geuning ngawaskeun basa sakadang kuya dibawa kunu boga kebon cabé téh.
“Héy, sakadang kuya! Geuning anjeun henteu dikukumaha? Hayu ayeuna mah urang kabur.” Ceuk sakadang monyét sanggeus ngadeukeutan rerencepan.
Éh sakadang monyét.”  Ceuk sakadang kuya bari sura-seuri.
“Naha kalah sura-seuri? Hayu kabur!” ceuk sakadang monyét.
“Embung kuring mah moal kabur.” Témbal sakadang kuya.
Éh, bet ku naha?” sakadang monyét héran.
“Kuring téh rék dikawinkeun ka anak juragan cabé.
“Ah sok ngadabrul.”
“Enyaan kuring mah. Tuh tempo di dapur geus raraméan. Cenah kuring téh rék diwariskeun kebon cabé lian ti dipulung minantu téh.”
“Nu bener éta téh?” sakadang monyét panasaran.
“Bener.” Ceuk sadakang kuya tandes.
“Hilian lah sakadang kuya. Kuring anu di jero kurung.”
“Embung!” jawab sakadang kuya tatag.
Sakadang monyét ahirna ngancam rék maéhan sakadang kuya mun teu daék dihilian. Atuh daék teu daék sakadang kuya ngéléhan. Sakadang kuya kaluar tina jero kurung, sup sakadang monyét asup ngagantikeun. Haténa bungah bungangang sabab isukan baris dikawinkeun ka anak juragan.
Manjing ka wanci subuh dapur geus haneuteun. Sakadang monyét beuki atoh yakin kana omongan sakadang kuya yén poé éta rék aya hajatan ngawinkeun anakna ka sakadang kuya. Orokaya mun anu aya di jero kurung manéhna, tinangtu manéhna anu bakal dikawinkeun ka anakna.
“Indungna, hayu ah urang peuncit kuya téh meungpeung subuh kénéh!” kadéngé sora nu boga imah bari ngulutrak mukakeun panto dapur.
Gebeg téh sakadang monyét reuwas pisan. Singhoréng rék dipeuncit geuning diteundeun di jero kurung téh. Tuluy manéhna api-api paéh ngabebengkang jero kurung. Patani hélok sabab kuya anu rék dipeuncitna robah jadi monyét paéh.
“Indungna, naha ieu kuya téh jadi monyét. Paéh deui. Euh atuh moal jadi nya papayoran murak daging kuya téh. Tuh geura ieu téh monyét paéh!” patani témbong paromanana ngungun. Geus nyaho kaayaan kitu mah sakadang monyét dibawa ngajauhan ti imahna majar rék dipiceun wé ka susukan. Kituna téh diiringkeun ku pamajikanana.
“Enya atuh bapana, piceun wé monyét paéh mah. Keun waé euweuh milih saréréa ieu mah.” Ceuk pamajikan patani.
“Enya urang balangkeun waé ka susukan!” lung téh sakadang monyét dibalangkeun kana cai susukan.
Sanggeus dibalangkeun sakadang monyét hudang ngagurinjal bari lulumpatan dina cai, tuluy ngagorowok.
“Déét! Déét! Déét!” cenah bari seuseurian.
Patani jeung pamajikanana tiba ngembang kadu. (Cag)
Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com