Showing posts with label Feature. Show all posts
Showing posts with label Feature. Show all posts

Monday, January 11, 2021

Gugum Gumbira Reueus ku Kamekaran Seni Tradisi

 

Mangle No. 2727 | 18 - 24 April 2019

Dina kamekaran budaya jaman milenial kawas kiwari, ngamumulè seni tradisi tangtuna kudu leuwih tihothat. Sakurang-kurangna mah bisa kalindih ku kasenian anu holna ti bangsa deungeun kawas K-Pop jeung sajabana. Para seniman anu ngokolakeun seni tradisi kudu leuwih krèatif tur inovatif sangkan karya anu dihasilkeunana leuwih nyongcolang. Ulah tepi ka kawon ku krèator asing anu teu kurang-kurangna mikaresep budaya urang. Kitu anu dipedar ku Maèstro Seni Tradisional Jaipongan Gugum Gumbira Tirasondjaja basa ditepungan dina kagiatan milangkalana ka tujuh puluh opat di bumina jalan Kopo No. 15-17 Kota Bandung, sawatara waktu kaliwat. 

Kagiatan milangkala seniman kahot Gugum Gumbira diluuhan ku sajumlahing seniman sèjènna di antarana Eka Gandara, Sis Triaji, Yayat Hendayana, Eti RS, Rika Rafika jeung para seniman sèjènna ti mimiti anu ngora tepi ka nu geus moyan. Dina èta milangkala tèh para seniman kaul mintonkeun sajumlahing tari tradisional, kawas tari Topèng Panji, Topeng Kelana jeung sajabana, samalah rèa seniman anu ngibing payuneun Gugum Gumbira. Dina kagiatan pamungkas Gugum Gumbira nèmbongkeun kaparigelanana ngibing hareupeun nu haladir. Sontak sarèrèa surak ambal-ambalan.

Gugum Gumbira ngarasa reueus rèhna seni tradisi utamana tari tradisional rèa kènèh anu ngamumulè samalah beuki ramè. Èta tèh katiten tina tingpucunghulna jumlah padèpokan atawa sanggar seni anu anggotana teu kurang ti lima puluh urang saban padèpokanana. Lain ukur nalika kagiatan pintonan ramèna tèh tapi sapopoèna lantaran maranèhna aub dina sanggar tèh pikeun dialajar. Seni tradisi tèh boga jangreu anu mandiri, anu bèda jeung jangreu-jangreu kasenian sèjèn nu matak Gugum meupeujeuhan ka para nonoman sangkan mayeng mihaat seni tari tradisional, lantaran teu gampang hayang ngamumulè kasenian tradisi tèh. Leuwih ti èta upama seni tradisi bisa dikokolakeun kalawan hadè, bisa kawentar ku dunya internasional. Salila ieu dina èmprona seni tradisi utamana Jaipongan leuwih diapresiasi ku dunya internasional batan di kahirupan bangsa sorangan. Pikeun contona rèa fèstival seni tradisii anu dikokolakeun di nagara-nagara batur kawas Eropah jeung Amèrika. Hanjakalna, masih ceuk Gugum, di urang mah pamarèntah tacan gedè kahaatna kana seni tradisi tèh, duka naon nu jadi margalantaranana naha èra atawa seni tradiisional mah teu matak laku dipasarkeun, padahal pasar seni tradisi bisa nyambuang ka sakuliah dunya.***(Iwan M. Ridwan)

 

Friday, January 8, 2021

ALUN-ALUN CIANJUR JADI TEMPAT FAVORIT WARGA NU NGABUBURIT

 



Dimuat dina Majalah Mangle No. 2731, Sasih Romadon 2019 | 23 - 29 Mei 2019

Tacan lila ngadeg tur diresmikeun ku Prèsidèn Joko Widodo, Alun-alun Cianjur kiwari ngajanggèlèk jadi primadona pangjugjugan wisata lokal keur warga Cianjur. Pernahna di hareupeun kaum atawa Masjid Agung Cianjur èta alun-alun tèh ngadegna. Ari gerbangna anu dipapaèsan ku icon hayam jago minangka salah sahiji simbul Cianjur aya di Jalan Suroso. Warga anu ngadeugdeug ka èta alun-alun ngaliwatan gerbang utama langsung dibagèakeun ku panggung pertunjukan anu wangunanana siga-siga waditra Sunda kacapi turta suling. Ari katuhueunana èta panggung, sajumlahing tempat diuk anu wangunna badis kacapi ngajajar aya kana puluhna. Kacapi suling tèh mangrupa waditra has Cianjur pikeun mirig tembang cianjuran atawa anu nelah mamaos.

Satutas ngaliwatan panggung jeung tempat diuk anu siga-siga waditra kacapi suling, di sapanjang jalan muru ka tempat utama rajeg pilar-pilar  melengkung di kènca-katuhueun jajalaneun. Èta pilar-pilar anu melengkung tèh luhurna dipapaèsan tulisan Asma’ul Husna nyaèta nami-nami Alloh anu èndah. Bèh katuhueun èta jalur tèh wangunan leutik badis leuit aya kana welasna ngadeg kawas anu ngahaja dijajarkeun. Dina kahirupan masarakat Sunda leuit tèh mangrupa tempat neundeun parè, sanajan kiwari mah arang langka anu bogaeun kènèh leuit. Ari Cianjur apan kakoncara ku bèasna, bèas cianjur tèa, pandan wangi. Èta leuit kawasna mah ngahaja diadegkeun minangka simbul yèn Cianjur tèh kabupaten anu ngahasilkeun bèas anu kualitasna hadè.

Lian ti kacapi suling jeung leuit tèh, èta alun-alun lir anu jadi miniatur pilar kabudayaan kabupaten Cianjur. Kèncaeun jalur atawa lorong anu dipapaèsan ku pilar tèa aya panggung arena anu kawilang lega. Tempat diukna ngèntèp ka luhur, siga-siga panggung tèatèr Yunani Kuno. Dina tungtung tempat diuk èta panggung aya sawatara patung ipis tina beusi anu adeg-adegna kawas jawara pencak silat. Saban patung mètakeun jurusna sèwang-sèwangan. Èta panggung arena tèh nuduhkeun yèn Cianjur boga kasenian has nyaèta pencak silat, anu katelah maèn po tèa. Sigana èta panggung bakal leuwih ceuyah mun seug saminggu sakali aya pintonan maèn po ti para pendèkarna, bari dilalajoanan ku nu daratang ka èta tempat.

Lian ti maèn po, Cianjur katelah ku nu palinter ngaji. Cianjur dilandih kota santri, samalah dina falasifah masarakatna, urang Cianjur mah pinter ngaos, mamaos jeung maèn po. Tah lebah ngaos mah simbulna dipernahkeun hareupeun pisan Masjid Agung Cianjur, di tengah-tengah jukut sintètis. Jenglènganana mangrupa kitab suci Al-Quran anu keur dibuka. Ngadeg weweg dina luhureun kolam panjang ampir jangkung bari caina hèrang, anu meulah ngèmplohna èta jukut sintètis.

Bet matak kajojo atuh. Nu arulin bari ngabuburit di alun-alun tèh tunaminah pisan. Barudak mah tingalajrag dina jukut sintètis tèh bari sawarèhna arulin bal. Ari kolot-kolotna ngadon dariuk bari dipalotrèt, samalah teu saeutik anu galogolèran ogè. Riska Mèidiani salah saurang nu ngabuburit ka alun-alun tèh. Dirina sakulawarga anu ngadeugdeug ti kota Bandung pikeun silaturahmi ka kulawargana di Cianjur, ngahaja datang ka èta tempat pikeun nyacapkeun kapanasaranan.

“Pangling ayeuna mah alun-alun Cianjur tèh, janten saè sareng ramè. Kapungkur waktos ameng ka dieu tèh nuju masih taman biasa,” pokna bari imut. “Panasaran puguh ningal ramè dina berita sareng mèdia sosial yèn alun-alun Cianjur parantos rèngsè diwangun sareng diresmikeun. Geuning langkung lega ti alun-alun Bandung,” Riska ngèmbohan.

Lian ti Riska, sawatara siswa ti salah sahiji SMA di kabupaten Cianjur nembrakeun, satutas mulang ti sakola ngahaja ngabuburit ka alun-alun Cianjur. Samalah lian ti bisa arulin tèh èta para siswa bisa maraca buku babarengan anu disayagakeun dina lomari kotak anu dingaranan Kolècèr singgètan tina Kotak Literasi Cerdas.

“Raoseun ayeuna mah aya tempat kempel anu langkung tumaninah. Tiasa ameng, ngabuburit malihan tiasa ogè kanggo tempat diskusi sareng diajar sasarengan,” ceuk Utami ngaran salah saurang di antara èta para siswa anu tingrariung dina bangku siga-siga kacapi.

Basa ditanya ngeunaan harepanana, boh Riska boh Utami pada-pada miharep èta fasilitas anu tohaga kitu tèh bisa dijaga diriksa ku sakumna warga anu ngadeugdeug ka alun-alun, malah mandar kaèndahanana tetep kajaga.

(Iwan M. Ridwan)

Friday, January 8, 2016

FESTIVAL GEOPARK CILETUH





(diterjemahkeun ku Iwan M. Ridwan tina feature Mandalawangi BandungTV )



Lelewek Geo­­park Ciletuh anu pernahna di kacamatan Ciemas, mangrupa hiji lelewek anu euyeub ku bangsning batu purba pangkolotna di Pulo Jawa. Dumasar kana sawatara panalungtikan anu dilakonan ku para ilmuwan Géologi, éta bangsaning batu  purba téh katangen diwengku ti mimiti zat asam tepi ka ultrabasa, sedimen tepi ka metamorfik, tur ngarandapan pagésék tepi ka mucunghulkeun mozaik alam anu matak betah panénjo. Niténan alam Ciletuh katara pisan waasna, batu-batu anu ngampar, gédéngeunana pasawahan tur sagara Hindia di jauhna  nyiptakeun kaéndahan anu lain bantrak-bantrakeun.

Lalampahan ka éta lelewek Ciletuh sababaraha waktu ka tukang, dilakonan pikeun medar bibit-buit tempat wisata anu poténsial, sangkan dihangkeutkeun jadi salah sahiji pangjugjugan wisata di wewengkon Sukabumi Selatan. Éta kagiatan dipilampah duméh di éta wewengkon téh boga poténsi anu gedé dina widang pariwisata.

Éta kagiatan téh mangrupa salah sahiji tarékah pamaréntah pikeun ngaronjatkeun ajén Géopark Ciletuh, anu mangrupa salah sahiji pangjugjugan wisata di Jawa Barat. Sajoroning kitu, ngaliwatan éta kagiatan, dipiharep Géopark Ciletuh anu gedé poténsina téh dipiharep jadi pangjugjugan wisata anu leuwih punjul sa-Jawa Barat tur bisa dipiwanoh ku masarakat. Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Jawa Barat ngébréhkeun, éta kagiatan téh luyu kana jejer anu dipaké nyaéta Exploring Ciletuh. Ari anu dimaksud ku éta jejer taya lian kagiatan anu dilakukeun mangrupa lalampahan ngaliwatan wahana féstival pikeun miwanoh poténsi kawasan Ciletuh, boh poténsi budaya boh poténsi alam.

Dina éta féstival téh diwewegan ku mangrupa-rupa kagiatan, kawas hélaran budaya pajampangan, rampak lodong, panggung hiburan rahayat, atraksi paralayang, panjat tebing, kamonésan nyukcruk basisir sarta ditutup ku aksi sadar wisata katut prakprakan melak tangkal kepuh.

Lelelwek Géopark Ciletuh mangrupa salah sahiji teluk purba. Kurang leuwih genep puluh juta taun kalarung, éta lelewek téh mangrupa laut anu jero, balukar tina lémpéng Eurasia anu ngandung zat asam nindih lémpéng Indo-Australia anu ngandung zat basa. Lémpéng Australia anu saban waktu ngésér ngabalukarkeun lémpéng Eurasia anu mangrupa palung laut pangjerona ngampul, tur tepika ayeuna éta lémpéng téh ngajanggélék jadi rancah (lembah) raksasa Ciletuh Sukabumi Selatan. Bangsaning batu anu mucunghul nyingraykeun lalangsé dadasarna batuan atawa sédimén anu mangrupa bangsaning batu kerak sagara katut bagian mantel dunya atawa ofiolit. Éta bangsaning batu téh ngabaur kana sédimén laut jero katut lamping jero palung laut anu nelah mélange. Bangsaning batu beurat blok Ciletuh di lebah kulon-kidul urug ka jero teluk Palabuan Ratu, ari sésana témbong mudigdig  lebah kidul-wetan. Ku kituna, topografi teluk Ciletuh mah lir talapok (tapal) kuda raksasa anu nyanghareup ka laut kidul. Dumasar kana morfologi-na, éta Géopark Ciletuh ngajanggélék jadi hiji lelewek anu ngabogaan wates tanah darat anu luhur kalawan hambalan anu déngdékna kacida tepika ampir vertical.

Pakaya Géopark Ciletuh kacida pisan tohagana, alamna anu upluk aplak téh diwewegan ku bangsaning batu purba, ku kituna di éta lelewek réa pisan curug.

Kagiatan anu dikokolakeun ku dinas Pariwisata jeung Kabudayaan téh mangrupa tarékah sangkan masarakat di éta lelewek bisa ngahangkeutkeun poténsi anu aya, sangkan jaga leuwih kakoncara. Upama geus kitu, meureun bakal loba anu daratang ka éta tempat, utamana anu boga karesep kana alam anu patali jeung batu purba. Upama geus ramé nya warga kénéh anu bisa mopolahkeuna jadi lahan digawé enggoning ningkatkeun pangupa jiwa. Tapi anu leuwih hadé dipigawé sagancangna, utamana ku pihak dinas pariwisata jeung kabudayaan, éta lelewek téh dibebenah heula infrastrukturna utamana mah jalan.

Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com