Showing posts with label Figur. Show all posts
Showing posts with label Figur. Show all posts

Monday, December 24, 2012

Mohamad Ambri


Biasana ditulis Moh. Ambri  (Sumedang, 8 Séptémber 1892 – Jakarta 5 April 1936). Guru SD latihan, guru sakola normal (Sekolah Guru). Pamustunganana  jadi rédaktur kepala balai pustaka. Kolotna ngan ukur pembantu di imah katurunan bangsawan Sumedang. Sanggeus boga anak 4, Moh. Ambri anu umurna karék 6 taun, kolotna pepegatan, alatan bapana kabéngbat ku wanoja séjén. Ambri jeung adi-adina milu ka indungna anu pindah gawé di imah urang Belanda L.J.F  Geritse anu  gawéna jadi komisi pengurus pemakaman Belanda di Sumedang. Ayana Ambri di éta imah, bisa mincut dununganana tepika Moh. Ambri sorangan disakolakeun ku Geritse sakaligus diangkat jadi anak angkatna. Sanggeus réngsé sakola dasar, Moh. Ambri diperdih nulutkeun ka tingkat anu leuwih luhur. Manéhna nuluykeun ka HIK  (Holandsche Indische Kweekschool; Sakola Raja) di Bandung, tamat taun 1911. Tuluy diangkat jadi guru, mimitina mah di Sumedang, tuluy ka Tasik. Taun 1918 manéhna dipecat sabab kalibet kana peristiwa Sarikat Islam (SI) nu dianggap bakal baruntak. Lian ti kitu garwana, Nyi Onéng Karnasih harita ngalaman katarajang panyakit parna anu teu bisa dicageurkeun ku dokter, tapi bisa dicageurkeun ku dukun. Tina ieu kajadian, Moh. Ambri mimiti diajar elmu kabatinan Ajian Kasumedangan ka Pa Ceni di Baginda, Sumedang. Tepika tutup umurna, Moh. Ambri osok ngubaran nu gering ku cara batin.  

Taun 1919, Moh. Ambri diangkat deui jadi guru di Sumedang, laju dipindahkeun ka Purwakarta salaku kepala sekolah.  Taun 1926 dipindakheun ka Bandung (Cicéndo). Taun 1928 dipindahkeun deui ka Purwakarta salaku guru Normaalschool (Sakola Guru).  

Taun 1931 pindah ka Balai Pustaka di Jakarta salaku direktur kepala Basa Sunda dugika wafatna. Salila jadi kapala Balai Pustaka kurang leuwih 5 taun, Moh. Ambri medalkeun 22 judul buku anu kabéhanana ogé Basa Sunda. Tina sajumlah buku anu dikarangna aya karya asli aya ogé terjemahan. Karya asli diantarana Numbuk Di Sué (Dasar Sial 1932, diterjemahkeun kana Basa Indonesia ku Ny. Khairul Saleh (Chairul Saleh), 1952), Burak Siluman (1932, saduran Ayip Rosidi dina Basa Indonesia, 1964, dina Basa Inggris ku Soléh Affandi, Jo Hugh Jones jeung Suzanne Sutro, The Garden of Spirit, 1977), Lain Éta (1934), Ngawadalkeun Nyawa (1933) terjemahan Indonesia ku Ayip Rosidi, Mengurbankan Diri, 1975) jeung Karmawicitra (1934).  

 Sedengkeun saduran jeung terjemahan tina basa Belanda jeung Basa Indonesia nyaéta; Pusaka Ratu Teluh (Pusaka Ratu Santet, dongéng India 1932), Teu Pegat Asih (tina “Kasih Tak Terlerai” karya Suman HS., (1932), Palika Jeung Jin (Penyelam dan Jin, saduran tina carita 1001 Malam, 1932), Béntang Acéh (tina Bintang Aceh, karya H.M. Zainuddin 1932), Nafsu nu Anom (tina Darah Muda, karya Adinegoro, 1932). Pependeman Nabi Sulaéman (tina King Solomon’s Mine karya H. Rider Haggar, 1932),Carita Buah Koldi (Saduran tina carita 1001 Malam, Cerita Buah Khuldi, 1932). Istri Pelit (Saduran tina carita 1001 Malam, Istri Banyak Akal, 1933), Lalakon Saéfulmuluk (Cerita Saefulmuluk, tina carita 1001 Malam, 1933), Si Kabayan jadi Dukun (saduran tina Le Medician Malgre Lui karya Moliere, 1933), Bétah di Leuweung (saduran tina karya Gabriel Ferry, 1935), Gajah Putih (1934), Raja Neger jeung Bangsa Arab (1935),  jeung dua bukuna anu medal sabada Moh. Ambri tilar dunya nyaéta Wawacan Lénggangkancana (1940) jeung Dongéng-dongéng Sasakala (1942). Sedengkeun buku ka hiji anu diterbitkeunana mangrupa terjemahan tina karangan Dr. Sutomo (Soetomo), Kaduhung Kawin Ruksak Turunan Jeung Kasangsara Dunya (Dari Hal Penyakit Kelamin, 1934). 

Moh. Ambri béda pisan jeung kalolobaan pangarang Sunda dina jaman harita, pangpangna anu araya di lingkungan Balai Pustaka. Anu ngalantarankeun manéhna témbong béda téh nyaéta Moh. Ambri mah kaasup jalma anu réalis nu bisa ngalukiskeun kanyataan sacara terang-terangan. Karya-karyana Munjung jeung Burak Siluman ngagambarkeun kaayaan sacara réalistis kumaha kahirupan di pakampungan anu kaalaman ku masyarakatna, utamana masyarakat Sunda. Dicaritakeun ogé kumaha tatacarana ngayakeun komunikasi jeung siluman anu kalolobaanana pikeun ménta tulung hayang beunghar. Objék-objék siluman anu kalibet di antarana siluman monyét (nyupang), siluman oray (ngipri), siluman bagong (nyegik), tuyul (kecit). Dina carita Munjung mah, éta carita ngeunaan siluman téh karasa kagambarna sabab loba dicaritakeun ku dialog boh anu keur ngaronda atawa ngalibetkeun silumanna langsung.  Sedengkeun carita Romanna “Lain Éta” anu ngagambarkeun kahirupan ménak rendahan alias menak anu aya dina golongan handap, teu jauh béda karasa réalistisna.

Basa Sunda anu digunakeun ku Moh. Ambri geus disiksik tina kembang-kembangna anu dirasa kaleuleuwihi tapi leuwih dipikaresep ku kalolobaan pangarang Sunda. Dina leungeun Moh. Ambri,  basa Sunda henteu ngandung harti kudu murwakanti nu dieuyeuban ku wirahma kecap, lain ogé ku lobana maké kecap tina basa Kawi atawa Jawa, tapi dina plastisitas kalimah-kalimahna anu merhatikeun kana éfisiénsi kecap sarta leuwih deukeut kana basa lisan.  

Karya-karya Moh. Ambri anu kurang dipikaresep saméméh perang (teu hiji-hiji acan anu dicitak ulang dina jaman harita) mimiti meunang apresiasi jeung antusiasmeu masyarakat dina mangasa sabada perang. Lain ngan ukur diterbitkeun sababara kali, tapi ogé méré pangaruh kana karya-karya penting anu medal sabada perang utamana dina gaya basa jeung téknik panyatur laku (penceritaan). Di antarana karya-karya Rusman Sutisumarga, Ki Umbara, Ahmad Bakri, jrrd.   

Minangka hiji penghormatan ka Moh. Ambri dina widang kasusastraan anu dianggap boga peran penting, mangka diayakeun piagem Moh. Ambri (1967) salaku ngaran Hadiah Sastra PPSS. Aya ogé anu ngabahas Moh. Ambri salaku skripsina, nyaéta skripsi anu ditulis ku Abdurachman (fakultas Sastera UNPAD, Bandung 1977) ogé hiji karya penelitian anu diayakeun ku  Abdurahman, sbb. ngabogaan judul Biografi dan Karya Sasterawan Muhamad Ambri (Proyek penelitian bahasa dan sastra indonesia dan daerah Jawa Barat, departemen pendidikan dan kebudayaan, 1984-1985) 

Tuesday, December 11, 2012

KI UMBARA


Ujung Galuh, Edisi 18 - 2011

Ki Umbara téh ngaran samaran  H. Wireja Ranusulaksana anu dina umur 70 taun masih kénéh produktif dina kurung-karangna. Heunteu ngan ukur ngarang dina basa Sunda Ki Umbara téh, tapi ngarang ogé dina basa Indonesia, dalah kawilang onjoy karya-karyana téh. 

Salaku pangarang Sunda anu boga komara, tangtuna Ki Umbara boga ciri has anu ngabédakeun jeung pangarang-pangarang Sunda séjénna. Anu paling karasa mah nyaéta pesan da’wahna. Ajip Rosidi sorangan nandeskeun yén Ki Umbara mangrupa pangdeudeul Sastra Da’wah Islamiyah. Karangan-karanganana anu nyaritakeun alam siluman téh mangrupa hiji tarékah Ki Umbara dina daw’ah ka kaum muslimin jeung muslimat yén manusa téh leuwih luhur darajat jeung martabatna daripada siluman atawa jin. Kukituna dipiharep sing saha waé anu macana ulah tepika kapangaruhan ku siluman atawa jin.

Ki Umbara anu lahir di Desa Bendungan, Kuningan ping 10 Juli 1914  cenah ti keur leutik kénéh geus resep kana hal-hal gaib. Kungsi ngadon saré di astana anu ceuk pangeusi lembur astana éta téh mangrupa tempat bumén-buménna sabangsa jin jeung siluman. Lian ti éta sok tatanya ka ajengan, atawa dukun anu ngarti kana hal-hal gaib. Nu matak teu anéh mun dina sababaraha karya-karyana aya jangjawokan atawa jampé.
  
Taun 1963 Ki Umbara ngamimitian nyarpon téh. Judul carpon munggaranna “Kasilib” medal dina Majalah Manglé, sarta meunang panglélér Hadiah Sastra Manglé taun 1964. Tah ti saprak harita karyana anu miboga téma hal ihwal gaib mimiti ngalobaan. Karya-karyana téh dibukukeun dina sababraha antologi. Di Di antaranya: Diwadalkeun Ka Siluman (1965), Teu Tulus Paéh Nundutan (1966), Jurig Gedong Sétan (2003), jeung Haréwos Ti Nu Gaib (2005).
Ki Umbara akrab pisan kana alam pikiran Urang Sunda. Utamana anu masih kénéh percaya kana tahayul, sétan, siluman, jin jeung sabangsana. Ajip Rosidi dina makalahna anu diancokeun keur Seminar Tamaddun Melayu II di Kualalumpur taun 1989 nyebutkeun yén carita-carita Ki Umbara mangrupa tutuluyan tina Sastra Lama (heubeul). Nu matak teu anéh mun dina kabuktianana karya-karya Ki Umbara dilélér hadiah katut layang pangajén saperti karya anu judulna Si Bedog Panjang (Dina edisi Bahasa Indonesia Si Golok Panjang) jadi pinunjul dina Sayémbara Ngarang Carita Basa Sunda jeung Bahasa Indonesia anu diayakeun ku IKAPI taun 1967. Pon kitu deui carita “Kasilib” saperti nu geus dipedar di luhur. Taun 2003 karya lalaki pangsiunan Kepala Sekolah SMP Muslimin III Bandung ieu anu judulna Utara-Utari dilélér Hadiah Samsoedi ti Yayasan Kebudayaan Rancagé dina katégori Buku Bacaan Anak Basa Sunda.
Lian ti carita ngeunaan dunia siluman jeung sabangsana, Ki Umbara nu lulus taun 1933 ti Normaal School Serang, ogé nulis carita-carita Islami jeung komédi. Sababaraha karyana nu Islami téh di antarana Nu Tareuneung (1986, terbit deui taun 2003) nu mangrupakeun carita sajarah Islam, Pahlawan-Pahlawan Ti Pasantrén (1966 babarengan jeung S.A Hikmat), jeung Sempalan Tina Taréh Islam (Taun terbit tacan kacutat). Ari carita komédi atawa nu leuwih merenah disebut carita “pandir” ngabogaan judul Si Lamsijan Kaédanan nu mangrupa carita jenaka mirip Si Kabayan kalayan teu ngaleupaskeun kana pesan dakwahna.

Masih numutkeun Ajip Rosidi dina Eundeuk-Eundeukan (1998), Ki Umbara kungsi nyebutkeun yén niat nyieun carita ngeunaan siluman téh taya lian hayang ngaleungitkeun tahayul anu salila ieu dipercaya ku masyarakat Sunda. Lian ti éta manéhna ngaharepkeun karya-karyana téh bisa nambahan kayakinan kaum muslimin yén ibadah-ibadah saperti solat, puasa, jeung sajabana mangrupa kawajiban anu teu bisa ditinggalkeun ku kaum Muslimin.

Hal ieu anu ngajadikeun karya-karya Ki Umbara pinuh ku papagah ngeunaan kaislaman. Ku ayana hal ieu, netelakeun yén urang salaku nu maca kudu ngaronjatkeun kapercayaan urang ka Alloh swt sangkan ulah sieun jeung keueung ku nu ngaranna sétan atawa siluman jeung jin. Sabab salaku manusa, urang boga darajat anu leuwih punjul batan maranéhna.

(Tina sababaraha sumber)

Salah sahiji Carpon Ki Umbara anu dileler penghargaan

DIGUSURAN JURIG

Ari batur mah cenah asa boga hutang tèh mun kaliwat solat, kuring mah lain, nyaèta… mun aya lalajoaneun teu lalajo. Teuing atuh, da mun ngadèngè sora goong tèh ceuli ngadak-ngadak rancung, suku ngadak-ngadak garètèk. Keur digawè ogè teu welèh èlèkèsèkèng. Lain ka nu deukeut-deukeut baè, malah ka nu jauh ogè ari ngadèngè bèja mah tara teu mangkat. Mun teu mangkat tèh nyaèta asa boga hutang. Lain babasan. Poèk dibèlaan ooboran, hujan dibèlaan papayungan tèh, jeung tara gumantung ka batur deuih, batur mah rèk indit rèk henteu tara jadi sual, asal awak waras duit boga … Ah, indit baè sorangan ogè!
Lain sakali dua kali, tampolana keur gering ogè kuring mah ari ngadèngè sora goong tèh sok ngadak-ngadak cageur.
Teu anèh mun kuring disarebut lulutu. Tapi kuring ogè tara ambek da enya.
Kawasna kuring resep lalajo tèh, lalajo wayang atawa pèsta, turunan ti Aki, aki ti Bapa. Da èta baè kuring kungsi ngadèngè bapa nyarita ka Ema,”Enya, aya budak resep-resep teuing lalajo. Turun ka manèhna meureun karesep akina tèh!” Bèjana Aki mah jenatna komo, lian ti resep lalajo tèh, resep ngibing, resep … mabok!”
Simana deuih cenah Aki mah anu punjul tèh. Ceuk Bapa, “Sakumaha jagoan jeung bulubudna jelema, tara teu kokoplokan dipuncerengan ku aki manèh mah. Teuing ngaji naon!”
Kaharti mun Bapa teu terangeun “cecepengan” Aki tèh, da Bapa mah ku Aki dipasantrènkeun ti bubudak.
“Keur mah Bapa ngabulubud, leuleugeur atuh manèh mah teu jadi kiai ogè, ngarti-ngarti kana agama!” ceuk Aki ka Bapa basa miwarang masantrèn.
Aki tèh teu damangna lila pisan, nepi ka pupus aya tilu taunna. Dina sakitu lilana, ngan kuring anu langka absèn ngemitan ari peuting tèh. Anak jeung incu-incu nu sèjènna mah teu cara kuring, ngaremitanana tèh ngan ari katingal rèpot baè.
Mun panyawatna keur aso, Aki sok ngagelendut ngadongèngkeun pangalamanana. Resep ngadèngè dongèng Aki mah, pitunduheun ogè sok ngadak-ngadak leungit. Teu cara ngadèngèkeun dongèng Nini, ngan raja-jeung raja, ngan putri jeung putri baè, jeung sok tuluy ditungtungan ku papatah deuih, matak bosen jeung matak ngajak heuay. Nu didongèngkeun ku Aki mah kabèh ogè pangalamanana. Kayaning basa gelut jeung bagong, gelut jeung bègal, dikoroyok ku limaan alatan parebut … ronggèng. Nyaritakeun resep ngibing, pokna, “Mun Aki keur ngèjèr ngigel, kabèh nu gareulis nareuteup ka Aki, marèntah diajak … imut!”
Geus lima taun Aki tèh pupusna. 
Bada isa bulan kolot. Di langit teu aya bulan. Pihujaneun ngagarayot. Gang-ging-gungna sora goong, di Dèsa Sèdaraja, geus kadèngè hawar-hawar kabawa angin ririh. Suku geus kekejetan, hayang jung hayang jung geura indit. Tapi Bapa can sumping kènèh baè ti masigit, teuing tuluy ka mana. Ari rèk indit baè, karunya Ema sorangan keueungeun. Babaturan tangtuna ogè geus birat marangkat. Kacipta nu baroga kabogoh, ngariringkeun kabogohna. Kuring geus teu ngeunah cicing …
Kurutak Bapa sumping. Lakadalah, ceuk hatè.
“Tuluy ka mana Bapa tèh?” ceuk Ema bari mangnyampaykeun sajadah dina parantina.
“Nyèta tuluy ngalongok Ki Arma ngadadak gering payah.”
Ki Arma tèh incu Aki kènèh,anak Bibi. Saenyana dulur kuring tèh ngan kari èta-ètana, da lanceuk jeung adi-adina mah geus maraot, malah bibi jeung paman ogè geus teu araya di kieuna. Ari kuring puguh budak nunggal, teu lanceuk teu adi.
“Kumaha ayeuna?” Ema nanya deui.
“Rada aso basa ditinggalkeun mah …Pèsta di mana tatèh, bangun ramè-ramè teuing?” Bapa nanya ka kuring.
“Wartosna mah pèsta bujang di Sèdaraja.”
“Geuning teu lalajo?”
“Ngantosan Bapa.”
“Da Bapa mah moal lalajo.”
“Ema keueungeun nyalira.”
“Euh, sugan tèh …” pokna deui bari brek calik dina korsi. “Diuk heula di dinya, Bapa boga picaritaeun!”
Beu, peuting teuing atuh, ceuk hatè. Brek kuring diuk dina panuduhanana.
“Barèto kira-kira genep bulan sadugna aki manèh pupus, Bapa keur nagog di sisi balong. Teu kanyahoan ti mana jolna , gigireun geus aya lalaki kereng pikasieuneun. Manèhna nyarita kieu, “Kaula tèh jauh ti Karawang.”
“Di mana Karawangna?” ceuk Bapa.
“Moal disebutkeun,” tèmbalna, “Da teu kabèh jelema terang lebah-lebahna, ari teu kawènèhan-kawènèhan teuing mah. Ngan bapa andika di antarana nu geus terangeun tèh.”
“Jenatna Aki barudak?” ceuk Bapa.
“Enya. Malah pangna ayeuna kaula ka dieu ogè rèk ngala barang nu baheula diinjeum ku inyana.”
“Barang naon?” Da kula mah teu kapasrahan.”
“Bener teu kapasrahan?” omongna bari merong.
Sanggeus Bapa sumsumpahan, èta jelema ngati-ngati, pokna, “Mun andika bohong, rasakeun ulah sambat kaniaya!” Les manèhna ngiles, teu puguh ka mana ngalèosna.
Bapa lila ngaheneng.
“Ari tadi sareupna waktu Ki Angga balik ti sawah, cenah manèhna papanggih jeung jelema makè pakèan sarwa hideung, nananyakeun incu Aki Jaya, basana rèk diala. Ari Aki Jaya tèh kapan aki manèh. Matak ulah lalajo peuting ieu mah, sieun, bisi enya.”
Meg asa ditonjok angen. Kuring mah kajeun dicarèk dahar saminggu batan dicarèk lalajo mah. Da kaharti Bapa tèh nyingsieunan. Tapi lain gè incu Aki, ari mundur ku disingsieunan mah.
Waktu Bapa asup ka pangkèng kuring ngojèngkang kaluar bari ngarawèl batrè anu digantungkeun dina bilik. Mangkat lalajo.
Babaturan geus teu aya sapotong-sapotong acan, kabèh geus naringgalkeun.
Poèk, poèk lètèk. Jeung pras-pris deuih.
Samping dibebentingkeun, baju diparèt dikancingkeun, totopong diteregoskeun. Gidig leumpang ngagidig. Geus jauh ti lembur mah teu poèk teuing, rada ogè remeng-remeng. Goak…. Beluk sataker kebek.
Pohara atohna, katingal remeng-remeng di hareup aya nu ngarungkug ka ditukeun. Nyay disorot ku batrè. Jauh kènèh. Kuring gogorowokan mènta didagoan, tapi teu aya nu nèmbalan jeung terus baè laleumpang. Bari ceuceuleuweungan beluk leumpang beuki digancangan, hayang geura-geura nyusul. Beuki deukeut beuki deukeut. Jep kuring eureun tetembangan, lantaran kadèngè hawar-hawar  sora nu jejeritan mènta tulung. Bari nyorotkeun batrè terus, derengdeng kuring lumpat. Geus deukeut pisan katingal dina caangna cahaya batrè, jelema duaan marakè pakèan hideung ngabèbètèng nu teterejelan jeung jejeritan tulung-tulungan. Teu sak deui nu keur di bèbètèng tèh … Ki Arma dulur misan kuring. Pudigdig kuring ambek. Nyay-nyay batrè ngacongan bengeut-beungeut nu ngabèbètèngna. Masya Alloh …. Barosongot, halisna karandel, panonna balèèr beureum. Pada-pada nyarekel pepentung. Katingal Ki Arma dibakutet ku rantè anu tingbaranyay hèrang, Bareng jeung bregna hujan, kuring narajang … Habek pepentung kana sirah …leng kapoèkan. Teuing sabaraha lilana teu inget tèh. Inget-inget awak ngahodhod, pakèan rancucut. Hujan geus raat, di langit bèntang ancal-ancalan, malah bulan ogè geus tèmbong ngelemeng sagedè sisir. Sirah karasa lieur, tapi kuring maksakeun balik sasat ngorondang ….
Nepi ka imah kuring ema-emaan, mènta dilaan tulak. Kulutrak tulak dibuka, bray panto muka. Lain Ema nu muka tèh, tapi anak tatangga—Nyi Enèh.
“Geuning Nyai, ari Ema ka mana?” ceuk kuring ka Nyi Enèh. Geus biasa pisan mun Ema jeung Bapa angkat wengi sarta kuring teu aya di imah, Nyi Enèh tèh sok kapeto nungguan.
“Tadi aya nu nyusulan cenah, … Ki Arma maot!”
Leng…leng… golèdag kuring meubeutkeun manèh kana tempat sarè. Sirah lenglengan, titinggalan kararonèng.
Ti harita kuring teu hudang deui, terus gering. Beurang peuting ditarungguan. Ema teu eureun-eureun nangis. Bapa katingalna nguyung pisan. Mun peuting taya kendatna ku nu ngaraos. Nu ngalandongan mah ngalandongan, ngesèh unggal Jumaah, tapi…
Inget kènèh harita tèh bada isa, nu ngaraos rèang kènèh. Torojol-torojol … gulang-gulang duaan marakè sing sarwa hideung. Nu saurang ngajingjing rantè munggah babaranyayan bodas, nu saurang deui nyekel pepentung. Ningal beungeut-beungeutna, ras kuring inget ka nu ngabarèbètèng Ki Arma barèto. Bari teu ngomong sakemèk, reketek leungeun kuring dibakèkèng. Kuring adug-adugan jeung jejeritan ogè teu dipalirè. Geredeg digusur ka luar. Kadèngè Ema aluk-alukan, nu sèjèn rèang maridangdam.
Di buruan nyampak kuda belang sadua-dua. Kuring ditaèkkeun ka nu hiji. Sala saurang gulang-gulang tèa mancal kana kuda nu ditumpakan ku kuring, diuk tukangeun,. Nu saurang deui nyorangan. Kuda digaredig … ditegarkeun. Cijoho, Cilimus, mèngkol ka Sumber, Paselaran, Palimanan …. Bray beurang tèh geus nepi ka Kadipatèn. Anèhna najan kuring tulung-tulungan sapanjang jalan, kabèh jelema anu kaliwatan saurang ogè teu aya nu mirosèa, arongkoh-ongkoh baè. Ti Kadipatèn terus ka Nyalindung. Liwat kota Sumedang. Mèngkol ka katuhu mapay jalan dèsa, bras ka Subang. Ti Subang ka Kalijati, Cikampèk, Dawuan, Karawang … gampleng kuring diteunggeul sirah satakerna. Lengngng…teu  inget di bumi alam.
Inget-inget geus dirariung ku jelema-jelema anu teu warawuh. Ningal beungeut-beungeutna, bangun anu careuceubeun ka kuring tèh. Di antarana aya anu geus kolot pisan. Awakna kuru kawas rorongkong jeung tina palebah cungcurunganana terus-terusan merebey getih.
Ana gerem tèh nu gigireunana ngagerem, peresis sora maung, “Silaing tèh bener incu Aki Jaya?”
“Bener!” tèmbal kuring, males teugeug.
“Nyaho ka Nyi Sarni?”
“Nyaho, bibi kami, tapi geus maot!”
“Nyaho ka Ki Nata?”
“Nyaho, salaki Bibi Sarni, ogè geus maot!”
“Nyaho ka Sarmun, ka Si Asman, ka Si Marni, ka Si Arma?”
“Nyaho, kabèh anak Bibi Sarni jeung Mang Nata. Kabèh geus maraot.”
“Kabèh digusuran ka dieu!”
“Hah?”
“Bongan Aki manèh, Aki Jaya teu nohonan jangjina.”
“Na jangji naon aki kami tèh?”
“Ayeuna ogè  manèh digusur ka dieu,”  manèhna teu mirosè pertanyaan kuring. “Moal dipulangkeun deui, mun manèh cara dulur-dulur,  bibi jeung paman manèh teu  bisa nuduhkeun di mana disumputkeunana barang nu dijangjikeun ku Aki manèh rèk dipulangkeun ka bapa kami.”
“Naon barangna tèh?”
Sakali deui manèhna teu mirosèa pertanyaan kuring, kalah ka pokna, “ Baheula, aki manèh meredih ka kokolot kami di dieu, sangkan dibèrè jimat anu maunatna matak dipikagigis ku sasama. Nya dibèrè kalawan perjangjian. Kahiji, anak incuna teu beunang dipasantrènkeun. Kadua, Sanggeus aki manèh maot, èta barang kudu dipulangkeun.”
“Naon sababna anak incuna teu beunang dipasantrènkeun?”
“Lantaran nu ngigama mah moal bisa digusur ka dieu, saperti Bapa jeung indung manèh. Untung nu sèjèn-sèjèn mah teu ngarigama, manèh ogè henteu.”
Mèmang Bibi Sarni, Mang nata jeung anak-anakna tèh henteu ngarigama pisan. Nya kitu deui kuring. Kakara kuring ngarasa hanjakal. Meureun mun kuring barèto daèk mah dipasantrènkeun ku Bapa, ayeuna tèh moal kasarad kieu.
“Ayeuna aki manèh geus maot, geus aya lima taunna. Tapi èta barang tèh lain dipulangkeun, malah disumputkeun. Ayeuna kami rèk nanya, di mana èta barang disumputkeunana? Mun manèh teu bisa nuduhkeun, sirah manèh baris dipakè tatapakan di dieu, cara bibi, paman, jeung dulur-dulur manèh.”
“Enya, naon atuh barangna tèh?”
“Tuh tènjo!” bari nunjuk ka aki-aki  nu kawas rorongkong tèa. “Geus mangtaun-taun bapa kami disiksa, diteukteuk tungtung cungcurunganana ku kokolot. Paneukteukanana dibikeun ka aki manèh dijadikeun jimat tèa. Ayeuna èta kokolot nu telenges tèh geus diganyang ku kami sarèrèa, ku rahayatna. Pok sebutkeun, di mana disumputkeunana èta barang ku Aki manèh?!
Leng kuring nginget-nginget …. Tapi asa tacan kungsi nènjo Aki kagungan jimat nu kitu. Cenah tungtung cungcurungan, boa-boa … tungtung cungcurungan-cungcurungan kitu mah … buntu. Ras kuring inget, mèmèh pupus tèh Aki maparin iteuk ka kuring. Saurna, “Sumputkeun sing buni!”
“Teu nyaho ari nu kitu mah,” tèmbal kuring, “Aya sotèh nu dipiwarang disumputkeun tèh … iteuk.”
“Iteuk naon?”
“Waregu.”
”Kumaha rupana?”
“Lorèng-lorèng kawas buntut maung.”
”Enya, èta!” omongna giak pisan. Nu sèjèn caruringhak. Komo si aki mah. “Di mana ayeuna?”
“Di imah, diselapkeun di jero bilik.”
Gancangna èta jelema nyalukan gulang-gulang nu nyarulik kuring. Maranèhna dititah mulangkeun kuring bari nyokot iteuk tèa.
Kuring ditaèkkeun deui kana kuda cara tadi basa dibawa ti imah. Berengbeng-berengbeng kuda dilumpatkeun …
Nepi ka imah kasampak waruga kuring geus digojodkeun nyanghulu ngalèr, bari pada nyaleungceurikan.
“Itu iteuk waregu jeroeun bilik pangnyandakkeun, alungkeun kaluar ka nu poèk!” ceuk kuring bari nunjuk. Puguh baè rèa nu tibuburanjat, malah teu saeutik anu laumpatan sarieuneun.
“Hirup deui! Hirup deui! Allohu Akbar!” Kolot-kolot mani rècok.
Uwa marebot ngojèngkang, ngadudut  iteuk tina jero bilik, sakumaha panuduhan kuring. Tuluy dibawa kaluar, dialungkeun.
“Aya nu nyanggap ti nu poèk!”  omongna ka nu araya.
Ayeuna kuring jadi wekel solat, da sieun kasarad deui. 
Tina Jurig Gedong Sètan, Karya Ki Umbara







AAM AMILIA

(Dimuat di Majalah Ujung Galuh edisi 20 - 2012)

(Cicalengka, 21 Desember 1946)

Geus teu bireuk deui saha ari Aam Amilia. Hiji pangarang anu masih kénéh produktif dina kurung-karangna boh carpon atawa artikelna. Lian ti pangarang, anjeunna téh salah saurang wartawan senior. Tulisanana henteu ukur dina basa Sunda tapi ogé dina basa Indonésia. Remen ngeusian ceramah ngeunaan sastra, budaya, music, keluarga jeung jurnalis sanajan di tingkat local. 

Ngeunaan pendidikan, Ceu Aam (kitu sesebutan anu diparaké ku papada pangarang utamana nu leuwih ngora) ti mimiti SD tepika SMA sakolana di Bandung. Kungsi kuliah di Universitas Padjadjaran (Unpad) tepika sarjana muda. 

Kurung-karangna dimimitian dina taun 1961, basa Ceu Aam keur umur 15 taun (SMP) karanganana bahasa Indonesia dimuat dina rubrik Kuntum Mekar s.k. Pikiran Rakyat. Sedengkeun ngarang dina basa Sunda dimimitian ku carpon anu medal dina Majalah Manglé nu judulna “Timburu” taun 1963. 

Ku atikan Rustandi Karta Kusumah anu harita ngajabat rédaktur Manglé, Ceu Aam jadi pangarang ngora Basa Sunda anu produktif. Katangen tina carpon-carponna anu medal di sababaraha média masa saperti Majalah Zaman, Sarinah jeung Kartini anu medal di Jakarta. Leuwih ti éta dina taun 1966-1968 Ceu Aam ogé jadi anggota rédaksi majalah Manglé. Taun 1970-1971 jadi redaktur Majalah Hanjuang jeung Surat Kabar Sipatahoenan. Dina taun anu saruwa, jadi pembantu tetap dina surat kabar Mingguan Pelajar dina basa Indonesia. Tapi Ceu Aam balik deui jadi rédaktur Manglé tepi ka taun 1980. Dina taun éta kénéh pindah jadi wartawan Surat Kabar Pikiran Rakyat. 

Dina dunya jurnalis, Ceu Aam disebut-sebut wartawan anu bisa méré warna anyar kana basa berita, kitu deui dina dunya sastra, ku alatan jadi wartawan, Ceu Aam kasebut-sebut méré warna anyar kana dunya kasusastraan. Kawas anu nongérak dina novel anu judulna “Kalajengking”.

Salaku wartawan, Ceu Aam boga kasempetan pikeun ngaliput acara-acara kasenian Sunda anu diayakeun di luar negeri. Saperti kasenian nu diayakeun ku Grup Jugala pimpinan Gugum Gumbira jeung Studio Tari Indra pimpinan Indrawati Lukman, di sababaraha Negara di Éropah.

Carpon “Halimun Puray” anu medal dina majalah Manglé (1970) diangkat dina layar pérak ku Déwan Film Nasional (DFN. 1980). Taun 1967 dilélér piagam Moh. Ambri ti Paguyuban Pangarang Sastra Sunda (PPSS) kalayan karyana “Di Cidulang Aya Kembang”. Carpon ieu ogé nu ngajadikeun Ceu Aam dilélér hadiah sastra Manglé taun 1967. 

Dina sayémbara ngarang nu diayakeun ku IKAPI Jabar (1968), Ceu Aam jadi pinunjul kahiji katégori bacaan Sunda Déwasa anu karyana mangrupa roman, kalayan judul “Samagaha”.  Oge bukuna anu ngabogaan judul “Asmara Ngambah Sagara” (1966) dilélér hadiah ku IKAPI Jabar kénéh. Dina taun 1980 meunang layang pangajén deui waé, tapi dina Basa Indonésia anu medal dina majalah Zaman. 

Lian ti carita pondok anu judulna “Di Cindulang Aya Kembang”, masih loba carponna anu meunang layang pangajén, saperti  dina taun 1998 carponna anu medal dina Koran Mingguan Basa Sunda Galura dilélér hadih ti LBSS kalayan judul “Daun Jambu” salaku karya pangonjoyna dina taun 1998.

Karya-karyana anu geus terbit mangrupa buku, di antarana:
Dina basa sunda aya; Asmara Ngambah Sagara (1970), Samagaha (1969), Lalangsé (1970), Buron (1980), Kalajengking (1970), Puputon (1976), Panggung Wayang (1992), Tempat Balébat (1994), Tempat Balabuh (1994), Sekar Karaton (1994), jrrd., saperti carpon anu dimuat dina antologi Sawidak Carita Pondok, malah aya karya anu maké ngaran samaran saperti novel Suminar (2008). Dina éta buku anu nulisna Anna Mustikaati.

Dina basa Indonesia aya; Jago-Jago Bandung Selatan (1970-Carita Anak), Karena Kasih Sayangmu (1971-Carita Rumaja), Di Ujung Bayang-Bayang (1989), Sekelumit Romantika Kehidupan.
Lian ti ngahasilkeun karya sastra, Ceu Aam oge nulis biografi seniwati seni Sunda Taty Saleh (almh.) anu judulna Béntang Panggung.
Ayeuna anu bade kasanggakeun carpon aku kungsi dilélér sababaraha hadiah jeung layang pangajen nyaéta “DI Cindulang Aya Kembang”.

 BIODATA

Nami                    :   Aam Amilia
Panggilan             :   Aam
Samaran               :   Anna Mustikaati
Agama                 :   Islam
Lahir                    :   Cicalengka, Bandung 21 Desember 1946
Orang Tua           :   Rd. Subarma / Rd. Unung Supiah
Suami                  :   Abdullah Mustappa
Anak                   :   Drs. Yusuf Fitriadi, Nia Dahniar S.H
Pendidikan        : SD Lengkong Besar (tepi kelas V), SD Nilem, SMP 3 Bandung, SMAN 1 Bandung, Fak. Hukum UNPAD (tepika sarjana muda)
Karier              :   Wartawan & Redaksi Mangle, Hanjuang, Mingguan & Sipatahoenan – Wartawan Pikiran Rakyat (1980) – PT. Granesia  (1996-2002) – Galura (2002-2003)
Buku                 :   - Asmara Ngambah Sagara (1966) – Samagaha : Jago-Jago Bandung Selatan (carita anak 1973) – Karena Kasih Sayangmu (1975) – Puputon (1976) – Buron – Lalangse – Kalajengking – Di Ujung Bayang-bayang – Sekelumit Romantika Kehidupan – Bentang Panggung – Sanggeus Halimun Peuray – Sekar Karaton – Panggung Wayang
Rumah : Jl. Cijawura Inda IV No. 3 Bandung, Telp. 022-7565618



Salah sahiji carpon anu dileler penghargaan:

DI CINDULANG AYA KEMBANG

Panto kamar lalaunan ditutupkeun. Golédag ngajapapang nangkarak bengkang, sanggeus mérésan uras kana tas. Ngan sapuluh siki, na pimahieun kitu? Ah, sosoranganeun ieuh. Engké gé geus di ditu mah boa moal kadahar, da biasana mah tara ngadahar bawa ti imah. Sok resep nyoro nu batur.
Naha atuh tara-tara maké hayang milu paknak-piknik? Biasana mah tara ieuh caréraman kana nu kitu téh. Enya rumasa wé geus kataji kunu hideung santen. Boa manéhna mah teu kitu kieu. Geus lawas muja manéhna téh. Muja, najan bari sosoranganan. Éndah, nimat hirup téh mun seug kaparengkeun padeuleu teuteup jeung manéhna. Mun di sagara keusik mah manéhna téh cai sakeclak nu ngaleungitkeun rasa hanaang. Teuteupna keur saréréa, tapi keur sakuringeun mah mangrupa obor nu nyaangan jalan satapak paragi leumpang mopoék. Ketit-ketit tapi gedé pisan hartina.
Tadina mah moal ngilu ka Cindulang  téh. Ngan tadi isuk-isuk Eros hariweusweus nyaritakeun yén aya Kang Janjan ti Bogor. Cenah mah ngahaja rék milu piknik.  Demi piknik téh diayakeun pikeun tanda tumarima barudak “téam volley” ti kampung kuring, nu geus ngéléhkeun kampung-kampung séjén nu sawéwéngkon.
“Nay, mani kasééép téh Kang Janjan. Pangsonona téh ka Eros, Kang Janjan mah cenah. Pesen timbelna gé mani pok deui pok deui hayang ti urang” ceuk Eros, lentong kalimahna téh pinuh ku kareueus. Teu nyahoeun Eros mah nu diajak nyarita ku manéhna téh keur tutunggulan teu puguh rarasaan. Dulag dina dada mani nurugtug ngabagéakeun béja ti Eros. Mun teu inget wanoja mah harita kénéh hayang tereleng wé ka imahna. Hayang geura neuteup, sanajan teu dipisono gé. Lantaran tina panonna kuring bisa nguyup bagja sacélémét tina kahirupan nu salalawasna sundek rarasaan mah.
Capé teuing meureun, saré téh mani tibra. Inget-inget geus subuh dihudangkeun ku Ema.
“Nay, lain geura solat! Lain rék turni?”
“Sanés turni atuh Ma, piknik”.
“Heueuh  tah, ninik.” Saur nini. Ka nini téh kuring mah sok nyebut Ema nurutan Ibu. “Naon nu rék dibekel?”
“Uras”
“Naon deungeunna?”
Kuring teu némbalan, da teu jeung nanaon atuh.
Balik ti cai kasampak Eros keur diuk deukeut méja leutik bari nyoo pas kembang.
“Rék tulus milu téh, Nay?”
“Komo wé atuh. Teu tulus ku naon?”
“Mangkaning si Nana rék milu”.
“Karep teuing! Itu-itu urang-urang.”
Si Nana téh batur salembur, cenah mah bogoheun, tapi tara ieuh dipaliré. Geuleuh ari geus ngaku-ngaku bébéné, hayoh wé kéh bisi Kang Janjan naksir, mundur. Ehm, watir aya kénéh waé harépan dipicinta téh. Lain tanding keur kuring mah. Itu mah keur pantaran Eros. Yétty. Nina. Ari kuring mah, saukur kembang babadotan teu bau-bau acan, teu pantes jadi eusi imah sigrong. Deudeuh teuing piit ngeundeuk-ngeuneuk pasir.
“Mending gé tong ngilu lah, Nay!”
“Naha kitu Ros?” témbal kuring bari nyusutan beungeut ku anduk.
“Geura si Nana beuki maceuh.”
“Karep, ceuk urang gé, da sasarina gé tara dilayanan.”
“Ah, kuma dinya wé, mun urang mah moal milu mun siga manéh…”
Jetetet waé Eros indit. Ééh naha kunaon maké nyaram-nyaram indit. Teu gugur teu angin, sieun kasoro daharéun kitu? Piraku, da si éta mah murah congcot murah bacot. Timburuan kitu? Moal, moal, Eros moal timburuan. Lantaran rahasiah pribadi kuring ngan sorangan nu nyaho, tara diucah-acéh ka batur sanajan manéhna sobat dalit gé.
Bari teu béak-béak nya kagét, kuring nuluykeun dangdan. Rap kana baju haneut dipaké, bérés diuntun kop kana bebekelan. Geus pamitan ka kolot-kolot jung waé indit.
“Nay! Nay!” celuk ti tukang aya nu nyalukan. Dilieuk singhoréng Ita.
“Ti mana, Ta? Geus aya di dieu subuh-subuh kénéh.”
“Subuh-subuh tujuh puluh, batur mah geu kumpul ti tatadi.”
“Mekel naon, Ta?”
“Mekel suku jeung leungeun.”
“Ah, manéh mah ari ditanya téh.”
“Ari enya rék kumaha?”
Teu ditémbalan deui, Si Bodor, Si Éta mah. Ari tepi ka imah Eros abrulan barudak geus budal muru sétasion. Anca wé leumpang pangpandeurina duaan.
“Si Eros mani olo-olo, kéna-kéna aya Kang Janjan, mani asa pang abdina wé” ceuk Ita, sanggeus Eros leumpang gigireun Kang Janjan.
“Keun baé, atuh da batur.”
“Enya, da Kang Janjan mah teu ngabéda-béda, éta mah asa dipikabogoh wé si Eros. Ceuk Enay ari Kang Janjan kasép?”
“Teu nyaho atuh” témbal kuring bari leumpang rada nyisi da aya béca mani nyerepet.
“Ceuk urang mah kasép. Siga saha nya?”
Teu nembal. Haté mah ngaenyakeun omongan Ita. Komo keur kuring, Kang Janjan téh lain waé kasép beungeutna tapi kasép haténa. Kakasépanana buyar nyaangan haté nu keur sumpeg
“Urang mah bogoh da, Nay!” omongna deui bari nyekel peupeuteuyan siga nu dek ngajak meuntas.
“Ah, manéh mah sok katutuluyan.”
“Na teu meunang kitu mikabogoh ka manéhna? Naon salahna da sarua jelema. Pédah Ita teu geulis, nya, Enay nyebut kitu téh. Na ari nu kasép meunang dipikabogoh ngan ku nu geulis hungkul?” ngomongna rada haroshos siga-siga anu daria.
“Éh, Ta! Lain kadinya maksud urang mah. Ngomong kitu sotéh bané waé Ita mah tukang heureuy”, témbal kuring rada reuwas.
“Geus lila, Nay” manéhna tungkul, paromanna beuki daria. Kuring ngahelas. Ras ku nasib sorangan. Lain, lain ngaléléwé Ita, da kuring gé geus lila atuh mikacinta manéhna téh. Tapi teu wani kedal kasasaha ogé, carék wiwilangan téa mah ka indung suku gé.
“Ngan Ita mah tara geruh, éra.”
Enya Ita. Enay gé éra. Kitu geuning ari awéwé anu gedé rasa kawanitaan mah. Teu wani kedal sanajan haté mah geus asa kumaha boa. Teu cara Eros, Yétty, Mien… teu euleum-euleum nyebut bogoh jeung kerén ka lalaki téh.
“Ita mah… ah henteu kétah!” sirahna tungkul, ngomongna teu kebat. Tetep tungkul siga nu milang legok-legok jalan nu keur disorang.
“Nay?”
“Naon?”
“Ngeunah jadi nu geulis?”
“Saha nu geulis… urang?”
“Enya.”
“Ta, tong sok ngomong kitu. Enay gé rumasa goréng nu matak nogéncang téh….” teu karasa bet kacalétot ngomong kitu.
“Nogéncang ka saha?... ka Kang Janjan deuih, Nay….?”
Leungeun dioyag-oyag ku Ita, teu némbalan. Haté mah  hayang ngangles, teu wasa kaburu mantén cipanon bijil.
“Nay, mun seug Kang Janjan nyahoeun Enay bogoheun, moal teu tapak deku kana suku Enay.”
“Ah, sok pamohalan, Ta! Lain babadna ka kuring mah.” Ngobrol eureun heula kapegat ku meuntas jalan.
“Teu rumasa Enay kana kaalusan wanda nu dipiboga?”
“Cinta mah teu ngukur kana kaalusan kujur, Ta,….. jeung deui kuring mah teusing geulis, teu goréng-goréng acan. Geuning Ita gé kurang kumaha kasépna Ahmad nu hayangeun ka Ita, kalah hayang ka Janjan. Manéhna teu lémék deui, da panon dipuseurkeun kana jalan nu mimiti haréurin ku jelema. Teu karasa bari ngobrol mah geus nepi ka setasion.
“Nay, nembé katingal geuning,” ceuk Iing bari sok tas kuring dicokot tina leungeun. “Mung sakieu?”
Sirah unggeuk. Panon mah meléng kanu rada jauh. Ka tempat nu dagang suuk. Katénjo Kang Janjan keur ngobrol jeung Eros. Sarérét katempo duanana ngarérét ka tempat kuring.
Meureun ceuk Eros téh:
“Kang Jan uninga ari nu Enay saha?”
“Duka” meureun témbal Kang Janjan téh.
“Nana kabogoh Enay téh, Kang Jan!”
“Sanés, Kang Jan, nu Enay mah sanés Nana, éta mah bohong wé Erosna. Enay mah ngan muja Kang Jan ku anjeun. Kang Jan, naha teu karaos yén aya nu mideudeuh! Nu miasih teu kendat-kendat?”
Kang Jan nangtung ngodok saku. Rét ka kuring, nyéh imut. Terr eusi haté awur-awuran. Pangnampanankeun, Kang Jan! Kang Jan dunungan kuring. Manéhna leumpang ngadeukeutan.
“Sareng saha, Nay?” geus deukeut ayeuna mah beungeut anu salawasna jadi panyileukan téh. Naha angen nu ratug téh teu daék waé salsé. Kahayang mah sing antaré mun keur paharéup-haréup kieu téh, ngarah biwir bisa ngedalkeun ucap.
“Sareng Ita…”
Manéhna imut deui. Terus Eros nyampeurkeun bari nyekel leungeunna. Enya meureun Eros téh sieun kasoro, tapi lain kasoro daharéun, sieun kasoro Kang Janjan.
Téténjoan mah paroman Kang Janjan beureum, tapi meureun rarasaan nu bogoheun wé. Jeung sorana asa haroshos.
Ti kajauhan karéta geus kaciri, haseupna mulek. Beuki deukeut, reg waé haréupeun jelema nu geus pajejel ti tadi kénéh. Bereyek barudak paheula-heula naék. Ahmad jeung Iing jaga lawang bisi aya nu milu kana gerbong rombongan. Kuring gé gagancangan muru karéta hayang kabagéan deukeut jandéla.
Manéhna diuk pangjuruna, na korsi nu nyangharéupan tempat diuk kuring, ngaréndéng jeung Eros. Naha asa teger haté téh. Teu panas teu sing nénjo manéhna gigireun Eros téh. Padahal biasana mah sok rada wé. Pédah tadi meureun geus diajak imut.
Karéta lalaunan ngageleser ninggalkeun setasion. Barudak raong salusurakan, nu kokocéakan ogé aya.
“Sok ah nyaranyi” Ceu Ésin nepak punduk Hari. “Hitaran, Har!”
Prung Si Hari nabeuh hitarna, dibarengan ku Misa. Breng barudak nyaranyi.
Naik naik ke puncak gunung, tinggi-tinggi sekali….”
Palebah tungtungna disambung ku sisindiran pabales-bales. Kuring rék engab nyanyi, tapi naha Kang Janjan mah geuning kalahka ngalamun? Panonna neuteup kaluar. Buukna katebak angin, asa nambahan manis. Mun seug leungeun bisa ngusap éta buuk. Ninggang di nu kasép sagala katara nyari. Teuing ceuk kuring waé meureun. Lain cék Ita, cék Eros…Eros… Meureun keur ngalamun, ka…saha boa, boa ka bébénéna nu ditinggalkeun di Bogor. Mun kuring nu jadi panglamunanana téh. Henteu. Kang Jan, Enay gé….ah.
“Ayeuna Enay, hayoh ah! Cianjuranana.” Gandi nitah bari seuri.
“Piraku dina karéta Cianjuran onaman.”
“Keun wé atuh!” témbal Ahmad.
“Sok, Nay! Samoja, Nay!” Ceu Mimin ngagorowok ti belah kulon.
“Sok, lah tong jual mahal!”  nu séjén raéng.
“Ulah batur waé atuh, abdi gé hoyong nguping.”
“Sok lah, palay sabaraha….”
Teu karasa panon ngulincer néangan panon Kang Janjan, prok, terr. Ngidinan, malah panon seukutna siga nu nitah nembang. Ngan ukur keur anjeun sorangan.
Sirah tungkul. Kadéngé barudak jarempé, ngadagoan haleuang sora kuring di antara karéta. Sirah tanggah deui.
Kedalna asih na bulan pinuh mamanis,
Aya jangji pasini nu samar ngajadi.
Na kungsi kuring kedal jangji ka Kang Janjan? Kungsi, malah ayeuna gé eukeur. Kuring jangji rék tetep satia, rék ngadagoan, sanajan can aya kelemeng nu méré harépan. Naha Kang Janjan micinta kuring? Duh Gusti, tingalikeun atuh ka abdi, naha manéhna téh cintaeun atawa henteu. Abdi narah ari kedah diganggayong mah….
Mangsa samoja keur ngarangrangan, duh ieung!
Langit angkeub samagaha dina ati.
Enya, nénjo teuteupna nyawang réngkakna, ati téh mongkléng, surem pijawabeunana.
Bari narik napas panjang ngarérét ka Kang Janjan. Teu siga nénjo. Teu ngarasa ngarahuh, reg tembang eureun. Sirah tungkul nyoo sapu tangan.
“Ééh, naha? Sok teraskeun!” barudak raong deui.
“Ah, mani asa dipegatkeun!”
“Naha radio téh aliran listrik?!”
Panon ngulincer deui. Teuteup panonna aya luareun karéta, buuk haréupna tingkulisik katebak angin leutik. Sedih haté téh. Tembang sotéh keur manéhna lain keur sasaha. Kari-kari nu ditujuna bangun nu haré-haré naker. Tungkul, ngeluk. Karasa cipanon ngeyembeng rék budal. Buru-buru ngabalieur kaluar. Teu karasa cipanon nyurulung siga kongkorong muté pegat tiiran.
Barudak jarempé. Éra kuring gé sabenerna mah, tapi kumaha atuh da lain dihayang-hayang. Kutan kieu rasana ari nogéncang! Naha atuh diri téh mani keukeuh-keukeuh teuing.
Baheula keur anyaran Kang Janjan pindah ka kampung kuring, barudak gujrud cenah aya nu kasép. Pabéja-béja tepika prok amprok jeung jelemana.
Basajan papakéanana téh, ngan kasipuh keu kabeungharan alam nu dipiboga ku manéhna. Saréngkak saparipolah basajan. Teu….teu aya barang anu dijieun-jieun. Harita téh rék meuli loték ka warung Bi Imas. Manéhna aya keur cacaleuhakan dahar rujak.
“Eh Eros geuning, sareng saha?” Manéhna nanya, ka Eros mah bangunna téh geus loma, bubuhan budakna wanian.
“Kang Jan nuju naon?”
“Ngarujak, Ros.”
“Ngenalkeun heula, ieu sobat Eros.”
Manéhna ngasongkeun leungeunna. Anéh saumur hirup kakara ngarasa paantel leungeun nepi ka tugteg ‘na ati. Panonna mencrong, sirah tungkul.
Beuki lila kuring beuki wanoh ka manéhna, sanajan ari cacarita mah angger teu bisa omhang. Beuki katara kaluhuran budina. Loba kabisana, sopan santun basana. Hal ieu pisan nu beuki meulitkeun ati ka dirina. Tapi sanajan loba kabisana jeung kapeto jadi gegedug boh dina widang olah raga, boh kasenian di kampung kuring. Teu aya robahna kalakuanana. Tetep rengkuh handap asor. Matak geregeteun nu hayang wawuh.
Unggal Juma’ah sok ngahaja ngintip tina jandéla da manéhna sok ka masjid. Kahayang mah kaluar tuluy nanya:
“Badé angkat, Kang Jan?”
“Sumuhun” cenah meureun.
Tapi da kumaha atuh da ieu rasa éra bangun betah naker ulukutek jero awak. Satuluyna cenah mah Kang Janjan mindeng ngaliwat ka imah, tapi nemonan mah teu wani. Ngan adi-adi sok ribut ari manéhna ngaliwat téh. Harépan timbul deui, meureun cinta kuring téh teu nogéncang. Tapi harépan téh bet nyalahan. Lila ku lila Kang Janjan jadi remen ka Eros, lat waé ka kuring mah tara ngaliwat-ngaliwat deui. Sedih ati lain meumeueusan. Kaduhung tara ditemonan ari baheula manéhna ngaliwat. Kaduhung tara ti heula, kaburu mantén pindah ka Bogor. Cenah mah pindahna nyingkahan kanyeri haté ku awéwé. Ku saha? Tepi ka kiwari tetep jadi tanda Tanya.
Karéta beuki ngadudud, angin ngahiuk tina jandéla. Leungeunna pakupis nyingraykeun buuk laleutik nu nutupan beungeut.
“Ayeuna Janjan ah!” Ceuk Mimin gero deui.
“Hayoh ah yeuh urang Bogor téh!” Saur Ceu Ésin.
“Eh, bet diem-diem baé!” Ceu Yeti némbrong.
Kang Janjan ngélémés éraeun. Éraan manéhna téh, enya éraan.
“Ieu teu kénging ku Eros.” Cenah antaré naker, tapi cukup pikeun nyieun sagedur seuneu dina dada. Kang Janjan téh nu Eros. Écés ayeuna mah, atra ayeuna mah, da kaluar tina bahamna sorangan.
Duh Kang Jan, keur naon atuh Enay maké ngiring ari disuat hinis kasedih mah. Dilak panon Eros sarérétan katara ngadilak, paromanana asa bangun hayang meunang. Rét ka Ita, tungkul. Sukuna nguir-nguir bubuleudan ku indung sukuna dina taneuh ngebul na karéta.
“Lah Ros, tong kitu!” ceuk Iing “Wiwi gé tara kitu, nya Wi?” cenah bari ngarérét ka bébénéna.
“Mangga waé kétah! Kang Janjan mah kitu” jeletit Kang Janjan diciwit.
“Sok lah, der der” omong Kang Maman nu titatadi ngahékok tonggongeun Ceu Yati.
Lila Kang Janjan ngahuleng. Anéh panonna siga anu néangan panon kuring, siga rék menta idin. Mun enya téa mah meureun.
“Nay, kénging Kang Jan nyanyi?”
“Mangga Kang Jan, Enay gé hoyong nguping” tapi teu kedal ukur ‘na haté. Disidem, teuing iraha rék betusna.
“Tapi teu tiasa lagu Sunda abdi mah.”
“Naon waé dapon disada,” témbal Ceu Mimin.
“Cobi Har, nambut hitarna!” omongna ka Hari anu ti tatadi cindekul nangkeup hitarna.
Jep deui balem. Panon tetep ‘na tatangkalan nu beuki tarik silih udag jeung tihang listrik. Basajan laguna gé, ukur lagu budak. Tapi sorana ngagalindeng, halimpu-sawirahma jeung wirahma hitar.
“Nu leres atuh laguna, Kang Jan!” omong Iyam.
“Apan éta gé leres!”
“Ah éta mah lagu naon. Mumun gé tiasa.” Ceuk Mumun.
“Tos waé ah, bilih aya nu teu resepeun.”
Meg haté ngadéngé ucap nu panungtung. Ka kuring, kitu? Duh Kang Jan, teu pisan-pisan Enay ngéwa, ningal ka luar sotéh bakat ku sedih. Sedih, micinta nu lain  tanding. Mangga geura nyanyi deui. Tapi taya deui sora nu kaluar.
Teu karasa karéta geus ngaliwatan sababaraha setasion, tepi wéh ka Cicaléngka. Barudak pahibut paheula-heula turun.
Eros mani nuyun-nuyun kana leungeun Kang Janjan. Sieun pisan sigana direbut batur téh.
Kuring néangan batur, da nu séjén mah geus papasangan. Ceu Mimin jeung Kang Gandi, Ceu Yati jeung Kang Maman, Iing jeung Wiwi. Malah babawaan Ita gé dipangmawakeun ku Ahmad. Naha kuring  kudu nurutan Ita? Henteu, ati teu mikeun. Deudeuh teuing mun Nana kudu dibéré harepan kosong. Kuring mo’ ngabohong. Kang Janjan jiwa kuring mah, lain Nana.
“Na, tuh Enay!” ceuk Eros bari tetep nangkél. Kang Jan neuteup, kuring ngabalieur.
“Sawios, nyalira gé da ludeung.”
“Sareng atuh, Nay,” Kang Jan nyampeurkeun.
“Ah, mangga wé, bilih Eros  teu aya batur”
“Ari itu Nana?”
“Sawios da ti tatadi gé haré-haré.” Témbal kuring teugeug.
Gedig indit teu nolih kanu colohok. Kadéngé hawar-hawar si Eros luwa-lewé hayang dipangmawakeun babawaan. Tinggal Aa sorangan anu lalagasan téh da can boga taeun, tuluy digeroan diajak bareng. Batur mah laleumpang kuring mah duaan tumpak délman. Kabéh nu papasangan kaliwatan.
“Éh licik Enay mah!”
“Kadé Mang, teu mayar”
“Turunkeun Mang, turunkeun!”
Kana délman téh ngan bisa tepi ka péngkolan, ti dinya mah kudu leumpang da mimiti nanjak ka pagunungan. Teu ngadagoan nu séjén, tuluy wé ngadudud leumpang duaan jeung Si Aa. Atuh nepika curug téh pangheulana. Datang-datang gék nyanghunjar lambar ngarasakeun kacapé meuntas leumpang sakitu jauhna.
Teu lila burudul abrulan Iyam, Edi, Ita, Ahmad, Tuti, jeung nu séjénna. Disusul ku abrulan Yétty, Nina, jeung balad-baladna papada barudak leutik. Kakara nungtutan daratang nu papasangan. Geus rada lila katénjo Kang Janjan nuntun Eros. Eros jejeritan palebah jalan nu mudun. Leungeunna pageuh dicekel ku Kang Jan. Tukangeunana Ceu Icah jeung Kang Jajat, biasa wé teu sing kudu dicekel tarurun wé haré-haré patutur-tutur. Daratang ka cai terus barudak alancrub. Sawaréh aréak-éakan ulin cicurug.  Silih simbeuh silih banjur.
Kang Janjan diukna jeung Eros peuntaseun kuring. Siga ngahaja milih nu singkur. Manéhna luak-lieuk siga nu néangan. Barang rét ka palebah kuring, curukna nunjuk, jung nangtung tapi dibetot deui ku Eros, gék deui baé diuk.
Tétéla ayeuna mah, Eros geuning nu nalukeun haténa téh. Teu  guna. Keur naon atuh maké mimilu ari rék meunang kasedih mah. Duh Gusti, tulungan abdi!
“Nay, kunaon ngalamun waé?” Iyam nanya ti gigireun.
“Ah, teu ku nanaon.”
“Ulah ngabohong, Nay, da béda atuh!”
“Rada rarieut.”
“Naha atuh maké milu?”
“Atuda hayang.”
“Ari rarieut mah urang ceuceuh geura handapeun curug.” Leungeun dituyun ku Iyam. Teu karasa suku ngaléngkah nuturkeun. Sup ka cai, sérését cenah haté nyeblak. Kunaon? Rét ka luhur Kang Jan nénjo ka palebah kuring.
“Héyy! Badé kamarana?” gorowok Iing ngagorowok.
“Manaaaaa wééé” témbal Iyam.
Saléngkah deui nepi ka curug. Tiis, nyecep, caina maseuhan awak. Atra ti lebah dinya mah ka palebah Kang Janjan. Eros diukna deukeut pisan Kang Jan. Meureun maranéhna téh keur karedal jangji rék sapapait samamanis. Duh Gusti, naha mana kieu-kieu teuing. Saleuheung mun jadina kanu séjén, da ieu mah ka sobat dalit pisan nu kamamana tara papisah. Meureun ceuk batur  téh karunya ka Enay, bogoheun ka Kang Janjan teu kalayanan. Éra, kamana nyumputkeun beungeut. Naha atuh mana teu ngarasa teuing kana kaayaan diri sorangan. Eros mah mojang modéren. Keur mah hadé rupa turug-turug papakéan sing saruwa mahal. Ari kuring naon atuh?
Rét deui ka handap. Nana keur patungtun-tungtun jeung Aa, budak beresih kénéh can nyaho nanaon, milaur ka kuring ukur dibéré harepan kosong. Siga ayeuna diri miharep nu lain tanding.
Awak geus ngahodhod, lila teuing kacaian, sirah karasa rieut.
“Nay, hayu turun!”
“Hayu.” Némbalan kitu téh bari ngajengkat, tapi ieu panon bet ngabalcet deui ka luhur.
Kang Janjan teu salah, siga leuwih deukeut jeung Eros batan tadi. Lieur, teténjoan kararonéng leumpang tuluy mapay-mapay batu taringgul. Koséwad,…..gejebur labuh ka cai.
“Iyyy…. Itu Enay kunaon…. Getihan” sora nu ngagorowok ti luhur.
Gap leungeun kana tarang, diusap, baseuh…. beureum. Leyy aya nu asin karasa ku sungut…. Less teu inget….
Nyah panon beunta. Sirah disangkeh ku Ceu Ésin.
“Nay, tos emut?”
“Ku naon kitu abdi téh?”
“Geubis….. Tos teu kunanaon, nya?”
Panon rarat rérét kénéh, barudak mani ronghok.
“Geus, kadaritu! Geus salamet. Jig geura arulin deui, kadé ulah ka curug.” Saur Ceu Mimin bari ngingraykeun barudak.
“Sukur wé geus inget mah” Ceu Icah nyagap tarang lalaunan.
Inget ayeuna mah. Bieu téh labuh tina curug. Alatan Kang Janjan, jelema nu dipicinta, nu dipuja, kari-kari…. Beuki atra téténjoan téh Kang Jan ngajanteng deukeut rungkun. Panon eunteup ‘na panonna. Prok paamprok, terr ngageter, nyéh biwir asa imut. Kang Jan nyampeurkeun, gék dieuk gigireun.
“Tos teu karaos?” omongna rada dareuda.
“Nyeri kénéh” témbal kuring bari rék diuk, tapi taktak dicekelan mantén duanana ku Ceu Ésin.
“Ulah waka calik, bilih getihan deui.”
“Ah, atuhda cangkeul.”
“Ieu atuh ganjel ku jékét abdi.” Manéhna muka jékétna, sok dibikeun. Tuluy dipaké ganjel.
“Pék atuh tungguan, nya Jan!” Saur Ceu Ésin. “Euceuh rék ningali barudak.” Jung arangkat patungtun-tungtun jeung Ceu Icah, ninggalkeun kuring paduduaan.
Jep jempé teu aya nu lémék. Ngan ieu angen beuki ratug, bungah, bungangang. Haté nu tadi murengked téh kiwari ngalegaan.
“Nay!”
“Kah!”
“Nyeri kénéh?”
“Naon?”
“Éta raheut.” Sirah gideug. Heunteu, Kang Jan, raheut mah tos teu nyeri, mung haté asa rada humapur kénéh. Jep deui simpé. Ayeuna mah diukna ngised ngadeukeutan. Méh antel suku jeung suku.
“Nay.”
“Kah.”
“Tos katampi serat?”
“Serat?”
“Sumuhun serat anu panungtung.”
Nu panungtung? Na sabaraha kali manéhna nyuratan? Teu sakali-kali acan nampa surat. Duh Gusti, ku seueur-seueur teuing tatarucingan téh.
“Nay, tos cekap nganyenyeri Kang Jan téh?
“Nganyenyeri kumaha ari Kang Janjan?”
“Kang Janjan gé terang, Enay alim ka Kang Jan. Teu kedah api-api Kang Jan ‘mo maksa nu alim. Ieu mah kadieu sotéh kajurung ku asih, katarik ku rasa nyaah, bubuhan tadi basa geubis getih mani mancawura minuhan pameunteu.”
“Kang Jan ké heula! Hapunten waé, abdi mah teu ngartos nanaon. Naon maksad cariosan Kang Jan téh? Bujeng-bujeng api-api. Cobi carioskeun sing antaré, sing atra.” Beuki lancar nyarita téh. Rasa éra nu tadi ngagunduk dina dada nungtutan aramitan, nyababkeun lugina cumarita. Manéhna bengong hareugeueun.
“Muhun serat nu kamari, ngawaléran serat nu ieu” bari kusiwel ngokot surat tina sakuna, song dika kuring keun. Bray dibuka.

Bandung,………..
Kang Jan,
Hapunten pisan ulah mikahoyong abdi, abdi mah tos aya nu gaduh malih moal lami gé badé disahkeun.
abdi
(ENAY)

Gebeg, haté ngagebeg. Ngarti ayeuna mah, ngarti. Éta surat tulisan Eros. Jadi meureun surat-surat ti Kang Jan dipihapékeun ka manéhna tapi tara dibikeun, tuluy wé diwalonan ku sorangan. Paingan atuh mani keukeuh nyanyarék ngilu ari kitu mah.
“Tos sabaraha kali Kang Jan nyératan?”
“Lima kali.”
Ambuing teungteuingeun si Éta!  Nu disuratan mah teu nyaho-nyaho.
“Kang Jan, manawi dipercanten, ieu serat sanés sératan abdi. Abdi mah tara nampi serat. Cobi dongéngkéun kumaha ngawitanana!”
“Teu nyana, teu nyana,” omongna gegerenyeman. “Nay, Kang Jan téh ti barang tepang di tukang loték téa tos kapaokan ati ku Enay téh. Tapi teu wantun kedal ningal sakitu lungguhna. Siga nu tos ngagaduhan. Tapi nyéépkeun kapanasaran Kang Jan nyakétan Eros, da katingal nyobat. Ngawitan mah saur Eros, teu terang, Eros gé. Cobian waé seratan. Dagdagan Kang Jan nyeratan, teu aya waleran, kadua, katilu, sami nasibna. Nu kaopat kénging ieu, nya pondok nya nyogok. Teu kawawa ku isin Kang Jan ngalih kuliah ka Bogor, susuganan ari tebih mah iasa hilap. Tapi sangkaan Kang Jan lepat. Beuki tebih angger beuki ngait. Kaleresan aya piknik, sareng saur Eros, Enay badé ngiring.”
Deudeuh teuing, geuning pindahna téh lantaran kuring. Mun seug manéhna nyahoeun sakumaha rajétna ieu haté keur ditinggalkeun….
“Nay, kumaha raraosan Enay ka Kang Jan ayeuna?”
Piceurikeun nyedek dina dada. Rék némbalan, teu wasa, sungut teu daékeun engab. Curulung cipanon bijil. Jung dihudangkeun, awak disarandékeun kana tangkal. Buuk disingraykeun tina beungeut. Karasa leungeunna haneut jeung ngeleper.
“Tétéla ayeuna mah. Muka ayeuna mah lalangsé nu nuruban rasiah urang téh. Jadi Kang Jan téh teu nogéncang, nya!”
Sirah gideug. Pok ngomong, ngaharéwos:
“Kang Jan, hapunten Enay tos lepat sangka!”
“Henteu, Enay mah teu sing lepat, Kang Jan nu teu taliti.”
Panon poé geus rék tunggang gunung. Angin garing ngusapan lemah nu bareulah teu kaceungceurikan hujan. Teu siga haté nu tadina angar, kiwari mah héjo léndo, ngémploh, kakeclakan cihurip nu geus lawas dipiangen.
Sada curug nyéah bangun milu bungah, ngabagéakeun kembang nu anyar mangkak. Kembang geus dipetik ku bangbara nu geus lawas dipicangcam.
Mangsa samoja jongjon kembangan, duh ieuh!
Langit lénglang, angin rintih tina ati.
Ayeuna mangsana, sagala kasedih buyar, pamitan!
Dunya téh sawarga, duriat téh bagja.
Angin leutik nebak sakabéh dangdaunan.
“Éndah…., Cindulang téh éndah. Puseur deudeuh, sagara kabéh kanyaah.

30 Juli 1966
Dicutat tina “Sawidak Carita Pondok”

Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com