Thursday, February 7, 2013

Sajak Kota

(Galura edisi II Pebruari 2013)

Langit Luhur Flyover

Aya séngsérang puray luhureun lulurung langit flyover
Ngalalambak dina kenténg-kenténg pabrik, supermarkét,
kabel listrik jeung saampar antrian kandaraan
Ngembat satungtung jalan Jakarta tepika Soekarno-Hatta

Sisi-sisi lamping gedong sigrong tinggelebur patamorgana ngaduruk dayeuh
Ngarérab jagat sabada ibun ditenjrag panon poé nu teu kungsi haneut
Raga badag pias konéas kabuntang-banting gilinding
Kahariwang beuki motah dina satiap rénghap nu teu bisa ngahuap

Aya nu nyangsaya dina kongkolak mata
Kumareumbing nahan kanyeri, sepa.
Sagala kakeueung nyaliara
Ngulayaban sapanjang engab tepika manggih tunggara

Bandung, 19 April 2011



Lampah Nyorang Mulang

Ras, sabengras cahaya surga
Rigig tangginas
Nyorang pilampah kasab
Gedig dipirig dalingding asih
Mentangkeun jamparing kawih
maténi balilih

Nu gumuruh mangpirang lalakon waktu
Nyusun kalimah jeung kecap-kecap
Nyurahan tapak-tapak jaman

Nu halimpu ukur laku nu geus kalarung
Jadi tineung saban nu nineung
Nyipta kamelang nu ngahariwang mangsa jasad mulang

Bandung, 19 April 2011

Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com