Galura, Edisi 1 Juli 2016
Ku Iwan M. Ridwan
Héndar cindekul nyanghareupan teve. Kawas anu teu
mireungeuh kana kariaan nu mapag balébat idul fitri. Poé anu ceuk sasaha
ngabersihkeun saban jiwa nu geus ngalakonan puasa sabulan campleng. Héndar
ngarérét kana jam dinding anu naplok. Angkana nunjukkeun tabuh satengah tilu. Gap
leungeunna ngarampa layar élsidi anu témbong ngagurat kawas akar. Sajongjongan
mah ngahuleng neuteup layar teve kawas nu keur milang gurat-gurat rengatna.
Héndar ngarahuh. Ragamang leungeunna kana rémot control nu ngagolér handapeun lomari wadah teve. Tombol on-off-na dipencét.
“Haram jadah,” pokna kawas anu
nahan kaambek.
Rét ka kamar. Iméy, pamajikanana masih
ngalalakon dina alam pangimpian. Kawas anu tibra naker. Kituna mah pantes sabab
tibeurangna capé digawé. Tihothat néangan kipayah keur bekel kulawarga, ngaborahan
anak ngaborahan salaki, nyayagikeun mangpirang kaperluan poé lebaran. Ceuk
paribasana tidungdung tisuksruk, suku dijieun hulu, hulu dijieun suku mélaan
keur bekel sapopoé, bekel pikeun kaperluan lebaran utamana. Rét deui panon
Héndar neuteup anakna, Jidan nu nyelegon bangun anu tumaninah dina keukeupan
indungna. Mani ngageubra sasatna keur meumeujeuhna diajar ngorék.
Héndar ngarahuh. Leungeunna ngarongkong
rémot teve. Sorana ngorosok.
“Padahal mah teu kudu malédog tipi
aya kaambek mah," omongna deui kawas nu meupeus
keuyang.
Lageday nyanda dina tempat
diukna. Neuteup lalangit kawas anu nyidik-nyidik lamunan. Bréh paripolah pamajikanana
pasosoré tadi. Sorot panonna anu buringas lir paroman nu nyidem kakeuheul.
Rénghap ranjugna anu ngabalukarkeun dada turun naék kawas hayang
sahabek-habekeun nampiling dirina. Pamustunganana mutu batu anu dikeukeuweukna ngadagor
layar teve. Imah ngadak-ngadakak kawas nu kasamer gelap, mareng jeung réangna sora
nu takbiran di saban corong masjid.
Katémbong deui Iméy anu tihothat
saban poéna. Indit digawé ka salah sahiji garmen. Sakapeung mah balikna peuting
sabab kudu lembur. Indit isuk-isuk bari remen kabeurangan lantaran réa nu kudu
dicabak, seuseuheun jeung kumahaneun, nyangu, ngamandian Jidan, anakna. Pagawéan
anu dilakonan ti subuh mula téh sakapeung kabolér. Lain tara dibantuan ku
Héndar, ngan kitu kangaranan lalaki mah lain pakna baranggawé di imah. Kitu
babasaan Héndar mun seug teu bisa mantuan nu jadi pamajikanana. Mun mah sakali
kukumbah piring, aya waé piring atawa lumur anu peupeus, atawa sakalieun
gurang-goréng, tutung téa mah, atah kénéh téa mah, teu weléh aya cawadeun. Anu
rada kapaké téh ukur moékeun seuseuhan.
Héndar ngarahuh. Kawas anu hayang
ngaleupaskeun bangbaluh. Rokona diseuseup deui. Haseup mulek minuhan rohangan.
Rét deui kana layar teve. Gurat-gurat rengat dina layar kawas nu
nyeungseurikeun dirina. Kagambar deui kajadian tadi soré sabot pamajikanana nataharkeun
dahareun keur buka. Iméy hahaok ka dirina duméh anakna tigeledug. Ari Héndar ngadon
anteng lalajo teve lain nalingakeun anakna anu keur diajar leuleumpangan. Kesel
kawasna mah Iméy téh. Héndar anu sapopoéna ngaligeuh, taya pisan bisa mantuan
pagawéan di imah.
Héndar neuteup kana layar teve
anu geus peupeus. Mangpirang lalakon dirina mangwelas-welas taun ka tukang
ngadadak narémbongan. Ti leuleutik manéhna mah teu kungsi barang gawé kawas budak
awéwé. Atawa budak lalaki anu sok bunta-bantu ka nu jadi kolotna. Manéhna leuwih
resep lalajo teve. Saban film dilalajoanan. Tepi ka nyaho saban carita dina saban
filmna. Tepi ka dilandih ku baturna tukang pilem.
Kungsi dicaram nongton teve ku
indungna téh, manéhna kalah nambalang, majarkeun boga cita-cita jadi béntang pilem.
Mireungeuh kana jawaban sarupa kitu téh indungna nyarékan laklak dasar, majar
mani lahuta.Hing manéhna ceurik sabab rumasa
saha jalmana anu boga pikiran hayang jadi artis sasatna urang lembur jaman harita.
Héndar mimiti meunang jalan téh
basa panggih jeung mahasiswa ti kota anu keur KKN di lemburna.
“Lebet wé ka ésémka kesenian!”
Ceuk mahasiswa anu harita ngobrol jeung dirina katut indung bapana. Nya Héndar bisa sakola di SMK Kasenian
nyokot jurusan aktor. Salila tilu taun cicing di kota téh
Héndar milu nyiruruk di bibina.
Nya kitu takdir ti Gusti kadar ti
Nu Maha Kawasa, Héndar bisa hirup-hurip di kota tepi ka diparengkeun ngajodo
jeung anak tatangga bibina anu saruwa bubuara di kota, Iméy. Nu matak harita Iméy
daék dikawin ku Héndar téh puguh Héndar keur boga gawé jadi tenaga bagian umum
di sakolana satutas lulus. Nya kitu Héndar téh rapékan mangsa aya di sakolana.
Sakapeung mondok moék di sakola nyicingan sekrétariat éskul. Nya sabada lulus téh
ku kepala sekolah diangkat jadi pagawé bagian umum. Kitu téh dumeh nyebutkeun dirina
moal nuluykeun kuliah basa ditalék ku kepala sekolah sabab teu boga waragad.
Keur jongjon rumah tangga Héndar
kapincut ku casting nu harita
dilakonan di sakola. Cenah sinétron. Nya tina hasil casting téh manéhna lulus. Atoh kacida gumbirana Héndar basa
meunang éta kasempétan. Manéhna ngawang-ngawang bakal jadi artis popular, artis
sinétron. Bakal nampa duit tina saban épisodena mangpuluh-puluh juta. Nu pamustunganana
Héndar kaluar tina pagawéanana di sakola.
“Yakin kana kaputusan téh, Kang?”
Iméy harita nanya. Haténa mah kawas anu ngarasa lewang.
“Ieu téh cita-cita akang, Méy.
Naha teu atoh boga salaki artis?”
“Atoh atuh, tapi tos pasti éta
sinétron téh bakal pipanjangeun?”
“Ulah salempang Méy, ieu sinétron
téh bakal laku. Sabab caritana anak muda. Bakal pipanjangeun tepi ka
mangratus-ratus épisod. Hasil maén sinétron bakal kabeuli itu ieu, Lainna Iméy
gé hayang muka jongko pakéan? Akang ngarawuan artos, Iméy jadi wanita kariér,
pengusaha. Mantep, Méy” omongna tandes.
Héndar miang ka Jakarta tur geus
amitan ka dunungan di tempat gawéna. Nya di Jakarta manéhna meunang pangalaman anyar
dina pergaulan kahirupan dunya sinétron anu sabenerna. Panggih jeung artis,
jeung sutradara anu enya-enya sok nyutradaraan sinétron. Dina prakprakan shooting Héndar kacida dariana, naskah
geus leuwih tiheula diapalkeun. Blocking
geus teu aneh deui ceuk pikirna, keur mah dirina boga luang pangalaman mangsa
di sakola salaku pelajar anu parigel merankeun tokoh.
Prak ngamimitian shooting Héndar anu geus ngarasa boga bekel
jadi aktor film dina émprona mah réa kénéh oméaneunana.Teu sagawayah jalma bisa acting haréupeun kaméra. Najan nu
biasana pinter cacarita hareupeun balaréa, didongkangan ku panon kaméra mah
ceuk sasaha ogé ngadadak ngeleper. Balukarna Héndar
ukur kabagéan opat scene dina éta
produksi téh. Kitu ogé ukur peran piguran jadi tukang parkir. Ku alatan éta
dirina ukur nyakuan honor gaganti
ongkos. Ti harita dirina lir anu kapupul bayu sabada leungiteun harépanana,
sabada leungiteun paksabanana.
Dosa ka pamajikan mana kieu
meureun, teu ngawaro, gerentes haténa bari nyeueung kana lalangit. Kawas anu
ngarep-ngarep aya duit murag ti langit.
“Teu saré?” Iméy ngelol tina lawang
panto kamar laju nyampeurkeun.
Héndar teu némbalna. Manéhna ukur
ngarérét. Tuluy neuteup deui kana layar teve.
“Tipi ruksak dilalajoanan. Pareuman,
hambur listrik,” pokna bari ngarongkong kana rémot laju teve dipareuman. Léos
ka dapur, teu lila kaluar mawa ciherang. Jen nangtung teu jauh ti tempat Héndar
nyangsaya.
“Kumaha geus aya jawaban téh?” Iméy
nanya.
“Kateuing, bingung.”
“Bingung waé kitu mah, wayahna wé
kuring tulus mulang ayeuna. Ceuk agama gé wenang pamajikan menta balik mun geus
teu dinafakahan ku salaki leuwih ti tilu bulan mah,”
Héndar cengkat, neuteup seukeut
ka Iméy anu ngajanteng.
“Hampura…” omongna.
Iméy teu némbalan, sup ka kamar.
Kadéngé mukaan lomari kawas anu keur mémérés pakéan. Sora nu takbiran di saban
corong masjid nambahan waas kana haté nu keur marudah.
Panglawungan 13,
Romadon 1437 H