Wednesday, January 16, 2013

Maut Nyéré ka Congona



(Iwan M. Ridwan)

Sabada akang lunta bet karasa beuki luwang nyanghareupan kahirupan téh. Kajadian-kajadian nu geus kalarung ngadadak narémbongan. Suka bungah urang duaan. Susah jeung sedihna. Kabéh kawas nu mitineung. Nampeu hareupeun. Padahal geus ampir dua bulan akang ninggalkeun abdi téh. Teu werat geuning hayang mopohokeun sagala nu geus karandapan. Dipoho-poho bet kalah beuki ponyo. Disinglar-singlar kalah beuki kaguar. Kabéh narémbongan. Ti mimiti urang tepung di Kampus, di réntal VCD, di Sakola, di Gedung Pertunjukan, Kontrakan, kabéh natrat kagambar. Enya inget kénéh Akang nu ngadeukeutan abdi. Sagala rupa perhatian jeung pangorbanan akang ditamplokkeun ka abdi salaku mojang anyar datang nu mincut haté akang. Geuning teu lila akang ogé ngajak “jadian”. Nya atuh kuring anu ngarasa jadi pusat kanyaah jeung perhatian akang teu bisa nampik kaasih anu beuki nambahan ti poé ka poé téh. 

Éndah temenan waktu harita, Kang. Di Kampus, abdi jadi kembang kadeudeuh akang. Di imah akang, jadi tamu agung. Di kontrakan, nya akang pisan nu haat ngajaga abdi. Merhatikeun pisan kana naon pangabutuh abdi salaku jalma anyar datang ka kota. Geuning mani sagala seuseut seuat hirup di kota mah, Kang, meus-meus kudu ngaluarkeun duit. Nya akang pisan nu harita nyaah ka abdi. Sok haat mangmeulikeun rupa-rupa pangabutuh sapopoé. Enya akang mah teu nyaah kana barang béré. Tong boro ka abdi anu dipikanyaah ku akang, dalah kababaturan ogénan akang mah sakitu bro-broanana. Pantes ari kitu téa mah kang, da akang mah geuning sakitu lugar-ligurna di imah téh. Teu kurang itu ieu. Enya maksud téh mun rék dibandingkeun jeung diri abdi. Hiji awéwé anu datang ti kampung bari jeung teu boga kamampuh nanaon. Ngan ukur bekel neugtreug hayang kuliah ogé. Teu. Teu boga nanaon pisan. Indung bapa ngan ukur ngandeulkeun buburuh tani. Idek liher di sawah bogana Haji Sadili. Uyuhan aya keur sahuapeun ogé. Maksud lunta ka kota ogé abdi téh seja ningkatkeun darajat kulawarga. Sugan waé bisa ngajait tina kahirupan anu ayeuna. Sabab hirup-huripna jalma gumantung kana élmu pangaweruh nu dipibogana.

Balik deui kanu tadi. Teu abdi mah. Teu kawas akang anu sakitu calakanana dina sagala widang. Nya ku jasa akang pisan abdi bisa wanoh kana kahirupan di kota téh. Bisa wanoh jeung buku-buku sastra. Bisa wanoh jeung Shakespears, Ionesco, Freud, katut Samuel Becket. Nya ku akang pisan abdi bisa lancar numpak motor ogé. Abdi bisa wani cacarita hareupeun podium. Nya ku akang pisan abdi wawuh jeung dunia panggung. Maca sajak di mamana bari jeung teu weléh aya akang di sagedengeun abdi. Bagja tinemenan waktu harita, Kang.

Bagja pisan waktu jadi juara ka hiji pasanggiri maca sajak sunda. Pan akang sorangan nu ngalatihna. Unggal beres kuliah. Piala, piagam katut uang pembinaan téh sagemblengna ku abdi dihaturkeun ka akang. Tapi ceuk akang, éta mah sagemblengna milik abdi. Hak abdi. Sabab abdi anu tampilna ogé. Aya ku bageur ari akang.

Akang oge ngajarkeun nyieun sajak, carpon, dalah cenah kudu ngajaran nulis artikel jeung éssay, atawa laporan jurnalistik. Ah bet hésé nu kitu mah geuning, Kang. Abdi mah resep kénéh nulis carpon sok sanajan ngan ukur bagal-bagal carita hungkul. Ceuk akang éta gé. Cenah carpon abdi mah kudu kaalaman waé. Teu bisa meureun nyieun karangan kawas akang mah anu sok nerapkeun konsep: absurditas, defamiliarisasi, reinterprétasi jeung sajabana-jeung sajabana anu keur abdi mah matak pacélon pihartieunana. Tapi ceuk akang moal pahili mun urang mahamna bener-bener. Ah da keukeuh keur abdi mah. Ulah disaruakeun jeung akang nanaon téh kéna-kéna akang pinter. Tapi akang tara ieuh maksa supaya kuring ngarti kana naon anu didadarkeun ku akang. Akang sok ngarasa cukup mun kuring geus lieur, tandana mikir éta téh ceuk akang mah, dari pada teu lieur-lieur acan.

Kanyaah jeung kadeudeuh akang téh lain ngan ukur datang ti akang sorangan, tapi ogé ti kulawarga akang. Mamah, Papah, Ninit adi akang, Bapa Aki, Ma Eni, Uwa, Amang katut Bibi Akang sakitu haat tur nyaahna ka abdi téh. Geuning basa munggaran abdi ditepungkeun ka kulawarga akang, sakitu daréhdéhna saréréa nu aya di bumi téh. Komo Mamah mah, siga nu tos nganggap anak ka abdi téh. Saurna ulah asa-asa mun nuju aya di bumi akang. Anggap waé bumi nyalira. Keun waé sanaos teu aya Akang ogé abdi ka bumi mah moal di saha-saha. Nya Si Papah kitu deui, sok sanaos paromanana rada kereng tur dedeg pangadegna simbar dada, ka abdi mah sakitu soméahna. Bet jadi isin abdi mah kang. Geuning lami-lami mah abdi bet ngaraos pisan jadi kulawarga akang. Remen abdi aya di imah akang. Ampir unggal poé. Geuning saur Mamah ogé tinimbang kudu cicing sorangan di kontrakan, mending di imah akang.  Katampi pisan éta pangangken Mamah téh, Kang. Tapi da kumaha atuh sanés badé nampik pangasih, di henteu-henteu ogé abdi téh teu acan katalian ku hukum anu sah sareng akang téh. Bet ararisin ku tatangga. Moal enya meureun aya istri mondok moék di bumi pameget. Isin ka abdina kang, sok sanaos tara aya nu ngageunggeureuhkeun ogénan. Enya atuh bet saha jalmina anu wantun ngageungeureuhkeun kulawarga akang, cacakan kapala lurahna ogé nya Aki Akang nyalira. Aki sotéh kasebatna, da ari buktosna mah masih kénéh anom.
*** 

Hirup salulut paduduaan bari jeung tacan kakurung ku tikah, asana téh teu kungsi kaimpi-impi acan. Tapi geuning urang duaan bet ngalaman. Sagala rupa dilakonan ku duaan. Urang geus silih pikabutuh kumaha ilaharna salaki jeung pamajikan. Boh dina pangabutuh sapopoé, atawa kabutuhan lianna tepika urang silih cumponan dina pangabutuh anu paling dasar –ceuk akang, ari ceuk kuring mah pangabutuh anu paling réndah, salaku mahluk hirup: manusa. Enya urang geus aya dina kahirupan anu liwat tina batas. Hirup sagebrus geus teu ngarasa dosa. Eumh. Lain sakali dua kali. Lain sakeudeung dua keudeung. Tilu taun lain waktu nu samporét keur ngawangun hiji perjalanan hirup. Tilu taun lain waktu anu sakdeudeung keur silih pikawanoh ngeunaan diri masing-masing. Bageur benerna. Jujur jeung henteuna. Geuning akang ogé boga sifat goréng kawas abdi: gurat batu, belik, boga kahayang kudu pok sok. Mun sakali nyeri haté sok tuluy neuteuli. Atawa mun teu kitu akang mah sok ngajauh ti abdi. Siga nu hayang lumpat tina masalah. Enya kawas ayeuna. Sanggeusna kuring teu boga harga diri deui di hareupeun akang, akang bener-bener lunta. Akang bener-bener cua ka abdi. 

Bet teu disangka-sangka akang rek luluasanan merlakukeun abdi kawas sato. Enya disatokeun ku akang. Akang sabenerna sato anu paling keji. Geuning akang mah henteu cukup ngan ukur boga abdi. Sanggeus akang ayeuna aya di hiji tempat anu nelahna kantor, akang bet kabongroy ku parawan kolot anu cenah ceuk akang geulis, boga pangawak anu lintuh, deukeut-deukeut ka Jennifer Kurniawan. Beunghar deui tangtuna ogé. Da abdi mah sakieu buktina. Pangawak anu nya leutik nya kuru téh, taya kaboga deuih.

Memang salah abdi meureun bet kumawani nyarékan akang. Ngahakiman. Tepika abdi ngarampas hak-hak akang. Privacy akang. Enya ceuk akang éta ogé, sanggeusna abdi ménta tukeran hénpon, sanggeusna abdi ngaganti password pésbuk akang. Akang ngarasa hak pribadi akang dirampas ku abdi. Akang ngarasa teu boga privacy. Abdi mah hayang apal kang tepika mana hubungan akang jeung Si Salingkuhan akang téh. Hayang nyaho naon waé nu sok diobrolkeun. Geuning bukti kang, Akang jeung manéhna téh pada-pada boga rasa cinta. Pada-pada neundeun haté kadua leutik. Geus aya sabulanna. Nyeri pisan abdi mah kang. Sumpahna gé. Abdi ngahaja ngadagoan di kontrakan hayang milu ka imah akang, tapi akang geuning embung da geuning akang mawa kabogoh anyar ka imah, cenah isukna rék jalan-jalan, rék renang. Nyeri deui waé kang basa abdi ngahaja datang ka imah akang bari ngadagoan akang tepi ka peuting, sedeng akang mawa deui manéhna ka imah. Nyaho aya abdi di imah geuning akang kalah indit deui teuing kamana boa jeung éta awéwé. Naha geuning akang bet téga ka abdi merlakukeun kawas kitu, Kang? Naon kasalahan abdi? Sapeupeuting harita abdi ceurik kana lahunan mamah. Mamah nya kitu kénéh hayoh waé ngupah-ngapéh. Tapi lain malah beuki répéh, nu aya kalah ngajadikeun beban ka anjeunna. Mun mah akang geus teu cinta, hadéna mah kedal waé kang. Abdi nampi pisan kana kanyataan ieu. Abdi badé nyanggakeun ka akang sagemblengna. Rumasa jadi awéwé mah heureut deuleu pondok léngkah. Rumasa jadi awéwé mah teu bisa nangtukeun pilihan.

Ceuk akang, ieu geus jadi hiji takdir. Nasib urang duaan. Naha bet goréng-goréng teuing ieu nasib téh. Sanggeus akang bener-bener lunta ninggalkeun abdi, hirup karasa beuki lungkawing. Cukleuk leuweung cukleuk lamping, jauh ka sintung kalapa. Nasib téh bet kejem, maksa ngajalanan lalampah sorangan sanggeusna diri teu walakaya. Sanggeusna balati nurihan ati. Sanggeus abdi teu boga harga diri.

Geuning peurih téh beuki teu karasa sabab geus liwat saking. Geuning batin téh geus teu kapahing teuing geus kumaha gering basa narima ondangan akad nikah akang jeung manéhna ahir bulan ieu, mernah pisan dina tanggal nu geus dijangjikeun ku urang duaan pikeun ngalaksanakeun akad…..

Rengse, bandung 2 Agustus 2011

Saturday, January 12, 2013

Manéhna




(Iwan M. Ridwan)

Gebeg. Haté ngadadak ratug tutunggulan. Beungeut saharita  pias. Ceuli panas. Tagiwur lain bobohongan. Napas diatur lalaunan. Panon dipeureumkeun sakedapan. Leng. Sirah poék. Lalaunan panon dibuka. Bray deui. Angger nu natrat téh foto jeung ngaran manéhna. Enya ukur ku poto jeung ngaran batin kuring tepika guligah gulinggasahan. Campur aduk ku rasa nu marojéngja. Naha bet hayang ka perpustakaan.  Enggeus-enggeus cicing di warung bet hayang los-los kadieu. Satadina mah méh teu éra teuing cicing di kantor sabab poé éta kuring euweuh gawé. Euweuh jadwal pisan.  Jadwal liputan maksudna mah. Aya  éta ogé ari berita pagi mah, tadi isuk-isuk siaran langsung. Ti jam genep tepika jam satengah dalapan. Geus kitu ngadon ngalantung di kantor. Ngké manggih jadwal deui téh jam opat acara dangdut. Atuh orokaya ukur ngahintul.  

Geus aya kana bulanna henteu ka perpustakaan téh. Kari-kari ayeuna maksakeun deui ampih. Biasa rék bucu-baca. Koran jeung majalah.  Resep ningali gambar-gambarna. Dalah henteu ngan ukur koran jeung majalah, sakapeung mah sok pirajeunan macaan sastra. Puguh boga karesep kadinya. Maca wé hungkul ari nulisna mah da puguh teu bisa sacongo buuk ogé. Keun waé batur apanan anu narulisna, kuring anu macana. Kitu ogé maca ukur samaca-macana. Teu bari jeung tenget. Komo bari disurahan maké paélmuan sagala rupa mah. Ieu mah ngan ukur dipaké ajang pangbeberah manah. Pangusir sepi meun seug nyorangan. Kawas ayeuna. Nyorangan ceuk pangrasa. Da sidik ari sakuriling mah loba jalma.  

Mimitina mah koran anu dibacaan teh. Padahal mah isuk-isuk gé tadi geus mumuluk koran. Enya geus nyaho hasil pertandingan Liga Inggris mah. Nya kitu deui béwara ngeunaan kasusah jeung kapeurih nagara. Anu matak waas jeung nalangsa nyaksianana. Kajadian-kajadian criminal, kerusuhan, kasus korupsi jeung pulitik anu beuki ceuyah. Bosen ngabandunganana oge. Tapi ari teu kitu da sok panasaran.  

Maca koran sotéh dina méja panjang ngajajar jeung batur anu témbong maraké kacamata min bari ti kerung-kerung macana. Boa teuing kunaon kerungna mah. Maca berita pulitik meureun. Masualkeun hemat énérgy. Atawa korupsi nu beuki ceuyah. Atawa maca berita kriminal pelécéhan séksual. Teu dimana teu di mendi geuning loba nu gurger paraséa marebutkeun paisan kosong. Aya nu démo anti korupsi. Aya anu rusuh gagara pertandingan sépak bola. Démo global merotés félem Innocence Of Moslem. Tawuran teu pupuguh. Enya geuning tepika hanteuna. Nyawa teh kawas anu murah. Teu béda jeung maéhan beurit geuning maéhan jelema téh.   

Asa ku beuki geueuman hirup di dunya. Kamari cik kénéh kapal Sukhoi bogana Rusia ragrag burakrakan di Gunung Salak. Kapal jét keur atraksi aéromodéling tepika niwaskeun pilot-pilotna. Ayeuna aya deui musibah anu ngahaja dijieun ku manusa. Lah bet asa lungkawing panineungan téh. Bororaah hayang milu aub mikiran nagara, diri pribadi ogé sakieu keur weritna. Enya werit tina sagala rupa wé ieu mah. Teu kudu dibéjérbéaskeun di dieu ah, éra.

Ninggang di kaayaan haté anu masih kéneh méréjih, kari-kari kuring manggihan manéhna. Enya sok sanajan ukur foto jeung ngaranna. Tapi da haté mah teu ngawilah-wilah. Mana jelemana mana  gambarna atawa ngaranana. Estuning disaruwakeun ku haté mah. Mun mah manehna geus mangaruhan haté, nya rék naonna waé anu kadeuleu ku panon tinangtu ngageter haté téh. Komo ieu jelas pisan. Beungeut manéhna. Raray meureun duka pameunteu sabab éta nu leuwih pantes. Puguh atuh rupa nu lir ngawujud Diah Pitaloka alias Putri Citraresmi Prabu Wangi. Sareundeut saigel téh taya bédana jeung putri karaton atawa widadari kahiyangan ceuk anu kungsi nempo mah. Pangawak jangkung leutik  maréndé jeung kulit konéng umyang. Rambut meles hideung. Soca lir émpang. Hérang. Bulu-buluna nyarengklik badis kembang ganyol. Pangambung rancunit manjing ruruhit. Lambey nu ipis galing teu weléh beureum bawaan ti kudratna, bet saha jalmana nu teu matak kareueut ningalina. Kari-kari angkeut nu lir endog sapotong téh témbong teu weléh leucir. Kawasna pantar reungit ogé moal teu tisolédat mun eunteup ka lebah dinya.

Terrrrr! Deui. Haté beuki kumeleter. Ditatap diusap. Ngaranna diilo anca nakeranan “Writa Diwangga Vitaloka” hiji ngaran anu arang langka kapimilik ku sasaha. Jeung deui  teu salah ngaran teh ditungtungan ku Vitaloka. Diah Pitaloka kuduna mah. Putri raja anu seungitna kaangin-angin. Meleber lir minyak kasturi. Kakoncara ka janapria. Puteri raja anu geulis taya babandinganana. Éndahna kabina-bina. Teu weléh jadi kembang catur balaréa. Puteri anu satia satuhu mertahankeun kahurmatan diri jeung kulawarga. Ngan ieu mah moal ngalaman gugur di Médan Bubat. Ieu mah moal ngalaman nasib anu pait kawas anu nimpa ka diri Puteri Diah Pitaloka.  

Mimiti wanoh téh di pésbuk. Silih jempolan status. Geus kitu sok pirajeuneun méré kamandang. Boh kuring atawa manéhna. Kaparengan hiji mangsa pada-pada o-él. Nya kuring anu chat tiheula. Sopan nakeranan da hayang kapaké. Ngawanohkeun sabisa-bisa. Enya maké basa anu lemes. Antaré. Mapalah gedang. Sok inggis aya kekecapan anu salah. Sok inggis matak nyigeung.

Geuning sangkaan téh jauh pisan nyalahan. Manéhna éstuning réspék pisan. Ngabagéakeun bari ngawilujengkeun. Daria nakeranan. Sakapeung mah ngoconan. Matak pogot. Boga karesep anu anéh. Mun mah wanoja nu lian pantar manéhna boga karesep téh kana bonéka Mickey Mouse atawa  Dolpin, ieu mah resep téh kana kuda. Majar kuda téh sato anu lucu. Boga buuk teu weléh ngarumbay. Bulu panon anu lalentik. Tapi gagah katempona. Peupeuteuyanana –mun jalma mah, tingberehil. Ari sukuna mani langsing. Kitu majarkeun téh. Nu matak dina fotona téh teu elat aya kuda. Keur paréndéng-réndéng, tunggang, nuntun, dalah aya keur maraban sagala rupa. Hiji deui anu matak kagémbang ku kuda téh cenah sarena. Kuda mah henteu depa kawas munding, tapi nangtung. Éta majar téh, kuda mah nyirikeun kasigapan. Ninggang diperlukeun ku jalma téh moal hararésé kudu ngahudangkeun. Cukup sina beunta tuluy bisa diajak lumpat.
 
Henteu ngan semet chatting, kuring ogé meunang nomor hénpunna. Kitu ogé bari jeung hararésé. Diheureuykeun maksud kuring téh. Ditanya keur naon kapentinganana, naha rék dieusian pulsa atawa kumaha. Keur kuring mah manéhna kitu peta jadi kawas ucing dicoo buntut. Atuh kuring gé beuki ngacapruk. Majar téh rék nawarkeun panci jeung wawadahan. Bisi hiji mangsa manéhna butuh. Pon kitu deui mun hayang dieusi pulsa sakalian dieusian lima gentong mah. Atuh obrolan téh asa beuki lieur. Antukna mah manéhna éléh géléng. Nomer hénpunna dibikeun ka kuring. Kabeneran pisan saruwa provider-na. Enya. Lumrah. Saruwa jeung kuring maké provider anu keur ceuyah di budak ngora.  

Geus méré nomér, manéhna omat-omatan kénéh. Cenah ulah dibikeun ka batur deui. Gunakeun keur kaperluan anu hadé. Angkana ulah aya anu leungit hiji ogé. Puguh atuh, mun leungit hiji gé jadi moal nyambung. 

Kesel jeung rada ribet chatting dina hénpun. Enya gé maké bébé, ceuk pangrasa asa leuwih genah kénéh ésémésan. Selang ti sababaraha ménit meunang nomér hénpunna kuring ngaésémés. Sopan nakeranan. Kawas mimiti chatting. Uluk salam. Sasadu boh inggis ngaganggu. Teu pira ari ngaésémésna mah ukur nanyakeun bener henteuna éta nomer. Teu kungsi lila ngagurutak aya balesan.

“Punten ieu mah sareng ramana. Dupi ieu sareng saha nya? Aya peryogi?” kitu unina balesan éta ésémés.  

Gebeg téh mani reuwas. Horéng kuring diheureuyan. Asa kamalinaan maké jeung méré nomer bapana sagala. Keun siah rék dideukeutan ngaliwatan bapana. Kitu ceuk pikir. Tapi asa mustahil bapana maké kartu saruwa jeung kuring. Tapi kétang dosén kuring ogé anu geus kolot kartu hénpunna saruwa jeung kuring, komo ieu meureun bapana ngora kénéh.

“Euleuh hapunten atuh Bapa, abdi parantos lepat ngintun ésémés. Sim kuring pun Séda, réréncangan Néng Writa, salam baktos ti sim kuring sakantenan nyanggakeun salam pangwilujeng tepang.” Cekéng satékah polah hayang sopan. Boa teuing bener jeung salahna mah éta kalimah.   

Ari gurutak deui balesan ésémés téh ngabarakatak eusina. Cenah kuring katipu. Horéng éta téh bener nomer manéhna. Ngahaja ngareureuwas sangkan kuring pias. Bet aya-aya waé ari manéhna. Atuh apal kitu mah bet kajongjonan ngobrol téh. Tepika sapoé jeput. Kéna-kéna taripna murah. Dalah gratis. Ti saprak harita bet ka tutuluyan. Unggal poé ampir unggal waktu ésémésan. Tapika kawas jeung anu geus loma. Sagala rupa bet cacarita. Itu-ieu ogé apal. Sabab teu weléh apdét kana pésbuk. Apal manéhna keur aya dimana. Keur naon gawéna. Sabab ayeuna mah leuwih ku canggih teknolohi teh. Bisa make smartphone online ogé.  

Bet asa kangeunahan ngobrol téh jadi sakahayangna. Mun mah manéhna keur balik ka lemburna di Sumedang, sok kalah diheureuyan. Cekéng mun teu aya sinyal mah nyandak ti Bandung sakéler waé mah. Mun tos di bumi dibuka. Ambéh teu délay. Mun teu kitu ngobrol sual kacamata. Maké kacamata min ogé geus katingal geulis, komo lamun make kacamata kuda. Mun teu kitu ngaésémés jam sapuluh peuting nanyakeun geus balik atawa acan ka kontrakan. Ulah ulin ti peuting bisi diculik. Mun geus aya nu nyulik mah kuring anu riweuh kudu néangan ka mana. Jeung réa-réana deui.  

Eumh. Ampun paralun. Hanjakal pisan. Bet asa teu dipikir dibulak-balik dibeuweung diutahkeun. Kuring téh acan wanoh pisan. Acan panggih ogé. Sasatna baheula mah panggih sotéh dina hiji kagiatan bari jeung teu apal nu mana nu mendina. Kari-kari ayeuna kuring bet kamawani kitu peta. Heureuy anu kaleuleuwihi. Tepika dina hiji mangsa manéhna teu ngabales hiji-hiji acan pesen kuring.  

Ayeuna kuring asa leungiteun. Leungiteun hiji hal anu tacan kungsi dipimilik. Leungiteun kakangen. Leungiteun sumanget hirup sok sanajan méméh wawuh jeung manéhna kuring boga sumanget. Tapi sumanget ieu sumanget anu béda. Sumanget anu teu bisa kapanggih di unggal jalma. Teu bisa kapanggih dimana waé. Kuring hayang ménta hampura, tapi manéhna weléh taya béja. Satiap dikirim pesen ngaliwatan ésémés, tara ieuh aya balesan. Sakalieun dikomén dina pésbuk, teu sugan males komén. Duka téh teuing kumaha. Ari sababna mah sidik pisan meureun nyeri haté dumeh kuring geus kamalinaan. Kuring rék ménta hampura nya kudu ka saha, sabab teu saurang-urang acan aya nu wawuh jeung manéhna.

Ukur bisa ngalamun jeung ngararasakeun boga rasa dosa. Ukur bisa huleng jentul sapada harita. Nu matak basa nempo aya manéhna dina cover majalah téh haté ngadadak ratug tutunggulan. Beungeut saharita  pias. Ceuli panas. Tagiwur lain bobohongan. Napas diatur lalaunan. Panon dipeureumkeun sakedapan. Leng. Sirah poék. Lalaunan panon dibuka. Bray deui. Angger nu natrat téh foto jeung ngaran manéh. Enya ukur ku poto jeung ngaran batin kuring tepika guligah gulinggasahan. Campur aduk ku rasa nu marojéngja. Rumasa geus milampah dosa, sok sanajan tujuanana mah teu kadinya.  

Bandung, 18 Oktober 2012
Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com