Monday, November 16, 2015

BUAH HATÉ



GALURA, edisi Minggu ka 1 November 2015
Ku: Iwan M. Ridwan

“Simbutan budak téh karunya bisi tiriseun!”  Omong Bapana basa ngelol ka kamar. Puguh ogé budak téh kawas anu embung disimbut, ceuk bapana mah kawas indungna. Ah bongan Bandung téh ayeuna mah mani asa bayeungyang pisan, asa rariged kana awak mun seug datang peuting téh, mandi ku mandina angger waé hareudang.

“Ssst!” Kuring nitah jempé bari ngantelkeun curuk leungeun katuhu kana biwir. Leungeun ditangkeupkeun deui kanu keur nyangkéré saré.

Ditelek-telek mah mémang geulis kacida budak téh luyu jeung anu diaromongkeun ku batur. Geus nyari pisan sok sanajan umurna karék bubulanan. Ceuk sawaréh mah mirip bapana cenah beungeutna téh, tapi ceuk kalolobaan jalma mah anu neges-neges panonna majar nyeplés panon kuring pisan, bolotot, belo. Bulu panonna lalentik kawas kuda. Éta cenah ceuk batur mah pédah kuring resep kuda ti keur parawan kénéh. Lucu puguh ogé kuda mah, ari awak stérek kawas atelit, ari panon belo, buluna lalentik.

Eueuh hubunganana anu dipikaresep jeung wujud budak mah, sabab moal kaharti ku pikir. Mun mah dina enyana, palias teuing mun seug biwir budak kuring siga biwir kuda. Bararaid. Biwirna budak kuring mah nya galing nya ipis semu beureum kawas kuring. Kareueut ceuk bapana mah. Atuh irungna majarkeun mancung kawas bapana, gadona badis pisan gado kuring anu nyungcung lir endog sapotong. Ari kitu téa mah rék siga indungna atawa siga bapana ogé pantes apanan buah haté duaan.

Lima taun rumah tangga kakara ayeuna Gusti téh mercaya, nitipkeun buah haté anu sakieu hérang méncrangna, matak pikaresepeunana. Lain pédah kuring anu jadi indungna anu boga anggapan kitu, malah dulur-dulur jeung batur ogénan sakitu kabitaeunana boga anak kawas anak kuring. Éta waé ampir unggal anu panggih jeung anak kuring mah teu weléh hayang mangku bari jeung nyium. Kungsi harita mah anu dagang baju di jongko, nu bogana kawasna mah, Ibu-ibu berséka ginding pas kuring ngalanto karérét meureun budak dina aisan da éta mah mani langsung nyampeurkeun bari jeung nyebut geulis jeung lucu. Komo basa budak ngajak seuri mah kuat ka geregeteuneun hayang salengok-celengokeun nyium kawasna. Cenah mun seug manéhna jualan baju budak, moal teu dibéré.

“Kanggo mamahna waé atuh, Bu, badé masihan mah!” Kuring ngaheureuyan Si Ibu harita. Dasar tukang dagang bisa waé némbalanana téh, majar keur mamahna mah dibéré diskon wé sapuluh persén. Horéam teusing ah, sapuluh persén mah saruwa wé jeung adu tawar.

Karék jangkep genep bulan budak téh, tapi mani geus génjah. Geus bisa seuseurian sagala, ceuceuleukeuteukan mun seug diélég kunu jadi bapana atawa ku anak tatangga. Bacéo mah geus ti keur umur opat bulan kénéh, sok gogorowokan minangkana mah tetembangan meureun, kateuing atuh da teu ngarti puguh ogé kana basa orok mah. Ray poé ray minggu téh manéhna kawas kembang anu mangkak dicéboran unggal isuk, beuki soméah beuki daréhdéh ka sasaha, matak ayem tengtrem anu ningali, matak hayang mangku. Enya puguh ogé boga budak téh lir boga alam dunya jeung sagala eusina. Bapana mah cenah ngarasa leuwih ti kitu, cenah asa boga cukang lantaran panyambung hirupna jeung Pangéran, sasatna budak mah titipan langsung ti Mantenna.

Lima taun nunungguan datangna, asa lila kacida. Waktu téh mani asa ngarayap kabina-bina, béda jeung ayeuna sapoé dua poé saminggu dua minggu jeung sabulan dua bulan téh éstuning sakilat pisan. Teu karasa waktu kakandungan ogé salapan bulan téh asa karék kamari. Beuteung mimiti bureuyeung diusapan dinangna-néngné, dingajian ku bapana unggal tas solat magrib. Diinuman cai dawegan dua kali saminggu. Kontrol ka dokter teu kaliwat tiap bulanna, nikmat tur bagja harita tepika borojolna. Ti saprak borojol budak mah dunya téh asa gancang pisan muterna. Waktu anu lumangsung téh kawas angin anu ngaliwat, nyaho-nyaho geus genep bulan kaliwat.  

“Saur Mamih énjing Saptu ka bumi dugika Minggu, candak Azalia, meungpeung Akang libur,” salaki ngaharéwos sanggeus ngagolér tukangeun kuring.

“Alim ah, Mamih wé anu ka dieu hoyong pendak sareng Alia mah.”

Diheureuyan kitu téh salaki ukur seuri. Kerewek nangkeup kana cangkéng. Gap leungeunna ku kuring dirampa tuluy dikatukangkeun. Ah bongan sok hayang waé kuring jeung budak anu nyampeurkeun ka imah mitoha, leuheung mun seug deukeut apanan ieu mah kudu méakeun waktu kana sajamna ngangkleung di jalan téh.  

“Ulah sok kitu.” Salaki ngomong deui ngaharéwos kana ceuli.

“Naon téa? Nangkeup?” Kuring ngajawab ngaharéwos ogé. Tungtungna mah ngobrol téh patingharéwos.

“Sanés.”

“Ari kitu? Naon atuh?”  

Éta ka Mamih téh mani siga anu bendu waé.” Omong salaki bari gep deui nangkeup. Ah sedil mun geus ngomong masalah éta.

Kuring mah sama sakali teu ngarasa ceuceub ka Mamih sok sanajan katempona Mamih anu kurang suka ka kuring. Pék téh teuing masalah éta mah eukeur-eukeurna. Mémang haté mah teu bisa bohongan, kungsi harita ogé nyeri haté mah pédah disebutkeun awéwé anu megatkeun harepan anakna. Tapi da kuring mah teu rumasa. Takdir mah teu bisa dipungkir, kadar teu bisa disingkal. Kawas maot. Nya kitu deui kawin. Kang Diman geus kuduna harita kawin jeung kuring sok sanajan manéhna karék diwisuda, anu idéalna ceuk kolot jaman ayeuna lamun budak geus wisuda hadéna tuluy digawé. Komo sasatna anak lalaki panjang léngkah geusan néangan luang jeung pangalaman ngalalana ka alak peuntas, balik-balik sagala diringkid duit merekis keur mulang tarima ka indung bapa.

Enya atuh saha kolotna anu embung nyaksian anakna kawas kitu. Suksés heula keur dirina, ngabantu ékonomi kulawarga, nyakolakeun adi-adina. Kolot kari henang-heningna sagala dibayuan kunu jadi anak-anakna anu geus naralang. Meureun kahayang Mamih ogé kitu, lain kawas Kang Diman harita anu bérés kuliah langsung ngalamar kuring bari jeung teu lila ti harita ngajak ka balé nyungcung.

Kuring salaku awéwé ukur dulang tinandé. Keur mah eukeur kuring mah teu ngalaman kuliah, lulus SMÉA téh tuluy digawé. Tadina mah rék balik ka lembur lulus sakola téh tapi ceuk Kang Diman cicing wé di Bandung manéhna embung jauh. Bérés manéhna kuliah rék langsung dikawin. Sing bétah wé cenah cicing di uwa saheulaanan mah. Hadéna téh bari jeung enyana anu diucapkeun ku manéhna téh. Tug tepi ka ayeuna manéhna jadi lalaki hiji-hijina anu ngeusian kahirupan kuring, anu hirup dina haté kuring. Puguh ari anu jadi bapa mah apanan teu nyaho-nyaho acan rupana sabab maotna saméméh kuring gubrag ka alam dunya. 

Ah matak nalangsa mun ras inget ka dinyana mah.

Tapi kuring yakin bogoh jeung cintana Kang Diman lain dumasar kana karunya ka kuring pédah geus teu bapaan, tapi cintana éstuning murni keur diri kuring anu ceuk manéhna mah mikacinta ka kuring éstuning kerna Alloh. Enya ari kitu téana mah kuring ogé percaya sabab nya ayeuna buktina. Cintana kuat teu gedag bulu salambar sok sanajan kulawargana mah loba anu teu doa kaasup Mamih. Keur mah eukeur meureun minantuan ka kuring jalma balangsak tur sangsara, kari-kari Kang Diman hayang geura-geura mihukum kuring saméméh manéhna bisa mulang tarima.

Lima taun anu karandapan, hirup kuring ukur jeung Kang Diman. Dibawa hirup saimah jeung mitoha asana téh kalah mindeng cumalimba. Diri ngahiji riung mungpulung tapi batin mah teuing di mana. Rus ras ka indung anu aya di lembur anu sakitu deudeupeunana. Ku manéhna mah kuring  téh dinangna-néngné sok sanajan geus gedé. Mun sakalina balik ka imah ti Bandung téh teu weléh dijamu kawas ka tamu agung, teu sirikna boga kawéni tilu siki ogé diagéh-agéh. Boga lauk paméré tatangga ogé sok digoréng laju dipésmol keur nyampakeun kuring. Surti ari ka lebah dinyana mah indng téh teu poho kana karesep nu jadi anak.

Kaharti ayeuna mah kunaon indung kuring sakitu nyaah tur haatna ka kuring anu jadi anakna, kuring ogé sakieu nyaahna kanu jadi anak sorangan. Hasil ngaborojolkeun narohkeun nyawa. Teu sirikna geus lillahita’ala. Nu matak ayeuna nyaah kacida, ceuk paribasa dicoco reungit ogé ulah, aya béntol saeutik ogé langsung maké minyak telon jeung baby cream. Reungitna atuh diubrak-abrik sataker kebek di jero kamar téh sangkan beunang dipaehan.

Anaking jimat awaking, nasib hidep mah sing leuwih hadé batan nasib anu karandapan ku Ema, geulis. Ema percaya hidep téh mangrupa rezeki anu panggedéna anu katampa ku Ema jeung Apa ayeuna. Hidep téh mangrupa jalan anu jadi cukang lantara meungkeutkeun deui ieu kulawarga, hususna kulawarga Apa hidep jeung nini hidep anu mangtaun-taun peuray alatan Ema. Hidep mah simpay nu meungkeut kaasih sakabéh kulawarga anu bacacar.

Teu karasa cimata merebey kana pipi ngeclak kana sirah budak nu nyulusup kana harigu. Gep budak téh ditangkeup pinuh ku kanyaah.

Bandung, 20 Oktober 2015


BIOGRAFI

Description: E:\BUAT CV.jpg
IWAN M. RIDWAN lahir di Cianjur, 10 Oktober 1985. Alumni jurusan Téatér STSI Bandung – kiwari ISBI Bandung. Ogé alumni Program Pascasarjana Magister Manajemén Univ. BSI Bandung.
Nulis carpon, puisi, éssay di sababaraha média Basa Sunda. 


Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com