Thursday, December 31, 2015

KOTAK AMAL

 
NASKAH LONGSER RELIGI

IWAN M. RIDWAN
BAGIAN 1
PANGGUNG KOSONG. POÉK. SORA DEGUNG DITABEUH SABABARAHA LILA. LAMPU MIMITI CAANG NYIEUN SILUÉT HIJI TANGTUNGAN JALMA NGALIWAT BARI NGAJINGJING KOTAK AMAL. BEUNGEUT JEUNG RUPANA TEU JELAS SIDIK LAMPU MASIH KÉNÉH POÉK.
SORA DEGUNG BEUKI NGEUNGKÉUNG. BRAY LAMPU CAANG. BRÉH KATEMBONG SETTING PANGGUNG KAWAS HAREUPEUN MASJID. AYA TERAS JEUNG BEDUG. BABAN ASUP KANA PANGGUNG BARI MAWA SAPU. TULUY SASAPU.
BABAN            : Panongton.  Ningali Si Jaja teu?
PANONGTON            : (ngajawab)
BABAN            : Euh, nya kamana ari Si Jaja?  Yeuh panongton, Kuring jeung Si Jaja téh JamesBon, alias tukang Jaga Masjid jeung Kebon. Ari Masjidna mah masjid ieu. Ngan kebonna, kebon batur. Kebon Pa Haji, teu pira ukur kebon sampeu, ngan sampeuna baradag, aya anu sagedé pingping sagala, loba deuih ari dijagaan ku duaan. Kieu tah barang gawé jeung Si Jaja mah. Pamalesan manéhna mah. Tuh tingali ieu buruan masjid mani barala, kudu kuring waé anu sasapu téh. Heuh. Dasar Si Jaja. Tapi keun baé lah mudah-mudahan wé jadi amal hadé keur jaga di ahérat nya, penongton. Sugan wé ku ayana beberesih di masjid téh jadi cukang lantaran kuring ka surga. Amiiiin.
PANONGTON KEPROK. KURUNYUNG JAJA BARI HARUHAH-HARÉHOH. DATANGNA  TI JERO MASJID.
BABAN            :  Éta geuning anu kasép téh. Tos ti mana kasép, mani kawas anu diudag jurig kiciwis?
JAJA                 :  Ampun, Kang. Ampun.
BABAN            :  Naha da kuring mah lain jurig. Ampun kunaon?
JAJA                 : Lain Kang, aduh éta…..
BABAN            : Naon atuh éta téh?
JAJA                 :  Éta kotak amal Masjid.
BABAN            :  Ku naon? Duitna pinuh? Keun atuh urang nyieun deui ka Mang Karna.
JAJA                 :  Lain.
BABAN            :  Kunaon atuh?
JAJA                 :  Leungit, Kang. Aya anu maling.
BABAN            :  Ah sok ngarang teuing. Di mana aya anu maling kotak amal. Tuh lamun arék maling mah mobil, motor, atawa hayam pelung. Barina ogé apanan kotak amalna  masih kénéh kosong kamari anyar kénéh dibuka.
JAJA                 :  Aya duitan Kang, hasil Jumatan kamari. Sing Sumpah demi Alloh Kang, leungit!
BABAN            :  Hus! Pamali sumpah demi Alloh, Sumpah demi Alloh. Ulah disapirakeun ari sumpah téh komo demi Alloh sagala rupa.
JAJA                 :  Ari nggeus demi naon atuh supaya akang percaya?
BABAN            :  Moal percaya. Paling ogé poho neundeun manéh mah.  Téangan deui sing bener. Paling ogé di jero rohangan DKM.
JAJA                 :  Geus dikotéktak ka ditu ka dieu Kang, teu aya. Hoaaaa (CEURIK)
BABAN            : Kawas budak.
JAJA                 :  Atuhda Akang teu percaya waé. Éta téh duit ummat, Kang.  Duit infnak keur biaya perawatan masjid. Urang kudu tanggung jawab, Kang.
BABAN            :  Enyaan leungit?
JAJA                 :  Apanan ceuk kuring ogé tadi téh leungit. Leungit! (NGAGOROWOK)
BABAN            :  Hayu atuh urang téangan.
JAJA                 :  Geus capé kuring mah. Jung wé Akang.
BABAN            :  Euh. Moal ditéangan atuh ah
JAJA                 :  Hayu atuh! (RADA JEJEBRIS)
MUSIK DITABEUH DEUI. BABAN JEUNG JAJA TÉMBONG PULANG ANTING KADITU KADIEU. TEU KUNGS LILA REUG AREUREUN DI TENGAH PANGGUNG. BREK DARIUK DINA TÉRAS MASJID.
JAJA                 :  Nya ceuk kuring ogé leungit.
BABAN            :  Enya. Kudu néangan ka mana atuh nya?
DUANANA NGALAMUN SAKEUDEUNG.
JAJA                 :  Kuring aya ideu kang.
BANDU           :  Ideu kumaha?
JAJA                 :  Urang tanyakeun ka Mbah Rewog!
BABAN            : Mbah Rewog Dukun?
JAJA                 :  Enya. Manéhna mah apanan dukun lepus sagala nyaho. Batur ogé anu laleungit duit sok ka manéhna. Biasana duitna kapanggih atawa balik deui. Jagoan pokona Mbah Rewog mah, kotak amal masjid mah bakal gampang kapanggihna.
BABAN            :  Mani yakin kitu bisa gampang kapanggih, naon alesanana?
JAJA                 :  Kotak amal mah gedé, Kang, gampang maluruhna. Béda jeung duit, ari duit mah leutik.
BABAN            :  Lah percaya teuing ka dukun, musrik, nyaho?
JAJA                 : Ieu mah ikhtiar, Kang. Maenya ikhtiar disebut musrik.
BABAN            :  Mémang ikhtiar mah wajib. Tapi urang ulah percaya dukun bisa kana sagala rupa kaasup bisa malikeun deui barang anu geus leungit. Urang mah kudu percaya ka Alloh anu nangtoskeun sagala rupa dina kahirupan urang.
JAJA                 :  Leungit kotak ku Alloh?
BABAN            :  Ku maling ari leungit kotak amal mah.
JAJA                 :  Naha ari tadi akang nyarita sagala ku Alloh.
BABAN            :  Sagala ditangtukeun ku Alloh, kaasup kajadian leungit kotak ayeuna. Tapi lain hartina Alloh anu mindahkeun éta kotak amal.
JAJA                 :  Lieur ah ngomong jeung Kang Baban mah. Terus ayeuna urang ikhtiar kumaha deui atuh? Ditéangan di jero euweuh. Di luar teu kapanggih kénéh.
BABAN            :  Ke heula kuring keur mikir.
JAJA                 :  Ulah loba mikir dina waktu kieu mah. Geus ayeuna mah kuring rék bébéja wé ka Pa Haji.
BABAN            :  Ulah!
JAJA                 :  Naha?
BABAN            :  Manéh hayang dicarékan?
JAJA                 :  Naha dicarékan?   
BABAN            :  Yeuh lamun kotak amal leungit terus urang bébéja ka Pa Haji saruwa wé jeung ngalaporkeun kagoréngan urang deuleu!
JAJA                 :  Naha kagoréngan urang da lain urang anu maling?
BABAN            :  Apanan urang anu jaga. Lamun kotak amal leungit nandakeun urang teu bener gawé di dieu. Maenya kotak amal ogé tepika leungit, naha naon gawé atuh. Ngadon saré hungkul.
JAJA                 :  Bener ogé ka lebah dinyana mah Kang. Lapor ka Pa Érté atuh. Sugan bangsatna bisa kapanggih.
BABAN            :  Ulah. Kumaha lamun Pa Érté bébéja ka Pa Haji?
JAJA                 :  Enya ogé Kang. Ah… Kapikiran. Hansip urang téang, Kang!
BABAN            :  Naha néang hansip?
JAJA                 :  Éh ari akang, apanan hansip salaku kaamanan di ieu kampung. Sugan wé manéhna manggihan jalma anu ngagiwing kotak amal. Tah urang gé bisa nyalahkeun manéhna lamun di kampung urang masih aya kénéh maling padahal geus aya petugas keamanan alias siskamling.
BABAN            :  Ulah ari nyalahkeun mah. Teu tuah teu dosa bet disalahkeun.
JAJA                 :  Kumaha ngké wé masalah eta mah. Ayeuna mah kuring mah rék néang hansip sugan apaleun.
KARÉK OGÉ NANGTUNG JAJA, HANSIP GEUS NGURUNYUNG MANTEN TI SISI PANGGUNG.  DUAAN HARITA HANSIP ANU DATANG TÉH. DULAH JEUNG DULÉH.
HANSIP 1 & 2  :  Sampurasun! Asalamualaikum!
JAJA                 :  Rampes!
BABAN            :  Waalaikum salam. Tah geuning kabeneran Mang Dulah jeung Mang Duléh aya kadieu.
DULAH           :  Nyaéta bieu téh teu ngahaja ngaliwat, nguping téh badé néang hansip. Saha anu badé nikahkeun, Ncép?
DULÉH           :  Nguah nyiru deui yeuh Ki Dulah.
JAJA                 :  Na ieu téh anu dipikirkeun téh nguah nyiru wé. Barina ogé saha anu rék ngawinkeun?
DULAH           :  Éta saur tadi kakpuing badé ngulem hansip. Nya badé naon atuh pami sanés badé ditugaskeun jaten Kopasjat mah, Komando Pasukan Hajat.
JAJA                 :  Éta geura. Yeuh hansip. Ari anu ngarana hansip téh tugasna lain ngajaga dina hajat kawinan hungkul, tapi ngajaga kaamanan nagara urang.
DULÉH           :  Ah apanan nagara urang mah ayeuna geus merdéka, aman sentosa, teu kudu dijaga.
JAJA                 :  Ééh! Aman kumaha, ieu buktina deuleu kotak amal masjid leungit. Maenya aya anu disebut aman aya kénéh kaleungitan?
DULAH           :  Kutan ical? Sabaraha diicalna, Ncép? Aéh saha anu malingna, Ncép?
JAJA                 :  Heueuh éta matakna rék nanyakeun ka aranjeun duaan.  
DULÉH           :  Ah teuing kuring mah teu rumasa maok kotak amal masjid. Lamun maok sampeu ti kebon Pa Haji pernah basa keur ngaronda.
DULAH           :  Ulah dibéja-béja.
JAJA                 :  Tah geuning ieu meureun bangsatna. Lain aya ku ngajaga kaamanan di dieu ngadon jaradi bangsat. Hayoh siah kadieukeun kotak amal.
DULÉH           :  Sing demi tah daék kékéd méngkéné teu maok kotak amal.
DULAH           :  Muhun Ncép, abdi duaan mah henteu rumaos nyandak kotak amal.
JAJA                 :  Ah siah ngaku.
BABAN            :  Kéké. Naha ieu téh jadi silih tuding.
DULÉH           :  Si Jaja tah anu nuduh kuring maok (NUNJUK MAKÉ CURUK).
DULAH           :  Muhun Cép Jaja (NUNJUK MAKÉ JEMPOL)
JAJA                 :  Cenah tadi maok sampeu Pa Haji, berarti kotak amal ogé dipaok.
DULÉH           :  Da éta mah lapar keur ngaronda. Jaba geus dipénta halalna ka Pa Haji ogé.
BABAN            :  Heup! Heup! Heup! Maksud néang hansip ka dieu téh lain rék ngajak paséa di dieu. Tapi aya perlu. Aya tanyakeuneun anu penting.
DULÉH           :  Tah sok atuh, béjakeun saha anu rék hajat téh.
JAJA                 :  Pok deui, pok deui kana hajat.
BABAN            :  Heup! Jempé, Jaja. Lain perkara hajat ieu mah Mang Dulah, Mang Duléh. Tapi perkara kaleungitan kotak masjid.
DULÉH           :  Naha rék nuduh deui ka kuring duaan?
BABAN            :  Ké heula kuring can anggeus nyarita. Lain rék nuduh, tapi saheunteuna ari hansip téh apanan anu biasa jaga di poskamling, sugan ieu mah sugan, salah saurang di antara Mamang duaan…..
DULÉH           :  Teu. Teu rumasa maling….
BABAN            :  Lain rumasa maling atawa henteu.
DULÉH           :  Naon atuh?
BABAN            :  Rumasa pernah ningali aya jalma ngaliwat bari mamawa kotak amal henteu?
DULAH           :  Tah éta mah abdi kantos ningali, Ncép.
BABAN            :  Tah geuning mimiti aya kelemengna. Saha tah jelemana, Mang?
DULAH           :  (NUNJUK JAJA ANGGER MAKÉ JEMPOL) Tuh! Cép Jaja.
JAJA                 :  (BURINGAS) Kuring? Pitenah gedé yeuh! Sidik kuring mah anu ngurus jeung ngajaga.
BABAN            :  Tah geuning. Ari Jaja rumasa mindahkeun kotak, henteu?
JAJA                 :  Teu. Kuring mah teu maok. Sing daék meduna ogé. Teu dikamamanakeun ku kuring mah.
BABAN            :  Ké, ké. Iraha ieu téh Mang Dulah nempo Si Jaja mawa kotak amal?
DULAH           :  (MIKIR KAWAS ANU NGINGET-NGINGET) Saémut Mamang mah kinten kana dua minggon ka pengkér, Cép.
BABAN            :  Tah éta mah geuning geus lila. Di mana tah ningalina, Mang?
DULAH           :  Pami teu lepat mah di parapatan jalan payuneun warung Jang Iwan.
BABAN            :  Tah geuning aya laratan.
JAJA                 :  Kang Baban nyangka kuring anu ngaleungitkeun kotak?
BABAN            :  Ké lanan Ja, can anggeus yeuh patalékan kuring ka Mang Dulah.
DULAH           :  Muhun manga, Cép.
BABAN            :  Harita basa Si Jaja mawa kotak téh ti lebah mana datangna, Mang?
DULAH           :  Katingalna ku Mamang mah ti lebah tanjakan Parahulu, Cép!
DULÉH           :  Tah geuning bukti ayeuna mah. Ngadon nuduh ka batur.
JAJA                 :  Kasebelan nyangka téh. Yeuh hansip, kuring harita téh anyar mawa éta kotak amal ti imah Mang Karna.
BABAN            :  Oh enya, enya inget ayeuna mah.
DULÉH           :  Tuh geuning bangsatna Mang Karna.
BABAN            :  Lain éta mah, Mang Duléh, Mang Karna mah anu nyieunna kotak amalna. Nya harita dibawa ku Si Jaja ti imah manéhna.
JAJA                 :  Sangeunahna cacapék téh, ngadon nuduh kanu boga tanggungjawab.
BABAN            :  Heup Jaja, ulah jadi ambek.
JAJA                 :  Atuhda sebel.
BABAN            :  Heup. Lamun kitu mah bener éta kotak amal téh leungit. Ayeuna mah kieu we!
JAJA                 :  Kumaha?
BABAN            :  Ikhtiar urang-urang masih kurang. Tuluy ikhtiar urang gé kudu dibarengan ku du’a.
JAJA                 :  Maksudna?
BABAN            :  Ayeuna urang mencar néangan kotak amal, urang papayan ieu lembur sugan malingna acan jauh.
DULÉH           :  Tah hadé kitu!
DULAH           :  Ngiringan Mamang ogé, Ncép.
JAJA                 :  Ari ngadoana?
BABAN            :  Éta mah gampang. Bisa ngadoa bari ikhtiar. Lamun teu bisa maca doana, keun kuring sorangan anu ngadoa. Ayeuna mah kieu wé. Hayu urang mencar. Manéh ka ditu Ja (NUNJUK KA SISI PANGGUNG KÉNCA), Mang Dulah ka ditu (NUNJUK KA PANGGUNG BELAH KATUHU), Mang Duléh ka ditu (NUNJUK KA HAREUPEUN PANGGUNG), Kuring ka ditu (NUNJUK KA TUKANG PANGGUNG).
HANSIP          :  Siap.
JAJA                 :  SIap, Kang.
BABAN            : Bral atuh geura mariang. Kuring ieu rék nyimpen heula sapu jeung hayang k acai heula.
JAJA                 :  Enya, Kang!
HANSIP          :  Siap!
KABEH  NGALÉOS LUYU JEUNG PANUDUHAN BABAN. ARI BABAN NGADON NGOLÉSÉD KA PIPIR MASJID. TULUY KALUAR DEUI BARI MAWA SAMPING SARUNG JEUNG KOPÉAH.
BABAN            :  Panongton!
PANONGTON   :        Euy!
BABAN            :  Kudu apal yén ikhtiar téh kudu dibarengan ku du’a! Tah ayeuna kuring arék ngadu’a. Keun anu ikhtiar mah Si Kasép Jaja jeung Si Mang Dulah katut Mang Duléh. Insya Alloh ngké ogé aya hasilna. Satuju?
PANONGTON RIEUH
BABAN            :  Ieu mah lain syu’udhon maranéhna teu barisaeun ngadu’a, tapi kudu sing adil. Lamun maranéhna ikhtiar bari ngadu’a, meureun ripuh kacida. Ari kieu mah apanan dibagi-bagi tugas. Maranéhna anu néangan, kuring anu ngadu’a. Satuju henteu? (PANONGTON RIWEUH DEUI) Heup, heup. Geus ayeuna mah, kuring rék ngadu’a heula. Ulah garandéng, nya!
PANONGTON NYURAKAN. SUP BABAN KA JERO MASJID. LAMPU PANGGUNG PAREUM.
BLACK OUT
BAGIAN 2:
BRAY LAMPU PANGGUNG CAANG. SETTING GEUS NEMBONGKÉUN KAAYAAN JALAN. AYA TANGKAL, HANDAPEUN TANGKAL AYA WARUNG LEUTIK,  AYA BANGKU PANJANG/BALE-BALE. CEU MIDAH TEMBONG MEMERES WARUNGNA. JOL DADUNG NYAMPEURKEUN.
DADUNG        :  Kopi hideung sagelas, Ceu Midah. Mani asa ku tunduh kieu ieu téh.
CEU MIDAH   :  Alah tunduh mah lain ku kopi atuh Jang Dadung.
DADUNG        :  Ku naon atuh Ceu?
CEU MIDAH   :  Hees kaituh!
DADUNG        :  Hees waé mah moal beubeunangan atuh Ceu.
CEU MIDAH   :  Heueuh atuh nya geus naon peuting teu saré?
DADUNG        :  Nyaéta Ceu, apanan ngaronda. Cilaka di kampung urang ayeuna.
CEU MIDAH   :  Cilaka ku naon? Rek aya bahaya?
DADUNG        :  Lain rek aya bahaya, Ceu, apanan cenah loba kacaritakeun loba anu leungit duit.
CEU MIDAH   :  Ku bangsat kitu?
DADUNG        :  Tah éta anu jadi soalna téh. Anu maokna tara kanyahoan.
CEU MIDAH   :  Nya saha cenah anu geus kaleungitan duit téh?
DADUNG        :  Si Haer cenah duit pamajikanana unggal peuting téh leungit sapuluh rebu perak. Atuh éta deui majar Nyi Awih ogé kitu, leungit unggal peuting téh dua puluh rebu éta mah majarkeun téh.
CEU MIDAH   :  Har naha bisa kitu nya. Boa-boa éta mah ku……..(MIKIR)….. Iyh jadi muringkak bulu punduk Euceu mah.
DADUNG        :  Enya nyaéta, Ceu. Ah mana kopi téh Ceu, bet asa lila.
CEU MIDAH   :  Alah enya poho, ke sakeudeung atuh urang naheur caina heula.
DADUNG        :  Tobat, Gusti, acan aya caina, Ceu?
CEU MIDAH   :  Nu matak ari geus kolot mah sok limpeuran. Saré heula we kainya!
DADUNG        :  Ah teu niat dagang téh si Euceu mah ah.
CEU MIDAH   :  Ngaranna ge dagang di panggung atuh Jang.
DADUNG        :  Nyao ah. Saré heula we.
DADUNG NGAGOLER DINA BALE-BALE. NYI AWIH JEUNG CEU EET DATANG.
CEU EET         :  Euleuh-euleuh. Ieu Jang Dadung tengah poe ereng-erengan kieu ngadon ngabaheuhay.
NYI AWIH      :  Enya ieu téh kunaon Kang Dadung téh. Ibak kaituh kang.
DADUNG        :  (NGOREJAT) Astagfirullohal adzim. Keur ngalenyap bieu téh. Padahal sakeudeung deui nyorang alam pangimpian rek panggih jeung para widadari.
NYI AWIH      :  Wah éta mah sanés bade ka alam pangimpian atuh kang.
DADUNG        :  Ka mana atuh?
NYI AWIH      :  Ka ahérat, Kang.
DADUNG        :  Naudzubillahi min dzalik. Ulah ngadu’akeun kitu Nyai, pamali.
CEU EET JEUNG CEU MIDAH TINGCALENGIR NEMPO DADUNG KAWAS ANU KASIEUNAN.
CEU MIDAH   :  Bongan saha atuh bet hayang panggih jeung widadari sagala.
DADUNG        :  Enya ari widadarina mah hayang atuh Ceu, ngan ari kudu maot ayeuna mah ulah waka kahayang mah. Can boga bekelna.
CEU MIDAH   :  Enya atuh ari kitu mah pek sing soson-soson ibadahna. Aeh enya ieu cikopi téh geus aya, bisi kapohoan deui. Atawa rek saré heula?
DADUNG        :  Ah Si Euceu mah. Cik kadieu atuh.
CEU MIDAH   :  Yeuh atuh meungpeung panas.
DADUNG NAMPANAN CIKOPI.
CEU EET         :  Abdi mah meser tarasi, Ceu. Éta Bapana budak cenah hayang nyambel tarasi. Jeung lalabna lamun aya mah.
CEU MIDAH   :  Aya tah daun bolostrong jeung jotang mah. Pek we atuh korehan, aya naon baé di dinya!
CEU EET         : Nyai Awih bade meser naon?
NYI AWIH      :  Abdi mah bade meser anu aya we.
DADUNG        :  Abdi ge aya atuh Nyi. Bade meser abdi?
NYI AWIH      :  Ey si Akang mah, kanggo naon atuh abdi meser akang?
DADUNG        :  Ah nya kanggo naon we atuh nyi.
CEU MIDAH   :  Keur nyingsieunan beurit meureun Nyi. Hehe.
DADUNG        :  Ah Ceu Midah mah ari nanon téh
CEU MIDAH   :  Hehe. Heureuy atuh Ujang. Lain aya béjana cenah Nyi Awih sok leungit waé duit. Naha enya éta téh?
DADUNG        :  Tah enya bener aya jinisna, Ceu. Hempek tanyakeun bisi kuring disangka gede wadul.
CEU MIDAH   :  Kumaha cenah éta téh caritana, Nyi?
NYI AWIH      :  Ah nyaéta atuh Ceu, abdi mah asa ku mindeng pisan leungit duit
DADUNG        :  Kurang sidekah meureun éta téh Nyi! Cik kadieu atuh sidekahna.
NYI AWIH      :  Ah nyarios we atuh, kang, palay dipasihan.
CEU MIDAH   :  Jang Dadung mah bisa we mamatahan. Tong didenge Nyai ah, anggur si tuluykeun kumaha jujutanana bisa leungit waé duit?
NYI AWIH      :  Ah da teu aya juntrunganana, Ceu, nu pasti mah leungit we unggal peuting salambar.
DADUNG        :  Tah cekeng ge, Ceu, kitu kajadianana téh. Moal jauh ti…..
NYI AWIH      :  Budak dugul kitu, Kang? Iy bararaid teuing, bet asa maruringkak bulu punduk.
DADUNG        :  Kuring mah lain bulu punduk hungkul anu muringkakna ogé Nyi, tapi bulu-bulu dina sakujur awak.
NYI AWIH      :  Ey amit-amit.
CEU MIDAH   :  Euh pantesan ti tadi murungkut bari jeung heuay waé atuh.
DADUNG        :  Ah naon hubunganana, Ceu?
CEU MIDAH   :  Ah pikiran we Ujang da geus gede.
NYI AWIH      :  Ah abdi mah teu ngararartos éta téh naon ah. Hayu ah Ceu Eet, abdi mah atos balanjana ge.
CEU EET         :  Heman atuh Nyai, da Euceu ge atos.
CEU EET JEUNG NYI AWIH NGALEOS BARI MAWA BALANJAAN.
CEU MIDAH   :  Eh eh, Nyai, artosna!
NYI AWIH – CEU EET: Kasbon, Ceu.
CEU MIDAH   :  Kasebelan, kasbon deui, kasbon deui. Nu mangkukna ogé acan dibalayar. Omat Jang Dadung mah kudu kontan nya, ulah kasbon.
DADUNG        :  Moal atuh Ceu, kuring mah cungcreng biasana ge.
CEU MIDAH   :  Nya geus beubeunangan ngojegna?
DADUNG        :  Ah acan. Tapi ari mayar kopi-kopi waé mah gampang Ceu.
CEU MIDAH   :  Sukur atuh ari kitu mah.
HAER JEUNG OHA DATANG.
DADUNG        :  Tah geuning aya anu rek mangmayarkeun kopi. Di dieu ngaropi heula.
HAER JEUNG OHA SILIH PELONG. GEK HAER DIUK. OHA MASIH KÉNÉH NANGTUNG HAREUPEUN WARUNG.
DADUNG        :  Ngopi heula atuh Cep Oha, Den Haer!
HAER              :  Ncap-Ncép, Ndan-Nden. Baku silaing mah ari geus aya kahayang mah. Teu boga duit uingna ge.
OHA                :  Antep lah, geuleuh lamun geus cunihin téh.
DADUNG        :  Duh hawatos teuing teu gaduh artos nya! Atuh moal tiasa neraktir sim kuring.
HAER TEU API-API TEU NGADENGE OMONGAN DADUNG
OHA                :  Sia anu karunya mah! (NYAMPEURKEUN CEU MIDAH) Aya anu amis tiis, Ceu? Mani asa hanaang kieu.
CEU MIDAH   :  Hempek éta téang aya naon atuh di dinya.
OHA KURAH KOREH KANA DAGANGAN.
CEU MIDAH   :  Tos ti marana atuh sarujang duaan téh?
OHA                :  Abdi mah tos nganteur Si Haer, Ceu.
CEU MIDAH   :  Nya tos ti marana?
OHA                :  Apanan tos ti Si Mbah.
DADUNG        :  Mbah Rewog?
HAER              :  Hayang nyaho waé silaing mah.
CEU MIDAH   :  Aeh naha tos naraon ti Mbah Rewog. Bangun-bangun aya anu penting.
OHA                :  Nyaéta apanan Ceu, Si Haer mah leungit waé duit.
DADUNG        :  Nya ceuk kuring ge, Ceu. Kuring mah lain saomong-omongna lain sabéja-béjana.
CEU MIDAH   :  Heueuh mani apalan jang Dadung mah.
DADUNG        :  Kumaha cenah ceuk Mbah Rewog téh?
HAER              :  Ah hayang nyaho waé.
CEU MIDAH   :  Kumaha cenah, jang. Kapanggih anu malingna?
OHA                :  Ah dasar Si Haer we atuh panasaran. Ari saur Mbah Rewog mah duitna téh da teu leungit. Aya di imahna KÉNÉH cenah.
CEU MIDAH   :  Aya, euweuh di imah?
OHA                :  Duka da acan ditéang deui.
HAER              :  Nyaéta Ceu, keur diinget-inget ku abdi ge. Ari ceuk Mbah mah cenah aya di kolong ranjang.
CEU MIDAH   :  Tah geuning aya raratanana.
HAER              :  Enya puguh bet panasaran. Tapi jongjon ogé Ceu kana kituna mah.
CEU MIDAH   :  Sukur atuh!
DADUNG        :  Tah bisa ayeuna mah mangmayarkeun cikopi kuring, Den!
HAER              :  Huntu!
JAJA DATANG BANGUN ANU LANGLAYEUSEUN. NU AYA MARELONG SEUKEUT.
JAJA                 :  Hayang sirop, Ceu. Mani haus kieu.
DADUNG        :  Ti mana euy, mani siga anu capé kitu?
OHA                :  Siga anu geus ngudag bangsat kitu mani laat-leet kesang.
JAJA                 :  Geuning Kang Oha terang.
HAER              :  Aya bangsat naon wayah kieu?
CEU MIDAH   :  Baruk aya bangsat?
DADUNG        :  Tah tah tah. Bangsat naon Ja, euy? Hayam? Entog? Meri? Piit?
JAJA                 :  Lain.
HAER              :  Begal motor? Atawa jambret?
JAJA                 :  Sanés!
OHA                :  Ari kitu bangsat naon atuh?
JAJA                 :  Kotak Amal Masjid leungit.
CEU MIDAH   :  Masya Alloh tabarokalloh. Naha teu sieun-sieuneun dosa gede kitu bangsat téh. Cik atuh maling mah ulah barang masjid.
DADUNG        :  Ka warung atuh ngabangsat mah nya, Ceu.
CEU MIDAH   :  Is ulah! Kumaha cenah Cep bangsat téh. Kapendak henteu?
JAJA                 :  Manawi, Ceu. Teu aya raratan.
CEU MIDAH   :  Éta atuh cobaan taros ka Mbah Rewog, ujang. Tuh geuning artos Jang Haer ogé kapendak cenah.
DADUNG        :  Tah bener  pisan, Ja.
JAJA                 :  Ah sieun musrik.
DADUNG        :  Eh lain musrik-musrik, apanan ikhtiar ngaranna ogé. Tuh buktina Si Haer ge duit anu leungit tea bisa kapanggih deui.
JAJA                 :  Leres kitu, Kang Haer?
HAER              :  Acan ari kapanggih mah. Ngan pedah aya tuduhna hungkul.
DADUNG        :  Tuh berarti bener, geus aya tuduhna mah. Sahenteuna kotak amal ogé bisa kapaluruh lamun aya tuduhna di mana di mendina.
CEU MIDAH   :  Geuning pinter jang Dadung téh.
DADUNG        :  Dadung tea atuh. Arék moal Ja? Hayu dianteur ku sayah. Keun demi kahadéan mah moal itungan sayah mah. Hayu. Ieu mah demi duit ummat.
JAJA                 :  Hayu atuh dianteur mah.
DADUNG JEUNG JAJA GEUWAT INDIT. HAER JEUNG OHA BATI OLOHOK. ARI CEU MIDAH GOGOROWOKAN.
CEU MIDAH:  Jang Dadung kopi teu acan dibayar!
DADUNG        :  (VO) Éta ku Cep Oha, Ceuh!
OHA                :  Teu sudi teuing ah Ceu, sina ngahutang we.
CEU MIDAH   :  Kumaha atuh diaranjukan waé. (NGALENGIS)
PANGGUNG POÉK.  MUSIK DITABEUH.

BAGIAN 3
LAMPU CAANG. SETTING GEUS ROBAH JADI HIJI ROHANGAN MBAH REWOG. TEMBONG MBAH JAMBRONG KEUR NYANGHAREUPAN PARUKUYAN. AYA MENYAN, KENDI, KEMBANG TUJUH RUPA, CAU, JSJB.
TEMBONG BIWIRNA KUNYAM-KUNYEM BARI MURULUKEUN MENYAN KANA PARUKUYAN.
MBAH             :  Ulung-ulung Sangkuriang kabeurangan. Datles…. Datles…. Datles. Cai tiis saliranti paniisan Siliwangi. Hurip…. Hurip….. Tiis…. Tiis…
DADUNG JEUNG JAJA TEMBONG DI SISI PANGGUNG. LAMPU NYOROT KA MARANEHNA.
MBAH             :  Saha arandika duaan anu di luar. Pek geura arasup saumpama boga pangabutuh ka kaula.
DADUNG        :  (MEH BARENG JEUNG JAJA) Sampurasun, Mbah.
MBAH             :  Rampes! Hiyap ka dieu!
DADUNG JEUNG JAJA ARASUP. GUK-GEK DARIUK HAREUPEUN MBAH REWOG.
DADUNG        :  Nyanggakeun salam pangabaktos, Mbah, sim kuring duaan seja tumolojog ka payuneun salira teu aya sanés iwal ti seueur kaperyogian.
MBAH             :  Heug! Salam pangabakti anjeun ditarima ku kaula.
DADUNG        :  Hatur nuhun, Mbah!
MBAH             :  Geura pok kainya naon anu jadi paneja arandika téh?
DADUNG        :  Anu gaduh karerepetna mah ieu Pun Jaja, Mbah. (NYIKU JAJA ANU BELAH-BELOH)
MBAH             :  Hempek caritakeun, Ujang! Naon anu jadi unek-unek téh?
JAJA                 :  Abdi téh leungit kotak amal masjid, mbah!
MBAH             :  Baruk? Ku saha dipalingna cenah?
DADUNG        :  Nu mawi Mbah ditaroskeun ka Mbah ge teu aya anu terang saurna mah.
MBAH             :  He, He, He! Sanggup nyumponan pasaratanana?
DADUNG JEUNG JAJA RUNGAH-RINGEUH.
JAJA                 :  Naon atuh saratna, Mbah.
DADUNG        :  Sumuhun Mbah, mamanawian tiasa kahontal kanggo ngayakeunana.
MBAH             :  Ha! Ha! Ha!. Alus ari kitu mah. Heug ku dewek ditataan hiji-hiji. Lamun perlu dicatet, catet!
DADUNG        :  Mangga, Mbah. Kaleresan abdi ieu sayogi pulpen mah, namung kertasna teu gaduh.
MBAH             :  (NGALUARKEUN KERTAS TINA HANDAPEUN TEMPAT DIUKNA) Pek tah mere kertasna.
DADUNG        :  Hatur nuhun, Mbah.
MBAH             :  Pek ayeuna geura catet.
DADUNG        :  Tulis, Ja!
JAJA                 :  (UNGGEUK BARI GASIK NYOKOT PULPEN JEUNG KERTAS) Naon waé Mbah?
MBAH             :  Heug. Kahiji, menyan putih sagendul. Kadua, Pendil dieusian ku cai tina tujuh curug, lamun euweuh pendil bisa diganti ku kendi. Katilu, kembang tujuh rupa. Opat kalapa hejo. Lima bakakak hayam jago anu can kungsi ngalaki. Tujuh endog hayam kampung tilu siki. Dalapan kertas anu aya gambar Pa Karto jeung Pa Hatta sapuluh lambar. Salapan Bako cap nona….
JAJA                 :  Euleuh geuning mani seueur.
MBAH             :  Loba KÉNÉH!  Éta mah pasaratan keur anu gaib. Aya deui pasaratan keur anu dohir.
DADUNG        :  Euleuh kutan aya bentenna, Mbah?
MBAH             :  Nu matak ajian-ajian kaula mah mujarab.
DADUNG        :  Yaktos, yaktos.
MBAH             :  Pasaratan anu kadua mah nyaéta keur anu dohir, kahiji, iket barangbang  semplak jeung kampretna katut pangsi. Kadua, hayam hirup sajodo, anu jawerna paranjang. Katilu, tali beuheung pulas koneng herang.
JAJA                 :  (NGAHAREWOS) Dung, moal kabedag keur ngayakeun pasaratanana ogé.
MBAH             :  Kumaha sanggup?
JAJA                 :  Kumaha atuh, Dung.
DADUNG        :  Har apanan Jaja anu boga bubutuhna ogé.
MBAH             :  Kumaha sanggup arandika duaan ngayakeunana? Montong sok silih tuduh!
DADUNG        :  Sa…. Sanggem, Mbah!
MBAH             :  (SEURI NYAKAKAK)
JAJA                 :  Dung? (MALIK KA MBAH REWOG) Abdi mah henteu, Mbah. Mangga, permios. (JUNG NANGTUNG, TEU ANTAPARAH DEUI BEREPET LUMPAT NINGGALKEUN ÉTA TEMPAT)
MBAH             :  (KAGET. TAPI TULUY SEURI) Andika sorangan anu sanggup ngayakeun sagala pasaratanana!
DADUNG        :  (KAWEUR. GUGUP. BEREBET LUMPAT) Ampun, Mbah teu sanggem.
MBAH             :  (AMBEK) Bangkawarah pejuh jaman kiwarin. Montong sok los-los ka dieu teu garableg kaera mah.
MBAH REWOG JAJAMPEAN DEUI. TULUY MURULUKEUN MENYAN KANA PARUKUYAN.
LAMPU BLACK OUT:
BAGIAN 4
LAMPU CAANG. SETTING PANGGUNG NEMBONGKÉUN HAREUPEUN MASJID DINA BAGIAN KA HIJI. BABAN MASIH KÉNÉH MENEKUNG DI JERO SOK SANAJAN SUSAH PIKEUN NEMBONGKÉUNANA. TEU LILA TI HARITA JAJA JEUNG DADUNG DATANG HARIWEUSWEUS.
DADUNG        :  Cilaka mun seug tadi teu geuwat lumpat. Manéh anu teu eucreug mah ah, ngadon ninggalkeun.
JAJA                 :  Nyao ah. (LUAK-LIEUK KAJERO) Kang Baban! Wah ieu yeuh aya ku teu adil. Batur kuar kieur ka ditu kadieu nenéangan bangsat ieu ngadon ngahenen di jero Masjid.
BABAN            :  (KALUAR TI JERO) Keke, datang-datang ngadon parasea, ngadon kukulutus ka kuring deuih. Aya naon ieu téh? Mana kotak amalna kapanggih?
JAJA                 :  Aya naon, aya naon. Mana kotak, mana kotak. Kang Baban tah taya gadag pisan. Euweuh pisan ikhtiar, lain aya kadua mantuan indit néangan.  Euweuh gawéna pisan batur riweuh ikhtiar téh.
BABAN            :  Kelanan nyarios téh, kasép! Naha da kuring ogé mantuan.
JAJA                 :  Mantuan ti mana horeng, ti tatadi ngalelengkur di jero masjid. Nilik kana kieu mah, geus rek samet dieu kuring mah mantuan Kang Baban di Masjid téh.
BABAN            :  Aeh aeh, naha tepi luluasanan kitu éta téh.
JAJA                 :  Atuhda kesel, kuring mah asa diperlakukeun teu adil.
BABAN            :  Teu adil lebah mana, Jaja?
JAJA                 :  Teu adil lebah mana, Jaja? (NGALELEWE)
BABAN            :  Yeuh dangukeun, ulah sok belikan. Naha pedah kuring cicing di Masjid disangka teu gawé?
JAJA                 :  Moal aya anu usaha cicing. Usaha nanahaon éta?
BABAN            :  Apanan dibagi tugas. Jaja jeung hansip anu miang. Éta geuning Jaja dibaturan ku Jang Dadung.
JAJA                 :  Ari Kang Baban?
BABAN            :  Akang di dieu anu menekung ngadu’a ka Gusti Nu Maha Suci, supaya usaha jeung ikhtiar Jaja sabatur-batur hasil tur digampilkeun.
JAJA                 :  Wah ngadu’a mah gampang. Nyaho kitu mah kuring we ti tadi téh anu ngadu’a. Yeuh kuring ogé bisa ngadu’a mah, sok hayang du’a anu kumaha? (PEPÉTA KAWAS ANU REK MUJASMEDI).
DADUNG        :  Naha geuning ngadu’a téh siga anu arék pencak silat?
DAUNG JEUNG BABAN NAHAN PISEURIEUN.
JAJA                 :  Manéh mah tara ngadu’a meureun, Dung. Ieu téh tatacara supaya urang husu dina ngadu’ana. (PEPÉTA DEUI KAWAS TADI)
DADUNG        : Maenya aya ngadu’a siga arék gelut.
JAJA                 :  Eh sugan hayang dihabek! (MOLOTOT KA DADUNG)
BABAN            :  Heup! Heup!
DADUNG        :  Ampun, Ja, ampun!
BABAN            :  Ulah sok ngaheureuykeun du’a, Jaja. Barina ogé du’a mah teu kudu pepéta, tapi urangna anu husu mah, hatena ulah kamana mendi.
JAJA                 :  Bongan Kang Baban pikasebeleun, batur gawé nenéangan barang anu leungit ieu kalah menekung cicing di jero masjid.
BABAN            :  Nya lamun hal éta ceuk Jaja salah, hampura atuh. Sing gede-gede ngahampura da ari jalma mah tempatna poho jeung salah.
JAJA                 :  Tapi poho jeung salah téh lain hartina urang ngahajakeun.
BABAN            :  Nya lain hartina kitu. Hampura atuh!
DULA JEUNG DULÉH DATANG BARI KAWAS ANU GALUMBIRA. MAKE JEUNG TETEMBANGAN SAGALA. TEMBANGNA MAH BEBAS KUMAHA ANU MERANKEUN. DINA LEUNGEUNNA RANGGEM KU BABAWAAN: BOGÉM, BESEK, KERESEK.
JAJA                 :  Heup! Heup! Mani asa ngadenge kaleng ditajongan euy nyanyi téh. Ku naon silaing duaan téh, kasurupan heh?
DULAH JEUNG DULÉH SILIH PELONG.
DULÉH           :  Euh! Teu apaleun keur bungah nya, Kang!
DULAH           :  Enya! Yeuh kuring duaan mah rek bagi-bagi rezeki, bagi-bagi kabungahan.
DADUNG        :  Walah bener euy ieu mah mawa berekat mani loba. (NYAMPEURKEUN DULAH JEUNG DULÉH)
JAJA                 :  Nanaonan ieu téh? Ngadon bagi-bagi rezeki, bagi-bagi kabungahan. Mana kotak amal, mana? Kapanggih bangsatna?
DULÉH           :  Kotak amal?
JAJA                 :  Kotak amal masjid. Apanan silaing duaan téh dititah néangan kotak amal masjid,  naha balikna ngadon babawaan anu kieu patut. Kotak amalna mana?
DULÉH           :  Alah poho!
DULAH           :  Euleuh néangan kotak amal nya?
JAJA                 :  Masya Alloh tabarokalloh naha teu inget tugas silaing duaan téh mantuan kuring néangan kotak amal?
DULAH           :  Emut, emut!
JAJA                 :  Terus ayeuna?
DULAH           :  Muhun abdi téh nuju bade milairan maling kotak amal tea saréng ieu Si Duléh, di parapatan jalan aya janur melengkung.
JAJA                 :  Tuluy?
DULAH           :  Nya dituturkeun we éta janur téh. Ari pek téh geuning aya anu hajat di dinya téh.
BABAN            :  Wah barabe atuh Mang milarian bangsat kanu hajat mah.
DULAH           :  Ah da ciosna mah henteu milarian bangsat, Cep!
JAJA                 ;  Nanaonan atuh?
DULAH           :  Tunggu anu hajat we! Tah ieu buruhna. (NGASONGKÉUN BABAWAAN)
BABAN JEUNG DADUNG NAHAN PISEURIEUN DEUI.
JAJA                 :  Tobat, Gusti. Manusa téh mani euweuh anu sahulueun.
DULAH           :  Punten atuh, Cep, da kumaha parantos naluriah salaku hansip upami aya kariaan téh asa gaduh tugas.
JAJA                 :  Heueuh ari kana kariaan asa boga tugas, ari kanu kamalingan dipopohokeun.
DULAH           :  Punten Cep teu aya maksad ka dinya. (NGARERET KA DULÉH) Manéh tah anu mirucaan!
DULÉH           :  Mangga atuh pami bade dibuka mah berekatna. Simpen di dieu waé nya! (BRU NYIMPEN BABAWAAN DINA TERAS MASJID LAJU DIBUKAAN HIJI-HIJI)
DADUNG        :  (NYAMPEURKEUN) Cik Mang Duléh, abdi mah hoyong ieu ah, ali agremna mani kareueut kieu!
BABAN            :  (NYAMPEURKEUN) Aya peuyeum kétan hideung, Mang?
DULAH           :  Mangga atuh ngaleueut, Cep! (NAWARAN JAJA)
JAJA NGADON NGAGANGGALOK, LIEUR KU KAAYAAN. SEDENGKÉUN ANU LAIN BALAKECRAKAN. KEUR KITU JOL PA HAJI NYAMPEURKEUN KALUARNA TÉH TI PIPIR MASJID.
PA HAJI          :  Assalamualaikum!
SARÉREA        ;  Waalaikum salam,
BABAN            :  Eh Pa Haji, ngaleueut Pa Haji.
PA HAJI          :  Alhamdulillah keur murak berkat. Aya rezeki ti mana? Naha geuning Si Jaja mah teu miluan curak-curak malah kawas anu keur sedih?
DULÉH           :  Alhamdulillah, Pa Haji, berkat tinu gaduh hajat di lebak.
PA HAJI          :  Syukur atuh aya rezeki sarérea. Ari Jaja ku naon teu milu ngariung? Teu diajakan?
JAJA                 :  Sanés, Pa Haji.
PA HAJI          :  Har ari kitu?
JAJA                 :  Hapunten, Pa Hji, hapunten!
NYIEUM LEUNGEUN PA HAJI SABABARAHA KALI. SARÉREA NGEUREUNKEUN CAPÉK RAHEMNA, MELONG KA JAJA.
PA HAJI          : Ke ieu téh asa jadi teu kaharti. Hampura kunaon atuh, rarasaan mah Jaja teu boga dosa ka Pa Haji?
JAJA                 :  Muhun hapunten, Pa Haji, hapunten!
PA HAJI          :  Enya dihampura, tapi dihampura tina dosa naon heula Jaja téh kudu sing puguh!
JAJA MELONG KA BABAN. NU DI PELONG TUNGKUL. JAJA MALAH CEURIK NGAGANGGALOK.
PA HAJI          : Aeh aeh, naha ngadon ngaganggalok.
BABAN            :  (NANGTUNG NYAMPEURKEUN PA HAJI) Abdi anu lepatna mah Pa Haji!
PA HAJI          ;  (OLOHOK) Har itu geura, aya naon ieu téh!
BABAN            :  Hapunten, Pa Haji.
DULA JEUNG DULÉH NYALAMPEURKEUN, SARUWA DEKU HAREUPEUN PA HAJI BARI CUMALIMBA MENTA DIHAMPURA. PAMUNGKAS ANU MENTA DIHAMPURA TÉH DADUNG, SARUWA DEUIH DEKU.
PA HAJI MAKIN KAGET.
PA HAJI          :  La ilaha illalloh, naha baroga dosa naon ieu barudak téh atuh.
JAJA                 :  Hapunten, Pa Haji abdi anu lepatna mah.
BABAN            :  Abdi kétang Pa Haji anu lepat.
DULAH           :  Abdi anu lepat, Cep Baban saréng Jaja mah teu lepat.
DULÉH           :  Abdi anu lepat, Kang Dulah mah henteu.
DADUNG        :  Abdi mah gaduh dosa Pa Haji…
SARÉREA KAWAS ANU PAREBUT NGAKU DOSA.
PA HAJI          :  Heup heula. Cik saurang atuh anu nyaritana, mani asa lieur.
BABAN            :  Jaja waé anu nyarita.
JAJA                 :  Kang Baban we atuh.
PA HAJI          :  Kalah silih tunjuk. Cik Jaja anu ngomong atuh!
JAJA                 :  Tapi Pa Haji kedah ageung-ageung ngahapunten.
PA HAJI          :  Gumantung kana dosa jeung henteuna.
JAJA                 :  Tuh nya, alim atuh ah, Kang Baban waé anu nyarios.
PA HAJI          :  Naha make jeung embung, yeuh ari dosa mah lain manusa anu ngahampura, tapi Alloh azza wa jalla. Hempek ulah sieun, Pa Haji mah moal burung ngahampura.
JAJA                 :  Ah Kang Baban waé anu nyariosna.
PA HAJI          :  Eh ari nanaon téh sok kumeok memeh dipacok. Sok atuh Baban anu nyarita.
BABAN            :  Euh,,, (NGAHULENG) Perkawis ieu Pa Haji, (MIKIR DEUI) Kotak amal….
PA HAJI          :  Ruksak koncina….?
BABAN            :  Sanés, Pa Haji.
JAJA                 :  Leungit, Pa Haji….hoaaaa…. (CEURIK NGAGANGGALOK KAWAS BUDAK)
PA HAJI          : Lailaha illalloh éta Si Jaja ngadon kanyenyerian kawas budak.
JAJA                 :  Hapunten abdi teu tiasa ngajagana Pa Haji, kotak téh aya anu maling.
BABAN            :  Hapunten abdi ogé Pa Haji teu tiasa ngajagi.
DULAH           :  Hapunten abdi Pa Haji, abdi ogé teu eucreug milarian bangsatna,
DULÉH           :  Muhun Pa Haji, hapunten
DADUNG        :  Hapunten abdi mah malah ngajak milarian téh ka pananyaan Mbah Rewog Pa Haji.
PA HAJI          :  Masya Alloh mani rariweuh pedah kotak amal euweuh dina tempatna? Naha lain bébéja atuh ka Pa haji.
JAJA                 :  Inggis Pa Haji bendu. Apanan artos ummat kotak amal mah.
BABAN            :  Muhun Pa Haji.
PA HAJI          :  (GOGODEG) Mun mah maraneh téh bébéja ka Pa Haji, meureun moal riweuh kawas kieu. Yeuh kotak amal mah henteu leungit.
KABEH NGARENJAG. JAJA TEU PERCAYA.
JAJA                 :  Ical Pa Haji, teu aya di tempatna, kawasna mah aya bangsata.
PA HAJI          :  Henteu, Jaja, jung téang ka tempatna.
BABAN            :  Leres éta téh Pa Haji? (BERENGBENG MANÉHNA LUMPAT KA TUKANG TEU KUNGSI LILA BALIK DEUI BARI MAWA KOTAK AMAL). Enyaan aya deui.
PA HAJI          :  Da memang henteu leungit.
JAJA                 :  (OLOHOK) Naha kamana atuh ari tadi?
PA HAJI          :  Apanan koncina ruksak, ku Pa Haji kotak téh dibawa ka imah dibenerkeun heula. Tuh ayeuna mah geus alus deui apanan. Tah Pa Haji kadieu téh nganteurkeun deui kotak rek sakalian mikeun koncina (NGODOK SAKU NGALUARKEUN KONCI) Bongan maraneh datang-datang Pa Haji ngadon dicareungceurikan.
DULÉH           :  Ah Jaja mah ngaririweuh batur.
DULAH           :  Enya ah Jaja mah ngalieurkeun.
DADUNG        :  Euh sugan téh bener aya bangsat maling kotak amal.
JAJA                 :  Hampura atuh da kuring ge teu apal.
PA HAJI          : Nu matak lamun aya nanaon téh dikomunikasikeun supaya puguh juntrunganana. Geus ayeuna mah ulah careurik angguran tuluykeun barang daharna.
DULÉH           ;  Ah kakaren tinu hajat mah rek bawa ku kuring kabehna ogé, moal dibere Si Jaja mah. (RIKAT NGAJEWANG BABAWAAN ANU BACACAR DINA TERAS MASJID)
SARÉREA        :  Euh dasar jelema rewog.

TAMAT
Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com