Thursday, October 19, 2017

BANDUNG RARATAN INDUNG

Carpon tina Residensi Sastra Seni Bandung#1 2017
Ku Iwan M. Ridwan
Cipanon anu ngeclak teu matak tiis kana hawa anu beuki nyongkab. Jajuheun bisa ngalantiskeun taneuh atawa hatè anu ngahgar. Cimata anu murubut tina panonna teu ieuh mawa katingtriman sabab puguh ogè lain cimata bagja. Boa sauumur dirina mah mèmang teu kungsi cumalimba alatan bagja. Saban cimata anu ngeclak tèh sakabèhna ukur bukti tunggara. Ngarakacak jero hatèna. Lir anu nyasaak sabeuleugeunjeur awakna.
“Dèvita, ka mana atuh hidep tèh?” gerentes hate Cicah satutas bèak dèngkak maluruh raratan nu jadi suawana ka saban imah anu kungsi sosobatan jeung dirina.
Cicah nikreuh mapay sapanjang jalan anu duka teuing gang ka sabaraha puluhna. Saban nu ting rariung disampeurkeun, nu pasalia ditanyaan, ditalèk kungsi panggih atawa henteu jeung anu ditèanganana. Sakapeung nèmbongkeun gambar nu keur ngajungjungkeun halis sabeulah jeung ngaluarkeun tungtung lètah dina layar hapèna.
“Teu kantos ningal abdi mah, Ceu,” ceuk tukang warung.
Sukuna nikreuh deui mapay jalan gang anu beuki pabeulit. Nyusur-nyusur lulurung dayeuh Bandung. Hègak napasna geus kawas jalma anu ngalalana aya kana poèna. Padahal mah saban pasosorè nyelangan heula mulang. Ngumpulkeun tanaga pikeun lunta satuluyna.  Elak-elakanana geus hanaang bakat ku lila nyusur jalan. Sedeng panon poè kawas anu teu mirosèa ka nu keur ngungun handapeunana. Ngitung lèngkah anu geus aya kana rèbuna.
Cicah anjog ka tungtung gang. Handapeun gapura anu di luhurna ngajega manuk galudra. Jalan but-bat ngulon ngètan. Pagegek ku mangpirang kendaraan. Sahèng lir gumuruhna hatè Cicah anu pagaliwota. Luhureun antrian patalimarga tèmbong kawas seuneu ngabebela. Pulas hèrang. Mawa hawa panas ka unggal waruga anu kumelendang sabudeureunana. Cicah ngulincer nyeukeut-nyeukeut paneuteupna. Saban nu ngalanto teu welèh ditekek-telek. Mangsa paneuteupna anjog ka lebah parapatan handapeun tihang lampu stopan, panonna tidengo-dengo. Ngawaskeun barudak nu keur tinglalimbung bari teu puguh naon anu keur diparèbutkeunana. Hayang nyidikeun, Cicah ngalèngkahkeun deui sukuna anu geus karasa lèklok. Hayang ècès saha-sahana nu keur tingrariung dina trotoar.
Rigig anu tingrariung tèh teu dipiwanoh ku panènjona. Taya saurang-urang acan anu kungsi kaeuntreupan paneuteupna.  Welèh. Anu parèbut tèh kiwari keur tingcakakak nyaleungseurikeun salah saurang di antarana anu tèmbong jamotrot. Kètang boa nyaleungseurikeun nasibna anu teuing kumaha. Atawa nyaleungseurikeun anu keur luh-lah jero kendaraanana. Ting kulutus ngajejelèh macèt. Boa deui nyaleungseurikeun sora-sora anu kaluar tina klakson reujeung knalpot.
Nitènan anu tingcakakak tèh Cicah bet ras ka nu keur ditèanganana. Moal banè umurna jeung anu keur galumbira. Umur nincak kelas hiji SMA anu keur meujeuhna hayang sagala nyaho hayang sagala kaalaman. Ngan lebah rigigna anu moal saruwa tèh, sasatna anu ditèanganana mah sakanyahona teu kungsi icikibung jeung barudak anu ngadaragoan lampu beureum. Èstuning taya ulat gogonjakan. Taya urat tingcorowok jeung pada baturna anu sakapeung tina bahamna kalaluar ngaran sasatoan.
Carang takol jeung teu kungsi cumarita lamun boga kahayang ogè manèhna mah. Kawas indungna anu geus leuwih tiheula miang ka alam kalanggengan. Kawasna mah gedè rumasa. Hirup nyiruruk jeung nu jadi aki katut uwana. Padahal boh akina boh uwana tara ieuh ngahirab-hirab anu araya di imah. Tong boro dirina anu geus pahatu lalis, Tèsya anu masih aya indung bapana ogè teu diwilah-wilah. Cul di èyangna, dirorok ku bibina anu papada mihapèkeun diri. Nya kolot-kolot bibina ogè kitu. Pada-pada apilain ka barudakna. Nu matak nurun ka anakna anu kiwari kawas keur sarenang-senang paduduaan. Pamustunganan imah anu teu kurang legana tèh karasa sumpek sabab pagegek.
Cicah minangka anak anu ngabakti ka kolotna anu geus nyorangan. Hirup jeung salaki di èta imah. Ngurus barudak anu kari opatan deui. Anak pituinna dua reujeung suwanna anu duaan deui, Dèvita katut Ramzi sabab nu jadi lanceuk-lanceukna mah geus nyaliar kasab sorangan di luar kota. Rini anu jadi dulur misanna mah teu pati diperhatikeun sabab geus kawilang dewasa jeung araya kènèh indung bapana. Nu matak geus bisa ngurus Tèsya alona ogè. Teu kawas Dèvita reujeung Ramzi anu ti keur leutik dirorok ku dirina anu umurna teu geseh jeung Dandin katut Irèn, anakna pituin. Ramzi mah dirorok ti keur orok beureum sabab indungna tilar dunya mangsa ngalahirkeun dirina.
Ibu, jangan pergi, Bu!” sora Dèvita mangsa umur opat taun masih ngalanglaung dina ceuli Cicah. Ceurikna mani eurih-eurihan. Ku sarèrèa diupah-apèh. Sarèrèa ngarèrèpèh. Najan dina enas-enasna saban jalma ogè ngarèrèpèh dirina sèwang-sèwangan.
“Ibu, aku ikut, Bu!” Dèvita bangun anu geus ngartieun indungna bakal ninggalkeun dirina pikeun salalawasna.
“Ibu mah ka surga, bageur. Engkè ogè urang bakal ngiring!” Cicah ngabèbènjokeun.
Sababaraha minggu mah budak tèh teu welèh nyanyambat nu jadi indungna. Teu daèkeun disambat ku sasaha kitu deui ku nu jadi bapana sabab arang langka aya di imahna. Kurang wanoheun matak kitu ogè.  Duka teuing naon anu bisa ngalantarankeun dirina pohoheun ka indungan tèh. Boa kiwari ogè teu kungsi pohoeun.
Ti saprak harita budak tèh teu pati bèrag kawas samèmèhna. Dahar jadi suda, sarè kurang tibra. Meus-meus ceurik komo tengah peuting mah, kawas anu manggih kanyeri. Jajauheun bisa ulin kawas budak sèjèn, kahayangna ukur diaais. Pamustunganana budak tèh gering tepi ka dirawat di rumah sakit. Cicah anu jadi gaganti indungna, bet ngarasa leuwih nalangsa tinimbang anu jadi bapa tegesna.
Nyaksian kaayaan anak sarupa kitu tèh bapana bet kalah lunta. Cenah rèk nyiar napakah keur nu jadi anak-anakna. Duka teuing ka mana ka mendina mah sabab teu ieuh bukbrak ka nu jadi kulawarga. Sabulan dua bulan teu kungsi balik. Pleng tepi ka barudakna geus sawawa teu kungsi katèmbong cukang irung-cukang irungna acan. Jajauheun bisa ngabayuan nu jadi anak-anakna. Kungsi nu jadi akina budak maluruh raratanana, tapi lebeng manèhna teu manggih raratan. Teu bèja teu carita. Palangsiang kumaha onam di pangumbaraan. Pamustunganana kulawarga lèah hatèna pikeun ngurus barudakna. Teu ieuh ngarep-ngarep bapana, sabab dina pamustunganana ukur ngarep-ngarep kalangkang riwan dina mentrangna panon poè dayeuh Bandung anu salalawasna nyongkab. Lir anu teu kungsi iuh.
Poè sapapanjangna bayeungyang keur Cicah mah. Ninggang dina kaayaan saruoa kitu cacakan nèangan raratan lain nu jadi anak pituin, hatèna teu bisa jolèdar kitu waè. Dirina teu bisa ngawilah-wilah mana anak teges mana anak anu holna lain tina rahimna. Nu matak ceuk pangrasana lamun teu inget kudu nyumponan kawajiban sèjèn di imah mah moal hayang mulang sapanjang tacan aya raratan. Turug-turug hapè anu sapopoè dikeukeuweukna geus teu nyawaan. Palangsiang matak melang nu di imah. Pamustunganana bari jeung luak-lieuk nèangan raratan Cicah ngalèngkahkeun sukuna seja mulang. Mapay-mapay jalan gang anu kungsi diliwatan.
“Batagor, Ceu Cicah?” Ceuk hiji sora.
Cicah mèh-mèhan ngarènjag sabab èta sora tèh aya ti satukangeun roda batagor anu ngageuleuyeung lebah pèngkolan gang. Nyaksian Cicah kawas anu teunggar kalongeun tèh tukang batagor nyèrèngèh bari ngajungjungkeun tak-takna.
“Ceu, Nèng Dèvi mah tos muih,” ceuk tukang batagor.
“Nu bener siah, Udi?”
“Daèk medu, Ceu. Daèk mintul parabot,”
“Nyao, ah!” Cicah gagancangan muru ka imah anu geus kari sababaraha puluh suhunan deui.
Jog ka imah kasampak Dèvita keur di rohang tengah. Gigireun akina anu pada-pada nyanghareupan tipi. Meus-meus akina kadèngè ngagelendeng najan semu leuleuy. Ari anu digelendengna ukur ngahintul bari ngeluk. Cicah teu waka nyampeurkeun. Manèhna nyerangkeun tina lawang panto dapur. Hatèna mah teu burung atoh nènjo budak balik deui ka imah. Rohang dina jero hatèna anu molongpong tèh ngadadak aya nu ngeusian deui. Ceuk pikirna moal waka ditanya itu ieu sabab bisi kumaha onam. Kojèngkang manèhna ka kamar cai rèk wudu sabab di luar geus kadèngè adan magrib mani rèang.
Sareureuh isa, Cicah ngahaja nyampeurkeun ka kamar Dèvita. Pantona dibuka, brèh Dèvita keur ngahèrang. Dina palipisanana tèmbong aya anu baseuh parat kana puhu ceulina. Cicah geuwat nyampeurkeun.
Nènjo aya nu asup ka kamar, Dèvita malikeun awakna. Nyangigir nonggongan panto kamar anu  dibuka ku Cicah. Beungeutna nyulusup kana guguling anu ditangkeupna.
“Dèvita,” Cicah mimiti nyambat. Gèk manèhna diuk dina biwir risbang anu dipakè nyangsaya ku Dèvita.
Anu disambat teu ieu nèmbalan. Kawasna mah mèmang teu hayang nèmbalan. Karasaeun dina genggerongna aya anu beurat. Nyelek. Kawas keur neureuy catang bobo.
“Ti mana Dèvita tèh?” Cicah mimiti nalèk.
Sakedapan mah jempling. Cicah ngadagoan anu ditanya nèmbalan. Tapi anu diarep-arepna kawas anu teu mireungeuh. Duka api-api teu ngeuh. Katènjo sarèrètan ukur ngadedempès. Cicah narik napas panjang. Kawas anu ngarahuh jero hatèna.
“Bu Rinda kantos ka dieu sarèng Pa Hèndi,” reug heula eureun. Satutas ngarènghap Cicah nuluykeun deui omonganana.
“Wali kelas nya, Bu Rinda tèh. Pa Hèndi mah saurna guru bèpè,” Cicah eureun deui sakeudeung.
“Naroskeun Dèvita,” Cicah ngahuleng. Kawas anu keur mikiran piomongeun. Sanggeus sababaraha lila pok deui.
“Saur Bu Rinda nembè ogè ngawitan sakola tèh naha tos tara lebet, melang bisi teu damang saurna mah,” Cicah mimiti medar carita. Tapi satutas kitu tèh jempling deui.
“Dèvita teu uih dua minggu tèh Uwa mah asa teu napak,” simpè deui.
“Melang,” pokna deui. Ayeuna mah semu ngarèrèt ka nu keur nyangkèrè bari nangkeup guguling.
“Na tos ti mana atuh Dèvita tèh?” Cicah neuteup anteb kana beungeut Dèvita anu tèmbong kawas keur jararuh panineungan.
Sajongjongan mah teu ditèmbalan ku Dèvita. Rèt manèhna neuteup. Nyanghareupkeun beungeutna. Panonna neuteup seukeut beungeut Cicah. Pok mah acan.
“Ti mana waè, Bageur?” Cicah anu nanya deui. Sababaraha lila manèhna ngadagoan jawaban.
“Ari surga tèh di mana, Wa?” Dèvita kalah malik nanya.
Sontak Cicah ngarasa hèran. Manèhna kerung.
“Naha naroskeun surga, bageur?”
“Saur Uwa, Ibu aya di surga.”
“Teras Dèvita milarian Ibu?”
Nu ditanya teu nèmbalan. Sajongjongan mah duanana pada-pada ngangon kasimpè.
“Saur batur mah Bandung tèh kota surga,” Dèvita ngarènghap bangun anu hayang minuhan bayahna.
“Saha batur tèh bageur?” Cicah neuteup seukeut kana beungeut Dèvita. Tapi kitu baè anu ditanya tèh kawas anu suda pikeun ngajawab. Samalah kalah nanya deui.
“Saur Uwa, Ibu aya di surga. Di mana, Wa? Di Bandung palih mana?” pokna neuteup seukeut.
Paneuteup Cicah wowotan ku paneuteup anu kawas nganaha-naha. Berebey tina panonna aya anu nyeremih. Bedah teu bisa dipondah. Leungeunna mimiti ngaragamang kana sirah Dèvita. Lalaunan diusapan. Celengok dicium. Hatèna kebek ku karupek. Dina batinna bet nyangkaruk rasa salah anu tohaga. Dirina bet nganaha-naha teu bisa jadi tempat panglumpatan pikeun barudak anu hirup salulut jeung dirina. Disebutkeun teu adil meureun kana kituna. Sabab èta anu cenah karasa ku Dèvita ceuk sobat-sobatna. Horèng kanyaah anu ditamplokeun ka saban nu araya tèh bèda katampana ku Dèvita mah. Bèda jeung anu katampa ku Irèn katut Dandin. Geuning anu jadi lanceuk-lanceukna ogè kalah birat. Narèangan katingtriman sèwang-sèwangan. Katingtriman anu duka teuing kumaha bungkeuleukna.
Sirah Dèvita diusapan deui. Celengok dicuim deui taarna. Budak tèh tèmbong peureum kawas anu keur nyorang alam pangimpian atawa alam sèjèn anu can kungsi kasorang ku sasaha. Sajongjongan mah Cicah ukur cindekul ngawaskeun nu keur nyangsaya kawas anu teu walakaya. Rèt kana jam dinding anu ngabigeu dina tèmbok kamar. Geus jam sapuluh. Budak anu keur disanghareupanana kawas anu geus teu ingeteun aya dihareupeun Cicah.
“Geus tibra kawasna mah,” hatè Cicah ngagerentes. Tuluy ngojèngkang ka luar ti kamar Dèvita.
Peuting tèh kawas anu dipapaèsan ku mangpirang lalakon ahèng. Paguneman jeung Dèvita mawa bangbaluh pikeun Cicah. Saha anu geus mawa suanna kana alam pipikiran sarupa kitu? Jeung saha anu majar ieu dayeuh tèh sawarga. Meureun keur sawatara urang mah sawarga dunya anu bisa henang-hening bari jeung suka bungah. Meureun kitu sotèh keur maranèhna anu teu kungsi nincak jalan kahirupan anu tarahal. Mangpirang patalèkan antukna balawiri dina sirahna. Jajap lelembutanana ka alam pangimpian. Pamustunganana kagareuwahkeun ku nu jadi salakina anu ngaguyah-guyah nitah hudang wanci subuh.
“Mah, gugah. Dèvita geuning tos teu aya deui di kamarna!”

Seni Bandung #1, Oktober 2017
Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com