Saturday, November 2, 2013

DOORPRIZE


Galura, Edisi II Nopember 2013
 (Iwan M. Ridwan)

Sabari ngaboséh téh teu weléh babacaan. Wiridan sabisa-bisa. Mapatkeun élmu panemu jampé anu tara dipaké. Sakapeung kawas anu ngobrol sorangan. Bubuhan ngagerendeng ka Gusti Nu Maha Suci. Muntang keming ka Mantenna. Éstuning waktu éta mah kawas anu sumerah pisan. Masrahkeun sagala kahayangna ka Gusti Robbul’ijati. Diajak ngobrol ku Sandi gé bet kawas anu teu mireungeuh. Rék ngajawab bet kudu rungah-ringeuh heula. Padahal ti mimiti start mula teu kungsi jauh.

“Kumaha?” pokna bari rada nyengir nahan sorot panon poé isuk-isuk.

“Beurang teuing euy start téh. Kéna-kéna pajabat. Tapi da lamun subuh-subuh teuing asa ngéwa. Maénya aya pajabat rebun-rebun geus singkil. Siga anu rék nyadap kawung ka leuweung meureun.” Sandi nyelang seuri. “Lumrahna ogé pajabat mah datang pangahirna, urang-urang anu ngadaragoan bari ngawilujengkeun. Tepak deku téa geuning.” Sandi ngahéhéh. Panon anu sipit téh témbong kawas anu peureum. “Pajabat di urang mah ménak, dimémén diénak-énak. Kira-kira pihartieunana mah jalma anu biasa dilayanan, dicumponan sagala kabutuhanana, dilaksanakeun sagala panitahna. Lain jalma anu anu biasa gawé ripuh, biasa tangginas, asruk-asrukan kanu bala, komo papanasan di sawah mah…”

“Sirik manéh téh?” Pokna. Ti dituna mah minangka nembalan. Kituna téh bari jeung nincak pedal satarikna. Dius manéhna ngajauhan.

“Euy….! Dagoan!” Sandi ngagorowok bari satékah polah ngagilekeun sapédahna néangan lolongkrang jalan tina sapédah-sapédah séjén. Soloyong ngadeukeutan Rifki. Anu diudag témbong ngoperkeun gigina bari babalicetan. Tungtungna mah kawas anu babalapan.
***

Beuki nongtoré basa anjog ka gerbang finish téh. Anu rék arasup beuki ngagimbung. Menet kabéh dina lawang gerbang.

“Euh aing mah. Teu indit teu asup. Angger wé pasesedek.”

“Sabar wé Ki, kita menikmati suasana pasesedek. Urang sakalian ngadeukeutan anu geulis.” Sandi rada ngaharéwos, kituna téh bari jeung rada gumasép.

“Haha. Baku manéh mah. Paling gé nyamos deui waé. Cenah wé hayang geura-geura boga piindung-budakeun, ari kalakuan heureuy waé. Rék kumaha percayana atuh ari ngan ukur heureuy mah.”

“Is, pan prosés ieu téh.” Cenah semu nu éra. Tapi kituna téh bari jeung pepeta pinuh harepan.

“Sok atuh buktikeun!” Rifki nangtang.

“Ah sok ngadadak sombong ari dina masalah nu kieu mah!”

“Éh! Bukti urang mah.”

“Acan. Sagala gé kudu sobar jeung  tawakal. Ikhtiar. Kasab jeung saréat.” Sandi embung éléh.

“Enya lah. Pék baé….” Rifki teu kebat ngomongna.

“Aduh! Aduh!.... awh…!” rampéol. Gubrag. Sapédah Rifki milu ngaguling katindihan sapédah anu cik kénéh aduh-aduhan. Aki-aki anu maké kacapanon hideung anu ngadupakna mah teu riuk-riuk boga dosa. Tonggoy wé. Malah gura-giru hayang geura asup ka lawang gerbang.

“Punten, Kang!” cenah. Rumasa dosa. Padahal sidik manéhna mah ukur jadi korban katubruk aki-aki.

“Kadé atuh, Néng. Ati-ati. Teu kunanaon?” Sandi rikat ngahudangkeun nyimojang anu nindihan sapédah Rifki.

“Henteu, Kang. Punten.” Cenah neuteup Rifki. Sandi mah teu ditolih. Nyi mojang tuluy gura-giru jeung pada baturna. Kaparengan harita téh geus anjog ka lawang gerbang. Rifki jeung Sandi teu éléh segutna paséséréd hayang nurutan asup.

Di jero Balé Kota panggung geus mimiti kadéngé tatabeuhan. Émsé anu ti isuk geus norowélang téh meureun keur ngaraso heula di ténda, sabab teu témbong irung-irungna acan. Ah boa kahalangan, jalma sakitu mani nyaeurna. Nu jarogéd hareupeun panggung beuki maceuh. Surak ambal-ambalan waktu biduan némbongkeun jogéd kojona. Enya bapa-bapa anu kitu téh. Anu ponyo pogot kana dangdut.

Rifki jeung Sandi milih cicing handapeun tangkal caringin. Nyérangkeun ti kaanggangan. Teuteupna norobos ngaliwatan lautan manusa.

“Urang mah hayang mobil euy. “Sandi muka omongan. “Motor gé hayang kétang.” Pokna deui sangeus sababaraha lila teu meunang réspon ti Rifki. “Sapédah gunung gé baé kétang. Si Hawuk geus waktuna diganti.” Cenah, nuluykeun omonganana. Kituna téh bari ngusapan batang sapédahna anu diparkir gigireunana. “Ari manéh hayang naon, Ki? Kulkas? Mesin cuci? Atawa payung? Hahaha.” Cenah mani siga anu senang. “Urang mah lamun meunang mobil rék pelesiran jeung kolot urang ka Pangandaran, ka Bali. Ah kamana-mana wé sakadaékna. Lamun meunang motor rék dijual ka adi urang, enya baé dibayarna ku kolot ogé. Lamun meunang sapédah gunung mah rék dipaké unggal poé minggu, ka carfreeday, méh bisa ngécéng nu gareulis. Ari manéh rék dikamanakeun Ki lamun meunang kulkas?”

“Haha. Eta nawaran téh mani kacida. Silaing mah mani lahuta. Mobil. Motor.  Ari urang ditawaran payung. Ngalanggar démokrasi euy manéh mah.

Ngadéngé jawaban kitu Sandi mani ngabarakatak.

“Enya euy, kumaha dinya wé. Tuh tuh. Rék diumumkeun anu meunang door prize-na euy. Hayu urang deukeutan.” Ceuk sandi tibuburanjat.

“Hayu. Sing rido nya lamun urang meunang mobil.” Omong Rifki.

“Ké heula. Sapédah talian heula kana tangkal.”

“Meugeus urang mah, kari nu manéh.”

Émsé geus tatan-tatan rék nyebutkeun nomor undian anu kapilih meunangkeun kulkas. 

“Kosong…..kosong…..satu….delapan…….” reg eureun heula. Tidituna mah nyiptakeun kapanasaranan batur. Teu lila nyebutkeun angka deui. “…….sembilan……”

Témbong di antara anu kapanasan aya anu ngacungkeun kupon bari ajrag-ajragan. Lumpat nyuay-nyuaykeun rajegna jelema. Émsé rikat nyalukan bari ngahiap. Kru anu ngajarega sisi panggung ngabagéakeun bari mangmukakeun jalan. Anu di luhur panggung nampanan leungeun méré pamuntangan. Atoh kacida éta lalaki tengah tuwu meunangkeun kulkas teu sirikna mani digaléntoran.

Bérés anu meunang kulkas, émsé ngumumkeun deui anu mareunang sapédah gunung. Cenah aya opat sapédah gunung. Anu leutik dua, anu gedé dua. Horéng anu digeroan pangheulana téh geuning Sandi. Enya nomor undian Sandi kapilih dina kocokan box kaca sagedé peti. Sandi anu cik kénéh ancrub jeung Rifki kana lautan jalma téh ribut sésélékét dina rajegna jalma anu aréak-éakan.

“Tah, geuning manéh alus milik. Karék gé nyampeurkeun geus dipanggil.”

“Euh bedul. Salah meureun. Urang mah pan hayang mobil.” Kituna téh bari ngilikan kupon. Sidik angka manéhna anu dicalukan. Srog ka panggung. Rifki mah nuturkeun bari sura-seuri. Sandi dibagéakeun ku panitia. Témbong paroman Sandi kurang bérag. Sidik lain éta anu diarep-arepna.
Anu ka dua, ka tilu, ka opat. Sapédah geus béak dibagikeun. Undian motoreun. Motor kahiji beunang ku ibu-ibu. Motorna ditatangkeup, diciuman. Motor kadua beunang ku jajaka maké iket barangbang semplak. Leumpangna légég. Asa aing panguntungna. Motorna nurutan diciuman. Anu katilu motor téh beunang ku aki-aki maké kacamata hideung anu kungsi nabrak nyi mojang. Édas éta mah leuwih légég batan budak ngora.

Ayeuna tinggal grand prize, mobil seprolet bodas. Tapi diselang deui ku lagu.

“Cabak, jantung urang mani degdegan!” omong Rifki mani sumanget. Leungeun Sandi diteundeun dina dadana. Rikat ku Sandi dikepeskeun.

“Siga homo, nyaho!”

Barakatak Rifki seuri tarik nakeranan. Tapi kituna téh teu lila sabab émsé geus nyebutan deui nomor undian. Anu ngariuhan nyalampeurkeun panggung. Solongkrong dua panitia anu ngagotong box kaca sagedé peti. Nyampeurkeun émsé jeung penyanyi. Bus leungeun penyanyi asup kana box kaca. Dipuar-puir kénca-katuhu. Giriwil hiji uwir kupon dicokot tina mangrébu uwir kupon. Dibaca saangka-saangka. Kabéh ngaregepkeun.

“Kosong…. Kosooong…. Satu…. Tujuh….” Jep, ngadak-ngadak jempling. Kerung sakeudeung. Panonna ngulincer kanu araya.

“Tempo San, nomer urang. Enol, enol, hiji, tujuh, tah moal salah angka dua jeung dalapan…” Rifki teu sirikna mani ngeleper.

Ngong nu di panggung nyebutkeun deui angka. “Diulang ya! Kosong… kosong… satu… tujuh… dua…” reg deui eureun.

“Tuh, Sandiiii. Tempo teu nyalahan. Saangka deui. Teu cumah euy tahajud téh. Jajampéan heula atuhda urang mah. Geuwat atuh bacakeun!” Rifki teu sabar. Maksa nunungtun Sandi hayang beuki ngadeukeutan panggung.

Ngong deui anu di panggung macakeun nomerna. “Diulang ya! Kosoooong…. Kosong…. Satuuuu…. Tujuuuh..... dua….” Jep deui. Sakuliah anu araya jempé lir gaang katincak. “Tujuuuuhh…”

“Yeeeeh…. Horeeeee…..” Hiji sora mani ngengkreng. Sora anu tadi kungsi menta hampura ka Rifki basa pasesedek asup ka jero Bale Kota. Horeng menta hampura teh lain ngan ukur harita. Tapi anu leuwih pasna mah ayeuna.


Rey. Beungeut Rifki ngadadak pias. 

(Bandung, 2013)
Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com