Friday, December 29, 2017

PANON POÈ TAUN ANYAR

Galura, Minggu Ka-1 Januari 2018
Ku Iwan M. Ridwan

“Malem taun baruan tèh hoyong di puncak abdi mah, bosen di kota waè, kitu-kitu kènèh, ukur lalajo anu macèt, lieur ku gerungna kendaraan anu patèmbalan jeung tarompèt,” ceuk  May ngomong ka salakina, Adrian.
Pikeun Adrian, èta kekecapan tèh lir kalangkang riwan anu ngajungjurigan. Kahayang sarupa kitu tèh bet ngabalukarkeun hatèna seseblakan. Teu buru-buru ditèmbalan, manèhna ngadon ngahuleng kawas anu samar polah. Luk tungkul kana layar monitor anu disanghareupan ti tatadi luhureun mèja digawèna, leungeunna ngaragamang kana keyboard laptopna.
“Ih, mani teu diwaro,” May kawas anu kesel. Gap leungeunna kana rèmot tivi. Jempol katuhuna neken tombol rèmot satakerna. Bray layar tivi hurung. Ramo-ramona anu lèncop tèh kawas anu keur leuleumpangan dina tombol channel. Layar tivi tèmbong gunta-ganti. Cag rèmot diteundeun dina mèja hareupeunana. Kop kana kiripik sampeu dina kèler anu pagèdèng-gèdèng jeung kèler sèjèn eusi mangpirang caneuteun, aya kana limana ngajajar dina mèja.
Lain teu kadèngèeun, tapi hatè anu teu mikeun kudu ngawawaas deui. Nu matak anteng wè dina laptopna. Padahal geus taya pigawèeun. Sajoroning kitu dihenteu-henteu oge hatèna mah kumacacang, rus-ras kaditu kadieu, utamana mah inget mangsa ngareuah-reuah peuting bagantina taun jeung Hèrty.  Hatèna teu welèh ngeleketey saban inget kana èta pangalaman. Dirina lir anu diririwaan ku rasa salah. Rasa dosa jeung hanjakal anu mohaka.
“Ah mani euweuh lalajoaneun tivi tèh,” May semu bangkenu. Cetrèk tivi pareum. Jung manèhna cengkat tina pangdiukanana.
“Hoyong spagèti teu?” pokna deui, kituna tèh bari ngalieuk ka Adrian. Anu ditanya tungkul kènèh kana layar monitorna.
“Ih siga anu kasurupan jurig tunduh,” sambung May bari ngalèos. Sup ka dapur.
Ditinggalkeun ka dapur ku pamajikanana, Adrian ngalieuk bari ngawaskeun. Teu burung ngolèsèd tina pangdiukanana. Nyampeurkeun anu keur buku-buka kana erak kitchen set. Leungeunna ngaragamang kana mangpirang bungkusan dahareun instan. Gap kana spagèti. Dicokot, dibawa nyampeurkeun kompor gas. Gen, tèflon jangkung anu samèmèhna dieusian cai ditagogkeun dina biwir kompor gas. Kenop kompor diteken bari dipuirkeun ka kènca. Cekès. Sorana kadèngè dituturkeun ku geburna seuneu anu kaluar tina burner.
Ardian nyèrangkeun tina lawang panto dapur. Tangtungan anu keur kaprak-keprek di dapur bet nguniangkeun kalangkang Hèrty anu harita kungsi mamaksa hayang taun baruan ka Puncak. Percis kawas anu keur disanghareupanana, merenying hayang mapag pabaru di Puncak.
“Hidep ayeuna mah dipahing angkat tebih-tebih. Pan kedah dipingit heula. Tuh taroskeun ka Yayang!” sora indung Hèrty harita basa mamatahan dirina bari nunjuk ka Adrian, atra kènèh dina pangdèngèna. Bet dumadak ngolèbat èta kajadian tèh.
“Ka Villa, Mah. Teu ka tempat anu sanes, sareng Yayang ongkoh, sareng Nèndèn, sareng Yuka, sareng Zèna, seueuran,” Hèrty keukeuh.
Rèa deui pangolo Hèrty ka nu jadi indungna harita, anu pamustunganana indungna èlèh dèèt. Papagah ka duanana samèmèh miang tèh teu kurang-kurangna. Majarkeun sing tartib lebah ngajalankeun kendaraanana, ulah kekebutan. Pariksa heula kaayaan motorna, jeung sajabana-jeung sajabana.
“Gusti, sugan tèh aya mahluk ti gubrag ti langit, ujug-ujug ngajega dina lawang panto,” May semu ngarènjag sabot malikeun awakna mireungeuh Adrian aya dina lawang panton.
Lamunan Adrian ngadadak buriak. Dirina ogè teu burung ngagebeg, asa kagebah. Keur mah anu dilamunan tèh panineungan anu aya patalina reujeung pangalaman batinna. Ngan kituna tèh teu katutuluyan, Ardian nyèh imut tuluy nyampeurkeun. Ragamang leungeunna kana cangkèng May. Seungit parfumna kaambeu kènèh najan kahèab ku saab godogan emih spagèti anu ngaguguplak. Anu disangkèh semu ngiser bari ngaharèwos.
“Kè atuh tos emam!” pokna bari ngajait tèflon tina kompor.
Cai godogan emih spagèti anu masih panas dicicikeun kana wastafel paranti gègèroh. Tuluy emihna dieurihkeun kana lodor anu geus eusi samara. Leungeunna ngarongkong sumpit tina rak piring, tuluy dipakè ngagalokeun spagèti.
Sajeroning kitu tèh Adrian mah ukur ngawaskeun. Implenganana ngomlèmbar deui ka Hèrty anu di bawa indit ka Puncak, diboncèng dina motor. Mangbring opat motor jeung pada baturna. Indit ti sorè mula, anjog-anjog geus rèk maju ka tengah peuting. Genep jam waktu anu nganteng dipakè ngajugjug ka Puncak harita, padahal biasana mah ukur tilu jam. Makè jalan anu saruwa tur ngajugjug ka tempat anu saruwa, villa. Kolot Hèrty ngahaja nyieun tempat paniisan anu teu pati jauh ti jalan utama. Mungguh lain sakali dua kali maranèhna ngajugjug ka èta tempat tèh. Nu matak teu burung lèah ogè hatè nu jadi kolot Hèrty waktu nu jadi anak hayang nyacapkeun mangsa lalagasan di Puncak jeung pada baturna mapag bagantina taun.
Hawa tiris ngabagèakeun nu anyar daratang. Sora tarompèt kawas anu ngawilujengkeun. Miheulaan rèang sili tèmpas tina paniup barudak, dina motor anu ngalangsam, di jero angkot anu pagegelek, ti nu laleumpang sisi jalan, sakapeung paselang jeung sora-sora garogonjakan. Tingcakakak kawas anu manggih kabungah. Kabagja tepung deui jeung taun anyar. Hatè bungangang masih dipaparinan umur anu lana geusan mitapak èndahna alam pawenangan. Kagumbiraan mudal wanci tengah peuting. Tabuh 00.00 anu pada nganti-nganti. Diitung babarengan. Itungan mundur. Kabungah bedah jadi mangpirang sora reujeung warna anu sumirat. Mancawura di langit luhureun suku Gunung Gedè.
Kembang api kawas anu keur paheula-heula muru langit. Nyumiratkeun warna burinyayna sèwang-sèwangan. Paèndah-èndah. Paceuyah-ceuyah. Sarèrèa keprok mangsa nyaksian kembang api raksasa anu teu eureun-eureun tingbarasat di jauhna. Ting belesur ti saban juru lelewek. Kawas di mèdan jurit. Ti jalan. Ti buruan hotèl. Ti tempat parkir buruan masjid. Ti villa-villa anu ancal-ancalan. Ti pilemburan. Nu di jalan surak ambal-ambalan. Nu di lapangan parkir hotèl pating kaleprok. Nu ting pucunghul dina jandèla kamar lotèng ajrag-ajragan. Nu di pilemburan ayeuh-ayeuhan. Nu di villa saleuseurian. Kabagja sumarambah ka saban hatè anu nyaraksian peuting bagantina taun.
Cacap kahayang para nonoman nungkulan peuting anu baganti. Di salah sahiji villa. Dina kaayaan hawa anu tiris kacida. Opat pasang nonoman ngangon kacinta. Galumbira dina buana nu saruwa. Kumalayang ka alam pangumbaraan dina lelembutanana. Saab alkohol nyambuang sakurilingeunana. Haseup roko ngelun minuhan rohangan. Pada-pada bagja jeroeun dadana. Patinggolèpak sakarepna. Dada reujeung dada patinggumuruh. Hègak jeung haroshos pada-pada nompo. Duka saha jeung saha anu keur jadi raja reujeung permaesurina. Duka teuing kumaha warna asmara anu ngamalir dina getihna. Teu sidik duriat eunteup ka mana. Peteng. Hatè kebek ku kabungah. Mongklèng. Pikir eundeur ku geter halabhab. Pungkas tepi ka srangèngè meletèk muka poè taun anyar.
“Suta, geuning manèh ieu tèh!” Hèrty jumerit ngeuit ati mireungeuh lain Adrian anu nyalopa dina awakna.
Sarèrèa ragrag tina alam kumalayangna. Kagareuwahkeun ku sèrabna mata poè anu norobos kana jero hatèna sèwang-sèwangan. Kareuwas mimiti sumarambah. Kahanjakal ngagugunung dina saban jiwa anu katalangsara. Sadar. Sadrah yèn jodo, pati, bagja reujeung cilaka ukur rusiah Gustina. Lèah jeung tumarima buah hatèna kudu dipihukum dina waktu pisaminggueun deui ku nu jadi baturna. Adrian nyangsaya dina guratan nasib werit dirina. Pasrah.
“Diemam geura, teu raos tiis mah,” May ngagareuwahkeun lamunan salakina pikeun anu kaduakalina.
Adrian unggeuk. Leungeunna mimiti ngaragamang kana garpuh dina alasna. Tilu lambar spagèti ngaranggeum pageuh seuseukeut garpuhna. Am dihuapkeun. Capèkna anca. Kawas anu sieun emihna aya cucukan.
“Teu raos?” May muka deui carita.
Adrian gideug. Nyèh seuri. Leungeunna ngaragamang kana ramo leungeun May. Lalaunan dikenyang. Diteueulkeun kana biwirna. Nyèh deui seuri. Paneuteupna anteb nyusur leungeun tina tungtung ramo anu dicekelna, mapay kana peupeuteuyan tuluy parat tepi kana mamaras kageulisan nu keur di sanghareupanana.
“Ku naon ih, asa sararieun?” May kerung bari nahan piseurieun.
“Urang taun baruan di Puncak. Duaan,” pokna.
Ciyus?”
Adrian unggeuk.
Kabungah May bedah dina peuting anu masih nyaring.

Bandung, tungtung taun 2017

Saturday, December 2, 2017

CARITA AKANG



Galura édisi IV Nopémber 2017
Ku Iwan M. Ridwan
Naha akang karék kedal ayeuna sanggeusna urang pada-pada jauh. Mun mah ayeuna rék dianyam deui, malah mandar lain jadi kabagjaan, anu aya mah  nyieun bibit berewit ka urang saréréa, Kang. Enya atuh da kakaraeun kuring mah tepung jeung lalaki kawas akang, romantis, tapi matak pikawatireun. Kuring seuseurian téh kuat ka nyeri kulit beuteung, cireumbayan, lain alatan sedih, tapi bakat ku hayang seuri satengahing bungah. Haté bungangang bet inget ka mangsa-mangsa katukang. Sono pisan. Komo ngabandungan cariataan Akang cik kénéh ngaliwatan messenger.
Bet teu kusangka geuning Akang téh boga haté kadua leutik ka kuring, padahal naon anu jadi alesanana kuring teu apal. Naon deuih anu matak Akang kairut ku kuring. Nu geulis mah seueur apanan, Kang. Urang kota nu garinding. Kuring mah ngan ukur wanoja urang lembur anu hayang icikibung ka kota. Hayang kuliah malah mandar boga pangaweruh. Sedeng ari pangaweruh pan bisa ngangkat martabat manusa. Anu matak bisa panggih jeung Akang ogé apanan kuring téh sakampus jeung Akang. Safakultas deuih. Bédana téh akang mah leuwih tiheula asup ka kampusna. Leuwih senior.
Bagja tinemenan mun éta carita téh langsung dikedalkeun ku akang basa urang masih kénéh aya di kampus, cacakan ukur maca chattingan ogé sakitu pikalucueunana, komo deui lamun akang nu nyaritakeunana bari jeung dipéragakeun kawas harita basa Akang merankeun tokoh Jumena Martawangsa dina sandiwara Sumur Tanpa Dasar. Lucu pisan meureun Kang. Harita deui basa akang keur mérankeun tokoh Si Apin dina sandiwara Sunda, Akang sakitu matak pikaseurieunana, teu sirikna unggal nu lalajo téh haben ger-geran surak bari keprok. Enya harita mah Akang mémang keur ngalucu. Ngahaja. Teu kucem kawas keur merankeun Jumena. Eumh tada teuing matak resep mun kanyataanana Akang téh kawas kitu. Teu weléh seuri jeung seuri wé meureun mun kuring aya di sagigireun Akang.
Tapi naha enya kang, Akang téh kungsi neundeun haté ka kuring?  Naha atuh lain kedal harita téh, geuning Akang mah kalahka kedal ayeuna bari jeung ngucapkeunana ogé kawas budak cacarita ka indungna sanggeus nyaksian kajadian anu matak reueus kana haténa. Meureun mun Akang harita cumarita, kuring téh moal cuwék bébék ka Akang. Ceuk Akang mah kuring téh super cuwék, pangpangna ka Akang. Malah mah kawas anu sombong. Naha Akang ningali urat sombong dina beungeut kuring kitu, Kang? Atawa aya urat haré-haré di diri kuring ka Akang harita? Ceuk pangrasa mah kuring téh akraban ka sasaha ogé, kaasup ka Akang sorangan. Geuning sakalieun Akang nanya ka kuring mah teu weléh dijawab bari méré pasemon anu hadé. Mémang sakieu Kang pasemon kuring mah, tara leuwih.
Ah, Akang. Aya ku anéh ari Akang, boga rasa téh bet disidem saendengna. Lain kalah leungit perasaan mah, Kang, disidem mah kalah beuki lintuh, baranahan jadi loba. Mangga wé raoskeun ku Akang nyalira. Mémang sakapeung mah kuring gé surti kana paneuteup Akang. Tapi anu katarima ku diri kuring mah kanyaah Akang saruwa jeung kanu lian. Geuning Akang mah sakitu bageurna, éta wé geura anu cikénéh disabit ku Akang masalah ngangkat ransel basa keur ospék di Rancaupas, keur kuring mah lain hal anu istiméwa. Sabab kuring ogé remen nyaksian Akang nuntun tongkat pramuka peserta séjén, awéwé utamana mah, anu sakirana lungséeun nalika jalanna nanjak.
Hanjakal nya, Kang, baheula téh méntor kuring lain Akang. Meureun lamun Akang harita nu ngaméntoran tada teuing diogona kuring téh, cacakan Akang ngaméntoran kelompok nu sejen ogé Akang sok pirajeuneun ngadeukeutan kelompok kuring, sautak-saeutik téh teu weléh merhatikeun kana kondisi barudak, pang-pangna mah kuring meureun. Duka kétang da ceuk pangrasa mah keukeuh Akang téh saruwa waé perhatianana jeung kanu séjén.
Enya inget kénéh pisan Kang, kana naon anu dicaritakeun ku akang bieu. Basa ténda bocor sabab hujanna teuing ku gedé, hawa peuting beuki karasa tirisna. Haté mah teu weléh manteng kanu Kawasa, sabab asa rék harita datangna nu ngaranana pati téh. Sumpahna ogé, Kang, asa rék sahos-hoseun maot. Akang terang meureun kuring boga kasakit di jero awak, anu pantranganna ulah katirisan ulah kalaparan, kari-kari harita bet ngarempak ugéran. Mun Akang nyaksian harita kaayaan kuring tada teuing ngahelasna, Kang. Moal wasa nyaksianana kawasna mah, beungeut sepa, biwir geunteul, huntu noroktok bakating ku tiris. Dada mah eungap lain meumeueusan. Ku harianeun nya ari senior, dibawa ka ténda P3K lain jadi cageur kalahkah nambahan parna. Kuring mah sieun Kang ku haok polotot maranéhna téh. Nyebutkeun kuring ogo, anak mamih, pira gé katirisan di gunung geus kawas nu dilelepkeun dina sagara és di Kutub Selatan majarkeun téh. Jadi kalah nambahan dungdeng kana sirah. Bau gandapura bet kalah nambah sebel kana beuteungna. Meureun nu rada genah téh basa divisi konsumsi mawa wédang jahé jeung bubur kacang, kitu ogé ngan saparapat gelas séwang. Eum, bet harianeun kénéh waé.
Mun harita kuring surti kana haté akang, meureun kuring téh bisa ménta dibaturan ku Akang salila di pos P3K, rék ngaku lanceuk misan wé atawa Amang. Sugan ku cara kitu mah kuring téh teu keueung teuing. Moal sieun deui rék ngabohong ngaku dulur, Akang ogé moal burung nyatujuan. Moal meureun kuring téh dikekesek ku maranéhna, sahenteuna éraeun ku Akang. Enya atuh akang mah pada ngajénan ku senior-senior nu lain ogé, buktina waé nu lain téh sararopan ka Akang mah.
Bet teu matak bétah, Kang, lila-lila aya di ténda P3K téh, kapaksa atuh najan tiris ogé ninggalkeun éta tempat muru kémah peserta. Aya ku pareng geuning panitia divisi logistik keur ngahurungkeun seuneu. Cukup ngahaneutan leungeun sabab hurungna teu pati gedé. Enya hésé pisan geuning suluh baseuh mah hurungna najan hantem waé dibanjur minyak tanah jeung spirtus ogé.
Salila siduru téh kuring mah  teu rumasa aya nu nyérangkeun ti ka anggangan, mun bieu Akang teu cacarita mah. Kuring mah tonggoy wé, barina ogé rék naon alak-ilik ka sakuriling bungking, kasieun-sieun ningali nu kawénéhan, sasatna wanci geus manjing janari leutik. Iy bararaid. Akang mah lain nyampeurkeun atuh basa keur siduru téh, kalah olohok waé kawas anu manggih kaanéhan nempo kuring téh. Kuring mah sama sakali teu apal Akang harita aya di dinya bari hantem ngeunteupkeun paneuteup ka kuring, enya apal sotéh tina carita akang bieu. Horéng matak akang colohok waé téh aya sababna.
Sing sumpahna ogé kuring mah meni cireumbayan bakat ku hayang seuri. Naha atuh akang bet bisa kitu. Bet bisa kasalahan ténjo kasalahan rampa. Pédah poék meureun nya kang. Maklum wé keur di leuweung mah ningali sasaha téh siga kuring wé meureun Akang mah. Padahal mah asa pajauh antara kuring jeung Si Nuni téh. Apanan awak kuring mah leutik, teu pati jangkung deuih. Sedeng Si Nuni, sakitu jangkung lenjangna. Pédah éta meureun pakulitanana ampir sarua jeung kuring. Buuk mah puguh moal apal najan béda gé da pada-pada maké kupluk.
Heuheuy deuh, nu matak akang yakin éta téh kuring mah pédah basa Akang nyalukan ngaran kuring di haréupeun ténda, bet aya nu muka nya. Teu kabayang pisakumahaeun dariana Akang nyalukan ngaran kuring ka Si Nuni bari dirampaan rarayna saur Akang mah, hayang sidik meureun nya panas atawa henteuna raray nu dirampaan téh. Saur Akang mah nyelecep tiis. Alah siah bet jadi muringkak bulu punduk. Pisakumahaeun hariwangna Akang harita sabab panyangkana anu ngalelempréh bari katirisan kitu téh kuring.
Kabayang bari susulumputan Akang hayang ngadatangan kuring téh nya. Ngahaja mamawa sarung ngarah kuring teu katirisan teuing. Aya kubageur ari Akang, ngan hanjakalna waé Kang, Akang téh bet salah sambung, kalah sasab ka Si Nuni. Éta deui Akang mah bet teu boga pangrasa, meureun béda beungeut anu dicabakan téh. Mémang moal bisa ngabédakeun kétang sasatna dampal leungeun jeung ramo-ramo Akang mah teu kungsi euntreup dina beungeut kuring. Keur mah deui piirahaeun teuing kaalaman, kuring jeung Akang téh anyar wawuh. Enya diwawuhkeun ku kaayaan.
Akang mimiti bingung sanggeus ningali kuring di luar keur siduru jeung babaturan. Ceuk Akang, naha ganti jadi warna ungu mantel anu dipaké ku kuring téh, lainna tadi mah basa dibéré sarung di jero ténda mantel nu dipaké pulas beureum, naha ayeuna jadi pulas ungu. Hag siah Kang, kuring aya dua. Palias teuing aya kuring mamalihan. Puguh kétang éta mah Si Nuni. Kuring mah karék datang ti ténda P3K.
Naha karék ayeuna atuh nyaritakeun éta kajadian téh, Kang, lain ti baheula. Dasar Akang mah pahlawan kabeurangan. Akang mah boga rasa téh disidem ku sorangan. Naha ka unggal wanoja anu dipikaresep kawas kitu, Kang? Tada teuing kasiksa meureun, nya Akang unggal ngalaman tibelat kawas kitu. Disidem ku sorangan bari taya nu nyaoheun saurang-urang acan komo jinisna. Naha mémang bener ari Akang téh éraan? Naha geuning éraan téh bisa asup kuliah di Prodi Drama. Lainna anu arasup drama mah taya nu ngukut kaéra? Komo deui Akang mah resep maca sajak jeung pentas drama.
“Justru lantaran éraan, abdi lebet Prodi Drama téh,” ceuk akang harita.
Anéh pisan akang mah, alesan asup ka dunya seni téh keur ngaleungitkeun kaéra, enya ngaleungitkeun  sifat éraana akang. Sakuduna mah nyiar elmu téh keur ngaleungitkeun kabodoan, ieu mah keur ngaleungitkeun kaéra. Ari ayeuna masih éraan kitu, Kang? Meureun tos henteu nya sabab Akang geus wantun balaka wengi ieu ka kuring ngeunaan haté akang baheula, sanajan teu sacara langsung. Ngaliwatan jejaring sosial anu keur ceuyah ayeuna. Enya da rék irah panggihna atuh urang téh apan geus pada-pada jauh. Kuring gé ninggalkeun kampus téh lain sabab geus lulus kawas akang, tapi ku kereteg haté sorangan anu kurang méréan aya dina ieu lingkungan. Tapi lain nganggap dunya kasenian négatip atawa teu hadé, sagala rupa gé da aya positif jeung négatifna. Hirup mah sagala gé pilihan tur pasti aya piliheun, teu bisa dipaksa-paksa kudu ka ditu kudu ka dieu. Nu penting mah kajujuran jeung tanggung jawab. Atuh masalah boga kaéra jeung henteu mah éta masalah kabutuhan séwang-séwangan, salila aya dina bebeneran tong maké éraan, tapi nya ari rumasa salah mah maenya wé teu boga kaéra.
Enya mun ti baheula kénéh akang leungit kaéra téh, meureun kuring apal kana dagdigdugna haté akang, apal kana warna-warnina pipikiran akang nalika inget ka kuring. Sedeng ayeuna ucapan akangna gé geus teu daria, sabab sakeudeung deui baris mungkas mangsa lalagasan.
Bandung, 2017


Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com