Friday, July 29, 2016

PAPAJAR

Mangle No. 2585, 14 - 20 Juli 2016
Ku Iwan M. Ridwan

Ma Cioh ngalungsar di tengah imah. Diamparan samak saheulay nyanda kana angel nu ngahaja ditumpukeun. Cai entéh amis anu ngebul kénéh gigireunana meusmeus diregot bangun anu nikmateun naker. Nyi Awih anakna mencétan tuurna lalaunna tur sakapeung diusapan.

“Hapunten abdi, panginten téh Ema moal mabok,” Nyi Awih tungkul, panonna mah semu rambisak.

“Teu salah nyai mah. Ema wé nu geus teu sanggup nyanyabaan ngadon der hayang milu,” Ma Cioh narik napas panjang kawas anu keur ngararasakeun hawa anu geus teu sajalan deui jeung warugana. “Horéng kitu papajar ayeuna mah nya,” sambungna.

Kecap papajar nu cikénéh disorang ku dirina muka deui lambaran kahirupan mangpuluh-puluh taun kalarung. Keur umur wewelasan taun Ma Cioh kungsi milu jeung Bah Uking bapana ka alun-alun. Cenah rék papajar. Bah Uking ngahaja mawa manéhna sangkan nyaho kota majar téh. Nyaho kabiasaan mapag pajar di alun-alun anu teu weléh ramé ku jalma ti suklakna ti siklukna. Nu ngadareugdeug téh lain jalma joré-joré, tapi para ulama atawa tokoh masarakat ti saban lelewek nu seja nyiar iber iraha-irahana puasa dimimitian. Teu dihirab-hirab saha-sahana sakumna nu araya bruk-brak ngalampar samak, nu ngampar handapeun tangkal caringin, nu ngahaja dadasar dina buruan masjid agung, cul-cel di ditu di dieu. Nu daragang ogé teu tinggaleun kawantu alun-alun mah deukeut ka pasar.

Bah Uking milu dadasar handapeun tangkal caringin anu iuh linduh. Ngampar samak pandan aya kana dua méter ka satengah méter. Babawaan dina kepék téh diteundeun dina amparan samak. Bah Uking sasalaman jeung batur nu teu pati anggang ti éta tempat kawas nu geus loma. Ngobrol ngalor ngidul ngeunaan lalakon di lemburna séwang-séwangan. Malah lain sakur ngobrol, tungtungna mah maruka timbel, dahar babarengan. Ma Cioh anu harita budak kénéh mani ngalimed daharna téh kawantu lapar tur capé tas lalampahan jauh. Rérés dalahar laju sarolat berjamaah di Masjid Agung. Teu lila sabada solat téh Imam Masjid Agung ngumumkeun kaputusan tanggal hiji bulan Ramadhan téh poé Senén. Atoh kacida ngadéngé éta béja téh, sakumna nu haladir ngucap sukur. Nu leuwih atoh mah Bah Uking, manéhna teu kudu mawa Cioh anakna mondok moék di kaum sakumaha anu karandapan ku nu séjén anu ngadeugdeug ka dinya sababaraha poé saméméhna. Bah Uking saharita kénéh gura-giru seja mulang deui ka lemburna.

Saméméh balik ka lembur téh Bah Uking ngajak Cioh ka pasar, meuli asin, meuli minyak, uyah jeung sajabana kaperluan salila bulan puasa, samalah bako cap munding ogé teu tinggaleun, lengkep jeung daun kawung katut panékérna.

“Dieueut deui cai entéhna, Ma,” Nyi Awih ngagareuwahkeun lamunan indungna, kituna téh bari ngasongkeun emuk. Ma Cioh nampanan laju ngaregot bangun anu nikmat. Gap deui ditampanan ku Nyi Awih satutas cai entéhna diinum.

“Teu lalieur teuing ayeuna mah, Nyi,” omong Ma Cioh semu mésem. Éra ku lampah sorangan kawasna mah, awak geus suda tanaga bet milu ka nu papajar, najan dina enas-enasna diajak ku Nyi Awih.

“Sukur atuh, Ma. Anu salah mah abdi bet ngangajak Ema. Kedahna mah nyarengan Ema wé di bumi,” Nyi Awih deui-deui minangsaraya.

“Ulah ngarasa dosa, Nyai, da Emana gé teu kua-kieu ayeuna mah,”

Dikitukeun téh Nyi Awih ngadon tungkul. Dina batinna nyangkaruk rasa salah geus ngajak nu jadi indung iinditan isuk-isuk. Rebun-rebun kénéh geus saraged pikeun indit. Isuk-isuk kadang warga di kampungna geus saringkil. Garinding maraké papakéan pangweuteuhna, bebekelan sagala rupa, geus sayaga ditataharkeun ti peuting mula. Rob ngariung di buruan pos ronda di lapang anu rada négla. Mobil kolbak geus ngajugrug ti subuh mula. Ma Cioh diuk di hareup ngaréndéng jeung Nyi Awih nu ngais orok gigireunna supir. Mobil kolbak téh pinuh, kolot-budak, awewe-lalaki. Sakulawarga-sakulawargana dibarawa.

Mang Odang kadéngé ngabsén nu tarumpak. Saban ngaran dina catétan dicalukan. Saban ngaran nu digentraan némbalan bari ngacungkeun leungeun.

“Ma Cioh. Di mana Ma Cioh?” sora Mang Odang ngagorowok.

“Ieu sareng abdi,” nu némbalan téh Nyi Awih.

Mang Odang nyampeurkeun ka hareup. Tunga-tengo kana jandéla mobil. Nyéh seuri. Geus kitu mah balik deui ka tukang nuluykeun ngabsén. Diitung jumlah nu tumpak kolbak luyu kana catétan nu dicekelna. Satutas saréréa kaabsén, Mang Odang ngabéjaan supir sangkan miang harita.

Kolbak téh ngageuleuyeung. Ma Cioh babacaan. Macakeun jampé tumpak kendaraan. Sanajan teu pati jauh ari kasalametan mah kudu dipénta ka Nu Kawasa, kitu ceuk pikirna. Nu tarumpak surak ambal-ambalan. Mobil sakapeung ngarampéol sabab jalanna tarahal. Barakatak sareuseurian kawas anu barungah. Ngararasakeun rampual-rampéol téh Ma Cioh mah tipepereket ngajodang awakna ku leungeun kana babagian hareup jero mobil. Biwirna teu eureun kunyem. Sagala dibaca.

Lain ku hayang-hayang teuing Ma Cioh milu papajar jeung tatangga salembur téh, Nyi Awih nu jadi anakna ngarasa melang ninggalkeun indung sosoranganan aya di imah. Nu matak geuwat diajak, Ma Cioh henteu nolak deuih malah ngahaja hayang diuk di hareup. Sanajan teu sieun kapalingan, imah mah dikoncian pantona hareup tukang, kitu deui jandéla. Kangaranan diajak ku nu jadi anak, Ma Cioh ogé atoh, majar sakalian ngabeberah diri, nginget-nginget deui mangsa papajar keur budak.

Salaki Nyi Awih nu keyeng hayang milu papajar téh satutas diajak ku Mang Odang, tayohna dalit pisan jeung manéhna. Atuh sakali diajakan téh lain waé ukur milu, tapi jeung nguruskeun ngumpulkeun duit tatangga sagala rupa.

Teu kungsi dua jam perjalanan téh mobil rombongan geus anjog ka tempat nu dituju. Ma Cioh rungah-ringeuh basa diajak turun ku Nyi Awih téh. Ma Cioh rampang-reumpeung. Turun tina mobil ditungtun ku Jang Oha salaki Nyi Awih anu saméméhna mangmukakeun panto mobil. Turunna lalaunan pisan bangun anu ngarasa paur. Muntangna ogé mani tipepereket. Jrut turun téh ditungtun ku Jang Oha. Nyi Awih nuturkeun ditukangeunana.

“Asa leneng Ema mah, Nyai,” omongna bari reg eureun.

“Ka sisi heula atuh Ma. Badé eueut cai amis?” Jang Oha nanya.

Ma Cioh di bawa nyampeurkeun ka hiji warung anu ramé ku nu jarajan. Nu araya pada narénjokeun. Gék didiukeun dina bangku panjang laju dipangmesenkeun citéh amis. Sawatara urang nu keur darikuk ngarised, malah aya anu nguoléséd bari tuluy ngaléos. Pikeun sawatara lila mah Nyi Awih jeung salakina maturan Ma Cioh di warung seja ngareureuhkeun kacapé. Ari nu séjén mangsa mobil anjog ogé jrat-jrut tarurun muru ka tengah lapang nu nyanghareup ka lebah sagara leutik, sagara buatan nu geus mangpuluh-puluh taun nyarem pilemburan. Tengah lapang ngadeg panggung diriung ku jalma loba. Sora sound system-na handaruan ngeungkeung lagu dangdut koplo. Nu jarogéd dina panggung teu sirikna aréak-éakan najan gorowokna wowotan ku sora musik.

Ma Cioh nu harita keur ngareureuhkeun kacapéna nyeueung ka hareup kana panggung anu teu pati jauh, témbong utey ku jalma nu jarogéd. Sora musik dangdut nu awor téh matak katorékan. Anggang sakitu mah panon Ma Cioh masih kénéh bisa ngawaskeun nu araya. Dina luhur panggung sidik aya biduan dua urang ngarigel bari maké papakéan pungsat, dirung ku lalaki anu ngacung-ngacung duit lambaran. Éta duit téh kawas anu diuseupkeun kana awak nu keur ngigel, mangsa rék dirawél ku nu ngigel duit téh ngacung deui kaluhur. Lengak lalaki nu ngacung-ngacung duit téh kawas anu ngabarakatak, sorana kasilep ku sora musik.

“Tos damang, Ema?” Nyi Awih nanya.

“Duka atuh Nyai, Ema mah mani asa éra parada aya di dieu téh. Hayang balik,” pokna
 
“Har apanan nembé ogé dugi, Ema.”

“Enya geuning Ema mah asa éra nyaksian nu kariaan papajar jaman ayeuna mah, matak leneng kana sirah,” Ma Cioh ngeluk tungkul cipanonna ngembeng.

Nyi Awih jeung salakina silih teuteup. Gék duanana dariuk sisieun Ma Cioh. Nyi Awih nyangkéh cangkéng Ma Cioh ku leungeun katuhu.

“Hapunten abdi, Ma,” Nyi Awih tungkul.

Dina pamustunganana Nyi Awih ukur ngalelengkur maturan indungna ngareureuhkeun kacapé. Timbel anu dibawana teu ditoél-toél acan, majarkeun bororaah hayang dahar, dina haténa nyangkaruk rasa dosa anu rohaka. Kitu deui Ma Cioh komo, hawa anu beuki nyongkab téh karasana kawas anu keur nyiksa dirina. Rasa lapar kaganti ku rasa nalangsa. Diri napakuran kariaan anu dilakonan ku manusa jaman ayeuna dina nyurahan papajar bet tojaiah tina makna anu sabenerna. Kariaan mapag bulan Romadon bet kawas anu ngaliwatan wates wangen. Pikiranana kumalayang deui ka mangsa ka tukang. Rus-ras ka kolot-kolot baheula anu ngalampar samak di sabudeureun kaum. Nu balakécrakan murak timbel sapuratina. Katénjona matak ayem tengtrem kana haté perbawa jalma-jalma nu ngalakonanana boga haté anu wening. Keclak, cimatana maseuhan leungeunna anu ditanggeuy dina lahunan.

Bandung, Mapag Puasa 2016



Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com