Ku Iwan M. Ridwan
(Galura, Minggu Ka V Januari 2019)
Teu dikumbah-kumbah acan sendal capit tèh
naplok jero pigura. Dina kotak pasagi dua katilu jeungkal. Rapet kana dadasar
pigura sabab ngahaja dielèm. Ditutup makè kaca hèrang. Ngadaplok dina tèmbok
jero pangkeng kobong. Diteuteup anteb bari nyangsaya. Talajak Si Asèp Rahman
dikitu-kitu. Bet matak wirang diri. Sangkan jadi bukti majar tèh. Padahal mah
lain sendal kuring wungkul anu rajèt lebah keuneung jeung indung suku tèh, anu sèjèn ogè teu jauh bèda.
“Èh, pan anu manèh mah sendalna ogè
maskot,” omong Si Asèp harita basa ngasongkeun sendal kuring anu anyar dipiguraan.
“Èra atuh Sèp, dikitu-kitu teuing mah,
saruwa jeung ngabolèkèrkeun kèrod salawè,” tèmbal tèh semu kesel. Sendal capit anu
diasongkeun dina pigura tèh dikèpèskeun.
“Èh, ulah sok kitu. Justru ieu tèh sendal
capit anu kawentar saalam dunya. Sendal capit Bèbèn Saèfulloh anu jadi saksi
perjuangan nanjeurkeun Agama Alloh,” Si Asèp mani pertèngtang. Siga nu enya
pinter cumarita ninggang giliran diajar khutbah mah sakitu aga-eugeuna. Geumpeur
pok-pokanana tèh.
“Ceuk tadi ogè lain sendal kuring hungkul
anu bisa jadi saksi mah.”
“Yeuh, Bèn, tingali èta suku, manèh anu
pangripuhna, tepi ka baloboran getih,” Si Asèp tutunjuk kana suku kuring.
“Enya pan batur mah aralus sendalna, jadi
teu babari gugus.”
“Tah geuning apal pangna kuring miguraan
ieu sendal tèh, sugan jadi prasasti,”
pokna bari tuluy ngagantungkeun èta sendal anu geus dipiguraan dina paku tèmbok
kobong.
“Ulah dina paku èta atuh, paranti
ngagantungkeun kopèah,” kuring nyarèk.
“Kopèah mah dipakè lain digantungkeun,”
Si Asèp noyod. Rap pigura sendal tèh diteundeun dina paku tèmbok. Kojèngkang ka
luar, kituna tèh bari semu gumasèp.
Ditinggalkeun ku Si Asèp kuring maksakeun
hayang hudang. Nyanda. Puguh gè ssa kesel dua poè ngaringkuk waè tèh. Ceuk
pangrasa mah suku tèh da teu kukumaha. Der ieu malah dibaguded. Cenah bisi impèksi
ceuk tim kasèhatan anu ngaping abringan mah. Tuluy ngumbah suku kuring ku
cihaneut. Atuh rada ngerenyed. Komo waktu diusapan ku kapas anu geus dibaseuhan
cai alkohol mah bet karasa nyayautanana. Hadèna wè diupah-apèh ku Ang
Fudin. Teu asa-asa kuring mah ka Ang
Fudin tèh. Asa ka lanceuk sorangan. Keur mah umurna karèk tilu puluh taunan,
katambah nyaahna ka kuring jeung ka barudak anu diwurukanana tèh kawas ka
adi-adina sorangan.
Èta salah sahiji margalantaran kuring daèk
milu aksi tèh, Ang Fudin. Kètang lamun euweuh Ang Fudin kuring ogè pasti milu kangaranan
sakobong milu kabèh, piraku kuring cicing. Palangsiang ngadon mabur mah batur
arindit, pan niatna ogè hadè, piraku teuing milih jalan sorangan anu can
karuhan aya ganjaranana. Istigosah tuluy solat Jumaah di Monas tèh kaasup amal
solèh bari didadasaran ku ngabela Agama, ngabèla Al-Quran. Komo ieu di Monumen
Nasional. Enya Monas. Tempat anu gedè ajèn sajarahna. Bet matak panasaran.
Saumur nyunyuhun sirah can kungsi nyaksian Monas ti kadeukeutan. Kungsi ari
dina tipi mah. Panasaran kacida puguh. Cenah Monas tèh gedurna sumanget
perjuang para pahlawan. Silokana emas kawas seuneu keur ngabebela, luyu kana
gedurna sumanget bangsa Indonesia anu merjuangkeun kamerdèkaan. Nu matak basa nguping
Mama cumarios gaduh paneja miang ka Monas seja aub dina aksi Bèla Islam tèh,
kuring atoh kacida. Gesat-gesut hayang milu sabab Mama ogè ngawidian ka saha waè
anu hayang milu.
Kuring atoh lain dikira. Rèk nganjang ka Ibu
Kota bari niatna ibadah. Jihad. Mèla Al-Quran sakumaha kasauran Mama. “Sing
inget, Alloh subhanahu wa ta’ala parantos ngadawuh, pasualan bangsa katut sèkèsèlèr
mah tos takdir Anjeunna. Ulah dipikangèwa. Kitu deui pasualan bèda Agama.
Pidawuh Alloh kènèh, lakum dinukum
walyadin, pèk Agama maranèh keur maranèh, Agama kuring nya keur kuring. Atuh
Alloh subhanahu wa ta’ala teu maksa sakumna manusa kudu asup Islam. la iqroha fiddin, taya paksaan dina ngagem
Agama Islam. Hartina urang kudu hurmat kana perbèdaan boh Agama boh sèkèsèlèr.
Anu jadi pasualan mah upama salah saurang manusa geus ngaliwatan watès wangen. Anu
teu sakuduna dilakonan, der dipilampah. Atawa ngalakonan hiji perkara lain dina
tempatna. Tapi omat urang ulah boga rasa cua ka hiji jalma. Cua kana talajak
atawa sikep anu gorèng, pèk. Samalah lamun kawasa mah pèk robah kagorèngan tèh
ku bebeneran. Ulah nènjo saha-sahana. Kasalahan kudu angger salah, bebeneran
nya kudu angger bener. Ari salah jeung bener tèh ceuk saha? Nya ceuk Agama ari
urang mah. Èta nu jadi tetekon kahirupan,” saur Mama dina biantarana wengian
samèmèh miang.
Ari ka lèbah dinyana mah kuring ukur
unggut-unggutan. Tacan kataèkan. Ngaji ogè karèk samet parukunan bagbagan
ibadah. Ari anu keur disanghareupan mah meureun bagbagan muamalah anu leuwih
jauh. Boa-boa bab aqidah atawa nanjeurkeun amar ma’ruf nahyi mungkar. Duka tèh
teuing naon kitabna tacan kataèkan. Keur saukuran santri atah kawas kuring mah
ngagugu kanu jadi guru ogè muga-muga jadi hiji kasolèhan.
“Lian ti èta, urang bakal ngalakonan
istigosah. Urang ngadunga babarengan pikeun kasalamètan nagara urang tina
pangrongrong anu teu dipiharep. Anu bisa ngabuburak beungkeutan nagara. Keun,
sagala rupana urang pasrahkeun ka Nu Kagungan Alam, Alloh subhanahu wa ta’ala.
Indit tèh ulah aya beungbeurat dina hatè, ulah aya rasa kapaksa dumèh nu jadi
guru marilu. Pèk waè upama di antara hidep aya anu moal milu mah, ulah
maksakeun. Kangaranan jihad fisabilillah ogè teu kudu sarèrèa indit. Kudu aya
anu ngawurukan ngaji, ngajaga lembur, kudu aya ngariksa kulawarga sèjèn anu teu
kataklip ku parèntah. Komo ieu ukur sawates nèmbongkeun sikep urang ka Alloh, yèn
urang teu ngantep kana kajadian anu ngarendahkeun ayat suci,” saur Mama
neraskeun biantarana.
Ngeleketey hatè tèh ngadangu cariosan
Mama sapertos kitu. Ku bumèlana kana Agama sanaos tos sepuh, teu èlèh sumanget ku
nu aranom. Sontak harita nu araya talakbir sababaraha kali tepi asa inggeng sapangeusi
kobong. Sabada dipungkas mah Mama amitan. Omat-omatan kudu ngajaga kasèhatan.
Sing cukup istirahat sabab isukna bakal nyorang lalampahan anu sakitu panjangna
bari laleumpang.
Leumpang. Hiji kaputusan anu dicindekkeun
ku Mama satutas nampi iber teu aya kendaraan anu daèk naèkkeun rombongan. Nampi
iber kitu tèh Mama mah nyanggem tos sèèpeun angkutan wè meureun. Nya ti harita
sarèrèa sapuk pikeun leumpang. Sumanget dina hatè pikeun miang ka dayeuh beuki
ngabèbèla. Ceuk paribasana rèk tepi rèk moal nu penting bisa miang. Top badak top
maung tèh lain babasaan. Apanan harita tèh keur meumeujeuhna usum ngijih, ceuk
beja anu sumebar mah rèa jalan anu rempag, lamping urug, lembur carem balukar
caah dèngdèng. Ari jalan anu kudu diliwatan apan teu welèh didodoho ku èta sajumlahing
musibah. Boa-boa kabulusan di jalan. Palangsiang kaurugan lamping atawa palid
kabawa caah. Palias teuing.
Kahariwang tèh teu tinekanan. Dina
kanyataanana mah horèng matak bagja. Leumpang pangratus-ratus kilo tèh kawas
anu indit bari ulin. Teu ieuh ngarasa capè. Teu sugan ngarasa hayang balik
deui. Di sapanjang jalan anu ngembat tèh ngajajar dahareun jeung inumeun.
Maranehna lain keur daragang. Èstuning sakumna anu dijagragkeun sapapanjang
jalan di saban lemburna ancokeuneun kuring sabatur-batur. Nu natawarkeunana ogè
ibu-ibu bari dipapaèsan keclak cimata. Teu bèda jeung indung ka anakna. Saban
anjog ka hiji wewengkon saban jalma ngabagèakeun. Masjid-masjid mararuka nyaradiakeun
tempat pangreureuhan. Gedong-gedong ngagero nataharkeun tempat ngaso. Geuning
anjog ka dayeuh Bandung mah ngadon dihiyap pangagung, samalah pamustunganana
mah dijajap dipangnyèwakeun beus.
Anjog tèh dibagèakeun kawas mapag
pahlawan anu tas jurit tur mawa kaunggulan. Tempat anu sakitu pagegelek tèh
disayagakeun lolongkrang panghareupna husus keur rombongan kuring anu
laleumpang. Saban nu kalilwatan murubutkeun cipanon bari jeung sakapeung ngagalèntoran.
Mun seug sarèrèa diayonan kahayangna meureun leumpang dina sakitu riabna jalma tèh
teu kaur maju.
Hiji pangalaman anu moal bisa kaukur.
Mangjuta-juta jiwa riung mungpulung dina tempat anu lain mistina pikeun ngumpulkeun
mangjuta-juta jiwa. Marakè papakèan anu mèh saruwa pada-pada bodas. Jul-jol ti
di ditu ti dieu, ti mangpirang sèkèsèlèr anu bèda. Tapi kabèh ngarasa
sabeungkeutan dina tali Agama jeung tali nagara. Dina handapeun papayung Bhineka
Tunggal Ika jeung papayung Agama. Bagja nu taya papadana. Bagja nu susah pikeun
ngedalkeunana.
Taun ieu mah kuring moal milu, Sèp. teu
kawas harita. Kuring moal paheuyeuk-heuyeuk leungeun deui jeung manèh sabatur-batur.
Ngaleut ngeungkeuy bari ngagalindengkeun solawat. Enya lain teu hayang. Tapi
kuring leuwih teu hayang ngaraheutan hatè indung bapa anu peupeujeuh ulah milu
kana aksi ayeuna. Geus bèda jeung harita cenha. Rek merjuangkeun naon deui, apan
nu jadi margalantaranana ogè geus ngaliwatan prakprakan hukuman. Samalah geus
lila rengse nebus kasalahanana. Geuning Mama ogè ayeuna mah teu maksakeun
angkat. Saur Mama nu badè angkat mangga ari
niatna kanggo nyambungkeun silaturahim mah, ulah aya paniat sèjèn. Anu henteu
nya teu kedah ngaraos janten dosa sabab taya kawajiban naon-naon. Mama nyalira
teu angkat margi ngaraos langkung penting aya di pasantren tinimbang kedah
miang. Hampura deui, Sèp, sendal anu meunang miguraan tèh geus teu nyampak di
kobong.
Bandung, Januari 2019
Catetan Pangarang: Ieu
carpon èstuning imajinasi, mugia teu nguniangkeun kabendu upami seueur anu
kirang sapagodos