Friday, September 4, 2015

NU NGADAGOAN JAWABAN



GALURA, Edisi 1 September 2015

Ku: Iwan M. Ridwan

 “Hapunten nya, Kang. Jadi ngarépotkeun sadayana.” Omong Widi harita. Awakna nyarandé kana taktak kuring. Teuteupna kosong. Neuteup ka hareup ngawaskeun jalma anu masih kénéh lalar liwat.  Kawasna mah teu jauh béda jeung kuring katut Widi ngadon narungguan anu gering.

“Wios. Tos sakedahna. Sing sobar waé.” Kuring némbalan bari ngusapan taarna.

“Upami Apa kateterasan, Néng Wini sina ngangken Bapa ka Kakang, nya. Asa teu wasa némpo manéhna jadi budak yatim.” Pokna semu cumalimba. Néng Wini téh adi Widi hiji-hijina. Umurna karék sataun.

“Ulah nyarios kitu. Doakeun Apa damang deui. Keun waé perkawis Néng Wini mah apan tos apét ka Kakang ogé.” Aya anu baseuh kana harigu kuring. Ngeclak tina héhérang panon manéhna. Surti kitu téa mah kuring ogé kumaha kaayaan haté manéhna ayeuna.

“Di lebet yu tungguna. Bilih tunduh. Angin di dieu mah ongkoh.” Kuring ngajakan ka jero. Lain pédah angin-angin teuing, puguh ogé diuk téh di hareupeun kamar inap, maksud kuring mah hayang megatkeun rasa kasedihna sangkan teu kalalanjoanan.

“Wios di dieu waé da teu acan hoyong bobo. Bet karaosna ogé asa jararauh pitunduheun.” Témbalna deui.

“Di dieu mah tiris.”

“Wios pan sareng Kakang.” Témbalna.

Meunang sajongjongan mah manéhna ngadon ngahénén kawas anu keur ngararasakeun katingriman dina haténa. Tapi kituna téh teu lila sabab tuluy cengkat tina nyarandéna. Rét ka kuring. Neuteup anteb. Deui-deui kituna téh teu lila. Teu kedal naon-naon. Teuteupna kosong deui. Ayeuna mah nyarandéna kana korsi gigireun kuring.

“Janten badé iraha ngawaler patarosan Apa téh?”

Jep. Kaayaan jadi simpé. Bingung kudu kumaha nyieun pijawabeun anu hadé. Widi ayeuna mah anu natanyakeun sual éta téh. Saméméhna éta patalékan téh dikedalkeun ku Apana anu ayeuna ngaringkuk di kamar rumah sakit.

Bet inget deui kana mangsa harita. Dua minggu katukang diparengkeun bet kudu ngariung jeung kulawarga Widi. Indungna, bapana, adina jeung manéhna kumpul ngariung ngadon nyaneut goréng sampeu. Pok harita bapana anu cumarita.

“Apa mah reugreug Widi aya anu mikanyaah téh. Komo ningali saréatna hidep anu mikanyaahna.” Saurna daria nakeranan. Kuring neuteup bari ngeureunkeun ngahuap.

“Ari hidep bener-bener mikanyaah ka Widi téh?” pokna deui.

“Sumuhun.” Jawab kuring sanggeusna rada ngahuleng sakedapan.

“Syukur atuh ari kitu mah. Apa mah bakal leuwih reugreug lamun Widi dipikanyaahna bari ditalian ku hukum anu sah.” Apana neraskeun deui sasauran. Jep saréréa jempling kawas anu ngadagoan kekecapan satuluyna. “Bisi dina hiji waktu Apa ninggalkeun kulawarga, reugreug meureun ieu haté sabab Widi geus aya anu nanggung jawab.” Kuring ukur cicing ngadéngé éta omongan.

“Ah sok ngalantur nyarita téh, Apana. Kamana karep waé.” Indung Widi milu mairan.

“Enya ih nyarios naon, Apa téh.” Widi ogé nimbrung.

Éh apanan umur mah teu aya anu apal.” Sanggem Apana semu ngahéhé. Surti kitu téa mah kuring ogé kana pamaksudan Apana Widi.

“Iraha atuh hidep jeung kulawarga nganjang ka dieu? Iket waé saheulanan mah, méh beuki reugreug haté Apa.”

Ukur ngahuleng ngaraga meneng. Teu bisa kedal nanaon. Panon ngadak-ngadak tungkul. Neuteup goréng sampeu anu masih kénéh ngebul dina piring. Sidik katempo sok sanajan ukur haseup ipis.

“Ah Apana nanaon téh mani gurung gusuh. Apanan Kakangna ogé masih kénéh kuliah. Engké mun tos lulus, tos damel, pan raos nya.” Indung Widi kawas anu méla kuring. Tidituna mah meureun nenangkeun haté kuring sabab témbong kawas anu sabil. Dikitukeun téh Apana ukur ngahéhé.

“Maaf keluarganya Bapak Burhan? Bapak perlu didampingi!” Sora dokter ngagareuwahkeun lamunan kuring. Teu talangké kuring jeung Widi arasup ka rohang rawat inap. Gebeg téh reuwas kacida basa panon mencrong kana layar elektrokardiogram, témbong bar-na lempeng bari beureum. Widi ngagabrug kanu jadi bapana. Goak. Lengherek kapiuhan. Suster anu marengan dokter gasik ngarangkul awak Widi. Kuring malah samar polah. Kaweur lain dikira.

“Kami memang sudah memberikan pelayanan yang terbaik dan berusaha dengan sangat maksimal, kami mohon maaf yang sedalam-dalamnya dan kami turut berduka.”

Kuring ukur bisa ngabetem. Teu karasa panon baseuh.

“Biar kami yang menghubungi keluarga. Mari.”

Widi dipayang ku kuring jeung suster ninggalkeun éta rohangan. Teu kungsi lila jul-jol kulawarga pada nyalampeurkeun. Sapeupeuting mah kabéh ogé euweuh anu saré.  Widi anu kapiuhan téh sadar-sadar kasubuhnakeun.

Sakumaha ilaharna kulawarga anu kakaitan. Geus pasti kabéh tungkeb pada-pada nguruskeun itu ieuna. Aya anu manguruskeun ngamandian jeung ngaboéhan, aya anu nguruskeun di makam pikeun ngagali kuburan, pon kitu deui anu nguruskeun di masjid pikeun disolatan.

Teu kolot teu budak, kabéh salelembur ibur milu ngajajapkeun ka tempat pangsaréan panungtungan. Nu deukeutna nu jauhna, sakumna anu kenal, dulur batur teu jadi soal saréréa milu ngadoakeun pikeun kasalametan nyorang lampah anu panjang sangkan sagala amal kahadéan salila di alam dunya ditampi ku Alloh subhanahu wa ta’ala. Ditetepkeun dina tempat anu panghadé-hadéna mungguh Gusti. Sanggeus jucung tepika ngagunduk taneuh beureum jeung tetengger, saréréa mulang ka imahna séwang-séwangan, iwal ti sanak pamili anu tuluy ngariung di rumah duka. 

Meunang tujuh poé mah kuring bulak-balik ka imah Widi. Milu tahlil jeung milu narima tamu ti kalangan babaturan Widi. Loba anu ngahibur ku datangna maranéhna. Tapi dalah dikumaha anu ngaranna kaleungitan jalma anu paling dipikacinta, cimata téh teu waé raat. Batinna nguyung teu beunang dipapalérkeun. Antukna mindeng ngahuleng bari jeung murubutkeun cimata. Jalma anu araya téh kawas anu teu dianggap aya. Sémah jeung dulur-dulurna anu ngahaja ngabeberah manéhna malah teu dianggap kahadiranana. Teu sugan kawas biasana suka seuri jeung sasama. Mawur imut jeung pamincut. Ukur ka indung jeung Néng Wini adina anu bisa dibawa cumarita téh. Kitu ogé katempo ukur saperluna. Dalah kuring sorangan bet kawas dianggap batur anu teu wawuh. Kuring nanya kawas anu teu kadéngé. Atawa minangka ngajawab téh cukup ku nyebut muhun atawa henteu.

“Wid, iraha sanggem dicandak ka Cimalaka?” Kuring nanya dina hiji waktu sanggeusna reureuh tina kasedih  kulawarga.

“Badé naon?” témbalna kawas anu teu apal.

“Har, apanan urang sakantenan ditepangkeun heula ka keluarga Kakang.” Kuring ngayakinkeun.

Diomongan kitu téh manéhna kawas anu teu hayang kapanjangan. Perhatianana dipuseurkeun ka Néng Wini anu anteng anyang-anyangan. Sakapeung nyampeurkeun kuring anu keur paduduaan dina téras imah. Ngasong-ngasong taneuh kebul anu diwadahan ku kakatélan.

“Dina danget ieu mah bet asa teu kapikiran rumah tangga téh, Kang. Abdi mah mending kénéh ngurus ngagedekeun Néng Wini marengan Mamah. Saumpama Kakang hoyong nikah mah mangga waé pilarian anu sanés.” Teu ngadagoan jawaban manéhna jung nangtung nyampeurkeun Néng Wini anu keur anteng ngorék bonékana.

Aya anu nyelekit dina haté kawas hinis anyar nyebit, heug dikesetkeun hate anu keur bungangang. Teu karasa cipanon milu ngeclak sabot neuteup manéhna anu nyium tarang Neng Wini.

Bandung, 2015
Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com