Sunday, June 21, 2020

#STAYHOME


Ku Iwan M. RIdwan
Mangle No. 2783|21-27 Mei 2020 Edisi Lebaran

Lain. Nu keur disanghareupan ku kuring téh lain layar bioskop atawa layar laptop. Taya framing  nu ngawatesan panénjo. Lain layar datar. Lain kotak pasagi panjang. Éstuning di sakuriling bungking ieu mah. Dina panénjo bungkeuleukan. Ngan saruwa pada-pada sawarna. Monochrome ceuk dina istilah fotografi mah. Dominasi pulas hideung. Lir gambar nu ngahaja dibéré kesan pikakeueungeun. Dunya téh kurangeun cahaya. Panon poé kawas anu bangga pikeun moncorong. Sésélékét dina méga hideung nu teu weléh cireumbayan cihujan. Ngecrék ti subuh mula tepi ka pabeubeurang, kalan-kalan tepi ka sorénakeun parat tepi ka tengah peuting.

Sapanjang poé réhé combrék. Beurang kawas peuting. Peuting sakabéhna wanci tumorék. Dunya kawas anu hara-haraeun. Nu narumpi arang nu ngarelol. Sakalieun aya nu ngulampreng teu sidik saha-sahana. Beungeutna ditergos. Kupluk jakét nu dipakéna ditutupkeun kana sirahna. Leumpangna rurusuhan kawas keur dituturkeun malakal maot. Matak kaluar téh geus kapépét kurangeun dahareun atawa meuli bangsaning obat-obatan. Jalan simpé. Kalan-kalan ngalanglaun sora sirineu ambulan nu ngabéngbéos dina jalan baseuh. Lénglang. Dayeuh nu sapopoéna gegek ku patalimarga kiwari ukur hiji dua nu ngalalarna. Numpi. Karéréaanana narumi. Naringkreb di imahna séwang-séwangan nyinglar sakadang mahluk ukuran nanométer anu katelah virus. Bugangna teu kadeuleu ku panénjo jalma biasana, tapi gancang pisan baranahanana. Ti poé ka poé génjah pisan nerékabna.

“Ulah maksakeun angkat atuh, Kang, melang,” sora Diani rada ngagareuwahkeun. Kuring ukur ngarérét.

“Geuning malah langkung mahabu rérés karantina opat belas dinten téh. Keep stay home saurna, Kang. Di bumi deui waé,” pokna deui bari ngadeukeutan milu nyawang hujan nu muragkeun keclakna nu panungtungan.
Sajongjongan taya nu cumarita, tapi pok deui manéhna nu engab téh.

“Batur gé tos teu saranggemeun kaluar ti bumina panginten, Kang. Ulah nandonkeun nyawa keur kapentingan nu sanés,” deui-deui Diani mahing kuring indit.

Kuring narik napas panjang. Bener lebah dinyana mah karéréan pangeusi dayeuh geus narumpi satutas kawijakan Pa Persidén anu nambahan ombér mahing saban wargana kaluar ti imah iwal pikeun nyumponan pangabutuh anu nyerentek kawas barangbeuli obat-obatan atawa kadaharan. Saréréa ogé pan kitu kahayangna mah, cicing di imah. Numpi. #StayHome anu keur jadi trénding topik dina média sosial. Keur nu boga bekel mah teu jadi sual meureun atawa nu barang gawéna bisa ti imah ngaliwatan daring. Kuring mah pan teu kitu, sasatna pagawéan téh nyanghareupan bahaya, najan lain panghareupna kawas tim médis, tapi kuring aya di satukangeunana, purah ngiberan ka balaréa.

“Asa boga tanggung jawab moral Akang mah. Dungakeun wé sing salamet,” kuring némbalan bari tuluy saged ngasupkeun kaméra jeung kaperluan séjénna. Song leungeun kuring minangka amitan. Rada lila manéhna rék nampanan téh. Manéhna kalah rambisak. Manéhna ngagabrug bari nyuuh kana harigu. Sanggeus rada lila manéhna nyuuh, lalaunan kuring ngalésotkeun rangkulanana. Manéhna tungkul ngusapan cipanon maké tonggong leungeunna.

“Dungakeun wé. Lain sapati-pati rék nangtang bahaya, Akang téh” ceuk kuring semu kagagas.

Rap kana jakét tuluy dipaké. Samalah baju mah ngahaja dua rangkep méh teu karasa tiris. Rap deui kana rompi anti angin. Tuluy masker. Masker kaén anyar nyeuseuh jeung ngistrika manéhna. Seungit kaangseu kana satiap rénghap. Sarung tangan ti jero saku rompi dicokot tuluy dipaké. Regeyeng tas eusi kaméra téh digandong. Tas tripod mah dikélék dina taktak katuhu, sabab leungeun kénca dipaké ngarongkong hélm nu diteundeun luhureun bupét sapatu dina téras imah. Méméh maké hélm tripod digantungkeun heula dina kakait handapeun stang motor. Clé kuring diuk tuluy ngahirupan mesinna sababraha lila. Teuteup manéhna ngawaskeun tina lawang panto kawas anu beurat rék ngajajap téh. Sorana kadéngé halon basa ngajawab uluk salam kuring. Biur kuring kaluar ti imah muru ka jalan raya anu masih baseuh sabab hujan karék raat. Sésa cai nu masih nyalangkrung saharita nyéprét basa motor nu ditumpakan ku kuring ngalalar dina beungeut aspal.

Jalan téh teuing ku simpé. Nu ngalalar ukur sababaraha kendaraan. Mobil nu ngabéngbéos. Motor mah arang pisan nu kapanggih. Kantor-kantor pausahaan nu kaliwatan ukur hiji dua nu maruka, ukur toko roti jeung minimarkét anu masih témbong caang bari pantona muka téh. Uyuhan atuh sasatna tiiseun ku nu daratang. Lantaran ngajalankeun motor téh teu pati gancang, dina saban panto kaca kabaca tulisan-tulisan pamahing mukakeun panto maké leungeun, pagigir-gigir jeung poster maklumat ti kapulisian. Samalah aya anu nulisan “DEMI KESELAMATAN BERSAMA SILAKAN MEMBUKA PINTU DENGAN BAHU ATAU BUJUR.” Matak nyelekit basa karérét éta tulisan. 

Hayang seuri aya, cumalimba aya. Dina manglaksa kasedih anu keur nyimbutan alam pawenangan téh bet aya nu pikalucueun. Enya nu keur disanghareupan téh kaalaman méh di sakuliah dunya, di saban nagara. Sabada awal taun kabéwarakeun aya bibit panyakit anu cenah asalna tina kadaharan ékstrem sumebar di salah sahiji kota di nagara deungeun. Sugan téh moal sakieu nebana wabah panyakit anu kaalaman téh sabab tempatna ogé kawilang jauh. Dina erongan balaréa panyakit samodél kitu mah cohagna gé ukur karandapan di lemburna bari jeung moal pati bangga pikeun ngubaranana. Nu matak saréréa ogé teu ieuh ngarasa lewang bakal katépaan.

Enya ceuk saréat mah panyakitna téh teu pira, muriang, batuk, nyeri nelen jeung sesek napas. Maksud teu pira téh panyakit anu remen kawénéhan. Remen kaalaman ku saban jalma, komo keur jalma cacah kuricakan mah kawas jeung dulur pet ku hinis panyakit samodél kitu mah. Muriang ubarna bisa ku babadotan jaman kuring keur leutik mah. Batuk bisa cageur ku kécap jeung cai jeruk nipis, samalah nyeri nelen mah bisa cageur ku ubar anu teu asup akal, ngeueuman panitih ku cihaneut tuluy diinuman. Ngan éta meureun sesek napas anu rada beurat téh, mengi téa. Tapi ieu mah sesekna téh cenah bari jeung nyeri dina bayah kawas anu ditojosan ku jarum. Matak ting sariak bulu punduk ras ka lebah dinyana mah. Bet hayang cicing di imah. Numpi. Stay home téa anu kiwari jadi kacapangan balaréa dina média sosial.

Lain sapati-pati sieun ku pati, da ajal mah geus diguratkeun ku Gusti. Enya ceuk khotib dina solat Jumaah pamungkas dua Minggu katukang gé kitu. Ajal mah dina kakawasaan Pangéran tapi urang téh ulah sok jajagoanan nyanghareupan balai. Agama geus nembrakeun kumaha kuduna nyanghareupan sagala musibah. Perténgtang pisan Khotib téh najan geus cetuk huis, témbong ronghok dina buuk anu teu katutupan ku kopéahna.

“Nabi Musa kantos lumpat nyandak kaomna ninggalkeun Fir’aon jeung bala tentarana, margina Nabi Musa ngaraos teu mampuh ngalawan Fir’aon saparakanca. Padahal pami diémut deui Alloh téh aya di pihak Nabi Musa, teu mustahil Nabi Musa tiasa ngéléhkeun Fir’aon da dibantosan ku Alloh. Tapi geuning Nabi Musa lumpat, hartosna ngukur diri. Kangjeng Nabi Muhammad Solallohu Alaihi wa Salam ogé sami. Anjeunna lumpat sareng Sayidina Abu Bakar waktos diudag-udag ku kaom Kafir Quraisy, padahal logikana mah Alloh Subhanahu wa Ta’ala aya di pihak Kangjeng Nabi, teu pamohalan Kangjeng Nabi tiasa ngéléhkeun sakumna Kaum Quraisy. Naon hartosna éta téh? Logis. Para nabi téh tangtos dituturkeun ku manusa biasa, umatna téa. Mun mah geus ngarasa teu sanggup nyanghareupanana nya kudu lumpat. Kawas anu keur kaalaman ayeuna. Wabah sakitu mahabuna, réa nu teu mampuh nyanghareupanana nya urang kudu lumpat,” pokna tatag. Kituna téh bari imut. Jamaah témbong tenget pisan ngabandunganana. Sawaréh arunggut-unggutan, sawaréh neuteup seukeut. Meureun sapanjang aya Jumaahan ukur harita taya nu lelenggutan téh. Saréréa éstuning ngabandungan pedaran khotib.

“Tapi, lumpat téh ulah salumpat-lumpatna. Urang kudu ngalenyepan naon anu dilakonan ku para Nabi nalika lumpat tina mara bahaya téa. Lumpat bari tawakal. Lakonan naon anu tos dituduhkeun ku Alloh ngalangkungan Rosulna boh dina Quran boh dina Hadits Sohéh. Lobakeun ngadu’a ménta panyalindungan tina sagala rupa mara bahaya anu diciptakun ku Gusti, lobakeun istigfar, singkahan sagala rupa anu mawa kana dosa. Wabah téh bisa jadi rohmat lamun ngadeukeutkeun urang ka Alloh, tapi bisa jadi mamala lamun ngajauhkeun urang ti Alloh. Éta koncina,” ceuk éta Khotib nuluykeun khutbahna.

Teu lila khutbah Jumaah téh. Kitu deui solatna. Susuratan anu ilaharna sok maca Al-Ghosiyah atawa Al-‘Ala téh harita mah ukur maca falaq binnas, surat Al-Falaq jeung An-Nas téa. Cenah ceuk khotib dina khutbah éta kénéh, falaq binnas téh dua surah anu mangrupa dunga ménta panangtayungan tina sagala rupa kagoréngan, tina hal anu teu katénjo boh ti golongan jin boh ti manusa.

Léok, motor nu keur ditumpakan téh semu ngagaléong basa ti tukangeun aya ambulan mangprung mubus jalan nu masih waé peteng. Kareuwas téh dituturkeun ku hapé anu ngageter dina jero saku sababaraha kali. Kapaksa nyisi sabab mukana kudu hararésé. Inggis telepon penting.

“Halow!” kuring ngajawab telepon.

“Mang di mana keneh? Ieu tim ti Nasional ménta dibantuan live report sapuluh menit deui, cenah keur kaméra tambahan,” sora Si Hérty réporter tandem kuring norowélang dina telepon.

“Naha teu mawa tim kitu?”

“Mawa. Tapi gambar anu kudu dicokot ngalobaan. Gempar, Mang,” Si Hérty hariweusweus.

“Okéh. Dua menit nepi,” kuring némbalan bari tuluy ngagas deui motor muru ka rumah sakit darudat anu diadegkeun ku pamaréntah pusat.

Alam nu keur disanghareupan téh ukur sapulas. Monochrome. Dominasi pulas hideung. Lir gambar nu kurangeun cahaya. Enya dunya téh kurangeun cahaya, sabab panon poé kawas anu teu daékeun moncorong. Sésélékét dina méga hideung nu teu weléh cireumbayan ku cihujan. Aya #StayHome dina papan réklameu anu kaliwatan méméh anjog ka tempat tujuan.

Bandung, 24 Maret 2020

Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com