Galura, Edisi Minggu IV Juli 2013
Jam sapuluh isuk-isuk. Kuring geus singkil. Dangdan sapuratina. Basajan
pisan. Ukur maké kaos oblong, calana lévis, jeung sendal capit hideung. Ngan maké suwiter. Ceuk pangrasa mah rada
mantes. Enya mantes, karérét dina kaca sepion ogé sok sanajan
buuk rada lépék jeung beungeut
rada kucel balas kurang saré sapeupeuting.
Kaluar ti imah ngaliwatan jalan baseuh. Jalan anu batu-batuna amarayah.
Sawaréh témbong
marucunghul dina calobak cai kolombéran. Sawaréh ngahiji jeung taneuh, jeung kikisik. Meureun sawaréh deui mah kapéngparkeun ka sawah
mangsa aya ban kandaraan ngalindes.
Mawa mobil teu bisa gancang, sabab jalan titincakan kikiping mani
euweuh piliheunana. Jalan anu kira-kira rubakna dua méter, alusna téh lima taun sakali duka
sapuluh taun sakali. Maklum geuning ari ka padésaan mah arang langka pisan diréhabna. Ké lamun geus diparelakan cau atawa lauk bari diuseupan, kakara diroris.
Kitu ogé bari hahanteman dibéwarakeun ku média lokal. Boh tivi
atawa koran jeung radio. Atawa mun dina mangsana angkot mogok operasi, kabéh ngajugjug gedung dewan ngayakeun démo. Antukna mah masyarakat anu jadi korban. Anu rék sakola
atawa ka pasar teu bisa indit. Kudu naék ojég anu ongkosna tikel lipet.
Saleuheung lamun di imah-imahna baroga motor.
Ah bari jeung nyetir téh maké jeung ngalamun. Apanan rék “kopdar” jeung
Néng Anny. Alias “kopi darat” ceuk bahasa légégna mah. Enya “ketemuan” mun ceuk basa budak
ayeuna mah. Ah naha da kuring gé rumasa budak kénéh. Pédah éta meureun kuring mah
geus lain usia rumaja. Sok sanajan nempo saréat mah beubeungeutan téh asa ngora waé. Matakna euweuh anu nyangka umur kuring geus kapala tilu. Komo
dangdanan basajan kawas kieu mah mani nyeplés waé budak mahasiswa seméster dua. Padahal ieu téh salah sahiji
trik méh teu disangka kolot ku Néng Anny. Meureun ti dituna mah nyaluyukeun jeung Néng Anny anu masih keneh boga status mahaiswi seméster dua.
Wanoh jeung Neng Anny téh di Car Free
Day. Teu ngahaja wawanohan. Harita téh manéhna muka stand buku, kuring bet jororjoy aya kereteg hayang
nyampeurkeun. Ti dituna mah rék ngilikan buku
anu didagangkeunana, horéng simana horéng kalolobaanana mah Komik Jepang. Aya éta ogé sabangsa novel tapi saukur novel pop konsumsi abégé. Heuheu. Kurang resep kuring mah kana novel
kitu téh. Kurang gereget basa anu dipakéna, jeung téma caritana ogé moal jauh tina cinta.
Ku sabab taya piliheun, pamustunganana mah kuring bet ngajak ngobrol
ngeunaan buku-buku anu dijualna. Ti mana ti mendina. Tuluy tepika tetelepék masalah pribadi Néng Anny. Nanya
heula ngaran ketah saméméhna mah. Horéng batur salembur urang
Cianjur. Rupa mah basajan Néng Anny téh. Pakulitanana hideung santen, socana rada sipit nganggo kacamata.
Nganggo kurudungna sederhana tapi matak pantes. Kawasna mah geus biasa ti
leuleutik dikurudung. Éta wé témbong merenah pisan.
Ukur sakali-kalina panggih téh. Lila ka
lilaan mah bet poho deui rupana. Nya dina poé ieu pisan kuring ngahaja maksakeun hayang panggih deui. Atuh ieu mah
panggih sotéh seja nyambungkeun tali silaturahmi waé. Keur mah kabeneran kuring bisa mulang ka lembur bari jeung bisa nyalsé. Nya kabeneran pisan geuning Néng Anny gé aya di lembur.
***
Ukur satengah jam perjalanan téh. Kitu ogé bari jeung rada rungah-ringgeuh. Bet asa béda ayeuna mah kota Cianjur téh. Leuwih gegek
jeung leuwih ramé. Boga jalan anyar. Loba
bangunan-bangunan weuteuh. Supermarkét cul-cel di
ditu di dieu. Ngan anu jadi kaheran téh naha alamat
anu diéséméskeun ku Néng Anny téh horéng alamat komplék pemakaman. Boa-boa ieu mah ngaheureuyan. Mobil nyisi. Reug eureun.
Hénpun anu ti tadi nyalopa dina spidométer dicokot. Dibuka nomer henpun Néng Anny, tuluy dipencét tombol
teleponna.
“Halow. Aya anu tiasa dibantos, Kang?” sorana mani ngoncrang.
“Abdi tos dugi ditempat. Naha geuning komplek pemakaman.” Cekéng rada héran.
“Muhun. Antosan sakedap.” Tembalna. Telpon dipareuman.
Bari ngadagoan téh pirajeuneun hayang
turun. Ngadon nyanghareup ka gapura komplék pemakaman.
Sidik anu diéséméskeun téh alamatna komplék Sirnalaya Jalan Raya
Cianjur-Sukabumi luyu jeung anu ngajeblag dina luhureun gapura komplék pemakaman. Sakedapan mah bét ngadon
ngahuleng ngaraga meneng. Niténan kaayaan
sakurilingna. Tangkal-tangkal samoja pating arulang kaanginkeun. Tetengger batu
anu geus lukutan ukur ngabigeu kawas anu nyeungseurikeun jero haténa.
Roko jeung panékér anu kagencét dina saku calana
tukang dikodok. Tamba ngalamun teuing niatna mah. Tutupna dibuka. Roko anu ngan
ukur sabatang deui dicokot. Lung cangkangna dibalangkeun ka tukang. Cekés ngahurungkeun panékér. Seuneu téh kakalicesan. Rada hésé mungguh nyeundeut udud téh. Sidik angin lilimbungan. Tapi matak betah karasa kana awakna. Pluk.
Aya nu murag hareupeun pisan. Ditempo téh geuning
cangkang roko anu tadi dibalangkeun.
“Buanglah sampah pada tempatnya, Kang.” Cenah ceuk sora ditukangeun anu
nuturkeun muragna cangkang roko.
“Ééh Néng Anny, naha ti
mana jolna teu katohiyan?”
“Moal apal atuh, Kang. Sidik akang bet mayunan astana.” Cenah bari imut
ngagelenyu. Disidik-sidik ayeuna mah bet mani béda. Geulisna leuwih nyari. Paromanna mani cahayaan. Anggoanana ginding.
Nyorén tas kayas.
“Atuhda anéh bet masihan alamat téh komplék pemakaman.”
“Muhun apanan bumi abdi di sebrangeunana. Dibujeng énggalna ieu téh, Kang, manawi keresa
anteur heula abdi. Aya peryogi. Engké uihna ka
rorompok mah.”
“Oh muhun mangga. Tapi kamana?” Kuring gura-giru. Roko anu karék dua kenyot dipuragkeun tuluy ditincak. Leungeun rikat muka panto
mobil. Sup Néng Anny ka jero. Kawas
anu geus loma pisan. Padahal mah karék dua kali
panggih téh. Pédah éta meureun mindeng ésémésan jeung chatting di pésbuk. Kitu atuhda anu diobrolkeun téh tara puguh alang ujurna. Sagala dicaritakeun sagala dibéjakeun. Nya tungtungna mah kawas anu geus deukeut pisan.
“Kamana ieu téh, Néng?” Cekéng nanya deui sanggeus
aya di jero mobil.
“Éta ka rerencangan Kang. Sakedap da. Mung dua
bélokan. Hawatos tos ngarantosan.” Témbalna bari imut. Kuring ngagas mobil rada gancang sabab jalan téh lowong. Enya meureun pédah poé minggu. Sabélokan dina lampu stopan. Ari bélok kiri
mah geuning langsung. Ti dinya
ngaliwatan rél karéta. Tuluy bélok kanan. Tah didinya Néng Anny ménta eureun. Pas pisan
hareupeun gapura anu ramé. Kulutrak Néng Anny muka panto mobil.
“Hayu, Kang. Ngiring nya.” Cenah angger mawurkeun imut. Jrut manéhna turun.
“Sakedap urang parkirkeun heula.” Cekéng bari muihkeun stir ka kénca, mépét jeung mobil anu ngajugrug hareupeun.
Tukang parkir geus ngamimitian hideng niupan piriwit. Prat-prit bari tutunjuk.
Sakapeung kawas anu muihkeun angin.
“Terus! Terus! Bales! Ya. Kanan! Kanan! Heup!” cenah mani séwot. Tuluy prat-prit deui muru kandaraan séjén anu méré lampu sén. Padahal hansip gé aya teu éléh
riweuhna.
Jrut. Kuring turun tina mobil. Panto kaca mobil ditutupan. Tuluy mobil
dikonci. Suku hideng ngaléngkah nuturkeun léngkah Néng Anny. Teu burung ka
susul da geuning manéhna gé ngadagoan. Tuluy leumpang ngaréndéng. Dina lawang gang témbong sababraha
urang saumuran jeung Néng Anny papasangan, horéng babaturanana anu narungguan. Kuring sasalaman da diwanohkeun. Salah
sahijina aya anu ngaran Intan. Anu ngaran Intan tuluy ngajak saréréa asup ka jero gang. Gang téh rada lega keur ukuran kota mah, tapi angger ari ku loba jelema mah
teu burung dukdek. Enya atuh mani aya ku ramé ieu téh. Naha Néng Anny bet los-los ngajak kanu ramé kieu. Itu geura anu laliwat téh mani
gararinding. Maké batik papasangan.
Ibu-ibu aya nu maké kabaya digandéng bapa-bapa maké jas. Geus puguh ari
sora dangdutan mah mani handaruan.
Teu kungsi lila geuning abringan anu dipimpin ku Néng Intan bét anjog ka pasamoan. Néng Anny mah tonggoy wé mawur-mawurkeun imut kanu laliwat. Leungeunna meulit kana leungeun kenca kuring. Léok nyampeurkeun méja tamu handapeun gapura
kembang. Ngantri nuturkeun Néng Intan jeung
nu lainna.
Kuring ukur bisa ngembang kadu niténan kaayaa sabudeureunana anu keur pésta panganténan. Sedeng diri kuring
ukur maké sendal capit.
“Kumargi di bumi abdi mah moal disuguhan, Akang sing wareg tuang di
dieu nya!” Saur Néng Anny bari mikeun imut
nu pang amisna.
Rengse, bandung 22 Mei 2013