Saturday, November 2, 2013

DOORPRIZE


Galura, Edisi II Nopember 2013
 (Iwan M. Ridwan)

Sabari ngaboséh téh teu weléh babacaan. Wiridan sabisa-bisa. Mapatkeun élmu panemu jampé anu tara dipaké. Sakapeung kawas anu ngobrol sorangan. Bubuhan ngagerendeng ka Gusti Nu Maha Suci. Muntang keming ka Mantenna. Éstuning waktu éta mah kawas anu sumerah pisan. Masrahkeun sagala kahayangna ka Gusti Robbul’ijati. Diajak ngobrol ku Sandi gé bet kawas anu teu mireungeuh. Rék ngajawab bet kudu rungah-ringeuh heula. Padahal ti mimiti start mula teu kungsi jauh.

“Kumaha?” pokna bari rada nyengir nahan sorot panon poé isuk-isuk.

“Beurang teuing euy start téh. Kéna-kéna pajabat. Tapi da lamun subuh-subuh teuing asa ngéwa. Maénya aya pajabat rebun-rebun geus singkil. Siga anu rék nyadap kawung ka leuweung meureun.” Sandi nyelang seuri. “Lumrahna ogé pajabat mah datang pangahirna, urang-urang anu ngadaragoan bari ngawilujengkeun. Tepak deku téa geuning.” Sandi ngahéhéh. Panon anu sipit téh témbong kawas anu peureum. “Pajabat di urang mah ménak, dimémén diénak-énak. Kira-kira pihartieunana mah jalma anu biasa dilayanan, dicumponan sagala kabutuhanana, dilaksanakeun sagala panitahna. Lain jalma anu anu biasa gawé ripuh, biasa tangginas, asruk-asrukan kanu bala, komo papanasan di sawah mah…”

“Sirik manéh téh?” Pokna. Ti dituna mah minangka nembalan. Kituna téh bari jeung nincak pedal satarikna. Dius manéhna ngajauhan.

“Euy….! Dagoan!” Sandi ngagorowok bari satékah polah ngagilekeun sapédahna néangan lolongkrang jalan tina sapédah-sapédah séjén. Soloyong ngadeukeutan Rifki. Anu diudag témbong ngoperkeun gigina bari babalicetan. Tungtungna mah kawas anu babalapan.
***

Beuki nongtoré basa anjog ka gerbang finish téh. Anu rék arasup beuki ngagimbung. Menet kabéh dina lawang gerbang.

“Euh aing mah. Teu indit teu asup. Angger wé pasesedek.”

“Sabar wé Ki, kita menikmati suasana pasesedek. Urang sakalian ngadeukeutan anu geulis.” Sandi rada ngaharéwos, kituna téh bari jeung rada gumasép.

“Haha. Baku manéh mah. Paling gé nyamos deui waé. Cenah wé hayang geura-geura boga piindung-budakeun, ari kalakuan heureuy waé. Rék kumaha percayana atuh ari ngan ukur heureuy mah.”

“Is, pan prosés ieu téh.” Cenah semu nu éra. Tapi kituna téh bari jeung pepeta pinuh harepan.

“Sok atuh buktikeun!” Rifki nangtang.

“Ah sok ngadadak sombong ari dina masalah nu kieu mah!”

“Éh! Bukti urang mah.”

“Acan. Sagala gé kudu sobar jeung  tawakal. Ikhtiar. Kasab jeung saréat.” Sandi embung éléh.

“Enya lah. Pék baé….” Rifki teu kebat ngomongna.

“Aduh! Aduh!.... awh…!” rampéol. Gubrag. Sapédah Rifki milu ngaguling katindihan sapédah anu cik kénéh aduh-aduhan. Aki-aki anu maké kacapanon hideung anu ngadupakna mah teu riuk-riuk boga dosa. Tonggoy wé. Malah gura-giru hayang geura asup ka lawang gerbang.

“Punten, Kang!” cenah. Rumasa dosa. Padahal sidik manéhna mah ukur jadi korban katubruk aki-aki.

“Kadé atuh, Néng. Ati-ati. Teu kunanaon?” Sandi rikat ngahudangkeun nyimojang anu nindihan sapédah Rifki.

“Henteu, Kang. Punten.” Cenah neuteup Rifki. Sandi mah teu ditolih. Nyi mojang tuluy gura-giru jeung pada baturna. Kaparengan harita téh geus anjog ka lawang gerbang. Rifki jeung Sandi teu éléh segutna paséséréd hayang nurutan asup.

Di jero Balé Kota panggung geus mimiti kadéngé tatabeuhan. Émsé anu ti isuk geus norowélang téh meureun keur ngaraso heula di ténda, sabab teu témbong irung-irungna acan. Ah boa kahalangan, jalma sakitu mani nyaeurna. Nu jarogéd hareupeun panggung beuki maceuh. Surak ambal-ambalan waktu biduan némbongkeun jogéd kojona. Enya bapa-bapa anu kitu téh. Anu ponyo pogot kana dangdut.

Rifki jeung Sandi milih cicing handapeun tangkal caringin. Nyérangkeun ti kaanggangan. Teuteupna norobos ngaliwatan lautan manusa.

“Urang mah hayang mobil euy. “Sandi muka omongan. “Motor gé hayang kétang.” Pokna deui sangeus sababaraha lila teu meunang réspon ti Rifki. “Sapédah gunung gé baé kétang. Si Hawuk geus waktuna diganti.” Cenah, nuluykeun omonganana. Kituna téh bari ngusapan batang sapédahna anu diparkir gigireunana. “Ari manéh hayang naon, Ki? Kulkas? Mesin cuci? Atawa payung? Hahaha.” Cenah mani siga anu senang. “Urang mah lamun meunang mobil rék pelesiran jeung kolot urang ka Pangandaran, ka Bali. Ah kamana-mana wé sakadaékna. Lamun meunang motor rék dijual ka adi urang, enya baé dibayarna ku kolot ogé. Lamun meunang sapédah gunung mah rék dipaké unggal poé minggu, ka carfreeday, méh bisa ngécéng nu gareulis. Ari manéh rék dikamanakeun Ki lamun meunang kulkas?”

“Haha. Eta nawaran téh mani kacida. Silaing mah mani lahuta. Mobil. Motor.  Ari urang ditawaran payung. Ngalanggar démokrasi euy manéh mah.

Ngadéngé jawaban kitu Sandi mani ngabarakatak.

“Enya euy, kumaha dinya wé. Tuh tuh. Rék diumumkeun anu meunang door prize-na euy. Hayu urang deukeutan.” Ceuk sandi tibuburanjat.

“Hayu. Sing rido nya lamun urang meunang mobil.” Omong Rifki.

“Ké heula. Sapédah talian heula kana tangkal.”

“Meugeus urang mah, kari nu manéh.”

Émsé geus tatan-tatan rék nyebutkeun nomor undian anu kapilih meunangkeun kulkas. 

“Kosong…..kosong…..satu….delapan…….” reg eureun heula. Tidituna mah nyiptakeun kapanasaranan batur. Teu lila nyebutkeun angka deui. “…….sembilan……”

Témbong di antara anu kapanasan aya anu ngacungkeun kupon bari ajrag-ajragan. Lumpat nyuay-nyuaykeun rajegna jelema. Émsé rikat nyalukan bari ngahiap. Kru anu ngajarega sisi panggung ngabagéakeun bari mangmukakeun jalan. Anu di luhur panggung nampanan leungeun méré pamuntangan. Atoh kacida éta lalaki tengah tuwu meunangkeun kulkas teu sirikna mani digaléntoran.

Bérés anu meunang kulkas, émsé ngumumkeun deui anu mareunang sapédah gunung. Cenah aya opat sapédah gunung. Anu leutik dua, anu gedé dua. Horéng anu digeroan pangheulana téh geuning Sandi. Enya nomor undian Sandi kapilih dina kocokan box kaca sagedé peti. Sandi anu cik kénéh ancrub jeung Rifki kana lautan jalma téh ribut sésélékét dina rajegna jalma anu aréak-éakan.

“Tah, geuning manéh alus milik. Karék gé nyampeurkeun geus dipanggil.”

“Euh bedul. Salah meureun. Urang mah pan hayang mobil.” Kituna téh bari ngilikan kupon. Sidik angka manéhna anu dicalukan. Srog ka panggung. Rifki mah nuturkeun bari sura-seuri. Sandi dibagéakeun ku panitia. Témbong paroman Sandi kurang bérag. Sidik lain éta anu diarep-arepna.
Anu ka dua, ka tilu, ka opat. Sapédah geus béak dibagikeun. Undian motoreun. Motor kahiji beunang ku ibu-ibu. Motorna ditatangkeup, diciuman. Motor kadua beunang ku jajaka maké iket barangbang semplak. Leumpangna légég. Asa aing panguntungna. Motorna nurutan diciuman. Anu katilu motor téh beunang ku aki-aki maké kacamata hideung anu kungsi nabrak nyi mojang. Édas éta mah leuwih légég batan budak ngora.

Ayeuna tinggal grand prize, mobil seprolet bodas. Tapi diselang deui ku lagu.

“Cabak, jantung urang mani degdegan!” omong Rifki mani sumanget. Leungeun Sandi diteundeun dina dadana. Rikat ku Sandi dikepeskeun.

“Siga homo, nyaho!”

Barakatak Rifki seuri tarik nakeranan. Tapi kituna téh teu lila sabab émsé geus nyebutan deui nomor undian. Anu ngariuhan nyalampeurkeun panggung. Solongkrong dua panitia anu ngagotong box kaca sagedé peti. Nyampeurkeun émsé jeung penyanyi. Bus leungeun penyanyi asup kana box kaca. Dipuar-puir kénca-katuhu. Giriwil hiji uwir kupon dicokot tina mangrébu uwir kupon. Dibaca saangka-saangka. Kabéh ngaregepkeun.

“Kosong…. Kosooong…. Satu…. Tujuh….” Jep, ngadak-ngadak jempling. Kerung sakeudeung. Panonna ngulincer kanu araya.

“Tempo San, nomer urang. Enol, enol, hiji, tujuh, tah moal salah angka dua jeung dalapan…” Rifki teu sirikna mani ngeleper.

Ngong nu di panggung nyebutkeun deui angka. “Diulang ya! Kosong… kosong… satu… tujuh… dua…” reg deui eureun.

“Tuh, Sandiiii. Tempo teu nyalahan. Saangka deui. Teu cumah euy tahajud téh. Jajampéan heula atuhda urang mah. Geuwat atuh bacakeun!” Rifki teu sabar. Maksa nunungtun Sandi hayang beuki ngadeukeutan panggung.

Ngong deui anu di panggung macakeun nomerna. “Diulang ya! Kosoooong…. Kosong…. Satuuuu…. Tujuuuh..... dua….” Jep deui. Sakuliah anu araya jempé lir gaang katincak. “Tujuuuuhh…”

“Yeeeeh…. Horeeeee…..” Hiji sora mani ngengkreng. Sora anu tadi kungsi menta hampura ka Rifki basa pasesedek asup ka jero Bale Kota. Horeng menta hampura teh lain ngan ukur harita. Tapi anu leuwih pasna mah ayeuna.


Rey. Beungeut Rifki ngadadak pias. 

(Bandung, 2013)

Saturday, July 27, 2013

Pasamoan


Galura, Edisi Minggu IV Juli 2013

Jam sapuluh isuk-isuk. Kuring geus singkil. Dangdan sapuratina. Basajan pisan. Ukur maké kaos oblong, calana lévis, jeung sendal capit hideung. Ngan maké suwiter.  Ceuk pangrasa mah rada mantes. Enya mantes, karérét dina kaca sepion ogé sok sanajan buuk rada lépék jeung beungeut rada kucel balas kurang saré sapeupeuting.  

Kaluar ti imah ngaliwatan jalan baseuh. Jalan anu batu-batuna amarayah. Sawaréh témbong marucunghul dina calobak cai kolombéran. Sawaréh ngahiji jeung taneuh, jeung kikisik. Meureun sawaréh deui mah kapéngparkeun ka sawah mangsa aya ban kandaraan ngalindes.

Mawa mobil teu bisa gancang, sabab jalan titincakan kikiping mani euweuh piliheunana. Jalan anu kira-kira rubakna dua méter, alusna téh lima taun sakali duka sapuluh taun sakali. Maklum geuning ari ka padésaan mah arang langka pisan diréhabna. Ké lamun geus diparelakan cau atawa lauk bari diuseupan, kakara diroris. Kitu ogé bari hahanteman dibéwarakeun ku média lokal. Boh tivi atawa koran jeung radio. Atawa mun dina mangsana angkot mogok operasi, kabéh ngajugjug gedung dewan ngayakeun démo. Antukna mah masyarakat anu jadi korban. Anu rék sakola atawa ka pasar teu bisa indit. Kudu naék ojég anu ongkosna tikel lipet. Saleuheung lamun di imah-imahna baroga motor.

Ah bari jeung nyetir téh maké jeung ngalamun. Apanan rék “kopdar” jeung Néng Anny. Alias “kopi darat” ceuk bahasa légégna mah. Enya “ketemuan” mun ceuk basa budak ayeuna mah. Ah naha da kuring gé rumasa budak kénéh.  Pédah éta meureun kuring mah geus lain usia rumaja. Sok sanajan nempo saréat mah beubeungeutan téh asa ngora waé. Matakna euweuh anu nyangka umur kuring geus kapala tilu. Komo dangdanan basajan kawas kieu mah mani nyeplés waé budak mahasiswa seméster dua. Padahal ieu téh salah sahiji trik méh teu disangka kolot ku Néng Anny. Meureun ti dituna mah nyaluyukeun jeung Néng Anny anu masih keneh boga status mahaiswi seméster dua. 

Wanoh jeung Neng Anny téh di Car Free Day. Teu ngahaja wawanohan. Harita téh manéhna muka stand buku, kuring bet jororjoy aya kereteg hayang nyampeurkeun. Ti dituna mah rék ngilikan buku anu didagangkeunana, horéng simana horéng kalolobaanana mah Komik Jepang. Aya éta ogé sabangsa novel tapi saukur novel pop konsumsi abégé. Heuheu. Kurang resep kuring mah kana novel kitu téh. Kurang gereget basa anu dipakéna, jeung téma caritana ogé moal jauh tina cinta.  

Ku sabab taya piliheun, pamustunganana mah kuring bet ngajak ngobrol ngeunaan buku-buku anu dijualna. Ti mana ti mendina. Tuluy tepika tetelepék masalah pribadi Néng Anny. Nanya heula ngaran ketah saméméhna mah. Horéng batur salembur urang Cianjur. Rupa mah basajan Néng Anny téh. Pakulitanana hideung santen, socana rada sipit nganggo kacamata. Nganggo kurudungna sederhana tapi matak pantes. Kawasna mah geus biasa ti leuleutik dikurudung. Éta wé témbong merenah pisan.

Ukur sakali-kalina panggih téh. Lila ka lilaan mah bet poho deui rupana. Nya dina poé ieu pisan kuring ngahaja maksakeun hayang panggih deui. Atuh ieu mah panggih sotéh seja nyambungkeun tali silaturahmi waé. Keur mah kabeneran kuring bisa mulang ka lembur bari jeung bisa nyalsé. Nya kabeneran pisan geuning Néng Anny gé aya di lembur.
***

Ukur satengah jam perjalanan téh. Kitu ogé bari jeung rada rungah-ringgeuh. Bet asa béda ayeuna mah kota Cianjur téh. Leuwih gegek jeung leuwih ramé. Boga jalan anyar. Loba bangunan-bangunan weuteuh. Supermarkét cul-cel di ditu di dieu. Ngan anu jadi kaheran téh naha alamat anu diéséméskeun ku Néng Anny téh horéng alamat komplék pemakaman. Boa-boa ieu mah ngaheureuyan. Mobil nyisi. Reug eureun.

Hénpun anu ti tadi nyalopa dina spidométer dicokot. Dibuka nomer henpun Néng Anny, tuluy dipencét tombol teleponna.  

“Halow. Aya anu tiasa dibantos, Kang?” sorana mani ngoncrang.

“Abdi tos dugi ditempat. Naha geuning komplek pemakaman.” Cekéng rada héran.

“Muhun. Antosan sakedap.” Tembalna. Telpon dipareuman.

Bari ngadagoan téh pirajeuneun hayang turun. Ngadon nyanghareup ka gapura komplék pemakaman. Sidik anu diéséméskeun téh alamatna komplék Sirnalaya Jalan Raya Cianjur-Sukabumi luyu jeung anu ngajeblag dina luhureun gapura komplék pemakaman. Sakedapan mah bét ngadon ngahuleng ngaraga meneng. Niténan kaayaan sakurilingna. Tangkal-tangkal samoja pating arulang kaanginkeun. Tetengger batu anu geus lukutan ukur ngabigeu kawas anu nyeungseurikeun jero haténa.  

Roko jeung panékér anu kagencét dina saku calana tukang dikodok. Tamba ngalamun teuing niatna mah. Tutupna dibuka. Roko anu ngan ukur sabatang deui dicokot. Lung cangkangna dibalangkeun ka tukang. Cekés ngahurungkeun panékér. Seuneu téh kakalicesan. Rada hésé mungguh nyeundeut udud téh. Sidik angin lilimbungan. Tapi matak betah karasa kana awakna. Pluk. Aya nu murag hareupeun pisan. Ditempo téh geuning cangkang roko anu tadi dibalangkeun.   

“Buanglah sampah pada tempatnya, Kang.” Cenah ceuk sora ditukangeun anu nuturkeun muragna cangkang roko.

Ééh Néng Anny, naha ti mana jolna teu katohiyan?”  

“Moal apal atuh, Kang. Sidik akang bet mayunan astana.” Cenah bari imut ngagelenyu. Disidik-sidik ayeuna mah bet mani béda. Geulisna leuwih nyari. Paromanna mani cahayaan. Anggoanana ginding. Nyorén tas kayas.

“Atuhda anéh bet masihan alamat téh komplék pemakaman.”

“Muhun apanan bumi abdi di sebrangeunana. Dibujeng énggalna ieu téh, Kang, manawi keresa anteur heula abdi. Aya peryogi. Engké uihna ka rorompok mah.”

“Oh muhun mangga. Tapi kamana?” Kuring gura-giru. Roko anu karék dua kenyot dipuragkeun tuluy ditincak. Leungeun rikat muka panto mobil. Sup Néng Anny ka jero. Kawas anu geus loma pisan. Padahal mah karék dua kali panggih téh. Pédah éta meureun mindeng ésémésan jeung chatting di pésbuk. Kitu atuhda anu diobrolkeun téh tara puguh alang ujurna. Sagala dicaritakeun sagala dibéjakeun. Nya tungtungna mah kawas anu geus deukeut pisan.

“Kamana ieu téh, Néng?” Cekéng nanya deui sanggeus aya di jero mobil.

Éta ka rerencangan Kang. Sakedap da. Mung dua bélokan. Hawatos tos ngarantosan.” Témbalna bari imut. Kuring ngagas mobil rada gancang sabab jalan téh lowong. Enya meureun pédah poé minggu.  Sabélokan dina lampu stopan. Ari bélok kiri mah  geuning langsung. Ti dinya ngaliwatan rél karéta. Tuluy bélok kanan. Tah didinya Néng Anny ménta eureun. Pas pisan hareupeun gapura anu ramé. Kulutrak Néng Anny muka panto mobil.

“Hayu, Kang. Ngiring nya.” Cenah angger mawurkeun imut. Jrut manéhna turun.

“Sakedap urang parkirkeun heula.” Cekéng bari muihkeun stir ka kénca, mépét jeung mobil anu ngajugrug hareupeun. Tukang parkir geus ngamimitian hideng niupan piriwit. Prat-prit bari tutunjuk. Sakapeung kawas anu muihkeun angin.  

“Terus! Terus! Bales! Ya. Kanan! Kanan! Heup!” cenah mani séwot. Tuluy prat-prit deui muru kandaraan séjén anu méré lampu sén. Padahal hansip gé aya teu éléh riweuhna.

Jrut. Kuring turun tina mobil. Panto kaca mobil ditutupan. Tuluy mobil dikonci. Suku hideng ngaléngkah nuturkeun léngkah Néng Anny. Teu burung ka susul da geuning manéhna gé ngadagoan. Tuluy leumpang ngaréndéng. Dina lawang gang témbong sababraha urang saumuran jeung Néng Anny papasangan, horéng babaturanana anu narungguan. Kuring sasalaman da diwanohkeun. Salah sahijina aya anu ngaran Intan. Anu ngaran Intan tuluy ngajak saréréa asup ka jero gang. Gang téh rada lega keur ukuran kota mah, tapi angger ari ku loba jelema mah teu burung dukdek. Enya atuh mani aya ku ramé ieu téh. Naha Néng Anny bet los-los ngajak kanu ramé kieu. Itu geura anu laliwat téh mani gararinding. Maké batik papasangan. Ibu-ibu aya nu maké kabaya digandéng bapa-bapa maké jas. Geus puguh ari sora dangdutan mah mani handaruan.  

Teu kungsi lila geuning abringan anu dipimpin ku Néng Intan bét anjog ka pasamoan. Néng Anny mah tonggoy wé mawur-mawurkeun imut kanu laliwat. Leungeunna meulit kana leungeun kenca kuring. Léok nyampeurkeun méja tamu handapeun gapura kembang. Ngantri nuturkeun Néng Intan jeung nu lainna.  

Kuring ukur bisa ngembang kadu niténan kaayaa sabudeureunana anu keur pésta panganténan. Sedeng diri kuring ukur maké sendal capit.

“Kumargi di bumi abdi mah moal disuguhan, Akang sing wareg tuang di dieu nya!” Saur Néng Anny bari mikeun imut nu pang amisna.   

Rengse, bandung 22 Mei 2013




Sunday, May 5, 2013

Gip


Galura - Edisi II Juni 2013

(Iwan M. Ridwan)

Jandéla migura langit angkeub. Poék geus mimiti némbongan, padahal cikénéh panon poé nyebrot ka jero kamar. Enya nyebrot sotéh katéngtogkeun ku kaca gedong jalugjug. Gedong deungeun-deungeun. Gedong anu méré saab panas keur anu aya di sakurilingeunana. Tapi mungguh usum hujan mah teu pati lila panasna.

Hujan. Bet masih kénéh kerep tiap poé téh. Cenah sakuduna usum hujan mah dina bulan ber-beran; Séptémber, Oktober, Novémber jeung Désémber. Tapi naha geuning usum ngijih mah malah bulan Januari. Aya antékan ti isuk hujan téh parat tepika soré. Ah geus kadar tinu Maha Kawasa.

Eum. Éta wé karunya ka Kang Diman, béjana rék ka imah sabada mulang ti kantorna. Mana teuing rancucutna sabab manéhna mah naék motor. Can kabeulieun mobil maksud téh. Keur kakara téh nganjang, meureun ngadon huhujanan. Hampura nya, Kang, karék ayeuna akang diwidian nganjang kadieu. Tapi da akang mah sakitu soléhna ku abdi dihulag téh teu sugan maksa. Bageur akang mah. Sobar. Sugan mah saumur nyunyuhun sirah kakara ayeuna manggihan lakaki kawas  akang. Kang Diman, Kang Diman.

Kenal jeung Kang Diman téh taun kamari. Ayeuna geus rék nincak tengah taun, nya meureun geus rék ampir sataun wawanohan téh.  Tapi can kungsi ari dibawa ka imah mah. Komo deui kuring ka lemburna. Wawuh téh estuning dina urusan-urusan penting wé. Enya penting keur kuring mah, duka keur manéhna.  

Wawuh dina twitter. Manéhna anu mimiti ngawawuhan. Mollow. Nya ku kuring dipollowbék. Singhoréng geuning senior Si Nova babaturan SMA kuring. Senior di kampusna. Enya ari kuring mah teu sakampus jeung Si Nova. Keur mah da teu pati layeut jeung manéhna téh ti baheula gé. Sabab teu sakelas. Mimitina mah tiis wé diwawuhan ku lalaki téh. Da meureun kitu kabiasaan lalaki mah sok éskaésdé. Tapi lila kalilaan ngobrol dina twitter bet daék mikeun nomer pin bébé. Ceuk pamikir, Kang Diman mah tara lebay. Estuning saperluna ngawangkong téh. Jarang deuih. Teu unggal waktu kawas anu lian. So so perhatian. Kang Diman mah éstuning teu kitu. Dibaca tina tweet-tweetna ogé rada déwasa. Biasana nyaritakeun pasualan penting. Ngeritik kaayaan nagara, ngabéwarakeun kajadian anu penting, atawa ngungkabkeun pangaweruh agamana.

Kawilang cuek geuning Kang Diman téh sanggeus aya kontak pin bébéna mah. Sakali dua kali ngomén dépé atawa pé-ém. Tara terus kalalanjoanan. Komo bari tatanya masalah pribadi mah. Atawa méré perhatian anu sabenerna mah néangan perhatian. Tepika dina hiji mangsa kuring anu nanya tiheula, naha manéhna teu hayang panggih jeung kuring. Sok sanajan éta patalékan téh heureuy. Ari pék dianggap serius. Manéhna nyebutkeun hayang panggih dina waktu deukeut. Kituna téh bari jeung enyana.

Isukna basa apaleun kuring aya di car free day, manéhna datang nepungan. Malah teu ngan saukur tepung, kuring bet ngarasa kawas jeung anu geus loma. Daék dahar baso tahu bareng. Ngobrol   ngalor ngidul. Sagala dicaritakeun ngeunaan diri séwang-séwangan. Malah dina sababaraha bagian  anu dicaritakeun kuring bet murubutkeun cipanon. Padahal Kang Diman téh jalma anyar pinanggih. Naha kuring bet gampang percaya. Enya meureun Kang Diman téh datang dina waktu anu pas.  Datang dina waktu kuring keur aya dina cucuk rungkang kahirupan. Ah, Kang Diman, jadi lalaki téh bet aya ku surti kana kaayaan kuring.

“Vita, aya tamu.” Mamah geuning ngagentraan. Enya bet teu kadéngé ngeuning sora motor Kang Diman téh, kawasna kasirep ku sora hujan. Ah kétang da sora motor manéhna mah laun, teu kawas motor Si Bungsu anu boborobotan. Eum mana teuing rancucutna.

“Mangga calik, Ncép. Antosan sakedap nya.” Kakuping deui suanten mamah di ruang tamu. Teu kantos lami anjeunna mukakeun panto kamar kuring anu teu pati rékép.  

“Vita, itu rerencangan Vita palay ngalongok saurna téh. Wios sina ka kamar waé nya. Keun urang bérésan heula kamarna.” Saur mamah anu teras nyimbutan kuring. Bantalna dibebenah. Tungtung-tungtung sepré dirapihkeun. Cetrék lampu ogé dihurungkeun. Jandéla kamar ditutup. Piring sareng gelas kosong dina méja caket tivi dicandak kaluar kamar.  

Teu lami mamah sumping deui disarengan ku Kang Diman.

“Tah kieu, Ncép, Vita téh.” Saur mamah bari mukakeun panto dugika ngageblang. “Sok waé nya sing jongjon, ibu mah aya pidameleun kénéh di dapur.” Sambungna bari nyaketkeun korsi kana sisi risbang. Tos kitu kaluar ti kamar. Ari Kang Diman kalah ngajenjen dina lawang panto. Neuteup anteb ka kuring anu satékah polah nyieun imut dina biwir jeung pipi.

“Kunaon, Kang, siga anu ningal jurig?” cekéng rada heureuy. “Mangga calik! Atanapi badé patebih waé?” kuring seuri. Maksakeun. Hayang ulah katémbong keur nandang kanyeri.

Teuteup Kang Diman masih mencrong. Tapi sukuna mimiti ngalengkah. Ngadeukeutan. Gék diuk dina korsi anu geus disadiakeun tadi. Biwirna rada ngageter semu geunteul, meureun kabulusan sidik beungeutna semu baseuh ku cihujan.   

“Akang kabulusan?” hayang seuri aya ningali beungeut Kang Diman téh. Tapi panasaran aya, naha kunaon manéhna neuteup kawas kitu ka kuring.

“Citéh panas, Ncép, cobi moal katirisan.” Mamah sumping deui ka kamar. Dina panangan katuhuna aya gelas jangkung eusi téh manis. Lajeung disimpen dina méja.

“Hatur nuhun, Ibu.”

“Enya sok dieueut heula.” Saur Mamah deui anu lajeung kaluar ti kamar.

“Dieueut, Kang, citéhna. Raos geura tos kahujanan mah.” Ngawaro ka kuring mah Kang Diman téh. Gelas jangkung dikodongkang, tuluy dikeukeuweuk. Regot diinum bangun anu teu ngarasa panas. Tapi deui-deui teuteupna anteub ka kuring.

“Kumaha kajantenanana ieu téh, Vit?” cenah. Sorana rada ngageter. Kuring ngahuleng sakedapan.

“Nuju turun tina tangga, Kang, tikoséwad.”

“Astagfirulloh. Naha kirang ati-ati atuh.” Cenah mani gogodeg. Kuring ngajawab ku imut, maksakeun imut padahal nyeri mah mani nataku.

“Sabaraha lami kedah istirahat saur dokter?”

“Tilu minggon, Kang.”  

“Euleuh geuning lami.”

“Muhun.”

Jep. Sakedapan mah kamar téh sepi. Nu kadéngé ukur sora hujan. Sakapeung kilat ngabarasat dibarung ku guludug mani bebeledagan. Kuring tungkul tapi karasa teuteup Kang Diman mapay tina beungeut kana awak, tuluy kana pingping anu disimbutan. Bisa kabayang naon anu aya dina jero pikirna. Pingping kuring gedé sabeulah. Sakumaha anu kungsi dicaritakeun tur dikirimkeun gambarna kana bébéém.

“Kumaha kaayaanana saur dokter?” Kang Diman mimiti nanya deui. Teuteupna pindah deui kana beungeut kuring. Pinuh ku kapanasaranan. Kuring ngahuleng sakedapan mah.

“Renggang deui saurna mah.” Jawab téh pondok. Manéhna gogodeg deui. Teu karasa aya nu baseuh dina pipi. Horéng cipanon kahiji anu murag téh. Leungeun kénca rikat ngusap.

“Sing tabah sareng atawakal waé, Vit.” Cenah. Sora Kang Diman dumareuda. Tembong neureuy ciduh, bangun aya anu ngagendok dina tikorona. Regot deui nginum citéh tina gelas anu dikeukeuweuk ti tatadi.

Berebey cipanon maseuhan deui pipi kuring. Kawas tadi leungeun rikat ngusapna.  

“Ieu kang, rusiah abdi pangna keukeuh kumeukeuh teu tiasa nampi Akang. Abdi mah batan sakieu. Meus-meus tiktik brek. Meureun lamun dina mangsana urang ngajangji pasini, abdi mah ukur jadi beban hirup akang. Rék kumaha bisa ngawula, dalah diri soranagan ogé kawulaaneun.”

“Vita, teu kéngéng nyarios kitu...”

“Isin, Kang. Pami abdi ngan ukur jadi berewit dina kahirupan Akang ka payunna. Abdi alim ngawiwirang Akang, kulawarga akang, sobat-sobat akang. Malih dina buktosna ayeuna akang tos aya dina kahirupan anu bentén. Aya dina lingkungan jalmi-jalmi terhormat. Sedeng abdi apanan kuliah ogé kanceuh...”

“Vita...”

“Akang téh terlalu baik kanggo abdi mah. Haat tur dariana ka abdi kaleuleuwihi. Ulah maksa abdi dugika cinta ka Akang, Kang. Abdi teu tiasa males kanyaah akang. Kahéman akang...”

“Vita, kaayaan Vita ieu téh sanés kahoyong sasaha, sanés kahoyong Vita. Tapi Alloh anu parantos nangtoskeun sagala rupina. Apan urang sadayana usik malik téh ngan ku Mantenna...”

“Leres kang, pami teu émut kadinya mah sok nataroskeun ka Gusti téh, naha abdi teu tiwas sapada harita. Lebet ka kolong treuk, atawa kapengparkeun kana trotoar. Meureun moal matak ngarépotkeun sadayana. Cobi émut ku Akang, sepuh abdi janten séép sagalana. Ieu sampéan tos nyéépkeun mangpuluh-puluh juta....”

“Sssstt! Ulah ngémut ka dinya. Sepuh mah teu ieu sugan étangan....”

 “Tapi abdi téh isin, Kang. Kumaha mulang tarima kanu janten ibu-rama? Kuliah teu cacap, kerja di ditu di dieu teu waé lana.”

“Ieuh, saur Akang ogé sanés kahoyong urang. Vita teu cacap kuliah apanan nyak kitu téa teu kiat di jalanna. Damel nya komo deui langkung meryogikeun tanaga anu abot. Ulah seueur émutan ayeuna mah, angguran geura damang.” Kuring ukur bisa ngusapan cipanon. Ngadédéngékeun satiap omongan Kang Diman.  

“Sing percaya, naon anu jadi gurat garis katangtuan Manténna éstuning keur kahadéan mahlukna. Tinggal pasrahkeun sagala rupana. Jalanan bari tawakal. Sabar. Tapi lain hartina pasrah bari jeung putus asa. Sabar téh hartina teu aral. Tarékah jeung saréatna dilaksanakeun. Anapon hasilna teu langkung Anu Kagungan.” Tiis kana haténa téh éta kekecapan. Tapi hanjakal bet kalah eureun. Ngadon ngahuleng. Neuteup anteb kana suku kuring anu dibulen. 

“Ti saprak ayeuna mah abdi dipahing angkat-angkatan, Kang. Bilih kageujreug-geujreug. Inggis mingkin parna. Katawis ku dokter rétakanana téh kawas anu uih deui ka mimiti. Numawi ieu digip deui.”

Jep. Teu kedal deui nanaon. Kang Diman bangun anu bingung, kuring nya kitu deui. Ukur cipanon nu ngalémbéréh kana pipi minangka basa keur ngagambarkeun kaayaan haté kuring. Di luar hujan masih kénéh diawurkeun ti langit Bandung. Kilat kawas anu keur élég pating barasat di ditu di dieu. Sora guludug sakapeung matak nyoplokeun jajantung. Sedeng kuring jeung Kang Diman ukur bisa ngaraga meneng.
 
“Geura damang. Mun tos damang urang nikah?” omongna. Karasa leuwih ngageleger batan kilat jeung guludug di luareun imah.

(Réngsé, Bandung 27 April 2013)





Saturday, May 4, 2013

Sajak Lampau


Kuajak Engkau Memandang Senja

Kuajak engkau memandang senja di pasir pantai
Bergegas menuju peraduan angan yang bertepi entah di lautan mana
Melangkah seperti ombak memecah belah riak keemasan
Membiarkan warna merah bata melukis bayang-bayang di belakang kita

Kuajak engkau memandang senja yang hampir tiba pada rindu kita
Rindu yang menyerupai harapan ibu pada langkah-langkahmu
Langkah-langkah pasti, langkah-langkah setegar karang
Bergegaslah menuju ke sana anakku, tempat para ksatria mengibarkan bendera nama
Ijinkanlah seribu hempasan kecemasan ibu melindungimu

Kuajak engkau memandang senja seperti Jibril mengajarkan membaca pada nabi kita
Bacalah anakku! Bacalah debur ombak di sana yang akan menjadi sahabatmu.
Bacalah ikan-ikan yang sedang berenang di dada ibu, di mata ibu. Mereka haus akan rindu, akan belaian tangan-tangan halusmu.
Bacalah batu-batu karang yang menyimpan kekekalan.  Bacalah palung-palung di dasar laut itu jika kau ingin mengarunginya nanti. Sebab ibu tidak mau engkau tersesat.
Pesan ibu, kelak setelah engkau menjadi hiu atau paus emas, ubahlah warna laut kelabu ini menjadi keemasan seperti senja yang mewarnai pantai landai…

Bandung, 16 November 2011

Friday, March 1, 2013

DI PANGUNGSIAN

Galura, Edisi II Maret 2013

(Iwan M. Ridwan)

Langit Bandung geuneuk deui. Panon poé kawas nu geus wegah méré panas. Teu kaur caang reup deui kahalang ku méga malang. Mangréwu kahariwang geus anjog ka jero haté séwang-séwangan. Mungguh lain bantrak-bantrakeun hujan anu deui-deui bakal narajang lir ratusan juta anak panah leupas tina gondéwah. Malah bisa leuwih ti kitu.   

Mimitina mah barudak gé kalah kawas nu atoh. Pating kucuprak saleuseurian. Silih simbeuh ku cileuncang. Aya kandaraan anu mogok ragot lalumpatan pada mangdorongkeun. Calecengiran. Tibeberegég. Tuluy susurakan. Dibéré duit dua rébu pérak keur lobaan ogé bungah kacida. Geus kitu silih simbeuh deui. Lalumpatan deui nyalampeurkeun kandaraan lain anu méh-méhan paéh. Kalolobaanana mah mémang paéh. Kitu sapanjang masih bisa disorang mah. Dikumpul-kumpul duka teuing meunang sabaraha duit téh sok sanajan teu satiap anu mogok méré bayaran. Enya kitu sotéh barudak mah narulungan. Ridho lilahita’ala.  

Lila kalilaan cai téh ngaluhuran. Anu asalna satuur jadi sapingping. Anu asalna sapingping jadi sacangkéng. Mingkin luhur jadi sadada. Sasirah. Salalangit para. Sasuhunan. Tuntungna matak teu walakaya. Kandaraan euweuh nu bisa liwat. Pangeusi imah geus lalunta. Barang-barang anu sakirana bisa disalametkeun dibawa ka pangungsian. Tim SAR jeung Badan Penanggulangan Bencana teu weléh sayaga. Tantara nya kitu deui unggal usum ogé teu weléh iatna. Partéy politik, organisasi masyarakat jeung  stasiun televisi teu tinggaleun dina aubna. Enya kabéh pada neundeun simpatik sasatna ka tempat bencana. Bencana musiman leuwih cocogna mah. Sabab geuning teu sirikna unggal usum hujan kieu téh. 

Imah kuring anu ngan sababaraha méter tina biwir Citarum teu sirikna geus kawas gula reujeung peueut. Atawa cohagna mah amis reujeung sireum. Hujan reujeung tiris. Saban mangsa hujan datang cai teu weléh ka buruan. Tuluy naék kana téras. Ampih ka tengah imah. Ka kamar. Ka unggal suklak-sikluk imah. Orokaya mun ninggang dicaah imah kuring jeung tatangga anu pangheulana kacarem. Nu matak unggal datang hujan geus sasadiaan ngakutan parabotan ka jero para. Kitu ogénan mun teu kacarem tepika suhunan.  

Kawas ayeuna. Di pangungsian kuring teu bisa walakaya. Asa lain lalaki. Dahar ngandelkeun paméré ti rélawan bari jeung nyakitu téa teu matak mahi. Sakapeung ngan ukur dahar emih rebus atawa roti hiji. Eumh mani asa ngarumah. Enya mun rék dipitineung mah mangsa baheula sugan iraha ngalaman dahar siga kieu. Saré teu puguh reupna. Enya nu salah mah tetep diri kuring. Mun mah baheula teu boga lampah nirca meureun moal kieu jadina.
***

Hampura, Jang. Hampura Apa. Ujang mah ulah rék nunutur lampah Apa. Ujang mah sing bakti di ditu ka si Ema. Sing bakti ka Aki jeung Nini hidep meungpeung masih keneh araya kénéh bari jeung haat ngabiayaan hirup Ujang jeung Ema hidep. Ayeuna mah Apa gé hanjakal, Jang. Mun rék dibandingkeun mah hirup di kota asa leuwih nyiksa batan baheula kudu ngurus sawah titipan ti Aki hidep. Enya meureun éta teh kanyaah. Sangkan Apa bisa ngahirupan kulawarga. Da kitu geuning Aki hidep mah henteu ngan ukur ka Apa, tapi Kang Jujun ogé anu teu béda jeung Apa, kasebutna  minantu, teu burung dibéré nyawah. Atuh hasilna nya teu bisa disapirakeun ari sakali panén tepika meunang saton mah. Nu majar ceuk Aki hidep keur bekel dahar sangkan teu meuli béas. Ceuk pangrasa mah moal béak satauneun sakali panén. Lian ti kitu apanan panén teh sataun dua kali. 

Eum hanjakal Apa mah, Jang. Mun mah baheula jadi jalma jujur. Meureun moal tepika kieu jadina. Enya atuhda, Jang, Apa téh sasatna jalma tuman diogo ku kolot. Enya Aki hidep di Kadungora. Tuman itu ieu diayonan. Carék-carék teu lila aki hidep ngadon ninggalkeun. Harta anu aya mangrupa réstoran jeung toko dodol téh atuh pada nyokot kunu boga hakna. Éta ogé apanan Apa kabagian réstoran sisi jalan di Limbangan. Nya kitu téa geuning ari sipat Apa anu teu biasa hirup merih titinggal kolot téh ngadon dijual. Boga pikiran kitu téh sabab geus kaangseu rék pirugieun. Maklum geuning Apa mah teu bisa usaha sorangan téh. Enya lain teu bisa-bisa teuing ari ngagolangkeun mah da éta gé saréatna mah indung hidep anu ngatur ngajeujeuhkeun sagala rupana ogé. Ngan Apa geuning dér kalah ngorowotan duit modalna. Lain nyukupkeun ku batina. Alesanan mah rék néangan pausahaan séjén di Bandung. Rék noangan tempat keur muka cabang.

Tapi da éta téh bohong, Jang. Apa di Bandung ngadon ulin-ulinan jeung babaturan, jeung kabogoh. Tapi Ema hidep mah teu apaleun sacongo buuk ogé. Tepika pamustunganana tulus di jual rumah makan téh. Duitna di bawa ka Cianjur. Cicing jeung aki hidep nyieun wawarungan.  

“Pék atuh rék usaha di lembur mah, tuh sakalian dibekelan keur dahar mah urus sawah sangkan teu meuli béas.” Ceuk aki hidep harita basa Apa sasadu rék milu hirup kumbung jeung anjeunna.

Enya, Jang. Apa anu salah deui waé mah. Teu betah geuning ngahiji jeungg mitoha téh. Apa ngajak pindah deui ka Ema hidep. Ngalanto ka kota. Usaha ganti jadi dagang baso. Aki jeung nini hidep nya kitu doa deui waé sok sanajan saméméhna Apa meunang papagah. 

“Sujang, anu ngaranna usaha mah kudu getén. Ulah héjo tihang. Mun mah urang keur ngeureuyeuh dina hiji pacabakan, nya didinya urang kudu soson-soson migawéna. Mun keyeng mah tangtu pareng. Insya Alloh bisa kahasil. Tinimbang urang kudu lanca-linci, tungtungna moal jadi jalma bener. Moal puguh pacabakan” saur Aki hidep harita.

Da enya pisan atuh Jang anu diomongkeun ku Aki hidep téh teu nyalahan. Apa rumasa harita béakeun modal. Nyieun baso téh teu weléh nombok jeung nombok waé. Harga daging sapi mani ngampul pisan. Sedeng anu meuli dileutikan téh apanan kalolobaanana mah karukulutus. Nya orokaya jadi loba hutang. Unjam-injeum kaditu-kadieu jadi loba anu nagih. Jeung Apa béak dengkak ujug-ujug hayang ngajual sawah anu diancokeun keur bekel dahar. Kalawan rerencepan sawah téh pindah kana leungeun batur. Meunang sababaraha usum mah Apa gé teu nyawahan. Ngan orokaya kapanggiheun disawahan ku pagawé Haji Sanusi, ari ditanyakeun ku Aki hidep kanu nyawahna, éta sawah memang geus dijual ku Apa. 

Nya ti harita atuh Aki téh bendu ka Apa. Tapi da geuning ari kitu-kieu mah henteu. Bubuhan jalma soléh. Ngan cenah keur naon maké kudu dijual sagala rupa. Ari Apa apanan jalma tukang dipercaya ku sasaha. Sawah téh dipaké modal nombokan warung baso di kota, moal lila ogé bisa kabeuli deui. Tapi nya kitu téa rasa rumasa teu asak jeujeuhan jeung kurang pendidikan Apa mah, Jang. Duit sawah teu balik, Apa hantem ngadon kabongroy ku randa urang kota tepika hiji mangsa mah kanyahoan ku Ema hidep. Kitu sotéh sanggeus tatangga loba anu lalaporan. Sok mahugi. Sok ulin ti peuting. 

Pamustunganana Ema hidep ménta balik, Jang. Ménta diserahkeun. Ema hidep kabur, balik ka aki hidep. Sagala diuar naon anu karandapan. Enya atuh saha jalmana anu rék bisa narima kalakuan Apa kawas kitu, Jang. Ceuk paribasa mah Aki hidep téh kawas anu nulungan anying kadempét. Sanggeus salamet lain aya ku dua mulang tarima tapi kalah ngarewég, ngajejewét.Nya ku paménta aki hidep Apa ngaragragan talak ka Ema hidep téh. Jeung Apa gé rumasa geus teu pantes meunang kanyaah ti Aki hidep katut kulawargana.  Ah hidep mah moal inget  meureun da masih kénéh leutik pisan. Kana ingetna ogé moal ngarti.

Apa lunta téh ka Bandung, Jang. Mawa duit sesa tina ladang ngajual sawah aki hidep téa. Enya kangaranan di kota gedé, mawa duit panyésaan mah ukur bisa nyiruruk di imah kontrakan sisi Citarum. Uyuhan Apa gé bisa kawin deui ka parawan kolot. Hideung jeung bawél. Bubuhan teu payu ku sasaha. Mun rék dibandingkeun jeung Ema hidep mah jauh tanah ka langitna. Tapi dari pada hirup sorangan leuwih hadé boga pamajikan. Bisa nyieun usaha leutik dina roda. Jualan baso deui waé sakumaha anu ayeuna ku hidep katempo. 

Hidep mah geuning siga anu teu neundeun ceuceub ka Apa téh, Jang. Sanajan Ema hidep jeung aki hidep baheula ku Apa dihianatan. Dinyeurikeun haténa. Hidep mah geuning bet aya rasa miboga bapa. Daék maluruh kadieu. Sok sanajan Apa mah teu wasa narima ogé. Teu bisa nyugemakeun. Meureun mun apal mah kalakuan Apa baheula hidep gé moal daék ngaku bapa. Sasatna baheula téh hidep mah masih kénéh dina aisan Ema hidep.  

Citarum anu beuki lébér jeung belewuk téh lir ibarat dosa Apa, Jang. Dosa anu hésé pikeun dibersihanana. Pagalo jeung sagala rupa; sarah, palastik, limbah, cikolombéran, jeung sakapeung mah mayit nu dipergasa. Kawas mayit indung téré hidep anu masih kénéh ngalelep jero kamar sabab leungeun jeung sukuna ku apa diborogod kana risbang bari diheumpikan kasur.  

(rengse, Cianjur 25 Pebruari 2013)
Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com