Wednesday, February 17, 2016

BÉCA MANG KARNA

Ku Iwan M. Ridwan


Layung di tebéh kulon hibar lir gincu anu diulaskeun di langit. Masieup ringkang nu rék mulang ka sarakanna séwang-séwangan. Patalimarga ngantay di jalan pada-pada boga tujuan. Nu di mana nu di mendi pada-pada hayang geura-geura ka imah. Teu kawas Mang Karna anu ngalelengkur dina tempat diukna, kawas anu teu hayang buru-buru balik, lir anu teu kapangaruhan ku wanci nu geus méh baganti. Panonna ngulincer neuteup sakur jalma nu ngalalar. Teuteupna pinuh harepan ngawaskeun saban ringkang nu rék mulang.
“Bagja batur mah digawé unggal poé, awak bareresih, duit ngamalir unggal bulan,” kitu gerentes haténa sabot ngawaskeun saban jalma.
Jero ngalamun téh pipikiranana inget ka nu di imah. Anakna anu reuay keur meujeuhna bilatung dulang. Pamajikanana anu bureuyeung deui. Ras inget deui ka nu boga kontrakan geus nanagih waé ti dua bulan katompérnakeun. Leketey haténa kawas anu kapupul bayu. Mun mah dirina lain lalaki meureun geus sahing-hingeun ceurik.
 “Mang, béca!” Hiji sora ngagentraan ti tukang meupeuskeun panineungan Mang Karna. Bréh katénjo hiji lalaki kasép umurna moal géséh ti manéhna.
“Eh, Ncép Rusli. Mangga, Cép!” Mang Karna rengkuh,
Soloyong béca disanghareupkeun ka nu anyar datang. Clé nu ngaran Rusli diuk dina jero bécana. Ari Mang Karna teu buru-buru diuk dina sadel, sabab komplék paimahan Rusli mah aya di tebéh wétan, cenah éta ogé sabab manéhna can kungsi nganjang. Wawuh sotéh ka manéhna duméh remen méré dadahareun sabab kantorna teu jauh ti tempat Mang Karna ngetémkeun béca. Béréhan Rusli mah, cacakan jalma aya daék wawuh jeung tukang béca.
Mang Karna meuntaskeun bécana ka jalan belah kénca. Béca téh didorong, hésé nakeranan sabab patalimarga mani pagegek. Mang Karna ngulang-ngulangkéun leungeun katuhu ti dituna mah méré tangara sangkan manéhna dibéré lolongkrang geusan meuntaskeun bécana. Tapi nya kangaranan pagegek, lolongkrang anu aya téh leutik kacida, katambah nu marawa motor mah teu sirikna unggal aya selah téh teu sirikna paheula-heula. Kawas harita Mang Karna anu rék sajungjungeun nyurungkéun bécana ana séak téh salah sahiji motor anu ditumpakan ku budak sakola ngadius méhméhan neunggar béca Mang Karna.
“Kasebelan siah, teu eucreug mawa motor téh!” Mang Karna kukulutus ka nu tumpak motor. Nu di jero béca ukur nyéréngéh nyaksian Mang Karna kitu péta. “Punten, Cép!” Mang Karna semu éra.
“Abdi turun heula atuh, Mang, méh teu beurat,” Rusli geus rék ngoléséd tina diukna.
“Teu kedah, Ncép. Calik wé, tos biasa Mamang mah. Éta wé kesel ka nu mawa motor kekebutan téh, teu nempo jalan macét,” Mang Karna némpas semu anu napsu.
“Barudak anu sok karikituan téh, nya, Mang?” Ceuk Cép Rusli.
“Nyaéta kéna-kéna budak jalma beunghar, sangeunahna wé di jalan téh,” Mang Karna kukulutus, kituna téh bari lalaunan meuntaskeun bécana. Sanggeus aya di peuntaseun jalan, kalacat Mang Karna naék kana sadel, sukuna nincak pedal sabeulah, jung suku anu hiji deui ngaléngkah muru pedal hiji deui. Tapis pisan Mang Karna mah bubuhna geus manukna mawa béca téh sanajan bari kaayaan kawas anu teu paur-paureun.
“Teu nyandak mobil, Cép?” Mang Karna muka carita.
“Ku pun bojo, Mang, abdi mah dijajap wé tadi énjing téh.”
Mang karna ukur ngarérét kawas anu hélok.
“Biasa mulang jam sabaraha, Mang?” Giliran Rusli anu nanya.
“Teu tangtos, Ncép, kadang dugi ka tabuh tujuh kadang dugi ka tabuh salapan. Kumaha parengna,” ceuk Mang Karna. Panonna mah tonggoy ka hareup ngawaskeun patalimarga anu sakeudeung-sakeudeung eureun. Dirina ogé nya kitu kénéh, meusmeus nincak erém meusmeus ngaboséh tepi ka tinangtung-nangtung. Kawasna mah seunggah ngaboséh béca dina kaayaan macét téh.
“Euleuh geuning dugi ka wengi?” Rusli bangun nu hémeng.
“Sakitu mah teu acan wengi, Ncép. Malah mah teu jarang saré dina béca ogé,” Mang Karna némbalan.
“Euleuh, naha teu tiris, Mang, saré dina béca?”
“Ari atos kumaha, Ncép. Badé naon uih ogé, hasil teu sapérak-pérak acan mah nya naon anu kudu dicandak?”
“Har kungsi teu beubeunangan, Mang?”
“Sanés kantos deui, Ncép, remen,” omong Mang Karna kawas anu pasrah kana nasib diri.
“Euleuh, karunya teuing,”
“Ah nasib tukang béca, Ncép, ayeuna mah kasilih ku kendaraan anu langkung cepet sareng langkung praktis,” Mang Karna nyaritana kawas anu neuteuli. “Komo nu daramel mah gampil pisan hoyong gaduh motor atanapi mobil ogé. Uyuhan wé aya kénéh anu kersa naék béca ogé, sapertos Ncép,” sambung Mang Karna kawas anu ngahinakeun diri.
“Ah aya-aya waé nanaon téh.”
Éh buktos, Cép, dugi ka wengi kieu nembé kéngéng panumpang duaan saréng Ncép téh,” Mang Karna daria naker ngomongna kawas anu sieun teu percayaeun.
“Ngké mah giliran Mang Karna anu senang téh, Mang, boa sakeudeung deui gé boga mobil,” Rusli semu ngabebénjokeun.
“Giliran kumaha, Ncép, saumur-umur Mamang mah angger wé ripuh, teu di kota teu di lembur. Can kungsi ngalaman senang. Ningali batur mah mani raos Ncép, artos tiap sasih ngamalir, bumi saé, atuh mobilna ogé hurung hérang. Mamang mah ah keur nyumponan dahar anak pamajikan sapopoé ogé teu bisa diarep-arep,” Mang Karna panjang lébar.
“Ah Emang mah sok kaleuleuwihi. Sok keuna kana paribasa ripuh paaku-aku senang pasangka-sangka. Nu hurung-hérang mobilna téh langkung seueur rereged hirupna, Mang,” Rusli bangun anu ngabeberah.
“Tapi aranjeunna mah moal ngémutan naon tuang naon enjing, Ncep,” Mang Karna embung éléh.
“Tapi jalma mah hirup saluyu jeung kasusahna, Mang. Mun mah manéhna boga kasenangan sakitu puluh, nya sakitu puluh ogé nu jadi reregedna,” Rusli némpas deui.
“Ah mustahil, Ncép. Nu seueur artos mah gampil nanaon ogé…” Mang Karna ngomongna teu kebat sabab bécana ngadadak ngabangkieun.
“Aduh. Aya naon mang ieu téh?” Rusli reuwas sabab béca nu ditumpakanana ngadadak nyanggeyeng jeung ugag-igeug. Mang Karna ngeureunkeun bécana sisi jalan. Jrut turun laju niténan kaayaan ban tukang.
“Hapunten, Ncép, kempés,” omong Mang Karna bangun hanjelu. “Mangga, Ncép, bilih badé ngalih ka nu sanés mah,” pokna deui kawas anu nahan kasedih.
“Baé, Mang. Hayu wé urang néangan tambal ban,” ceuk Rusli bari ngoléséd tina tempat diukna.
“Di dieu waé, Ncep,” Mang Karna ngadorong bécana ka sisi jalan. Mang Karna niténan ban bécana gemet nakeranan, kodéhél aya paku sagedé tungtung harupat naceb dina ban bécana atra katénjo kacaangan lampu jalan. Geus nyaho kitu mah teu talangké Mang Karna ngaluarkeun pakakasna tina laci anu naklok tukangeun panyandaak panumpang. Mang Karna ngaluarkeun séndok tilu, gunting, gégép, kikir, karét tambal katut elém jeung kai sagedé hoé. Bru éta pakakas téh disimpen teu jauh tina ban béca anu kempés. Mang Karna nyokot kompa anu dibeungkéut pageuh handapeun erém titincakan. Cag kompaan diteundeun teu jauh jeung pakakas séjén. Rusli teu kemék teu nyarék dirina ngajanteng ngawaskeun Mang Karna anu ugal-ugil sorangan nyabut paku leutik nu naceb dina ban bécana maké gégép.
Satutas pakuna dicabut, Mang Karna nyokot séndok, hiji-hiji disungkaleun kana biwir ban béca, anggangna méh mertelu buleudan kikiping bécana. Apik pisan manéhna ngualkeun ban luar béca téh. Sanggeus biwir ban aya di saluareun véleg, Mang Karna ngadudut ban jero sina kaluar tina jero véleg. Péntilna dilelepkeun laju didudut kaluar ngaliwatan biwir ban luar. Panonna gemet kana lebah paku anu tadi nanceb.  Sanggeus ébréh urut pakuna, gap leungeun Mang Karna nyokot kirir. Urut nancebna paku téh dikikir sababaraha balikan, geus kitu nyadiakeun elém jeung karét tambal ban anu digunting sagedé tutup botol. Ban anu dikikir téh diulasan elém, geus kitu tel ditapelan karét tambal ban anu geus dieléman. Éta karét tambal anu némpél dina ban béca téh sisina diulasan elém bari diteundeun dina batang béca. Kusiwel ngaluarkeun panékér, cekés seuneuna dihurungkéun laju diantel-antel kana sisi-sisi karét tambal anu dielém. Gap deui kana kai anu sagedé hoé téa. Tungtung kai diteueul-teueulkeun kana sisi karét tambal bari sakapeung diasongan seuneu panékér aya kana sababaraha kalina.
Rusli mah gogodeg nénjo ketak Mang Karna sarupa kitu. Ceuk pikirna jalma anu hirup dina kakurangan leuwih loba akalna tinimbang jalma anu salalawasna hirup dina kacukupan. Ras inget ka anakna anu pagawéanana ukur namprak ka kolotna. Itu ieu teu weléh ditedunan ku dirina. Horéng cara manéhna ngogo ka nu jadi anak téh teu alus. Nu matak salila ieu budakna geus sawawa gumantung kénéh ka kolotna. Kawasna téh taya pisan tarékah pikeun nyumponan pangabutuhna atawa semet nedunan kahayangna.
“Hujan, Ncép. Ngiuhan pami henteu naék béca anu sanés ogé,” omong Mang Karna.
“Wios diantosan, Mang,” jawab Rusli bari nyampeurkeun.
“Sakedap atuh, Ncép,” Mang Karna tihothat ngawewelkeun ban jero kana véleg, dirapihkeun maké séndok kawas mimiti manéhna ngaluarkeunana, sanggeus rapih sawatara pakakasna diteundeun kana jero laci. Ban téh dikompa gancang nakeranan. “Enggal lebet atuh, Ncép,” pokna deui bari tibeberegég ngompa ban.
Teu lila ogé ban béca geus sabihara-sabihari deui. Gasik kompanan ditalian deui dina batang béca. Jung nangtung, ragamang kana aling-aling béca rup diturubkeun kana beungeut béca. Kira geus teu kahujanan anu dijero rap manéhna maké jas hujan tina pelastik urut turub kasur, rap deui kana cetok anu dijieun tina kardus dilapisan kérésék.
Kalacat Mang Karna anjeucléu deui dina sadel laju ngaboséh bécana. Dina kaayaan hujan mah jalan téh teu pagegek teuing. Keur mah geus ampir nepi ka gerbang komplék imah Rusli atuh Mang Karna ogé laluasa dina mawa bécana, kagejed sotéh pédah meusmeus kudu ngusap beungeut sabab hujang mindeung ngagarajag.
Salila di jalan téh ayeuna mah Rusli jeung Mang Karna teu loba omong tayohna pada-pada katirisan. Minangka anu jadi omonganana téh panuduh jalan hungkul kitu ogé geus rék anjog. Basa anjog téh hujan pareng rada raat. Béca eureun hareupeun pager imah Rusli anu ceuk erongan Mang Karna mah éta imah téh agrengna tur mahal kacida. Pager beusi pulas hideung paselang jeung tihang tina témbok anu dicét bodas. Jeroeun pager aya patamanan leutik anu rempeg ku tangkal bungbuahan kawas rambutan, manggah arumanis, dalima katut sarikaya. Imahna teu pati gedé katémbongna ti luar mah, pédah aya loténgan. Sajongjongan mah Mang Karna olohok nempo imah Rusli. Méh-méhan teu apal nu tumpak béca geus turun nangtung hareupeun gerbang laju mukakeun gerbangna.
“Mang, artosna di bumi, kalebet yu sakalian ngiuhan!” Omong Rusli bari miheulaan asup.
Mang Karna kagét. Jrut turun tina becana laju ngagolongan aling-aling becana. Sup kana lawang gerbang nuturkeun Rusli. Bari leumpang teh pelastik anu dipaké nyalindungan awakna dikibring-kibring minangka nuuskeun cihujan. Basa Rusli unggah kana téras, Mang Karna ngajanten hareupeun garasi anu nutup.
“Hayu, Mang, ka jero!” Rusli ngageroan pédah Mang Karna ngajanteng waé gigireun bécana.
“Wios,  ngantosan di dieu wé,” Mang Karna rengkuh.
“Éh hayu, urang ngopi heula geura, haneut di jero mah,” Rusli nyampeurkeun.
“Hatur nuhun, Ncép, teu kedah. Baraseuh abdina ogé!” Mang Karna tetep mugen.
Dipapaksa gé teu daékeun waé ka jero Mang Karna téh, antukna Rusli éléh géléng asup sorangan. Mang Karna nungguan dina téras, gék diuk bari ngegerendeng jero haténa.
“Bagja temenan Cép Rusli. Hadé milik hadé rupa, basa jeung tatakrama. Moal manggihan deui jalma kawas manéhna, bageurna, soméahna, beungharna. Kabagjaan téh tumplek di manéhna. Aing mah jauh bumi ka langitna kana kecap bagja téh, padahal kurang kumaha tihothatna ihtiar. Nasib téh teu robah-robah. Pédah aing mah bodo meureun,” Mang Karna narik napas panjang. Rét ka lawang panto.
“Kamana nu nyokot duit ongkos téh mani lila?” Haténa galécok deui.
Ras deui inget ka kulawargana, mun mah manéhna anu boga éta imah tada teuing galumbirana anak pamajikanana. Moal tepi ka parebut simbut lantaran katirisan meureun. Moal pamajikanana riweuh nénéangan baskom jeung émbér lantaran parana iris. Ngomong ku ngomongna kanu boga kontrakan, tapi kalah dibalikeun deui majar ngadagoan duit pamayar ti manéhna. Kateuteuari. Kitu ceuk haténa harita.
“Mang, ngopi heula aya sukun, yeuh!” sora Rusli semu ngagebah lamunan Mang Karna.
Mang Karna gasik malik. Bréh cikopi dina cangkir jeung lodor eusi goréng sukun ditumpangan roti tawar anu ngarangkep eusi coklat tilu rangkep, goréng sukun mah teuing sabaraha keureut da témbong pagegek dina lodorna.
“Duh, Ncép, teu kedah ngarérépot, Mamang mah moal lami da tos wengi.”
“Ah karék jam dalapan, Mang, cenah sok tepi ka peuting. Santéy wé Mang, tah goréng sukun haneut kénéh, bisi kurang mah Si Bibi gé masih ngagoréng.”
“Teu kedah ngarérépot, Ncép. Badé teras waé, hujan kieu mah tiiseun biasana gé,”
“Enya méméh mulang, ngopi heula méh haneut awakna.”
Lain teu hayang sabenerna mah ngopi téh, tapi manéhna inget anak jeung pamajikanana boa teuing dalahar atawa acan poé éta. Tapi Rusli hayoh waé mamaksa Mang Karna kudu nguyup heula cikopi nu geus dijieunkeunana, atuh kapaksa Mang Karna nyokot cikopi dina gelas, suruput bangun anu nikmat pisan, kawas teu panas-panaseun. Gap kana goréng sukun, am dihuapkeun mani cacamuilan kawasna mah lapar. Béak tilu keureut ditungtungan ku ngaregot deui cikopi tepi ka ledis. Mang Karna amitan.
“Dibekel nya, Mang, sukunna!” omong Rusli matak ngabubungah haténa.
“Mangga, Ncép, punten janten ngarérépot.”
“Teu nanaon, Mang, justru nuhun pisan, Mang Karna bébélaan huhujanan nganteurkeun kuring. Ké dagoan atuh urang kérésékan,” Rusli balik deui ka jero imah, teu kungsi lila mawa kérésék anu geus aya eusian sukun babaraha keureut. “Tah, Mang, ditambahan keur barudak, nya,” pokna deui.
“Hatur nuhun, Ncép,” Mang Karna atoheun pisan.
“Keun waé da sukun mah meunang ngala ti tukang. Tah ieu ongkos béca, nya, Mang!” Rusli ngasongkéun amplop.
“Teu lepat ieu téh, Cép? Ageung-ageung teuing?” Mang Karna reuwas basa nempo eusi amplop aya duit saratus rebuan duak sabaraha lambar.
“Ongkos bécana mah salembar, Mang, leuwihna mah kaingetan wé ka Mamang,” omong Rusli bari ngasup-ngasupkeun goréng sukun jeung roti eusi coklat kana kérésék anu geus dilapisan kertas nasi.
“Nuhun, Ncép, mugia sing janten amal kasaéan kanggo Ncép sakulawargi. Artos sakieu ageungna kanggo mamang mah teu tiasa ngayakeun énténg-énténg.”
“Sami-sami, Mang, sing mangpaat nya,” ceuk Rusli bari ngasongkéun bungkusan.
“Mangga atuh, Ncép, Mamang permios,” Mang Karna atoh pisan hayang geura-geura balik. Hayang geura-geura ngitung duit jeung kulawargana.
“Mangga, Mang, ati-ati.”
Mang Karna geuwat muru bécana anu kabulusan di saluareun pager imah Rusli. Rusli gé nuturkeun kawas anu hayang ngajajapkeun ku paneuteup. Sanggeus aya di luar gerbang kalacat Mang Karna naék kana bécana, diuk dina sadel. Haténa pinuh ku kabungah mawa bagja anu lain dikira. Sanggeus amitan anu kadua kalina, Mang Karna ninggalkeun Rusli anu masih ngajanteng di buruan imahna.
Mang Karna ngaboséh béca lira nu boga tanaga anyar, lir anu didorong ku kakuatan mangpuluh-puluh tikel lipet kabedas dirina. Tayohna hayang geura-geura amprok jeung anak katut pamajikan, hayang geura-geura murak beubeunangan peuting éta. Mawa béca téh mani nyuruntul kacida, teu kungsi dua menit geus kaluar ti komplék imah Rusli. Serepet deui ngenca muru jalan gedé anu ngajugjug ka jalan liliwatan basa manéhna nungguan nu tumpak. Geus kaitung lowong ayeuna mah jalan téh sanajan karék tabuh salapan. Keur Mang Karna mah kaayaan jalan sepi kitu téh beuki atoh sabab bakal leuwih cepet ngajalankeun bécana. Mun leuwih cepet, bakal leuwih gancang nepi ka imahna. Séak deui bécana ngageuleuyeung dina jalan anu lempeng, Mang Karna teu inget lebah jambatan téh aya tikungan, manéhna ngaboséh satakerna, ana séak téh ti hareup aya mobil anu majuna leuwih tarik batan béca Mang Karna. Cekiiit! Sora erém ditincak satakerna. Sorolok! Jegér! Béca Mang Karna sapada harita riksek kaséréd mobil nu ngaérédna. Mang Karna mental kabalangkéun kana pager jamatan anu teu jauh ti dinya. Bru awakna rubuh neunggar pisan kana témbok pancuh jambatan. Leng. Les. Mang Karna teu inget dibumi alam. Getih seger ngaley tina baham jeung sirahna anu soéh. Bungkusan goréng sukun, roti coklat katut duit lambaran ngacléng ka walungan anu caina umpal-umpalan handapeun jamatan.
“Tabrakan, euy!”
“Téang ambulan!”
“Béjaan pulisi!”
Sora-sora warga anu pareng keur ngariung di warung kopi pating corowok bari lalumpatan muru kanu kamusibatan. Deregdeg sabagian warga nyampeurkeun Mang Karna anu geus teu walakaya, sawareh deui nyampeurkeun mobil anu nabrak béca Mang karna. Teu lila jul-jol jalma ti imah-imahna. Breg ngariung pada-pada narulungan.
“Tiwas euy tukang béca mah!” ceuk salah saurang anu ngaroris Mang Karna.
“Aya kénéh ieu mah euy, tuh ibu-ibu, ngora kénéh, getihan tarangna!” gorowok deui hiji sora  anu nitenan kaayaan mobil.
“Ambulan euy, ambulan! Gancang! Bu, buka, bu!”
“Peupeuskeun kacana!”
“Ulah, nambah cilaka!”
Sora-sora beuki pabaliut. Nu di jero mobil témbong nguniang ngaleupaskeun awakna tina stir. Cetrék mukakeun panto mobil, nu araya geuwat mangmukakeun ti luar.
“Punten! Hh… Hh… Telepon… Hh… carogé ab… di…” ceuk nu karék kaluar tina mobil bari nunjuk ka jero. Sorana pegat-pegat kawantu dadana eungap neueul pisan kana stir. Geuwat disangkéh kunu araya dibawa leumpang muru warung.
Salah saurang warga rarampa néangan henpun, kodéhél henpun aya dina handapeun kupling jeung erém. Geuwat dicokot laju nyampeurkeun ka nu bogana.
“Saha nami carogé ibu téh?” ceuk anu nyepeng henpun.
“Suamiku… dina henpun mah!” témbalna.
Nu nyepeng henpun geuwat néangan ngaran ‘suamiku’ dina phone book. Teu kungsi lila kapanggih laju ditelepon. Sanggeus kadéngé nyambung song dibikeun kanu bogana.
“Halow, Pa, Mamah… tabrakan…. cenah sorana angger pegat-pegat.
Sanggeus dibéjaan tempat éta kajadian, teu kungsi lila gurudug aya motor anu ditumpakan ku duaan, anak jeung bapana. Sanggeus deukeut anakna mah langsung nyapaan indungna, ari bapana natanyakeun kaayaan dirina turta tabrakan jeung saha-sahana.
Sanggeus nganyahokeun kaayaan pamajikanana anu teu pati parna tatuna, éta lalaki gasik nyampeurkeun jalma-jalma anu ngagimbung korban katabrak. Sanggeus aya dihareupeun korban anu nyangsaya dina trotoar jamatan, gebeg téh éta lalaki teuing ku reuwas sabab sidik pisan anu ditempo téh tukang béca anu cik kénéh geus ti imahna nganteurkeun dirina.
“Mang…. Karna….!” gantawang éta lalaki kawas anu kanyenyerian. Gabrug kana awak Mang Karna. Nu araya silih teuteup kawas anu hélok.
Sora sirineu ambulan jeung mobil pulisi ngalanglaung kawas anu patémbalan ngadareukeutan éta tempat.
Bandung, 20 Januari 2016

Tuesday, February 9, 2016

NU MIANG PANGANTÉNAN

Ku Iwan M. Ridwan

“Hayu. Geus beurang ieu téh,” Déndi ngelol kana panto kamar.
Teu ditémbalan. Rét deui kuring ngeunteung, gilek ka kénca, panon nataan sakujur awak. Gilek deui ka katuhu, nya kitu kénéh. Témbong rapih naker. Jas hideung leucir, dasi nya kitu kénéh katempona mani nécis nyurup kana kaméja anu katingali hurung sanajan ukur tungtung samléh anu katempo. Kopéah mah apanan anyar kénéh meuli.
Nempo kitu téh Déndi mah gogodeg. Témbong tina eunteung manéhna ngaléos. Teu talangké jrut kuring tutun ti imah nyampeurkeun Déndi anu ngajentul sisi panto Si Selud anu geus dihirupan ti tatadi.
“Maké jeung dihias sagala ieu téh, Dén,” kuring ngarahuh nempo kaayaan mobil.
“Apanan special kanggo calon pangantén. Sumangga lebet, Juragan!” pokna téh bari mukakeun panto mobil, rengkuh nakeranan.
“Ngéwa teuing,” kuring ngajebian bari nyiku peupeuteuyanana. Kawas nu enya manéhna nyerieun, padahal mah nutupan panto mobil ogé sakitu ngageblugna. Berengbeng lumpat muru panto katuhu, sanggeus pantona muka, gék manéhna diuk dina jok supir. Teu buru-buru dihirupan mobil téh, rét ka kuring, tenget pisan nyidik-nyidik dangdanan kuring ti mimiti kopéah hideung, jas, dasi, kaméja calana tepi ka sapatu kabéh ditataan.
“Aya naon?”
Dikitukeun téh manéhna mésem.
“Bismillahirohmanirohim,” pokna.
Geuleuyeung mobil téh ngalangsam ngaliwatan panto gerbang anu geus dibuka ku Mang Minta ti tadi mula. Léok ka kénca mapay jalan komplék, muru jalan utama. Mang Karna jeung Pa Téjo anu keur jaga kawas anu rareuwaseun nempo mobil kuring kaluar dipapaésan kembang. Éta skuriti téh caruringhak, tapi teu lila sabab pada muru ka jalan seja mangmeuntaskeun.
“Ncép Dosén, ieu téh? Mani kabedil langit,” Mang Karna mani rengkuh ngomongna téh.
“Ah nanaon téh sok dileuleuwihi,” kuring némbalan bari ngahayukeun. Sakalian nganuhunkeun ogé duméh dipeuntaskeun. Mang Karna jeung Pa Téjo ngulang-ngulangkeun leungeun. Guluyur mobil téh maju ka wétankeun. Sakedapan mah kuring jeung Déndi pabetem-betem. Tapi dina pamustunganana Déndi anu muka carita.
“Yakin, Van, ieu kaputusan téh?” pokna, panonna mah angger mencrong ka jalan.
“Yakin,” kuring némbalan. Jep deui manéhna cicing kawas aya anu dipikiran. Tapi teu lila kituna téh. Nyéh seuri.
“Cenah moal bogoh ka mahasiswi, ari buktina,” Déndi kawas anu ngécé.
“Ayeuna mah apan geus lain-lainna,” kuring nyéréngéh.
Ngadéngé jawaban kitu téh Déndi seuri mani bangun anu lucu. Padahal mah naon anu matak pikaseurieunana?
“Naha salah kitu kuring ngawin mahasiswi anu geus lulus? Apanan kiwari mah geus lain anak didik kuring,” kuring neuteup seukeut beungeut Déndi.
“Teu ogé. Ngan kuring mah asa sedih, nganteur babaturan kawin, geus kasép-kasép, mobil hérang, najan mobil kolot gé,” pokna deui semu ngarahuh.
“Masalahna?”
“Kolot teu doa,” pokna sanggeus rada lila ngabetem. Teu hayang némbalan kana éta omongan.
“Lamun kuring mah Van, nempo kolot teu nyatujuan kawin ka Si Anya téh pasti nurut. Di dinya mah pantes lamun kawin jeung Pevita Pearce. Coba pikir, anak jelma beunghar, kasép, sugih, imah geus boga, pagawéan jadi dosén. Ngan édas hirup téh mani basajan pisan. Mercedes taun tujuh tilu kieu mah cocogna gé keur aki-aki. Gevan, Gevan,” Déndi gogodeg, kituna téh kawas anu nyeungseurikeun.
“Ulah kaleuleuwihi hirup mah, Dén, bisi ninggang di balai pasti leuwih-leuwih.”
 “Nya maksud kuring mah atuh kudu nyurup wé jeung kaayaan diri anu sabenerna. Pantesna mah make mobil Mercedes A45-AMG atuh, lain anu kieu,” pokna nyeuleukeuteuk. Ukur ditémbalan ku ngajungjungkeun tungtung biwir. 
“Imah atuh pantesna gé di real estet, lain di perumahan subsidi,” calakatak seuri kawas anu bungah nakeranan. Kuring gé milu seuri nempo manéhna seuri kawas kitu.
“Kumaha dinya wé lah,” kuring nyela heula seuri. Jep manéhna cicing sakedapan.
“Bodo di dinya mah, Van.”
“Bodo mah moal ditarima ngajar di jurusan psikologi.”
“Lebah dinyana mah pinter, ngan anu disebut bodona téh lebah milih pagawéan. Ceuk kuring mah di dinya téh ulah daék cacapéan jadi dosén sagala, nguteuk itu ieu. Geus wé ménta jabatan ka kolot sorangan. Piraku teuing teu jadi komisaris atawa CEO ogé. Boga bapa raja kaya kitu mah teu kudu hirup riripuhan, Van,” Déndi ngomongna panjang lebar.
“Harta banda kolot mah teu bisa diboga-boga, Dén.”
“Ah ceuk saha, di dinya mah kari nyanggap, da moal gubrag ka saha deui, anak hiji-hijina.”
“Nyanggap hungkul mah ngké gé béak.”
“Nu matak tadi gé di dinya kudu boga kalungguhan, jadi teu rarampa teuing ninggang di hiji mangsa pakaya kolot pindah kana leungeun sorangan,” Déndi sumanget.
“Lain pakaya anu dibutuhkeun ku kuring mah. Tapi kanyaah jeung paniténna,”
“Euh, nu matak kolot di dinya téh liar ka luar negri, nguruskeun itu ieu téh apanan demi kulawargana.”
Teu ditémbalan. Jep saheulaan jero mobil téh simpé.
“Moal babalik pikir?” Déndi nanya deui.
“Si Anya jeung kulawargana geus ngadaragoan,” kuring rada nyereng.
“Atuh da euy, cekéng gé di dinya mah bisa meunangkeun Pevita Pearce, ieu naha kudu ngawin Si Anya. Naha moal hanjakal?” Déndi kawas anu masih kénéh teu yakin kana kaputusan kuring. Reug eureun sisi jalan.
“Geus atuh kuring rék leumpang ti dieu, ari teu percaya waé mah,” ramo kuring nyantél dina selot panto mobil.
“Maenya aya pangantén leumpang?”
“Naha atuh.”
“Van, imah bisa kénéh dijual mun seug urang teu betah, bisa meuli deui nu leuwih alus. Mobil nya kitu kénéh, bisa gunta-ganti sabulan sakali ogé pék téh teuing. Ari pamajikan, asa ku téga mun seug dilalaworakeun mah, jeung moal mungkin di dinya kawin ukur saheureuyeun. Ti baheula di dinya mah tara heureuy ka awéwé,” Déndi semu anu ngahuleng.
“Maksudna kuring teu serius?”
“Lain. Tapi di dinya moal hanjakal?”
“Ari kitu?”
“Apanan Si Anya téh geus musta’mal lamun dina cai téa mah, ….”
“Jempé! Meugeus tong disabit-sabit masalah éta,” kapaksa kuring megat kalimahna. Déndi témbong ngarahuh kawas anu rumasa salah. Nempo kitu mah kuring gé asa salah,  asa nyarékan.
“Musta’mal ogé Si Anya mah sah dipihukum ku nu jadi salakina. Mun mah manéhna téh kawas Si Itu Si Eta anu loba kacaritakeun, anu, anu, anu. Ulah sok boga pikiran goréng kana putusan batur. Kawin téh lain ngan saukur nempo bungah jeung resepna, tapi aya udagan anu leuwih gedé lian ti éta. Nya kudu jeung nu kumaha ari kawin, nu geulis? Bener. Nu beunghar? Teu salah. Anu alus nasabna? Komo éta. Tapi keur kuring aya anu leuwih ti éta euy.”
“Naon tah?”
“Ahlakna. Nu matak anyar wawuh ka manéhna kuring geus neundeun haté kadua leutik.”
“Tuluy manéh kuciwa lantaran nyaho Si Anya boga salaki.”
“Nu matak.”
“Naha atuh Si Anya gening pepegatan jeung salakina? Lain anu ahlakna hadé mah taat ka salaki?”
“Katerangan ti saha?”
“Ceuk anu kungsi kadéngé ku kuring.”
“Yeuh, tong boro salaki anu asalna batur, kolot sorangan ogé ulah digugu lamun karepna méngpar tina bagbagan kahirupan mah,”
“Pantesan manéh teu nurut ka kolot,”
“Meunggeus, tong mamawa pasualan kuring jeung kolot.”
“Kawin lain pasualan kolot?”
“Ngomong waé. Geus telat yeuh.”
“Hampura atuh. Baé nya da hajat di imah,” Déndi seuri konéng.
Mobil ngalangsam deui ka jalan anu leuwih leutik. Poé Minggu turug-turug ukur jalan pakampungan longsong naker jalan téh, ukur aya hiji dua tutumpakan anu ngalalar. Sajajalan harita mah Déndi jempé, panonna museur ka jalan, gulak-gilek nyingkahan calobak. Si Selud terus mangprung dina jalan anu rubakna teu leuih ti dua méter. Jalma anu pareng keur aya di sisi jalan ngadak-ngadak museurkeun panenjo. Meureun aya ku teu galib mobil kolot ngalanto ka dinya tur didangdanan.
“Asa jadi artis teu, Van?” Déndi mimiti nanya deui, panonna mah mencrong wé ka hareup.
“Heueuh tadi kuring ngomong tong dihias. Éra jadina.”
Déndi seuri deui nempo kuring jadi puseur paniten jalma anu keur araya di jalan téh. Hadéna wé kaca mobil téh semu poék. Urang lembur mah mémang kitu kabiasaanana. Saban jalma téh papada apal ngaranna. Nu matak mun aya nu teu wawuh atawa anyar datang pasti dibarandungan. Soméah hadé ka sémah téh lain ukur babasaan. Buktina mangsa kuring nganjan munggaran ka imah Anya, sakitu ditata tur dijamuna kuring téh, komo basa apaleun kuring dosénna Anya, indung bapana mani dagdag-dégdég sagala disampakeun.
“Ngalamun waé. Janurna geus témbong euy,” Déndi ngagareuwahkeun kuring.
Kuring ukur nyéréngéh.
Jero sababaraha menit Si Selud geus anjog ka hareupeun imah Anya. Pangling imah anu basajan téh, ayeuna mah témbong leuwih nyari. Pédah dihias kitu? Geuning hiasanana ogé sakieu tohagana keur ukuran urang lembur mah, majar rék rerencepan tapi geuning sakitu ceuyahna.
Nempo kuring datang, nu araya sayaga mapag pangantén. Gulang-gulang jeung Mamang Léngsér mapag. Geuning  lengkep jeung nayaga katut pager ayu. Déndi rikat kaluar mukakeun panto mobil. Koléséd kuring kaluar. Papayung jeung gulang-gulang mah geus nganti ti tatadi. Jen kuring nangtung nyérangkeun Mamang Léngsér anu nyampeurkeun. Sanggeus deukeut cedok nyembah. Geus nyembah rikat malikeun awak gugupay ka pager ayu. Pucunghul pager ayu genep urang, leumpangna anca nakeranan, tapi teu burung anjog tayohna teu pati jauh.
“Sumangga ka kulawarga pangantén istri dihaturanan mapag pangantén pameget,” ceuk émsé satutas pager ayu ngajajar jadi pager liliwatan.
Gebeg, kuring ngarénjag sabot kulawarga Anya kaluar tina kurumunan jalma loba. Lain indung bapana Anya anu ngalantarankeun kuring reuwas, tapi hiji lalaki tengah tuwu anu marengan indung bapana Anya.
“Gevan, itu, bapa manéh,” Déndi kawas anu kabeureuyan siki kadongdong. Panonna molohok ngawaskeun Papih anu nyampeurkeun bareng jeung kulawarga Anya.
Kuring ngagadak teu bisa némbalan. Rarasaan téh biwir asa dikonci. Jeroeun dada aya anu ngagolak lir cai keletikan umpal-umpalan. Rombongan kulawarga Anya beuki deukit, awak kuring beuki ngeleper. Sanggeus deukeut kembang malati anu geus jadi manglé téh disampaykeun dina beuheung kuring. Celengok kuring nyium leungeun indung Anya, tuluy leungeun bapana. Rét kuring neuteup Papih, gabrug Papih ngarontok tuluy nangkeup kuring tipepereket.
“Hampura, anaking. Hampura,” pokna, sorana semu ngageter. “Hampura. Hempék ayeuna mah hidep sing bagja.”
Kuring teu bisa ngomong nanaon. Saumur-umur karék harita digaléntoranana ku nu jadi bapa. Karék harita mangsa-mangsa anu penting dina hirup kuring ditungkulan ku Papih. Dua kali wisuda kuring ukur dibarengan ku Mamih. Kiwari Papih nungkulan kuring pikeun anu munggaran dina momen anu ngalibetkeun Pangéran. Papih nyaksian sagala rupana tepi ka bérésna.
“Naha Mamih teu ngiring?” Kuring nanya satutas résépsi dipungkas ku émsé.
Ditanya téh Papih malah rambisak, gabrug deui awak kuring ditangkeup. Kuring beuki teu ngarti.
“Hampura. Mamih téh,” omonganna teu kebat. Papih ngadon nyegruk ceurik, nyuksruk dina taktak kuring. Anya anu cicing kénéh gigireun kuring témbong rambisak. Kuring beuki hélok kana kaayaan. Indung bapa Anya rikat nyalampeurkeun kuring paromanana kawas anu keur ngungun.
 “Mamih téh nékad nelasan manéh, tadi peuting.”
Rey, getih tina sakujur awak naék kana sirah. Asa keur ngimpi ngadéngé éta kekecapan. Barabat Papih ngadongéngkeun dirina paséa jeung Mamih alatan kuring anu rék kawin teu didinan ku Papih. Mamih doa ka kuring sabab sagala rupa ogé kuring mah diculjeunkeun ku nu jadi kolot. Sedeng Papih teu waé ngidinan lantaran kuring kawin jeung Anya. Papih ogé nampiling Mamih pedah wakca ngirim artos kana rékening Anya. Mamih kebek ku karupek antukna ngeureut pigeulangna tepi ka getihna abor-aboran. Sapeupeuting di rumah sakit, tapi teu kapuluk.
“Naha Papih teu nelepon abdi?” Sora kuring kapepeg piceurikeun.
“Sieun ngaganggu kabagjaan hidep. Ayeuna mah sieun kaleungitan hideup sanggeus kaleungitan indung hidep.”
Kuring ngoréjat. Gura-giru ngajak Anya ka rumah sakit pikeun mawa layon Mamih anu masih ngajelepeng di kamar mayat.
Bandung, Awal Taun 2016

Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com