Ku Iwan M. Ridwan
“Hayu. Geus beurang ieu téh,” Déndi
ngelol kana panto kamar.
Teu ditémbalan. Rét deui kuring
ngeunteung, gilek ka kénca, panon nataan sakujur awak. Gilek deui ka katuhu,
nya kitu kénéh. Témbong rapih naker. Jas hideung leucir, dasi nya kitu kénéh
katempona mani nécis nyurup kana kaméja anu katingali hurung sanajan ukur tungtung
samléh anu katempo. Kopéah mah apanan anyar kénéh meuli.
Nempo kitu téh Déndi mah gogodeg.
Témbong tina eunteung manéhna ngaléos. Teu talangké jrut kuring tutun ti imah
nyampeurkeun Déndi anu ngajentul sisi panto Si Selud anu geus dihirupan ti
tatadi.
“Maké jeung dihias sagala ieu téh,
Dén,” kuring ngarahuh nempo kaayaan mobil.
“Apanan special kanggo calon pangantén. Sumangga lebet, Juragan!” pokna téh
bari mukakeun panto mobil, rengkuh nakeranan.
“Ngéwa teuing,” kuring ngajebian bari
nyiku peupeuteuyanana. Kawas nu enya manéhna nyerieun, padahal mah nutupan
panto mobil ogé sakitu ngageblugna. Berengbeng lumpat muru panto katuhu,
sanggeus pantona muka, gék manéhna diuk dina jok supir. Teu buru-buru dihirupan
mobil téh, rét ka kuring, tenget pisan nyidik-nyidik dangdanan kuring ti mimiti
kopéah hideung, jas, dasi, kaméja calana tepi ka sapatu kabéh ditataan.
“Aya naon?”
Dikitukeun téh manéhna mésem.
“Bismillahirohmanirohim,” pokna.
Geuleuyeung mobil téh ngalangsam ngaliwatan
panto gerbang anu geus dibuka ku Mang Minta ti tadi mula. Léok ka kénca mapay
jalan komplék, muru jalan utama. Mang Karna jeung Pa Téjo anu keur jaga kawas
anu rareuwaseun nempo mobil kuring kaluar dipapaésan kembang. Éta skuriti téh caruringhak,
tapi teu lila sabab pada muru ka jalan seja mangmeuntaskeun.
“Ncép Dosén, ieu téh? Mani
kabedil langit,” Mang Karna mani rengkuh ngomongna téh.
“Ah nanaon téh sok dileuleuwihi,”
kuring némbalan bari ngahayukeun. Sakalian nganuhunkeun ogé duméh
dipeuntaskeun. Mang Karna jeung Pa Téjo ngulang-ngulangkeun leungeun. Guluyur
mobil téh maju ka wétankeun. Sakedapan mah kuring jeung Déndi pabetem-betem.
Tapi dina pamustunganana Déndi anu muka carita.
“Yakin, Van, ieu kaputusan téh?”
pokna, panonna mah angger mencrong ka jalan.
“Yakin,” kuring némbalan. Jep
deui manéhna cicing kawas aya anu dipikiran. Tapi teu lila kituna téh. Nyéh
seuri.
“Cenah moal bogoh ka mahasiswi,
ari buktina,” Déndi kawas anu ngécé.
“Ayeuna mah apan geus
lain-lainna,” kuring nyéréngéh.
Ngadéngé jawaban kitu téh Déndi
seuri mani bangun anu lucu. Padahal mah naon anu matak pikaseurieunana?
“Naha salah kitu kuring ngawin
mahasiswi anu geus lulus? Apanan kiwari mah geus lain anak didik kuring,”
kuring neuteup seukeut beungeut Déndi.
“Teu ogé. Ngan kuring mah asa
sedih, nganteur babaturan kawin, geus kasép-kasép, mobil hérang, najan mobil
kolot gé,” pokna deui semu ngarahuh.
“Masalahna?”
“Kolot teu doa,” pokna sanggeus rada
lila ngabetem. Teu hayang némbalan kana éta omongan.
“Lamun kuring mah Van, nempo
kolot teu nyatujuan kawin ka Si Anya téh pasti nurut. Di dinya mah pantes lamun
kawin jeung Pevita Pearce. Coba pikir, anak jelma beunghar, kasép, sugih, imah
geus boga, pagawéan jadi dosén. Ngan édas hirup téh mani basajan pisan. Mercedes
taun tujuh tilu kieu mah cocogna gé keur aki-aki. Gevan, Gevan,” Déndi gogodeg,
kituna téh kawas anu nyeungseurikeun.
“Ulah kaleuleuwihi hirup mah, Dén,
bisi ninggang di balai pasti leuwih-leuwih.”
“Nya maksud kuring mah atuh kudu nyurup wé
jeung kaayaan diri anu sabenerna. Pantesna mah make mobil Mercedes A45-AMG
atuh, lain anu kieu,” pokna nyeuleukeuteuk. Ukur ditémbalan ku ngajungjungkeun
tungtung biwir.
“Imah atuh pantesna gé di real estet, lain di perumahan subsidi,”
calakatak seuri kawas anu bungah nakeranan. Kuring gé milu seuri nempo manéhna
seuri kawas kitu.
“Kumaha dinya wé lah,” kuring
nyela heula seuri. Jep manéhna cicing sakedapan.
“Bodo di dinya mah, Van.”
“Bodo mah moal ditarima ngajar di
jurusan psikologi.”
“Lebah dinyana mah pinter, ngan
anu disebut bodona téh lebah milih pagawéan. Ceuk kuring mah di dinya téh ulah daék
cacapéan jadi dosén sagala, nguteuk itu ieu. Geus wé ménta jabatan ka kolot
sorangan. Piraku teuing teu jadi komisaris atawa CEO ogé. Boga bapa raja kaya
kitu mah teu kudu hirup riripuhan, Van,” Déndi ngomongna panjang lebar.
“Harta banda kolot mah teu bisa
diboga-boga, Dén.”
“Ah ceuk saha, di dinya mah kari
nyanggap, da moal gubrag ka saha deui, anak hiji-hijina.”
“Nyanggap hungkul mah ngké gé béak.”
“Nu matak tadi gé di dinya kudu
boga kalungguhan, jadi teu rarampa teuing ninggang di hiji mangsa pakaya kolot
pindah kana leungeun sorangan,” Déndi sumanget.
“Lain pakaya anu dibutuhkeun ku kuring
mah. Tapi kanyaah jeung paniténna,”
“Euh, nu matak kolot di dinya téh
liar ka luar negri, nguruskeun itu ieu téh apanan demi kulawargana.”
Teu ditémbalan. Jep saheulaan
jero mobil téh simpé.
“Moal babalik pikir?” Déndi nanya
deui.
“Si Anya jeung kulawargana geus
ngadaragoan,” kuring rada nyereng.
“Atuh da euy, cekéng gé di dinya mah
bisa meunangkeun Pevita Pearce, ieu naha kudu ngawin Si Anya. Naha moal
hanjakal?” Déndi kawas anu masih kénéh teu yakin kana kaputusan kuring. Reug
eureun sisi jalan.
“Geus atuh kuring rék leumpang ti
dieu, ari teu percaya waé mah,” ramo kuring nyantél dina selot panto mobil.
“Maenya aya pangantén leumpang?”
“Naha atuh.”
“Van, imah bisa kénéh dijual mun
seug urang teu betah, bisa meuli deui nu leuwih alus. Mobil nya kitu kénéh, bisa
gunta-ganti sabulan sakali ogé pék téh teuing. Ari pamajikan, asa ku téga mun
seug dilalaworakeun mah, jeung moal mungkin di dinya kawin ukur saheureuyeun. Ti
baheula di dinya mah tara heureuy ka awéwé,” Déndi semu anu ngahuleng.
“Maksudna kuring teu serius?”
“Lain. Tapi di dinya moal
hanjakal?”
“Ari kitu?”
“Apanan Si Anya téh geus
musta’mal lamun dina cai téa mah, ….”
“Jempé! Meugeus tong
disabit-sabit masalah éta,” kapaksa kuring megat kalimahna. Déndi témbong
ngarahuh kawas anu rumasa salah. Nempo kitu mah kuring gé asa salah, asa nyarékan.
“Musta’mal ogé Si Anya mah sah
dipihukum ku nu jadi salakina. Mun mah manéhna téh kawas Si Itu Si Eta anu loba
kacaritakeun, anu, anu, anu. Ulah sok boga pikiran goréng kana putusan batur.
Kawin téh lain ngan saukur nempo bungah jeung resepna, tapi aya udagan anu
leuwih gedé lian ti éta. Nya kudu jeung nu kumaha ari kawin, nu geulis? Bener.
Nu beunghar? Teu salah. Anu alus nasabna? Komo éta. Tapi keur kuring aya anu
leuwih ti éta euy.”
“Naon tah?”
“Ahlakna. Nu matak anyar wawuh ka
manéhna kuring geus neundeun haté kadua leutik.”
“Tuluy manéh kuciwa lantaran
nyaho Si Anya boga salaki.”
“Nu matak.”
“Naha atuh Si Anya gening
pepegatan jeung salakina? Lain anu ahlakna hadé mah taat ka salaki?”
“Katerangan ti saha?”
“Ceuk anu kungsi kadéngé ku kuring.”
“Yeuh, tong boro salaki anu
asalna batur, kolot sorangan ogé ulah digugu lamun karepna méngpar tina bagbagan
kahirupan mah,”
“Pantesan manéh teu nurut ka
kolot,”
“Meunggeus, tong mamawa pasualan kuring
jeung kolot.”
“Kawin lain pasualan kolot?”
“Ngomong waé. Geus telat yeuh.”
“Hampura atuh. Baé nya da hajat
di imah,” Déndi seuri konéng.
Mobil ngalangsam deui ka jalan
anu leuwih leutik. Poé Minggu turug-turug ukur jalan pakampungan longsong naker
jalan téh, ukur aya hiji dua tutumpakan anu ngalalar. Sajajalan harita mah
Déndi jempé, panonna museur ka jalan, gulak-gilek nyingkahan calobak. Si Selud
terus mangprung dina jalan anu rubakna teu leuih ti dua méter. Jalma anu pareng
keur aya di sisi jalan ngadak-ngadak museurkeun panenjo. Meureun aya ku teu
galib mobil kolot ngalanto ka dinya tur didangdanan.
“Asa jadi artis teu, Van?” Déndi
mimiti nanya deui, panonna mah mencrong wé ka hareup.
“Heueuh tadi kuring ngomong tong
dihias. Éra jadina.”
Déndi seuri deui nempo kuring
jadi puseur paniten jalma anu keur araya di jalan téh. Hadéna wé kaca mobil téh
semu poék. Urang lembur mah mémang kitu kabiasaanana. Saban jalma téh papada
apal ngaranna. Nu matak mun aya nu teu wawuh atawa anyar datang pasti
dibarandungan. Soméah hadé ka sémah téh lain ukur babasaan. Buktina mangsa
kuring nganjan munggaran ka imah Anya, sakitu ditata tur dijamuna kuring téh,
komo basa apaleun kuring dosénna Anya, indung bapana mani dagdag-dégdég sagala
disampakeun.
“Ngalamun waé. Janurna geus témbong
euy,” Déndi ngagareuwahkeun kuring.
Kuring ukur nyéréngéh.
Jero sababaraha menit Si Selud
geus anjog ka hareupeun imah Anya. Pangling imah anu basajan téh, ayeuna mah
témbong leuwih nyari. Pédah dihias kitu? Geuning hiasanana ogé sakieu tohagana
keur ukuran urang lembur mah, majar rék rerencepan tapi geuning sakitu ceuyahna.
Nempo kuring datang, nu araya
sayaga mapag pangantén. Gulang-gulang jeung Mamang Léngsér mapag. Geuning lengkep jeung nayaga katut pager ayu. Déndi
rikat kaluar mukakeun panto mobil. Koléséd kuring kaluar. Papayung jeung
gulang-gulang mah geus nganti ti tatadi. Jen kuring nangtung nyérangkeun Mamang
Léngsér anu nyampeurkeun. Sanggeus deukeut cedok nyembah. Geus nyembah rikat
malikeun awak gugupay ka pager ayu. Pucunghul pager ayu genep urang, leumpangna
anca nakeranan, tapi teu burung anjog tayohna teu pati jauh.
“Sumangga ka kulawarga pangantén
istri dihaturanan mapag pangantén pameget,” ceuk émsé satutas pager ayu
ngajajar jadi pager liliwatan.
Gebeg, kuring ngarénjag sabot
kulawarga Anya kaluar tina kurumunan jalma loba. Lain indung bapana Anya anu
ngalantarankeun kuring reuwas, tapi hiji lalaki tengah tuwu anu marengan indung
bapana Anya.
“Gevan, itu, bapa manéh,” Déndi
kawas anu kabeureuyan siki kadongdong. Panonna molohok ngawaskeun Papih anu
nyampeurkeun bareng jeung kulawarga Anya.
Kuring ngagadak teu bisa
némbalan. Rarasaan téh biwir asa dikonci. Jeroeun dada aya anu ngagolak lir cai
keletikan umpal-umpalan. Rombongan kulawarga Anya beuki deukit, awak kuring
beuki ngeleper. Sanggeus deukeut kembang malati anu geus jadi manglé téh
disampaykeun dina beuheung kuring. Celengok kuring nyium leungeun indung Anya,
tuluy leungeun bapana. Rét kuring neuteup Papih, gabrug Papih ngarontok tuluy
nangkeup kuring tipepereket.
“Hampura, anaking. Hampura,”
pokna, sorana semu ngageter. “Hampura. Hempék ayeuna mah hidep sing bagja.”
Kuring teu bisa ngomong nanaon. Saumur-umur
karék harita digaléntoranana ku nu jadi bapa. Karék harita mangsa-mangsa anu
penting dina hirup kuring ditungkulan ku Papih. Dua kali wisuda kuring ukur dibarengan
ku Mamih. Kiwari Papih nungkulan kuring pikeun anu munggaran dina momen anu ngalibetkeun
Pangéran. Papih nyaksian sagala rupana tepi ka bérésna.
“Naha Mamih teu ngiring?” Kuring
nanya satutas résépsi dipungkas ku émsé.
Ditanya téh Papih malah rambisak,
gabrug deui awak kuring ditangkeup. Kuring beuki teu ngarti.
“Hampura. Mamih téh,” omonganna
teu kebat. Papih ngadon nyegruk ceurik, nyuksruk dina taktak kuring. Anya anu
cicing kénéh gigireun kuring témbong rambisak. Kuring beuki hélok kana kaayaan.
Indung bapa Anya rikat nyalampeurkeun kuring paromanana kawas anu keur ngungun.
“Mamih téh nékad nelasan manéh, tadi peuting.”
Rey, getih tina sakujur awak naék
kana sirah. Asa keur ngimpi ngadéngé éta kekecapan. Barabat Papih ngadongéngkeun
dirina paséa jeung Mamih alatan kuring anu rék kawin teu didinan ku Papih.
Mamih doa ka kuring sabab sagala rupa ogé kuring mah diculjeunkeun ku nu jadi
kolot. Sedeng Papih teu waé ngidinan lantaran kuring kawin jeung Anya. Papih ogé
nampiling Mamih pedah wakca ngirim artos kana rékening Anya. Mamih kebek ku
karupek antukna ngeureut pigeulangna tepi ka getihna abor-aboran. Sapeupeuting
di rumah sakit, tapi teu kapuluk.
“Naha Papih teu nelepon abdi?”
Sora kuring kapepeg piceurikeun.
“Sieun ngaganggu kabagjaan hidep.
Ayeuna mah sieun kaleungitan hideup sanggeus kaleungitan indung hidep.”
Kuring ngoréjat. Gura-giru ngajak
Anya ka rumah sakit pikeun mawa layon Mamih anu masih ngajelepeng di kamar
mayat.
Bandung, Awal Taun 2016
0 comments:
Post a Comment