Ku Iwan M. Ridwan
“Mani angger kasèp tèh. Samalah asa leuwih kasèp ayeuna
mah,” ceuk hatè. Henteu ari pok mah. Bet matak kalinglap. Ayeuna mah buukna
dirarancung lebah embun-embunanana. Sisina diipisan. Teu kawas baheula anu dibeulah
dua. Tapi anu tèmbong angger mah kulimisna. Makè minyak rambut kawasna mah. Boa
ayeuna mah minyak rambutna ogè meuli ti luar negeri. Mani kabedil langit. Sugan
tèh lain manèhna. Lamun teu sidik lebah gadona anu rada beulah mah kawasna kuring
moal wawuh. Ngan disidik-sidik enya geuning manèhna. Leuwih kasèp. Leuwih ngota
ayeuna mah. Mani hayang sapok-pokeun nyebutkeun kasèp. Tapi piraku teuing
kuring wani tatag nyarita sarupa kitu. Ti babaheula ogè teu
kumawani nyarita naon-naon. Sama sakali teu wani najan kiwari raga paanggang mangpuluh-puluh rèbu kilomèter
ogènan. Dipisahkeun ku jarak jeung waktu anu geus nalikung aya kana welas
taunna. Enya. Samèmèh lunta ninggalkeun lemah cai ogè kuring teu kungsi gugupay
ka manèhna. Gupay panungtungan anu bakal tumuwuh jadi kakangen.
Kiwari manèhna nèmbongan deui satutas
dipisahkeun ku nasib anu geus sakuduna pajauh. Kuring ogè
ngarasa leuwih deukeut
batan baheula ayeuna mah. Sanajan lain raga badagna. Potrèt jeung
tulisan-tulisanna anu hiber ti jauhna bet kawas anu pagilinggisik sapopoè. Bet mawa
deui panineungan anu kungsi karandapan mangwelas-welas taun kalarung. Hayangna
mah reureujeungan deui sanajan dina enyana teu kungsi salulut. Saban poè ukur
bisa neuteup imutna anu bèar marahmay, kitu ogè neuteup ti ka anggangan sabab dina buktina mah èta
imut tèh mawur keur batur. Sorana matak gantung dèngèeun mangsa ngedalkeun kekecapana anu handap asor.
Sopan tur matak tengtrem kana hatèna. Matak seseblakan. Hanjakal pisan èta
kekecapan ogè lain keur kuring, tapi keur batur, pangpangna mah keur guru anu mènta
kamandang barudak kana salah sahiji pasualan dina hiji pelajaran. Calakan manèhna
mah. Pinter. Kasèp deuih.
Enyaan. Ti baheula ogè kasèp. Pinter.
Ceuk sasaha ogè kasèp jeung pinter. Komo ceuk Si Nuni mah anu majar sugan tèh
urang kota. Awakna mani bodas, beresih tur sarareungit. Pinter deuih. Resep
cenah ka lalaki anu kasèp tur pinter tèh. Sedil ngadèngè Si Nuni ngomong kitu. Kawasna
mah naksir. Boa enya Si Nuni jeung manèhna tèh kungsi hahadèan? Kawas anu mindeng kadèngè ceuk Si
Wiwin. Geuning sok ngaadeuy-adeuy lamun seug Si Nuni tèmbong patanya jeung manèhna
tèh. Keuheul kacida mun geus nyaksian talajak sarupa kitu.
“Ulah diasupkeun kana hatè omongan Si
Nuni jeung Si Wiwin mah, San! Duanana ogè tukang gedebul,” ceuk Si Sarah harita.
Mani asa aya anu ngabèla.
Si Sarah nyahoeun eusi hatè kuring
kawasna mah sanajan teu kungsi cacarita ka Si Èta. Pèdah sobat sapangulinan kawasna mah, boh
di sakola boh di lembur. Ku hayoh waè deudeukeutan mah sagala anu
disumput-sumput tèh teu welèh kanyahoan. Kaambeu atawa katempo. Kitu deui kaayaan
hatè kuring anu teu bisa wakca ka manèhna.
“Moal sapati-pati hayoh waè ngarèrètan atuh San, lamun euweuh hatè
kadua gedè mah,” omong
Si Sarah basa keur di kantin. Kituna tèh bari seuri ngagakgak.
“Kadua leutik,” kuring ngagebès.
“Ah kagok leutik mah, San. Sing gedè ari rasa cinta mah,” Si Sarah
cengir.
“Terus, lamun manèh osok remen ngarèrètan jam dinding, manèh bogoh kana
jam anu ngadaplok di kelas?”
Dikitukeun tèh Si Sarah mani
ngabarakatak.
“Èta mah hayang geura-geura balik
atuh, lain bogoh,” omongna bari kedewek kana bala-bala. Leungeunna kurah-korèh
kana cèngèk.
“Ngomong atuh, San, da Si Yuda ogè
pasti ngahargaan. Atawa rèk dipangngomongkeun ku urang? Kè lamun geus istirahat ku urang disampeurkeun nya,” Si
Sarah mani sumanget. Belewek bala-bala haneut, celetrok ngègèl cèngèk atah.
Grewek baju lebah samlèhna ku kuring dirameus bari
dipolototan. Si Sarah burial-buncelik. Bahamna samutut ku bala-bala. Beungeutna
beureum balas kabeuheulan duka teuing ladaeun. Kuring geuwat ngaleupaskeun
bajuna. Jegroh Si Sarah batuk mani babalongkengan. Èkting Si Èta mah paling ogè. Loba
teuing nongton film tèlènovèla. Bala-bala dina bahamna saharita
diburakeun. Hadèna wè di kantin tèh
teu loba jalma. Tada teuing biratna barudak mun seug nempo Si Sarah kitu peta.
“Bagoy manèh mah,” pokna bari seuhah.
Leguk ciherang anu nampeu dina mèja.
“Bongan.”
“Manèh mah ari kana gelut wani, ari
nyanghareupan lalaki cicingeun merod kawas cucuk riut,” pokna deui kawas anu
teu kapok.
“Lain cicingeun, nyaho. Cool.”
“Kuuleun…”
”Meunggeus, gandèng. Geuwat ah, bisi kapanggiheun ku
guru bèpè!” kuring nangtung.
“Sieun nya ku Bu Yani?”
Teu ditèmbalan. Gedig kuring muru ka
kelas deui. Inggis kanyahoan ku guru PPKn anu keur ngajar di kelas pèdah ijin mah tadi tèh rèk ka cai. Cacakan lamun Si Sarah teu
nyebutkeun lapar mah moal nyimpang heula ka kantin.
Èra temenan mun seug kalakuan kuring sarupa
kitu kanyahoan ku manèhna. Bororaah ninggalkeun kelas manèhna mah, ngabandungan
pedaran guru ogè kawasna ulah kaselang sanajan ukur ku heuay. Saban mata
pelajaran dilenyepan. Diukna ogè hareupeun pisan mèja guru. Keur mah ketua
murid manèhna tèh. Adab jeung tata karma tèh teu welèh jadi cirina. Atuh tong
boro kitu tina dangdanan ogè geus katèmbong manèhna tèh jalma pinter. Rapi tur
bersèka. Buukna disisir beulah dua. Makè minyak rambut. Seragamna teu welèh
diistrika. Bajuna dikajerokeun. Omongan mah geus puguh deui ceuk tadi ogè taya
cawadeun.
Harita mah asa moal papisah jeung manèhna
tèh, enya ogè ukur bisa panggih di sakola. Kuring sok bèbèlaan datang pangisukna. Ngahaja hayang nènjo manèhna
asup ka kelas. Lamun teu kitu sok hèsè pilakadar hayang neuteup ti hareup ogè. Balik sok ngahaja pangpandeurina,
susuganan manèhna nanya ka kuring sukur-sukur bisa ngajak balik bareng.
Palangsiang ukur ngarep-ngarep
kalangkang heulang kuring tèh. Nu diarep-arepna jung ka kulon ari kuring
ngalelengkur lebah wètan. Nu matak ukur bisa nyèrangkeun pundukna ti kaanggangan.
Neuteup anteb ka dirina anu ceuk pangrasa mah beuki ngajauhan. Neuteup tonggong
jeung pundukna. Paneuteup anu sakuduna merhatikeun pedaran guru mangsa keur nerangkeun
di kelas, sok kalah sèsèlèkèt dina rentulna sirah barudak, nèangan jirimna. Mun geus kapanggih sok
tuluy anteng nengetan buukna. Susuganan pareng ngalieuk ka tukang. Susuganan
aya teuteup anu matak nèmbrès kana jajantung, imut anu kapaut di antara
lolongkrang jirim barudak anu carindekul, mianggang kuring jeung manèhna. Lebeng.
Sakalieun aya perelu ka baturna anu tukangeun, manèhna teu welèh tungkul. Teu
ngarèrèt-rèrèt acan.
Teu hayang leuwih kuring mah. Kasèp
jeung pinterna anu remen dibagikeun ka balarèa ogè pèk tèh teuing, sanajan hatè mah kumejot hayang miboga
ku sorangan. Sadrah tur lèah hatè tèh sabab meureun kuring mah teu boga tempat
dina hatèna. Samalah dina waktu konganna ogè manèhna teu kungsi ngahaja
nyampeurkeun kuring najan ukur nanya bari imut. Teu kawas Si Nyayang anu mèh unggal waktu nyampeurkeun. Ngajak
ngobrol. Sedil sakapeung mah. Nu diarep-arep manèhna, anu norojol Si Nyanyang deui,
Si Nyayang deui. Manèhna mah tiis leuwih-leuwih ti gunung ès di Himalaya. Teu kungsi ngaley
sanajan dina jero hatè anu neuteup di tukangeunanan ngagegedur seuneu
kageugeut. Teu. Kawasna ukur hatè kuring anu gugupay ngajak kumalayang ka alak
paul. Boa kuring anu ngapung ngawang-ngawang ngajomantara sosoranganan. Geuning
kiwari kuring anu ngajauhan. Ninggalkeun manèhna anu ceuk rarasaan mah kuring anu
ditinggalkeun.
Kuring teu bisa ngalelebah di mana
jeung kumaha manèhna nyanghareupan kahirupan satutas pada-pada lunta
ninggalkeun sakola. Ceuk Si Sarah manèhna nuluykeun ka sakola lanjutan di
puseur dayeuh. Si Sarah kungsi saangkot basa indit sakola. Teu loba nu
dicaturkeun cenah, da kitu manèhna mah tara loba catur tanpa bukur. Satutas nampa
èta bèja kuring teu nyaho deui ngeunaan manèhna. Hamo bisa panggih deui
meureun. Jajauheun bisa reureujeungan mah. Pamustunganana ingètan ngeunaan manèhna
tèh disieuhkeun. Jauh. Dikubur dina lèngkob leuweung kahirupan anu pangjerona tur pangpoèkna
malah mandar teu bisa kasampeur deui. Nu matak harita kuring nampa lamaran Kang
Bibin ogè hayang ngaleungitkeun manèhna tina ieu pikiran. Sugan ari boga salaki
mah duriat tèh bisa nyagak. Mun geus nyagak tangtu bakal aya salah sahiji anu
mangkak. Mugia waè anu mangkak tèh kacinta ka salaki sorangan sabab tangtu
saban waktu dipiara ku dirina, tur anu palastra tèh kacinta anu nganteng keur manèhna
anu teuing di mana alang ujurna.
Inget deui ka lebah dinya mah kuring ogè
teu boga hak hantem mitineung manèhna. Kuring tèh lain sasaha manèhna. Kitu
deui manèhna, ukur kembang impian anu geus tangtu ngiles mangsa kuring nyaring
kagareuwahkeun beurang. Cinta anu kungsi mangkak ogè meureun pilakadar cinta
monyèt. Cinta budak
bau cikur anu tacan ngarti kana hakèkatna mikacinta. Meureun harita ogè kuring ukur
kalalanjoanan ngararasakeun gedur kacinta bari lat poho kana kawajiban mikacinta.
Duka teuing teu nyaho kumaha carana ari mikacinta. Geuning satutas kawin ogè
kuring bet kawas anu tacan kènèh bisa mikacinta jalma anu mihaat jeung ngorbankeun sagala hirupna keur
kuring.
Kang Bibin, nyaah jeung deudeuhna teu
kurang-kurang. Hirupna dibèakeun keur mèlaan kulawarga. Ngan hanjakal satutas pausahaan tempat digawèna bangkrut Kang Bibin teu digawè deui.
Antukna buburuh itu ieu sakasampeurna. Kangaranan nyiar kipayah anu teu puguh
alang ujurna, Kang Bibin kurang
bisa ngabayuan kulawarga. Teu bisa nyukupan pangabutuh sapopoè anu hahargaanana
beuki ngajaul. Pangabutuh barudak anu geus sarakola duanana. Nyiar deui
pakasaban sèjèn nyamos jeung nyamos waè. Majarkeun euweuh
posisi keur nu umurna geus opat puluh taun mah. Ngandelkeun buburuh macul di
lembur anu pangasilanana nya kitu tèa. Teu wasa pikeun dicaritakeun. Katambah-tambah kiwari
mah geus arang langka anu ngarulikeun. Sawah-sawahna geus ditaringgalkeun ku nu
bogana sabab parèna geus tara kahasil. Hama geus mahabu. Caina geus
kakeumeuhan ku limbah-limbah pabrik anu ngaradeg dina pasawahan sisi jalan.
Pabrik bonèka. Pabrik
sapatu. Pabrik kaèn jeung sajabana. Bet matak ngarumas nyaksian kumaha tihot-hatna Kang
Bibin anu keukeuh hayang bisa ngabayuan kulawarga. Nu matak basa Ceu Yuli ngajak
gawè ka Dubai tèh kuring asa aya cukang komo meuntas. Kairut ku pakaya Ceu Yuli
hasil tina buburuh di negeri gedong jalugjug. Enya ogè kuring ukur bisa barang gawè sapopoè
di imah, kuring buleud tèkad pikeun ngadu nasib di nagara anu beurat beunghar. Meungpeung umur can
opat puluh taun, omong Ceu Yuli harita. Meungpeung geulis kènèh pokna tèh.
Lamun geus kolot mah sok hararèsè sabab loba PT. anu arembungeun.
“Beurat keur Akang mah, Enung buburuh
di nagara deungeun tèh,” omong Kang Bibin teu welèh ngaenungkeun. Bakat ku
deudeuh cenah. “Kawajiban akang nganapakahan mah, lain kawajiban Enung,”
sambungna semu ngalimba.
“Abdi mah rido, Kang, mugia akang
doa. Upami tos gaduh bekel kanggo modal wawarungan mah abdi ogè moal rèk tutuluyan ninggalkeun lembur,”
kuring neger-neger manèh.
Lèah pamustunganana mah hatè Kang
Bibin. Kuring diijinan digawè pikeun sakali kontrak. Dua tauneun. Hasil tina
buburuh salila digawè rèk dipakè sapopoè sèsana rèk dikumpulkeun keur wawarungan. Sugan bisa
ngagolang tur manjang.
Ngarumas mimitina mah sasatna asa
jadi hayam panyambungan. Asa jadi jalma anu dipiceun. Loba kasieun. Sieun itu
sieun ieu tèa kangaranan
di lembur batur. Tapi inget ka Ceu Yuli anu katèmbongna bètah tur boga harta
banda, kuring jadi gedè hatè. Geus opat taun manèhna mah teu mulang ka lembur tapi bisa ngiriman
duit tepi ka kabeuli itu ieu. Imah alus pangeusina rempeg. Samalah salakina
bisa muka tempat cuci motor sisi jalan tina duit pangiriman. Enya kasieun tèh
ayana dina pikiran jeung hatè sorangan. Kabuktianana mah dunungan tèh teu kua
kieu.
“Alus Sani boga dunungan geus karolot
mah, sok nyaaheun. Asa kolot sorangan geura,” hiji mangsa Ceu Yuli norowèlang dina telepon.
Enya geuning karasa ku sorangan
omongan Ceu Yuli tèh. Kuring dipikanyaah kawas ka kulawargana sorangan. Samalah
dunungan tèh hayang disebut Abu jeung Ummu ku kuring tèh. Pagawèan ukur nyangu
jeung nyeuseuh. Kitu ogè ku mesin cuci. Gègèroh jeung ngepèl mah bagèan Si Jovaria urang Pakistan. Ngan lebah bèbèrès meureun sok silih bantuan tèh sasatna pada-pada boga rasa
silih titipkeun diri. Ah kètang mimindengna mah silih bantuan.
Ceuk Si Jova mah dunungan tèh pensiunan
ti salah sahiji pausahaan rèal èstate. Ari sugan tèh pagawè negeri wungkul nu
meunang pensiunan tèh, horèng pagawè naon waè ogè digajih di dieu mah. Aya ku genah. Sagala
tèh mani kawas anu diwowoy ku nagara. Hirup rèa kètan rèa keton tèh lain
bobohongan. Rèk ka mana ka
mendi ogè dihancengan. Hanjakal kuring mah tara ieu kamamana cicing di dieu tèh,
teu kawas Ceu Yuli anu cenah kungsi ulin ka Burj Khalifa jeung ka Palm
Jumeirah. Ah keun baè kètang lebah dinya mah teu jadi sual, nu penting kuring
bisa ngabayuan kulawarga di lembur.
Geus asa lawas ninggalkeun lemah cai
najan karèk satengah
taun ogè. Ninggalkeun lembur matuh banjar pamidangan anu teu welèh dipitineung.
Nineung ka barudak pangpangna mah. Endan jeung Sopi. Kacipta wè unggal isuk diurus ku bapana mangsa
arindit ka sakola. Endan geus kelas hiji SMP keur meumeujeuhna didikeun. Sopi
nya kitu deui kakara kelas tilu sakola dasar, masih kudu disadiakeun sagala
rupana. Tapi da percaya ka Kang Bibin mah pasti bisa ngurusna. Leuwih-leuwih ti
kuring bisa ngurus barudak jeung ngurus rumah tangga tèh. Pagawèan di imah ogè
karèrèanana mah
apanan osok dipigawè ku manèhna mangsa kuring di imah ogè. Komo anu bareurat
mah. Rumasaeun meureun boga pamajikan kurang rapèkan. Kuper jeung kuuleun. Nu matak
mangsa kuring ngapung tèh manèhna kawas anu leutik hatè. Saban waktu hayoh waè
ngontak, boh SMS boh telepon. Tapi lila kalilaan mah manèhna ogè percayaeun kuring geus bisa mandiri. Ngontak tèh teu
unggal waktu teuing.
Enya ayeuna mah kuring geus teu kuuleun
teuing. Sanajan can mapakan Ceu Yuli tapi sahenteuna kuring geus dua kali ngawèselkeun
duit keur kulawarga. Kuring ogè ayeuna mah geus nyaho kahirupan dunya luar. Ngalaman
tumpak pesawat. Nyaho internèt. Nyaho mèdia sosial. Tepi ka parapanggih deui jeung sawatara babaturan
sakola anu baheula. Si Sarah, Si Nyayang jeung nu sèjènna tepi ka panggih deui jeung manèhna. Yuda. Yuda
Purnama. Anu kiwari matuh di hiji kota gedè di lemah cai.
Jadi jalma jegud geuning. Boga pakasaban
anu teu ilahar dipigawè ku urang lembur mah. Pagawèan anu sakalina digawè bisa ngaleuwihan
gajih sabulaneun kuring. Sagulung-sagalang jeung modèl, jeung artis, jeung desainer. Fotografer
geuning manèhna tèh. Kanyahoan
sotèh satutas nitènan potrètna anu diposting dina sawatara mèdia sosialna. Manèhna
keur nyieun vidèo klip grup band anu remen konsèr di luar negeri. Potrèt manèhna anu keur motrèt modèl di studio. Di hiji tempat anu
èndah. Dina
parahu. Di basisir. Dina sasak beusi. Ah bet matak timburu nitènan Si Modèl anu
sakitu hèrang mèncrangna bari makè baju kawas anu
kurangeun bahan. Manèhna ogè remen dipotrèt bareng jeung modèl-modèlna. Potrèt
sèlfi paduduaan jeung modèl di rohang make
up. Tapi anu matak anèh keur kuring mah tepi ka kiwari manèhna masih lalagasan. Padahal sakitu
gareulisna wanoja anu idek liher dina kahirupanana tèh. Duka teuing naon deui
anu ditungguanana.
“Sani, damang?”
Ngadadak ratug tutunggulan basa harita
manèhna ngamimitian chatting kana messenger kuring. Saminggu satutas facebookna
diadd ku kuring. Ham-ham mimitina mah rèk nambahkeun pertemanan ka manèhna tèh
lamun teu dipapaksa ku Si Sarah anu ngirimkeun halaman facebookna mah. Inggis
teu dikonfirmasi. Tapi ceuk Si Sarah manèhna kungsi natanyakeun kuring basa Si
Sarah chatting jeung manèhna. Nya kuring anu ngèlèhan ngaadd tiheula satutas
nyaho ceuk Si Sarah manèhna can boga anak pamajikan. Moal aya anu garah-geureuh
ieuh meureun.
Geuning aya samingguna pertemanan
kuring kakara dikonfirmasi. Sibuk pokna mah. Sapuluh poè manèhna aya di Pulo
Tidung. Duka tèh teuing lebah mana èta pulo tèh. Teu wani tetelepèk.
Wanci papeupeuting manèhna mimiti
chatting tèh. Ampir jam sabelas. Cenah di lemburna mah geus ngagayuh ka janari.
Geus biasa wayah kitu masih nyileuk pokna tèh. Ngadon cindekul hareupeun
kompoterna. Ngoprèk itu ieu anu keur kuring mah biheung nyaho. Ari komputerna
teu welèh online. Majar keur ngabangbrangkeun kakesel sok bari internètan.
Aya kana
bulanna chatting dina messenger tèh enya ogè tara unggal peuting. Tapi geus
loba anu dicaritakeun. Utamana mah ngeunaan pangalaman salila ieu. Samalah
remen nyaritakeun mangsa keur sakola tujuh ‘las taun katukang. Manèhna anu sok
ngamimitianana mah. Kawas peuting ieu. Manèhna bet los-los natanyakeun Si
Nyayang anu remen ngadeukeutan kuring harita.
“Masih
sering ngobrol sareng Nyayang?” pokna dina messenger.
“Nyanyang?”
“Muhun. Geuning
kapungkur mah mani siga anu loma pisan sareng Nyanyang tèh,”
“Ah siga anu
teu terang waè kumaha Nyanyang,”
“Hèhèh!” pokna. Kacipta wè manèhna
gumujeng.
“Masih
sareng Nuni?” giliran kuring anu nalèk.
“Nuni? Na saha
anu kantos sareng Nuni?”
“Oh. Henteu
nya?”
“Henteu. Na
kumaha kitu?”
“Ah kukumaha.”
“Abdi mah
teu wantun nyakètan anu dipikaresep waktos kapungkur tèh.”
“Maksadna?
Kantos aya nu dipikaresep?”
“Duka atuh, da
harita mah teu acan ngartos. Mung èta wè aya anu matak abdi geumpeur pami
pacaket. Komo waktos pasangrog dina lawag panto mah,” omongna.
“Oh.”
“Muhun. Kumargi
èta abdi langki pisan nyarios ka anjeunna, malihan calikna ogè ku abdi
dipengkeran waè.”
Lebah èta kalimah
kuring ngadadak paranas tiris. Hatè ngadadak seseblakan. Hapè anu keur dikeukeuweuk
tèh saharita diècagkeun kana kasur. Sajongjongan mah kuring ngahuleng ngaraga
meneng. Ras ka manèhna anu baheula kawas anu kaweur mangsa paadu teuteup dina
lawang panto kelas. Manèhna tungkul, tuluy nyisi bari leumpang gagancangan
ninggalkeun kuring anu renghap ranjug. Katempo kènèh ceulina tepi ka euceuy harita
tèh. Ukur sakali-kalina bisa pasangrog kitu tèh. Harita mangsa jam istirahat
basa manèhna rèk asup deui ka kelas ari kuring rèk kaluar.
Cling! Sora
hapè kadèngè deui satutas sababaraha lila kuring ngahuleng.
“Nu mawi
dugi ka ayeuna ogè tèh èmut wae.”
Kuring ukur
ngarèrèt kana hapè. Aplikasi messenger ditutup. Sakedapan mah ukur ngaheneng.
“Tos kulem?”
ceuk manèhna deui.
Tèmbong tulisanana
ukur sabaris dina balon messenger. Kuring ukur neuteup antep kana hapè anu
ngagolèr dina kasur. Golèdag kana bantal. Ngadon nyeueung lalangit kamar anu nèmbongkeun
mangpirang lalakon mangsa kuring aya di lemah cai. Lalakon tujuh welas taun
katukang mangsa makè seragam biru bodas. Lalakon mangsa mangtaun-taun mitineung
manèhna satutas pada-pada lunta ti sakola. Brèh deui kagambar basa Kang Bibin
ngalamar kuring jeung kulawargana tepi ka kuring laki-rabi jeung dirina. Brèh
deui beungeut barudak. Endan jeung Sopi ngadadak imut dina lalangit kamar. Dina
lalangit batin.
Panglawungan 13, Agustus 2017