Wednesday, January 11, 2017

NU NAMPA PIALA



Mangle, No. 2610 | 4 - 11 Januari 2017
Ku Iwan M. Ridwan
Jajang. Ukur sakitu-kituna ngaran budak tèh. Urang lembur. Lungguh. Ka sasaha ogè teu welèh hadè, boh sikepna boh basana. Ka sahandapeun  teu welèh haat. Ka saluhureun komo deui teu kurang-kurang hurmatna. Komo ka nu jadi guruna mah, handap asor jeung katurutna ku sasaha. Daèkan bèak karep. Mun mah sakalieun aya kaperluan guru di kelas, tara ieuh nungguan dititah. Malah remen manèhna anu nawaran tanaga pikeun ngabantu-bantu naon anu jadi kaperluan guruna.
“Pa, moal ngiuhan heula. Hujanna geuning ngaageungan,” Jajang anu titatadi diboncèng ku kuring nyeuleungkeung.

Kuring ngaenyakeun bari ngalaunna laju motor. Reug motor eureun hareupeun warung sisi jalan. Jrut manèhna miheulaan turun. Leungeunna nangkeup pageuh babawaanana.

“Ngiring ngiuhan, Bu, Pa!” pokna ka tukang warung basa manèhna katèmbongeun ku nu di jero. Kituna tèh mani dodongkoan.

Tukang warung anu harita nyèrangkeun ti jero ngaenyakeun bari seuri. Kawas anu geus boga kayakinan bakal meunang rezeki ku datangna kuring jeung Jajang. Padahal di jero ogè rèa jalma anu keur ngiuhan bari ngararasakeun haneutna dadahareun anu disampakkeun ku maranèhna.

Satutas ngeureunkeun motor kuring gasik nyampeurkeun Jajang anu harita ngèpès-ngèpèskeun cai tina barang anu ditangkeupna. Awakna semu ngadègdèg kawasna mah tiris ku hawa gunung, ongkoh deui awakna baseuh ku cihujan.

“Ka jero Jang, urang ngopi. Atawa rèk dahar deui?”

“Masih wareg, Pa, tuang mah,” tèmbalna.

“Enya hayu atuh urang ngopi wè. Mesen beuleum jagong, nya!” kuring miheulan ngalaan sapatu. Kalacat unggah ka jero warung. Jajang karèrèt nuturkeun.

Tukang warung anu nyanghareupan daganganana ku kuring disampeurkeun. Mesen kopi dua gelas jeung beuleum jagong dua. Satutas mesen mah koloyong ka jero nèangan pitempateun diuk.

Kuring jeung Jajang brek dariuk dina samak lèsèhan paranti dalahar. Jajang mah saharita mukaan kèrèsèk babawaanana anu samèmèhna kahujanan. Rapiana dibuka. Eusina dikaluarkeun. Piala. Map batik anu dikèrèsèkan dikaluarkeun. Diteundeun hareupeunana. Rikat dibuka kawasna  mah kasieunan baseuh ku cihujan.

“Teu kabaseuhan, Jang?” kuring muka obrolan.

“Alhamdulillah henteu, Pa,” tèmbalna bari ngarèrèt nèmbongkeun eusi map.

“Sukur atuh.”

Manèhna unggek. Geus kitu sup deui piagam katut piala tèh diasupkeun deui kana kèrèsèk anu geus dielapan. Sabot Jajang anteng mèmèrès barangna, kurunyung Si Bibi warung mawa cikopi dua gelas. Sok diteundeun hareupeun kuring jeung Jajang. Diteundeunana tèh jeung bakina. Satutas neundeun cikopi tur kuring nganuhunkeun mah Si Bibi warung ngalèos deui muru tempat ngaladanganana.

“Kopina diinum heula! Haneut geura,” kuring nawaran bari gap ngarongkong gelas cikopi anu ngebul kènèh.

Nu ditawaran teu talangkè. Gap kana gelas hiji deui. Regot diinum bangun anu teu panas-panaseun. Sababaraha kali ngaregotna tèh. Mèhmèhan bèak satengah gelas, cag diteundeun. Talajak kituna tèh ku kuring ditengetan. Aya gurat-gurat kapeurih dina paromanna. Gurat anu ngembat nyamunikeun kanyataan hirupna. Sanajan kitu keur kuring mah aya rasa reueus anu kacida rongkah nyaksian manèhna kiwari bisa gumbira. Enya, gumbira kawasna mah. Pisakumahaeun gedèna kabungah kulawargana nampa beja dirina kasinugrahaan panglèlèr siswa motekar ti Pa Menteri. Hiji prèstasi anu kacida gedè hartina pikeun dirina katut kulawargana.

“Jagongna, Cèp!” Si Mamang warung anu ti tatadi meuleum jagong ngurunyung, mèh waè ngarènjagkeun kuring.

Beuleum jagong geus nyampak hareupeun. Lamokot ku mantèga jeung bumbu barbeque. Ngebul kènèh. Wadahna ku kuring dideukeutkeun ka Jajang bari ditatawarkeun. Gap manèhna kana gagang paniir jagong. Beuleum jagong dikokos bangun anu ni’mateun pisan. Gep deui, gep deui manèhna ngokosan jagong.

“Mani raos beuleum jagong barbeque tèh, Pa. Nembèan abdi mah,”

Neg. Tikoro asa ngadadak seuseut. Mèh-mèhan teu percaya kana naon anu diomongkeunana. Cacakan Jajang tèh urang kampung, naha beuleum jagong waè kakara harita ngadaharna. Hatè kuring galècok sorangan.

“Kantos meuleum jagong mah, tapi da sanès kèngèng mèsèr sapertos kieu,” sambungna bari am deui.

Gap kuring kana cikopi. Regot diinum. Kuring ngarahuh. Nyèh seuri. Panon mah neuteup kana beungeutna. Luk Jajang tungkul. Èraeun kawasna mah. Geus kelas dua èsèma kakara harita ngalaman dahar jajanan anu biasa dibareuli ku para wisatawan di tempat-tempat wisata. Enya ogè sisi jalan apanan jajalaneun ka tempat wisata.

Jajang. Budak calakan lir batu permata anu gular-golèr. Pagiling gisik jeung batu barangkal. Teu loba anu mireungeuh sabab kabawa kalimpudan ku taneuh kebul. Sakapeung kahujanan. Lamokot ku leutak cileuncang. Katokèr. Katajongan ku nu lalar liwat. Ampiran-ampiran kagerus caah sabab kabawa ku cai lilimpasan. Enya cai anu limpas tèh kaayaan anu keur disanghareupan ku dirina. Harita geus leuwih ti dua minggu dirina teu bèja teu iber suwung teu asup sakola. Matak ringrang keur kuring salaku anu kungsi jadi wali kelasna. Kungsi kuring natanyakeun ka batur-baturna. Lebeng taya anu nyaho. Cenah pindah imah. Lemburna ogè mencil. Rèk ditelepon nya kudu nelepon ka saha? Dulur jeung barayana taya anu boga telepon. Geus puguh ari manèhna mah.

Bu Wini anu kiwari jadi wali kelasna teu èlèh ringrangna. Samalah sababaraha kali dirina digeroan ku kepala sekolah patali kana èta hal. Bu Wini teu bisa mèrè jawaban anu cindek ngeunaan iber Jajang. Antukna malah natanyakeun ka kuring. Bororaah kuring, Bu Wini anu sakuduna nyaho salaku wali kelas, malah leungiteun raratan.

Leuwih ti dua minggu Jajang taya waè datang ka sakola. Teu bèja teu carita. Pamustunganana kepala sekolah ngayakeun gempungan. Anu diperdih ngaluuhan tèh Bu Wini salaku wali kelas, bagian kesiswaan, bagian keuangan, wakil kepala sekolah jeung sababaraha urang guru kaasup kuring anu kungsi jadi wali kelasna.

“Dina catetan abdi mah ieu siswa tèh gaduh tunggakan èspèpè, Pa. Èta panginten anu janten margalantaranana teu lebet waè tèh,” ceuk Bu Wita bagian keuangan dina èta rapat.

Aya nalangsa keur kuring mah mangsa rapat harita tèh. Bu Wini nya kitu deui. Basa  dirèrèt tèh tèmbong rambisak. Komo basa bagian keuangan nembrakeun anu kudu dibayarna tèh geus liwat dina waktuna tur leuwih ti hiji. Upama nilik kana aturan anu lumaku di sakola, Jajang geus wayahna kudu dikaluarkeun ti èta sakola.

Kuring jeung Bu Wini anu ngarasa manglebarkeun kana prèstasi Jajang satèkah polah mondah kana èta putusan. Kuring mènta ombèr keur maluruh marga lantaran Jajang teu sakola. Keun pasualan tunggakan sakola mah meureun bisa ditèangan bongbolonganana. Keur kuring Jajang tèh salah sahiji siswa anu prèstasina teu bisa dibabandingkeun jeung siswa sèjèn. Lebar kacida upama sakolana kudu kateg alatan pasualan teu bisa mayar waragad sakola.

Rèa hal anu matak kuring maksa hayang merjuangkeun dirina tèh, utamana mah dina widang pangajaran. Sakumna widang atikan tèh manèhna mah bisa ngungkulan. Gancang paham. Jero sataun salila kelas hiji manèhna rèngking ka hiji. Malah mah jadi juara umum basa hasil ujian ahir taun sakola diumumkeun. Kuring anu harita jadi wali kelasna bungah kacida.

Sanggeus nincak kelas dua, kuring geus lain wali kelasna. Kuring ukur bisa babarengan di kelas saminggu sakali dina mata pangajaran Seni Budaya salaku guru widang atikna. Sanajan kitu, ari kanyaah mah teu kawatesn ku jadi wali kelas atawa henteuna.

Kuring jeung Bu Wini harita ngahaja maluruh alamat anu aya dina catètan data kesiswaan anu cenah geus pindah. Najan jauh ogè dijugjug. Bari kudu badarat dina jalan anu reumpil kacida tur matak paur anu ngalanto, pamustunganan kuring jeung Bu Wini anjog ka imah Jajang satutas dituduhkeun lebah-lebahna ku warga kampung samèmèhna. Hiji imah ngupuk anu nenggang ti Jajangga. Kasampak Jajang suwung. Indungna anu harita keur ngahuapan salakina anu teu walakaya dina pangkèngna, ngagentraan budakna nitah nyusulan Jajang.

Nyaksian kaayaan kulawargana, kuring kebek ku karupek. Teu loba anu bisa kedal. Sajongjongan mah ukur ngembang kadu kana naon anu kanènjo. Hiji lalaki geus kolot ngajojoprak teu walakaya dihuapan sangu karo uyah ku awèwè tengah tuwu. Rèt ka Bu Wini, dina pipina cimata teu bisa dipondah. Merebey. Irungna ungsrak-ingsreuk sakapeung ditungkup ku sapu tangan. 

Jajang. Teu loba anu dibejakeun ku èta budak basa kuring  jeung Bu Wini aya di imahna. Dirina ngeluk tungkul kawas anu boga salah dumèh disusulan ka imahna lantaran teu waè asup sakola aya kana bulanna. Kawas anu geus pegat harepan sakola.

“Pa, raat panginten hujanna, nya?” Jajang ngagareuwahkeun lamunan kuring.

“Raat kawasna mah. Rèk ngeureuyeuh ayeuna? Atawa rèk pesen deui?”

“Uih waè, Pa, pun biang bilih deudeupeun,” tèmbalna.

Geus kitu mah gura-giru kuring ogè. Nyampeurkeun ka Si Bibi warung, laju babayar.

“Ti abdi atuh, Pa, pan ieu aya artos!” Jajang nyeuleungkeung ti tukang. Tapi ku kuring dihulag. Geuwat kuring mayar. Watir temenan duit tina piala dipakè jajan di jalan, sanajan ukur pikeun mayar cikopi reujeung beuleum jagong.

Satutas ngarasa cukup aya di dinya, kuring jeung Jajang tarumpak deui motor. Nuluykeun lalampahan seja mulang. Hawa tiris anu karasa kana awak lira nu ngabèbènjokeun hatè kuring anu marudah. Inggis Jajang teu daèkeun deui sakolana sabab nyaho dirina rèk dikaluarkeun. Lebar temenan budak calakan anu prèstasina nyongcolang kudu kateg alatan pasualan administrasi anu dina enas-enasna ukur jadi bangbaluh pikeun rahayat kawas kulawarga Jajang.

“Pa, hatur nuhun nya tos kersa dirèrèpot,” Jajang mimiti cumarita deui.

“Naha da teu ngarasa diririweuh, Bapa mah, Tang.”

“Muhun pan upami teu dijeujeuhkeun ku Bapa ngiring lomba krèasi budaya pelajar mah moal tiasa gaduh prèstasi anu sapertos kieu, Pa,” pokna deui.

“Prèstasi Jajang mah lain ayeuna wungkul. Kahirupan Jajang ogè geus jadi hiji prèstasi keur Bapa mah. Nilik jaman kiwari mah di mana boa aya budak ngora anu hirup merih bari jeung bakti ka indung Bapa. Lamun seug Bapa kepala sekolah mah moal rèk masualkeun Jajang,”

Jep manèhna teu ngomong naon-naon. Palangsiang hatèna kagerih. Kuring narik napas panjang. Sanggeus sababaraha lila kuring cumarita deui.

“Rek dibeulikeun naon duit hadiah ti Pa Menteri tèh?”

“Kanggo lalandong Pun Bapa waè, Pa, mugia Alloh marengkeun enggal damang,”

Kuring narik napas panjang pikeun anu sakitu kalina. Hatè mah mungguh ngaleketey ngabandungan dirina anu sakitu bèlana ka nu jadi kolotna.
Muharam 1438 H

TAKSI



Galura, Minggu ka-II Januari 2017
Ku Iwan M. Ridwan

Satutas aya kasapukan mah bral sarèrèa bubar. Jana mah gura-giru asup deui ka jero taksina anu ngahaja parkir di saluareun gerbang balè kota. Ceuk pikirna sangkan gampang kaluar deuina. Dirina boga karep buru-buru nyiar deui pangasilan keur nutupan pangabutuh kulawargana. Teu niat-niat teuing milu ngagimbung di balè kota tèh. Ngan piraku teuing dirina teu ilubiung mun seug anu lian sareundeuk saigel ngariung di balè kota. Nembrakeun bangbaluhna ka gegedèn anu jadi papayungna. Ngungkabkeun sagala rupa karupek anu disanghareupan satutas taksi online mahabu. Bet ku harianeun upama dirina ngulayaban sosoranganan ngurilingan dayeuh nèangan panumpang. Nya atuh sanajan teu bari milu ngomong atawa orasi ogè Jana aya dina èta riungan mangratus-ratus supir taksi.

Karasa mèmang keur dirina ogè mahabuna taksi online tèh mawa rereged kana usahana. Sababaraha bulan katompèrnakeun rèa kabèjakeun nu baroga taksi online. Supir taksi konvènsional kawas anu ilang dangiang. Panumpang jadi corèngcang. Teu saladar kana hal èta mimitina mah. Sabab nya kitu tèa karèrèanana mah geus taringgaleun jaman. Nyaho-nyaho ceuk bèja wè yèn aya mobil pribadi anu naèkeun panumpang.

“Bah, ayeuna mah aya taksi online nya,” omongn Warsih nu jadi pamajikanana.

“Kumaha taksi online tèh?” Jana panasaran.

“Cenah mah bisa mesen dina hapè. Kateuing kumaha carana mah, kurang apal. Maklum geus kolot mah tinggaleun jaman,” omong pamajikanana kawas anu ngarasa hanjakal. “Kè geura urang tanyakeun ka Hana,” sambungna. Demi anu disebut Hana tèh budakna anu panggedèna anu kiwari keur meumeujeuhna biayaaneun. Teu rèk kitu kumaha atuh kelas dua semèa mah cacakan keur rèrèana pangabutuh.

Obrolan tèh teu kungsi cacap sabab duanana teu pati timu kana naon anu keur dipadungdengkeunanana.

“Amih nyaho ti saha aya taksi online?” Jana tetelepèk. Panasaran ti dituna mah.

“Eta ceuk Ceu Midah,” tèmbalna.

“Kumaha pokna?” Jana beuki pogot.

“Manèhna nanyakeun Abah, kumaha taksina ramè kènèh ayeuna? Cenah,”

“Tuluy Amih ngajawab naon?”

“Ah nya kitu wè.”

“Kitu kumaha?”

“Enya maksud tèh semu tiiseun,”

Jana ngarahuh. Jep wè teu ngomong deui. Regot kana cikopi anu ngebul kènèh. Gap kana gorèng sampeu. Am didahar. Kawas anu ni’mat pisan.

“Pindah atuh jadi supir taksi online, ceuk Ceu Midah tèh, Bah, cenah sapoè ogè bisa meunang tepi ka lima ratus rèbu sèsa bènsin sèsa dahar tèh,” Warsih nuluykeun caritaanana.

“Ah kumaha carana bisa meunang lima ratus rèbu sapoè,” Jana nèmpas.

“Duka teuing atuh da ku abdi gè ditanyakeun,”

“Ditanya naon?”

“Enya saha anu bisa meunang lima ratus rèbu sapoè? Cenah mah anakna anu ka dua, pan boga mobil.”

“Kutan? Kumaha carana?” Jana ngajenghok.

“Kateuing nyaèta teu ngarti,” Warsih semu bingung.

Teu kungsi panggih jeung Hana, Jana indit deui ti imah ngajugjug taksina anu parkir di hareupeun supermarkèt anu teu jauh ti imahna. Kitu puguh biasana, pasosorè tèh manèhna nyelang heula balik ka imah keur ngareureuhkeun kacapè. Nyaneut saaya-aya. Geus ngarasa cukup mah indit deui ka jalan seja nèangan panumpang luyu kana panuduhan operator. Malah kalan-kalan manèhna ngahaja ngetèm di hareupeun hotel sabab ngulayaban ogè kateuteu ari mèakeun bènsin.

Ngadèngè bèja aya taksi online tèh Jana natanyakeun ka baturna anu biasa ngetèm hareupeun hotel berbintang, tapi nya kitu anu ditanya tèh teu mèrè jawaban anu nyugemakeun. Pajar manèhna malah leuwih teu apal kana istilah online anu kiwari keur remen kadèngè. Tetelepèk kaditu kadieu meunang bèja tèh ti Duki salah saurang supir taksi anu sagerup jeung dirina, bubuhan manèhna mah kungsi kuliah tur masih kawilang ngora.

“Taksi online tèh mobil pribadi anu dipake antar-jemput. Jirimna mah nyamuni dina rèbuan mobil mewah. Teu sagawayah jalma bisa apal nu mana nu manana iwal ti anu pesen reujeung anu bogana,” omong Duki bari pepeta.

“Panumpang jeung supirna pada-pada makè hapè pinter sabangsa android jeung sajabana, anu bisa dipasangan aplikasi taksi online. Sing saha waè anu butuh taksi kari mencèt dina hape, moal burung ngurunyung mobil pribadi anu dibutuhkeunana,” sambung Duki deui.

Sanajan kudu bari uleng mikir ogè ngadengekeun pedaran Duki, Jana surti ari kana prakprakanana mah. Dirina bisa ngerong jeung ngijir-ngijir. Ngan èta anu lebeng kènèh tèh nya kumaha bisa manggihanana èta taksi online upama hayang maluruh raratanana. Duki anu ngadadarkeun ogè teu bisa mèrè bongbolongan kana nganyahoankeun ayana di mana jeung anu kumaha waè cirina èta taksi online, puguh ogè taya ngaranan.

“Lamun hayang nyaho mah kudu boga hapè canggih. Kuring ogè lamun pareng boga mobil weuteuh mah moal burung eureun jadi supir taksi kieu tèh,” cèk Duki deui.

“Bakal tèrèh beunghar, Mang, jadi supir taksi online mah. Pèk wè itungkeun, jero sapeuting aya antek tepi ka meunang lima ratus rèbu bawaeun ka imah sèsa bènsin katut dahar tèh. Paling copèlna dua ratus atawa tilu ratus rèbu,” Duki sumangetna kawas anu geus sakop-kopeun jadi supir taksi online.

Jana ngarenghap jero nakeranan. Uleng salila-lila ngabandungan naon anu dipedarkeun ku Duki. Bet aya ku babari geuning taksi online mah nyangking untung tèh. Enya teu salah anu dicaritakeun ku pamajikanana sakumaha anu cenah kaalaman ku anak Ceu Midah. Gampang kacida meunang duitna ari kitu mah. Teu kawas anu kiwari kaalaman ku dirina. Setoran anu sakitu ratus rebu tèh bet matak seuseut seuat pikeun nyumponanana. Mun mah jero sapoè tacan kasetoran dirina kapaksa ngahutang kanu jadi dununganana. Atuh jero mangpoè-poè kungsi teu pisan mulang ka imah sabab kudu ngudag hutang setoran jero sababaraha poè. Geus uyuhan bisa mawa duit samet lima puluh rèbu ka imah tèh, aya keur meuli bèas sapoèeun.

“Naha cenah bisa laris manis taksi online tèh, Jang?” Jana masih panasaran.

“Nyaèta cenah, Mang leuwih murah batan ongkos taksi urang,”

“Naha bisa kitu, Jang?”

“Tah èta anu kuring can nyaho, Mang, naha bisa leuwih murah. Nya atuh orokaya panumpang anu biasana ngalanggan ka urang tèh parindah ka taksi online. Keur mah murah, mobilna aralus. Pan mobil kolot mah teu bisa ngadaptar jadi taksi online Mang,” Duki nyaritana mani nyoroscos.

Jana jempè. Inget ka lebah dinya Jana ngadadak rus-ras ka nasib diri. Mun mah baheula basa nu jadi kolot araya kènèh manèhna junun sakola, meureun moal nandangan nasib kawas ayeuna. Meureun geus jeneng di hiji pausahaan atawa teu pamohalan jadi pagawè negeri ogè, sabab ku jaman baheula mah tacan loba lulusan sarjana tèh. Katambah nu jadi indung bapa tèh pagawe di salah sahiji lembaga pamarèntah. Tapi nya kitu Jana teu kungsi ngerong kawas kumaha jaman anu bakal disanghareupan saterusna. Mangsa nu jadi kolot lugar-ligur ku harta banda tèh lainna hayang meurih bari mikir, nu aya ngadon ngumbar karesep jeung papada batur saumuran. Rumasa nu jadi kolot raja kaya. Duit kawas anu ngarawuan ti ditu ti dieu. Hayang naon wae ogè dirina teu kungsi ngadagoan lila, tangtu nu jadi kolot nyomponan naon anu dipènta. Kawas anu karandapan ku adi-adina. Ngan nya kitu geuning dirina teu kungsi nyangka hiji mangsa mah indung bapana bet kadatangan penyidik kapèka. Saharita duanana dibawa kana mobil husus anu satuluyna dipaksa kudu makè rompi pulas gedang asak.

Aya nu leuwih peurih satutas indung bapana leungiteun kalungguhan tèh, harta banda anu aya bet kudu ledis diangkut sabab kudu ngagentian dengda mangmiliyar-miliyar anu cenah pikeun nutupan duit nagara anu geus dirugikeun ku maranèhna. Mobil, imah, tanah jeung sagala rupana ilang tanpa karana.  Mun ras ka dinya mah hatè manèhna sok ngadadak cumalimba. Tapi teu bisa majar kumaha, mangsa nu geus kalarung moal ieuh bisa kasorang deui. Kiwari kari hanjakal anu nyangkaruk dina diri Jana.

“Jang Duki mah teu jadi supir ogè boga ijasah universitas, Jang. Moal hararèse nyiar deui pagawèan, teu kawas kuring,” ceuk Jana harita minangka nyadarkeun diri tina lamunan.

“Ah nya kitu tèa wè Mang, pagawèan mah geuning hèsè ditèanganana. Buktina kuring teu welèh nyamos unggal ngalamar ka pausahaan tèh lebeng wè taya laratanana,” tèmbal Duki.

“Tapi sahenteuna Jang, ari kungsi diuk dina bangku kuliah mah meureun loba luang pangalaman. Geuning buktina Jang Duki mah bisa bari dagang sagala rupa,” omong Jana deui.

“Nya kitu wè, Mang, èta gè bari jeung sakapeung mah kateug da kagejed ku teu boga modalna,” omong Duki.

“Aèh, naha bet kudu teu boga modal? Kapan sakuduna mah boga bati, Jang,” Jana semu hèlok.

“Nyaèta boga pamajikan teu beunang diandelkeun, Mang, duit tina jujualan tèh lain dibalikeun deui kana modal ngadon hayo dipakè meulian baju jeung make up. Matak leneng,” Duki nepak tarang.

“Kitu nya, sugan tèh anak kuring hungkul anu resep dangdan tèh. Horèng pamajikan Jang Duki gè kitu nya. Paingan atuh geulis jeung asa ngora waè pamajikan Jang Duki mah,” Jana mèsem.

“Nya kana kitu tèa, Mang, jaman ayeuna mah,”

“Hadèna wè anak kuring mah loba dipahugina ku papacanganana. Lamun teu kitu mah meureun ngerenying wè ka indung bapana,” Jana neruskeun omonganana.

“Sukur atuh, Mang,” tembalna kawas anu harorèam kapapanjangan. Sup ka jero taksina. Bari amitan manèhna tuluy ngabèngbèos ninggalkeun nu keur ngaretèm.

Ngabandungan nasib kahirupan Duki, Jana asa kabangbrangkeun. Ceuk pikirna Duki anu lulusan sarjana ukur jadi supir taksi kawas dirina. Saleuheung dirina mah ukur boga ijasah èsèma sabab kungsi kuliah ogè pan teu puguh alang-ujurna. Leuwih-leuwih nasib Duki mah, ibaratna tèh katurug katutuh, keur mah pangasilan anu teu sapira, nu jadi pamajikanana emos pisan kana duitna.  Inget ka lebah dinya mah Jana sok ngadadak poho kumaha ngarenghikna nu jadi pamajikan mangsa nyumponan pangabutuh sapopoèna. Lat poho kana setoran anu saban poèna kudu dicumponan. Keur mah meureun mana kitu ogè geus jadi katangtuan Gusti, dirina mah ukur darma wawayangan.

Bandung, tungtung taun 2016
Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com