Thursday, September 13, 2012

Leuweung Katineung


(Galura edisi II September 2012)

Keclak! Cipanon kahiji mimiti ragrag. Meuntasan jungkrang lungkawing dina batin Sofi. Ngalémbéréh kana lamping damis nu geulis. Meulah sukma nu geus teu puguh rasa. Peurih jeung balilih geus jadi kabiasaan mumuluk unggal isuk. Jadi kadaharan sapopoé. Mun mah diri geus ngarasa seubeuh, kanyataan bet kudu maksa neureuy kapeurih anyar nu teu kendat rerep. Ti waktu ka waktu bungkleukna beuki lintuh kawas nu diangon di kebon tatu. Cucuk rungkangna ngajejembrung moékan panyérang di kajauhan. Mun mah di kaanggangan aya bagja nu geus kalarung, susah pikeun disawangna.

Miara bagja ngan sakedet nétra. Ayeuna ilang teuing kamana. Karasana sabot harita basa manéhna anyar miwanoh jalma nu ayeuna jadi salakina. Enya. Bet geuraheun aya wanoja nu moal kabandang ku lalaki kasép ngalémpéréng konéng anak jalma jugala salah saurang pangawasa di hiji kota. Liliaran teu weléh tumpak sédan bari ngabagikeun imut kasasama. Boga pausahaan sorangan. Agama jeung darigamana teu tinggaleun dina nyorang kahirupan. Nya harita pisan Sofi milih ninggalkeun Agus geusan nyorang kahirupan jeung manéhna.

Agus kacida ceuceubeun pisan kadirina. Mangtaun-taun papacangan. Kasusah jeung kapeurih ditanggung ku duaan. Bagja jeung lugina teu weléh dibagi rata. Karasa pisan pait jeung peuheurna hirup di kota anu saruwa pada-pada asing keur maranéhna. Enya. Bisa kasebut ngumbara Sofi ogé sok sanajan lain pendatang. Meureun anu disebut ngumbara téh pédah jauh jeung indung bapa. Manéhna milih ngontrak sorangan salila kuliah di puseur dayeuh. Anu satuluyna tepika meunang gawéna manéhna ngarasa betah hirup mandiri.

Nya dina waktu éta Sofi hirup babarengan jeung Agus sok sanajan henteu sagebrus. Pada-pada ngontrak di tempat séwang-séwangan. Silih tutupan kakurangan, silih cumponan kabutuhan, silih rasakeun kabungah. Pait jeung peuheurna estuning ditanggung ku duaan.

“Ah. Bet jadi leuweung katineung!”

Kitu babasaanana haté Sofi mun ras inget kana mangsa lalakon ka tukang. Mangsana keur meujeuhna silih cacapkeun kanyaah. Kacinta anu bener-bener datang tina sakutri ati anu pang iuhna. Pangsimpéna. Mun mah rék digambarkeun kaéndahanana meureun katumbiri nutug curug ogénan asa can bisa mapakan kana warna-warni kahirupan maranéhna. Mun mah dilarapkeun kana hiji kecap teuing naon pibasaeunana. Éndah. Lugina. Bagja. Geugeut. Meumeut. Kalandep. Bet moal cukup ukur dikedalkeun. Dilamunan. Disawang. Dibabayang. Geuning jadi kalah leuwih éndah. Leuwih tiis. Leuwih seger. Lir ibarat leuweung nu ngahaja ditaratas. Enya leuweung katineung téa. Leuweung nu moal aya nu ngagunasika ari lain maranéhna duaan mah. Enya Sofi jeung Agus. Sabab éta leuweung téh ayana dina batin maranéhna. Moal ieuh bisa katoél kunu lian.

Ayeuna. Leuweung katineung téh ku Agus mah dibebenah deui. Saliara jeung rungkunna diberesihan. Tangkal-tangkalna digemuk sina beuki linduh. Sakapeung dioyos mun teu kebat hujan. Walungan katrésna nu kungsi saat ayeuna geus dibuka deui sungapanana. Caina masih ngagenyas. Hérang.  Boborélakan mantulkeun cahaya panon poé nu norobos sela-sela dangdaunan. Kembang-kembang geus  mimiti sarirungan. Rampak ku rupa-rupa warna, gambar haténa. Beureum. Konéng. Bungur. Bodas. Gandola. Dalah kembang angsoka ogénan rebung marucunghul.

Béda deui. Leuweung katineung dina haté Sofi ayeuna geus jadi leuweung luwang-liwung. Jembet ku kakayon. Rungkun jeung saliara ngarambah di mamana. Poék. Bala. Jadi panyumputan sato galak nu teu ilahar. Oray jangjangan. Méong tandukan. Jeung sabangsa sasatoan anu ngagalaksak kana sagala rupa. Kabeh bumén-bumén. Euweuh nu ngaroris. Euweuh nu miara. Enya rék bisa ngariksa kumaha sasatna manéhna aya dina jero sarigsig beusi. Weweg tur wedel. Dibarogod rante katalangsara batin nu ditimbulkeun ku jalma anu cenah haat jeung mikanyaah manéhna. Salaki anu cenah bakal nyenangkeun téh geuning antukna kalah ngararaca batinna. Ngageuri haté nu beuki kumareumbing. Pucuk-pucuk baluas mimiti rebung sarirungan. Nyaksian pagawéan salaki unggal peuting balik subuh. Sungut bau arak. Dalah mimindengna mah dianteurkeun téh ku wanoja anu maraké gaun peuting. Gaun anu ngan ukur nutupan babagian sensitifna hungkul. Mun mah pareng pasanggor manéhna nu mukakeun panto, maranéhna ukur méré imut nu matak maut.  Imut kapaksa nu malah nandasa. Sedeng dirina beuki teu wasa.

Sabulan dua bulan mimitina memang can kagambar bakal kaalaman. Sataun dua taun geuning kalah beuki nyirorot. Panyakit berewit teu bisa leupas tina kahirupan kulawargana. Tina alam kahirupanana. Langit beuki angkeub. Sakapeung mah hujan dordar gelap. Pausahaan anu asalna  jadi kacapangan, horeng dijabel ku nagara. Mitoha nu dipahing bakal bisa nangtayungan dina sagala pasuaalan bet kalah kaguis dina gilinding korupsi nu mingkin ceuyah di ieu nagri. Korupsi nu geus jadi sindrom keur sabagian para pajabat tinggi. Cul cel di ditu di dieu. Nu itu nu ieu kaciwit kulit ka bawa daging. Singhoreng pasualan nu kitu mah teu bisa ngalibetkeun ukur saurang dua urang, tapi pihak itu pihak ieu téh kudu aya andilna. Anu antukna KPK geus bisa ngabongkar hiji perkara bet ngarambah ka mamana. Enya kawas anu kaalaman ku mitoha Sofie harita. Ninggang di ngalaman burakrakan kulawarga, salaki kalah weureu. Meupeuskeuyang ka dirina. Nyalahkeun ka dirina anu rumasa teu walakaya dina eta pasualan. Sofie ukur bisa narima kanyataan. Sakapeung mah sok ras inget kana dosa nu dijieun ka Agus lantaran geus ninggalkeun. Geus ngaruntagkeun harepan jeung cintana.

Tapi sagala panineungan eta geuwat disieuhkeun tina pikiranana sabab manéhna geus apal Agus ngahampura. Tapi deui deui manéhna bet boga rasa hanjakal. Horeng kabagjaan mah teu bisa dibeuli ku dunya barana. Ninggang di tumpes sagalana, kabagjaan bet kalah tijungkir. Bagja téh jadi kuciwa. Bungah téh jadi susah. Ras deui inget kana kekecapan Agus baheula yen hirup mah lir ibarat cicing dina sisi gilinding anu teu eureun-eureun muter. Sakapeung aya di luhur. Sakapeung aya di handap. Kalan-kalan di tengah-tengah. Ngajalanan hirup lir naek tangkal. Beuki luhur urang naek, beuki leutik cecepengan sedeng angin beuki tarik neumbraganana. Mun mah sakalieun ragrag ka handap tiangtu cilakana leuwih rongkah.  

Mun mah Sofie teu inget kana eta darma, meureun dirina geus teuing kumaha. Sabab pangharepanana geus peunggas katinggang tangkal lalakon nu rungkad dituar nasib. Balilih ukur ngalindih. Cimata nu dirasa seger teu matak mawa haté kateger. Manéhna ukur bisa ngabébénjokeun diri sorangan lunta deui ka leuweung katineung nu mingkin keueung.  

(Rengse. Bandung, 1 September 2012)

Saturday, September 1, 2012

Manggih Munggah



(Galura, Edisi II Agustus 2012)
 
BULAN PUASA. Bulan suci nu dianti-anti ku sakumna jalma nu ariman. Muslimin muslimat. Mukminin-mukminat. Anu boga makna sarébu bulan. Anu di jerona amal kahadéan baris manglipet ganjaranana. Dipapag dibagéakeun ku sakumna umat manusa. Kiwari datang deui. Dibagéakeun ku sagala rupa kariaan. Nu papajar[1] di unggal tempat, cacakan lain tempat wisata gé bet ramé ku nu ngaraliwet, papayoran. Geus sidik ari sabangsa basisir jeung tempat wisata mah sok pinuh ku rupa-rupa acara hiburan kawas dangdutan jeung sajabana. Asa ku araranéh sakapeung mah, majar mapag puasa tapi direuah-reuahna ku tembang éplok céndol atawa ngebor. Baheula éta ogé.

Lian ti papajar, aya deui nu disebut nadran. Sawaréh nyebutna nyekar. Kop téh teuing naon nyebutna nu penting tujuanana saruwa. Datang ka makam karuhun. Runtah jeung jukutna diberesihan ku kulawarga. Ngaji yasin babarengan. Ngadoa babarengan. Cenah anu di alam barzah sing aya dina katingtriman sabab dina bulan puasa kagiatan sapopoéna diitirahatkeun. Siksa kuburna diganti ku nikmat kubur. Sétan-sétan diborogod. Wallohu’alam.

Inget mangsa keur budak, resep mun geus manggih munggah  téh. Mimilu papajar ka tatangga. Teu apal alang ujurna. Padu susurakan waé. Padahal mah mun dipikir-pikir mapag bulan puasa mah lain ulin-ulinan. Tapi kudu bebenah diri geusan nyanghareupan bulan suci. Meureun éta ogé diimbangan ku nyekar téa. Inget yén urang saréréa ogé bakal maot.

Mun geus nyedek pisan ka poéan puasa, resep nyundut kembang api. Pepétasan. Paser atawa teteg. Minangka nu leuwih rongkah sok pirajeuneun nyieun lodong karbit jeung bedil kubur. Éta ogé lanceuk anu nyieunna. Ti dengo-dengo. Ongkoh sok hayang tapi kalah rerempodan. Éta atuhda mun sakali nyundut téh sok tepika eundeur kana jajantung.

Dulag mah geus moal katinggaleun ragot di unggal juru masjid tiap lembur. Sok sanajan lembur paancal-ancal, tapi nu nabeuh kawas nu patémbal-témbal.  Keur nu karajinan mah dulag téh sok dibabawa dina mobil bak atawa dina roda ngurilingan désa ti lembur ka lembur bari diabringkeun. Badis wé nu keur ngarak jampana poé agustusan.

Sok resep mun peuting kahiji rék puasa, lembur téh kawas anu kadatangan pangagung. Kitu mungguh dimaknaan ku sareréa ogé bulan puasa mah. Anu mareuncit hayam ti beurang kénéh ngahaja seja mapag poé kahiji. Poé munggahan. Nu dakar-deker jijieuan keur susuguh tarawéh munggaran. Enya sareréa hayang kabagéan barokahna. Hayang kaaku mukmin sajati. 

Gambaran suasana éta leket kénéh dina haté kuring najan geus welasan taun teu kaalaman. Keur jajaka kuring ngalalana di kota. Geus déwasa pindah ka Jakarta. Aampir dalapan taun kuring hirup kumbuh di Jakarta. Di hiji kota anu geus sagala mindah rupa. Heurin ku tangtun téh lain bobohongan. Gedong jangkung narangtung di ditu di dieu. Imah-imah patétéép. Solokan caina hideung. Geus puguh deui di jalan mah mobil jeung motor pagaliwota teuing rék kamarana boa. Jalan layang bapaliut. Torowongan nyarangkedong.  Kabéh gegek ku antrian patalimarga. Jalur trans Jakarta disadiaan. Jambatan layang dilegaan. Tapi kandaraan méwah beuki maceuh. Pausahaan travel jeung taksi beuki loba. Nu puguh mah hantem wé beuki heurin. Macét. Ti taun ka taun téh karasa pisan parobahana. Hawa mah geus ulah dicaritakeun. Kawas anu kakekeb dijero taneuh bari ngadurukan.
*

LEMBUR. Lembur mah teu kapangaruhan ku kaayaan kota kawasna. Ceuk pangrasa kuring éta ogé. Hiji lembur singkur anu jauh ka ditu jauh ka dieu. Nenggang. Ukur sababaraha imah. Pernahna kiduleun jalan désa nu ngabulungbung ka kota. Sakurilingeuanan sawah jeung kebon teu ka urus. Mun dina usum panén sok dipaké ngaradu langlayangan. Barudak leutik jeung barudak gedé. Enya sok resep lian ti moro langlayangan téh sok sakalian moro lasun atawa careuh nu mindeng kawénéhan maokan hayam. Mungguh pikabetaheun keur maranéhna mah mangsa gedé paré téh. Nyarumput dina kotakan ngadagoan hayam nyampeurkeun néangan hakaneun.

Waas kacipta kumaha balakécrakanana urang lembur usum panén mapag munggah. Mapag puasa. Bet hayang geura-geura tepi kanu di jugjug. Poé ieu minangka poé pangraména munggahan, sabab moal nganti sapoé dua poé deui kana puasa, tapi isuk pisan. Enya. Isukan téh poé munggaran puasa. Kitu kaputusan Departemén Agama. Sok sanajan loba nu béda antara organisasi Islam nu séjénna. Tapi teu ieuh matak jadi soal. Geus biasa di urang mah kukumaha waé ogé. Jeung barina ogé lain rék mikiran kadinya. Kuring mah hayang munggahan di lembur. Puasa di lembur. Sono. Geus dibayangkeun wé dulag ditarabeuh ku barudak. Bari diarak mamawa obor. Mapay-mapay lembur séjén ngaliwatan jalan galengan anu ngan ukur mahi sajalaneun roda. 

Barudak leutik maraké kopéah jeung baju kojo. Hareureuy hareupeun masjid bari nyaroo petasan gedang. Enya kembang api téa. Di lembur kuring mah anu kitu téh disebut petasan gedang. Da éta cenah badis kembang gedang karayunan. Gagangna kawat beusi, ari seuneuna mancawura. Raresep pisan ulin jeung nu kitu bari sakapeung mah dibaledog pétasan céngék ku barudak gedé. Sok tinggaroak lalumpatan. Dalah sok aya nu ceurik sagala rupa.

Hawa karasa beuki panas. Panon poé nongtoréng lir mudalkeun sagala amarahna. Tina jandela kaca témbong jukut-jukut semu péang sapanjang lamping jeung kebon nu diliwatan. Kebon entéh, tangkal-tangkal pineus, kembang-kembang sisi jalan kawas anu kagaringan. Puncak geus teu saéndah baeula. Cipanas geus jadi hawa panas. Beus anu diiluan mangprung ka wétankeun. Daun-daun cau carerewing tingkélébet kaheumbat  angin. Geus panen geuning patani mah. Sawah-sawah téh témbong cararaang. Kotakanana bareulah semu gurawah, sedeng jaramina geus kari lebu hideung nu amarayah. Kawas nu ngadadahan, ngajak reureuh. Nitah turun tina beus nu beuki mangprung. 

Méméh ka kota Cianjur, beus méngkol ka terminal Pasir Hayam. Tuluy ka Jébrod. Ti Cikidang ngatuhu mapay jalan pilemburan: Warung Jambé, Malébér, Kandang Sapi. Tah didinya pisan kuring turun. Tuluy naék ojég. Ngemplad pisan. Ngaliwatan lembur-lembur, kebon awi, sawah nu saruwa anyar dipanén. Anjog ka balé désa. Jrut turun. Laju nuluykeun lampah mapay galengan nuju ka hiji lembur singkur  belah kidul.

Leumpang téh teuing ku  tenang. Ngararasakeun hawa seger tina dangdaunan nu tingarulang sapanjang jalan nu kaliwatan: kebon awi, pilemburan, tangkal-tangkal cau dina galengan. Memang sakapeung mah karasa héhéaban, kawasna hawa panas téh di bawa ku angin ti jauhna sabab kituna téh teu pati lila.

Léok, suku ngalengkah ka kénca mapay jalan satapak nu brasna ka kebon sawo. Karasa tiis pisan geus di jero mah. Rarat-rérét, katempo kebon téh geus rada cararaan. Langit bisa katempo. Suku-suku panon poé narorobos ngaliwatan lolongkrang dangdaunan.  Teu kungsi lila srog ka pilemburan. Imah kuring anu pangsisina. Enya imah kolot kuring maksudna mah. Lebur anu tiheula ukur opat imah geus robah ayeuna mah. Cararaang. Tangkal-tangkalna dituaran. Imah anyar aya kana welasna. Cenah pindah ti lembur tatangga jeung urang kota. Jeung geus asup listrik deuih ayeuna mah. Imah panggung baheula geus diruag. Ganti ku imah témbok. Enya kungsi ngadéngé kolot kuriak téh, tapi teu bisa datang saelol-elol acan. Katungkulkeun ku pagawéan jeung kulawarga sorangan. Éta ogé sasadu pisan kanu jadi kolot. Bari ngirim saeutik keur meuli ompréng nu gawé. 

“Geuning ayeuna mah bisa ka lembur munggahan téh.” saur Emih mapagkeun. Teu geuwat ditémpas. Nu aya kuring nyuksruk kana panangan Emih ménta dihampura. Sasatna rumasa geus tambélar kanu jadi kolot.

 “Tong jadi kasedih ayeuna mah. Angguran sing bérag. Keun da hidep mah lalaki. Masih ngora kénéh. Bisa disebut léngkoh kénéh. Keur mah ayeuna nyanghareupan bulan puasa, maenya urang rék murukusunu ku panyakit anu masih kénéh nguluwut dina haté. Leupaskeun. Bébaskeun. Sagala rupa anu tumiba ka satiap jalma téh geus meunang ngukur jeung kamampuhanana.” Saur Emih. Bet jadi éra parada. Ninggang dimanggih kuciwa kakara balik ka imah.
**

Dur asar téh langsung ka cai. Kulah paranti mandi geus teu dipaké. Ukur dipelakan nila jeung sepat siem cenah. Bisi sakali-kalieun hayang lauk tinggal nyiuk. Mandi mah di sumur anu ngahaja anyar dijieun. Dijero deuih. Bérés mandi teu kamamana. Ngadon ngobrol di téras ngobrol uplek jeung nu jadi lanceuk. Biasa we pasualan itu ieu nu dibahasna mah. Bisa nyokot kacindekan kuring mun geus ngobrol jeung manéhna. Papagah dina nyahareupan kahirupan. Bubuhan nu jadi lanceuk mah jebolan pasantrén sok sanajan ayeuna teu bogaeun santri. Maksud téh santri anu ngahaja nyuprih élmu ti jauhna. Ari barudak mah cenah masih kénéh aya sababara urang. Sadudulur wé jeung anak tatangga. Enya berenyit. Barudak anu can sakola ésdé-ésdé acan. Da ari téka mah arang langka di kampung mah.

Panon poé geus rek mubus. Layung beureum mulas langit. Cirina beurang geus direbut ku peuting. Barudak riab ka marasjid. Tapi aya nu béda ayeuna mah. Taya saurang gé nu ribut ngurus pepetasan. Bedug ngan ukur ditabeuh mangsa datang waktu solat. Para pamuda duka teuing kamarana. Nu di marasjid ukur bapa-bapa. Aki-aki. Minangka pangorana téh kuring.
Sanggeus kuring leungiteun kulawarga di Jakarta, kuring ogé leungiteun suasana mangsa baheula. Cag!

Bandung, 18 Juli 2012



[1] Kabiasaan urang Cianjur dina mapag bulan puasa. Biasana piknik bari papayoran: dahar balakecrakan. Eueuh nu apaleun sajarahna, tapi mimiti ramena teh taun 80-an tug tepika danget ieu.

Sésa Baluas



(Galura, Edisi III Juli 2012)
 tina pangalaman Ratna Shinta Sukowati

Mun mah baheula kungsi boga cita-cita nincakeun suku di Cilegon  téh seja suka bungah dina kariaan panganténan aceuk, ayeuna robah pabalik arah. Éstuning patukang tonggong jeung naon anu kungsi disawang. Diabringkeun téh lain dikawal ku mobil pulisi bari tumpak sédan réréndéngan, tapi jero ambulan anu sirineuna ngalanglaun sapanjang jalan. Nyingray-nyingraykeun antrian patalimarga. Dipapaés keclak cimata nu asalna ngabedega tina sora-sora kacangcaya.  Sora-sora handaruan. Sora jumerit balilih. Kapiuhan. Sabab taya nyangka bakal kajadian. Baju aceuk nu baheula dicita-cita gaun panganténan niru gaya Kate Middleton, ayeuna mah ukur boéh dirurub asiwung. Teu. Teu leuwih ti kitu. Teu sugan maké makuta dipapaés manglé atwa kembang roncé.  Awak nu sampulur ayeuna duka kumaha ayana. Seuseut seuat gesan ngabayangkeunana. Saréréa taya nu wasa. Dalah anu kuat muka tamela ogé ukur uwa, rama salira. Uwa istri sareng enin mah tiba ngayukyuk kapiuhan deui waé. 

Ti Jakarta ka Cilegon téh lain perjalanan meumeueusan. Tapi lalampahan anu ngemplad dibarung ku cimata mah. Lila. Ketir. Waas jeung baluas. Panas nyongkab sajajalan. Keur mah miang saméméhna ti Cianjur, teu sirikna geus taya nu dirasa. Kacapé. Katunduh. Lapar jeung hanaang. Teu ieuh bisa mangaruhan kana diri nu hayang geura-geura nepi. Ruing mungpulung jeung kulawarga nyeungceurikan nu teu walakaya. Nyeungceurikan nasib nu tumiba ka diri aceuk. Eumh. Mun mah dina manah kulawarga taya iman ka Nu Maha Kawasa, sigana geus kumaha boa. Sagala dipeupeuskeun. Sagala dijejewét bakating ku soak. Mungguh kitu kahayangna nafsu mah. Enya ukur kaimanan jeung kaikhlasan anu salalawasna marengan téh. Nya kayakinan ka Mantenna pisan anu satékah polah jadi panguat ka diri masing-masing. Seja marengan. Jajap ka pamatuhan anu salalawasna. Bakti anu panungtungan.

Eumh. Aceuk. Bet teu kusangka aceuk ningalkeun ku cara anu kieu. Ku cara anu tragis. Asa cikénéh urang téh reureujeungan. Di kampus. Di kontrakan. Enya. Urang kungsi sagulung-sagalang duaan. Sakontrakan. Malah cindung aceuk sareng kabaya urut wisuda masih kénéh aya dina lomari abdi. Seungitna nyambuang kénéh seungit aceuk. Sataun gé acan urang pipisahan, naha bet kudu pisah salawasna. Pisah tanpa pamit. Pisah anu teu kungsi ngedalkeun pipisahan.

Aceuk, mun apal bakal kieu jadina, abdi mah moal ngidinan Aceuk lunta ka Jakarta seja nohonan panggilan kerja. Geuning harita Aceuk mani bungah pisan kacida sasatna lulus kuliah langsung ditarima digawé. Enya atuh éta pagawéan téh anu salila ieu dicita-citakeun ku aceuk. Jadi réporter. Cenah saur aceuk kénéh, jadi réporter mah kawas anu boga surat sakti. Rék ka mana ka méndi ogé pasti bisa. Milu kaditu milu kadieu téh teu sugan disaha-saha da geus puguh aidina. Geus jelas kaperluanana. Seja ngabéwarakeun ka balaréa anu teu weléh nganti info anyar dina sagala widangna.

Jadi réporter mah moal kuuleun atawa kurung batok, saur aceuk. Teu kawas gawé kantoran anu ulukutek sapopoé di jero rohangan bari jeung kitu-kitu kénéh. Réporter mah gedé pisan pangalamanana. Bakal nyaho itu ieu. Dalah lain ngan saukur pelesiran di jero nagri, ka luar nagri ogé teu pamohalan bakal ngalaman. Bakal nyeuseup hawa nagara deungeun. Bakal nincak taneuh deungeun. Ulah hayoh waé urang deungeun-deungeun anu ngalanto ka urang, tapi urang gé kudu sarua bisa nganjang ka nagara maranéhna.

Jadi réporter, pangarti urang bakal leuwih nambahan. Kumaha tatacarana nyanghareupan kajadian, ngawawancara jalma anu kalibet dina éta kajadian, tuluy diringkes jadi berita anu penting, tuluy deui dilaporkeun ka pamiarsa di imah ku basa jurnalis. Ku kekecapan anu éféktif tur pikahartieun ku sakumna golongan. Mémang salila ieu abdi sareng aceuk ngagugulung basa jeung kalimah, tapi apanan moal sarua anu diajarkeun di bangku kuliah jeung anu diterapkeun di lapangan dina prak-prakanana. 

Anu leuwih punjul ti éta apanan salila ieu urang téh maké basa Sunda, diajar basa Sunda, undak-usukna, sagala rupana. Tapi geuning anu dipaké mah Basa Indonésia jeung Inggris. Kitu saur aceuk. Enya aceuk mah geuning mani calakan dina sagala bidang téh. Teu sirikna nyanghareupan pasualan anu anyar ogénan kawilang gampang pikeun ngungkulanana. Itu ieu téh gampang nerapna. Enya ceuk sasaha ogé aceuk mah calakan. Dalah saur dosén ogé aceuk mah pangonjoyna di kelas téh. Geuning sok seueur dosén anu nyabit-nyabit nami aceuk pami nuju di kelas abdi. Tuh, cenah, tiru mah Néng Ismi préstasina teu weléh nyongcolang. Boh di kampus atawa di luar kampus. Karya-karya aceuk teu sirikna unggal minggu medal di média masa. Sok isin sakapeung mah pami tos émut ka dinya. Abdi mah mani sakieu ayana. Jauh bumi ka langitna pami dibandingkeun sareng aceuk mah. 

Lian ti éta aceuk mah ka sasaha gé teu weléh némbongkeun paroman anu hadé. Campur gaul ka sasama éstuning teu bauan. Sasaha teu weléh diwanohan. Enya henteu sotéh jalma saliwat anu panggih di jalan. Bet piraku teuing atuh ka jalmi anu teu kenal mah ngadadak diwawuhan. Sakirana teu penting mah geuning aceuk gé sok milih cicing. Tapi dina waktuna aceuk  kudu aktif, nya didinya pisan aceuk némbongkeun kaparigelan. Bubuhan éta meureun cukang lantaranana aceuk ditarima jadi réporter téh. Dumasar kana pribadi aceuk anu gampang soméah kanu anyar wanoh. Teu sugan sieun didegigan atawa teu dianggap. Ari salira mah tos puguh, geulis.

“Salila niat urang hadé, tong kudu sieun meunang kagoréngan ti batur.” Kitu waleran Aceuk pami ditaros masalah éta. Ditungtungan ku imut. Dilak panon aceuk teu weléh ngalangkang dina kongkolak mata. Rigig aceuk, itu ieuna. Pangpangna mah panyumanget aceuk ka diri abdi nu teu weléh saat. Mun mah ayeuna rék disaruakeun jeung waktu katukang, meureun abdi téh geus teu boga nu nyumangetan diri. Enya sok sanajan aya Kang Déndi anu nyaah pisan kaabdi. Tapi geuning teu saruwa kanyaahna jeung aceuk salaku lanceuk ka adi. Kang Dendi mah teu bisa ngagantikeun aceuk. Ah bet sasaha ogé moal aya nu bisa ngagantikeun aceuk.

Kanyaah aceuk lain kanyaah anu dumasar kana cinta jeung resep. Kanyaah aceuk lain kanyaah papada awéwé antara indung jeung anak. Tapi kanyaah aceuk kanyaah nu dibikeun ti lanceuk ka adi, ti papada awéwé anu rumasa boga nasib anu sarua di tempat ngumbara, saperjoangan, sadiri sorangan. Kanyaah aceuk ka diri abdi kawas kanyaahna ka diri aceuk sorangan. Kitu deui sabalikna.

Harita basa aceuk lunta ka Jakarta téh bet asa ku baluas. Asa ditinggalkeun ku diri sorangan. Asa leungit pangacian. Asa leungit lelembutan. Geuning harita teu bisa diupah-apéh ku Kang Déndi anu salawasna marengan abdi kalayan daria. Tapi da angger wé rarasaan mah taya nu bisa nyaah kawas aceuk. Enya bisa leler téh harita ku paménta aceuk anu cenah ulah diceungceurikan anggursi silih du’akeun. Apanan komunikasi mah bisa salalawasna kahubung.

Sataun ti harita abdi wishuda. Saurna aceuk teu tiasa sumping da gaduh tugas liputan di luar kota. Enya kitu ayeuna mah kagiatan aceuk téh. Teu weléh bur-ber kaditu kadieu seja ngudag berita. Nya keur abdi mah teu bisa majar kumaha. Jeung teu kedah nyungkeun hapunten aceuk, abdi surti kana kaayaan aceuk. Geuning saur aceuk urang silih doakeun waé ti kajauhan. Sing lulus mulus berkah salamet. Enya kitu pisan anu dipiharep ku saréréa ogé. Alhamdulillah abdi di dieu tos lulus mulus berkah salamet wisuda mah, kantun milari padamelan. Tapi naha geuning aceuk anu ku abdi didoakeun téh bet henteu ninggang di lulus mulus berkah salamet téa? Aceuk mah bet meunang kamusibatan anu gedé kacida. Rohaka. Bencana anu ngageunjleungkeun alam dunya. Khususna dua nagara, Indonesia jeung Rusia. Muh mah lain aceuk anu harita kabagéan liputan dina penerbangan Sukhoi Super Jet 100, meureun moal ngalaman dugika kieuna. 

Eumh. Ieu cimata abdi teu saat-saat marengan dunga pangjajab nu pamustungan. Marengan aceuk nu mulih ka jati mulang ka asal. Bet jadi paranas tiris kieu aceuk mun seug émut ka aceuk anu saméméh nyat unggah kana kapal aceuk wawartos ngalangkungan BBM, bari jeung ngapdet status @Sukhoi Super Jet 100. Sedeng display poto aceuk nuju nyepengan mic dynamic anu nganggo triangle teve trans. Aceuk wawartos bangun anu suka bungah. Mun mah harita abdi apal kapal bakal ragrag di Gunung Salak, pasti abdi ngahulag. Pasti abdi keukeuh peuteukeuh aceuk ulah ngiring.

Teu. Teu wasa aceuk. Abdi teu wasa naha ieu cimata anu teu saat merebey ngamalir jajap ka liang lahat. Mun mah baheula kungsi boga cita-cita nincakeun suku di Cilegon  téh seja suka bungah dina kariaan panganténan aceuk, ayeuna robah pabalik arah. Estuning patukang tonggong jeung naon anu kungsi disawang. Diabringkeun téh lain dikawal ku mobil pulisi bari tumpak sédan réréndéngan, tapi jero ambulan anu sirineuna ngalanglaun sapanjang jalan.

Bandung, 28 Mei 2012

KABÉNGBAT



(Galura, Edisi III Desember 2010)

Jam satu beurang harita téh. Panon poé masih kénéh mentrang-mentring. Taneuh nu geus lila teu kahujanan beuki beureum jeung ngebul kasépak angin. Sawah-sawah bareulahna beuki nyungakang kawas nu garogoakan ménta dibanjur cai langit. Tangkal-tangkal cau dauna laleumpeuh. Baralak sing kulapés. Cengkirna tarujun. Dawegan-dawegan ngadadak koclak. Dangdaunan nu biasa méré iiuh linduh maluguran. Dahan-dahanan ngarangrangan. Tangkal sampeu na galengan sawah carerewing dihakanan hileud. Kacang jepun sing pelentung kawas barudak di Afrika nu keuna panyakit busung lapar. Susukan gararing pinuh ku palastik. Caina nyalangkrung semu hideung bari sing aruyek jentik-jentik pireungiteun. Jalan desa nu sakuduna ngabulungbung téh pejét ku ban mobil, keusikna singjelepung teu boga pamuntangan. Ninggang di aya kandaraan nu liwat kawas nu diduruk, tapi kekebul nu ngelunna lain haseup.

Supir angkot, tukang ojeg, tukang béca kaduruk hawa. Panon poé bangun nu teu nolih. Poncorongna teu ngurangan panas. Méga-méga nu biasa singgarantung teuing kamana boa.

Sapanjang jalan nu kaliwatan ukur kitu jeung kitu ti Cianjur ka Bandung téh. Di jero kebek kawas dibekem. Awak ngoprot ku késang bari jeung leng-lengan. Mukakeun lawang jandéla sugan jeung sugan manggih hawa seger, tapi nu aya kalah haseup tina kandaraan jeung kekebul jalan nu kagulang gaper waktu. Jalan lempeng taya ngeunahna, jalan belot malah beuki jangar kana sirah. Meni hayang gogoakan. Tapi da kasaha? Keur mah titatadi dibaturan ku nu dagang jeung nu ngamén bari omonganana teu matak ngeunah kana ceuli. 

Ari dibaturan ku nu teu matak ngeunah kana awak mah asana téh meni lila perjalanan dua jam satengah . Ti Cianjur ka Bandung meni asa leuwih lila batan numpak karéta ékonomi ka Jogja bari cageur. Ti Cianjur ka Ciranjang, karasa panasna. Ti Ciranjang ka Cipeuyeum ka Rajamandala, beuki nyongkab jeung ngulibek komo anjog ka Cipatat mah bari jeung jalan luak-léok téh nunutur mobil toronton ngangkut batu kapur, ngajengjen, knalpotna ngelun moékan jalan. Nu katémbong téh suhunan-suhunan imah kaduruk mata poé. Sawaréh  katutup kekebul kapur kawas salju garing. Cadas-cadas nu ngajarega disimbut jukut peang, mun aya getihan jeung témbong engap-engapan mah teuing keur sakarat atawa geus paéh teu kaburu sakarat. 

Anjog ka Padalarang geus pasti macét. Saméméh parapatan Tagog Apu nu rék méngkol ka Purwakarta mobil metet minuhan jalan. Kitu mungguh gé mun waktu ngagayuh ka sorénakeun. Rék teu macét kumaha atuh jalan leutik téh dipaké patemon ti sakabéh jalan nu aya di dinya. Ti kulonna, kandaraan nu datang ti Cianjur-Sukabumi-Bogor panggih jeung nu ti Purwakarta ti Padalarang-Cimahi-Cimarémé.  Pon kitu deui arah sabalikna. Kabéh ngagimbung didinya. Kuduna mah diduakeun jeung jalan layang kawas di Pasteur éta jalan téh. Tong panjang teuing kira-kira ti pengkolan nu rék ka Cimahi tepi ka Tagog Apu moal pati macét. Pan nu rék ka jalan tol mah teu kudu ngaliwatan pasar Padalarang heula, tapi ngaliwatan playover bablas ka wétankeun. Blus wé ka tol Purbaleunyi.

Bet asa di jero pangbuian di jero beus téh. Eungap. Lieur. Panas. Teuing naon deui pibasaeunana. Hanaang mah geus puguh karasa ti méméh indit kénéh, sabab sok sanajan gering gé puasa mah tetep jalan. Geus dina Tol rada ngabulungbung téh. Teu kungsi lila kaluar gerbang Pasir Koja, tuluy ka Caringin, Kopo, Leuwi Panjang

Rék turun di Kopo téh siga ngadagoan panyakit nu teu daék sirna. Di parapatan Holis kudu nungguan lampu beureum, di Caringin nya kitu kénéh. Katambah kandaraan kalah beuki padedet. Diri maksa neger-neger manéh. Ari nggeus kudu kumaha deui atuh kaayaan Bandung kiwari sakitu heurinna. Kurang leuwih saparapat jam anjog ka parapatan Kopo ti gerbang tol Pasirkoja téh. Jung nangtung. Bangkieung awak rada nolonjong basa supir teu ngomong heula nincak rém téh. Jrut turun tina beus. Leng-leng sirah karasa jangar. Suku hideng muru ka sisi. Kalacat unggah kana angkot Ciwastra nu keur ngetém  sisieun trotoar. Supirna botak bari dina leungeuna ngebul sigarét kréték. 

“Har geuning geus lebaran supir di dieu mah” omong haté. Henteu ari kedal mah. Tapi geuning dipareuman basa aya lalaki kolot milu naék maturan kuring mah. Leungeuna ngaringkid dus tilu bari dibakutet lakban jeung rapia. Gék diuk hareupeun. Awakna kucel bari langlayeuseun nambahan hawas soré nu beuki kolot. Kalacat deui ibu-ibu jeung budak lalaki umur welasan taun, beungeutna bodas bari panon sipit, ari nu maturanana maké tiung.

Geus aya opat jalma dina angkot, tapi can kénéh nincak gas tah si supir botak téh. Teuing ngadagoan saha deui atuh da meni asa nambahan kesel deui waé. Dasar jalma sarakah kudu waé pinuh angkot téh.

Bari jeung ngawaskeun ka lampu stopan haté inget ka si Néng, bébéné nu can nyahoeun kuring ka Bandung deui. Can boga pulsa rék ngaSMS téh. Maklum jauh ka counter di lembur téh. Seunggah mun ngahaja-haja ngeusian pulsa kudu ngagedig leumapang.
 
Ukur dilamunan nu geulis téh. Témbong dina kongkolak panon keur ucang-ucangan bari jeung ninunan imut nu sumaliksik kana bayah. Gebeg téh, haté ngageter basa nu dina lamunan bet aya di hareupeun. Panon meureudeuy bari keukeureuceuman. Kuring narik napas panjang geuning lain si Néng. Tapi naha éta panon bet sarimbag jeung panon si Néng. Hihideungna buleud semu bulao ngaggenclang. Biwir panonna rada nyungcung kawas sisi talaga. Halis katumbiri kuwung-kuwungan. Bulu-buluna lemes hideung alahbatan peteng. Irung mancrit semu ipis lir nu diukir ku seniman ngagurat kana lambey nu badis kuéh lapis. Beureum matak ngaruy. Tikoro ngadadak garing. Moal bisa muntang mun kuring nyorodot tina lambey kana angkeutna. Enya gado maksud téh. Cenah ceuk batur mah gado nu alus téh lir endog sabeulah, tapi naha ieu mah geuning leuwih éndah gado téh rada beulah.

Duh pameunteu nu kawas caang bulan opat welas téh dipasieup ku rambut nu meles hideung ngarumbay semet pinareup nu témbong turun naék. Geuning ngan ukur ditangtayungan ku kupluk tina sweater héjo. Panas meureun. Lebar temenan. Diteuteup teu ieuh gimir atawa karasa aya panenjo nu ngaragamang kana sakujur badanna. Ti luhur dipapay ka handap dugi ka sampeanan nu ngan ukur tumpak sendal ipis pulas kayas. Ari dina tonggong mani bangun nu geugeut tas gandong nangkod embung lésot, kawas kuring embung ngalésotkeun teuteupan. Panangan katuhu nyandak tas kertas kayas duka eusi naon panon teu panasaran kana nu dibantun.

Gerung. Ban angkot mimiti ngagilinding. Horéng supir téh ngadagoan nyi mojang. Nya ti mana atuh salira téh jungjunan. Haté kumejot hayang sakecap-kecapeun nalék. Mun diibaratkeun téa mah hanaang manggih dawegan. Atawa keur sangsara manggih duit saratus rébuan, hayang buru-buru ngampihan, bisi kapanggih mantén ku batur. Tapi naon nu kudu dikedalkeun keur muka caritaan. Sakapeung ukur ngahuleng. Rét deui kanu keur tonggoy merhatikeun jalan. Kuring nurutan paneuteupna.

Ngaliwatan jalan Kopo manéhna anteng teu ieuh nyadar diteuteup kuring. Teuing ngahaja ngarah kuring anteng ngalamunan manéhna? Di hareupeun Rumah sakit Imanuel angkot eureun, mani inggis nyi mojang nu turun. Tapi geuning henteu, kalah aya nu naék. Nyi Mojang ngised méré tempat diuk, mani hayang clé wé ka gigireunana. Diuk bari jeung ngaléng cangkéngna nu lempay lir boneka Paris. Nu unggah ibu-ibu hadéna téh lain budak ngora nu matak nyeungeut seuneu timburu dina jajantung. Nyi Mojang rada maju diukna atuh beuki deukeut jeung kuring. Kusiwel ngaluarkeun duit récéh, wah boa-boa rék turun sakeudeung deui. Di Tegallega meureun, tuluy naék angkot séjén. Palangsiang jauh kamendi bari jeung leungiteun. Sedeng kuring masih kénéh dina angkot. Kitu ceuk pamikir.

Liwat Tegallega nu geulis can kénéh turun. Aya sababara menit deui lalajoaneun téh saméméh kuring turun di Sriwijaya. Liwat patung Lauk Emas, kuring beuki ponyo rét deui-rét deui ka manéhna. Tapi can kénéh bisa kedal. Moal poho saumur masih kénéh bisa napas mah keureuta beungeutna, warna kulitna nu ngalémpéréng konéng, sendal kayas ipisna, sweater héjona. Ah pokona mah sagalana wé. 

“Kiri!” cenah sora nu halimpu asup kana ceuli tuluy ngaragamang kana dada, nyelesep kana haté. Beledug, beledug, jantung ratug basa ngarasakeun halimpuna sora. 

“Geuning bareng turun téh di lebah dieu. Di parapatan Sriwijaya. Manéhna miheulaan turun. Kuring ribut nuturkeun. Song pada-pada mikeun ongkos ka supir. Tapi kuring milih pandeuri. Hayang leuwih ngawaskeun kamana satuluyna.

Geuning ngan ukur sakecap-kecapna nyuanten téh? Nyebat “kiri” hungkul. Tos mayar ongkos lajeng mayunan meuntas. Duh hawatos geulis geuning bet ninggalkeun. Boro mah hayang bareng.”

Haté galécok basa nempo nyi mojang meuntas sorangan manggih suwung kandaraan nu liwat di jalan. Kuring nuturkeun ku paneuteup sabab rék meuntas kapegat mantén ku kandaraan nu mimiti rabeng deui. Nyi mojang tuluy leumpang ngagedig sorangan. Teu rarat-rérét nyebrang di jalan nu sabeulah deui. Kuring bisa meuntas basa nyi mojang geus rada jauh. Haté beuki panasaran manéhna leumpang. Meureun deukeut matak teu naék angkot deui gé. Da kuring mah jauh kénéh matak rék mégat angkot.

Diteuteup ti ka anggangan, Nyi mojang masih leumpang bari ngagandong tas. Panangan kencana ngajingjing tas kertas téa. Ngaliwat ka hareupeun masjid. Pamuda nu araya euweuh nu teu ngalihkeun panenjona. Kabéh kumejot bari maruji ka Alloh nu tos ngayugakeun ratu widadari nu liwat hareupeunana.

Aéh-aéh geuning ngarandeg payuneun pager héjo. Tas nu dijingjingna diécagkeun laju kadak-kodok kana saku lancingan coklatna. Siga aya nu dipilarian. Panon kuring museur nyérangkeun ti ka anggangan. Meumpeung can aya angkot nu liwat, ceuk haté. Geuing nyi mojang kawas leungiteun nu ditéanganana. Teu kanyahoan ti mana nyandakna, panangan katuhuna tos nyepeng handphone. Sababaraha nomor témbong dipencét. Handphone diteueulkeun kana cepilna. Rambut nu ditutup kupluk sweater héjo disuaikeun ku handphone. Kituna téh bari jeung unggang-onggéng bangun nu satékah polah hayang bisa muka éta pager. Duh pangawak nu lempay téh bangun nu teu lebareun tuluy-tuluyan diragamangan ku paneuteup kuring. Hayang pisan bisa nyampeurkeun bari jeung mangmukaeun konci. Suku nyobaan ngaléngkah. Haté beuki tagiwur. Rénghap beuki ngerepan. Jantung dagdigdug. Aéh-aéh bet aya nu kaluar tina dada kuring kekeleperan kawas manuk. Jangjangna bodas. Ditilik-tilik beungeutna bet siga kuring. Ah lain manuk ieu mah. Siga Si Éros. Tuh geuning aya jangjangan dina pundukna. Pakéanana ukur maké kaén bodas meulit nutupan larangan.

“Montong disampeurkeun!” ceuk éta nu kekeleperan.

“Saha anjeun?” cekéng nanya.

“Teu kudu nyaho. Cicing di tempat! Mun teu ngawaro, panon silaing ditutupan ku jangjang kula salalawasna!”

“Aéh-aéh! Naha bet bisa kitu, naon salah kuring?”

“Sia geus nyalingkuhan haté sorangan ku mikahayang naon nu geus katémbong! Sia kudu inget dina gedong sigrong nu aya dina jero haté sia geus aya nu bumén. Tuh manéhna keur saré tumaninah dina ranjangna. Naha sia rék kumawani ngagareuwahkeun tuluy ngusir manéhna?”

“Saha?” kuring tumanya. Na ari habek téh leungeun éta jalma leutik ngababuk kana puhu ceuli. Hiung karasa linu kana ceuli. Bangkieung awak rada nolonjong. Keur mahcan pati cageur, katambah aya nu nampiling. Atuh beuki angot karasa lunglengna. Nu nenjo siga nu anéheun nempo kuring kawas nempo nu gélo. Cekit! Aya angkot eureun hareupeun.

“Naék siah! Ulah cicing di dieu!” manéhna ngancam. Kuring naék bari jeung nyekelan ceuli nu karasa panas. Sirah nu karasa dungdeng téh diteungeul deui. kuring kawas nu diseureud éngang. Nu dina angkot pada hélok nempo kalakuan kuring.

“Ampun!” cekéng.

“Panyakit sia mimiti jadi deui!”

“Puguh ieu gé karék cageur, jadi deui kumaha? Embung teusing!”

“Panyakit haté! Sia rék kumawani ngaraheutan haté jalma nu mikanyaah ka sia salila ieu? Hayang cilaka siah? Ratu widadari mah aya dina haté sia, geus rék dua taun reureujeungan jeung sia téh. Sakitu haat jeung satiana siah ka sia. Naha sia rék nyieun codéka ku nganjangkeun wanoja nu anyar katémbong bieu kana haté sia?”

“Duh teu pisan-pisan boga niat kitu kuring mah!”

“Naha sia bet boga rasa panasaran hayang nyampeurkeun jeung ngajak wawanohan? Naha sia teu inget ka diri sorangan nu geus boga jangji rék satia satuhu jeung nu ngajadikeun imam ka sia? Yeuh, ngagugu nafsu mah moal aya kendatna nempo nu kukumaha waé gé! Naha kurang kumaha jalma nu geus nyaah ka sia salila ieu? Hayang nu geulis? Naha nu nyaaheun ka sia goreng patut? Sia mah mani ngagedur nafsu téh.”

Diomongan kitu kuring ukur cicing. Rét beungeut ngalieuk basa angkot ngaliwat ka hareupeun nyi Mojang. Ana hiung deui puhu ceuli kénca ditampiling ku nu siga Si Éros.

“Hayang dicokél mata sia?”

“Aduh ulah atuh eum!” jawab téh. Nu diuk di gigireun ngésér bangun nu sieun. Nu di tukang sing kecewis bari curukna diantelkeun kana tarang.

“Mun sia boga talajak kitu patut tepika ayeuna, kula moal méré ampun baris nyokél panon sia supaya teu bisa nempo nanaon deui. Nu haat ka sia moal ngejat najan sia lolong bonconong. Nu haat ka sia geus maskétkeun haténa sabab sia geus ngajangjikeun meungkeut pageuh naon nu disebut trésna. Sia kudu boga pamadegan nu sarua mun hayang hirup tingtrim! Inget sia téh keur puasa, kudu inget naon nu jadi tujuanana!” jebréd manéhna numbruk dada kuring tuluy ngiles kajero. Kuring ukur narik nafas panjang bari jeung ngalenyepan naon nu diomongkeunana. (Cag)

Bandung, 18 Agustus 2010
 
Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com