Jam satu beurang harita téh. Panon poé masih kénéh
mentrang-mentring. Taneuh nu geus lila teu kahujanan beuki beureum jeung ngebul
kasépak angin. Sawah-sawah bareulahna beuki nyungakang kawas nu garogoakan
ménta dibanjur cai langit. Tangkal-tangkal cau dauna laleumpeuh. Baralak sing
kulapés. Cengkirna tarujun. Dawegan-dawegan ngadadak koclak. Dangdaunan nu
biasa méré iiuh linduh maluguran. Dahan-dahanan ngarangrangan. Tangkal sampeu
na galengan sawah carerewing dihakanan hileud. Kacang jepun sing pelentung kawas barudak di
Afrika nu keuna panyakit busung lapar. Susukan gararing pinuh ku palastik.
Caina nyalangkrung semu hideung bari sing aruyek jentik-jentik pireungiteun.
Jalan desa nu sakuduna ngabulungbung téh pejét ku ban mobil, keusikna singjelepung
teu boga pamuntangan. Ninggang di aya kandaraan nu liwat kawas nu diduruk, tapi
kekebul nu ngelunna lain haseup.
Supir angkot, tukang ojeg, tukang béca kaduruk
hawa. Panon poé bangun nu teu nolih. Poncorongna teu ngurangan panas. Méga-méga
nu biasa singgarantung teuing kamana boa.
Sapanjang jalan nu kaliwatan ukur kitu jeung kitu
ti Cianjur ka Bandung téh. Di jero kebek kawas dibekem. Awak ngoprot ku késang
bari jeung leng-lengan. Mukakeun lawang jandéla sugan jeung sugan manggih hawa
seger, tapi nu aya kalah haseup tina kandaraan jeung kekebul jalan nu kagulang
gaper waktu. Jalan lempeng taya ngeunahna, jalan belot malah beuki jangar kana
sirah. Meni hayang gogoakan. Tapi da kasaha? Keur mah titatadi dibaturan ku nu
dagang jeung nu ngamén bari omonganana teu matak ngeunah kana ceuli.
Ari dibaturan ku nu teu matak ngeunah kana awak
mah asana téh meni lila perjalanan dua jam satengah gé. Ti Cianjur ka Bandung meni asa leuwih lila batan numpak karéta ékonomi ka Jogja bari
cageur. Ti Cianjur ka Ciranjang, karasa panasna. Ti Ciranjang ka Cipeuyeum ka
Rajamandala, beuki nyongkab jeung ngulibek komo anjog ka Cipatat mah bari jeung
jalan luak-léok téh nunutur mobil toronton ngangkut batu kapur, ngajengjen,
knalpotna ngelun moékan jalan. Nu katémbong téh suhunan-suhunan imah kaduruk mata
poé. Sawaréh katutup kekebul kapur kawas salju
garing. Cadas-cadas nu ngajarega disimbut jukut peang, mun aya getihan jeung
témbong engap-engapan mah teuing keur sakarat atawa geus paéh teu kaburu
sakarat.
Anjog ka Padalarang geus pasti macét. Saméméh parapatan Tagog
Apu nu rék méngkol ka Purwakarta mobil metet minuhan jalan. Kitu mungguh gé mun waktu
ngagayuh ka sorénakeun. Rék teu macét kumaha atuh jalan leutik téh dipaké
patemon ti sakabéh jalan nu aya di dinya. Ti kulonna, kandaraan nu
datang ti Cianjur-Sukabumi-Bogor
panggih jeung nu ti Purwakarta ti Padalarang-Cimahi-Cimarémé. Pon kitu deui arah sabalikna. Kabéh ngagimbung didinya. Kuduna mah diduakeun jeung jalan layang kawas di
Pasteur éta jalan téh. Tong panjang teuing kira-kira ti pengkolan nu rék ka Cimahi tepi ka Tagog Apu moal pati macét. Pan nu
rék ka jalan tol mah teu kudu ngaliwatan pasar Padalarang heula, tapi ngaliwatan playover bablas ka wétankeun. Blus
wé ka tol Purbaleunyi.
Bet asa di jero pangbuian di jero beus téh. Eungap. Lieur. Panas. Teuing naon deui pibasaeunana. Hanaang mah
geus puguh karasa ti méméh indit kénéh, sabab sok sanajan gering gé puasa mah
tetep jalan. Geus dina Tol rada
ngabulungbung téh. Teu kungsi lila kaluar gerbang Pasir Koja, tuluy ka Caringin, Kopo,
Leuwi Panjang.
Rék turun di Kopo téh siga ngadagoan panyakit nu
teu daék sirna. Di parapatan Holis kudu nungguan lampu beureum, di Caringin nya kitu kénéh. Katambah kandaraan kalah beuki padedet. Diri maksa neger-neger manéh.
Ari nggeus kudu kumaha deui atuh kaayaan Bandung kiwari sakitu heurinna. Kurang
leuwih saparapat jam anjog ka
parapatan Kopo ti gerbang tol Pasirkoja téh. Jung nangtung. Bangkieung awak rada nolonjong basa supir teu
ngomong heula nincak rém téh. Jrut turun tina beus. Leng-leng sirah
karasa jangar. Suku hideng muru ka sisi. Kalacat unggah kana angkot Ciwastra nu keur ngetém sisieun
trotoar. Supirna botak bari dina leungeuna ngebul sigarét kréték.
“Har geuning geus lebaran supir di dieu mah” omong
haté. Henteu ari kedal mah. Tapi geuning dipareuman basa aya lalaki kolot milu
naék maturan kuring mah. Leungeuna ngaringkid dus tilu bari dibakutet lakban
jeung rapia. Gék diuk hareupeun. Awakna kucel bari langlayeuseun nambahan hawas
soré nu beuki kolot. Kalacat deui ibu-ibu jeung budak lalaki umur welasan taun,
beungeutna bodas bari panon sipit, ari nu maturanana maké tiung.
Geus aya opat jalma dina angkot, tapi can kénéh
nincak gas tah si supir botak téh. Teuing ngadagoan saha deui atuh da meni asa
nambahan kesel deui waé. Dasar jalma sarakah kudu waé pinuh angkot téh.
Bari jeung ngawaskeun ka lampu stopan haté inget
ka si Néng, bébéné nu can nyahoeun kuring ka Bandung deui. Can boga pulsa rék
ngaSMS téh. Maklum jauh ka counter di lembur téh. Seunggah mun
ngahaja-haja ngeusian pulsa kudu ngagedig leumapang.
Ukur dilamunan nu geulis téh. Témbong dina
kongkolak panon keur ucang-ucangan bari jeung ninunan imut nu sumaliksik kana
bayah. Gebeg téh, haté ngageter basa nu dina lamunan bet aya di hareupeun.
Panon meureudeuy bari keukeureuceuman. Kuring narik napas panjang geuning lain
si Néng. Tapi naha éta panon bet
sarimbag jeung panon si Néng. Hihideungna buleud semu bulao ngaggenclang. Biwir panonna rada nyungcung kawas sisi talaga.
Halis katumbiri kuwung-kuwungan. Bulu-buluna lemes hideung alahbatan peteng.
Irung mancrit semu ipis lir nu diukir ku seniman ngagurat kana lambey nu badis
kuéh lapis. Beureum matak ngaruy. Tikoro ngadadak garing. Moal bisa muntang mun kuring nyorodot tina lambey
kana angkeutna. Enya gado maksud téh. Cenah ceuk batur mah gado nu alus téh lir
endog sabeulah, tapi naha ieu mah geuning leuwih éndah gado téh rada beulah.
Duh pameunteu nu kawas caang bulan opat welas téh
dipasieup ku rambut nu meles hideung ngarumbay semet
pinareup nu témbong turun naék. Geuning
ngan ukur ditangtayungan ku kupluk tina sweater héjo. Panas meureun. Lebar
temenan. Diteuteup
teu ieuh gimir atawa karasa aya panenjo nu ngaragamang kana sakujur badanna. Ti
luhur dipapay ka handap dugi ka sampeanan nu ngan ukur tumpak sendal ipis pulas
kayas. Ari dina tonggong mani bangun nu geugeut tas gandong nangkod embung
lésot, kawas kuring embung ngalésotkeun teuteupan. Panangan katuhu nyandak tas
kertas kayas duka eusi naon panon teu panasaran kana nu dibantun.
Gerung. Ban angkot mimiti ngagilinding. Horéng supir téh ngadagoan nyi mojang.
Nya ti mana atuh salira téh jungjunan. Haté kumejot hayang sakecap-kecapeun
nalék. Mun diibaratkeun téa mah hanaang manggih dawegan. Atawa keur sangsara manggih duit saratus rébuan, hayang buru-buru
ngampihan, bisi kapanggih mantén ku batur. Tapi naon nu kudu dikedalkeun keur muka caritaan. Sakapeung ukur ngahuleng. Rét deui kanu keur tonggoy merhatikeun jalan.
Kuring nurutan paneuteupna.
Ngaliwatan jalan Kopo manéhna anteng teu ieuh
nyadar diteuteup kuring. Teuing ngahaja ngarah kuring anteng ngalamunan
manéhna? Di hareupeun Rumah sakit Imanuel angkot eureun, mani inggis nyi mojang
nu turun.
Tapi geuning henteu, kalah aya nu naék. Nyi Mojang ngised méré tempat diuk,
mani hayang clé wé ka gigireunana. Diuk bari jeung ngaléng cangkéngna nu lempay
lir boneka Paris. Nu unggah ibu-ibu hadéna téh lain budak ngora nu matak
nyeungeut seuneu timburu dina jajantung. Nyi Mojang rada maju diukna atuh beuki
deukeut jeung kuring. Kusiwel ngaluarkeun duit récéh, wah boa-boa rék turun
sakeudeung deui. Di Tegallega meureun, tuluy naék angkot séjén. Palangsiang
jauh kamendi bari jeung leungiteun. Sedeng kuring masih kénéh dina angkot. Kitu ceuk pamikir.
Liwat Tegallega nu geulis can kénéh turun. Aya
sababara menit deui lalajoaneun téh saméméh kuring turun di Sriwijaya. Liwat
patung Lauk Emas, kuring beuki ponyo rét deui-rét deui ka manéhna. Tapi can kénéh bisa kedal. Moal poho saumur masih kénéh bisa napas mah keureuta beungeutna, warna
kulitna nu ngalémpéréng konéng, sendal kayas ipisna, sweater héjona. Ah pokona
mah sagalana wé.
“Kiri!” cenah sora nu halimpu asup kana ceuli
tuluy ngaragamang kana dada, nyelesep kana haté. Beledug, beledug, jantung
ratug basa ngarasakeun halimpuna sora.
“Geuning bareng turun téh di lebah dieu. Di parapatan
Sriwijaya.” Manéhna miheulaan turun. Kuring ribut nuturkeun. Song pada-pada mikeun ongkos ka
supir. Tapi kuring milih pandeuri. Hayang leuwih
ngawaskeun kamana satuluyna.
“Geuning ngan ukur
sakecap-kecapna nyuanten téh? Nyebat “kiri” hungkul. Tos mayar ongkos lajeng mayunan meuntas. Duh
hawatos geulis geuning bet ninggalkeun. Boro mah hayang bareng.”
Haté galécok basa nempo nyi mojang meuntas sorangan manggih
suwung kandaraan nu liwat di jalan. Kuring nuturkeun ku paneuteup sabab rék
meuntas kapegat mantén ku kandaraan nu mimiti rabeng deui. Nyi mojang tuluy leumpang ngagedig sorangan. Teu
rarat-rérét nyebrang di jalan nu sabeulah deui. Kuring bisa meuntas basa nyi
mojang geus rada jauh. Haté beuki panasaran manéhna leumpang. Meureun deukeut matak teu naék angkot
deui gé. Da kuring mah jauh kénéh matak rék mégat angkot.
Diteuteup ti ka anggangan, Nyi mojang masih
leumpang bari ngagandong tas. Panangan kencana ngajingjing tas kertas téa.
Ngaliwat ka hareupeun masjid. Pamuda nu araya euweuh nu teu ngalihkeun
panenjona. Kabéh kumejot bari maruji ka Alloh nu tos ngayugakeun ratu widadari
nu liwat hareupeunana.
Aéh-aéh geuning ngarandeg payuneun
pager héjo. Tas nu dijingjingna
diécagkeun laju kadak-kodok kana saku lancingan coklatna. Siga aya nu dipilarian.
Panon kuring museur nyérangkeun ti ka anggangan. Meumpeung can aya angkot nu
liwat, ceuk haté. Geuing nyi mojang kawas leungiteun nu ditéanganana. Teu kanyahoan ti mana
nyandakna, panangan katuhuna tos nyepeng handphone. Sababaraha nomor témbong
dipencét. Handphone diteueulkeun kana cepilna. Rambut nu ditutup kupluk sweater
héjo disuaikeun ku handphone. Kituna téh bari jeung unggang-onggéng bangun nu
satékah polah
hayang bisa muka éta pager. Duh pangawak nu lempay téh bangun nu teu lebareun
tuluy-tuluyan diragamangan ku paneuteup kuring. Hayang pisan bisa nyampeurkeun
bari jeung mangmukaeun konci. Suku nyobaan ngaléngkah. Haté beuki tagiwur.
Rénghap beuki ngerepan. Jantung dagdigdug. Aéh-aéh bet aya nu kaluar tina dada
kuring kekeleperan kawas manuk. Jangjangna bodas. Ditilik-tilik beungeutna bet siga kuring.
Ah lain manuk ieu mah. Siga Si Éros. Tuh geuning aya jangjangan dina pundukna. Pakéanana
ukur maké kaén bodas meulit nutupan larangan.
“Montong disampeurkeun!” ceuk éta nu kekeleperan.
“Saha anjeun?” cekéng nanya.
“Teu kudu nyaho. Cicing di tempat! Mun teu
ngawaro, panon silaing ditutupan ku jangjang kula salalawasna!”
“Aéh-aéh! Naha bet bisa kitu, naon salah kuring?”
“Sia geus nyalingkuhan haté sorangan ku mikahayang
naon nu geus katémbong! Sia kudu inget dina gedong sigrong nu aya dina jero
haté sia geus
aya nu bumén. Tuh manéhna keur saré tumaninah dina ranjangna. Naha sia rék
kumawani ngagareuwahkeun tuluy ngusir manéhna?”
“Saha?” kuring tumanya. Na ari habek téh leungeun
éta jalma leutik ngababuk kana puhu ceuli. Hiung karasa linu kana ceuli.
Bangkieung awak rada nolonjong. Keur mahcan pati
cageur, katambah aya nu nampiling. Atuh beuki angot karasa lunglengna. Nu nenjo siga nu anéheun nempo kuring kawas nempo
nu gélo. Cekit! Aya angkot eureun hareupeun.
“Naék siah! Ulah cicing di dieu!” manéhna ngancam.
Kuring naék bari jeung nyekelan ceuli nu karasa panas. Sirah nu karasa dungdeng
téh diteungeul deui. kuring kawas nu diseureud éngang. Nu dina angkot pada
hélok nempo kalakuan kuring.
“Ampun!” cekéng.
“Panyakit sia mimiti jadi deui!”
“Puguh ieu gé karék cageur, jadi deui kumaha?
Embung teusing!”
“Panyakit haté! Sia rék kumawani ngaraheutan haté
jalma nu mikanyaah ka sia salila ieu? Hayang cilaka siah? Ratu widadari mah aya
dina haté sia, geus rék dua taun reureujeungan jeung sia téh. Sakitu haat jeung
satiana siah ka sia. Naha sia rék nyieun codéka ku nganjangkeun wanoja nu anyar katémbong
bieu kana haté sia?”
“Duh teu pisan-pisan boga niat kitu kuring mah!”
“Naha sia bet boga rasa panasaran hayang nyampeurkeun
jeung ngajak wawanohan? Naha sia teu inget ka diri sorangan nu geus boga jangji
rék satia satuhu jeung nu ngajadikeun imam ka sia? Yeuh, ngagugu nafsu mah moal
aya kendatna nempo nu kukumaha waé gé! Naha kurang kumaha jalma nu geus nyaah
ka sia salila ieu? Hayang nu geulis? Naha nu nyaaheun ka sia goreng patut? Sia
mah mani ngagedur nafsu téh.”
Diomongan kitu kuring ukur cicing. Rét beungeut
ngalieuk basa angkot ngaliwat ka hareupeun nyi Mojang. Ana hiung deui puhu
ceuli kénca
ditampiling ku nu siga Si Éros.
“Hayang dicokél mata sia?”
“Aduh ulah atuh eum!” jawab téh. Nu diuk di
gigireun ngésér bangun nu sieun. Nu di tukang sing kecewis bari curukna diantelkeun kana
tarang.
“Mun sia boga talajak kitu patut tepika ayeuna,
kula moal méré ampun baris nyokél panon sia supaya teu bisa nempo nanaon deui.
Nu haat ka sia moal ngejat najan sia lolong bonconong. Nu haat ka sia geus
maskétkeun haténa sabab sia geus ngajangjikeun meungkeut pageuh naon nu
disebut trésna. Sia kudu boga pamadegan nu sarua mun hayang hirup tingtrim! Inget sia téh keur puasa, kudu inget naon nu jadi tujuanana!” jebréd manéhna numbruk dada kuring tuluy ngiles
kajero. Kuring ukur narik nafas panjang bari jeung ngalenyepan naon nu
diomongkeunana. (Cag)
Bandung, 18 Agustus 2010
0 comments:
Post a Comment