tina pangalaman Ratna Shinta Sukowati
Mun mah baheula kungsi boga cita-cita nincakeun suku di Cilegon téh seja suka bungah dina kariaan panganténan
aceuk, ayeuna robah pabalik arah. Éstuning patukang tonggong jeung naon anu
kungsi disawang. Diabringkeun téh lain dikawal ku mobil pulisi bari tumpak sédan
réréndéngan, tapi jero ambulan anu sirineuna ngalanglaun sapanjang jalan.
Nyingray-nyingraykeun antrian patalimarga. Dipapaés keclak cimata nu asalna
ngabedega tina sora-sora kacangcaya. Sora-sora handaruan. Sora jumerit balilih. Kapiuhan.
Sabab taya nyangka bakal kajadian. Baju aceuk nu baheula dicita-cita gaun
panganténan niru gaya Kate Middleton, ayeuna mah ukur boéh dirurub asiwung.
Teu. Teu leuwih ti kitu. Teu sugan maké makuta dipapaés manglé atwa kembang
roncé. Awak nu sampulur ayeuna duka
kumaha ayana. Seuseut seuat gesan ngabayangkeunana. Saréréa taya nu wasa. Dalah
anu kuat muka tamela ogé ukur uwa, rama salira. Uwa istri sareng enin mah tiba
ngayukyuk kapiuhan deui waé.
Ti Jakarta ka Cilegon téh lain perjalanan meumeueusan. Tapi
lalampahan anu ngemplad dibarung ku cimata mah. Lila. Ketir. Waas jeung baluas.
Panas nyongkab sajajalan. Keur mah miang saméméhna ti Cianjur, teu sirikna geus
taya nu dirasa. Kacapé. Katunduh. Lapar jeung hanaang. Teu ieuh bisa mangaruhan
kana diri nu hayang geura-geura nepi. Ruing mungpulung jeung kulawarga
nyeungceurikan nu teu walakaya. Nyeungceurikan nasib nu tumiba ka diri aceuk.
Eumh. Mun mah dina manah kulawarga taya iman ka Nu Maha Kawasa, sigana geus
kumaha boa. Sagala dipeupeuskeun. Sagala dijejewét bakating ku soak. Mungguh
kitu kahayangna nafsu mah. Enya ukur kaimanan jeung kaikhlasan anu salalawasna
marengan téh. Nya kayakinan ka Mantenna pisan anu satékah polah jadi panguat ka
diri masing-masing. Seja marengan. Jajap ka pamatuhan anu salalawasna. Bakti
anu panungtungan.
Eumh. Aceuk. Bet teu kusangka aceuk ningalkeun ku cara anu kieu. Ku
cara anu tragis. Asa cikénéh urang téh reureujeungan. Di kampus. Di kontrakan.
Enya. Urang kungsi sagulung-sagalang duaan. Sakontrakan. Malah cindung aceuk
sareng kabaya urut wisuda masih kénéh aya dina lomari abdi. Seungitna nyambuang
kénéh seungit aceuk. Sataun gé acan urang pipisahan, naha bet kudu pisah
salawasna. Pisah tanpa pamit. Pisah anu teu kungsi ngedalkeun pipisahan.
Aceuk, mun apal bakal kieu jadina, abdi mah moal ngidinan Aceuk
lunta ka Jakarta seja nohonan panggilan kerja. Geuning harita Aceuk mani bungah
pisan kacida sasatna lulus kuliah langsung ditarima digawé. Enya atuh éta pagawéan
téh anu salila ieu dicita-citakeun ku aceuk. Jadi réporter. Cenah saur aceuk kénéh,
jadi réporter mah kawas anu boga surat sakti. Rék ka mana ka méndi ogé pasti
bisa. Milu kaditu milu kadieu téh teu sugan disaha-saha da geus puguh aidina.
Geus jelas kaperluanana. Seja ngabéwarakeun ka balaréa anu teu weléh nganti
info anyar dina sagala widangna.
Jadi réporter mah moal kuuleun atawa kurung batok, saur aceuk. Teu
kawas gawé kantoran anu ulukutek sapopoé di jero rohangan bari jeung kitu-kitu
kénéh. Réporter mah gedé pisan pangalamanana. Bakal nyaho itu ieu. Dalah lain
ngan saukur pelesiran di jero nagri, ka luar nagri ogé teu pamohalan bakal
ngalaman. Bakal nyeuseup hawa nagara deungeun. Bakal nincak taneuh deungeun.
Ulah hayoh waé urang deungeun-deungeun anu ngalanto ka urang, tapi urang gé
kudu sarua bisa nganjang ka nagara maranéhna.
Jadi réporter, pangarti urang bakal leuwih nambahan. Kumaha
tatacarana nyanghareupan kajadian, ngawawancara jalma anu kalibet dina éta
kajadian, tuluy diringkes jadi berita anu penting, tuluy deui dilaporkeun ka
pamiarsa di imah ku basa jurnalis. Ku kekecapan anu éféktif tur pikahartieun ku
sakumna golongan. Mémang salila ieu abdi sareng aceuk ngagugulung basa jeung
kalimah, tapi apanan moal sarua anu diajarkeun di bangku kuliah jeung anu
diterapkeun di lapangan dina prak-prakanana.
Anu leuwih punjul ti éta apanan salila ieu urang téh maké basa
Sunda, diajar basa Sunda, undak-usukna, sagala rupana. Tapi geuning anu dipaké
mah Basa Indonésia jeung Inggris. Kitu saur aceuk. Enya aceuk mah geuning mani
calakan dina sagala bidang téh. Teu sirikna nyanghareupan pasualan anu anyar ogénan
kawilang gampang pikeun ngungkulanana. Itu ieu téh gampang nerapna. Enya ceuk
sasaha ogé aceuk mah calakan. Dalah saur dosén ogé aceuk mah pangonjoyna di
kelas téh. Geuning sok seueur dosén anu nyabit-nyabit nami aceuk pami nuju di
kelas abdi. Tuh, cenah, tiru mah Néng Ismi préstasina teu weléh nyongcolang.
Boh di kampus atawa di luar kampus. Karya-karya aceuk teu sirikna unggal minggu
medal di média masa. Sok isin sakapeung mah pami tos émut ka dinya. Abdi mah
mani sakieu ayana. Jauh bumi ka langitna pami dibandingkeun sareng aceuk mah.
Lian ti éta aceuk mah ka sasaha gé teu weléh némbongkeun paroman anu
hadé. Campur gaul ka sasama éstuning teu bauan. Sasaha teu weléh diwanohan.
Enya henteu sotéh jalma saliwat anu panggih di jalan. Bet piraku teuing atuh ka
jalmi anu teu kenal mah ngadadak diwawuhan. Sakirana teu penting mah geuning aceuk
gé sok milih cicing. Tapi dina waktuna aceuk
kudu aktif, nya didinya pisan aceuk némbongkeun kaparigelan. Bubuhan éta
meureun cukang lantaranana aceuk ditarima jadi réporter téh. Dumasar kana
pribadi aceuk anu gampang soméah kanu anyar wanoh. Teu sugan sieun didegigan
atawa teu dianggap. Ari salira mah tos puguh, geulis.
“Salila niat urang hadé, tong kudu sieun meunang kagoréngan ti
batur.” Kitu waleran Aceuk pami ditaros masalah éta. Ditungtungan ku imut.
Dilak panon aceuk teu weléh ngalangkang dina kongkolak mata. Rigig aceuk, itu
ieuna. Pangpangna mah panyumanget aceuk ka diri abdi nu teu weléh saat. Mun mah
ayeuna rék disaruakeun jeung waktu katukang, meureun abdi téh geus teu boga nu
nyumangetan diri. Enya sok sanajan aya Kang Déndi anu nyaah pisan kaabdi. Tapi
geuning teu saruwa kanyaahna jeung aceuk salaku lanceuk ka adi. Kang Dendi mah
teu bisa ngagantikeun aceuk. Ah bet sasaha ogé moal aya nu bisa ngagantikeun
aceuk.
Kanyaah aceuk lain kanyaah anu dumasar kana cinta jeung resep.
Kanyaah aceuk lain kanyaah papada awéwé antara indung jeung anak. Tapi kanyaah
aceuk kanyaah nu dibikeun ti lanceuk ka adi, ti papada awéwé anu rumasa boga
nasib anu sarua di tempat ngumbara, saperjoangan, sadiri sorangan. Kanyaah
aceuk ka diri abdi kawas kanyaahna ka diri aceuk sorangan. Kitu deui sabalikna.
Harita basa aceuk lunta ka Jakarta téh bet asa ku baluas. Asa
ditinggalkeun ku diri sorangan. Asa leungit pangacian. Asa leungit lelembutan.
Geuning harita teu bisa diupah-apéh ku Kang Déndi anu salawasna marengan abdi
kalayan daria. Tapi da angger wé rarasaan mah taya nu bisa nyaah kawas aceuk.
Enya bisa leler téh harita ku paménta aceuk anu cenah ulah diceungceurikan
anggursi silih du’akeun. Apanan komunikasi mah bisa salalawasna kahubung.
Sataun ti harita abdi wishuda. Saurna aceuk teu tiasa sumping da
gaduh tugas liputan di luar kota. Enya kitu ayeuna mah kagiatan aceuk téh. Teu
weléh bur-ber kaditu kadieu seja ngudag berita. Nya keur abdi mah teu bisa
majar kumaha. Jeung teu kedah nyungkeun hapunten aceuk, abdi surti kana kaayaan
aceuk. Geuning saur aceuk urang silih doakeun waé ti kajauhan. Sing lulus mulus
berkah salamet. Enya kitu pisan anu dipiharep ku saréréa ogé. Alhamdulillah
abdi di dieu tos lulus mulus berkah salamet wisuda mah, kantun milari
padamelan. Tapi naha geuning aceuk anu ku abdi didoakeun téh bet henteu
ninggang di lulus mulus berkah salamet téa? Aceuk mah bet meunang kamusibatan
anu gedé kacida. Rohaka. Bencana anu ngageunjleungkeun alam dunya. Khususna dua
nagara, Indonesia jeung Rusia. Muh mah lain aceuk anu harita kabagéan liputan
dina penerbangan Sukhoi Super Jet 100, meureun moal ngalaman dugika kieuna.
Eumh. Ieu cimata abdi teu saat-saat marengan dunga pangjajab nu
pamustungan. Marengan aceuk nu mulih ka jati mulang ka asal. Bet jadi paranas
tiris kieu aceuk mun seug émut ka aceuk anu saméméh nyat unggah kana kapal
aceuk wawartos ngalangkungan BBM, bari jeung ngapdet status @Sukhoi Super Jet
100. Sedeng display poto aceuk nuju nyepengan mic dynamic anu nganggo triangle
teve trans. Aceuk wawartos bangun anu suka bungah. Mun mah harita abdi apal kapal
bakal ragrag di Gunung Salak, pasti abdi ngahulag. Pasti abdi keukeuh
peuteukeuh aceuk ulah ngiring.
Teu. Teu wasa aceuk. Abdi teu wasa naha ieu cimata anu teu saat
merebey ngamalir jajap ka liang lahat. Mun mah baheula kungsi boga cita-cita
nincakeun suku di Cilegon téh seja suka
bungah dina kariaan panganténan aceuk, ayeuna robah pabalik arah. Estuning
patukang tonggong jeung naon anu kungsi disawang. Diabringkeun téh lain dikawal
ku mobil pulisi bari tumpak sédan réréndéngan, tapi jero ambulan anu sirineuna
ngalanglaun sapanjang jalan.
Bandung, 28 Mei 2012
0 comments:
Post a Comment