Saturday, September 1, 2012

Manggih Munggah



(Galura, Edisi II Agustus 2012)
 
BULAN PUASA. Bulan suci nu dianti-anti ku sakumna jalma nu ariman. Muslimin muslimat. Mukminin-mukminat. Anu boga makna sarébu bulan. Anu di jerona amal kahadéan baris manglipet ganjaranana. Dipapag dibagéakeun ku sakumna umat manusa. Kiwari datang deui. Dibagéakeun ku sagala rupa kariaan. Nu papajar[1] di unggal tempat, cacakan lain tempat wisata gé bet ramé ku nu ngaraliwet, papayoran. Geus sidik ari sabangsa basisir jeung tempat wisata mah sok pinuh ku rupa-rupa acara hiburan kawas dangdutan jeung sajabana. Asa ku araranéh sakapeung mah, majar mapag puasa tapi direuah-reuahna ku tembang éplok céndol atawa ngebor. Baheula éta ogé.

Lian ti papajar, aya deui nu disebut nadran. Sawaréh nyebutna nyekar. Kop téh teuing naon nyebutna nu penting tujuanana saruwa. Datang ka makam karuhun. Runtah jeung jukutna diberesihan ku kulawarga. Ngaji yasin babarengan. Ngadoa babarengan. Cenah anu di alam barzah sing aya dina katingtriman sabab dina bulan puasa kagiatan sapopoéna diitirahatkeun. Siksa kuburna diganti ku nikmat kubur. Sétan-sétan diborogod. Wallohu’alam.

Inget mangsa keur budak, resep mun geus manggih munggah  téh. Mimilu papajar ka tatangga. Teu apal alang ujurna. Padu susurakan waé. Padahal mah mun dipikir-pikir mapag bulan puasa mah lain ulin-ulinan. Tapi kudu bebenah diri geusan nyanghareupan bulan suci. Meureun éta ogé diimbangan ku nyekar téa. Inget yén urang saréréa ogé bakal maot.

Mun geus nyedek pisan ka poéan puasa, resep nyundut kembang api. Pepétasan. Paser atawa teteg. Minangka nu leuwih rongkah sok pirajeuneun nyieun lodong karbit jeung bedil kubur. Éta ogé lanceuk anu nyieunna. Ti dengo-dengo. Ongkoh sok hayang tapi kalah rerempodan. Éta atuhda mun sakali nyundut téh sok tepika eundeur kana jajantung.

Dulag mah geus moal katinggaleun ragot di unggal juru masjid tiap lembur. Sok sanajan lembur paancal-ancal, tapi nu nabeuh kawas nu patémbal-témbal.  Keur nu karajinan mah dulag téh sok dibabawa dina mobil bak atawa dina roda ngurilingan désa ti lembur ka lembur bari diabringkeun. Badis wé nu keur ngarak jampana poé agustusan.

Sok resep mun peuting kahiji rék puasa, lembur téh kawas anu kadatangan pangagung. Kitu mungguh dimaknaan ku sareréa ogé bulan puasa mah. Anu mareuncit hayam ti beurang kénéh ngahaja seja mapag poé kahiji. Poé munggahan. Nu dakar-deker jijieuan keur susuguh tarawéh munggaran. Enya sareréa hayang kabagéan barokahna. Hayang kaaku mukmin sajati. 

Gambaran suasana éta leket kénéh dina haté kuring najan geus welasan taun teu kaalaman. Keur jajaka kuring ngalalana di kota. Geus déwasa pindah ka Jakarta. Aampir dalapan taun kuring hirup kumbuh di Jakarta. Di hiji kota anu geus sagala mindah rupa. Heurin ku tangtun téh lain bobohongan. Gedong jangkung narangtung di ditu di dieu. Imah-imah patétéép. Solokan caina hideung. Geus puguh deui di jalan mah mobil jeung motor pagaliwota teuing rék kamarana boa. Jalan layang bapaliut. Torowongan nyarangkedong.  Kabéh gegek ku antrian patalimarga. Jalur trans Jakarta disadiaan. Jambatan layang dilegaan. Tapi kandaraan méwah beuki maceuh. Pausahaan travel jeung taksi beuki loba. Nu puguh mah hantem wé beuki heurin. Macét. Ti taun ka taun téh karasa pisan parobahana. Hawa mah geus ulah dicaritakeun. Kawas anu kakekeb dijero taneuh bari ngadurukan.
*

LEMBUR. Lembur mah teu kapangaruhan ku kaayaan kota kawasna. Ceuk pangrasa kuring éta ogé. Hiji lembur singkur anu jauh ka ditu jauh ka dieu. Nenggang. Ukur sababaraha imah. Pernahna kiduleun jalan désa nu ngabulungbung ka kota. Sakurilingeuanan sawah jeung kebon teu ka urus. Mun dina usum panén sok dipaké ngaradu langlayangan. Barudak leutik jeung barudak gedé. Enya sok resep lian ti moro langlayangan téh sok sakalian moro lasun atawa careuh nu mindeng kawénéhan maokan hayam. Mungguh pikabetaheun keur maranéhna mah mangsa gedé paré téh. Nyarumput dina kotakan ngadagoan hayam nyampeurkeun néangan hakaneun.

Waas kacipta kumaha balakécrakanana urang lembur usum panén mapag munggah. Mapag puasa. Bet hayang geura-geura tepi kanu di jugjug. Poé ieu minangka poé pangraména munggahan, sabab moal nganti sapoé dua poé deui kana puasa, tapi isuk pisan. Enya. Isukan téh poé munggaran puasa. Kitu kaputusan Departemén Agama. Sok sanajan loba nu béda antara organisasi Islam nu séjénna. Tapi teu ieuh matak jadi soal. Geus biasa di urang mah kukumaha waé ogé. Jeung barina ogé lain rék mikiran kadinya. Kuring mah hayang munggahan di lembur. Puasa di lembur. Sono. Geus dibayangkeun wé dulag ditarabeuh ku barudak. Bari diarak mamawa obor. Mapay-mapay lembur séjén ngaliwatan jalan galengan anu ngan ukur mahi sajalaneun roda. 

Barudak leutik maraké kopéah jeung baju kojo. Hareureuy hareupeun masjid bari nyaroo petasan gedang. Enya kembang api téa. Di lembur kuring mah anu kitu téh disebut petasan gedang. Da éta cenah badis kembang gedang karayunan. Gagangna kawat beusi, ari seuneuna mancawura. Raresep pisan ulin jeung nu kitu bari sakapeung mah dibaledog pétasan céngék ku barudak gedé. Sok tinggaroak lalumpatan. Dalah sok aya nu ceurik sagala rupa.

Hawa karasa beuki panas. Panon poé nongtoréng lir mudalkeun sagala amarahna. Tina jandela kaca témbong jukut-jukut semu péang sapanjang lamping jeung kebon nu diliwatan. Kebon entéh, tangkal-tangkal pineus, kembang-kembang sisi jalan kawas anu kagaringan. Puncak geus teu saéndah baeula. Cipanas geus jadi hawa panas. Beus anu diiluan mangprung ka wétankeun. Daun-daun cau carerewing tingkélébet kaheumbat  angin. Geus panen geuning patani mah. Sawah-sawah téh témbong cararaang. Kotakanana bareulah semu gurawah, sedeng jaramina geus kari lebu hideung nu amarayah. Kawas nu ngadadahan, ngajak reureuh. Nitah turun tina beus nu beuki mangprung. 

Méméh ka kota Cianjur, beus méngkol ka terminal Pasir Hayam. Tuluy ka Jébrod. Ti Cikidang ngatuhu mapay jalan pilemburan: Warung Jambé, Malébér, Kandang Sapi. Tah didinya pisan kuring turun. Tuluy naék ojég. Ngemplad pisan. Ngaliwatan lembur-lembur, kebon awi, sawah nu saruwa anyar dipanén. Anjog ka balé désa. Jrut turun. Laju nuluykeun lampah mapay galengan nuju ka hiji lembur singkur  belah kidul.

Leumpang téh teuing ku  tenang. Ngararasakeun hawa seger tina dangdaunan nu tingarulang sapanjang jalan nu kaliwatan: kebon awi, pilemburan, tangkal-tangkal cau dina galengan. Memang sakapeung mah karasa héhéaban, kawasna hawa panas téh di bawa ku angin ti jauhna sabab kituna téh teu pati lila.

Léok, suku ngalengkah ka kénca mapay jalan satapak nu brasna ka kebon sawo. Karasa tiis pisan geus di jero mah. Rarat-rérét, katempo kebon téh geus rada cararaan. Langit bisa katempo. Suku-suku panon poé narorobos ngaliwatan lolongkrang dangdaunan.  Teu kungsi lila srog ka pilemburan. Imah kuring anu pangsisina. Enya imah kolot kuring maksudna mah. Lebur anu tiheula ukur opat imah geus robah ayeuna mah. Cararaang. Tangkal-tangkalna dituaran. Imah anyar aya kana welasna. Cenah pindah ti lembur tatangga jeung urang kota. Jeung geus asup listrik deuih ayeuna mah. Imah panggung baheula geus diruag. Ganti ku imah témbok. Enya kungsi ngadéngé kolot kuriak téh, tapi teu bisa datang saelol-elol acan. Katungkulkeun ku pagawéan jeung kulawarga sorangan. Éta ogé sasadu pisan kanu jadi kolot. Bari ngirim saeutik keur meuli ompréng nu gawé. 

“Geuning ayeuna mah bisa ka lembur munggahan téh.” saur Emih mapagkeun. Teu geuwat ditémpas. Nu aya kuring nyuksruk kana panangan Emih ménta dihampura. Sasatna rumasa geus tambélar kanu jadi kolot.

 “Tong jadi kasedih ayeuna mah. Angguran sing bérag. Keun da hidep mah lalaki. Masih ngora kénéh. Bisa disebut léngkoh kénéh. Keur mah ayeuna nyanghareupan bulan puasa, maenya urang rék murukusunu ku panyakit anu masih kénéh nguluwut dina haté. Leupaskeun. Bébaskeun. Sagala rupa anu tumiba ka satiap jalma téh geus meunang ngukur jeung kamampuhanana.” Saur Emih. Bet jadi éra parada. Ninggang dimanggih kuciwa kakara balik ka imah.
**

Dur asar téh langsung ka cai. Kulah paranti mandi geus teu dipaké. Ukur dipelakan nila jeung sepat siem cenah. Bisi sakali-kalieun hayang lauk tinggal nyiuk. Mandi mah di sumur anu ngahaja anyar dijieun. Dijero deuih. Bérés mandi teu kamamana. Ngadon ngobrol di téras ngobrol uplek jeung nu jadi lanceuk. Biasa we pasualan itu ieu nu dibahasna mah. Bisa nyokot kacindekan kuring mun geus ngobrol jeung manéhna. Papagah dina nyahareupan kahirupan. Bubuhan nu jadi lanceuk mah jebolan pasantrén sok sanajan ayeuna teu bogaeun santri. Maksud téh santri anu ngahaja nyuprih élmu ti jauhna. Ari barudak mah cenah masih kénéh aya sababara urang. Sadudulur wé jeung anak tatangga. Enya berenyit. Barudak anu can sakola ésdé-ésdé acan. Da ari téka mah arang langka di kampung mah.

Panon poé geus rek mubus. Layung beureum mulas langit. Cirina beurang geus direbut ku peuting. Barudak riab ka marasjid. Tapi aya nu béda ayeuna mah. Taya saurang gé nu ribut ngurus pepetasan. Bedug ngan ukur ditabeuh mangsa datang waktu solat. Para pamuda duka teuing kamarana. Nu di marasjid ukur bapa-bapa. Aki-aki. Minangka pangorana téh kuring.
Sanggeus kuring leungiteun kulawarga di Jakarta, kuring ogé leungiteun suasana mangsa baheula. Cag!

Bandung, 18 Juli 2012



[1] Kabiasaan urang Cianjur dina mapag bulan puasa. Biasana piknik bari papayoran: dahar balakecrakan. Eueuh nu apaleun sajarahna, tapi mimiti ramena teh taun 80-an tug tepika danget ieu.

0 comments:

Post a Comment

Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com