Geus lila teu tumpak angkot. Aya kana tilu bulanna. Nu jadi alatan
mah arang indit-inditan. Sakalian aya perlu ogé sok nginjeum motor babaturan
sakontrakan, kitu ogénan teu pati jauh ngan semet néangan dahareun atawa aya kaperluan
ka kampus.
Poé ieu mah kudu ngalaman deui naék angkot. Rada ngemplad ogé
lalampahanana. Ari tujuan mah ka
Alun-alun rék nyokot duit honor carpon di salah sahiji koran lokal. Mungguh
anggang alun-alun téh ti kontrakan kuring mah, kudu naék angkotna ogé dua kali
bari jeung leumpang heula.
Pabeubeurang indit téh. Ngahaja sugan bisa panggih jeung wartawan
senior atawa penulis kahot anu cenah maranéhna sakapeung sok karumpul di kantor
éta koran.
Dibaturan ku panon poé nu beuki galak, kuring leumpang ngaliwatan
jalan raya. Jalan anu teu kaliwatan ku kandaraan umum, lian ti béca mah. Kuring
sorangan boga kasieun naék béca téh, sieun tijungkir ka hareup. Ditilik tina
kasaimbangnana béca mah bagian hareupna gedé tur lebar, sedeng bagian tukang
ukur ban hiji bari ipis. Dina pikiran kuring sok kabayang mun seug diuk di
hareup, bakal ngajulaeut, nu numpakna geus pasti karungkupan ku awak béca,
katindihan kunu ngaboséhna. Tah éta nu
nyababkeun kuring embung naék béca tepi ka kiwari téh, najan sakumaha jauhna ogé
daék kénéh leumpang.
Kurang leuwih dua puluh lima menit anjog ka jalan raya anu loba
angkot ngaliwat. Ka Alun-alun, Leuwipanjang, Gedé Bage jeung sajabana-sajabana.
Teu kungsi lila aya nu nyampeurkeun. Klaksonna “cuwaw-cuwew” kawas sora manuk.
Sanggeus eureun hareupeun kuring asup sabab éta pisan angkot anu bakal mawa ka
Alun-alun téh. Angkot téh kosong, ukur aya
saurang di hareup kadua supir. Geus kolot
éta jalma téh. Kumisna gé geus bodas.
Béda ti sasari ieu mah angkot téh teu ngetém heula. Ti parapatan tempat
kuring megat tadi, langsung ngabiur nuturkeun jalurna. Supirna mah bapa-bapa
lima puluh taunan. Kawasna saumuran jeung anu diuk gigireunana. Pakena ginding. Mun dipapantes, manéhna téh
asa leuwih alus jadi pénsiunan guru tinimbang supir angkot. Geura éta wé
kekecapan nu diomongkeunana ogé teu weléh sopan jeung daria. Guntreng jeung nu
diuk di hareup éstuning kawas lain obrolan jalma handap-handap. Majar lamun gawéna
wakil rahayat téh kawas tihothatna pamaén Timnas sépak bola atawa bulutangkis, orokaya
moal gering teuing ieu bangsa atawa nagara téh. Ari buktinana mah, nagara téh
digugulung ku jalma anu baroga niat hayang makaya diri sorangan. Teu sugan
karep hayang ngangkat darajat rahayat nu kagarencet nasib. Atawa nanjeurkeun
bebenéran. Hukum anu adil.
Balik deui kana obrolan olah raga. Cenah pinunjulna Tim Sépak Bola téh
ku jasa anak-anak bangsa anu boga poténsi sarta dirojong ku pelatihna anu
disiplin. Bubuhan dilatih ku urang Eropah atuh. Memang kitu cenah urang kulon mah dina gawé téh éstuning sagala proféssional,
teu ngawilah-wilah saha jeung urang mana anu dilatihna. Tara conténg kanu
konéng cuet kanu hideung. Tara sugan diwilah-wilah si anu mah budak jalma
beunghar, si anu mah budak jalma sangsara, tapi éstuning dirakul kabéh sakirana
manéhna boga poténsi anu hadé mah. Naha kudu nyewa urang kulon ogé dina widang
pulitik atawa ékonomi ngambéh kawas sépak bola? Kitu ceuk maranéhna.
Paguneman téh sakapeung diselang gumujeng. Seuri. Teuing lebah mana
nu matak piseurieunana mah. Bangun anu manggih kabungah nu matak lugina. Tapi
sakapeung kawas nu éra mun omongan méngkol kana perkara mafia hukum anu ayeuna keur jadi padungdengan
panjang nagara. Nu majar rék dibéré hukuman bui 20 taun jeung dengda lima ratus
juta. Ceuk maranéhna éta hukuman jeung dengdaan téh lain matak kapok keur palaku,
tapi malah asa dibéré jalan hamo meuntas. Sok cenah pikir, duit anu kumanéhna
dibogaan jauh mela-melu jumlahna jeung duit dengdaan. Duit sakitu mah teu satai
kuku tai kukuna acan. Malah mun dengdana hayang leuwih ti sakitu ogé tangtu
diangsonan.
Deui-deui obrolan téh diselang ku gumujeng. Seuri. Teuing lebah mana
nu pikalucueunana mah. Tapi sanggeus aya mojang ginding asup diuk di jero, maranéhna
bangun anu béakeun piomongeun.
Giliran haté kuring nu galécok nempo nu geulis mah. Lebar temenan
mun teu diteuteup téh. Awak anu sakitu sampulurna téh dipapaés ku kulit anu konéng
umyang. Buuk kawas lukisan nu ngahaja diguratkeun ku seniman keur ngagambarkeun
kaayaan haté nu keur manggih kabagja. Lemes, meles hideung matak pantes
ngabunian taar jeung palipisan anu sakitu hérang mencrangna. Komo éta panon lir
batu permata nu ngahaja ngahurungan léontin. Irung jeung biwir lir sapasang
widadari jeung wildan anu turun ti kahiangan, kareueut leuwih amis batan madu
kawasna téh. Mun dilarapkeun di artis mah, Nikita Willy jeung Asmirandah mah
asa geulis kénéh manéhna. Eum kacipta mun kuring jadi salakina moal teu peureum
kadeuleu beunta karasa téa.
“Kiriiii!” cenah ngan ukur sakitu-kituna. Sorana halimpu pisan kawas
méga. Nyelesep kana haté. Jantung ngadadak ratug tutunggulan. Dag-dig-dug. Bet
sakeudeung teuing panggih téh, geulis.
Angkot eureun ka sisi. Nu geulis gura-giru, lalaunan turunna téh
kawas nu paur tidagor kana lawang panto. Anca pisan turunna téh, kawas ancana
paneuteup kuring ka manéhna ti tadi mula. Sanggeus turun, ngasongkeun duit sarébu
pérak ka supir. Tuluy ditampanan laju disimpen dina kotak spidométer. Mobil
maju deui sedeng paneuteup satékah polah hayang tumetep euntreup di manéhna.
Tapi dalah dikumaha, angkot maju, manéhna asup ka jalan komplék. Nya kapaksa
kudu ngeureunan kahayang.
Rét paneuteup kana urut diukna. Seblak deui haté téh inget kanu
tadi. Éta-éta bet aya duit sarébu lima ratus pérak logam, mani harérang kénéh, boa-boa
katépaan hérang tinu bogana. Bet teu gugur teu angin diuk téh maké jeung hayang
pindah kana urut tempat diukna. Rét ka supir jeung panumpang gigireunana, kawas
anu surti kuring pindah diuk, tapi kituna téh sakeudeung-sakeudeung. Nalika maranéhna
ngawaskeun ka hareup bari muka deui obrolan, leungeun kénca bet ngarawél éta
duit. Tuluy disakuan kana saku baju, selengseng duit téh mani seungit, geus
moal salah kaseungitan tina awak manéhna.
“Eumh sugan wé manjang, bisa panggih deui jeung nu bogana. Rék
dibikeun deui bari diajak wawanohan. Apal kuring ogé komplék éta mah, isuk
jaganing géto baris didagoan di sisi jalan tadi.” Henteu ari kedal mah, ngan haté
teu weléh kumejot hayang geura-geura panggih deui. Moal poho satungtung boga kénéh
ingétan mah.
“Enya, pasti aya balitunganana masalah duit nagara mah, boh di ahérat
atawa di dunya kénéh. Tong boro duit anu sakitu mangpuluh juta triliun, bet
saratus dua ratus pérak ogé bet matak jadi mamala ka ngaranan lain hakna mah.”
Ceuk supir norowélang pisan kanu diajak cumaritana. Haté mah puguh atuh
gegebegan ngadéngé kitu téh, asa katuduh. Tapi diteger-teger deui da ieu mah
lain hayang atawa butuh ku duit, tapi hayang kunu boga duitna, isuk jaganing géto
rék dipapay deui malah mah mun kongang balik ti alun-alun rék ngahaja ulin ka éta
komplék, sugan jeung sugan panggih jeung manéhna.
Teu karasa bari jeung ngalamun ogé geus anjog ka alun-alun. Turun
pas pisan di alun-alunna kiduleun kaum. Ti dinya mah kudu leumpang deui ka
belah kalér. Kuring mah sok ngahaja norobos ngaliwatan buruan masjid, motong
jalan. Asup ti panto kidul, kaluar ti panto kalér. Ti dinya meuntas ngaliwatan
jambatan layang, tuluy leumpang deui aya kana saratus méterna, malah moal
kungsi.
Anjog ka kantor téh geus biasa nanyakeun Bu Ai, nya moal bireuk deui
keur pagawé di dinya mun seug aya jalma datang nanyakeun Bu Ai tangtu rék
nyarokot honor tulisan. Kapareungan geuning harita mah teu pati ramé di kantor téh
ngan ukur aya duaan katilu skuriti. Teu warawuh dedeg pangadeg atawa
pameunteuna mah. Mun mah Kang Aan atawa Kang Ocid kuring ogé moal kasamaran
sasatna mindeng chatting di pesbuk.
Asup ka jero kasampak Bu Siti Ai keur puncat-pencét kalkulator duka téh
teuing ngitung naon da tara tetelepék. Kuring uluk salam téh gancang mairan
bari jeung imut ngabagéakeun. Cacarita
sakumaha biasa, tuluy néken kuitansi. Golosor amplop ti Bu Ai diasongkeun.
Kuring nampanan, geus kitu tuluy amitan. Lila-lila di jero ogé kalahka éra,
kuring mah lain pangarang jekékan, cacakan ieu ge bari diajar teuing enggeus teuing
encan leléngkah halu ge. Sharing mah sharing ka nu geus kahot, tapi angger waé
hasilna mah teu leuwih ti catétan eusining haté.
Ah keun baé kétang, cenah ulah jadi beungbeurat haté masalah éta
mah, nu penting urang tuluy diajar bari jeung prakna. Kudu keyeng nanaon ogé
cenah. Mun keyeng mah pasti pareng. Satuju pisan kana éta palasifah téh.
***
Mentrang-mentring panon poé lir nu meupeus keuyang.
Ngabanting-banting satiap jasad nu ngarenghap. Di jalan-jalan, jero angkot,
jero beus nu haseupna mulek, patétéép. Nu balawiri ngulon-ngétan. Nu daragang
di alun-alun. Kabéh kawas nu saruwa ngarasa halabhab. Teuing halabhab tina
naon. Kawasna mah halabhab tina kamakmuran.
Angin ngahiliwir kawas satitik ibun nu maseuhan taneuh garing balas
halodo panjang. Nyelesep kanan bayah. Sumarambah ka sakujur awak nuuskeun késang.
Gedig deui léngkah muru jalan pangbalikan, niat mah seja ka toko buku. Néangan
buku anyar. Sugan aya nu murah. Mungguh kitu biasana lalakon para pangarang
mah, meunang honor tina nulis téh sok tuluy dibeulikeun buku. Ka Palasari atawa
ka jalan Ibu Inggit Garnasih. Keun ari ka Gramédia mah iraha-iraha mun pareng
aya pintonan téater di CCF sok pirajeuneun unggah najan ngan ukur ngadon maca.
Angot téh pinuh ku panumpang. Henteu kétang ari pinuh teuing mah
mahi dua urangeun deui mah. Sup kuring milu ngariung. Taya nu cacarita. Kabéh
caricing kawas nu pada-pada éra. Angkot ngangkleung teungahing kota. Teu burung
anjog kanu di tuju. Jrut turun, gedig deui leumpang mapay trotoar. Ulak-ilik ka
unggal jongko. Sararua jongko téh bubuhan kabéh ngajual buku. Meureun bédana téh
buku anu dijualna.
Teu hayang lila sisi jalan, kuring mah geus langganan ka toko nu di
jero, nu teu weléh ramé. Ampir sagala jinis buku aya di dinya. Kawilang toko gedé
éta mah da ditingkatkeun sagala rupa. Asup ka jerona ogé tas atawa hélm sok
nitah disimpen di tempat panitipan barang, majar ngarah laluasa, padahal nya
kitu téa bisi aya nu karajinan ngasupkeun buku kana tasna. Kitu pisan kuring ogé
asup ka éta toko téh, tas kudu dititipkeun heula karék bisa asup. Anu dituju téh
taya deui lian ti lomari buku sastra, maksud rék néangan bukuna Samuel Becket –
Waiting For Godot, baheula ogé boga buku éta téh, tapi aya nu nginjeum can
malikeun tepi ka ayeuna. Teuing saha bet rada poho deui. Heueuh kuring téh
kaasup jalma bodo, cenah ceuk seniman dunya mah jalma anu pangbodona téh jalma
anu nginjemkeun buku. Enya geuning kasusna mah kawas nu alaman. Leungiteun élmu
pangaweruh. Pantes waé dikatégorikeun jalma bodo ogé.
Loba kénéh hadéna téh di toko buku téh. Kuring nyokot hiji. Hiji
deui mah Sandékala yasana Kang Prébu Godi Suwarna. Resep asa maca sajak
panjang. Teu loba teuing nyokot buku téh bisi teu kaduitan. Ari semet dua mah
mahi dibayar tina honor ogé.
Gura-giru basa rék mayar buku téh. kudak-kodok kana pésak calana,
duit téh teuing di mana. Unggal saku dikodokan weléh teu kapanggih. Panasaran néang
heula tas ka tempat panitipan nu teu pati jauh, diubrak-abrik unggal selétingna
dibukaan, tapi tetep amplop téh euweuh. Uman-imen nutupan hanjelu, ngagiwing
tas bari nyampeurkeun kasir.
“Tetéh punten artosna ka kantun di bumi. Ngké abdi ka dieu deui
nya!” cekéng bari beungeut beureum. Tuluy kaluar ti toko muru jalan
pangbalikan. Palangsiang ngampihan duit nu geulis sarébu lima ratus pérak
kuring kaleungitan duit honor.
Bandung, 1 Juli 2011
0 comments:
Post a Comment