Tuesday, January 13, 2015

Handapeun Lampu Mirror Ball

Carpon, Mangle No. 2526, Edisi: 7 - 13 Mei 2015

Ku : Iwan M. Ridwan

Mimiti amprok téh di Mansion. Hiji tempat anu munggaran dianjangan. Handapeun tinggurilapna cahaya warna-warni. Mirror ball, laser jeung spotlight. Héjo, beureum, biru, konéng, bungur, mancawura ka unggal tempat anu poék. Tempat panyumputan sagala kasusah nu nandasa mangsa beurang. Tempat nu nyumputkeun rusiah pangalaman batin peurih saban nu boga lampah. Nu daratang marawa dunya séwang-séwangan. Ngabahé-bahékeun gegedoh kahirupan nu teu elat namper dina uteuk jeung ketug jajantung. Saharita tumpah.  Ngahiji jeung sagelas bir, jeung birahi. Nyaksian lumangsungna kahirupan peuting. Suka seuri balakécrakan. Sukma kumalayang éak-éakan. Meupeus-meupeuskeun jempling. Nganteur pakarepan nu teu weléh ngahariring. Haseup roko mulek minuhan rohangan. Musik rémik awor padukdek jeroeun haté, jeroeun sirah. Mun mah bisa katempo moal béda ti pabuisna siraru ngahuru lampu. Di juru-juru rohangan anu poék, raga-raga katandasa nyarangsaya. Ngararasakeun dungdengna sirah sabada dada rupek ku saab vodka. Sabada utah uger mancawura.

Manéhna hareupeun Disc Jockey. Ngacung-ngacung leungeun sabeulah. Ngagular-gilir sirah. Beungeut sakapeung katutup buuk nu teu weléh hojah nuturkeun wirahma musik nu beuki motah. Dina tungtung lalancipna ramo, roko ngelun nyurahan rasa. Kalan-kalan diseuseup kerep nambah sieup. Haseupna hiber campur baur milu kaluhur. Milu ngageter bareng jeung ngagulidagna lambak sagara rasa jeroeun dada. Dada nu teu weléh ngaguruh, mapaés pinareup tempat satiap paneuteup lalaki euntreup. Mungguh ukur dibungkus panyalindung bikini. Baju ngan saukur nyangsang  dina dada, nutupan babagian anu nyeungseung tepika sajeungkal luhureun pingping. Awak sampulur témbong matak uruy. Pakulitan konéng umyang matak hayang ngaragamang.

“Shanny!” omongna harita basa diwanohkeun ku Si Dika. Biwir méh adek kana ceuli. Haseup roko taringgaleun dina buuk. Tuluy pada-pada guyang dina lautan sagara musik rémik, saab panas awak nu marotah, jeung haseup roko nu beuki peurih kana panon.

Jadi remen panggih jeung manéhna, di Amnesia, Embassy, Legacy, Sobber, jeung  Golden Monkey. Ngadon guyang késang peuting. Curak-curak. Mopohokeun kasusah tadi beurang. Antukna tuluy deukeut. Ngahaja kétang kuring ngadeukeutan, najan teu gampang. Kuring nyaho ngeunaan diri manéhna sok sanajan ukur tina caritaan ngaliwatan bébéém, watsApp, twitter, jeung telepon anu arang diangkat. Kuring tetelepék ngeunaan pagawéanana, padumukan, kaayaan kulawarga anu cenah arang langka araya di imah, jeung tempat sapopoéna. 

Kungsi rék datang ka imah manéhna anu can puguh lebah-lebahna. Tapi malah nyebutkeun euweuh. Cenah keur di luar. Kuring harita keuheul pisan sabab saméméhna ngomong gering ngaliwatan bébéém nepika teu asup gawé, kari-kari kuring rék datang majar manéhna keur di jalan rék ka imah babaturan. Jauh ti tempat kuring nelepon. Teu bisa majar kumaha, kuring lain sasahana. Kitu deui sabalikna, manéhna lain sasaha keur kuring. Duka teuing acan. Enya ari kahayang anu ngancik dina batin mah hayang ngapimilik. Hayang bisa méré panyalindungan, saeutikna bisa merhatikeun. Tapi unggal kuring nawarkeun jasa hayang nganteurkeun indit atawa balik gawé, teu weléh ngahulag. Majar bisa kénéh sorangan. Naék taksi atawa angkot gé teu masalah. Atawa naék ojég. Sok sanajan peuting-peuting balik gawéna leuwih milih mulang sorangan atawa saré di imah babaturan awéwé. Kuring apal manéhna teu boga beubeureuh, ceuk Si Dika, nu matak diwanohkeun ka kuring téh éta salah sahiji alesanana. 

Sapoé harita mah kuring pundung. Teu ngontak. Teu. Teu hayang ngabébéém atawa ngawatsapp, sumpahnana gé. Mémang kumejot waé hayang ngontak mah, tapi balas ku masih kesel téa. Ukur bisa nahan sapoé antukna mah. Kaduapoéna mah kuring kalah ménta dihampura geus maksa hayang datang ka imah. Manéhna ogé geuning sarua ngadon ménta dihampura. Sapada harita akur deui. Bisa heureuy deui kawas mimiti. Malah jangjian deui tepung di Amnesia.

Never happy not satisfied
Always complains for nothing
Hope and dreams are fading away…..

Waktu geus ampir nyedek ka janari tapi Moony masih ngahaleuang dina “I don’t know why”-na. Lampu laser jeung ball light masih tinggurilap. Mirror ball muter kénéh. Haseup roko kawas sasari. Nu jalingkrak tetembangan éak-éakan, marengan sora Moony nu diputer ku disc jockey. Di sudut-sudut nu paroék jalma rentul kawas sasari. Dina table ting rariung anu geus alumuran. Sawaréh digaléntoran kunu geulis atra sok sanajan ukur dina kelemengna. Reyem-reyem. Témbong nyakakak. Seurina kasirep ku lagu rémik.

Kuring datang sosoranganan, ngahaja teu dibaturan ku sasaha. Éstuning hayang nyorangan téh lain bobohongan. Butuh waktu anu privacy pisan. Jangji rék manggihan manéhna. Lamun biasana tepung sok raraméan, dina peuting ieu mah béda. Aya maksud jeung tujuan anu teu biasa.

“Abdi di méja bartender.” Kitu eusi bébéém anu dikirim ka manéhna. Teu buru-buru ditutup aplikasi téh, tapi malah anteng diteuteup report-na. Huruf “D”-na masih kénéh can robah jadi “R” cingcirining manéhna teu ngarasaeun aya data anu asup. Bet kaluman tuluy nga-ping. Geuning geus sababaraha nga-ping mah teu burung aya balesan.

“Antosan. Salagu deui.” Cenah ukur kitu. Geus aya kapastian kitu mah sup hénpun téh diasupkeun kana saku jero jakét. Kusiwel ngaluarkeun si méntol bodas jeung korék apina. Cekés. Seneuna kakalicesan. Dampal leungeun kénca teu nungguan dititah, rikat midingan.  Sedot. Pelenyun haseupna milu pabuis jeung haseup tina sungut-sungut séjén. Teu hayang-hayang teuing ngaroko sabenerna mah, ieu mah tamba teuing ngalamun. Sok teu puguh laku meun seug aya di tempat anu kieu bari henteu nginum atawa ngaroko.

Ngahaja peuting éta mah teu mesen inuman. Diri hayang bener-bener sadar ulah tepika kapangaruhan alkohol. Kawantu hayang bener-bener méakeun waktu jeung manéhna kalayan sadar. Ditawaran ku bartender ogénan nyebutkeun engké deui, engké deui. Padahal mah geus diniatan moal rék mesen nanaon.

Panon museur deui. Nataan léngkob-léngkob anu poék. Nataan satiap ringkang nu datang. Nataan rentulna sirah anu jarogéd. Paneuteup anjog ka hareupeun panggung disc jockey, sababaraha mojang maraké bikini témbong aréak-éakan. Ngabaris dina upfront panggung. Sirahna digular-gilir bari ngacung-ngacungkeung leungeun. Ramo-ramo léncopna nyapit sabatang roko anu ngelun tina tungtung burahayna. Moal bireuk manéhna geus pasti aya di antara éta jalma. Ditataan hiji-hiji. Panon nyidik-nyidik saurang-saurangna. Paneuteup eureun kanu maké gaun clubbing pulas gandola, diteuteup anteb nakeranan sabab nukangan. Sarérétan bet kawas manéhna. Lenjangna saruwa. Rumbayna buukna teu jauh béda. Ngan basa malikeun awak sidik pisan lain dirina. Rét deui kanu maké gaun cocktail hideung semu pungsat. Anca pisan nenget-nengetna. Sok inggis kapalingan. Dina waktu keur kitu mah ngadak-ngadak sarimbag wanoja téh. Gareulis maranis. Teuing pédah panon anu ukur bisa nénjo atra sabot cahaya ngagurilap kana awakna.  Geuning lain deui waé. Rét deui kanu lian. Ampir kabéh anu jalingkrak diimeutan, weléh teu manggihan. Manéhna duka keur di mana. Ku panasaran paneuteup dibulak-balik, ti kénca ka katuhu, ti katuhu ka kénca nataan satiap nu araya  tepika reg music remik eureun.

“Thank you clubbers” ceuk sora awéwé dina sound system.

Kawas biasana saréréa keprok minangka apresiasi pamuji ka disc jockey. Nu jarogéd puray saharita. Jrut tarurun tina upfront panggung disc jockey. Atra nakeranan manéhna keur nyanghareupan méja turntable jeung DJ mixer. Headset dina sirahna témbong dilésotkeun. Gura-giru leungeunna ngajéwang hanpun jeung si méntol bodas karesepna. Jrut turun tina panggung disc jockey, jalanna muter ka tukang sabab ka hareup mah mémang euweuh lawang.

Diteuteup ku panyeueung. Manéhna malipir jalan katukang. Ngaliwatan rohangan soundman, tuluy kaluar leumpang hareupeun méja-méja nu biasa. Tempat balakécrakanana bapa-bapa. Geus moal salah mun seug kuring boga pikir manéhna bakal ditaroél kunu keur tingcakakak nyaleungseurikeun nasib dirina. Teu rék pada ngagonjak kumaha atuh awak anu sakitu matak uruy téh ukur maké tank top jeung rok mini. Digaronjak kitu téh keur manéhna mah geus teu anéh deui. Majarkeun satiap lalaki anu datang ka éta patempatan mah geus dimaklum kabéh. Duka téh teuing naon hartina éta kekecapan. Tapi keur kuring mah aya rasa teu rido manéhna diperlakukeun kitu. Jrut turun tina korsi bar. Léos ninggalkeun méja bartender. Niat rék mapagkeun.

Leumpang rurusuhan. Hayang geura-geura anjog ka hareupeun panto rohangan soundman. Teu burung anjog tiheula sok sanajan kudu kukurubutan dina rajegna jalma nu araya.

“Héy!” Manéhna satengah kagét basa muka panto rohangan soundman disampakeun kuring.

“Sugan téh kamana. Dipilarian ti tatadi.” Méméh ngajawab manéhna seuri semu ditahan.

“Peuting kahiji ieu téh. Kumaha énakeun teu hasil mixing-na?” Témbalna kawas anu reueus. Horéng ayeuna mah geus mitembeyan ngadijé. Kuring ngacungkeun jempol nandakeun satuju.  Teu kungsi loba omong manéhna miheulaan leumpang ngajauhan rohangan soundman.

“Uuhhh! Ampun dijé, ampun!” manéhna ngagorowok basa Disc Jockey anu ngaganti manéhna muterkeun lagu stay the night. Lagu anu mindeng jadi lagu bubuka mangsa Disc Jockey ngamimitian perform.

“Putri Una éta téh?” Kuring nanya sanggeusna ngarérét panggung.

“Enya. Manéhna mah sok kalah milu jingkrak ngadijéan téh.” témbalna semu anu nyeungseurikeun.

“Émang Shanny henteu?” Kuring nalék. Sabenerna mah lain patalékan, sabab apal pijawabeunana, anu kangaranan DJ komo FDJ saupama keur perform téh da bari jeung ajrag-ajragan. Dikitukeun téh ngabeureukeuteuk bari neunggarkeun tas Roussillon-na kana peupeuteuyan kuring.

Are you gonna stay the night?
Doesn't mean we're bound for life
So oh oh, are you gonna stay the night?

Bari leumpang téh manéhna nyempetkeun ngahaleuang. Nuturkeun wirahma musik anu keur diputer ku FDJ. Léngkah milu nuturkeun kana ketukan. Ngaliwatan rajegna jalma. Nyuay-nyuaykeun awak anu dikadalikeun jungle beat jeung black jack. Leumpang muru panto kaluar ngaliwatan méja bar urut tadi ngadagoan manéhna. Skuriti anu awakna méh mapakan Adé Ray hideng mukakeun panto.

Sora Haley Williams - Stay the night kadéngé ngalaunan bareng jeung léngkah anu ngajauhan. Turun tina undakan tuluy kaluar. Léos ka parkiran muru picanto anu satia nungguan dunungan. Teu buru-buru asup ka jero mobil sabab nempo manéhna ngadon ngajanteng. Kuring surti moal bisa maksa mun seug manéhna mugen. Antukna pacicing-cicing. Simpé. Ukur kadéngé hawar-hawarna sora ketukan lagu rémik di jauhna.

“Kumaha jawaban téh?” Kuring muka caritaan sabada lila peheneng-heneng. Lila pisan ngadagoan manéhna ngajawab.

“Hampura.” Reg eureun.

Neg. Aya nu nyelek kana dada. Nafas ngadadak eungap. Teu ngarti. Padahal ukur sakecap bet mampu ngandegkeun harepan.

Kamu mah nékad waé dina sagala rupa. Padahal geus dilarang. Bet asa teu genah diperlakukeun kitu téh. Lain rék nampik pangasih atawa nyapirakeun, tapi salila ieu asa masih kénéh mampu ngalakonan hirup sorangan.” sambungna, diselang ku cicing sakeudeung. “Lian ti éta, hate téh masih kénéh ginggiapeun ku lalaki.” Jep. Manéhna jempling. Paneuteup anteb nyeueung ka hareup. Kawas aya nu diteuteup dina belegbeg peuting. Kawas keur nataan deui mangsa katukang. Tina juru-juru panon aya nu merebey katojo lampu PJU ti jalan anu jauh, geuwat disusut diganti ku imut. Imut kapaksa.

Nyaksian kitu ukur bisa ngaheneng ngaraga meneng. Neuteup dirina ku paneuteup pangseukeutna. Susuganan bisa tembus kana haténa.

“Dua taun ka tukang kuduna geus kawin urang téh.” Sambungna ngaurangkeun. 

“Geus sapuk dua kulawarga. Geus ngararancang sagala rupa. Tapi mungguh dodoja bet aya kalanna datang teu bébéja. Tunangan urang bet kabongroy kunu lain. Ku batur sapagawéanana. Tepika akhirna teu disangka-sangka maranéhna kausap sétan…” keclak. Cipanon nu pangheulana murag diteureuy peteng, tuluy nu kadua milu nuturkeun. Ramo-ramo léncopna ngusap biwir panonna. Jep deui. Manéhna maut imut. Témbong teger deui.

“Dalapan taun urang jeung manéhna hahadéan téh. Estuning rikip, lancip manéhna nyumputkeun rusiah kahirupanana. Leuwih ti sakali ngabohongan, nyasalingkuhan. Leuwih ti sakali urang ngalaman kuciwa, tapi dina dodoja panungtungan, sagalana taya nu bisa dipertahankeun.” Manéhna nyempetkeun ngarahuh. Narik napas panjang.  

“Ayeuna, kamu datang salaku jalma anyar pinanggih. Salaku jalma anu can bisa kateuleuman ku diri urang. Mani hampang pisan ngedal cinta. Mani gampang méré perhatian. Ninggang dimeunang kuciwa gampang ogé neuteuli. Gampang mulak-malikeun rasa. Hampura, dina waktu ieu urang masih kénéh ginggiapeun ka lalaki sedeng diri geus teu suci.”

Hawa tiis janari papalimpang jeung kaayaan batin diri. Kilat ngaburinyay dibarung guludug handaruan jeroeun dada. Sorana matak neumbrag jajantung. Awak ngadadak tingsariak. Bulu punduk maruringkak. Horéng urang duaan boga lalakon anu sarua, moal mungkin giliran kuring cumarita.

Bandung, tungtung taun 2014
                                                                                                                         

                                                                             
Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com