Wednesday, June 7, 2017

Sajak Mangle, No. 2632 : 8 - 15 Juni 2017




TENGAHING JEMPLING

Keclak cimata tengahing peuting
nyaksi sagala kersaning Gusti
Bèntang nu ilaharna tingkaretip kiwari duka kamana lèosna
Angin nu teu welèh ngagalindengkeun peteng duka nyanding ka saha
Gurat-gurat mangsa lawas jadi katineung
Midangdam katingtrim batin

Gusti, keclak citangis tengahing jempling
nyaksi kana tumamprakna sagala dosa
Mangsa katiga nu digadabah usum ngijih,
ngajarumatkeun acining balilih

Teu di kota, teu di lembur
Kasedih jadi batur paungku-ungku
Nu carem, nu kasaeur lir piligenti
Renghap-ranjug manusa kawas haroshosna mangsa
Cunduk kana mumunggang mangsa lekasan

Gusti, tampi ieu jumerit diri
samèmèh matapoè meletèk tina tungtung handeuleum hieum.

Bandung, 10 November 2016

SOSOCA
-          Keur  Unaida
Sorot soca salira lir ciibun dina tungtung daun eurih, katojo matapoè
Raray lir alam pamandangan, tingarudat walungan Zanjabila,
Rèma-rèma salira kawas galindeng lagu nineung,
Sumaliksik dina ati

Dina saban kecap reujeung teuteup,
Salira jadi sosoca. Jadi geter reujeung renghap katresna.
Saban mangsa nu ditungtungan ku lelenggutan,
Salira jadi hawa nu diseuseup.
Jadi catetan-catetan mangsa nu bakal disorang.


Bandung, 10 November 2016

MAPAG LAÉLATUL QODAR


Carpon Galura, Edisi II Juni 2017

Ku Iwan M. Ridwan

Téras masjid téh ublug-ablag. Anu ngalapak cul-cel di ditu di dieu. Ngalampar sajadah, samak, matras, samalah lebah jajalaneun ka tempat wudu mah aya anu masang ténda. Hareupeunana tukang dagang kopéah, tasbéh, Qur’an, sorban jeung peperenian Islam séjénna témbong nyaeur. Téras salega-lega téh kawas di pasar. Meureun anu ngabédakeun téh lebah suasanana. Tingtrim tur karasa hidmat pikeun munajat ka Nu Maha Kawasa.  
Di buruan masjid tukang dahareun pagegek. Roda mih ayam, batagor, baso, cuangki, soto, saté, lontong jeung kupat tahu mani ngabaris. Geuning sakieu raména. Paingan pamajikan ngajak ‘itikaf di dieu da matak pikaresepeun. Moal hararésé nyiar dahareun sahur.
Di jero masjid gegek ku jamaah. Sawaréh tinggalolér. Meureun ngareureuhkeun heula kacapé jeung ngurangan rasa tunduh. Tapi teu saeutik nu maraca Qur’an. Sahéng kawas sora nyiruan. Pada-pada boga hanca tangtuna. Husu nakeranan.
Ti imah mah bareng jeung pamajikan indit téh, ngan geus di masjid mah papisah. Manéhna ngoloyong ka lorong tukang asup kana kumpulan jamaah akhwat, ari kuring masih kénéh bingung nya pitempateun. Sasatna kacida pagegekna. Sakurilingna utey ku jalma anu pada-pada boga ampar séwang-séwangan. Boa-boa pamajikan ogé saruwa kétang keur nénéangan tempat cicing.
Rét ka handapeun jandéla deukeut panto sisi kénca masjid. Témbong nu keur dadasar, kawasna mah rék ngagoléhé. Sarérétan asa wawuh. Suku hideng ngalengkah, pupuntenan ka nu keur ngaji jeung nu keur nundutan.
“Gévan?” sora kuring ngoréjatkeun manéhna. Kawasna mah reuwaseun.
Anu tadina rék ngagoléhé pisan téh cengkat. Tuluy ngajawab bari tanggah nyidik-nyidik beungeut kuring.
“Aéh, Kang Diman? Assalamualaikum, Kang. Damang?” Témbalna bari ngasongkeun leungeun ngajak  sasalaman. Kuring nampanan.
“Waalaikum salam, pangéstu. Geuning aya di dieu?”
“Muhun, Kang,” pokna nyéréngéh. “Calik, Kang!” sambungna bari ngiser. Kuring gék diuk gigireunana anu mahi keur saurangeun deui.
Bet teu ku sangka panggih jeung manéhna di masjid. Asa teu gugur teu angin bisa panggih deui jeung manéhna, di masjid deuih. Jeung asa ku sopan ayeuna mah, uluk salam sagala, daréhdéh tur soméah. Baheula mah keur sakola kénéh bororaah salam, ngomong gé saceplakna. Ka masjid saminggu sakali poé Jumaah wungkul gé geus kaitung rajin. Tapi ah, meureun nu matak kitu gé manéhna geus robah. Geus milih jalan sorangan. Sipat jalma mah bisa robah apan. Robah ti nu goréng ka nu hadé, kitu deui sabalikna. Nu matak Geuning mangtaun-taun teu panggih jeung man goréng hna pamustunganana kawas kiwari.
“Badé sabaraha wengi ngiring itikapna?” Kuring nanya.
“Insha Alloh sapuluh wengi,” témbalna.
Kuring unggut-unggutan. Aya ku reueus haté téh boga sobat anu baheula pada-pada boga karesep anu jauh jeung agama, kiwari nyorang lampah anu dicontokeun ku rosulna.
Gévan téh adi kelas waktu keur SMA di dayeuh lembur. Batur satongkrongan puguh gé pada-pada boga karesep kana musik. Kungsi nyieun grup band sagala rupa. Teuing sabaraha kali manggung, boh di café boh dina event. Ti dinya téh jadi layeut. Mindeng ulin ka tempat-tempat hiburan. Ngadon curak-curak meupeuskeun karungsing saminggu sakalina. Padahal ukur karungsing barudak ngora teu jauh tina pasualan bébéné jeung pergaulan papada batur saentragan. Kungsi apanan harita mah Gévan jeung kuring tepi ka ririceuwan di hiji club malam duméh nyiku batur sabot keur ngigelan musik rémik. Hadéna téh harita  aya Si Mona pagawé club anu geus wawuh, gasik mawa kuring jeung Gévan nyingkah ti éta tempat. Dibawa ka kontrakanana nu teu jauh ti dinya.
Lain ukur harita kuring boga pasualan jeung barudak kitu téh, saméméhna mah Gévan ujug-ujug nangkeup nu keur diuk sorangan dina korsi hareupeun barténder tayohna satengah teu sadar ku pangaruh alkohol. Enya, harita mah hirup téh asa kumaha ceuk aing. Ceuk pangrasa resep nya dilakonan, ceuk pikir wegah tara ieuh hayang milampah.
“Saréng saha, Kang?” Gévan nanya satengah ngagareuwahkeun lamunan kuring.
“Saréng pun bojo, Van.”
“Alhamdulillah. Raos atuh saréng kulawarga mah, Kang.”
“Kantenan. Gévan di mana ayeuna? Tos gaduh istri?”
“Masih ngakos, Kang. Insha Alloh upami tésis parantos bérés badé akad téh. Pidoana, Kang!”
“Euleuh, hébat,”
“Alhamdulillah, Kang,” daradad manéhna medar lalakonna satutas lulus éséma téh nuluykeun kuliah di paguron luhur favorite. Aktif di organisasi dakwah kampus tepi ka manéhna ngarasa tingtrim hirup jeung ngarasa leuwih boga tujuan anu pasti. Kahirupan anu leuwih hadé boh dunya boh ahérat. Satutas jadi sarjana téh langsung neruskeun ka pascasarjana. Hayang jadi dosén majar téh duméh geus kungsi ngaasisténan.
“Dupi Akang salami ieu kumaha, tah?”
Patalékan manéhna téh bet karasa neunggeul kana bayah. Kuring kudu ngaguar lalakon satutas lulus ti éséma. Éra mun seug kudu cacarita kuring teu lulus kuliah. Moal enya kudu dicaritakeun kaburu resep ku digawé. Geus digawé téa kana diajar téh bet wegah, pamustunganana kuring kawin ka salah saurang mahasiswi adi kelas. Satadina mah moal waka kawin, hayang bobohohan wé heula, ngan nu jadi pamajikan nampik bobogohan. Manéhna hayang dipihukum anu sah najan masih kuliah. Nya kuring nu éléh déét sabab kuring bogoh pisan ka dirina.
“Aéh Si Akang mah ditaros téh ngadon ngalamun,” Gévan ngagebah beri seuri.
“Ah, henteu Van,” kuring ogé milu seuri.
Antukna mah kuring jeung Gévan ngobrol ngalor-ngidul. Ngaguar deui pangalaman anu kungsi kasorang. Basa kuring keur cacarita Gévan ngadon ngeluk tungkul. Irungna ngadadak kawas anu salesma. Témbong kana lahunanana aya anu ngeclak. Horéng cipanon. Kuring jempé. Meureun manéhna nalangsa kana naon anu kungsi dilakonan, atawa boa-boa omongan kuring ngaraheutan haténa. Rét manéhna kana jam tangan.
“Tos tabuh sabelas geuning, Kang. Urang kulem heula,” Gévan kawas nu amitan.
Kuring teu puguh rasa. Bet ka lebah dinya léokna atuh obrilan téh. Rét ka manéhna. Témbong kawas anu geus saré. Duka enya jeung henteuna mah. Pamustunganana kuring gé meureumkeun panon. Sora réang nu maraca Qu’ran kadéngé hawar-hawar. Kawas anu mépéndé. Les kuring teu inget. Inget-inget Gévan nepakan taktak, nitah hudang. Asa karék reup geus dihudangkeun deui ku Gévan. Ngajak geuwat ka cai, wudu seja nyiapkeun solat qiamulél berjamaah.
Satengah jam saméméh solat prung téh jalma nu araya geus saraged, di kamar cai ngantay, nya kitu deui di tempat wudu. Méh saban tempat pagegelek. Hawa tengah peuting anu tiis bet karasa matak bayeungyang panas ku saab awak nu araya.
Gesit Gévan mah. Sakitu rentul ku jalma téh bisa laluasa bagerak. Teu kanyahoan léosna. Basa kuring kaluar ti kamar cai téh geus euweuh. Meureun Gévan geus ngadagoan di tempat anu tadi. Satutas wudu geuwat muru ka tempat saméméhna. Hémeng tempat teh geus loba nu nyicingan. Gévan taya di tempatna. Kuring luak-lieuk ka sakurilingna. Rap kana hapé. Maksud téh rék nanyakeun manéhna di mana. Teu kungsi lila aya balesan.
“Abdi di lebet, di shaf ka opat,” sakitu tulisan balesan téh.
Rék nyusul, lain susuleun. Sakitu pagegekna. Saban shaf geus rapet ku jamaah. Denga-dengo kajero taya lolongkrang keur saurang-urang acan. Antukna kuring milih cicing di tempat séjén.
Kadéngé sora imam mépélingan ngaréképkeun jeung ngalempengkeun shaf. Teu lila kadéngé takbirotul ihrom dituturkeun ku réangna sora ma’mum anu pada-pada ngagungkeun Alloh. Galindeng maca fatihah. Tartil nakeranan. Rérés fatihah ma’mum ngaamanina mani inggeung sapangeusi masjid. Jep sakedapan kawas gaang katincak. Galindeng deui imam maca surah, duka teuing surah naon kuring teu nyaho lebah-lebah ayatna. Sora imam téh mani genah kadéngéna. Halimpu. Ngan éta duka teuing di mana tungtung surah atawa maqro-na, geuning tacan kénéh réngsé kuring maca fatihah lalaunan téh. Duka téh teuing sabaraha menit nangtung dina rokaat kahiji, geus karasa cangkeul kakara ruku. Anca nakeranan rukuna ogé. ‘Itidalna nya kitu kénéh, sujud komo deui. Saban rokaat kawas kitu, suku karasa lungsé tepi ka bérés téh.
Rét kana jam di jero masjid. Témbong jarumna kana angka 3 jeung tujuh. Geuning solat téh dua jam satengah, paingan karasana ku kuring mah lir dua taun satengah. Capé jeung cangkeul. Gap kana hapé maksud mah rék ngajak pamajikan sahur. Cenah manéhna nungguan deukeut tukang sangu anu parasmanan. Kuring geuwat ngagedig. Gévan duka teuing ka mana. Keun waé jeung batur-baturnana meureun.
“Kumaha netepanna, lancar?” pamajikan miheulaan nanya. Kituna teh bari tonggoy kana piring dina lahunanna.
“Alhamdulillah,” ukur sakitu-kituna kuring ngajawab.
“Saé atuh, janten langkung sumanget Nuni mah mapag laélatul qodar saréng Kaka téh, rencangan salapan dinten deui nya, Ka!” omongna dipungkas ku imut.
Aya nu ngaguruh jeroeun dada. Rasa nyaah nu mokaha ka pamajikan lir ngaléntaban raga nu lamokot ku dosa. Manglaksa dosa nu kungsi nyayang dina ieu awak ngadak-ngadak narémbongan. Meureun kuring jeung manéhna téh lain sajodo-jodona, tapi kadeudeuh Alloh nu mukakeun jalan sangkan kuring aya dina jalan anu lempeng. Mun mah sawadina salaki nu jadi tuturus jalan kulawarga dina milampah kahadéan geusan néangan rido ti Nu Maha Kawasa, geuning teu mustahil Gusti masihan jalan ti hiji wanoja anu bisa mukakeun jalan kahirupan anu marakbak. Meureun Gévan mah geus leuwih tiheula manggihan jalan anu lempeng pangjugjugan ka sawarga, naha kuring tepi ka danget ieu tacan kénéh bisa lumampah sorangan dina kaayaan haté anu teteg panceg. Wirang ieu diri mun seug sagala rupa nu kungsi dipilampah bukbrak narémbongan di sabudeureun ieu masjid, di antara jalma-jalma anu marawa haté beresih ukur miharep rohmat jeung magfiroh Anjeunna. Ngadago laélatul qodar anu hamo bisa kasampeur ku jalma nu teu daék muka haté jeung diri geusan narima bebeneran. Moal kalakon saumpama diri urang tetep pageuh aya dina kahirupan anu peteng.
“Naha kalah ngalamun, Ka, énggal tuangna sakedap deui imsak, badé berjamaah subuh,” omong pamajikan matak ngarenjag. Kuring unggek bari satékah polah imut.

Panglawungan 13, Romadon 1438
Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com