Carpon Galura, Edisi II Juni 2017
Ku Iwan M. Ridwan
Téras masjid téh ublug-ablag. Anu ngalapak cul-cel di ditu
di dieu. Ngalampar sajadah, samak, matras, samalah lebah jajalaneun ka tempat
wudu mah aya anu masang ténda. Hareupeunana tukang dagang kopéah, tasbéh,
Qur’an, sorban jeung peperenian Islam séjénna témbong nyaeur. Téras salega-lega
téh kawas di pasar. Meureun anu ngabédakeun téh lebah suasanana. Tingtrim tur karasa
hidmat pikeun munajat ka Nu Maha Kawasa.
Di buruan masjid tukang dahareun pagegek. Roda mih ayam,
batagor, baso, cuangki, soto, saté, lontong jeung kupat tahu mani ngabaris. Geuning
sakieu raména. Paingan pamajikan ngajak ‘itikaf di dieu da matak pikaresepeun.
Moal hararésé nyiar dahareun sahur.
Di jero masjid gegek ku jamaah. Sawaréh tinggalolér. Meureun
ngareureuhkeun heula kacapé jeung ngurangan rasa tunduh. Tapi teu saeutik nu maraca
Qur’an. Sahéng kawas sora nyiruan. Pada-pada boga hanca tangtuna. Husu nakeranan.
Ti imah mah bareng jeung pamajikan indit téh, ngan geus di
masjid mah papisah. Manéhna ngoloyong ka lorong tukang asup kana kumpulan
jamaah akhwat, ari kuring masih kénéh bingung nya pitempateun. Sasatna kacida pagegekna.
Sakurilingna utey ku jalma anu pada-pada boga ampar séwang-séwangan. Boa-boa
pamajikan ogé saruwa kétang keur nénéangan tempat cicing.
Rét ka handapeun jandéla deukeut panto sisi kénca masjid. Témbong
nu keur dadasar, kawasna mah rék ngagoléhé. Sarérétan asa wawuh. Suku hideng
ngalengkah, pupuntenan ka nu keur ngaji jeung nu keur nundutan.
“Gévan?” sora kuring ngoréjatkeun manéhna. Kawasna mah
reuwaseun.
Anu tadina rék ngagoléhé pisan téh cengkat. Tuluy ngajawab
bari tanggah nyidik-nyidik beungeut kuring.
“Aéh, Kang Diman? Assalamualaikum, Kang. Damang?” Témbalna bari
ngasongkeun leungeun ngajak sasalaman. Kuring
nampanan.
“Waalaikum salam, pangéstu. Geuning aya di dieu?”
“Muhun, Kang,” pokna nyéréngéh. “Calik, Kang!” sambungna
bari ngiser. Kuring gék diuk gigireunana anu mahi keur saurangeun deui.
Bet teu ku sangka panggih jeung manéhna di masjid. Asa teu
gugur teu angin bisa panggih deui jeung manéhna, di masjid deuih. Jeung asa ku
sopan ayeuna mah, uluk salam sagala, daréhdéh tur soméah. Baheula mah keur
sakola kénéh bororaah salam, ngomong gé saceplakna. Ka masjid saminggu sakali poé
Jumaah wungkul gé geus kaitung rajin. Tapi ah, meureun nu matak kitu gé manéhna
geus robah. Geus milih jalan sorangan. Sipat jalma mah bisa robah apan. Robah ti
nu goréng ka nu hadé, kitu deui sabalikna. Nu matak Geuning mangtaun-taun teu
panggih jeung man goréng hna pamustunganana kawas kiwari.
“Badé sabaraha wengi ngiring itikapna?” Kuring nanya.
“Insha Alloh sapuluh wengi,” témbalna.
Kuring unggut-unggutan. Aya ku reueus haté téh boga sobat
anu baheula pada-pada boga karesep anu jauh jeung agama, kiwari nyorang lampah anu
dicontokeun ku rosulna.
Gévan téh adi kelas waktu keur SMA di dayeuh lembur. Batur
satongkrongan puguh gé pada-pada boga karesep kana musik. Kungsi nyieun grup
band sagala rupa. Teuing sabaraha kali manggung, boh di café boh dina event. Ti
dinya téh jadi layeut. Mindeng ulin ka tempat-tempat hiburan. Ngadon
curak-curak meupeuskeun karungsing saminggu sakalina. Padahal ukur karungsing
barudak ngora teu jauh tina pasualan bébéné jeung pergaulan papada batur
saentragan. Kungsi apanan harita mah Gévan jeung kuring tepi ka ririceuwan di
hiji club malam duméh nyiku batur
sabot keur ngigelan musik rémik. Hadéna téh harita aya Si Mona pagawé club anu geus wawuh, gasik mawa kuring jeung Gévan nyingkah ti éta
tempat. Dibawa ka kontrakanana nu teu jauh ti dinya.
Lain ukur harita kuring boga pasualan jeung barudak kitu téh,
saméméhna mah Gévan ujug-ujug nangkeup nu keur diuk sorangan dina korsi
hareupeun barténder tayohna satengah
teu sadar ku pangaruh alkohol. Enya, harita mah hirup téh asa kumaha ceuk aing.
Ceuk pangrasa resep nya dilakonan, ceuk pikir wegah tara ieuh hayang milampah.
“Saréng saha, Kang?” Gévan nanya satengah ngagareuwahkeun
lamunan kuring.
“Saréng pun bojo, Van.”
“Alhamdulillah. Raos atuh saréng kulawarga mah, Kang.”
“Kantenan. Gévan di mana ayeuna? Tos gaduh istri?”
“Masih ngakos, Kang. Insha Alloh upami tésis parantos bérés
badé akad téh. Pidoana, Kang!”
“Euleuh, hébat,”
“Alhamdulillah, Kang,” daradad manéhna medar lalakonna
satutas lulus éséma téh nuluykeun kuliah di paguron luhur favorite. Aktif di
organisasi dakwah kampus tepi ka manéhna ngarasa tingtrim hirup jeung ngarasa
leuwih boga tujuan anu pasti. Kahirupan anu leuwih hadé boh dunya boh ahérat. Satutas
jadi sarjana téh langsung neruskeun ka pascasarjana. Hayang jadi dosén majar
téh duméh geus kungsi ngaasisténan.
“Dupi Akang salami ieu kumaha, tah?”
Patalékan manéhna téh bet karasa neunggeul kana bayah. Kuring
kudu ngaguar lalakon satutas lulus ti éséma. Éra mun seug kudu cacarita kuring
teu lulus kuliah. Moal enya kudu dicaritakeun kaburu resep ku digawé. Geus
digawé téa kana diajar téh bet wegah, pamustunganana kuring kawin ka salah
saurang mahasiswi adi kelas. Satadina mah moal waka kawin, hayang bobohohan wé
heula, ngan nu jadi pamajikan nampik bobogohan. Manéhna hayang dipihukum anu
sah najan masih kuliah. Nya kuring nu éléh déét sabab kuring bogoh pisan ka dirina.
“Aéh Si Akang mah ditaros téh ngadon ngalamun,” Gévan
ngagebah beri seuri.
“Ah, henteu Van,” kuring ogé milu seuri.
Antukna mah kuring jeung Gévan ngobrol ngalor-ngidul. Ngaguar
deui pangalaman anu kungsi kasorang. Basa kuring keur cacarita Gévan ngadon
ngeluk tungkul. Irungna ngadadak kawas anu salesma. Témbong kana lahunanana aya
anu ngeclak. Horéng cipanon. Kuring jempé. Meureun manéhna nalangsa kana naon
anu kungsi dilakonan, atawa boa-boa omongan kuring ngaraheutan haténa. Rét manéhna
kana jam tangan.
“Tos tabuh sabelas geuning, Kang. Urang kulem heula,” Gévan kawas
nu amitan.
Kuring teu puguh rasa. Bet ka lebah dinya léokna atuh
obrilan téh. Rét ka manéhna. Témbong kawas anu geus saré. Duka enya jeung
henteuna mah. Pamustunganana kuring gé meureumkeun panon. Sora réang nu maraca
Qu’ran kadéngé hawar-hawar. Kawas anu mépéndé. Les kuring teu inget.
Inget-inget Gévan nepakan taktak, nitah hudang. Asa karék reup geus
dihudangkeun deui ku Gévan. Ngajak geuwat ka cai, wudu seja nyiapkeun solat
qiamulél berjamaah.
Satengah jam saméméh solat prung téh jalma nu araya geus
saraged, di kamar cai ngantay, nya kitu deui di tempat wudu. Méh saban tempat
pagegelek. Hawa tengah peuting anu tiis bet karasa matak bayeungyang panas ku
saab awak nu araya.
Gesit Gévan mah. Sakitu rentul ku jalma téh bisa laluasa bagerak.
Teu kanyahoan léosna. Basa kuring kaluar ti kamar cai téh geus euweuh. Meureun Gévan
geus ngadagoan di tempat anu tadi. Satutas wudu geuwat muru ka tempat saméméhna.
Hémeng tempat teh geus loba nu nyicingan. Gévan taya di tempatna. Kuring
luak-lieuk ka sakurilingna. Rap kana hapé. Maksud téh rék nanyakeun manéhna di
mana. Teu kungsi lila aya balesan.
“Abdi di lebet, di shaf ka opat,” sakitu tulisan balesan téh.
Rék nyusul, lain susuleun. Sakitu pagegekna. Saban shaf geus
rapet ku jamaah. Denga-dengo kajero taya lolongkrang keur saurang-urang acan.
Antukna kuring milih cicing di tempat séjén.
Kadéngé sora imam mépélingan ngaréképkeun jeung
ngalempengkeun shaf. Teu lila kadéngé takbirotul ihrom dituturkeun ku réangna
sora ma’mum anu pada-pada ngagungkeun Alloh. Galindeng maca fatihah. Tartil
nakeranan. Rérés fatihah ma’mum ngaamanina mani inggeung sapangeusi masjid. Jep
sakedapan kawas gaang katincak. Galindeng deui imam maca surah, duka teuing
surah naon kuring teu nyaho lebah-lebah ayatna. Sora imam téh mani genah kadéngéna.
Halimpu. Ngan éta duka teuing di mana tungtung surah atawa maqro-na, geuning tacan kénéh réngsé kuring maca fatihah lalaunan téh.
Duka téh teuing sabaraha menit nangtung dina rokaat kahiji, geus karasa
cangkeul kakara ruku. Anca nakeranan rukuna ogé. ‘Itidalna nya kitu kénéh,
sujud komo deui. Saban rokaat kawas kitu, suku karasa lungsé tepi ka bérés téh.
Rét kana jam di jero masjid. Témbong jarumna kana angka 3
jeung tujuh. Geuning solat téh dua jam satengah, paingan karasana ku kuring mah
lir dua taun satengah. Capé jeung cangkeul. Gap kana hapé maksud mah rék ngajak
pamajikan sahur. Cenah manéhna nungguan deukeut tukang
sangu anu parasmanan. Kuring geuwat ngagedig. Gévan duka teuing ka mana. Keun waé
jeung batur-baturnana meureun.
“Kumaha netepanna, lancar?” pamajikan miheulaan nanya. Kituna
teh bari tonggoy kana piring dina lahunanna.
“Alhamdulillah,” ukur sakitu-kituna kuring ngajawab.
“Saé atuh, janten langkung sumanget Nuni mah mapag laélatul
qodar saréng Kaka téh, rencangan salapan dinten deui nya, Ka!” omongna
dipungkas ku imut.
Aya nu ngaguruh jeroeun dada. Rasa nyaah nu mokaha ka
pamajikan lir ngaléntaban raga nu lamokot ku dosa. Manglaksa dosa nu kungsi
nyayang dina ieu awak ngadak-ngadak narémbongan. Meureun kuring jeung manéhna téh
lain sajodo-jodona, tapi kadeudeuh Alloh nu mukakeun jalan sangkan kuring aya
dina jalan anu lempeng. Mun mah sawadina salaki nu jadi tuturus jalan kulawarga
dina milampah kahadéan geusan néangan rido ti Nu Maha Kawasa, geuning teu
mustahil Gusti masihan jalan ti hiji wanoja anu bisa mukakeun jalan kahirupan
anu marakbak. Meureun Gévan mah geus leuwih tiheula manggihan jalan anu lempeng
pangjugjugan ka sawarga, naha kuring tepi ka danget ieu tacan kénéh bisa
lumampah sorangan dina kaayaan haté anu teteg panceg. Wirang ieu diri mun seug
sagala rupa nu kungsi dipilampah bukbrak narémbongan di sabudeureun ieu masjid,
di antara jalma-jalma anu marawa haté beresih ukur miharep rohmat jeung
magfiroh Anjeunna. Ngadago laélatul qodar anu hamo bisa kasampeur ku jalma nu
teu daék muka haté jeung diri geusan narima bebeneran. Moal kalakon saumpama
diri urang tetep pageuh aya dina kahirupan anu peteng.
“Naha kalah ngalamun, Ka, énggal tuangna sakedap deui imsak,
badé berjamaah subuh,” omong pamajikan matak ngarenjag. Kuring unggek bari satékah
polah imut.
Panglawungan 13, Romadon 1438
0 comments:
Post a Comment