Ku Iwan M. Ridwan
Mangle, No. 2679 | 10 - 16 Mei 2018
Cicah nikreuh mapay jalan anu
duka teuing gang ka sabaraha puluhna. Saban nu tingrariung disampeurkeun, nu
pasalia ditanyaan, ditalèk kungsi panggih atawa henteu jeung anu ditèanganana. Sakapeung
nèmbongkeun gambar nu keur ngajungjungkeun halis sabeulah bari ngaluarkeun
tungtung lètah dina layar hapèna. Tapi saban nu diasongan teu welèh gideug,
atawa minangka mèrè harepan tèh ukur samet kerung kawas anu nginget-nginget.
Sukuna nikreuh deui mapay jalan
gang anu beuki pabeulit. Nyusur-nyusur lulurung dayeuh Bandung. Hègak napasna
geus kawas jalma anu ngalalana aya kana poèna. Padahal mah saban pasosorè
nyelangan heula mulang. Ngumpulkeun tanaga pikeun lunta satuluyna. Elak-elakanana geus hanaang bakat ku lila
nyusur jalan. Sedeng panon poè kawas anu teu mirosèa ka nu keur ngungun
handapeunana. Ngitung lèngkah anu geus aya kana rèbuna.
Cicah anjog ka tungtung gang. Jalan
but-bat ngulon ngètan. Pagegek ku mangpirang kendaraan. Sahèng lir gumuruh hatèna
anu pagaliwota. Hawa panas beuki ngekeb. Cicah ngulincer nyeukeut-nyeukeut
paneuteupna. Mangsa paneuteupna anjog ka lebah parapatan handapeun tihang lampu
stopan, panonna mencrong. Ngawaskeun barudak nu keur tinglalimbung bari teu
puguh naon anu keur diparèbutkeunana. Hayang nyidikeun, Cicah ngalèngkahkeun
deui sukuna anu geus karasa lèklok. Hayang ècès saha-sahana nu keur tingrariung
dina trotoar.
Anu parèbut tèh kiwari keur
tingcakakak nyaleungseurikeun salah saurang di antarana anu tèmbong jamotrot. Kètang
boa nyaleungseurikeun nasibna anu teuing kumaha alang ujurna. Atawa
nyaleungseurikeun anu keur luh-lah jero kendaraanana. Karukulutus ngajejelèh macèt.
Boa deui nyaleungseurikeun sora-sora anu kaluar tina klakson reujeung knalpot.
Geuning rigig anu tingrariung tèh teu kungsi kaeunteupan panènjona. Nitènan anu
tingcakakak tèh Cicah bet ras ka nu keur ditèanganana. Moal banè umurna jeung anu
keur galumbira. Nincak kelas hiji SMA anu keur meujeuhna hayang sagala nyaho,
hayang sagala kaalaman. Ngan lebah rigigna anu moal saruwa tèh, sasatna anu ditèanganana
mah teu kungsi pagilinggisik jeung barudak anu ngadaragoan lampu beureum. Èstuning
taya ulat gogonjakan. Taya urat cocorowokan jeung pada baturna anu sakapeung
tina bahamna kalaluar mangpirang ngaran sasatoan. Carang takol jeung teu kungsi cumarita lamun
boga kahayang ogè manèhna mah. Kawas indungna anu geus leuwih tiheula miang ka
alam kalanggengan. Kawasna mah gedè rumasa. Hirup nyiruruk jeung nu jadi aki
katut uwana. Padahal boh akina boh uwana tara ieuh ngahirab-hirab anu araya di
imah. Tong boro dirina anu geus pahatu lalis, dulur misanna, Tèsya anu masih
aya indung bapana ogè teu diwilah-wilah, cul di èyangna, dirorok ku bibina anu
papada mihapèkeun diri. Nya kolot-kolot bibina ogè kitu. Pada-pada apilain ka barudakna.
Nu matak nurun ka anakna anu kiwari kawas keur sarenang-senang paduduaan.
Pamustunganan imah anu teu kurang legana tèh karasa sumpek sabab pagegelek.
Cicah minangka anak anu ngabakti
ka kolotna anu geus nyorangan. Hirup jeung salaki di èta imah. Ngurus barudak
anu kari opatan deui. Anak pituinna dua Dandi katut Iren, suwanna anu tinggal duaan
deui, Dèvita reujeung Ramzi sabab nu jadi lanceuk-lanceukna mah geus nyaliar
kasab sorangan di luar kota. Rini alona mah teu pati diperhatikeun sabab geus
kawilang dewasa jeung araya kènèh indung bapana. Nu matak geus bisa ngurus Tèsya
ogè. Teu kawas Dèvita reujeung Ramzi anu ti keur leutik dirorok ku dirina anu
umurna teu geseh jeung Dandi katut Irèn. Ramzi mah dirorok ti keur orok beureum
sabab indungna tilar dunya mangsa ngalahirkeun dirina. Ari Dèvita harita keur
umur tilu taun.
“Ibu, jangan pergi, Bu!” sora Dèvita harita masih ngalanglaung dina
ceuli Cicah.
Ceurikna mani eurih-eurihan budak
tèh. Ku sarèrèa diupah-apèh. Sarèrèa pada ngarèrèpèh, najan dina enas-enasna
saban jalma ogè ngarèrèpèh dirina sèwang-sèwangan.
“Ibu,
aku ikut, Bu!” Dèvita
bangun anu geus ngartieun indungna bakal ninggalkeun dirina pikeun salalawasna.
“Ibu mah ka surga, bageur. Engkè ogè
urang bakal ngiring!” Cicah ngabèbènjokeun.
Sababaraha minggu mah budak tèh
teu welèh sasambat ka indungna. Teu daèkeun disambat ku sasaha kitu deui ku bapana.
Meureun kurang apèt sabab arang langka aya di imahna. Duka teuing naon anu bisa ngalantarankeun
dirina pohoheun ka indungan tèh Cicah geus teu ingeteun deui. Boa kiwari ogè
teu kungsi pohoeun.
Ti saprak harita budak tèh teu pati
bèrag. Daharna jadi suda, sarèna kurang tibra. Meus-meus ceurik komo tengah
peuting mah, kawas anu manggih kanyeri. Jajauheun bisa ulin kawas budak sèjèn, kahayangna
ukur diaais. Pamustunganana budak tèh gering tepi ka dirawat di rumah sakit.
Cicah anu jadi gaganti indungna, bet ngarasa leuwih nalangsa tinimbang anu jadi
bapa tegesna.
Nyaksian kaayaan anak sarupa kitu
tèh bapana bet kalah lunta. Cenah rèk nyiar napakah keur nu jadi anak-anakna. Duka
teuing ka mana ka mendina mah sabab teu ieuh bukbrak ka nu jadi kulawarga.
Sabulan dua bulan teu kungsi balik. Pleng tepi ka barudakna geus sawawa teu
kungsi katèmbong cukang irung-cukang irungna acan. Jajauheun bisa ngabayuan nu
jadi anak-anakna. Kungsi nu jadi akina budak maluruh raratanana, tapi lebeng
manèhna teu manggih jujutan. Teu bèja teu carita. Palangsiang kumaha onam di
pangumbaraan. Pamustunganana kulawarga lèah hatèna pikeun ngurus barudakna. Teu
ieuh ngarep-ngarep bapana, sabab dina emprona ukur ngarep-ngarep kalangkang
heulang dina mentrangna panon poè dayeuh Bandung anu salalawasna nyongkab. Lir
anu teu kungsi iuh.
Poè sapapanjangna bayeungyang
keur Cicah mah. Cacakan lain nèangan raratan lain nu jadi anak pituin. Hatèna teu bisa jolèdar kitu waè. Dirina teu bisa ngawilah-wilah
mana anak teges mana anak anu holna lain tina rahimna. Nu matak ceuk pangrasana
lamun teu inget kudu nyumponan kawajiban sèjèn di imahna mah moal hayang mulang
sapanjang tacan aya raratan. Turug-turug hapè anu sapopoè dikeukeuweukna geus
teu nyawaan. Palangsiang matak melang nu di imah. Pamustunganana bari jeung miharep
kana saban lieukeuna Cicah ngalèngkahkeun sukuna seja mulang. Mapay-mapay jalan
gang anu kungsi diliwatan.
“Batagor, Ceu Cicah?” Ceuk hiji
sora.
Cicah mèh-mèhan ngarènjag sabab èta
sora tèh aya ti satukangeun roda batagor anu ngageuleuyeung lebah pèngkolan
gang. Nyaksian Cicah kawas anu teunggar kalongeun tèh tukang batagor nyèrèngèh
bari ngajungjungkeun tak-takna. Sirahna mèh-mèhan kawas titinggi.
“Ceu, Nèng Dèvi mah tos muih,” pokna
bari ngangkat deui sirahna.
“Nu bener siah, Udi?”
“Daèk medu, Ceu. Daèk mintul
parabot,”
“Nyao, ah!” Cicah gagancangan
muru ka imah anu geus kari sababaraha puluh suhunan deui.
Sup ka imah tèh ngaliwatan panto
dapur, tèmbong Dèvita keur di rohang tengah. Diuk gigireun akina anu pada-pada
nyanghareupan tipi. Meus-meus kadèngè sora akina ngagelendeng najan semu
leuleuy. Jinisna mah ukur ngahintul bari ngeluk. Cicah teu waka nyampeurkeun
tapi ngadon nyerangkeun tina lawang panto dapur. Hatèna mah teu burung atoh nènjo
budak balik deui ka imah. Rohang dina jero hatèna anu molongpong tèh ngadadak
aya nu ngeusian deui. Ceuk pikirna moal waka ditanya itu ieu inggis pundung
deui. Kojèngkang manèhna ka kamar cai maksudna mah rèk wudu sabab di luar geus
kadèngè adan magrib mani rèang dina saban corong masjid.
***
Sareureuh Isa, Cicah ngahaja nyampeurkeun
ka kamar Dèvita. Pantona dibuka, brèh Dèvita keur ngahèrang. Dina palipisanana tèmbong
aya anu baseuh parat kana puhu ceulina. Cicah geuwat nyampeurkeun. Nènjo aya nu
asup ka kamar, Dèvita malikeun awakna. Nyangigir nonggongan panto kamar
anu dibuka ku Cicah. Beungeutna nyulusup
kana guguling anu ditangkeupna.
“Dèvita,” Cicah mimiti nyambat. Gèk
manèhna diuk dina biwir risbang anu dipakè nyangsaya ku Dèvita.
Anu disebut ngaranna teu ieu nèmbalan.
Kawasna mah mèmang teu hayang nèmbalan. Karasaeun dina genggerongna aya anu
beurat. Nyelek. Kawas keur neureuy catang bobo.
“Ti mana Dèvita tèh?” Cicah
mimiti nalèk.
Sakedapan mah jempling. Cicah
ngadagoan anu ditanya nèmbalan. Tapi anu diarep-arepna kawas anu teu
mireungeuh. Duka api-api teu ngeuh. Katènjo sarèrètan ukur ngadedempès. Cicah
narik napas panjang. Kawas anu ngarahuh jero hatèna.
“Bu Rinda kantos ka dieu sarèng
Pa Hèndi,” reug heula eureun. Satutas ngarènghap Cicah nuluykeun deui
omonganana.
“Wali kelas nya, Bu Rinda tèh. Pa
Hèndi mah saurna guru bèpè,” Cicah eureun deui sakeudeung.
“Naroskeun Dèvita,” Cicah
ngahuleng. Kawas anu keur mikiran piomongeun. Sanggeus sababaraha lila pok
deui.
“Saur Bu Rinda nembè ogè ngawitan
sakola tèh naha tos tara lebet, melang bisi teu damang saurna,” Cicah mimiti
medar carita. Tapi satutas kitu tèh jempling deui.
“Dèvita teu uih dua minggu tèh
Uwa mah asa teu napak,” simpè deui.
“Melang,” pokna deui. Ayeuna mah
semu ngarèrèt ka nu keur nyangkèrè bari nangkeup guguling.
“Na tos ti mana atuh Dèvita tèh?”
Cicah neuteup anteb kana beungeut Dèvita anu tèmbong kawas keur jararuh
panineungan.
Sajongjongan mah teu ditèmbalan
ku Dèvita. Rèt manèhna neuteup. Nyanghareupkeun beungeutna. Panonna neuteup
seukeut beungeut Cicah. Pok mah acan.
“Ti mana waè, Bageur?” Cicah anu
nanya deui. Sababaraha lila manèhna ngadagoan jawaban.
“Ari surga tèh di mana, Wa?”
Dèvita kalah malik nanya.
Sontak Cicah ngarasa hèran. Manèhna
kerung.
“Naha naroskeun surga, bageur?”
“Saur Uwa, Ibu aya di surga.”
“Teras Dèvita milarian Ibu?”
Nu ditanya teu nèmbalan. Sajongjongan
mah duanana pada-pada ngangon kasimpè.
“Saur batur mah Bandung tèh kota
surga,” Dèvita ngarènghap bangun anu hayang minuhan bayahna.
“Saha batur tèh bageur?” Cicah
neuteup seukeut kana beungeut Dèvita. Tapi kitu baè anu ditanya tèh kawas anu
suda pikeun ngajawab. Samalah kalah nanya deui.
“Saur Uwa, Ibu aya di surga. Di mana,
Wa? Di Bandung palih mana?” pokna neuteup seukeut.
Paneuteup Cicah wowotan ku paneuteup
anu kawas nganaha-naha. Berebey tina panonna aya anu nyeremih. Bedah teu bisa
dipondah. Leungeunna mimiti ngaragamang kana sirah Dèvita. Lalaunan diusapan.
Celengok dicium. Hatèna kebek ku karupek. Dina batinna bet nyangkaruk rasa
salah anu tohaga. Dirina bet nganaha-naha teu bisa jadi tempat panglumpatan
pikeun barudak anu hirup salulut jeung dirina. Disebutkeun teu adil meureun
kana kituna. Sabab èta anu cenah karasa ku Dèvita ceuk sobat-sobatna. Horèng
kanyaah anu ditamplokeun ka saban nu araya di sakurilingeunana tèh bèda-bèda katampana
ku Dèvita mah. Bèda jeung anu katampa ku Irèn katut Dandin. Geuning anu jadi
lanceuk-lanceukna ogè kalah birat. Narèangan katingtriman sèwang-sèwangan.
Katingtriman anu duka teuing kumaha bungkeuleukna.
Sirah Dèvita diusapan deui.
Celengok dicuim taarna. Budak tèh tèmbong peureum kawas anu keur nyorang alam
pangimpian atawa alam sèjèn anu can kungsi kasorang ku sasaha. Sajongjongan mah
Cicah ukur cindekul ngawaskeun nu keur nyangsaya kawas anu teu walakaya. Rèt
kana jam dinding anu ngabigeu dina tèmbok kamar. Geus leuwih ti jam sapuluh.
Budak anu keur disanghareupanana kawas anu geus teu ingeteun aya dihareupeun
Cicah.
‘Geus tibra kawasna mah,’ hatè
Cicah ngagerentes. Tuluy ngojèngkang ka luar ti kamar Dèvita, kituna tèh bari
nyusutan cipanon.
Peuting tèh kawas anu dipapaèsan
ku mangpirang lalakon ahèng. Paguneman jeung Dèvita mawa bangbaluh pikeun
Cicah. Saha anu geus mawa suanna kana alam pipikiran sarupa kitu? Jeung saha
anu majar ieu dayeuh tèh dayeuh sawarga. Meureun keur sawatara urang mah
sawarga dunya anu bisa henang-hening bari jeung suka bungah. Meureun kitu sotèh
keur maranèhna anu teu kungsi nincak jalan kahirupan anu tarahal. Mangpirang
patalèkan antukna balawiri dina sirahna. Jajap lelembutanana ka alam pangimpian.
Pamustunganana kagareuwahkeun ku nu jadi salakina anu ngaguyah-guyah
nitah hudang wanci subuh.
“Mah, gugah. Dèvita geuning tos
teu aya deui di kamarna!”
Seni Bandung #1, 2017