Tuesday, June 24, 2014

DILÉMA PILPRÉS 2014




ku Iwan M. Ridwan

Sababaraha waktu anu bakal datang sakumna rahayat Indonesia baris nyanghareupan hajat gedé. Pilprés, alias pemilu présidén. Mun mah baheula rahayat dina jaman orde baru jeung orde lama ukur milih partéy, kiwari di jaman réformasi rahayat bisa milih présidén sacara langsung. Hal ieu geus ditetepkeun dina Undang-Undang Republik Indonesia Nomor 42 taun 2008 ngeunaan pemilihan umum presiden jeung wakil présidén sacara langsung. 

Sababaraha poé katompernakeun, dua kubu pasangan caprés jeung cawaprés geus ditetepkeun salaku pamilon dina Pilprés 2014. Bewara geus diwawarkeun ngaliwatan mangrupa-rupa media. Dalah ti saméméhna geus ramé loba iklan boh dina média tévé, Koran atawa internét. Mahabu pisan.

Teu ngan saukur iklan diri sorangan, bisa kasebut iklan silih gorengkeun gé teu katahan. Teuing saha jeung sahana mah anu nyararieun iklan dina internét. Aya berita duka sémiotik ngeunaan maotna Jokowi. Dirancang kawas dina bewara kaum Tionghoa anu maot. Ari dikuburna téh mernah pisan dina alamat sékrétariat partai anu ngadukungna.    

Keur rahayat sorangan dipepekan ku iklan-iklan propaganda téh matak balueng. Bingung nya saha anu kudu dipilih. Diléma téa ngaranna. Lamun rék dibéjérbéaskeun, duanana calon présidén teh boga cacat di mata masyarakat mah. Ceuk sawaréh anu nyararita, Prabowo téh kalibet kana kasus Semanggi 1998 anu harita kanyahoan ku balaréa loba mahasiswa anu perlaya lantara didérédéd ku pasukan tentara. Harita anu jadi panglimana nya Prabowo téa. Aya anu nyebutkeun yén ieu téh geus ngalanggar kana HAM alias Hak Asasi Manusia. Ceuk béwara anu (deui-deui ngungkab mangsa baheula) nyebutkeun ceuk Amin Rais nyebutkeun Prabowo Subianto kudu gusur ka Mahkamah Militer pikeun nganyahokeun “motif penculikan” aktivis pro démokrasi. Atuh lian ti éta aya ogé béwara anu nyebutkeun karyawan Prabowo acan narima gajih leuwih ti tilu bulan, anu hartina Prabowo ngahutang ka pagawéna, tapi manéhna sorangan ngagembor-gemborkeun iklan béak mangpuluh-puluh juta malah leuwih. Atuh cenah deui waé Prabowo mah kungsi dipecat tina jabatanana.

Nilik ka calon wakilna, dina panitén rahayat kénéh Hatta Rajasa kungsi ngalaman (anak) boga kasus pelanggaran lalulintas, nyaéta nabrak kandaraan séjén dugika tiwasna anu ditabrakna. Tapi dina fakta hukumna geuning malah bébas. Atuhnya jinisna sorangan cenah kungsi kalibet kana korupsi pengadaan gerbong karéta api urut anu didatangkeun ti Jepang.

Anyar-anyar deui ayeuna media masa ngungkab vidéo ngeunaan Hashim Djojohadikusumo adi teges Prabowo samangsa di Amerika. Cenah nyebutkeun yén Prabowo téh pro pisan ka Amerika. Sakola SMA-na di Amerika, ogé sakola saméméhna. Hal ieu cenah ngabuktikeun salila ieu Prabowo mitenah Jokowi anu bakal jadi anték-anték Amerika.   

Dina kamandang rahayat kénéh, Jokowi ogé apanan cenah di Solo téh acan tuntas masa jabatanana, der nyalonkeun di gupernur DKI, tuluy kapilih. Ngurus Jakarta ogé acan ngahasilkeun nanaon. Masih kurang ti dua taun manéhna geus rék ngaleupaskeun jabatanana demi ngudag anu leuwih luhur. Lanca-linci majarkeun. Mangpang-meungpeung kasohor. Saruwa jeung ngaheureuykeun nagara. Hal ieu téh méré kesan ka rahayat yén jabatan atawa pamaréntahan téh kawas anu dianggap kaulinan. Atuh lian ti éta cenah majuna Jokowi téh lain atas dasar kana karepna diri sorangan, tapi dijeujeuhkeun ku partéyna, khususna ku Megawati. Anu cenah deui waé Jokowi mah mangrupa bonekana Megawati.

Naon atuh anu geus ditembongkeun ku Jokowi salaku gupernur DKI ogé acan katempo. Jakarta masih kénéh banjir, macét masih jadi pasualan anu urgent. Cenah gawéna ngan ukur ngandelkeun ‘blusukan’ kaditu-kadieu néangan pencitraan. Deukeut sotéh ka rahayat anu didatangan teu nyaho itu-ieu, ari ka bawahan sorangan mah diculjeunkeun, jadi teu karoris kumaha gawé-gawéna.

Masih ngeunaan Jokowi, cenah diisukeun étnis tionghoa alias lain bangsa asli Indonesia, bari jeung disinyalir rék mawa isu-isu kaum Yahudi. Majarkeun manéhna mah ngan ukur jadi bonéka anu dierohan ku isme-isme luar. Cenah ayeuna pasangan Jokowi-Jk geus nyuri start kampanye.

Nilik ka calon wakilna, Jusuf Kala (JK), geuning aya anu ngungkab video kamandang manéhna ka Jokowi, lamun Jokowi jadi présidén bakal kacow ieu negri, bakal ancur. Keun wé antep heula sina jadi gupernur. Ari kabuktianana manéhna sorangan anu nyalonkeun jadi wawakil présidén marengan Jokowi. Dina panon rahayat mah ieu téh kawas anu ngalétak ciduh sorangan.

Antukna jadi perang kagorengan dina média masa séwang-séwangan salaku anu dibayar tur dipimilik ku masing-masing caprés jeung cawaprés. Média ieu hahanteman némbongkeun kagoréngan pasangan Jokowi-JK, téték bengékna diuar-uar. Média itu terus-terusan néangan kasalahan jeung dosa anu aya di pihak Prabowo-Hatta anu nyababkeun harénghéng keur rahayat. Rahayat anu sakuduna boga sumanget jeung harepan anyar pikeun nasib kahareupna malah ditémbongkeun ku kagoréngan-kagoréngan calon pangingpinna.  

Hal ieu keur kuring mah matak waas jeung baluas. Geuning bangsa urang téh can nepi kana cita-citana anu kakandung dina falsafah pancasila jeung undang-undang dasar 1945 ngeunaan program ngawujudkeun kasejahteraan keur sakumna rahayat Indonesia. Mun mah enya duanana boga visi jeung misi anu saruha, naha maké kudu silih goréngkeun jeung silih hina. Sakuduna mah urang salaku nagara anu mayoritas Islam nyonto kana demokrasina jaman Khulafaurrasyidin sabada ditinggal kangjeung Rosul. Ti opat kandidat nyaéta Abu Bakar Siddiq, Usman bin Affan, Umar bin Khotob, jeung Ali bin Abi Thalib, euweuh salah sahiji ogé anu ngagorengkeun anu séjén. Malah dina kampanyeuna téh silih aluskeun. Ceuk anu leuwih kolot, pilih anu ngora, anu masih seger cangker, tinangtu bakal mawa rahayat leuwih hadé. Anu kolot mah geus kurang walakaya, jeung loba pohona. Atuh ceuk anu leuwih ngora, pilih mah anu kolot, anu geus loba élmu pangaweruhna dina nyanghareupan pasualan-pasualan kanagaraan, lain anu ngora anu acan nyaho itu ieu. (wallohu’alam)   


Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com