Monday, October 24, 2016

KALANGKANG KAMELANG

Majalah Sunda Midang, Edisi 25 Januari - 24 Pebruari 2017

Ku Iwan M. Ridwan

Wanci sareureuh budak, Giri mah geus ngaguher. Sanajan ukur diamparan samak saheulay bari diangel kucel, saréna bangun anu tibra. Kawasna mah dipépéné ku kaayaan hawa anu sepi jempling. Kalan-kalan sora gaang jeung caricangkas patémbalan. Sakapeung sora daun awi pating saléor katebak angin peuting. Mungguh matak tibra keur anu ngareureuhkeun kacapé mah.

“Budak téh mani katémbong hideungna, karék ogé sababaraha poé ka sawah téh” omong Mih Surmi bari neuteup anteb ka anakna.

Bérés solat isa téh Mih Surmi sok tuluy ngaderes quran. Awas kénéh ari kana aksara mah sanajan ukur dicaangan ku damar gembréng. Bérés ngaderes sok tuluy saré. Béda jeung harita. Rérés ngaji téh tuluy nyeueung anakna anu geus saminggu aya di imah. Teuteupna pinuh ku deueuh. Geus diteuteup kitu téh bet tuluy dideukeutan. Disimbutan deui sabada témbong sarung anu dipakéna semu ngaliglag.  
  
“Deudeuh, kasép, anak Ema,” pokna ngagerendeng kawas ngajak ngobrol ka nu keur saré. Celengok dicium tarangna. Tuluy diusap sababaraha kali.

Giri téh anak bungsu Mih Surmi anu mangtaun-taun hirup di kota. Anak hiji-hijina anu anu jujur sakolana. Nasib dirina anu kuat boga milik bisa lulus sarjana. Lanceuk-lanceukna mah lain teu hayang nyakolakeun, tapi nya timana atuh waragadna, anu beuki dieu waragad sakola téh beuki ngajaul baé.

Lulus SMA téh bet luluasanan ngumbara di kota. Cenah mah hayang ngudag béasiswa di hiji universitas. Nuluykeun béasiswa anu kungsi katarima mangsa SMA. Mih Surmi melangeun pisan mimitina mah. Ceuk pamikirna rék cicing jeung saha di kota téh sasatna teu boga baraya. Atuh apanan lamun indekos gé boga duit ti mana kangaranan béasiswa biasana gé ngahaja ancokeuneun keur waragad sakola, tara bisa ditarima duitna bari jeung meunang dipaké kaperluan sapopoé. Acan deui meureun keur kaperluan dahar paké. Kitu anu kabandungan basa Giri meunang béasiswa ti sakola ogé.

Deui-deui kahariwang Mih Surmi téh ukur aya dina sawanganana. Kaparigelan Giri dina widang tulas-tulis mingkin kapeto ku sababaraha media citak. Samalah bisa kabeuli kaméra poto keur nggawewegan eusi tulisanana. Di kampusna atuh teu kurang-kurang aktifna. Manéhna ngokolakeun bulétin kampus, ti mimiti jadi wartawanna tepi ka jadi pimpinan rédaksi.

Lulus kuliah tuluy jadi wartawan surat kabar. Lantaran ngaranna geus dipikawanoh ku redaktur média masa, manehna mah teu kungsi ngalaman kumaha susahna kuar-kieur nyiar pagawean. Kaayaan kitu  teh kacida disukuranana boh ku dirina boh ku kulawargana, utamana mah Mih Surmi.  

Opat taun hirup kumbuh jadi wartawan antukna aya pamerdih jadi staff kepala daérah dina widang publikasi jeung humas ti kepala bagian humas. Majar ceuk kapala bidang humas mah Giri téh pinter dina hubungan sosialna, utamana dina masalah  ngadokumentasikeun jeung nyumebarkeun informasi.  Bisa mawa diri dina pergaulan ti mimiti jalma cacah kuricakan tepika hambalan pajabat. Éta anu ngalantarankeun Giri diperdih sangkan jadi staff bidang publikasi jeung humas téh.

Mimitina mah Giri nampik kana éta pamerdih. Icikibung dina system birokrasi pamaréntahan tangtu bakal ngabaktikeun diri sagembelngna pikeun kapentingan nagara. Lain hartina Giri teu boga rasa nasionalismeu, tapi ceuk pikiranana, jadi birokrat lain hiji-hijina cara ngabuktikeun nyaah jeung cinta ka lemah cai. Loba cara séjén anu leuwih merenah keur ngawujudkeun rasa nasionalismeu ka lemah cai tinimbang jadi birokrat. Ceuk dirina jadi babagian tina birokrasi réa pisan cocobana. Dirina boga rasa inggis ku bisi kabaud kana pasualan anu teu dipiharep. Geuning dina enas-enasna anu teu baroga salah ogé ujug-ujug dicerek KPK.

Éta angkeuhan téh teu burung wowotan. Pamustunganana Giri narima kana éta pagawéan sabab kajurung ku pangabutuh sapopoé. Tantri pamajikanana anu ngaomat-omatan kudu nampa éta pancén. Enya rék saha jalmana atuh anu rék mondah kana paménta pamajikan ari lain jalma anu teu nyaah ka kulawarga mah, utamana dina pasualan keur nyumponan pangabutuh. Kaharti ari kitu téa mah pamerdih Tantri téh. Ngandelkeun buburuh wartawan mah teu matak bisa nutupan sagala kaperluan anu beuki mararahal. Komo keur nyanghareupan bulan alaeun.

Geus tilu taun manéhna icikibung jadi staff di bagian humas jeung dokuméntasi. Geus boga ari imah leutik waé. Anak pamajikan bisa kararaban kalawan bisa disebutkeun cukup. Tapi nya kitu téa mindeng ditinggalkeun da kudu milu nyanyabaan jeung pingpinan. Saban kagiatanana kudu ditungkulan. Leuheung basa lamun sakur kagiatan sabudeureun wewengkonna, kapan ieu mah remen ka luar kota.

Tantri bisa ngamaklum, sabab manéhna sorangan ogé ngarti kana tugas anu dilakonan ku salakina. Ditinggalkeun téh geus jadi hal anu biasa. Nu matak basa Giri mulang ka lembur geus saminggu ogé panyangka Tantri mah keur tugas di luar kota sakumaha anu dibejakeun ka dirina. Padahal mah sidik keur aya dina kamelang indung. Sasatna manéhna keur aya dina ramat lancah.

Peuting téh teuing ku jempling. Anu nyaba ka alam pangimpin beuki lampar. Boa meureun di dinya manéhna meunang kabungah. Pinanggih jeung katimtriman. Tiis ceuli hérang mata téh lain bobohongan. Teu ieuh manggihan rereged kahirupan anu matak seuseut seuat. Teu teusing ngadéngé kaharénghéng anu sorana matak totos kana ceuli. Téténjoan matak rumeuk jeung sareukseuk. Sakapeung matak silow. Hawa sesek jeung haseup mulek remen ngarupekan dada. Teu. Di alam pangimpian mah teu kawas kitu. Tatangkalan gé masih ngarampidak. Handapeunana cai walungan ngagenyas hérang. Angin leutik ngahiliwir matak tingtrim kana batin. Matak waas anu nyawang. Enya, impian. Bet ulah jadi kanyataan upama hayang tetep éndah mah.

Mih Surmi anu tungkul nundutan bari ngusapan anakna téh ngoréjat. Kagareuwahkeun ku sora anu tinggerendeng di luar. Mih Surmi cengkat ngadeukeutan panto. Kituna téh bari ngeteyep, inggis anu keur saré kagareuwahkeun atawa anu diluar nganyahoankeun ringkang dirina. Sanajan geus kolot ari panona mah masih awas nempo ka luar tina liang konci.  Katénjo sababaraha urang ngaliwat handapeun lantéra imah tatangga anu cahayana beureum semu konéng.

“Jang Érté,” gerentes haténa.

Panénjona nuturkeun ringkang anu beuki ngadeukeutan. Reg opatanana areureun hareupeun imah Mih Surmi. Atra nakeranan ayeuna mah sabab opatanana kasorot lantéra anu ngagantung dina tungtung usuk imahna.

“Jang Érté, Hansip Dayat,… dua urang deui mah teu wawuh,” pokna masih kénéh ceuk haténa.

“Salamualaikum!” ceuk anu di luar. 

Anu disebut Jang Érté ku Mih Surmi hanjat kana téras imahna. Pok anu uluk salam sakali deui. Mih Surmi teu geuwat ngajawab, manéhna ngeteyep nyampeurkeun anakna, geuwat dihudangkeun sina pindah ka kamar.

“Alaikum salam. Saha?” pokna sabada Giri pindah ka kamar.

“Abdi Érté Ahrom, Mih.”

“Oh Jang Erte. Antosan sakedap!”

Kolotrak tulak panto dibuka. Blang, pantona muka.  Érté Ahrom ngajega dina lawang panto.

“Ka lebet, Jang Érté!” omong Mih Surmi bari miheulaan ka tengah imah. Gur ngahurungkeun damar gembréng. Ajug anu saméméhna alakanéot mah dipareuman.

Saréréa unggah ka tengah imah. Dariuk dina papan anu leucir balas unggal poé dielapan.

“Aya naon ieu téh Jang  Érté, mani asa rareuwas Emih mah?” omong Mih Surmi bari neundeun damar gembréng hareupeun anu sarila. “Ké ari ieu anu duaan saha sareng ti mana Encép sareng Adén téh?”

“Ieu téh réréncangan Cép Giri Emih, saurna mah badé nyusulan. Dupi Cép Giri kamana asa teu katingal?” omong Érté Ahrom.

“Oh kutan kitu. Keur saré nyaéta, ke cuang hudangkeung,” Mih Surmi ngojéngkang ka pangkéng tempat anakna ngaréngkol.

Anu dihudangkeun karacam-keureuceum bubuhan damarna jadi mabra. Gigisik bari memener buuk. Solongkrong ngasongkeun leungeun. Teu burung kagétna keur Giri mah sabab dua jalma anu aya di hareupeunana teh wawuh pisan. Jalma anu mindeng panggih jeung mangsa manéhna jadi wartawan kénéh. 

“Pa Baban,” Giri satengah neger-neger manéh. Geus neg waé dirina bakal kabaud kana pasualan anu keur disanghareupan ku dununganana.  Giri satékah polah némbongkeun paroman anu wajar. Padahal mah haténa mah ka lebah dinya.

“Muhun wayahna waé Sép Giri kedah ngiring ayeuna kénéh,” ceuk anu disebut Pa Baban.

Hansip Dayat ngadeukeutan. Gap leungeun Giri dicekel sabeulah. Jung saréréa nangtung. 
 
Mih Surmi anu ngan ukur bisa ngembang kadu, reuwas lain dikira. Panonna jadi buringas nganaha-naha kanu disebut Jang Érté. Mungguh geus teu walakaya, anu aya malah ngaleketey. Cipanon juuh. Hing Mih Surmi ceurik.

“Teu kedah salempang, Mih, Jang Giri dicandak sotéh kanggo disungkeun kateranganana,” omongan Érté Ahrom minangka mungkas méméh amitan ka Mih Surmi. Tuluy opatanana ninggalkeun Mih Surmi anu inghak-inghakan.


Panglawungan 13, 2016

Thursday, September 8, 2016

DOMBA KURBAN



Mangle No. 2593, 8 - 14 September 2016
Ku Iwan M. Ridwan
Wanci janari Bah Adnan lilir. Karasa bulu pundukna ngadadak muringkak. Manèhna kakara ingeten kasarèan ti sabada solat isa. Korèjat hudang. Jung nangtung. Rèt ka sakurilingeunana. Gebeg. Hatèna kebek ku kareuwas nènjo kaayaan jadi sepi jempling. Domba anu samèmèh manèhna sarè ramè patingbèrèlè harita taya hiji-hiji acan dina tènda.
“Allohuakbar!” Bah Adnan ngagorowok dina hatèna. Gedig muru ka anakna anu ngaguher hareupeun durukan pareum.
“Hèndi! Hudang! Geuning silaing kalah molor!” Bah Adnan ngageubig-geubig anakna anu masih ngarèngkol.
Hèndi rungah ringeuh kawantu reuwas ngadak-ngadak aya anu ngahudangkeun.
“Aya naon, Bah? Aya naon?” Hèndi burial buncelik.
“Ngadon sarè,”
“Tunduhna teu kuat, Bah. Èta geuning Abah ogè sarè,” Hèndi nungkup bahamna anu heuay. Awakna angger ngagolèr.
“Hudang! Tènjo domba euweuh!”
Hèndi kagèt. Rèt ka jero tènda. Gebeg, manèhna ogè ngarènjag.
“Kalabur domba tèh, Bah!”
“Aya nu ngagubug! Meunggeus ulah ngocoblak waè. Geuwat urang tèangan!” Bah Adnan singkil nèangan batre jeung sapatu bot.
Hèndi anu dibèjaan domba aya nu maling tèh teu kaukur kagètna. Manèhna rikat nuturkeun Bah Adnan. Sarung anu salila sarè mungkus awakna digulungkeun sina meulit kana beuheung. Kuplukna dibebenah.
Bah Adnan ngagedig ka lebah motorna anu parkir handapeun tangkal tangkil. Kusiwel ngaluarkeun koncina. Clè dina motor, diselah sababaraha kali.
“Aduh Abah, kumaha atuh, bèjaan Kang Aay?” Hèndi nyarita satutas aya di hareupeun Bah Adnan, leungeunna mah kadak-kodok kana saku bajuna nènèangan hapè.
“Ulah waka gujrud, hayu urang tèangan sugan acan jauh anu malingna,” tèmbal Bah Adnan bari nyelah motor.
Grung motor tèh hirup satutas sababaraha kali diselah. Mesinna dipanaskeun satengah digaur-gaur. Sorana ngabèrèkbèk, haseupna ngebul. Clè Hèndi diuk tukangeun bapana. Sanggeus ngarasa cukup panas, motor digas. Biur mangprung meulah janari. Hawa tiris anu nyelecep kana tulang kawas anu teu dirasa ku maranèhna. Dina pikiranana domba kudu bisa kapaluruh deui samèmèh beurang. Ceuk pangrasana nu maling tacan jauh ti dinya.
Motor ngalèok ka wètankeun muru jalan jajahan anu brasna ka jalan nu ngajugjug ka dayeuh pangramèna. Sapanjang jalan teu hiji-hiji acan kendaraan anu ngulampreng. Kangaranan jalan pilemburan wanci janari mah arang langka nu ngulayaban.
“Rek tuluy ka Bandung, Bah? Apanan urang tèh teu makè hèlm,” sora Hèndi ngadègdèg nahan hawa tiris.
Bah Adnan teu nèmbalan. Motorna terus mangprung ngajugjug ka tempat anu leuwih tiiseun. Reg eureun, gasik muterkeun deui motorna. Balik arah. Motor tuluy mangprung ka kulonkeun muru ka lembur tempat manèhna miang samèmèhna. Sabot ngaliwat kana tempat panyangcangan domba manèhna ngalieuk, enyaan domba tèh taya hiji-hiji acan, manèhna lain keur ngimpi.
Biur deui motor anu ditumpakanana muru ka jalan anu ngabulungbung. Dina hatèna pinuh ku karisi. Inget ka Jang Aay alona anu nitipkeun domba. Sanajan katalian ku Alo, dina kabuktianana manèhna tèh dunungan mangsa harita mah.
Jang Aay anu itikurih ti leuleutik kiwari geus bisa ngabayuan kulawarga. Dalah lain ukur kulawarga dirina sorangan, dulur-dulur anu jauh kawas Bah Adnan ogè milu kabagèan rezekina. Anu alus tinda diri Jang Aay, manèhna mah ibaratna tara mèrè lauk kanu jadi dulur tèh tapi mèrè useup sangkan bisa ngala lauk. Nya kitu deui ka Bah Adnan, teu ieu dibèrè sapèsèr tina hasil ihtiarna tapi diajak dina ngokolakeun usahana, pikirna sangkan jinek pangasilanana. Sikep kawas kitu tèh pikeun Bah Adnan mah leuwih karasa dihargaanana tinimbang ukur nampa duit pamèrè. Diaubkeun dina usaha Jang Aay pikeun Bah Adnan lir narima kapercayaan. Tapi nya kitu mungguh dodoja, domba anu geus meunang ngumpulkeun pikeun jualeun mangsa mapag Idul Qurban tèh kiwari bet suwung taya hiji-hiji acan. Hatèna kebek ku karupek, kudu kamana maluruhna. Lembur anu sakitu legana tèh apanan rèa jalan anu ngembat ka jauhna.
“Bah, tong tarik teuing ngajalankeun motorna, tiris!” Hèndi norowèco, huntuna noroktok nahan rasa tiris. Mungguh tiris kacida tumpak motor wayah janari. Keur mah eukeur usum halodo harita tèh katambah lalampahan lumayan jauhna.
Bah Adnan ngawaro. Motorna semu ngalaunan. Reg eureun dina jalan sisimpangan. Manèhna tenga-tengo ngènca ngatuhu. Pikiranana ngijir-ngijir lumpatna maling. Lèok motor ngènca, mapay jalan anu leuwih gedè muru ka dayeuhkeun. Di èta jalan mah mobil geus aya anu ngulampreng, najan bari jeung tarik ngajalankeunana, matak paur anu nempo. 
“Rek nèangan ka kota, Bah? Mending urang balik deui waè, tiris!” Hèndi ngarahuh.
“Montong waka putus asa! Nya teu inget ka nu bogana? Teu inget ka Si Jalu anu geus dibeuli ku Dèn Yana!”  Bah Adnan ngadon narikan gas motor anu ditumpakanana, orokaya Hèndi anu diuk di tukang rada ngajengkang mun seug teu rikat muntang mah teu pamohalan ngajengkang.
Teu bisa majar kumaha Hèndi anu jadi anak ukur bisa nuturkeun karep bapana. Sok sanajan awak beuki ngagibrig katirisan, teu garah-geureuh, manèhna nangkod tipepereket. Manèhna ogè inget tadi sore samèmèh meuleum sampeu aya lalaki umur tilu puluh lima taunan meuli domba anu nelah Si Jalu, domba anu diomat-omatan ku Jang Aay ulah dijual kurang ti tilu juta satengah. Pangna kitu cenah Si Jalu mah domba alus. Hèndi ogè sapuk kana pamadegan Jang Aay kapilanceukna. Si Jalu mah tandukna rangkobang, awakna lintuh, buluna beresih tayohna ku nu ngukutna teu welèh dimandian saban poè Jumaah.
Bah Adnan ogè kungsi nyarita ka dirina, mun seug boga duit saharga Si Jalu, rèk dibeuli èta domba tèh. Rèk diingu. Keur bibit. Ari domba bikang mah moal ieuh bangga nèangan najan meuli anakna ogè moal burung boga. Matakna basa Si Jalu dibeuli ku Cep Yana bari jeung teu adu tawar tèh Bah Adnan semu anu beurat hatè. Ari kitu tèa mah teu bisa majar kumaha cenah manèhna ukur katitipan pangjualkeun. Atoh sakuduna mah sabab domba geus aya anu meuli deui. Ari geus dibeuli kitu tèh teu nitah dianteurkeun harita, kawantu geus sorè. Isukna waè cenah sangkan nyalsè. Bah Adnan ogè nyanggupan kana èta pamènta.
“Bah, urang solat heula wè, geus subuh,” ceuk Hèndi sabada ngadèngè adan subuh tina corong masjid sisi jalan.
Reg Bah Adnan ngeureunkeun motorna hareupeun pisan masjid. Sup ka gerbang masjid muru ka tempat parkir motor anu harita mah ukur tèmbong aya motor hiji kawasna mah anu balik ti pasar, sabab tèmbong motorna angkaribung. Sawatara urang jamaah tèmbong arasup ka masjid. Di tempat wudu aya sababaraha urang.
“Bah, arèk sakalian nanyakeun ka nu aya di dieu sugan aya anu kungsi manggihan nu ngangkut domba?” Hèndi nyempetkeun ngagerendeng basa maranèhna rèk abdas.
Bah Adnan ukur gideug. Biwirna tèmbong kunyem laju ngumbah leungeunna ngamimitian abdas. Tarapti pisan kawas anu keur ngararasakeun celecepna cai wudu kana babagian anggahota badan anu dikumbah.
Nènjo bapana teu ngomong naon-naon tèh, Hèndi ngamimitian abdas. Nuturkeun asup ka jero masjid laju sarolat fajar anu dituluykeun ku solat subuh berjamaah. Geus rèrès solat duanana gura-giru nèangan deui laratan domba anu kiwari teuing di mana.
Mèh saban jalan di suklak-sikluk dayeuh dijugjug ku Bah Adnan. Sakapeung eureun di warung sisi jalan natanyakeun manggihan nu mawa domba ngaliwat ka dinya atawa henteu, sugan jeung sugan aya bèja jeung tangara. Tapi welèh domba tèh taya laratan.
“Bah, ieu Kang Aay nelepon!” Hèndi bari diboncèng tèh ngamang-ngamang hènpun.
“Tong waka diangkat!” ukur sakitu anu kedal tina baham Bah Adnan.
Jep Hèndi cicing. Hènpun anu keur disada tèh diasupkeun deui kana saku bajuna. Sakedapan hènpun tèh jempling. Tapi teu lila kadèngè deui ringtone-na disada. Hèndi ngodok deui hènpunna, brèh dina layar LCD-na ngaran Kang Aay.
“Bah,…”
“Antep,”
Hèndi cicing deui. Telepon sababraha kali di sada. Antukna Bah Adnan muterkeun motorna seja mulang ka tempat panyangcangan domba. Dina pikirna sagala rupana bakal disanghareupan ku dirina. Moal ieuh lumpat tina kanyataan dirina anu geus talèdor ngadon sarè mangsa nungguan domba. Bet ku anèh keur dirina ogè tara-tara ti sasari peuting harita mah tunduhna mani nataku. Hèndi kitu deui satutas Bah Adnan amitan rèk sarè tèh kalah milu ngaguher. Kawas anu geus ilapat rèk aya kapapaitan bet les poho kana kawajiban. Mun mah biasana tugur tèh aplusan, Bah Adnan anu sarè ti heula, ninggang di tengah peuting dirina anu cindekul. Tapi harita mah Hèndi bet ngadak-ngadak teu bisa ngusir jurig tunduh.
Bah Adnan ngajalankeun motorna teu pati tarik sabab geus rèa kendaraan anu ngalalar wanci isuk-isuk mah. Sanajan kitu teu burung tepi ka tempat dirina ngadadagangkeun domba qurban. Barang jog ka tempat, gebeg Bah Adnan reuwas, kitu deui Hèndi. Di èta tempat jalma ngagimbung ngariung domba anu tingbèrèlè. Jang Aay tèmbong aya dina riungan èta jalma.  
Mang Adnan nyampeurkeun nelek-nelek anu keur ngajaranteng bari kawas aya nu dipadungdengkeun. Brèh ketènjo aya Cèp Yana anu meuli Si Jalu, gigireunana pulisi sababaraha urang nyanghareupan tilu urang jalma anu leungeunna ditalikung katukang. Bah Adnan kebek ku karupek. Manèhna hèlok ku kaayaan. Manèhna ngajanteng kawas arca mun teu dibageakeun ku Jang Aay mah kawasna bakal ngajanteng salila-lila.
“Jang…” ukur sakitu-kituna anu kedal tina baham Bah Adnan basa Jang Aay nyampeurkeun.
“Keun waè Mang, da  geus salamet sarèrea ogè ayeuna mah, sukur Mamang salamet ogè,” Jang Aay surti kana eusi hatè Bah Adnan.
“Janten kumaha ieu tèh, Kang?” Hèndi anu ti tatadi ngembang kadu milu mairan. Manèhna ogè teu èlèh heraneunana.
“Tuh, nu malingna geus kapanggih. Aya milik kènèh urang sarèrèa. Mobil anu dipakè malingna tikurusuk ka sawah. Parengan Pa Ejang badè dines nyubuh, nya ku anjeunna dibaladah,”
“Pa Enjang pulisi?” Bah Adnan mastikeun.
“Leres, Mang,”
“Pami itu Cèp Yana ogè aya di dieu?” Bah Adnan nanya deui.
“Kersaning Alloh, Mang. Tikurusukna kolbak tèh ngagiwar nyingkahan mobil Kang Yana, atuh ngiring kadieu. Horeng Si Jalu tèh geus dibeuli ku anjeunna, nya?” Jang Aay panjang lebar. Bah Adnan jeung Hèndi mah tiba olohok.
Panglawungan 13. Hapit, 1437 H



Friday, July 29, 2016

PAPAJAR

Mangle No. 2585, 14 - 20 Juli 2016
Ku Iwan M. Ridwan

Ma Cioh ngalungsar di tengah imah. Diamparan samak saheulay nyanda kana angel nu ngahaja ditumpukeun. Cai entéh amis anu ngebul kénéh gigireunana meusmeus diregot bangun anu nikmateun naker. Nyi Awih anakna mencétan tuurna lalaunna tur sakapeung diusapan.

“Hapunten abdi, panginten téh Ema moal mabok,” Nyi Awih tungkul, panonna mah semu rambisak.

“Teu salah nyai mah. Ema wé nu geus teu sanggup nyanyabaan ngadon der hayang milu,” Ma Cioh narik napas panjang kawas anu keur ngararasakeun hawa anu geus teu sajalan deui jeung warugana. “Horéng kitu papajar ayeuna mah nya,” sambungna.

Kecap papajar nu cikénéh disorang ku dirina muka deui lambaran kahirupan mangpuluh-puluh taun kalarung. Keur umur wewelasan taun Ma Cioh kungsi milu jeung Bah Uking bapana ka alun-alun. Cenah rék papajar. Bah Uking ngahaja mawa manéhna sangkan nyaho kota majar téh. Nyaho kabiasaan mapag pajar di alun-alun anu teu weléh ramé ku jalma ti suklakna ti siklukna. Nu ngadareugdeug téh lain jalma joré-joré, tapi para ulama atawa tokoh masarakat ti saban lelewek nu seja nyiar iber iraha-irahana puasa dimimitian. Teu dihirab-hirab saha-sahana sakumna nu araya bruk-brak ngalampar samak, nu ngampar handapeun tangkal caringin, nu ngahaja dadasar dina buruan masjid agung, cul-cel di ditu di dieu. Nu daragang ogé teu tinggaleun kawantu alun-alun mah deukeut ka pasar.

Bah Uking milu dadasar handapeun tangkal caringin anu iuh linduh. Ngampar samak pandan aya kana dua méter ka satengah méter. Babawaan dina kepék téh diteundeun dina amparan samak. Bah Uking sasalaman jeung batur nu teu pati anggang ti éta tempat kawas nu geus loma. Ngobrol ngalor ngidul ngeunaan lalakon di lemburna séwang-séwangan. Malah lain sakur ngobrol, tungtungna mah maruka timbel, dahar babarengan. Ma Cioh anu harita budak kénéh mani ngalimed daharna téh kawantu lapar tur capé tas lalampahan jauh. Rérés dalahar laju sarolat berjamaah di Masjid Agung. Teu lila sabada solat téh Imam Masjid Agung ngumumkeun kaputusan tanggal hiji bulan Ramadhan téh poé Senén. Atoh kacida ngadéngé éta béja téh, sakumna nu haladir ngucap sukur. Nu leuwih atoh mah Bah Uking, manéhna teu kudu mawa Cioh anakna mondok moék di kaum sakumaha anu karandapan ku nu séjén anu ngadeugdeug ka dinya sababaraha poé saméméhna. Bah Uking saharita kénéh gura-giru seja mulang deui ka lemburna.

Saméméh balik ka lembur téh Bah Uking ngajak Cioh ka pasar, meuli asin, meuli minyak, uyah jeung sajabana kaperluan salila bulan puasa, samalah bako cap munding ogé teu tinggaleun, lengkep jeung daun kawung katut panékérna.

“Dieueut deui cai entéhna, Ma,” Nyi Awih ngagareuwahkeun lamunan indungna, kituna téh bari ngasongkeun emuk. Ma Cioh nampanan laju ngaregot bangun anu nikmat. Gap deui ditampanan ku Nyi Awih satutas cai entéhna diinum.

“Teu lalieur teuing ayeuna mah, Nyi,” omong Ma Cioh semu mésem. Éra ku lampah sorangan kawasna mah, awak geus suda tanaga bet milu ka nu papajar, najan dina enas-enasna diajak ku Nyi Awih.

“Sukur atuh, Ma. Anu salah mah abdi bet ngangajak Ema. Kedahna mah nyarengan Ema wé di bumi,” Nyi Awih deui-deui minangsaraya.

“Ulah ngarasa dosa, Nyai, da Emana gé teu kua-kieu ayeuna mah,”

Dikitukeun téh Nyi Awih ngadon tungkul. Dina batinna nyangkaruk rasa salah geus ngajak nu jadi indung iinditan isuk-isuk. Rebun-rebun kénéh geus saraged pikeun indit. Isuk-isuk kadang warga di kampungna geus saringkil. Garinding maraké papakéan pangweuteuhna, bebekelan sagala rupa, geus sayaga ditataharkeun ti peuting mula. Rob ngariung di buruan pos ronda di lapang anu rada négla. Mobil kolbak geus ngajugrug ti subuh mula. Ma Cioh diuk di hareup ngaréndéng jeung Nyi Awih nu ngais orok gigireunna supir. Mobil kolbak téh pinuh, kolot-budak, awewe-lalaki. Sakulawarga-sakulawargana dibarawa.

Mang Odang kadéngé ngabsén nu tarumpak. Saban ngaran dina catétan dicalukan. Saban ngaran nu digentraan némbalan bari ngacungkeun leungeun.

“Ma Cioh. Di mana Ma Cioh?” sora Mang Odang ngagorowok.

“Ieu sareng abdi,” nu némbalan téh Nyi Awih.

Mang Odang nyampeurkeun ka hareup. Tunga-tengo kana jandéla mobil. Nyéh seuri. Geus kitu mah balik deui ka tukang nuluykeun ngabsén. Diitung jumlah nu tumpak kolbak luyu kana catétan nu dicekelna. Satutas saréréa kaabsén, Mang Odang ngabéjaan supir sangkan miang harita.

Kolbak téh ngageuleuyeung. Ma Cioh babacaan. Macakeun jampé tumpak kendaraan. Sanajan teu pati jauh ari kasalametan mah kudu dipénta ka Nu Kawasa, kitu ceuk pikirna. Nu tarumpak surak ambal-ambalan. Mobil sakapeung ngarampéol sabab jalanna tarahal. Barakatak sareuseurian kawas anu barungah. Ngararasakeun rampual-rampéol téh Ma Cioh mah tipepereket ngajodang awakna ku leungeun kana babagian hareup jero mobil. Biwirna teu eureun kunyem. Sagala dibaca.

Lain ku hayang-hayang teuing Ma Cioh milu papajar jeung tatangga salembur téh, Nyi Awih nu jadi anakna ngarasa melang ninggalkeun indung sosoranganan aya di imah. Nu matak geuwat diajak, Ma Cioh henteu nolak deuih malah ngahaja hayang diuk di hareup. Sanajan teu sieun kapalingan, imah mah dikoncian pantona hareup tukang, kitu deui jandéla. Kangaranan diajak ku nu jadi anak, Ma Cioh ogé atoh, majar sakalian ngabeberah diri, nginget-nginget deui mangsa papajar keur budak.

Salaki Nyi Awih nu keyeng hayang milu papajar téh satutas diajak ku Mang Odang, tayohna dalit pisan jeung manéhna. Atuh sakali diajakan téh lain waé ukur milu, tapi jeung nguruskeun ngumpulkeun duit tatangga sagala rupa.

Teu kungsi dua jam perjalanan téh mobil rombongan geus anjog ka tempat nu dituju. Ma Cioh rungah-ringeuh basa diajak turun ku Nyi Awih téh. Ma Cioh rampang-reumpeung. Turun tina mobil ditungtun ku Jang Oha salaki Nyi Awih anu saméméhna mangmukakeun panto mobil. Turunna lalaunan pisan bangun anu ngarasa paur. Muntangna ogé mani tipepereket. Jrut turun téh ditungtun ku Jang Oha. Nyi Awih nuturkeun ditukangeunana.

“Asa leneng Ema mah, Nyai,” omongna bari reg eureun.

“Ka sisi heula atuh Ma. Badé eueut cai amis?” Jang Oha nanya.

Ma Cioh di bawa nyampeurkeun ka hiji warung anu ramé ku nu jarajan. Nu araya pada narénjokeun. Gék didiukeun dina bangku panjang laju dipangmesenkeun citéh amis. Sawatara urang nu keur darikuk ngarised, malah aya anu nguoléséd bari tuluy ngaléos. Pikeun sawatara lila mah Nyi Awih jeung salakina maturan Ma Cioh di warung seja ngareureuhkeun kacapé. Ari nu séjén mangsa mobil anjog ogé jrat-jrut tarurun muru ka tengah lapang nu nyanghareup ka lebah sagara leutik, sagara buatan nu geus mangpuluh-puluh taun nyarem pilemburan. Tengah lapang ngadeg panggung diriung ku jalma loba. Sora sound system-na handaruan ngeungkeung lagu dangdut koplo. Nu jarogéd dina panggung teu sirikna aréak-éakan najan gorowokna wowotan ku sora musik.

Ma Cioh nu harita keur ngareureuhkeun kacapéna nyeueung ka hareup kana panggung anu teu pati jauh, témbong utey ku jalma nu jarogéd. Sora musik dangdut nu awor téh matak katorékan. Anggang sakitu mah panon Ma Cioh masih kénéh bisa ngawaskeun nu araya. Dina luhur panggung sidik aya biduan dua urang ngarigel bari maké papakéan pungsat, dirung ku lalaki anu ngacung-ngacung duit lambaran. Éta duit téh kawas anu diuseupkeun kana awak nu keur ngigel, mangsa rék dirawél ku nu ngigel duit téh ngacung deui kaluhur. Lengak lalaki nu ngacung-ngacung duit téh kawas anu ngabarakatak, sorana kasilep ku sora musik.

“Tos damang, Ema?” Nyi Awih nanya.

“Duka atuh Nyai, Ema mah mani asa éra parada aya di dieu téh. Hayang balik,” pokna
 
“Har apanan nembé ogé dugi, Ema.”

“Enya geuning Ema mah asa éra nyaksian nu kariaan papajar jaman ayeuna mah, matak leneng kana sirah,” Ma Cioh ngeluk tungkul cipanonna ngembeng.

Nyi Awih jeung salakina silih teuteup. Gék duanana dariuk sisieun Ma Cioh. Nyi Awih nyangkéh cangkéng Ma Cioh ku leungeun katuhu.

“Hapunten abdi, Ma,” Nyi Awih tungkul.

Dina pamustunganana Nyi Awih ukur ngalelengkur maturan indungna ngareureuhkeun kacapé. Timbel anu dibawana teu ditoél-toél acan, majarkeun bororaah hayang dahar, dina haténa nyangkaruk rasa dosa anu rohaka. Kitu deui Ma Cioh komo, hawa anu beuki nyongkab téh karasana kawas anu keur nyiksa dirina. Rasa lapar kaganti ku rasa nalangsa. Diri napakuran kariaan anu dilakonan ku manusa jaman ayeuna dina nyurahan papajar bet tojaiah tina makna anu sabenerna. Kariaan mapag bulan Romadon bet kawas anu ngaliwatan wates wangen. Pikiranana kumalayang deui ka mangsa ka tukang. Rus-ras ka kolot-kolot baheula anu ngalampar samak di sabudeureun kaum. Nu balakécrakan murak timbel sapuratina. Katénjona matak ayem tengtrem kana haté perbawa jalma-jalma nu ngalakonanana boga haté anu wening. Keclak, cimatana maseuhan leungeunna anu ditanggeuy dina lahunan.

Bandung, Mapag Puasa 2016



Wednesday, June 29, 2016

MALEM TAKBIRAN




Galura, Edisi 1 Juli 2016

Ku Iwan M. Ridwan

Héndar cindekul nyanghareupan teve. Kawas anu teu mireungeuh kana kariaan nu mapag balébat idul fitri. Poé anu ceuk sasaha ngabersihkeun saban jiwa nu geus ngalakonan puasa sabulan campleng. Héndar ngarérét kana jam dinding anu naplok. Angkana nunjukkeun tabuh satengah tilu. Gap leungeunna ngarampa layar élsidi anu témbong ngagurat kawas akar. Sajongjongan mah ngahuleng neuteup layar teve kawas nu keur milang gurat-gurat rengatna. Héndar ngarahuh. Ragamang leungeunna kana rémot control nu ngagolér handapeun lomari wadah teve. Tombol on-off-na  dipencét. 
“Haram jadah,” pokna kawas anu nahan kaambek.
Rét ka kamar. Iméy, pamajikanana masih ngalalakon dina alam pangimpian. Kawas anu tibra naker. Kituna mah pantes sabab tibeurangna capé digawé. Tihothat néangan kipayah keur bekel kulawarga, ngaborahan anak ngaborahan salaki, nyayagikeun mangpirang kaperluan poé lebaran. Ceuk paribasana tidungdung tisuksruk, suku dijieun hulu, hulu dijieun suku mélaan keur bekel sapopoé, bekel pikeun kaperluan lebaran utamana. Rét deui panon Héndar neuteup anakna, Jidan nu nyelegon bangun anu tumaninah dina keukeupan indungna. Mani ngageubra sasatna keur meumeujeuhna diajar ngorék.
Héndar ngarahuh. Leungeunna ngarongkong rémot teve. Sorana ngorosok.
“Padahal mah teu kudu malédog tipi aya kaambek mah," omongna deui kawas nu meupeus keuyang.
Lageday nyanda dina tempat diukna. Neuteup lalangit kawas anu nyidik-nyidik lamunan. Bréh paripolah pamajikanana pasosoré tadi. Sorot panonna anu buringas lir paroman nu nyidem kakeuheul. Rénghap ranjugna anu ngabalukarkeun dada turun naék kawas hayang sahabek-habekeun nampiling dirina. Pamustunganana mutu batu anu dikeukeuweukna ngadagor layar teve. Imah ngadak-ngadakak kawas nu kasamer gelap, mareng jeung réangna sora nu takbiran di saban corong masjid.
Katémbong deui Iméy anu tihothat saban poéna. Indit digawé ka salah sahiji garmen. Sakapeung mah balikna peuting sabab kudu lembur. Indit isuk-isuk bari remen kabeurangan lantaran réa nu kudu dicabak, seuseuheun jeung kumahaneun, nyangu, ngamandian Jidan, anakna. Pagawéan anu dilakonan ti subuh mula téh sakapeung kabolér. Lain tara dibantuan ku Héndar, ngan kitu kangaranan lalaki mah lain pakna baranggawé di imah. Kitu babasaan Héndar mun seug teu bisa mantuan nu jadi pamajikanana. Mun mah sakali kukumbah piring, aya waé piring atawa lumur anu peupeus, atawa sakalieun gurang-goréng, tutung téa mah, atah kénéh téa mah, teu weléh aya cawadeun. Anu rada kapaké téh ukur moékeun seuseuhan.

Héndar ngarahuh. Kawas anu hayang ngaleupaskeun bangbaluh. Rokona diseuseup deui. Haseup mulek minuhan rohangan. Rét deui kana layar teve. Gurat-gurat rengat dina layar kawas nu nyeungseurikeun dirina. Kagambar deui kajadian tadi soré sabot pamajikanana nataharkeun dahareun keur buka. Iméy hahaok ka dirina duméh anakna tigeledug. Ari Héndar ngadon anteng lalajo teve lain nalingakeun anakna anu keur diajar leuleumpangan. Kesel kawasna mah Iméy téh. Héndar anu sapopoéna ngaligeuh, taya pisan bisa mantuan pagawéan di imah.

Héndar neuteup kana layar teve anu geus peupeus. Mangpirang lalakon dirina mangwelas-welas taun ka tukang ngadadak narémbongan. Ti leuleutik manéhna mah teu kungsi barang gawé kawas budak awéwé. Atawa budak lalaki anu sok bunta-bantu ka nu jadi kolotna. Manéhna leuwih resep lalajo teve. Saban film dilalajoanan. Tepi ka nyaho saban carita dina saban filmna. Tepi ka dilandih ku baturna tukang pilem.
Kungsi dicaram nongton teve ku indungna téh, manéhna kalah nambalang, majarkeun boga cita-cita jadi béntang pilem. Mireungeuh kana jawaban sarupa kitu téh indungna nyarékan laklak dasar, majar mani lahuta.Hing manéhna ceurik sabab rumasa saha jalmana anu boga pikiran hayang jadi artis sasatna urang lembur jaman harita.
Héndar mimiti meunang jalan téh basa panggih jeung mahasiswa ti kota anu keur KKN di lemburna.
“Lebet wé ka ésémka kesenian!” Ceuk mahasiswa anu harita ngobrol jeung dirina katut indung bapana. Nya Héndar bisa sakola di SMK Kasenian nyokot jurusan aktor. Salila tilu taun cicing di kota téh Héndar milu nyiruruk di bibina.
Nya kitu takdir ti Gusti kadar ti Nu Maha Kawasa, Héndar bisa hirup-hurip di kota tepi ka diparengkeun ngajodo jeung anak tatangga bibina anu saruwa bubuara di kota, Iméy. Nu matak harita Iméy daék dikawin ku Héndar téh puguh Héndar keur boga gawé jadi tenaga bagian umum di sakolana satutas lulus. Nya kitu Héndar téh rapékan mangsa aya di sakolana. Sakapeung mondok moék di sakola nyicingan sekrétariat éskul. Nya sabada lulus téh ku kepala sekolah diangkat jadi pagawé bagian umum. Kitu téh dumeh nyebutkeun dirina moal nuluykeun kuliah basa ditalék ku kepala sekolah sabab teu boga waragad.
Keur jongjon rumah tangga Héndar kapincut ku casting nu harita dilakonan di sakola. Cenah sinétron. Nya tina hasil casting téh manéhna lulus. Atoh kacida gumbirana Héndar basa meunang éta kasempétan. Manéhna ngawang-ngawang bakal jadi artis popular, artis sinétron. Bakal nampa duit tina saban épisodena mangpuluh-puluh juta. Nu pamustunganana Héndar kaluar tina pagawéanana di sakola.
“Yakin kana kaputusan téh, Kang?” Iméy harita nanya. Haténa mah kawas anu ngarasa lewang.
“Ieu téh cita-cita akang, Méy. Naha teu atoh boga salaki artis?”
“Atoh atuh, tapi tos pasti éta sinétron téh bakal pipanjangeun?”
“Ulah salempang Méy, ieu sinétron téh bakal laku. Sabab caritana anak muda. Bakal pipanjangeun tepi ka mangratus-ratus épisod. Hasil maén sinétron bakal kabeuli itu ieu, Lainna Iméy gé hayang muka jongko pakéan? Akang ngarawuan artos, Iméy jadi wanita kariér, pengusaha. Mantep, Méy” omongna tandes.
Héndar miang ka Jakarta tur geus amitan ka dunungan di tempat gawéna. Nya di Jakarta manéhna meunang pangalaman anyar dina pergaulan kahirupan dunya sinétron anu sabenerna. Panggih jeung artis, jeung sutradara anu enya-enya sok nyutradaraan sinétron. Dina prakprakan shooting Héndar kacida dariana, naskah geus leuwih tiheula diapalkeun. Blocking geus teu aneh deui ceuk pikirna, keur mah dirina boga luang pangalaman mangsa di sakola salaku pelajar anu parigel merankeun tokoh.
Prak ngamimitian shooting Héndar anu geus ngarasa boga bekel jadi aktor film dina émprona mah réa kénéh oméaneunana.Teu sagawayah jalma bisa acting haréupeun kaméra. Najan nu biasana pinter cacarita hareupeun balaréa, didongkangan ku panon kaméra mah ceuk sasaha ogé ngadadak ngeleper. Balukarna Héndar ukur kabagéan opat scene dina éta produksi téh. Kitu ogé ukur peran piguran jadi tukang parkir. Ku alatan éta dirina ukur nyakuan honor gaganti ongkos. Ti harita dirina lir anu kapupul bayu sabada leungiteun harépanana, sabada leungiteun paksabanana.
Dosa ka pamajikan mana kieu meureun, teu ngawaro, gerentes haténa bari nyeueung kana lalangit. Kawas anu ngarep-ngarep aya duit murag ti langit.
“Teu saré?” Iméy ngelol tina lawang panto kamar laju nyampeurkeun.
Héndar teu némbalna. Manéhna ukur ngarérét. Tuluy neuteup deui kana layar teve.
“Tipi ruksak dilalajoanan. Pareuman, hambur listrik,” pokna bari ngarongkong kana rémot laju teve dipareuman. Léos ka dapur, teu lila kaluar mawa ciherang. Jen nangtung teu jauh ti tempat Héndar nyangsaya.
“Kumaha geus aya jawaban téh?” Iméy nanya.
“Kateuing, bingung.”
“Bingung waé kitu mah, wayahna wé kuring tulus mulang ayeuna. Ceuk agama gé wenang pamajikan menta balik mun geus teu dinafakahan ku salaki leuwih ti tilu bulan mah,”
Héndar cengkat, neuteup seukeut ka Iméy anu ngajanteng.
“Hampura…” omongna.
Iméy teu némbalan, sup ka kamar. Kadéngé mukaan lomari kawas anu keur mémérés pakéan. Sora nu takbiran di saban corong masjid nambahan waas kana haté nu keur marudah.
Panglawungan 13,
Romadon 1437 H
Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com