Mangle No. 2593, 8 - 14 September 2016
Ku
Iwan M. Ridwan
Wanci janari Bah Adnan lilir. Karasa bulu
pundukna ngadadak muringkak. Manèhna kakara ingeten kasarèan ti sabada solat
isa. Korèjat hudang. Jung nangtung. Rèt ka sakurilingeunana. Gebeg. Hatèna kebek
ku kareuwas nènjo kaayaan jadi sepi jempling. Domba anu samèmèh manèhna sarè ramè
patingbèrèlè harita taya hiji-hiji acan dina tènda.
“Allohuakbar!” Bah Adnan ngagorowok dina
hatèna. Gedig muru ka anakna anu ngaguher hareupeun durukan pareum.
“Hèndi! Hudang! Geuning silaing kalah molor!”
Bah Adnan ngageubig-geubig anakna anu masih ngarèngkol.
Hèndi rungah ringeuh kawantu reuwas ngadak-ngadak
aya anu ngahudangkeun.
“Aya naon, Bah? Aya naon?” Hèndi burial
buncelik.
“Ngadon sarè,”
“Tunduhna teu kuat, Bah. Èta geuning Abah
ogè sarè,” Hèndi nungkup bahamna anu heuay. Awakna angger ngagolèr.
“Hudang! Tènjo domba euweuh!”
Hèndi kagèt. Rèt ka jero tènda. Gebeg,
manèhna ogè ngarènjag.
“Kalabur domba tèh, Bah!”
“Aya nu ngagubug! Meunggeus ulah ngocoblak
waè. Geuwat urang tèangan!” Bah Adnan singkil nèangan batre jeung sapatu bot.
Hèndi anu dibèjaan domba aya nu maling tèh
teu kaukur kagètna. Manèhna rikat nuturkeun Bah Adnan. Sarung anu salila sarè
mungkus awakna digulungkeun sina meulit kana beuheung. Kuplukna dibebenah.
Bah Adnan ngagedig ka lebah motorna anu
parkir handapeun tangkal tangkil. Kusiwel ngaluarkeun koncina. Clè dina motor,
diselah sababaraha kali.
“Aduh Abah, kumaha atuh, bèjaan Kang
Aay?” Hèndi nyarita satutas aya di hareupeun Bah Adnan, leungeunna mah kadak-kodok
kana saku bajuna nènèangan hapè.
“Ulah waka gujrud, hayu urang tèangan
sugan acan jauh anu malingna,” tèmbal Bah Adnan bari nyelah motor.
Grung motor tèh hirup satutas sababaraha
kali diselah. Mesinna dipanaskeun satengah digaur-gaur. Sorana ngabèrèkbèk,
haseupna ngebul. Clè Hèndi diuk tukangeun bapana. Sanggeus ngarasa cukup panas,
motor digas. Biur mangprung meulah janari. Hawa tiris anu nyelecep kana tulang
kawas anu teu dirasa ku maranèhna. Dina pikiranana domba kudu bisa kapaluruh
deui samèmèh beurang. Ceuk pangrasana nu maling tacan jauh ti dinya.
Motor ngalèok ka wètankeun muru jalan
jajahan anu brasna ka jalan nu ngajugjug ka dayeuh pangramèna. Sapanjang jalan
teu hiji-hiji acan kendaraan anu ngulampreng. Kangaranan jalan pilemburan wanci
janari mah arang langka nu ngulayaban.
“Rek tuluy ka Bandung, Bah? Apanan urang tèh
teu makè hèlm,” sora Hèndi ngadègdèg nahan hawa tiris.
Bah Adnan teu nèmbalan. Motorna terus
mangprung ngajugjug ka tempat anu leuwih tiiseun. Reg eureun, gasik muterkeun deui
motorna. Balik arah. Motor tuluy mangprung ka kulonkeun muru ka lembur tempat manèhna
miang samèmèhna. Sabot ngaliwat kana tempat panyangcangan domba manèhna
ngalieuk, enyaan domba tèh taya hiji-hiji acan, manèhna lain keur ngimpi.
Biur deui motor anu ditumpakanana muru ka
jalan anu ngabulungbung. Dina hatèna pinuh ku karisi. Inget ka Jang Aay alona
anu nitipkeun domba. Sanajan katalian ku Alo, dina kabuktianana manèhna tèh
dunungan mangsa harita mah.
Jang Aay anu itikurih ti leuleutik kiwari
geus bisa ngabayuan kulawarga. Dalah lain ukur kulawarga dirina sorangan,
dulur-dulur anu jauh kawas Bah Adnan ogè milu kabagèan rezekina. Anu alus tinda
diri Jang Aay, manèhna mah ibaratna tara mèrè lauk kanu jadi dulur tèh tapi mèrè
useup sangkan bisa ngala lauk. Nya kitu deui ka Bah Adnan, teu ieu dibèrè sapèsèr
tina hasil ihtiarna tapi diajak dina ngokolakeun usahana, pikirna sangkan jinek
pangasilanana. Sikep kawas kitu tèh pikeun Bah Adnan mah leuwih karasa
dihargaanana tinimbang ukur nampa duit pamèrè. Diaubkeun dina usaha Jang Aay
pikeun Bah Adnan lir narima kapercayaan. Tapi nya kitu mungguh dodoja, domba
anu geus meunang ngumpulkeun pikeun jualeun mangsa mapag Idul Qurban tèh kiwari
bet suwung taya hiji-hiji acan. Hatèna kebek ku karupek, kudu kamana maluruhna.
Lembur anu sakitu legana tèh apanan rèa jalan anu ngembat ka jauhna.
“Bah, tong tarik teuing ngajalankeun
motorna, tiris!” Hèndi norowèco, huntuna noroktok nahan rasa tiris. Mungguh
tiris kacida tumpak motor wayah janari. Keur mah eukeur usum halodo harita tèh
katambah lalampahan lumayan jauhna.
Bah Adnan ngawaro. Motorna semu
ngalaunan. Reg eureun dina jalan sisimpangan. Manèhna tenga-tengo ngènca
ngatuhu. Pikiranana ngijir-ngijir lumpatna maling. Lèok motor ngènca, mapay
jalan anu leuwih gedè muru ka dayeuhkeun. Di èta jalan mah mobil geus aya anu
ngulampreng, najan bari jeung tarik ngajalankeunana, matak paur anu nempo.
“Rek nèangan ka kota, Bah? Mending urang
balik deui waè, tiris!” Hèndi ngarahuh.
“Montong waka putus asa! Nya teu inget ka
nu bogana? Teu inget ka Si Jalu anu geus dibeuli ku Dèn Yana!” Bah Adnan ngadon narikan gas motor anu
ditumpakanana, orokaya Hèndi anu diuk di tukang rada ngajengkang mun seug teu
rikat muntang mah teu pamohalan ngajengkang.
Teu bisa majar kumaha Hèndi anu jadi anak
ukur bisa nuturkeun karep bapana. Sok sanajan awak beuki ngagibrig katirisan, teu
garah-geureuh, manèhna nangkod tipepereket. Manèhna ogè inget tadi sore samèmèh
meuleum sampeu aya lalaki umur tilu puluh lima taunan meuli domba anu nelah Si
Jalu, domba anu diomat-omatan ku Jang Aay ulah dijual kurang ti tilu juta
satengah. Pangna kitu cenah Si Jalu mah domba alus. Hèndi ogè sapuk kana
pamadegan Jang Aay kapilanceukna. Si Jalu mah tandukna rangkobang, awakna
lintuh, buluna beresih tayohna ku nu ngukutna teu welèh dimandian saban poè
Jumaah.
Bah Adnan ogè kungsi nyarita ka dirina,
mun seug boga duit saharga Si Jalu, rèk dibeuli èta domba tèh. Rèk diingu. Keur
bibit. Ari domba bikang mah moal ieuh bangga nèangan najan meuli anakna ogè moal
burung boga. Matakna basa Si Jalu dibeuli ku Cep Yana bari jeung teu adu tawar tèh
Bah Adnan semu anu beurat hatè. Ari kitu tèa mah teu bisa majar kumaha cenah manèhna
ukur katitipan pangjualkeun. Atoh sakuduna mah sabab domba geus aya anu meuli
deui. Ari geus dibeuli kitu tèh teu nitah dianteurkeun harita, kawantu geus sorè.
Isukna waè cenah sangkan nyalsè. Bah Adnan ogè nyanggupan kana èta pamènta.
“Bah, urang solat heula wè, geus subuh,”
ceuk Hèndi sabada ngadèngè adan subuh tina corong masjid sisi jalan.
Reg Bah Adnan ngeureunkeun motorna
hareupeun pisan masjid. Sup ka gerbang masjid muru ka tempat parkir motor anu
harita mah ukur tèmbong aya motor hiji kawasna mah anu balik ti pasar, sabab
tèmbong motorna angkaribung. Sawatara urang jamaah tèmbong arasup ka masjid. Di
tempat wudu aya sababaraha urang.
“Bah, arèk sakalian nanyakeun ka nu aya
di dieu sugan aya anu kungsi manggihan nu ngangkut domba?” Hèndi nyempetkeun
ngagerendeng basa maranèhna rèk abdas.
Bah Adnan ukur gideug. Biwirna tèmbong
kunyem laju ngumbah leungeunna ngamimitian abdas. Tarapti pisan kawas anu keur
ngararasakeun celecepna cai wudu kana babagian anggahota badan anu dikumbah.
Nènjo bapana teu ngomong naon-naon tèh, Hèndi
ngamimitian abdas. Nuturkeun asup ka jero masjid laju sarolat fajar anu
dituluykeun ku solat subuh berjamaah. Geus rèrès solat duanana gura-giru nèangan
deui laratan domba anu kiwari teuing di mana.
Mèh saban jalan di suklak-sikluk dayeuh
dijugjug ku Bah Adnan. Sakapeung eureun di warung sisi jalan natanyakeun manggihan
nu mawa domba ngaliwat ka dinya atawa henteu, sugan jeung sugan aya bèja jeung tangara.
Tapi welèh domba tèh taya laratan.
“Bah, ieu Kang Aay nelepon!” Hèndi bari diboncèng
tèh ngamang-ngamang hènpun.
“Tong waka diangkat!” ukur sakitu anu
kedal tina baham Bah Adnan.
Jep Hèndi cicing. Hènpun anu keur disada tèh
diasupkeun deui kana saku bajuna. Sakedapan hènpun tèh jempling. Tapi teu lila
kadèngè deui ringtone-na disada. Hèndi
ngodok deui hènpunna, brèh dina layar LCD-na ngaran Kang Aay.
“Bah,…”
“Antep,”
Hèndi cicing deui. Telepon sababraha kali
di sada. Antukna Bah Adnan muterkeun motorna seja mulang ka tempat panyangcangan
domba. Dina pikirna sagala rupana bakal disanghareupan ku dirina. Moal ieuh
lumpat tina kanyataan dirina anu geus talèdor ngadon sarè mangsa nungguan
domba. Bet ku anèh keur dirina ogè tara-tara ti sasari peuting harita mah
tunduhna mani nataku. Hèndi kitu deui satutas Bah Adnan amitan rèk sarè tèh
kalah milu ngaguher. Kawas anu geus ilapat rèk aya kapapaitan bet les poho kana
kawajiban. Mun mah biasana tugur tèh aplusan, Bah Adnan anu sarè ti heula,
ninggang di tengah peuting dirina anu cindekul. Tapi harita mah Hèndi bet
ngadak-ngadak teu bisa ngusir jurig tunduh.
Bah Adnan ngajalankeun motorna teu pati
tarik sabab geus rèa kendaraan anu ngalalar wanci isuk-isuk mah. Sanajan kitu
teu burung tepi ka tempat dirina ngadadagangkeun domba qurban. Barang jog ka
tempat, gebeg Bah Adnan reuwas, kitu deui Hèndi. Di èta tempat jalma ngagimbung
ngariung domba anu tingbèrèlè. Jang Aay tèmbong aya dina riungan èta jalma.
Mang Adnan nyampeurkeun nelek-nelek anu
keur ngajaranteng bari kawas aya nu dipadungdengkeun. Brèh ketènjo aya Cèp Yana
anu meuli Si Jalu, gigireunana pulisi sababaraha urang nyanghareupan tilu urang
jalma anu leungeunna ditalikung katukang. Bah Adnan kebek ku karupek. Manèhna hèlok
ku kaayaan. Manèhna ngajanteng kawas arca mun teu dibageakeun ku Jang Aay mah
kawasna bakal ngajanteng salila-lila.
“Jang…” ukur sakitu-kituna anu kedal tina
baham Bah Adnan basa Jang Aay nyampeurkeun.
“Keun waè Mang, da geus salamet sarèrea ogè ayeuna mah, sukur
Mamang salamet ogè,” Jang Aay surti kana eusi hatè Bah Adnan.
“Janten kumaha ieu tèh, Kang?” Hèndi anu
ti tatadi ngembang kadu milu mairan. Manèhna ogè teu èlèh heraneunana.
“Tuh, nu malingna geus kapanggih. Aya
milik kènèh urang sarèrèa. Mobil anu dipakè malingna tikurusuk ka sawah.
Parengan Pa Ejang badè dines nyubuh, nya ku anjeunna dibaladah,”
“Pa Enjang pulisi?” Bah Adnan mastikeun.
“Leres, Mang,”
“Pami itu Cèp Yana ogè aya di dieu?” Bah
Adnan nanya deui.
“Kersaning Alloh, Mang. Tikurusukna
kolbak tèh ngagiwar nyingkahan mobil Kang Yana, atuh ngiring kadieu. Horeng Si
Jalu tèh geus dibeuli ku anjeunna, nya?” Jang Aay panjang lebar. Bah Adnan
jeung Hèndi mah tiba olohok.
Panglawungan 13. Hapit,
1437 H