(CUPUMANIK - edisi November-Desember 2011)
Soré harita mah hujan gancang raatna. Langit béngras deui. Panon poé moncorong deui
najan geus ampir mubus ka handeuleum sieum. Di jalan mobil
jeung motor beuki pasuliwer ngulon-ngétan: nu baralik gawé, nu baralik sakola jeung kuliah, atawa nu ngahaja ulin papasangan. Aya ogé nu rék indit. Indit gawé atawa indit ka
mana horéng. Kuring mah biasa wé nikreuh sapanjang jalan. Lain teu boga duit keur naék
angkot atawa ngahaja ngirit, tapi nu liwat dinya ukur mobil méwah jeung motor nu ngahaja
maké jalan tetembusan.
Salsé nakéranan leumpang téh sakalian cuci mata. Sagala dirérét sagala diténjo. Tapi kalah
peurih ku kekebul nu halaliber kabawa angin soré. Cuci mata sotéh nempo nu hérang-hérang
maksudna mah. Nu gareulis. Barudak SMA nu arabmucuy keur meujeuhna kokoseun, atawa mahasiswa
perkantoran jeung perhotélan anu dangdanna méakeun batur. Dibiasakeun cenah ambéh gampang néangan pagawéan.
Da lolobabana mah pagawéan téh ngabutuhkeun nu gareulis. Tuh geuning SPG nu karék
arindit gawé shif malem, mani salaleger katempona. Ngadak-ngadak ngaruy.
Nu diboncéng dina motor
diukna cangégang,
ngahaja kawasna mah ngabibita. Teuing ngabibita saha-sahana mah, kuring
gé teu apal. Anu kitu téh kalolobaabana mah budak
SMA. Dibawa ku pasangana dina motor bégang bari knalpotna boborobotan. Di jalan ngebut, meuni teu
sieuneun asup angin najan erok kulawuna ngaliglag ogé, ah kétang asup si imin ogé teu sieuneun. Cenah mah
di urang ayeuna, barudak awéwé téh ampir tujuh puluh persénna geus ngalaman
kikituan. Wallohu kétang urusan éta mah moal deuk diuar-uar.
Balik deui ka jalan, anu dina motor téh aya ogé anu paduduaan jeung awéwé deui atawa
sosoranganan. Nyelap-nyelip kana sisieun mobil méwah
anu beuki euyeub ngagegekan kota Bandung, geus rumasa béak lolongkrang mah eureun harita kénéh gé. Nu dina motor séjén sok ting rarérét luhur
handap. Nempo beungeutna jeung awakna tuluy turun kana lebah harigu jeung cangkéngna. Reug teuteupan
areureun dina
lebah pingpingna, aya ogé nu pirajeuneun ngahuitan bari
sarangah-séréngéh, nu kitu téh biasana mah barudak ngora papantaranana,
kalolobaanana mah ngan semet bisa neureuy ciduh bari diukna sok rada usad-ised.
Klakson réang disarada
nalika lampu geus héjo deui. Biur kabéh
maraju tinggarerung bari patétéép.
Basa anjog ka stopan, kadéngé hénpon disada nandakeun aya
SMS nu asup. Ah moal salah ti Si Enéng beubeulahan haté
nu geus jangji rék patepung di parapatan. Sakapeung mah sok ngarasa anéh,
papanggihan téh bet di lampu stopan.
Saheunteuna gé di taman kota pantesna mah atawa di Mall kawas
ilaharna barudak ngora nu keur meujeuhna ngangon katrésna. Tapi keun baé kétah ngarah
béda.
“A, Abdi badé angkat ayeuna nya!” kitu uni SMS nu katarima.
“Enya sok diantosan, A tos di tempat.” Cekéng, minangka balesan.
“Walah tos ngantosan? Sareng saha di dinya A?” témbalna deui masih dina
SMS.
“Nyalira, Néng! Teu sawios nyalsé wé ti bumi ulah kekebutan!” ceuk kuring deui bari
tuluy diuk dina bangku panjang paranti tukang béca reureuh ngadagoan
panumpang. Harita mah kaparengan rada
sepi, témbong aya béca hiji, nu bogana keur
babaseuhan dina sélokan bari ngaguar-guar runtah, sabab cai hideung téh mudal maseuhan jalan. Ngabayabah. Kabawa muih ku ban mobil jeung motor nu
ngaliwat. Ukur dirérét mélétét. Embung milu riribugan
mah.
Paneuteup ka hareup deui, ngawaskeun balawirina
jalan Soekarno-Hatta. Nempo motor nu kawas pawéy. Sakapeung areureun kapegat
lampu beureum. Piligenti jeung nu
datang ti arah kulon. Giliran nu ti arah kulon eureun, manéhna maraju bari ting
baliur. Kitu jeung kitu we sapapanjangna. Henteu téh ari peuting meureun semet
jam sabelas kaluhur nepika jam lima subuh. Teuing da teu kabandungan.
Sajoroning nitenan kaayaan, haté mah indit teuing
kamana boa. Inget ka indung di lembur nu geus kolot bari jeung masih kénéh
riripuhan di sawah. Abah nya kitu kénéh, subuh-subuh geus kukurubutan dina
reumis, beurangna jejeblogan bari
papanasan mopokan galeng atawa ngamalirkeun pétakan, enya ayeuna téh waktuna
nyawah. Kuduna mah geus waktuna
eureun tina nyawah kolot téh. Geus waktuna cicing. Tapi dalah dikumaha Haji Sadili masih kénéh mercayakeun nyawah ka Abah bari jeung hasilna
mah ngan ukur keur ngamodalan deui sawahna. Ngeunah we keur manéhna mah hasil téh
dikerid satengahna, sedeng modal sawah mah teu apal ti
mana ti mendina. Timana meuli gemukna, timana keur
nyemprot hamana. Keur mayar nu mopok jeung ngalektor, can deui nu tandur. Ah puguh ge mun si
Abah teu merih mah pimanaeun bisa aya keur dahar bari
jeung teu meuli beas.
Abah téh jalma ngumbara kawas kuring, manéhna kakaburan tina udagan Goromolan DI/TII ti Cibatu, Garut, tuluy panggih jeung Eyang Haji Enur, nya digawékeun di Anjeuna tepika ngajodo ka incuna nyaéta
indung kuring ayeuna.
Loba nu teu panuju harita téh sabab maenya aya
bujang meunangkeun dunungan najan enya ka incuna. Ari Eyang Haji Enur katut bapana indung kuring, aki tea, teu sugan mondah atawa
ngajodo-jodokeun ka nu jadi anak-incu téh, kumaha jinisna we majar téh nu rék
rumah tanggana ge maranéhna sorangan tangtu boga pamilih. Keur mah eukeur
indung kuring téh anak yatim satutasna ditinggalkeun maot ku Nini, enya idungan
indung kuring, nu maot sabot ngalahirkeun indung kuring. Ari aki kawin deui ka
parawan kolot nu sapopoéna kuli nutu di saung lisung Eyang Haji. Dasar atuh awéwé
beunghar ngadadak kabawa ku salaki, anu asalna cacah ngadadak jadi menak, watek jeung tabeatna jadi asa aing pangendenna. Dangdanan jadi ceuyah, kadaharan kudu
ngarareunah, sare kudu dina kasur merenah. Teu daek indit deui ka saung lisung,
anti pisan bobolokot leutak sawah.
Ah keun baé kétang, ulah sok diuar-uar, teu jadi kahadean malah mah
jadi kagorengan. Keun wae da ayeuna mah maranéhna geus areuweuh, lian ti éta
Abah jeung Ema ge geus mopohokeun meureun. Kudu syukuran ayeuna mah, kuring
bisa kuliah tina hasil itikurih maranéhna téh.
Enya sok sanajan ripuh ogé di sawah, baheula mah bisa kampal-kumpul
sautak-saeutik, tepi ka bisa ngagade deui sawah. Tina hasil gadean éta nya
dikumpulkeun deui wae, keur kukumpul ziarah ka Tanah Suci, jeung
Alhamdulillahna téh bisa tinekanan. Enya pangakuan Abah jeung Ema mah lain
karana Nisab cenah munggah haji téh, tapi karana nasib, geus digariskeun ku
Pangéran Nu Welas Asihna teu kawatesan ku nanaon.
Harita mah teu pati loba mikiran eusi beuteung Abah jeung Ema téh,
cukup ku ngandelkeun pangasilan tina nu dipelak di kebon jeung di sawah we.
Cekeng ge ari beas mah teu meuli, deungeunna nya kitu kénéh karék lalab-lalaban
jeung lauk emas mah teu hararese, komo ninggang di usum nyawah mah, tutut jeung
keong hideung ge sok ngadak-ngadak milu mijah. Nu matak resep, mun keur
ngabedahkeun téh sok loba kamras jeung hurang, matak bungah sasairan téh,
boboko jeung totombo téh asa kurang kénéh wae.
Teu ngan ukur sakulawarga nu curak-curak di sawah mangsa
ngabedahkeun téh, tatangga ogé sok milu riribugan, diajakan sasairan bari
ngalaan tutut. Alus kana taneuhna mun seug lidig loba nu nincakan téh jadi
gembur tur gampang nyoronganana. Kana parena bakal leuwih alus sabab
jukut-jukut nu kungsi jaradi téh milu kalelepkeun jadi gemuk.
Sok sanajan riweuh nyanghareupan usum nyawah, Abah jeung Ema teu
weleh suka seuri, sabab bakal metik halisna. Komo mun geus beres ngarambet
mindo mah kari nungguan. Tamba kesel téh ngalanto ka sawah bari ngagebah keting
jeung piit. Enya ngagareuwahkeun téh sok resep, ngenyang tali nu rantuy ku
lalamakan, tungtung nu pangjauhna nyangreud kana beuheung bebegig, sabot
dikenyang téh témbong unggut-unggutan bari jeung gogolombrangan kawas nu
ngagebahkeun. Padahal mah teu sabaharaha si Piit jeung si Keting téh nyatuna,
tapi da kitu kanikmatanana.
Kiwari sawah nu baheula téh kari sacangkewok, kitu ogé sawah batur,
sabab sawah nu Abah jeung Ema mah apanan béak dijual paké borah kuring kuliah.
Lain alatan hayang-hayang teung dijual paké beaya kuliah, sawah téh ayeuna mah
geus kurang hade. Taneuhna geus kurang subur, ditambah hama pare beuki maceuh.
Karék ogé ceb tandur, geus ku simeut jeung keong. Atuh binih téh kudu dilobaan,
deder teu sirikna di unggal juru kotakan kudu aya. Geus rada gede bari
disaatan, karék rada eureun tah si keong téh. Enya eureun hiji datang nu lain,
si monyong beurit tah nu ngagalaksak leuwih rongkah mah. Manéhna mah ngala
humutna pare téh, atuh moal bisa dipondah tangkal-tangkalna rarubuh.
Lian ti hama sato téh apanan taneuh jeung caina ogé geus kurang
alus, teu matak mawa subur kana parena. Mimindengna mah beureum daunna téh,
laju kana buahan ranggeuyan-ranggeuyanana ge apan carerewing nangtang langit,
tinangtu kana hasilna ogé teu matak nguntungkeun. Keur mah ti babaheulana ge
tangkulak téh loba nu nganjuk, kari-kari hasilna kawas kitu, nya teu bisa majar
kumaha nu matak dina hiji mangsa mah basa kuring daftar kuliah di Bandung,
sawah téh dijual ka urang Jakarta. Lain ngahaja dijual kétang, manéhna sorangan
nu datang ka lembur néangan tempat piimaheun. Ari sugan téh keur imah manéhna
hungkul, sing horéng keur imah balaréa tepika sawah bogana Haji Apud jeung Kang
Minta ogé milu dibeuli.
Ari sawah Haji Sadili mah mungguh jauh ti jalan, nu matak masih
disawahan kénéh ge, moal dijual cenah satungtung manéhna aya kénéh mah.
***
“Tiiiiidt”
Sora klakson meupeuskeun lamunan. Nafas renghap ranjug kebek ku
kareuwas. Ditilik nu tunggangna, nyeh imut satengah ngadilak.
“Ngalamunan naon hayoh?” cenah bari ngolesed tina diukna. Kuring
geuwat nangtung maksud rék nyampeurkeun nu anyar datang. Tapi manéhna leuwih
tiheula anjog ka hareupeun. Geus deukeut, buku-buka kana kantongna. Kusiwel
ngaluarkeun bungkusan leutik pulas coklat.
“Yeuh, abdi mah bageur badé jalan-jalan téh masihan heula bekel.”
“Térang nyalira meureun A amah tos tinggal awak sabeuleugeujeur.
Keun wae da Rama Enéng mah, kantun ngarawuan artosna ogé.”
“Enya mudah-mudahan we tiasa salalawasna!” ceuk manéhna mungkas
obrolan.
Motor nu teu pati jauh diparkir téh dibawa ku kuring, Si Enéng di
tukang nangkod pageuh kawas sasari. Soré geus ganti ku peuting. Dayeuh Bandung
beuki ginding. Kuring jeung manéhna nyaksian kahirupan dayeuh peuting nu beuki
nyaring.
Rengse, Bandung 9 Juni 2011