Friday, March 1, 2013

DI PANGUNGSIAN

Galura, Edisi II Maret 2013

(Iwan M. Ridwan)

Langit Bandung geuneuk deui. Panon poé kawas nu geus wegah méré panas. Teu kaur caang reup deui kahalang ku méga malang. Mangréwu kahariwang geus anjog ka jero haté séwang-séwangan. Mungguh lain bantrak-bantrakeun hujan anu deui-deui bakal narajang lir ratusan juta anak panah leupas tina gondéwah. Malah bisa leuwih ti kitu.   

Mimitina mah barudak gé kalah kawas nu atoh. Pating kucuprak saleuseurian. Silih simbeuh ku cileuncang. Aya kandaraan anu mogok ragot lalumpatan pada mangdorongkeun. Calecengiran. Tibeberegég. Tuluy susurakan. Dibéré duit dua rébu pérak keur lobaan ogé bungah kacida. Geus kitu silih simbeuh deui. Lalumpatan deui nyalampeurkeun kandaraan lain anu méh-méhan paéh. Kalolobaanana mah mémang paéh. Kitu sapanjang masih bisa disorang mah. Dikumpul-kumpul duka teuing meunang sabaraha duit téh sok sanajan teu satiap anu mogok méré bayaran. Enya kitu sotéh barudak mah narulungan. Ridho lilahita’ala.  

Lila kalilaan cai téh ngaluhuran. Anu asalna satuur jadi sapingping. Anu asalna sapingping jadi sacangkéng. Mingkin luhur jadi sadada. Sasirah. Salalangit para. Sasuhunan. Tuntungna matak teu walakaya. Kandaraan euweuh nu bisa liwat. Pangeusi imah geus lalunta. Barang-barang anu sakirana bisa disalametkeun dibawa ka pangungsian. Tim SAR jeung Badan Penanggulangan Bencana teu weléh sayaga. Tantara nya kitu deui unggal usum ogé teu weléh iatna. Partéy politik, organisasi masyarakat jeung  stasiun televisi teu tinggaleun dina aubna. Enya kabéh pada neundeun simpatik sasatna ka tempat bencana. Bencana musiman leuwih cocogna mah. Sabab geuning teu sirikna unggal usum hujan kieu téh. 

Imah kuring anu ngan sababaraha méter tina biwir Citarum teu sirikna geus kawas gula reujeung peueut. Atawa cohagna mah amis reujeung sireum. Hujan reujeung tiris. Saban mangsa hujan datang cai teu weléh ka buruan. Tuluy naék kana téras. Ampih ka tengah imah. Ka kamar. Ka unggal suklak-sikluk imah. Orokaya mun ninggang dicaah imah kuring jeung tatangga anu pangheulana kacarem. Nu matak unggal datang hujan geus sasadiaan ngakutan parabotan ka jero para. Kitu ogénan mun teu kacarem tepika suhunan.  

Kawas ayeuna. Di pangungsian kuring teu bisa walakaya. Asa lain lalaki. Dahar ngandelkeun paméré ti rélawan bari jeung nyakitu téa teu matak mahi. Sakapeung ngan ukur dahar emih rebus atawa roti hiji. Eumh mani asa ngarumah. Enya mun rék dipitineung mah mangsa baheula sugan iraha ngalaman dahar siga kieu. Saré teu puguh reupna. Enya nu salah mah tetep diri kuring. Mun mah baheula teu boga lampah nirca meureun moal kieu jadina.
***

Hampura, Jang. Hampura Apa. Ujang mah ulah rék nunutur lampah Apa. Ujang mah sing bakti di ditu ka si Ema. Sing bakti ka Aki jeung Nini hidep meungpeung masih keneh araya kénéh bari jeung haat ngabiayaan hirup Ujang jeung Ema hidep. Ayeuna mah Apa gé hanjakal, Jang. Mun rék dibandingkeun mah hirup di kota asa leuwih nyiksa batan baheula kudu ngurus sawah titipan ti Aki hidep. Enya meureun éta teh kanyaah. Sangkan Apa bisa ngahirupan kulawarga. Da kitu geuning Aki hidep mah henteu ngan ukur ka Apa, tapi Kang Jujun ogé anu teu béda jeung Apa, kasebutna  minantu, teu burung dibéré nyawah. Atuh hasilna nya teu bisa disapirakeun ari sakali panén tepika meunang saton mah. Nu majar ceuk Aki hidep keur bekel dahar sangkan teu meuli béas. Ceuk pangrasa mah moal béak satauneun sakali panén. Lian ti kitu apanan panén teh sataun dua kali. 

Eum hanjakal Apa mah, Jang. Mun mah baheula jadi jalma jujur. Meureun moal tepika kieu jadina. Enya atuhda, Jang, Apa téh sasatna jalma tuman diogo ku kolot. Enya Aki hidep di Kadungora. Tuman itu ieu diayonan. Carék-carék teu lila aki hidep ngadon ninggalkeun. Harta anu aya mangrupa réstoran jeung toko dodol téh atuh pada nyokot kunu boga hakna. Éta ogé apanan Apa kabagian réstoran sisi jalan di Limbangan. Nya kitu téa geuning ari sipat Apa anu teu biasa hirup merih titinggal kolot téh ngadon dijual. Boga pikiran kitu téh sabab geus kaangseu rék pirugieun. Maklum geuning Apa mah teu bisa usaha sorangan téh. Enya lain teu bisa-bisa teuing ari ngagolangkeun mah da éta gé saréatna mah indung hidep anu ngatur ngajeujeuhkeun sagala rupana ogé. Ngan Apa geuning dér kalah ngorowotan duit modalna. Lain nyukupkeun ku batina. Alesanan mah rék néangan pausahaan séjén di Bandung. Rék noangan tempat keur muka cabang.

Tapi da éta téh bohong, Jang. Apa di Bandung ngadon ulin-ulinan jeung babaturan, jeung kabogoh. Tapi Ema hidep mah teu apaleun sacongo buuk ogé. Tepika pamustunganana tulus di jual rumah makan téh. Duitna di bawa ka Cianjur. Cicing jeung aki hidep nyieun wawarungan.  

“Pék atuh rék usaha di lembur mah, tuh sakalian dibekelan keur dahar mah urus sawah sangkan teu meuli béas.” Ceuk aki hidep harita basa Apa sasadu rék milu hirup kumbung jeung anjeunna.

Enya, Jang. Apa anu salah deui waé mah. Teu betah geuning ngahiji jeungg mitoha téh. Apa ngajak pindah deui ka Ema hidep. Ngalanto ka kota. Usaha ganti jadi dagang baso. Aki jeung nini hidep nya kitu doa deui waé sok sanajan saméméhna Apa meunang papagah. 

“Sujang, anu ngaranna usaha mah kudu getén. Ulah héjo tihang. Mun mah urang keur ngeureuyeuh dina hiji pacabakan, nya didinya urang kudu soson-soson migawéna. Mun keyeng mah tangtu pareng. Insya Alloh bisa kahasil. Tinimbang urang kudu lanca-linci, tungtungna moal jadi jalma bener. Moal puguh pacabakan” saur Aki hidep harita.

Da enya pisan atuh Jang anu diomongkeun ku Aki hidep téh teu nyalahan. Apa rumasa harita béakeun modal. Nyieun baso téh teu weléh nombok jeung nombok waé. Harga daging sapi mani ngampul pisan. Sedeng anu meuli dileutikan téh apanan kalolobaanana mah karukulutus. Nya orokaya jadi loba hutang. Unjam-injeum kaditu-kadieu jadi loba anu nagih. Jeung Apa béak dengkak ujug-ujug hayang ngajual sawah anu diancokeun keur bekel dahar. Kalawan rerencepan sawah téh pindah kana leungeun batur. Meunang sababaraha usum mah Apa gé teu nyawahan. Ngan orokaya kapanggiheun disawahan ku pagawé Haji Sanusi, ari ditanyakeun ku Aki hidep kanu nyawahna, éta sawah memang geus dijual ku Apa. 

Nya ti harita atuh Aki téh bendu ka Apa. Tapi da geuning ari kitu-kieu mah henteu. Bubuhan jalma soléh. Ngan cenah keur naon maké kudu dijual sagala rupa. Ari Apa apanan jalma tukang dipercaya ku sasaha. Sawah téh dipaké modal nombokan warung baso di kota, moal lila ogé bisa kabeuli deui. Tapi nya kitu téa rasa rumasa teu asak jeujeuhan jeung kurang pendidikan Apa mah, Jang. Duit sawah teu balik, Apa hantem ngadon kabongroy ku randa urang kota tepika hiji mangsa mah kanyahoan ku Ema hidep. Kitu sotéh sanggeus tatangga loba anu lalaporan. Sok mahugi. Sok ulin ti peuting. 

Pamustunganana Ema hidep ménta balik, Jang. Ménta diserahkeun. Ema hidep kabur, balik ka aki hidep. Sagala diuar naon anu karandapan. Enya atuh saha jalmana anu rék bisa narima kalakuan Apa kawas kitu, Jang. Ceuk paribasa mah Aki hidep téh kawas anu nulungan anying kadempét. Sanggeus salamet lain aya ku dua mulang tarima tapi kalah ngarewég, ngajejewét.Nya ku paménta aki hidep Apa ngaragragan talak ka Ema hidep téh. Jeung Apa gé rumasa geus teu pantes meunang kanyaah ti Aki hidep katut kulawargana.  Ah hidep mah moal inget  meureun da masih kénéh leutik pisan. Kana ingetna ogé moal ngarti.

Apa lunta téh ka Bandung, Jang. Mawa duit sesa tina ladang ngajual sawah aki hidep téa. Enya kangaranan di kota gedé, mawa duit panyésaan mah ukur bisa nyiruruk di imah kontrakan sisi Citarum. Uyuhan Apa gé bisa kawin deui ka parawan kolot. Hideung jeung bawél. Bubuhan teu payu ku sasaha. Mun rék dibandingkeun jeung Ema hidep mah jauh tanah ka langitna. Tapi dari pada hirup sorangan leuwih hadé boga pamajikan. Bisa nyieun usaha leutik dina roda. Jualan baso deui waé sakumaha anu ayeuna ku hidep katempo. 

Hidep mah geuning siga anu teu neundeun ceuceub ka Apa téh, Jang. Sanajan Ema hidep jeung aki hidep baheula ku Apa dihianatan. Dinyeurikeun haténa. Hidep mah geuning bet aya rasa miboga bapa. Daék maluruh kadieu. Sok sanajan Apa mah teu wasa narima ogé. Teu bisa nyugemakeun. Meureun mun apal mah kalakuan Apa baheula hidep gé moal daék ngaku bapa. Sasatna baheula téh hidep mah masih kénéh dina aisan Ema hidep.  

Citarum anu beuki lébér jeung belewuk téh lir ibarat dosa Apa, Jang. Dosa anu hésé pikeun dibersihanana. Pagalo jeung sagala rupa; sarah, palastik, limbah, cikolombéran, jeung sakapeung mah mayit nu dipergasa. Kawas mayit indung téré hidep anu masih kénéh ngalelep jero kamar sabab leungeun jeung sukuna ku apa diborogod kana risbang bari diheumpikan kasur.  

(rengse, Cianjur 25 Pebruari 2013)
Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com