Thursday, June 7, 2018

MESSENGER TENGAH PEUTING



Galura, Minggu Ka-IV Mei 2018

Ku Iwan M. Ridwan

Manèhna nèmbongan deui satutas pada-pada dipisahkeun ku nasib anu geus sakuduna pajauh. Kuring ogè ngarasa leuwih deukeut batan baheula, sanajan lain raga badagna. Potrèt jeung tulisan-tulisanna anu hiber ti jauhna bet pagilinggisik dina kahirupan kuring kiwari. Bet mawa deui panineungan anu kungsi karandapan mangwelas-welas taun kalarung. Hayangna mah reureujeungan deui sanajan dina enyana teu kungsi salulut. Ukur bisa neuteup imutna anu bèar marahmay, kitu ogè neuteup ti ka anggangan sabab dina buktina mah èta imut tèh mawur keur batur. Sorana matak gantung dèngèeun mangsa ngedalkeun kekecapana anu handap asor. Sopan tur matak tengtrem kana hatèna. Matak seseblakan. Hanjakal pisan èta kekecapan ogè lain keur kuring, tapi keur batur, pangpangna mah keur guru anu mènta kamandang barudak kana salah sahiji pasualan dina hiji pelajaran. Calakan manèhna mah. Pinter. Kasèp deuih.

Enyaan. Ti baheula ogè kasèp. Pinter. Ceuk sasaha ogè kasèp jeung pinter. Komo ceuk Si Nuni mah anu majar sugan tèh urang kota. Awakna mani bodas, beresih tur sarareungit. Pinter deuih. Resep cenah ka lalaki anu kasèp tur pinter tèh. Sedil ngadèngè Si Nuni ngomong kitu. Kawasna mah naksir. Boa enya Si Nuni jeung manèhna tèh kungsi hahadèan? Kawas anu mindeng kadèngè ceuk Si Wiwin. Geuning sok ngaadeuy-adeuy lamun seug Si Nuni tèmbong patanya jeung manèhna tèh. Keuheul kacida mun geus nyaksian talajak sarupa kitu.

Teu hayang leuwih kuring mah. Kasèp jeung pinterna anu remen dibagikeun ka balarèa ogè pèk tèh teuing, sanajan hatè mah kumejot hayang miboga ku sorangan. Sadrah tur lèah hatè tèh sabab meureun kuring mah teu boga tempat dina hatèna. Samalah dina waktu konganna ogè manèhna teu kungsi ngahaja nyampeurkeun kuring najan ukur nanya bari imut. Teu kawas Si Nyayang anu mèh unggal waktu nyampeurkeun. Ngajak ngobrol. Sedil sakapeung mah. Nu diarep-arep manèhna, anu norojol Si Nyanyang deui, Si Nyayang deui. Manèhna mah tiis leuwih-leuwih ti gunung ès. Teu kungsi ngaley sanajan dina jero hatè anu neuteup di tukangeunanan ngagegedur seuneu kageugeut. Teu. Kawasna ukur hatè kuring anu gugupay ngajak kumalayang ka alak paul. Boa kuring anu ngapung ngawang-ngawang ngajomantara sosoranganan. Geuning kiwari kuring anu ngajauhan. Ninggalkeun manèhna anu ceuk rarasaan mah kuring anu ditinggalkeun.

Kuring teu bisa ngalelebah di mana jeung kumaha manèhna nyanghareupan kahirupan satutas pada-pada lunta ninggalkeun sakola. Ceuk Si Sarah manèhna nuluykeun ka sakola lanjutan di puseur dayeuh. Si Sarah kungsi saangkot basa indit sakola. Teu loba nu dicaturkeun cenah, da kitu manèhna mah tara loba catur tanpa bukur. Satutas nampa èta bèja kuring teu nyaho deui ngeunaan manèhna. Hamo bisa panggih deui meureun. Jajauheun bisa reureujeungan mah. Pamustunganana ingètan ngeunaan manèhna tèh disieuhkeun. Jauh. Dikubur dina lèngkob leuweung kahirupan anu pangjerona tur pangpoèkna malah mandar teu bisa kasampeur deui. Nu matak harita kuring nampa lamaran Kang Bibin ogè hayang ngaleungitkeun manèhna tina ieu pikiran. Sugan ari boga salaki mah duriat tèh bisa nyagak. Mun geus nyagak tangtu bakal aya salah sahiji anu mangkak. Mugia waè anu mangkak tèh kacinta ka salaki sorangan sabab tangtu saban waktu dipiara ku dirina, tur anu palastra tèh kacinta anu nganteng keur manèhna anu teuing di mana alang ujurna.

Kang Bibin, nyaah jeung deudeuhna teu kurang-kurang. Hirupna dibèakeun keur mèlaan kulawarga. Ngan hanjakal pagawèan Kang Bibin kalindih ku urang deungeun. Antukna di-PHK. Buburuh itu ieu sakasampeurna. Kangaranan nyiar kipayah anu teu puguh alang ujurna, Kang Bibin kurang bisa ngabayuan kulawarga. Teu bisa nyukupan pangabutuh sapopoè anu hahargaanana beuki ngajaul. Pangabutuh barudak anu geus sarakola duanana. Nyiar deui pakasaban sèjèn nyamos jeung nyamos waè. Matak teu wasa pikeun dicaritakeun. Kula-kuli di sawah apananan geus lain andelkeueun. Sawah-sawahna geus saralin rupa jadi wangunan. Anu nyèsa ogè geus  ditaringgalkeun ku nu bogana sabab parèna geus tara kahasil. Hama geus mahabu. Caina geus kakeumeuhan ku limbah-limbah pabrik anu ngaradeg dina pasawahan sisi jalan. Pabrik bonèka. Pabrik sapatu. Pabrik kaèn jeung sajabana. Kari nungguan pangwangunan satuluyna.

Bet matak ngarumas nyaksian kumaha tihot-hatna Kang Bibin anu keukeuh hayang bisa ngabayuan kulawarga. Nu matak basa Ceu Yuli ngajak nyaba tèh kuring asa aya cukang komo meuntas. Kairut ku pakaya Ceu Yuli hasil tina buburuh di negeri gedong pencakar langit. Enya ogè kuring ukur bisa barang gawè sapopoè di imah, kuring buleud tèkad pikeun ngadu nasib di nagara anu beurat beunghar. Meungpeung umur can opat puluh taun, omong Ceu Yuli harita. Meungpeung geulis kènèh pokna tèh. Lamun geus kolot mah sok hararèsè sabab loba PT. anu arembungeun.

Bari jeung cumalimba ogè hatè kang Bibin lèah ngijinan kuring digawè pikeun sakalieun kontrak. Dua tauneun. Hasil tina buburuh salila digawè rèk dipakè sapopoè sèsana rèk dikumpulkeun keur wawarungan. Sugan bisa ngagolang tur manjang.

Nincak taun kadua kuring bet diparengkeun panggih deui jeung manehna. Ngaliwatan media social facebook. Jadi jalma jegud geuning. Boga pakasaban anu teu ilahar dipigawè ku urang lembur. Fotografer geuning manèhna tèh. Kanyahoan sotèh satutas nitènan potrètna anu diposting dina sawatara mèdia sosialna. Ah bet matak timburu nitènan manèhna sagulung sagalang jeung Nyi Modèl anu sakitu hèrang mèncrangna bari makè baju kawas anu kurangeun bahan.

“Sani, damang?”

Ngadadak ratug tutunggulan basa harita manèhna ngamimitian chatting ngalilwatan messenger kuring. Saminggu satutas facebookna diadd ku kuring. Ham-ham mimitina mah rèk nambahkeun pertemanan ka manèhna tèh lamun teu dipapaksa ku Si Sarah anu ngirimkeun halaman facebookna mah. Inggis teu dikonfirmasi. Tapi ceuk Si Sarah manèhna kungsi natanyakeun kuring basa Si Sarah chatting jeung manèhna. Nya kuring anu ngèlèhan ngaadd tiheula satutas nyaho ceuk Si Sarah manèhna can boga anak pamajikan. Moal aya anu garah-geureuh ieuh meureun.

Wanci papeupeuting manèhna mimiti chatting tèh. Ampir jam sabelas. Cenah di lemburna mah geus ngagayuh ka janari. Geus biasa wayah kitu masih nyileuk pokna tèh. Ngadon cindekul hareupeun kompoterna. Ngoprèk itu ieu anu keur kuring mah biheung nyaho. Ari komputerna teu welèh online. Majar keur ngabangbrangkeun kakesel sok bari internètan.

Aya kana bulanna chatting dina messenger tèh enya ogè tara unggal peuting. Tapi geus loba anu dicaritakeun. Utamana mah ngeunaan pangalaman salila ieu. Samalah remen nyaritakeun mangsa keur sakola tujuh ‘las taun katukang. Manèhna anu sok ngamimitianana mah. Kawas peuting tadi. Manèhna bet los-los natanyakeun Si Nyayang anu remen ngadeukeutan kuring harita.

“Nyanyang?”

“Muhun. Geuning kapungkur mah mani siga anu loma pisan sareng Nyanyang tèh,”

“Ah siga anu teu terang waè kumaha Nyanyang,”

“Hèhèh!” pokna. Kacipta wè manèhna gumujeng.

“Masih sareng Nuni?” giliran kuring anu nalèk.

“Nuni? Na saha anu kantos sareng Nuni?”

“Oh. Henteu nya?”

“Henteu. Na kumaha kitu?”

“Ah teu kukumaha.”

“Abdi mah teu wantun nyakètan anu dipikaresep waktos kapungkur tèh.”

“Maksadna? Kantos aya nu dipikaresep?”

“Duka atuh, da harita mah teu acan ngartos. Mung èta wè aya anu matak abdi geumpeur pami pacaket. Komo waktos pasangrog dina lawag panto mah,” omongna.

“Oh.”

“Muhun. Kumargi èta abdi langki pisan nyarios ka anjeunna, malihan calikna ogè ku abdi dipengkeran waè.”

Lebah èta kalimah kuring ngadadak paranas tiris. Hatè ngadadak seseblakan. Hapè anu keur dikeukeuweuk tèh saharita diècagkeun kana kasur. Sajongjongan mah kuring ngahuleng ngaraga meneng. Ras ka manèhna anu baheula kawas anu kaweur mangsa paadu teuteup dina lawang panto kelas. Manèhna tungkul, tuluy nyisi bari leumpang gagancangan ninggalkeun kuring anu renghap ranjug. Katempo kènèh ceulina tepi ka euceuy harita tèh. Ukur sakali-kalina bisa pasangrog kitu tèh. Harita mangsa jam istirahat basa manèhna rèk asup deui ka kelas ari kuring rèk kaluar.

Cling! Sora hapè kadèngè deui satutas sababaraha lila kuring ngahuleng.

“Nu mawi dugi ka ayeuna ogè tèh èmut wae.”

Kuring ukur ngarèrèt kana hapè. Aplikasi messenger ditutup. Sakedapan mah ukur ngaheneng.

“Tos kulem?” ceuk manèhna deui.

Tèmbong tulisanana ukur sabaris dina balon messenger. Kuring ukur neuteup antep kana hapè anu ngagolèr dina kasur. Golèdag kana bantal. Ngadon nyeueung lalangit kamar anu nèmbongkeun mangpirang lalakon mangsa kuring aya di lemah cai. Lalakon tujuh welas taun katukang mangsa makè seragam biru bodas. Lalakon mangsa mangtaun-taun mitineung manèhna satutas pada-pada lunta ti sakola. Brèh deui kagambar basa Kang Bibin ngalamar kuring jeung kulawargana tepi ka kuring laki-rabi jeung dirina. Brèh deui beungeut barudak. Endan jeung Sopi ngadadak imut dina lalangit kamar. Dina lalangit batin.

P13 Hebras, Mei 2018

Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com