Carpon Mangle No. 2501 : 13 - 19 Nopember 2014
(Iwan M. Ridwan)
“Jemput nya. Cacandakanana
seueur!” ceuk manéhna dina bébéém. Sanajan bari seunggah ogé kuring ngéléhan.
Najan bari capé, teu ieuh ngarasula. Bari jeung hujan miripis. Macét. Teu
burung anjog katempat nu dijangjikeun.
Manéhna ngajangjikeun panggih di
warung. Sisi jalan. Warung nu biasa dipaké nongkrong. Warung Ceu Awih. Kasampak
manéhna geus saged. Angkaribung mawa dua tas. Hiji eusi papakéan, hiji deui
kadaharan. Kérésék inuman mah misah. Jus jambu jeung manalika. Enya, untung
ransel kuring mah gedé. Tas kadaharan jeung kérésék inuman mah asup kabéh sabab
kuring teu pati loba babawaan. Keun da ari tas papakéan mah disorén ku manéhna.
“Nyandak jas hujan?” cekéng basa
ngasupkeun babawaan kana tas.
“Nyandak!”
“Anggo ayeuna wé. Tos hujan di kota
mah!”
Manéhna ngawaro. Rap dipaké.
Tas ku kuring disimpén dina
lolongkrang antara stang jeung jok motor. Tada teuing angkaribungna mun seug
digandong ka hareup atawa ku manéhna.
“Mamah terangeun angkat sareng
Aa?” cekéng nga-Aa-keun keneh. Pok sotéh
basa manéhna geus naék kana motor.
“Terangeun.” Jawabna pondok. Tapi
dibarengan ku imut katempo tina kaca sepion.
Gerung. Motor dihirupan. Meulah
girimis. Meulah cileuncang. Jalan téh teuing ku ruksak. Cileuncang nyalangkrung
dina calobak. Batu-batuna rentul. Garedé jeung paburantak. Matak kaguguran nu
keur kakandungan. Hadéna téh teu sapapanjangna. Kaditunana mah lumayan
ngabulungbung. Ngan éta banjir cileuncangna teu kaop hujan rada gedé.
Ngamacetkeun. Matak capé. Matak ararateul suku.
“Rerencangan ngarantosan di
mana?”
“Cibiru saurna mah. Kempelna
tabuh lima!”
Sebrut motor mangprung handapeun
girimis. Luak-léokna jalan teu dirasa. Nyelap-nyelip kana lolongkrang jalan nu
metet ku kandaraan. Jauh pisan tempat nu dijugjug téh. Elatna gé tilu parapat
jam. Ngaliwatan alun-alun Banjaran, tuluy ngulon muru Baleendah. Lebah dinya
rada pupuihan téh sabab kudu
nyingkahan cileuncang anu ngeueum jalan. Ngahaja nyokot jalan kalér, sabab teu untupan mun kudu
ngaliwat pasar Dayeuhkolot anu geus tangtu kakeueum.
Motor terus mangprung muru
Bojongsoang, tuluy ka Buah Batu. Geus teu anéh deui mun kudu ngeteyep jalaran macét mah. Antara Buah Batu jeung Cibiru sok sanajan kasebutna
jalan bépas dina kabuktianana
teu bisa bangblas. Jog kanu dituju. Geuning ukur aya Si Muti jeung Si Adit.
Cenah selang lima menit aya di dinya kuring datang. Nu lain masih kapegung macét
di tempatna séwang-séwangan. Ceu Délla jeung Kang Nana kapegung macét di
Cicaheum. Putty jeung Chandra keur di Gedé Bagé. Nu lila mah ngadagoan Téh
Pipit jeung Kang Yasér. Cenah mah Kang Yasér ngahaja ti Subang didugdag jadi
rada lila. Enya kumpul kabéh téh jam tujuh. Ah dasar kriminal leutik. Korupsi waktu.
Sanggeus kumpul kabéh, Chandra
jeung Putty miheulaan. Cenah rék ngeusi bénsin heula. Dina pamustunganana
ngabring saréréa téh ti pom
bensin.
Asa konpoy. Lima motor ngabring
bari papasangan. Ngan anu jadi teu biasanana téh inditna bet ka peutingnakeun.
Enya puguh gé lain rék piknik jalan-jalan ieu mah. Tapi rék ngadon titirah.
Cenah barudak di kantor manéhna hayang ngeueum dina cai panas. Sakalian malem
mingguan. Ah asa pikin-piknik keneh. Heuheu. Kawas abégé waé. Padahal mah sawaréh
geus umuran. Siga Ceu Délla jeung Kang Nana. Aéh acan kétang Kang Nana mah
masih ngora kénéh. Malah leuwih ngora ti kuring. Tapi dasar Ceu Délla
dipaikabogoh ku nu leuwih ngora téh kalah beuki maceuh. Asa pangngorana wé. Asa
pangabégéna. Masih kénéh alay mun ceuk barudak ayeuna
mah.
Karék gé nepi ka Cileunyi,
Chandra geus ngabiur miheulaan. Disusul ku Kang Yasér jeung Nana. Atuh Si Adit
gé kapangaruhan. Nya teu bisa majar kumaha kuring gé milu lumpat. Tapi mungguh
nu tiluan mah maraké matic, lumpatnana téh hésé kasusul da teu upar-oper gigi
kawas kuring. Keur mah cenah Chandra jeung Putty téh keur paraséa, meureun mawa
motor téh asa aya jalan hamo ngaleupaskeun karungsing. Nu duaan deui atuh
ngadon hayo ngudag anu kekebutan. Antukna mah pasusul-susul téh ukur jeung Si
Adit nu ngaboncéng Si Muti.
“Terang jalanna?” manéhna nanya.
“Terang. Kunaon kitu?”
“Tong ngebut lah urang mah. Keun
wé maranéhna mah sina ti payun!” omongna kawas anu salempang.
Enya tungtungna mah kuring pandeuri. Liwat Cileunyi, Rancaékék,
tepika Nagrég. Ngararasakeun hawa seger paduduaan. Tapi kalah pabetem-betem.
Jarang pisan miheulaan muka carita ari teu penting-penting teuing mah.
Sakapeung manéhna muka carita. Tapi teu kapapanjangan. Atawa kuring nu ngan
saukur nanya.
“Ari batur tos di marana nya?”
ceuk manéhna ngusir kasimpé. Enya Simpé sotéh batin séwang-séwangan. Kangaranan
di jalan iraha teuing simpénan, komo jalan raya kawas Rancaékék-Cicaléngka sok
sanajan kasebutna peuting, tapi kandaraannya mah teu weléh suwung.
“Kontak atuh!” cekéng dapon
engab.
“Hénpon abdina lowbat. Nambut
atuh! Gaduh kénéh nomer Muti pan?”
“Aya. Candak wé dina saku!”
Ngajalankeun motor téh lalaunan. Méré
waktu ka manéhna keur ngaésémés. Teu kungsi lila manéhna kedal deui.
“Muti sareng Adit mah tos di Nagrég.
Saurna badé ngantosan di jalan cagak.”
“Enya atuh.”
“Ceu Délla di mana nya? Aktifkeun
deui ah hénpun abdina, sugan wé masih tiasa nampi ésémés!” nanya dijawab ku sorangan.
Omongan éta mah teu ditémbalan. Ngan geus rada lila manéhna ngomong deui.
“Éh. Ieu saur Téh Pipit,
ngarantosan di alun-alun Cicaléngka!”
“Émang Cicaléngka gaduh
alun-alun?”
“Duka. Ari urang tos nyampé mana
ieu téh?”
“Nagrég. Sakedap deui gé jalan
cagak. Saurkeun wé urang ngarantosan di jalan cagak kitu.”
Perjalanan téh deui-deui kaselang
ku ngadagoan. Enya ngadagoan maranéhna anu tadi kekebutan. Asa ku araranéh.
Ongkoh tihareula. Tapi naha kudu kasusul. Bet mun kasusul mah meureun kudu
kaliwatan. Apanan ieu mah henteu. Enya sigana mah ngadon ngatuhu jalanna tepika
anjog ka alun-alun Cicaléngka ogé. Areureun deuih. Ngadagoan. Tungtungna mah
urang deui, urang deui nu ngadagoan. Enya kuring jeung manéhna. Si Adit jeung
Si Muti. Kawas tadi ngadagoan di Cibiru.
***
Kapeutingnakeun anjog téh. Kitu ogé
untung bisa kapanggih teu hararésé. Majar saréréa gé can aya nu kungsi kadinya,
iwal ti kuring. Baheula. Teuing kanu mana. Geus poho deui. Jaba lain ngahaja da
sakalian ulin ka imah Si Hérdi babaturan kuliah.
Datang téh dibagéakeun calo nu
narawaran hotél. Aya nu sapakét jeung kolamna, aya ogé anu misah. Di jérona
ngan ukur bak pangeueuman. Kaditu kadieu mani lieur ku calo. Unggal léngkah dituturkeun.
Pamustunganana mah nyéwa paviliun. Dijejel wé cenah saré mah, da teuing rék saré
teuing moal. Ancokeuneun genep urang ieu dijejel sapuluh. Ah jeun teuing
biasana gé tara sararé dina waktu kawas kieu mah.
Geus istirahat sakeudeung barudak
langsung ngareueum. Jigrah kawas budak leutik manggih cocooan. Tinggejebur.
Tingkucuprak. Silih simbeuh. Tingjéréwét. Dalah Ceu Dilla mah nyéwa ban sagala. Kokojayan.
Dadapangan. Roromantisan jeung Kang Nana, cenah. Sisinétronan majar téh.
pahareup-hareup naleukeuman ban pelampung. Atuh nu lainna ogé pada-pada embung éléh.
Enya sok sanajan kacaritakeun Chandra jeung Putty téh keur aya pajogrégan,
geuning dina suasana kawas kitu mah teu éléh layeutna. Komo anu keur suka
bungah kawas nu lain tada teuing bungangangna haté maranéhna. Bungah lain dikira.
Mun mah lain cai panas,
sararanggeuk teuing kudu turun peuting-peuting. Ieu mah ngaragangan manéhna wé
ngarendem sotéh. Maenya batur papasangan ari
manéhna sorangan. Keur mah sakapeung témbong loba huleng jentul. Duka
teuing naon nu aya dina pipikiranana. Ah. Asa teu dibéré hayang tetelepék.
Ancrub saancrub-ancrubna. Ukur
bisa marengan. Deudeukeutan bari haté mah duka teuing ka mana luntana.
“Eumh. Geulis. Geuning urang mah
teu bisa kawas batur. Kabagja urang lain kabagja nu baheula. Anu lahir tina
kasucian haté urang. Teuteup urang lain teuteup deudeuh anu biasana patepung
dina rohangan kanyaah. Kecap-kecap nu kaluar tina biwir urang geus teu mangrupa
sora haté nu nyuburkeun citresna. Sagala nu karandapan ayeuna teu béda jeung
pasaran kosong nu taya hartina. Taya eusina. Layon cinta urang teu nyampak di dinya. Duka masih kénéh hirup
atawa geus jadi ririwa. Tapi mun mah masih kénéh kumelendang, saha nu daék
ngeusikeunana. Kawasna kacinta urang geus ngamalir kana sagarana séwang-séwangan.
Sabab anjeun milih pamuntangan anu lian geusan ngababakan dina dunya anu pinuh
kahéman sok sanajan haté
tetep ngeukeuweuk ieu diri.”
Kitu gerentes haté salila marengan manéhna
dina kubangan kolam Cipanas anu bati waas.
Bandung, 2014