Friday, December 29, 2017

PANON POÈ TAUN ANYAR

Galura, Minggu Ka-1 Januari 2018
Ku Iwan M. Ridwan

“Malem taun baruan tèh hoyong di puncak abdi mah, bosen di kota waè, kitu-kitu kènèh, ukur lalajo anu macèt, lieur ku gerungna kendaraan anu patèmbalan jeung tarompèt,” ceuk  May ngomong ka salakina, Adrian.
Pikeun Adrian, èta kekecapan tèh lir kalangkang riwan anu ngajungjurigan. Kahayang sarupa kitu tèh bet ngabalukarkeun hatèna seseblakan. Teu buru-buru ditèmbalan, manèhna ngadon ngahuleng kawas anu samar polah. Luk tungkul kana layar monitor anu disanghareupan ti tatadi luhureun mèja digawèna, leungeunna ngaragamang kana keyboard laptopna.
“Ih, mani teu diwaro,” May kawas anu kesel. Gap leungeunna kana rèmot tivi. Jempol katuhuna neken tombol rèmot satakerna. Bray layar tivi hurung. Ramo-ramona anu lèncop tèh kawas anu keur leuleumpangan dina tombol channel. Layar tivi tèmbong gunta-ganti. Cag rèmot diteundeun dina mèja hareupeunana. Kop kana kiripik sampeu dina kèler anu pagèdèng-gèdèng jeung kèler sèjèn eusi mangpirang caneuteun, aya kana limana ngajajar dina mèja.
Lain teu kadèngèeun, tapi hatè anu teu mikeun kudu ngawawaas deui. Nu matak anteng wè dina laptopna. Padahal geus taya pigawèeun. Sajoroning kitu dihenteu-henteu oge hatèna mah kumacacang, rus-ras kaditu kadieu, utamana mah inget mangsa ngareuah-reuah peuting bagantina taun jeung Hèrty.  Hatèna teu welèh ngeleketey saban inget kana èta pangalaman. Dirina lir anu diririwaan ku rasa salah. Rasa dosa jeung hanjakal anu mohaka.
“Ah mani euweuh lalajoaneun tivi tèh,” May semu bangkenu. Cetrèk tivi pareum. Jung manèhna cengkat tina pangdiukanana.
“Hoyong spagèti teu?” pokna deui, kituna tèh bari ngalieuk ka Adrian. Anu ditanya tungkul kènèh kana layar monitorna.
“Ih siga anu kasurupan jurig tunduh,” sambung May bari ngalèos. Sup ka dapur.
Ditinggalkeun ka dapur ku pamajikanana, Adrian ngalieuk bari ngawaskeun. Teu burung ngolèsèd tina pangdiukanana. Nyampeurkeun anu keur buku-buka kana erak kitchen set. Leungeunna ngaragamang kana mangpirang bungkusan dahareun instan. Gap kana spagèti. Dicokot, dibawa nyampeurkeun kompor gas. Gen, tèflon jangkung anu samèmèhna dieusian cai ditagogkeun dina biwir kompor gas. Kenop kompor diteken bari dipuirkeun ka kènca. Cekès. Sorana kadèngè dituturkeun ku geburna seuneu anu kaluar tina burner.
Ardian nyèrangkeun tina lawang panto dapur. Tangtungan anu keur kaprak-keprek di dapur bet nguniangkeun kalangkang Hèrty anu harita kungsi mamaksa hayang taun baruan ka Puncak. Percis kawas anu keur disanghareupanana, merenying hayang mapag pabaru di Puncak.
“Hidep ayeuna mah dipahing angkat tebih-tebih. Pan kedah dipingit heula. Tuh taroskeun ka Yayang!” sora indung Hèrty harita basa mamatahan dirina bari nunjuk ka Adrian, atra kènèh dina pangdèngèna. Bet dumadak ngolèbat èta kajadian tèh.
“Ka Villa, Mah. Teu ka tempat anu sanes, sareng Yayang ongkoh, sareng Nèndèn, sareng Yuka, sareng Zèna, seueuran,” Hèrty keukeuh.
Rèa deui pangolo Hèrty ka nu jadi indungna harita, anu pamustunganana indungna èlèh dèèt. Papagah ka duanana samèmèh miang tèh teu kurang-kurangna. Majarkeun sing tartib lebah ngajalankeun kendaraanana, ulah kekebutan. Pariksa heula kaayaan motorna, jeung sajabana-jeung sajabana.
“Gusti, sugan tèh aya mahluk ti gubrag ti langit, ujug-ujug ngajega dina lawang panto,” May semu ngarènjag sabot malikeun awakna mireungeuh Adrian aya dina lawang panton.
Lamunan Adrian ngadadak buriak. Dirina ogè teu burung ngagebeg, asa kagebah. Keur mah anu dilamunan tèh panineungan anu aya patalina reujeung pangalaman batinna. Ngan kituna tèh teu katutuluyan, Ardian nyèh imut tuluy nyampeurkeun. Ragamang leungeunna kana cangkèng May. Seungit parfumna kaambeu kènèh najan kahèab ku saab godogan emih spagèti anu ngaguguplak. Anu disangkèh semu ngiser bari ngaharèwos.
“Kè atuh tos emam!” pokna bari ngajait tèflon tina kompor.
Cai godogan emih spagèti anu masih panas dicicikeun kana wastafel paranti gègèroh. Tuluy emihna dieurihkeun kana lodor anu geus eusi samara. Leungeunna ngarongkong sumpit tina rak piring, tuluy dipakè ngagalokeun spagèti.
Sajeroning kitu tèh Adrian mah ukur ngawaskeun. Implenganana ngomlèmbar deui ka Hèrty anu di bawa indit ka Puncak, diboncèng dina motor. Mangbring opat motor jeung pada baturna. Indit ti sorè mula, anjog-anjog geus rèk maju ka tengah peuting. Genep jam waktu anu nganteng dipakè ngajugjug ka Puncak harita, padahal biasana mah ukur tilu jam. Makè jalan anu saruwa tur ngajugjug ka tempat anu saruwa, villa. Kolot Hèrty ngahaja nyieun tempat paniisan anu teu pati jauh ti jalan utama. Mungguh lain sakali dua kali maranèhna ngajugjug ka èta tempat tèh. Nu matak teu burung lèah ogè hatè nu jadi kolot Hèrty waktu nu jadi anak hayang nyacapkeun mangsa lalagasan di Puncak jeung pada baturna mapag bagantina taun.
Hawa tiris ngabagèakeun nu anyar daratang. Sora tarompèt kawas anu ngawilujengkeun. Miheulaan rèang sili tèmpas tina paniup barudak, dina motor anu ngalangsam, di jero angkot anu pagegelek, ti nu laleumpang sisi jalan, sakapeung paselang jeung sora-sora garogonjakan. Tingcakakak kawas anu manggih kabungah. Kabagja tepung deui jeung taun anyar. Hatè bungangang masih dipaparinan umur anu lana geusan mitapak èndahna alam pawenangan. Kagumbiraan mudal wanci tengah peuting. Tabuh 00.00 anu pada nganti-nganti. Diitung babarengan. Itungan mundur. Kabungah bedah jadi mangpirang sora reujeung warna anu sumirat. Mancawura di langit luhureun suku Gunung Gedè.
Kembang api kawas anu keur paheula-heula muru langit. Nyumiratkeun warna burinyayna sèwang-sèwangan. Paèndah-èndah. Paceuyah-ceuyah. Sarèrèa keprok mangsa nyaksian kembang api raksasa anu teu eureun-eureun tingbarasat di jauhna. Ting belesur ti saban juru lelewek. Kawas di mèdan jurit. Ti jalan. Ti buruan hotèl. Ti tempat parkir buruan masjid. Ti villa-villa anu ancal-ancalan. Ti pilemburan. Nu di jalan surak ambal-ambalan. Nu di lapangan parkir hotèl pating kaleprok. Nu ting pucunghul dina jandèla kamar lotèng ajrag-ajragan. Nu di pilemburan ayeuh-ayeuhan. Nu di villa saleuseurian. Kabagja sumarambah ka saban hatè anu nyaraksian peuting bagantina taun.
Cacap kahayang para nonoman nungkulan peuting anu baganti. Di salah sahiji villa. Dina kaayaan hawa anu tiris kacida. Opat pasang nonoman ngangon kacinta. Galumbira dina buana nu saruwa. Kumalayang ka alam pangumbaraan dina lelembutanana. Saab alkohol nyambuang sakurilingeunana. Haseup roko ngelun minuhan rohangan. Pada-pada bagja jeroeun dadana. Patinggolèpak sakarepna. Dada reujeung dada patinggumuruh. Hègak jeung haroshos pada-pada nompo. Duka saha jeung saha anu keur jadi raja reujeung permaesurina. Duka teuing kumaha warna asmara anu ngamalir dina getihna. Teu sidik duriat eunteup ka mana. Peteng. Hatè kebek ku kabungah. Mongklèng. Pikir eundeur ku geter halabhab. Pungkas tepi ka srangèngè meletèk muka poè taun anyar.
“Suta, geuning manèh ieu tèh!” Hèrty jumerit ngeuit ati mireungeuh lain Adrian anu nyalopa dina awakna.
Sarèrèa ragrag tina alam kumalayangna. Kagareuwahkeun ku sèrabna mata poè anu norobos kana jero hatèna sèwang-sèwangan. Kareuwas mimiti sumarambah. Kahanjakal ngagugunung dina saban jiwa anu katalangsara. Sadar. Sadrah yèn jodo, pati, bagja reujeung cilaka ukur rusiah Gustina. Lèah jeung tumarima buah hatèna kudu dipihukum dina waktu pisaminggueun deui ku nu jadi baturna. Adrian nyangsaya dina guratan nasib werit dirina. Pasrah.
“Diemam geura, teu raos tiis mah,” May ngagareuwahkeun lamunan salakina pikeun anu kaduakalina.
Adrian unggeuk. Leungeunna mimiti ngaragamang kana garpuh dina alasna. Tilu lambar spagèti ngaranggeum pageuh seuseukeut garpuhna. Am dihuapkeun. Capèkna anca. Kawas anu sieun emihna aya cucukan.
“Teu raos?” May muka deui carita.
Adrian gideug. Nyèh seuri. Leungeunna ngaragamang kana ramo leungeun May. Lalaunan dikenyang. Diteueulkeun kana biwirna. Nyèh deui seuri. Paneuteupna anteb nyusur leungeun tina tungtung ramo anu dicekelna, mapay kana peupeuteuyan tuluy parat tepi kana mamaras kageulisan nu keur di sanghareupanana.
“Ku naon ih, asa sararieun?” May kerung bari nahan piseurieun.
“Urang taun baruan di Puncak. Duaan,” pokna.
Ciyus?”
Adrian unggeuk.
Kabungah May bedah dina peuting anu masih nyaring.

Bandung, tungtung taun 2017

Saturday, December 2, 2017

CARITA AKANG



Galura édisi IV Nopémber 2017
Ku Iwan M. Ridwan
Naha akang karék kedal ayeuna sanggeusna urang pada-pada jauh. Mun mah ayeuna rék dianyam deui, malah mandar lain jadi kabagjaan, anu aya mah  nyieun bibit berewit ka urang saréréa, Kang. Enya atuh da kakaraeun kuring mah tepung jeung lalaki kawas akang, romantis, tapi matak pikawatireun. Kuring seuseurian téh kuat ka nyeri kulit beuteung, cireumbayan, lain alatan sedih, tapi bakat ku hayang seuri satengahing bungah. Haté bungangang bet inget ka mangsa-mangsa katukang. Sono pisan. Komo ngabandungan cariataan Akang cik kénéh ngaliwatan messenger.
Bet teu kusangka geuning Akang téh boga haté kadua leutik ka kuring, padahal naon anu jadi alesanana kuring teu apal. Naon deuih anu matak Akang kairut ku kuring. Nu geulis mah seueur apanan, Kang. Urang kota nu garinding. Kuring mah ngan ukur wanoja urang lembur anu hayang icikibung ka kota. Hayang kuliah malah mandar boga pangaweruh. Sedeng ari pangaweruh pan bisa ngangkat martabat manusa. Anu matak bisa panggih jeung Akang ogé apanan kuring téh sakampus jeung Akang. Safakultas deuih. Bédana téh akang mah leuwih tiheula asup ka kampusna. Leuwih senior.
Bagja tinemenan mun éta carita téh langsung dikedalkeun ku akang basa urang masih kénéh aya di kampus, cacakan ukur maca chattingan ogé sakitu pikalucueunana, komo deui lamun akang nu nyaritakeunana bari jeung dipéragakeun kawas harita basa Akang merankeun tokoh Jumena Martawangsa dina sandiwara Sumur Tanpa Dasar. Lucu pisan meureun Kang. Harita deui basa akang keur mérankeun tokoh Si Apin dina sandiwara Sunda, Akang sakitu matak pikaseurieunana, teu sirikna unggal nu lalajo téh haben ger-geran surak bari keprok. Enya harita mah Akang mémang keur ngalucu. Ngahaja. Teu kucem kawas keur merankeun Jumena. Eumh tada teuing matak resep mun kanyataanana Akang téh kawas kitu. Teu weléh seuri jeung seuri wé meureun mun kuring aya di sagigireun Akang.
Tapi naha enya kang, Akang téh kungsi neundeun haté ka kuring?  Naha atuh lain kedal harita téh, geuning Akang mah kalahka kedal ayeuna bari jeung ngucapkeunana ogé kawas budak cacarita ka indungna sanggeus nyaksian kajadian anu matak reueus kana haténa. Meureun mun Akang harita cumarita, kuring téh moal cuwék bébék ka Akang. Ceuk Akang mah kuring téh super cuwék, pangpangna ka Akang. Malah mah kawas anu sombong. Naha Akang ningali urat sombong dina beungeut kuring kitu, Kang? Atawa aya urat haré-haré di diri kuring ka Akang harita? Ceuk pangrasa mah kuring téh akraban ka sasaha ogé, kaasup ka Akang sorangan. Geuning sakalieun Akang nanya ka kuring mah teu weléh dijawab bari méré pasemon anu hadé. Mémang sakieu Kang pasemon kuring mah, tara leuwih.
Ah, Akang. Aya ku anéh ari Akang, boga rasa téh bet disidem saendengna. Lain kalah leungit perasaan mah, Kang, disidem mah kalah beuki lintuh, baranahan jadi loba. Mangga wé raoskeun ku Akang nyalira. Mémang sakapeung mah kuring gé surti kana paneuteup Akang. Tapi anu katarima ku diri kuring mah kanyaah Akang saruwa jeung kanu lian. Geuning Akang mah sakitu bageurna, éta wé geura anu cikénéh disabit ku Akang masalah ngangkat ransel basa keur ospék di Rancaupas, keur kuring mah lain hal anu istiméwa. Sabab kuring ogé remen nyaksian Akang nuntun tongkat pramuka peserta séjén, awéwé utamana mah, anu sakirana lungséeun nalika jalanna nanjak.
Hanjakal nya, Kang, baheula téh méntor kuring lain Akang. Meureun lamun Akang harita nu ngaméntoran tada teuing diogona kuring téh, cacakan Akang ngaméntoran kelompok nu sejen ogé Akang sok pirajeuneun ngadeukeutan kelompok kuring, sautak-saeutik téh teu weléh merhatikeun kana kondisi barudak, pang-pangna mah kuring meureun. Duka kétang da ceuk pangrasa mah keukeuh Akang téh saruwa waé perhatianana jeung kanu séjén.
Enya inget kénéh pisan Kang, kana naon anu dicaritakeun ku akang bieu. Basa ténda bocor sabab hujanna teuing ku gedé, hawa peuting beuki karasa tirisna. Haté mah teu weléh manteng kanu Kawasa, sabab asa rék harita datangna nu ngaranana pati téh. Sumpahna ogé, Kang, asa rék sahos-hoseun maot. Akang terang meureun kuring boga kasakit di jero awak, anu pantranganna ulah katirisan ulah kalaparan, kari-kari harita bet ngarempak ugéran. Mun Akang nyaksian harita kaayaan kuring tada teuing ngahelasna, Kang. Moal wasa nyaksianana kawasna mah, beungeut sepa, biwir geunteul, huntu noroktok bakating ku tiris. Dada mah eungap lain meumeueusan. Ku harianeun nya ari senior, dibawa ka ténda P3K lain jadi cageur kalahkah nambahan parna. Kuring mah sieun Kang ku haok polotot maranéhna téh. Nyebutkeun kuring ogo, anak mamih, pira gé katirisan di gunung geus kawas nu dilelepkeun dina sagara és di Kutub Selatan majarkeun téh. Jadi kalah nambahan dungdeng kana sirah. Bau gandapura bet kalah nambah sebel kana beuteungna. Meureun nu rada genah téh basa divisi konsumsi mawa wédang jahé jeung bubur kacang, kitu ogé ngan saparapat gelas séwang. Eum, bet harianeun kénéh waé.
Mun harita kuring surti kana haté akang, meureun kuring téh bisa ménta dibaturan ku Akang salila di pos P3K, rék ngaku lanceuk misan wé atawa Amang. Sugan ku cara kitu mah kuring téh teu keueung teuing. Moal sieun deui rék ngabohong ngaku dulur, Akang ogé moal burung nyatujuan. Moal meureun kuring téh dikekesek ku maranéhna, sahenteuna éraeun ku Akang. Enya atuh akang mah pada ngajénan ku senior-senior nu lain ogé, buktina waé nu lain téh sararopan ka Akang mah.
Bet teu matak bétah, Kang, lila-lila aya di ténda P3K téh, kapaksa atuh najan tiris ogé ninggalkeun éta tempat muru kémah peserta. Aya ku pareng geuning panitia divisi logistik keur ngahurungkeun seuneu. Cukup ngahaneutan leungeun sabab hurungna teu pati gedé. Enya hésé pisan geuning suluh baseuh mah hurungna najan hantem waé dibanjur minyak tanah jeung spirtus ogé.
Salila siduru téh kuring mah  teu rumasa aya nu nyérangkeun ti ka anggangan, mun bieu Akang teu cacarita mah. Kuring mah tonggoy wé, barina ogé rék naon alak-ilik ka sakuriling bungking, kasieun-sieun ningali nu kawénéhan, sasatna wanci geus manjing janari leutik. Iy bararaid. Akang mah lain nyampeurkeun atuh basa keur siduru téh, kalah olohok waé kawas anu manggih kaanéhan nempo kuring téh. Kuring mah sama sakali teu apal Akang harita aya di dinya bari hantem ngeunteupkeun paneuteup ka kuring, enya apal sotéh tina carita akang bieu. Horéng matak akang colohok waé téh aya sababna.
Sing sumpahna ogé kuring mah meni cireumbayan bakat ku hayang seuri. Naha atuh akang bet bisa kitu. Bet bisa kasalahan ténjo kasalahan rampa. Pédah poék meureun nya kang. Maklum wé keur di leuweung mah ningali sasaha téh siga kuring wé meureun Akang mah. Padahal mah asa pajauh antara kuring jeung Si Nuni téh. Apanan awak kuring mah leutik, teu pati jangkung deuih. Sedeng Si Nuni, sakitu jangkung lenjangna. Pédah éta meureun pakulitanana ampir sarua jeung kuring. Buuk mah puguh moal apal najan béda gé da pada-pada maké kupluk.
Heuheuy deuh, nu matak akang yakin éta téh kuring mah pédah basa Akang nyalukan ngaran kuring di haréupeun ténda, bet aya nu muka nya. Teu kabayang pisakumahaeun dariana Akang nyalukan ngaran kuring ka Si Nuni bari dirampaan rarayna saur Akang mah, hayang sidik meureun nya panas atawa henteuna raray nu dirampaan téh. Saur Akang mah nyelecep tiis. Alah siah bet jadi muringkak bulu punduk. Pisakumahaeun hariwangna Akang harita sabab panyangkana anu ngalelempréh bari katirisan kitu téh kuring.
Kabayang bari susulumputan Akang hayang ngadatangan kuring téh nya. Ngahaja mamawa sarung ngarah kuring teu katirisan teuing. Aya kubageur ari Akang, ngan hanjakalna waé Kang, Akang téh bet salah sambung, kalah sasab ka Si Nuni. Éta deui Akang mah bet teu boga pangrasa, meureun béda beungeut anu dicabakan téh. Mémang moal bisa ngabédakeun kétang sasatna dampal leungeun jeung ramo-ramo Akang mah teu kungsi euntreup dina beungeut kuring. Keur mah deui piirahaeun teuing kaalaman, kuring jeung Akang téh anyar wawuh. Enya diwawuhkeun ku kaayaan.
Akang mimiti bingung sanggeus ningali kuring di luar keur siduru jeung babaturan. Ceuk Akang, naha ganti jadi warna ungu mantel anu dipaké ku kuring téh, lainna tadi mah basa dibéré sarung di jero ténda mantel nu dipaké pulas beureum, naha ayeuna jadi pulas ungu. Hag siah Kang, kuring aya dua. Palias teuing aya kuring mamalihan. Puguh kétang éta mah Si Nuni. Kuring mah karék datang ti ténda P3K.
Naha karék ayeuna atuh nyaritakeun éta kajadian téh, Kang, lain ti baheula. Dasar Akang mah pahlawan kabeurangan. Akang mah boga rasa téh disidem ku sorangan. Naha ka unggal wanoja anu dipikaresep kawas kitu, Kang? Tada teuing kasiksa meureun, nya Akang unggal ngalaman tibelat kawas kitu. Disidem ku sorangan bari taya nu nyaoheun saurang-urang acan komo jinisna. Naha mémang bener ari Akang téh éraan? Naha geuning éraan téh bisa asup kuliah di Prodi Drama. Lainna anu arasup drama mah taya nu ngukut kaéra? Komo deui Akang mah resep maca sajak jeung pentas drama.
“Justru lantaran éraan, abdi lebet Prodi Drama téh,” ceuk akang harita.
Anéh pisan akang mah, alesan asup ka dunya seni téh keur ngaleungitkeun kaéra, enya ngaleungitkeun  sifat éraana akang. Sakuduna mah nyiar elmu téh keur ngaleungitkeun kabodoan, ieu mah keur ngaleungitkeun kaéra. Ari ayeuna masih éraan kitu, Kang? Meureun tos henteu nya sabab Akang geus wantun balaka wengi ieu ka kuring ngeunaan haté akang baheula, sanajan teu sacara langsung. Ngaliwatan jejaring sosial anu keur ceuyah ayeuna. Enya da rék irah panggihna atuh urang téh apan geus pada-pada jauh. Kuring gé ninggalkeun kampus téh lain sabab geus lulus kawas akang, tapi ku kereteg haté sorangan anu kurang méréan aya dina ieu lingkungan. Tapi lain nganggap dunya kasenian négatip atawa teu hadé, sagala rupa gé da aya positif jeung négatifna. Hirup mah sagala gé pilihan tur pasti aya piliheun, teu bisa dipaksa-paksa kudu ka ditu kudu ka dieu. Nu penting mah kajujuran jeung tanggung jawab. Atuh masalah boga kaéra jeung henteu mah éta masalah kabutuhan séwang-séwangan, salila aya dina bebeneran tong maké éraan, tapi nya ari rumasa salah mah maenya wé teu boga kaéra.
Enya mun ti baheula kénéh akang leungit kaéra téh, meureun kuring apal kana dagdigdugna haté akang, apal kana warna-warnina pipikiran akang nalika inget ka kuring. Sedeng ayeuna ucapan akangna gé geus teu daria, sabab sakeudeung deui baris mungkas mangsa lalagasan.
Bandung, 2017


Thursday, October 19, 2017

BANDUNG RARATAN INDUNG

Carpon tina Residensi Sastra Seni Bandung#1 2017
Ku Iwan M. Ridwan
Cipanon anu ngeclak teu matak tiis kana hawa anu beuki nyongkab. Jajuheun bisa ngalantiskeun taneuh atawa hatè anu ngahgar. Cimata anu murubut tina panonna teu ieuh mawa katingtriman sabab puguh ogè lain cimata bagja. Boa sauumur dirina mah mèmang teu kungsi cumalimba alatan bagja. Saban cimata anu ngeclak tèh sakabèhna ukur bukti tunggara. Ngarakacak jero hatèna. Lir anu nyasaak sabeuleugeunjeur awakna.
“Dèvita, ka mana atuh hidep tèh?” gerentes hate Cicah satutas bèak dèngkak maluruh raratan nu jadi suawana ka saban imah anu kungsi sosobatan jeung dirina.
Cicah nikreuh mapay sapanjang jalan anu duka teuing gang ka sabaraha puluhna. Saban nu ting rariung disampeurkeun, nu pasalia ditanyaan, ditalèk kungsi panggih atawa henteu jeung anu ditèanganana. Sakapeung nèmbongkeun gambar nu keur ngajungjungkeun halis sabeulah jeung ngaluarkeun tungtung lètah dina layar hapèna.
“Teu kantos ningal abdi mah, Ceu,” ceuk tukang warung.
Sukuna nikreuh deui mapay jalan gang anu beuki pabeulit. Nyusur-nyusur lulurung dayeuh Bandung. Hègak napasna geus kawas jalma anu ngalalana aya kana poèna. Padahal mah saban pasosorè nyelangan heula mulang. Ngumpulkeun tanaga pikeun lunta satuluyna.  Elak-elakanana geus hanaang bakat ku lila nyusur jalan. Sedeng panon poè kawas anu teu mirosèa ka nu keur ngungun handapeunana. Ngitung lèngkah anu geus aya kana rèbuna.
Cicah anjog ka tungtung gang. Handapeun gapura anu di luhurna ngajega manuk galudra. Jalan but-bat ngulon ngètan. Pagegek ku mangpirang kendaraan. Sahèng lir gumuruhna hatè Cicah anu pagaliwota. Luhureun antrian patalimarga tèmbong kawas seuneu ngabebela. Pulas hèrang. Mawa hawa panas ka unggal waruga anu kumelendang sabudeureunana. Cicah ngulincer nyeukeut-nyeukeut paneuteupna. Saban nu ngalanto teu welèh ditekek-telek. Mangsa paneuteupna anjog ka lebah parapatan handapeun tihang lampu stopan, panonna tidengo-dengo. Ngawaskeun barudak nu keur tinglalimbung bari teu puguh naon anu keur diparèbutkeunana. Hayang nyidikeun, Cicah ngalèngkahkeun deui sukuna anu geus karasa lèklok. Hayang ècès saha-sahana nu keur tingrariung dina trotoar.
Rigig anu tingrariung tèh teu dipiwanoh ku panènjona. Taya saurang-urang acan anu kungsi kaeuntreupan paneuteupna.  Welèh. Anu parèbut tèh kiwari keur tingcakakak nyaleungseurikeun salah saurang di antarana anu tèmbong jamotrot. Kètang boa nyaleungseurikeun nasibna anu teuing kumaha. Atawa nyaleungseurikeun anu keur luh-lah jero kendaraanana. Ting kulutus ngajejelèh macèt. Boa deui nyaleungseurikeun sora-sora anu kaluar tina klakson reujeung knalpot.
Nitènan anu tingcakakak tèh Cicah bet ras ka nu keur ditèanganana. Moal banè umurna jeung anu keur galumbira. Umur nincak kelas hiji SMA anu keur meujeuhna hayang sagala nyaho hayang sagala kaalaman. Ngan lebah rigigna anu moal saruwa tèh, sasatna anu ditèanganana mah sakanyahona teu kungsi icikibung jeung barudak anu ngadaragoan lampu beureum. Èstuning taya ulat gogonjakan. Taya urat tingcorowok jeung pada baturna anu sakapeung tina bahamna kalaluar ngaran sasatoan.
Carang takol jeung teu kungsi cumarita lamun boga kahayang ogè manèhna mah. Kawas indungna anu geus leuwih tiheula miang ka alam kalanggengan. Kawasna mah gedè rumasa. Hirup nyiruruk jeung nu jadi aki katut uwana. Padahal boh akina boh uwana tara ieuh ngahirab-hirab anu araya di imah. Tong boro dirina anu geus pahatu lalis, Tèsya anu masih aya indung bapana ogè teu diwilah-wilah. Cul di èyangna, dirorok ku bibina anu papada mihapèkeun diri. Nya kolot-kolot bibina ogè kitu. Pada-pada apilain ka barudakna. Nu matak nurun ka anakna anu kiwari kawas keur sarenang-senang paduduaan. Pamustunganan imah anu teu kurang legana tèh karasa sumpek sabab pagegek.
Cicah minangka anak anu ngabakti ka kolotna anu geus nyorangan. Hirup jeung salaki di èta imah. Ngurus barudak anu kari opatan deui. Anak pituinna dua reujeung suwanna anu duaan deui, Dèvita katut Ramzi sabab nu jadi lanceuk-lanceukna mah geus nyaliar kasab sorangan di luar kota. Rini anu jadi dulur misanna mah teu pati diperhatikeun sabab geus kawilang dewasa jeung araya kènèh indung bapana. Nu matak geus bisa ngurus Tèsya alona ogè. Teu kawas Dèvita reujeung Ramzi anu ti keur leutik dirorok ku dirina anu umurna teu geseh jeung Dandin katut Irèn, anakna pituin. Ramzi mah dirorok ti keur orok beureum sabab indungna tilar dunya mangsa ngalahirkeun dirina.
Ibu, jangan pergi, Bu!” sora Dèvita mangsa umur opat taun masih ngalanglaung dina ceuli Cicah. Ceurikna mani eurih-eurihan. Ku sarèrèa diupah-apèh. Sarèrèa ngarèrèpèh. Najan dina enas-enasna saban jalma ogè ngarèrèpèh dirina sèwang-sèwangan.
“Ibu, aku ikut, Bu!” Dèvita bangun anu geus ngartieun indungna bakal ninggalkeun dirina pikeun salalawasna.
“Ibu mah ka surga, bageur. Engkè ogè urang bakal ngiring!” Cicah ngabèbènjokeun.
Sababaraha minggu mah budak tèh teu welèh nyanyambat nu jadi indungna. Teu daèkeun disambat ku sasaha kitu deui ku nu jadi bapana sabab arang langka aya di imahna. Kurang wanoheun matak kitu ogè.  Duka teuing naon anu bisa ngalantarankeun dirina pohoheun ka indungan tèh. Boa kiwari ogè teu kungsi pohoeun.
Ti saprak harita budak tèh teu pati bèrag kawas samèmèhna. Dahar jadi suda, sarè kurang tibra. Meus-meus ceurik komo tengah peuting mah, kawas anu manggih kanyeri. Jajauheun bisa ulin kawas budak sèjèn, kahayangna ukur diaais. Pamustunganana budak tèh gering tepi ka dirawat di rumah sakit. Cicah anu jadi gaganti indungna, bet ngarasa leuwih nalangsa tinimbang anu jadi bapa tegesna.
Nyaksian kaayaan anak sarupa kitu tèh bapana bet kalah lunta. Cenah rèk nyiar napakah keur nu jadi anak-anakna. Duka teuing ka mana ka mendina mah sabab teu ieuh bukbrak ka nu jadi kulawarga. Sabulan dua bulan teu kungsi balik. Pleng tepi ka barudakna geus sawawa teu kungsi katèmbong cukang irung-cukang irungna acan. Jajauheun bisa ngabayuan nu jadi anak-anakna. Kungsi nu jadi akina budak maluruh raratanana, tapi lebeng manèhna teu manggih raratan. Teu bèja teu carita. Palangsiang kumaha onam di pangumbaraan. Pamustunganana kulawarga lèah hatèna pikeun ngurus barudakna. Teu ieuh ngarep-ngarep bapana, sabab dina pamustunganana ukur ngarep-ngarep kalangkang riwan dina mentrangna panon poè dayeuh Bandung anu salalawasna nyongkab. Lir anu teu kungsi iuh.
Poè sapapanjangna bayeungyang keur Cicah mah. Ninggang dina kaayaan saruoa kitu cacakan nèangan raratan lain nu jadi anak pituin, hatèna teu bisa jolèdar kitu waè. Dirina teu bisa ngawilah-wilah mana anak teges mana anak anu holna lain tina rahimna. Nu matak ceuk pangrasana lamun teu inget kudu nyumponan kawajiban sèjèn di imah mah moal hayang mulang sapanjang tacan aya raratan. Turug-turug hapè anu sapopoè dikeukeuweukna geus teu nyawaan. Palangsiang matak melang nu di imah. Pamustunganana bari jeung luak-lieuk nèangan raratan Cicah ngalèngkahkeun sukuna seja mulang. Mapay-mapay jalan gang anu kungsi diliwatan.
“Batagor, Ceu Cicah?” Ceuk hiji sora.
Cicah mèh-mèhan ngarènjag sabab èta sora tèh aya ti satukangeun roda batagor anu ngageuleuyeung lebah pèngkolan gang. Nyaksian Cicah kawas anu teunggar kalongeun tèh tukang batagor nyèrèngèh bari ngajungjungkeun tak-takna.
“Ceu, Nèng Dèvi mah tos muih,” ceuk tukang batagor.
“Nu bener siah, Udi?”
“Daèk medu, Ceu. Daèk mintul parabot,”
“Nyao, ah!” Cicah gagancangan muru ka imah anu geus kari sababaraha puluh suhunan deui.
Jog ka imah kasampak Dèvita keur di rohang tengah. Gigireun akina anu pada-pada nyanghareupan tipi. Meus-meus akina kadèngè ngagelendeng najan semu leuleuy. Ari anu digelendengna ukur ngahintul bari ngeluk. Cicah teu waka nyampeurkeun. Manèhna nyerangkeun tina lawang panto dapur. Hatèna mah teu burung atoh nènjo budak balik deui ka imah. Rohang dina jero hatèna anu molongpong tèh ngadadak aya nu ngeusian deui. Ceuk pikirna moal waka ditanya itu ieu sabab bisi kumaha onam. Kojèngkang manèhna ka kamar cai rèk wudu sabab di luar geus kadèngè adan magrib mani rèang.
Sareureuh isa, Cicah ngahaja nyampeurkeun ka kamar Dèvita. Pantona dibuka, brèh Dèvita keur ngahèrang. Dina palipisanana tèmbong aya anu baseuh parat kana puhu ceulina. Cicah geuwat nyampeurkeun.
Nènjo aya nu asup ka kamar, Dèvita malikeun awakna. Nyangigir nonggongan panto kamar anu  dibuka ku Cicah. Beungeutna nyulusup kana guguling anu ditangkeupna.
“Dèvita,” Cicah mimiti nyambat. Gèk manèhna diuk dina biwir risbang anu dipakè nyangsaya ku Dèvita.
Anu disambat teu ieu nèmbalan. Kawasna mah mèmang teu hayang nèmbalan. Karasaeun dina genggerongna aya anu beurat. Nyelek. Kawas keur neureuy catang bobo.
“Ti mana Dèvita tèh?” Cicah mimiti nalèk.
Sakedapan mah jempling. Cicah ngadagoan anu ditanya nèmbalan. Tapi anu diarep-arepna kawas anu teu mireungeuh. Duka api-api teu ngeuh. Katènjo sarèrètan ukur ngadedempès. Cicah narik napas panjang. Kawas anu ngarahuh jero hatèna.
“Bu Rinda kantos ka dieu sarèng Pa Hèndi,” reug heula eureun. Satutas ngarènghap Cicah nuluykeun deui omonganana.
“Wali kelas nya, Bu Rinda tèh. Pa Hèndi mah saurna guru bèpè,” Cicah eureun deui sakeudeung.
“Naroskeun Dèvita,” Cicah ngahuleng. Kawas anu keur mikiran piomongeun. Sanggeus sababaraha lila pok deui.
“Saur Bu Rinda nembè ogè ngawitan sakola tèh naha tos tara lebet, melang bisi teu damang saurna mah,” Cicah mimiti medar carita. Tapi satutas kitu tèh jempling deui.
“Dèvita teu uih dua minggu tèh Uwa mah asa teu napak,” simpè deui.
“Melang,” pokna deui. Ayeuna mah semu ngarèrèt ka nu keur nyangkèrè bari nangkeup guguling.
“Na tos ti mana atuh Dèvita tèh?” Cicah neuteup anteb kana beungeut Dèvita anu tèmbong kawas keur jararuh panineungan.
Sajongjongan mah teu ditèmbalan ku Dèvita. Rèt manèhna neuteup. Nyanghareupkeun beungeutna. Panonna neuteup seukeut beungeut Cicah. Pok mah acan.
“Ti mana waè, Bageur?” Cicah anu nanya deui. Sababaraha lila manèhna ngadagoan jawaban.
“Ari surga tèh di mana, Wa?” Dèvita kalah malik nanya.
Sontak Cicah ngarasa hèran. Manèhna kerung.
“Naha naroskeun surga, bageur?”
“Saur Uwa, Ibu aya di surga.”
“Teras Dèvita milarian Ibu?”
Nu ditanya teu nèmbalan. Sajongjongan mah duanana pada-pada ngangon kasimpè.
“Saur batur mah Bandung tèh kota surga,” Dèvita ngarènghap bangun anu hayang minuhan bayahna.
“Saha batur tèh bageur?” Cicah neuteup seukeut kana beungeut Dèvita. Tapi kitu baè anu ditanya tèh kawas anu suda pikeun ngajawab. Samalah kalah nanya deui.
“Saur Uwa, Ibu aya di surga. Di mana, Wa? Di Bandung palih mana?” pokna neuteup seukeut.
Paneuteup Cicah wowotan ku paneuteup anu kawas nganaha-naha. Berebey tina panonna aya anu nyeremih. Bedah teu bisa dipondah. Leungeunna mimiti ngaragamang kana sirah Dèvita. Lalaunan diusapan. Celengok dicium. Hatèna kebek ku karupek. Dina batinna bet nyangkaruk rasa salah anu tohaga. Dirina bet nganaha-naha teu bisa jadi tempat panglumpatan pikeun barudak anu hirup salulut jeung dirina. Disebutkeun teu adil meureun kana kituna. Sabab èta anu cenah karasa ku Dèvita ceuk sobat-sobatna. Horèng kanyaah anu ditamplokeun ka saban nu araya tèh bèda katampana ku Dèvita mah. Bèda jeung anu katampa ku Irèn katut Dandin. Geuning anu jadi lanceuk-lanceukna ogè kalah birat. Narèangan katingtriman sèwang-sèwangan. Katingtriman anu duka teuing kumaha bungkeuleukna.
Sirah Dèvita diusapan deui. Celengok dicuim deui taarna. Budak tèh tèmbong peureum kawas anu keur nyorang alam pangimpian atawa alam sèjèn anu can kungsi kasorang ku sasaha. Sajongjongan mah Cicah ukur cindekul ngawaskeun nu keur nyangsaya kawas anu teu walakaya. Rèt kana jam dinding anu ngabigeu dina tèmbok kamar. Geus jam sapuluh. Budak anu keur disanghareupanana kawas anu geus teu ingeteun aya dihareupeun Cicah.
“Geus tibra kawasna mah,” hatè Cicah ngagerentes. Tuluy ngojèngkang ka luar ti kamar Dèvita.
Peuting tèh kawas anu dipapaèsan ku mangpirang lalakon ahèng. Paguneman jeung Dèvita mawa bangbaluh pikeun Cicah. Saha anu geus mawa suanna kana alam pipikiran sarupa kitu? Jeung saha anu majar ieu dayeuh tèh sawarga. Meureun keur sawatara urang mah sawarga dunya anu bisa henang-hening bari jeung suka bungah. Meureun kitu sotèh keur maranèhna anu teu kungsi nincak jalan kahirupan anu tarahal. Mangpirang patalèkan antukna balawiri dina sirahna. Jajap lelembutanana ka alam pangimpian. Pamustunganana kagareuwahkeun ku nu jadi salakina anu ngaguyah-guyah nitah hudang wanci subuh.
“Mah, gugah. Dèvita geuning tos teu aya deui di kamarna!”

Seni Bandung #1, Oktober 2017

Wednesday, September 13, 2017

DINA MESSENGER




Ku Iwan M. Ridwan

“Mani angger kasèp tèh. Samalah asa leuwih kasèp ayeuna mah,” ceuk hatè. Henteu ari pok mah. Bet matak kalinglap. Ayeuna mah buukna dirarancung lebah embun-embunanana. Sisina diipisan. Teu kawas baheula anu dibeulah dua. Tapi anu tèmbong angger mah kulimisna. Makè minyak rambut kawasna mah. Boa ayeuna mah minyak rambutna ogè meuli ti luar negeri. Mani kabedil langit. Sugan tèh lain manèhna. Lamun teu sidik lebah gadona anu rada beulah mah kawasna kuring moal wawuh. Ngan disidik-sidik enya geuning manèhna. Leuwih kasèp. Leuwih ngota ayeuna mah. Mani hayang sapok-pokeun nyebutkeun kasèp. Tapi piraku teuing kuring wani tatag nyarita sarupa kitu. Ti babaheula ogè teu kumawani nyarita naon-naon. Sama sakali teu wani najan kiwari raga paanggang mangpuluh-puluh rèbu kilomèter ogènan. Dipisahkeun ku jarak jeung waktu anu geus nalikung aya kana welas taunna. Enya. Samèmèh lunta ninggalkeun lemah cai ogè kuring teu kungsi gugupay ka manèhna. Gupay panungtungan anu bakal tumuwuh jadi kakangen.
Kiwari manèhna nèmbongan deui satutas dipisahkeun ku nasib anu geus sakuduna pajauh. Kuring ogè ngarasa leuwih deukeut batan baheula ayeuna mah. Sanajan lain raga badagna. Potrèt jeung tulisan-tulisanna anu hiber ti jauhna bet kawas anu pagilinggisik sapopoè. Bet mawa deui panineungan anu kungsi karandapan mangwelas-welas taun kalarung. Hayangna mah reureujeungan deui sanajan dina enyana teu kungsi salulut. Saban poè ukur bisa neuteup imutna anu bèar marahmay, kitu ogè neuteup ti ka anggangan sabab dina buktina mah èta imut tèh mawur keur batur. Sorana matak gantung dèngèeun mangsa ngedalkeun kekecapana anu handap asor. Sopan tur matak tengtrem kana hatèna. Matak seseblakan. Hanjakal pisan èta kekecapan ogè lain keur kuring, tapi keur batur, pangpangna mah keur guru anu mènta kamandang barudak kana salah sahiji pasualan dina hiji pelajaran. Calakan manèhna mah. Pinter. Kasèp deuih.
Enyaan. Ti baheula ogè kasèp. Pinter. Ceuk sasaha ogè kasèp jeung pinter. Komo ceuk Si Nuni mah anu majar sugan tèh urang kota. Awakna mani bodas, beresih tur sarareungit. Pinter deuih. Resep cenah ka lalaki anu kasèp tur pinter tèh. Sedil ngadèngè Si Nuni ngomong kitu. Kawasna mah naksir. Boa enya Si Nuni jeung manèhna tèh kungsi hahadèan? Kawas anu mindeng kadèngè ceuk Si Wiwin. Geuning sok ngaadeuy-adeuy lamun seug Si Nuni tèmbong patanya jeung manèhna tèh. Keuheul kacida mun geus nyaksian talajak sarupa kitu.
“Ulah diasupkeun kana hatè omongan Si Nuni jeung Si Wiwin mah, San! Duanana ogè tukang gedebul,” ceuk Si Sarah harita. Mani asa aya anu ngabèla.
Si Sarah nyahoeun eusi hatè kuring kawasna mah sanajan teu kungsi cacarita ka Si Èta. Pèdah sobat sapangulinan kawasna mah, boh di sakola boh di lembur. Ku hayoh waè deudeukeutan mah sagala anu disumput-sumput tèh teu welèh kanyahoan. Kaambeu atawa katempo. Kitu deui kaayaan hatè kuring anu teu bisa wakca ka manèhna.
“Moal sapati-pati hayoh waè ngarèrètan atuh San, lamun euweuh hatè kadua gedè mah,” omong Si Sarah basa keur di kantin. Kituna tèh bari seuri ngagakgak.
“Kadua leutik,” kuring ngagebès.
“Ah kagok leutik mah, San. Sing gedè ari rasa cinta mah,” Si Sarah cengir.
“Terus, lamun manèh osok remen ngarèrètan jam dinding, manèh bogoh kana jam anu ngadaplok di kelas?”
Dikitukeun tèh Si Sarah mani ngabarakatak.
“Èta mah hayang geura-geura balik atuh, lain bogoh,” omongna bari kedewek kana bala-bala. Leungeunna kurah-korèh kana cèngèk.
“Ngomong atuh, San, da Si Yuda ogè pasti ngahargaan. Atawa rèk dipangngomongkeun ku urang? Kè lamun geus istirahat ku urang disampeurkeun nya,” Si Sarah mani sumanget. Belewek bala-bala haneut, celetrok ngègèl cèngèk atah.
Grewek baju lebah samlèhna ku kuring dirameus bari dipolototan. Si Sarah burial-buncelik. Bahamna samutut ku bala-bala. Beungeutna beureum balas kabeuheulan duka teuing ladaeun. Kuring geuwat ngaleupaskeun bajuna. Jegroh Si Sarah batuk mani babalongkengan. Èkting Si Èta mah paling ogè. Loba teuing nongton film tèlènovèla. Bala-bala dina bahamna saharita diburakeun. Hadèna wè di kantin tèh teu loba jalma. Tada teuing biratna barudak mun seug nempo Si Sarah kitu peta. 
“Bagoy manèh mah,” pokna bari seuhah. Leguk ciherang anu nampeu dina mèja.
“Bongan.”
“Manèh mah ari kana gelut wani, ari nyanghareupan lalaki cicingeun merod kawas cucuk riut,” pokna deui kawas anu teu kapok.
“Lain cicingeun, nyaho. Cool.”
“Kuuleun…”
”Meunggeus, gandèng. Geuwat ah, bisi kapanggiheun ku guru bèpè!” kuring nangtung.
“Sieun nya ku Bu Yani?”
Teu ditèmbalan. Gedig kuring muru ka kelas deui. Inggis kanyahoan ku guru PPKn anu keur ngajar di kelas pèdah ijin mah tadi tèh rèk ka cai. Cacakan lamun Si Sarah teu nyebutkeun lapar mah moal nyimpang heula ka kantin.
Èra temenan mun seug kalakuan kuring sarupa kitu kanyahoan ku manèhna. Bororaah ninggalkeun kelas manèhna mah, ngabandungan pedaran guru ogè kawasna ulah kaselang sanajan ukur ku heuay. Saban mata pelajaran dilenyepan. Diukna ogè hareupeun pisan mèja guru. Keur mah ketua murid manèhna tèh. Adab jeung tata karma tèh teu welèh jadi cirina. Atuh tong boro kitu tina dangdanan ogè geus katèmbong manèhna tèh jalma pinter. Rapi tur bersèka. Buukna disisir beulah dua. Makè minyak rambut. Seragamna teu welèh diistrika. Bajuna dikajerokeun. Omongan mah geus puguh deui ceuk tadi ogè taya cawadeun.
Harita mah asa moal papisah jeung manèhna tèh, enya ogè ukur bisa panggih di sakola. Kuring sok bèbèlaan datang pangisukna. Ngahaja hayang nènjo manèhna asup ka kelas. Lamun teu kitu sok hèsè pilakadar hayang neuteup ti hareup ogè. Balik sok ngahaja pangpandeurina, susuganan manèhna nanya ka kuring sukur-sukur bisa ngajak balik bareng.
Palangsiang ukur ngarep-ngarep kalangkang heulang kuring  tèh. Nu diarep-arepna jung ka kulon ari kuring ngalelengkur lebah wètan. Nu matak ukur bisa nyèrangkeun pundukna ti kaanggangan. Neuteup anteb ka dirina anu ceuk pangrasa mah beuki ngajauhan. Neuteup tonggong jeung pundukna. Paneuteup anu sakuduna merhatikeun pedaran guru mangsa keur nerangkeun di kelas, sok kalah sèsèlèkèt dina rentulna sirah barudak, nèangan jirimna. Mun geus kapanggih sok tuluy anteng nengetan buukna. Susuganan pareng ngalieuk ka tukang. Susuganan aya teuteup anu matak nèmbrès kana jajantung, imut anu kapaut di antara lolongkrang jirim barudak anu carindekul, mianggang kuring jeung manèhna. Lebeng. Sakalieun aya perelu ka baturna anu tukangeun, manèhna teu welèh tungkul. Teu ngarèrèt-rèrèt acan.
Teu hayang leuwih kuring mah. Kasèp jeung pinterna anu remen dibagikeun ka balarèa ogè pèk tèh teuing, sanajan hatè mah kumejot hayang miboga ku sorangan. Sadrah tur lèah hatè tèh sabab meureun kuring mah teu boga tempat dina hatèna. Samalah dina waktu konganna ogè manèhna teu kungsi ngahaja nyampeurkeun kuring najan ukur nanya bari imut. Teu kawas Si Nyayang anu mèh unggal waktu nyampeurkeun. Ngajak ngobrol. Sedil sakapeung mah. Nu diarep-arep manèhna, anu norojol Si Nyanyang deui, Si Nyayang deui. Manèhna mah tiis leuwih-leuwih ti gunung ès di Himalaya. Teu kungsi ngaley sanajan dina jero hatè anu neuteup di tukangeunanan ngagegedur seuneu kageugeut. Teu. Kawasna ukur hatè kuring anu gugupay ngajak kumalayang ka alak paul. Boa kuring anu ngapung ngawang-ngawang ngajomantara sosoranganan. Geuning kiwari kuring anu ngajauhan. Ninggalkeun manèhna anu ceuk rarasaan mah kuring anu ditinggalkeun.
Kuring teu bisa ngalelebah di mana jeung kumaha manèhna nyanghareupan kahirupan satutas pada-pada lunta ninggalkeun sakola. Ceuk Si Sarah manèhna nuluykeun ka sakola lanjutan di puseur dayeuh. Si Sarah kungsi saangkot basa indit sakola. Teu loba nu dicaturkeun cenah, da kitu manèhna mah tara loba catur tanpa bukur. Satutas nampa èta bèja kuring teu nyaho deui ngeunaan manèhna. Hamo bisa panggih deui meureun. Jajauheun bisa reureujeungan mah. Pamustunganana ingètan ngeunaan manèhna tèh disieuhkeun. Jauh. Dikubur dina lèngkob leuweung kahirupan anu pangjerona tur pangpoèkna malah mandar teu bisa kasampeur deui. Nu matak harita kuring nampa lamaran Kang Bibin ogè hayang ngaleungitkeun manèhna tina ieu pikiran. Sugan ari boga salaki mah duriat tèh bisa nyagak. Mun geus nyagak tangtu bakal aya salah sahiji anu mangkak. Mugia waè anu mangkak tèh kacinta ka salaki sorangan sabab tangtu saban waktu dipiara ku dirina, tur anu palastra tèh kacinta anu nganteng keur manèhna anu teuing di mana alang ujurna.
Inget deui ka lebah dinya mah kuring ogè teu boga hak hantem mitineung manèhna. Kuring tèh lain sasaha manèhna. Kitu deui manèhna, ukur kembang impian anu geus tangtu ngiles mangsa kuring nyaring kagareuwahkeun beurang. Cinta anu kungsi mangkak ogè meureun pilakadar cinta monyèt. Cinta budak bau cikur anu tacan ngarti kana hakèkatna mikacinta. Meureun harita ogè kuring ukur kalalanjoanan ngararasakeun gedur kacinta bari lat poho kana kawajiban mikacinta. Duka teuing teu nyaho kumaha carana ari mikacinta. Geuning satutas kawin ogè kuring bet kawas anu tacan kènèh bisa mikacinta jalma anu mihaat jeung ngorbankeun sagala hirupna keur kuring.
Kang Bibin, nyaah jeung deudeuhna teu kurang-kurang. Hirupna dibèakeun keur mèlaan kulawarga. Ngan hanjakal satutas pausahaan tempat digawèna bangkrut Kang Bibin teu digawè deui. Antukna buburuh itu ieu sakasampeurna. Kangaranan nyiar kipayah anu teu puguh alang ujurna, Kang Bibin kurang bisa ngabayuan kulawarga. Teu bisa nyukupan pangabutuh sapopoè anu hahargaanana beuki ngajaul. Pangabutuh barudak anu geus sarakola duanana. Nyiar deui pakasaban sèjèn nyamos jeung nyamos waè. Majarkeun euweuh posisi keur nu umurna geus opat puluh taun mah. Ngandelkeun buburuh macul di lembur anu pangasilanana nya kitu tèa. Teu wasa pikeun dicaritakeun. Katambah-tambah kiwari mah geus arang langka anu ngarulikeun. Sawah-sawahna geus ditaringgalkeun ku nu bogana sabab parèna geus tara kahasil. Hama geus mahabu. Caina geus kakeumeuhan ku limbah-limbah pabrik anu ngaradeg dina pasawahan sisi jalan. Pabrik bonèka. Pabrik sapatu. Pabrik kaèn jeung sajabana. Bet matak ngarumas nyaksian kumaha tihot-hatna Kang Bibin anu keukeuh hayang bisa ngabayuan kulawarga. Nu matak basa Ceu Yuli ngajak gawè ka Dubai tèh kuring asa aya cukang komo meuntas. Kairut ku pakaya Ceu Yuli hasil tina buburuh di negeri gedong jalugjug. Enya ogè kuring ukur bisa barang gawè sapopoè di imah, kuring buleud tèkad pikeun ngadu nasib di nagara anu beurat beunghar. Meungpeung umur can opat puluh taun, omong Ceu Yuli harita. Meungpeung geulis kènèh pokna tèh. Lamun geus kolot mah sok hararèsè sabab loba PT. anu arembungeun.
“Beurat keur Akang mah, Enung buburuh di nagara deungeun tèh,” omong Kang Bibin teu welèh ngaenungkeun. Bakat ku deudeuh cenah. “Kawajiban akang nganapakahan mah, lain kawajiban Enung,” sambungna semu ngalimba.
“Abdi mah rido, Kang, mugia akang doa. Upami tos gaduh bekel kanggo modal wawarungan mah abdi ogè moal rèk tutuluyan ninggalkeun lembur,” kuring neger-neger manèh.
Lèah pamustunganana mah hatè Kang Bibin. Kuring diijinan digawè pikeun sakali kontrak. Dua tauneun. Hasil tina buburuh salila digawè rèk dipakè sapopoè sèsana rèk dikumpulkeun keur wawarungan. Sugan bisa ngagolang tur manjang.
Ngarumas mimitina mah sasatna asa jadi hayam panyambungan. Asa jadi jalma anu dipiceun. Loba kasieun. Sieun itu sieun ieu tèa kangaranan di lembur batur. Tapi inget ka Ceu Yuli anu katèmbongna bètah tur boga harta banda, kuring jadi gedè hatè. Geus opat taun manèhna mah teu mulang ka lembur tapi bisa ngiriman duit tepi ka kabeuli itu ieu. Imah alus pangeusina rempeg. Samalah salakina bisa muka tempat cuci motor sisi jalan tina duit pangiriman. Enya kasieun tèh ayana dina pikiran jeung hatè sorangan. Kabuktianana mah dunungan tèh teu kua kieu.
“Alus Sani boga dunungan geus karolot mah, sok nyaaheun. Asa kolot sorangan geura,” hiji mangsa Ceu Yuli norowèlang dina telepon.
Enya geuning karasa ku sorangan omongan Ceu Yuli tèh. Kuring dipikanyaah kawas ka kulawargana sorangan. Samalah dunungan tèh hayang disebut Abu jeung Ummu ku kuring tèh. Pagawèan ukur nyangu jeung nyeuseuh. Kitu ogè ku mesin cuci. Gègèroh jeung ngepèl mah bagèan Si Jovaria urang Pakistan. Ngan lebah bèbèrès meureun sok silih bantuan tèh sasatna pada-pada boga rasa silih titipkeun diri. Ah kètang mimindengna mah silih bantuan.
Ceuk Si Jova mah dunungan tèh pensiunan ti salah sahiji pausahaan rèal èstate. Ari sugan tèh pagawè negeri wungkul nu meunang pensiunan tèh, horèng pagawè naon waè ogè digajih di dieu mah. Aya ku genah. Sagala tèh mani kawas anu diwowoy ku nagara. Hirup rèa kètan rèa keton tèh lain bobohongan. Rèk ka mana ka mendi ogè dihancengan. Hanjakal kuring mah tara ieu kamamana cicing di dieu tèh, teu kawas Ceu Yuli anu cenah kungsi ulin ka Burj Khalifa jeung ka Palm Jumeirah. Ah keun baè kètang lebah dinya mah teu jadi sual, nu penting kuring bisa ngabayuan kulawarga di lembur.
Geus asa lawas ninggalkeun lemah cai najan karèk satengah taun ogè. Ninggalkeun lembur matuh banjar pamidangan anu teu welèh dipitineung. Nineung ka barudak pangpangna mah. Endan jeung Sopi. Kacipta wè unggal isuk diurus ku bapana mangsa arindit ka sakola. Endan geus kelas hiji SMP keur meumeujeuhna didikeun. Sopi nya kitu deui kakara kelas tilu sakola dasar, masih kudu disadiakeun sagala rupana. Tapi da percaya ka Kang Bibin mah pasti bisa ngurusna. Leuwih-leuwih ti kuring bisa ngurus barudak jeung ngurus rumah tangga tèh. Pagawèan di imah ogè karèrèanana mah apanan osok dipigawè ku manèhna mangsa kuring di imah ogè. Komo anu bareurat mah. Rumasaeun meureun boga pamajikan kurang rapèkan. Kuper jeung kuuleun. Nu matak mangsa kuring ngapung tèh manèhna kawas anu leutik hatè. Saban waktu hayoh waè ngontak, boh SMS boh telepon. Tapi lila kalilaan mah manèhna ogè percayaeun kuring  geus bisa mandiri. Ngontak tèh teu unggal waktu teuing.
Enya ayeuna mah kuring geus teu kuuleun teuing. Sanajan can mapakan Ceu Yuli tapi sahenteuna kuring geus dua kali ngawèselkeun duit keur kulawarga. Kuring ogè ayeuna mah geus nyaho kahirupan dunya luar. Ngalaman tumpak pesawat. Nyaho internèt. Nyaho mèdia sosial. Tepi ka parapanggih deui jeung sawatara babaturan sakola anu baheula. Si Sarah, Si Nyayang jeung nu sèjènna tepi ka panggih deui jeung manèhna. Yuda. Yuda Purnama. Anu kiwari matuh di hiji kota gedè di lemah cai.
Jadi jalma jegud geuning. Boga pakasaban anu teu ilahar dipigawè ku urang lembur mah. Pagawèan anu sakalina digawè bisa ngaleuwihan gajih sabulaneun kuring. Sagulung-sagalang jeung modèl, jeung artis, jeung desainer. Fotografer geuning manèhna tèh. Kanyahoan sotèh satutas nitènan potrètna anu diposting dina sawatara mèdia sosialna. Manèhna keur nyieun vidèo klip grup band anu remen konsèr di luar negeri. Potrèt manèhna anu keur motrèt modèl di studio. Di hiji tempat anu èndah. Dina parahu. Di basisir. Dina sasak beusi. Ah bet matak timburu nitènan Si Modèl anu sakitu hèrang mèncrangna bari makè baju kawas anu kurangeun bahan. Manèhna ogè remen dipotrèt bareng jeung modèl-modèlna. Potrèt sèlfi paduduaan jeung modèl di rohang make up. Tapi anu matak anèh keur kuring mah tepi ka kiwari manèhna masih lalagasan. Padahal sakitu gareulisna wanoja anu idek liher dina kahirupanana tèh. Duka teuing naon deui anu ditungguanana.
“Sani, damang?”
Ngadadak ratug tutunggulan basa harita manèhna ngamimitian chatting kana messenger kuring. Saminggu satutas facebookna diadd ku kuring. Ham-ham mimitina mah rèk nambahkeun pertemanan ka manèhna tèh lamun teu dipapaksa ku Si Sarah anu ngirimkeun halaman facebookna mah. Inggis teu dikonfirmasi. Tapi ceuk Si Sarah manèhna kungsi natanyakeun kuring basa Si Sarah chatting jeung manèhna. Nya kuring anu ngèlèhan ngaadd tiheula satutas nyaho ceuk Si Sarah manèhna can boga anak pamajikan. Moal aya anu garah-geureuh ieuh meureun.
Geuning aya samingguna pertemanan kuring kakara dikonfirmasi. Sibuk pokna mah. Sapuluh poè manèhna aya di Pulo Tidung. Duka tèh teuing lebah mana èta pulo tèh. Teu wani tetelepèk.
Wanci papeupeuting manèhna mimiti chatting tèh. Ampir jam sabelas. Cenah di lemburna mah geus ngagayuh ka janari. Geus biasa wayah kitu masih nyileuk pokna tèh. Ngadon cindekul hareupeun kompoterna. Ngoprèk itu ieu anu keur kuring mah biheung nyaho. Ari komputerna teu welèh online. Majar keur ngabangbrangkeun kakesel sok bari internètan.
Aya kana bulanna chatting dina messenger tèh enya ogè tara unggal peuting. Tapi geus loba anu dicaritakeun. Utamana mah ngeunaan pangalaman salila ieu. Samalah remen nyaritakeun mangsa keur sakola tujuh ‘las taun katukang. Manèhna anu sok ngamimitianana mah. Kawas peuting ieu. Manèhna bet los-los natanyakeun Si Nyayang anu remen ngadeukeutan kuring harita.
“Masih sering ngobrol sareng Nyayang?” pokna dina messenger.
“Nyanyang?”
“Muhun. Geuning kapungkur mah mani siga anu loma pisan sareng Nyanyang tèh,”
“Ah siga anu teu terang waè kumaha Nyanyang,”
“Hèhèh!” pokna. Kacipta wè manèhna gumujeng.
“Masih sareng Nuni?” giliran kuring anu nalèk.
“Nuni? Na saha anu kantos sareng Nuni?”
“Oh. Henteu nya?”
“Henteu. Na kumaha kitu?”
“Ah kukumaha.”
“Abdi mah teu wantun nyakètan anu dipikaresep waktos kapungkur tèh.”
“Maksadna? Kantos aya nu dipikaresep?”
“Duka atuh, da harita mah teu acan ngartos. Mung èta wè aya anu matak abdi geumpeur pami pacaket. Komo waktos pasangrog dina lawag panto mah,” omongna.
“Oh.”
“Muhun. Kumargi èta abdi langki pisan nyarios ka anjeunna, malihan calikna ogè ku abdi dipengkeran waè.”
Lebah èta kalimah kuring ngadadak paranas tiris. Hatè ngadadak seseblakan. Hapè anu keur dikeukeuweuk tèh saharita diècagkeun kana kasur. Sajongjongan mah kuring ngahuleng ngaraga meneng. Ras ka manèhna anu baheula kawas anu kaweur mangsa paadu teuteup dina lawang panto kelas. Manèhna tungkul, tuluy nyisi bari leumpang gagancangan ninggalkeun kuring anu renghap ranjug. Katempo kènèh ceulina tepi ka euceuy harita tèh. Ukur sakali-kalina bisa pasangrog kitu tèh. Harita mangsa jam istirahat basa manèhna rèk asup deui ka kelas ari kuring rèk kaluar.
Cling! Sora hapè kadèngè deui satutas sababaraha lila kuring ngahuleng.
“Nu mawi dugi ka ayeuna ogè tèh èmut wae.”
Kuring ukur ngarèrèt kana hapè. Aplikasi messenger ditutup. Sakedapan mah ukur ngaheneng.
“Tos kulem?” ceuk manèhna deui.
Tèmbong tulisanana ukur sabaris dina balon messenger. Kuring ukur neuteup antep kana hapè anu ngagolèr dina kasur. Golèdag kana bantal. Ngadon nyeueung lalangit kamar anu nèmbongkeun mangpirang lalakon mangsa kuring aya di lemah cai. Lalakon tujuh welas taun katukang mangsa makè seragam biru bodas. Lalakon mangsa mangtaun-taun mitineung manèhna satutas pada-pada lunta ti sakola. Brèh deui kagambar basa Kang Bibin ngalamar kuring jeung kulawargana tepi ka kuring laki-rabi jeung dirina. Brèh deui beungeut barudak. Endan jeung Sopi ngadadak imut dina lalangit kamar. Dina lalangit batin.

Panglawungan 13, Agustus 2017

Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com