“Hujan!
Hujan!” sorana ngéngkréng ti tengah imah.
Kulutrak
panto dapur muka. Panto ka luar, tukangeun imah. Manéhna gura-giru nyaitan popoéan
anu masih kénéh baseuh. Cuh-cih leungeunna ngajéwang saban nu nyampai. Popoéan
anu ngahunyud téh ditangkeup laju dibawa ka hareupeun kamar cai. Bay
disampaikeun sakaligus. Tuluy gura-giru deui nyaitan popoéan anu liana. Sarua
kawas mimiti, disampaikeun jeung baturna.
“Kamarana
barudak téh mani euweuh hiji-hiji acan. Nyareuseuh paloba-loba. Sakieu hujan waé
téh?” omongna semu anu kukulutus.
Ayeuna mah
leuwih bisa haré-haré nyaksian Si Ibu kitu peta téh. Geus teu anéh deui sabab
kitu tabéatna. Mémang keur anyaran mah sok ngarasa reuwas ngadéngé Si Ibu
kukulutus téh. Sok asa kacarékan atawa mémang keur nyarékan batur. Tapi geuning
éta mah kabiasaan anu teu anéh.
Karék opat bulan
harita nyicingan ieu kontrakan téh. Bubuhan karék bisa adaptasi jeung
lingkungan. Ngan hadéna anu ngontrakna barudak mahaiswa. Umumna mah mahasiswa
sakampus.
Kawilang
paling angggang ieu kontrakan. Ceuk barudak mah nyungseb. Mun dileumpangan mah
ka kampus gé kudu méakeun waktu dua puluh menit. Enya kitu anu kaalaman ku
kuring. Sakapeung mah sok nébéng kana motor Si Icha, ngahaja méméh balik téh
sok diajak nyimpang. Apanan ngarah bisa nganteurkeun. Peupeuriheun dianteurkeun
ku kabogoh iraha teuing ngalamanna. Ah kétang saha teuing lalakina anu rék daék
ka awéwé pantar kuring. Urang kampung bau lisung bari papakéan rangkedut sakadaékna.
Sabenerna mah lain sakadaék-sakadaékna teuing tapi taya deui pakéeun. Ceuk
pangrasa baju anu di bawa ti lembur téh minangka baju pang aralusna. Paranti méjéng
sisi jalan, ngariung dina jambatan hareupeun sakola imprés. Sok asa
panggindingna dibandingkeun jeung Nining, Rina atawa Adah mah.
Horéng di
kota papakéan téh jadi pangnorakna: Maksi hideung, kurudung nyungcung jeung
baju panjang pulas bulao téh teu mawa kageulisan anu nyari. Ningali Si Zéna mah
sakitu mani hurung-hérangna ka kampus téh. Maké calana nyiripit, lépis ipis.
Kaluhurna maké kaos sapotong dibunian ku jas leutik bari ngetat. Lamun teu kitu, maké baju panjang tapi
leueur pulas gedang asak. Ari sapatuna lain sandal busa kawas kuring, tapi sabangsa
kelom jangkung hérang matak nyentrik kanu makéna.
Geulis
katempona. Nécis. Manis. Tapi nya kitu geuning saimbang jeung haregana. Kungsi
kuring ogé jalan-jalan bari nempoan anu kararitu ka Mall. Ngahaja ménta
dianteur ka Si Icha, bubuhan manéhna mah apan ti éséma pindah ka Bandungna milu
jeung indung bapana.
“Tah ieu
ngaranna Skinny Jeans. Cocokna maké tank top jeung blazer atawa dress. Méh
katingali nyentrik jangkung sapatuna maké wedges
atawa high hill. Teu pas maké
sandal busa siga Rohimah mah.” Ceuk Si Icha mani norowélang. Percis anu dipaké
ku Si Zéna babaturan kampus anu ditunjuk-tunjuk ku manéhna téh. Sedil da mun
seug nyebut ngaran asli téh.
“Ima, kitu!
Geuleuh ngadéngéna. Kampungan.”
“Haha. Kolot
manéh téh geus ngabubur beureum ngabubur bodas keur éta ngaran. Tarimakeun.”
“Nyao ah!”
cekéng ngabalieur.
“Lah mani
gumeulis. Geura yeuh lebah dieu pakéan luhuranana mah.” Inget kénéh wé harita
Si Icha nuyun kuring di Béipé.
“Ké heula, Cha,
itu aya calana mani aralus. Ngan hanjakal nya parondok teuing. Calana budak éta
téh?”
“Euh. Éta téh
hot pen, pék waé ari hayang katémbong
pingping urut pélor mah.” Manéhna nyeuleukeuteuk. Angger leungeunana ngenyang
leungeun kuring. Atuh leumpang téh satengah digusur.
Srog ka
hareupeun jajaran baju-baju aralus. Ditataan kabéh ku Si Icha. Mani kabita
nakeranan harita. Kabéh dicabakan tepika anu jaga tokona buad-baeud, pédah éta
meureun gep ieu gep ieu ari meuli hanteu. Kuring téa sok terus rasa mun seug
aya anu buad-baeud téh. Antukna kuring anu ngajewang leungeun Si Icha dibawa
kaluar toko.
Si Icha mawa
deui kuring ka toko sapatu, toko tas, toko géspér ceuk manéhna mah, toko
aksesoris: jam tangan, geulang, génggé, anting, kongkorong,, bondu, bross.
Lieur tungtungna mah ampir-ampiran rék utah. Panon karasa panas, peurih balas
keuna asé. Beuteung lapar. Enya atuh salila kukurilingan téh apanan remen
ngaliwatan toko kuéh: roti, donat, fried
chicken, pisang keju, pop corn,
apal sotéh pédah wé dibacaan tempat-tempatna.
Gura-giru
ngajak balik ka Si Icha. Hayang geura-geura nyangu di kontrakan. Lapar. Manéhna
malah nyeungseurikeun.
“Lapar mah
hayu ditraktir ku urang. Tah di kééfsi gé moal méakeun dua ratus rébu.” Cenah
ngajewang ka tempat dahar di luareun gedong super
mall. Daék teu daék nuturkeun manehna.
***
Ayeuna geus
seméster dua, anu ngaranna skinny jeans téh
geus kabeuli. Kitu deui thank top, dress,
wedges, tas impor. Malah hot pen
ogé meuli hiji. Duitna mah meunang kukumpul salila dikirim kunu jadi kolot.
Diapi-apik pisan makéna gé, tara ieu dipeleter sok inggis belél. Geus aya kana
opat kalina dipaké téh, kakara diseuseuh poé ieu. Nyeuseuhna gé apik pisan teu
sugan digiles atawa disikat, palalaur soéh.
Bérés
nyeuseuh tuluy nyangu, dahar saayana. Ngké gé aya Si Icha ka kontrakan sok
mangmawakeun deungeun sangu, meunang nyokot ti warung indung bapana. Sakituna
mah haat jeung nyaahan Si Icha téh ka kuring mah. Bérés dahar téh reup waé
kasaréan. Enya sasatna geus capé bébérés kamar, nyeuseuh, kari-kari beuteung
seubeuh sok sanajan ukur jeung bala-bala ditambah sambel goang ogé. Sora si Ibu
anu ngéngkréng téh bet kabawa ngimpi.
Lep, les wé
teu inget di bumi alam. Luareun imah horéng hujan mani ngagebrét. Angin jeung
guludug mani hoghag: lilimbungan, tingbarasat, tingbeledag. Kuring hudang
kagareuwahkeun kunu récok di luar. Rét kana ubin, cai nguyumbang. Ibu kos jeung
Kang Abdul mani cuh cih nyaralametkeun barang anu kabawa hujan. Cenah sawaréh
geus marilu palid kana liang cai. Sasampayan pegat katinggang kenténg anu riab
ku angin. Caina malid-malidkeun seueuhan anu disampaikeun ku Si Ibu dina
sasampayan hareupeun kamar cai.
Teu
dipikirkeun cai anu ngamplang di jero kamar mah. Pikiran inget kana hot pen, skinny jeans, dress, blazer jeung tank top anu dipoé.
“Ibu, kamana
jemuran?” geus neg wé ningali dina sasampayan euweuh téh. Geuning sasampayanana
ogé runtuh. Kang Diman mah sibuk
sorangan di jero kamar. Asbésna ngaliglag kaanginkeun cenah orokaya caina ampih
ka jero kamar. Maseuhan buku. Maseuhan Komputer.
“Ibu, kamana
jemuran abdi?” cekéng bari rambisak. Beungeut jeung buuk mah teuing kumaha
rupana. Sasat hudang saré langsung kaluar milu riweuh. Bari jeung teu apal
kumaha mimitina. Anu diajak ngomong kalah cuh cih kaditu kadieu.
“Allohuakbar!.....
Ieu Gusti Nu Maha Agung…… Diman, kumaha atuh nya buku baraseuh jeung kasur
deuih nya, komputer…. Alah!..... Abdul atuh geuwat éta kodokan seuseuhan anu
paralid kana liang cai téh…. Aduh kamana ari Mang Ujang cenah nya….!”
“Ieu Étéh apanan
kamar Si Dandin ogé banjir…” omong Mang Ujang bari tibeberegég ngakutan cai ti
jero kamar anakna ibu kos. Sewur wéh dibaheukeun ka hareupeun Kang Abdul anu
ngarojokan liang cai.
“Moal
kapuluk, Bu, seuseuhan mah. Tos palid kana liang got…” Kang Abdul némpas bari
hemar-hemir. Ari Kang Diman, anteng wé meureutan kaos butut anu dipaké ngelap
ubin kamarna. Curulung caina kana émbér.
Anu alanyar datang
milu riweuh nyaksian kaayaan kamarna carem satengahing bitis. Si Nita
hariweusweus, Si Rudi, A Sodik, ribut maruka kamarna. Itu geuningan aya Si Icha
mani ngadarégdég, awakna teu éléh rancucutna jeung nu leuwih tiheula datang.
“Rohimah,
siah urang kapegat hujan ka dieu téh ah. Tuh tempo mani baraseuh kieu…”
“Ichaaa…..
baju, Cha…. Hot pen, skinny jeans,
kabeh kabawa paliiiddd…!” hing wé kuring ceurik. Kaéra ngadadak leungit. Pakéan
anu dihayang-hayang téh ngadon kabawa caah.
“Ah bongan
meulina make duit semésteran….”
“Manéh mah
kalah mupuas…”
Rengse,
Bandung Maret 2014