Carpon, Galura Edisi II Mei 2015
(Iwan M. Ridwan)
Awak nu baheula pait
daging pahang tulang téh geus bleg balukang kahalodoan, murag kaanginkeun.
Urat-uratna geus teu sakereng burinyay kilat atawa gebayna erél karéta nu sok
dipapay leumpang ti Cileuleuy ka Sela Jambé. Diuk dina papan nyérangkeun ka
kaanggangan sugan jeung sugan manggih tapak mangsa manéhna ngalalana genep
puluh taun katukang.
Kelepus, kelepus haseup
ngebul tina irung jeung bahamna, sakapeung diselang jegroh batuk. Cikopi pait minangka
ubarna. Tuluy anteng deui nyawang kahareup. Panon celong téh masih kénéh kuat
norobos kaca jeung aling-aling dangdaunan basa angin satékah polah hayang
ngajak lumpat manéhna. Geuning amparan sawah téh robah, tangkal manggah jeung
kalapa dina galengan kari tunggulna urut ngahakan seuneu. Gedong SMP ngadeg
weweg dina kotakan nu disaeur barangkal. Héjo ngaheureutan ganti jadi hurung-hérangna
kenténg jeung kaca imah. Paré-paré nu nyésa carerewing siga nu nangtang langit.
Daun cau mah lir meunang nyebitan bari tuluy di sisiran.
Genep puluh taun
katukang mah awakna téh buta tulang buta daging. Belekesenteng rupa kasép lir
Arjuna dina pawayangan. Pada mikaresep kolot budak, komo nonoman saumuranana
mah. Kawas Ema, harita jadi salah saurang nu boga rasa ka manéhna, tapi henteu
ari siga batur mah, némbongkeun hayang dioconan.
Kitu bubuhan ari jodo
mah. Teu disangka-sangka. Najan Apa téh datang ti kulawarga basajan bari jeung
kakaburan nyinglar pangudag gorombolan bet bisa meunangkeun Ema nu nelahna kembang
désa anak juragan. Dasar jodo. Bisa wé ngahijikeun nu kasép jeung nu geulis
naja béda kasang tukang.
Umur dua welas taun téh
Apa mah geus lunta ninggalkeun nu jadi indung. Lunta tina bancang pakéwuh
alatan gorombolan. Sabubuhan pangacow nu ngaku hayang ngadegkeun nagara Islam,
tapi kabuktianana malah
matak geunjleung jeung harénghéng. Unggal pamuda dipaksa jadi anggota. Tiap peuting lembur
diranjah, imah diduruk bari harta pakayana dikerid dibawa ka leuweung. Teu
saeutik parawan nu digadabah tuluy dibawa ka jero gunung pikeun muaskeun nafsu
birahi. Nu boga salaki, dipaéhan salakina. Mun aya nu panglawankeun dipaéhan nu
manglawankeunana. Tepi ka dina hiji waktu Apa amitan ka nini. Niat rék ngajauh
tina karusuh, rék nyinglar tina bahaya sabab manéhna teu weléh diudag-udag
dipaksa ngangkat senjata mun teu nurut atawa ngahianat dorlok geus pasti meulah sirah.
Lumpat ti Cileuleuy téh
mapay jalan karéta nu brasna ka Bandungkeun. Mapay leuweung ngarurud gunung.
Sakapeung meuntasan walungan jeung pahumaan. Sakapeung anjog ka lembur bari teu weléh susulumputan, inggis
ku bisi aya nu ngadodoho bari ngokangkeun bedil. Ukur panon poé nu nyaho sabara
lila perjalanan tepika anjog ka Bandung, nyamur jadi tukang tahu. Mangdagangkeun nu
urang Cibuntu. Sapanjang jalan teu weléh rancingeus, caringcing pageuh kancing
saringset pageuh iket. Ngaringkang ka Situ Aksan teu weléh jeung rarasaan,
ngagedig ka Andir jeung Ciroyom teu burung jeung itungan. Ngan teuing naon
alesanana bet tuluy ngabéngbéos ka Cianjur. Mapay-mapay jalan karéta.
Ngaliwatan gunung meuntasan susukan, Citarum jeung Cisokan teu weléh ngeuyeumbeu
caina, nyaksian kamana awak dibawa sasalingkeran jeung ngeclakna kesang kana
tatapakan.
Ukur panon poé deui nu
nyaho sabara lilana anjog ka Cianjur. Hiji kota nu teu weléh aman dina mangsa
penjajahan. Meureun éta ogé, sabab kadéngé cenah sababara puluh taun katukang
kungsi karandapan tutumpuran anu tohaga nu ngalantarankeun rahayat paragat
nyawa. Tapi dina pamustunganana teu burung ayem tengtrem deui.
Di Cianjur téh tepung
jeung Éyang Haji Enur, hiji pangusaha beunghar di lembur Pasir Koréd. Manéhna
sorangan nu ngababakan di éta tempat. Datang ti hiji tempat anu jauh teuing ti
mendi, béjana mah ti kota. Ti Salakopi, kuloneun Pamoyanan puseur dayeuh
Kaputren Cianjur mangsana Aria Wira Tanu II atawa Raden Aria Manggala. Duka
taun sabara mimitina Éyang Haji Enur nganjrek di Pasir Koréd téh, sabab basa
Apa ka dinya mah Éyang Haji Enur téh geus dina tungtung umur. Atuh bubujang téh
nuluy kanu jadi anak-anakna nu paréng lalaki hungkul lima urang. Tapi
pakaya éta anu lima téh kawilang pohara, sawah jeung
kebon manghéktar éwang, kuda katut leuit jeung pangeusina moal béak keur tujuh
turunan – ceuk babasaan.
Lain ngan ukur Apa nu
bubujang di éta dunungan anu lima téh, réa kénéh nu séjénna. Sarua datang ti pangumbaraan, ti
Cioray, Cililin, aya ogé nu ti girang alias daérah tonggoh saperti Cipanas
jeung sabudeureunana. Kabéh digarawé sahinasna-sahinasna, luyu jeung paréntah
nu jadi dunungan : macul, ngoréd, ngala kalapa, ngebon jeung sajabana-jeung
sajabana.
Tapi mungguh ari jelema
geuning aya waé hileud nu ngagorogot mah bari jolna lain ti si itu ti si éta,
tapi ti anak-anak dunungan sorangan, pangpangna mah anak lalaki anu geus garedé. Sok pirajeunan
nyalingkuhan pangasilan kawas kalapa nu dijual di kebonna kénéh, atawa lauk
bibit nu baradag. Nyalingkuhanana téh teu sorangan, tapi jeung bujang-bujangna
nu buméla ka juragan alit, ninggang di kolotna leungiteun sok pirajeunan
nempuhkeun ka Apa, padahal mah teu mais teu meuleum. Atuh Apa téh dipikaijid ku
sawatara dununganana, lian ti éta apanan kaijidna téh geus dimimitian basa Apa
deudeukeutan jeung anak dunungan bungsu nu jadi béntang di éta lembur.
Najan loba nu mikacua
jeung mikaceuceub, Apa teu ngarasa sebér haté atawa gimir nyanghareupan maranéhna
sabab rumasa hirup dina bebeneran. Keur mah deui dunungan bungsu mah béda jeung
nu séjén pipikiranana, meunteun jalma téh lain euceuk batur, tapi ceuk diri
sorangan nu dumasar kana haté jeung pikiran. Dumasar kana kabuktian. Dunungan
bungsu mah geus boga pikiran modérn waktu harita téh, umpamana dina masalah duriat.
Ceuk pamikirna ari cinta mah moal bisa dihulag-hulag atawa dijujurung ku batur
sok sanajan nu jadi kolotna, sabab nu rék ngajalanana lain batur, lain si itu lain
si éta tapi maranéhna sorangan. Atuh cenah éta panuding batur ngeunaan
pangasilan kebon nu disalingkuhan majar ku si anu, dunungan bungsu mah teu
geuwat percaya, sabab manéhna teu ngabandungan sorangan.
Cag eta carita mah
urang teundeun di handeuleum sieum urang guar dina mangsa nu bakal datang.
Waktu beuki nyerelek,
teu karasa najan hirup pinuh ku cucuk carungakang bari cukleuk leuweung cukleuk
lamping jauh ka sintung kalapa, diri rumasa geus sawawa, cukup umur geusan
hirup rumah tangga. Dina hiji waktu di bulan puasa Apa téh jucung harepanana
bisa jatukrami jeung anak dunungan bungsu. Najan bari teu direuah-reuah akad
lumangsung teu kurang nanaon. Sabenerna mah ceuk itungan Ki Atma guru Apa –
guru panggih dipangumbaraan ti Bandung lunta ka Cianjur, ulah akad dina bulan
puasa, sok loba cocoba jeung fitenah batur. Tapi ieu ugeran téh kapaksa
dilanggar sabab loba alesan anu kuat, ka hiji supaya ulah loba teuing
ngaluarkeun waragad, rék ti mana atuh Apa kudu ngayakeun kariaan anu rongkah
sedeng sapopoé ngan ukur buburuh ti isuk tepi ka bedug diburuhan béas saléter.
Nya kaduana, hayang ngalap berekah bulan puasa. Sugan jeung sugan wé kahareupna
aya dina kaberkahan.
Mémang bener nu
dicaritakeun ku Ki Atma téh, sanggeus Apa jeung Ema kawin, kaceuceub beuki nambah,
pitenah beuki gedé. Datang ti ditu ti dieu pangpangna mah indung téré Ema,
mitoha awéwé Apa nu hayang ngawinkeun Ema jeung alona, tukang nganyam bilik,
ari Ema embungeun. Maklum wé parawan méncrang diadukeun jeung bujang kolot,
kumaha wé manéhna uyuhan dipulung jadi pamajikan ku dunungan bungsu gé sasatna
parawan kolot, nya hideung nya goréng adat, sapopoéna nutu di saung lisung
bogana dunungan. Na ari geus jadi istri dunungan asa jadi pangendéna. Embung
baranggawé, kabeukina héés jeung jajan, bentik curuk balas tutunjuk ka anak téré
téh. Salaki meuli teri diawurkeun majar téh lain daangeun. Kitu ceuk babasaan
mah.
Satutasna dikawin ku
Apa, Ema dibawa hirup kadungsang-dungsang. Mimitina nyicingan leuit nu geus teu
dipaké bogana Ayah – dunungan bungsu, bapana Ema téa. Sabab da
teu mungkin atuh cicing saimah jeung mitoha mah, nyaho sorangan indung téré
sakitu ceuceubna katambah boga budak lalaki dua awéwé tilu. Ari Ayah mah
geuning sok kalah ngéléhan, sabar teuing ceuk pamanggih kuring mah. Keur mah deui
pipikiranana téh sok rada kaganggu, mindeng huleng jentul. Éta cenah lieur ku
pamajikan ngora, kasebutna wé ngora sotéh pédah pandeuri di kawinna, sabab nu
tiheula mah maot téa. Jadi asa kaleungitan pisan pamajikan, kari-kari gantina béda
jauh kawas langit jeung bumi.
Ngarasa teu bétah di
Pasir Koréd, Apa ngajak pindah ka Nanggéla, hiji lembur wétaneun Pasir Koréd.
Sarua pangeusina rundayan kénéh Eyang Haji Enur. Di éta lembur aya Mih Salmi,
pamajikan Eyang Haji Enur nu ka tilu. Cicing jeung Mih Salmi téh teu lila sabab
kaburu maot, ari imah jeung tanahna geuning dicokot ku Haji Rafe’i anak Eyang
Haji Enur nu panggedéna. Manéhna ngarasa boga hak sabab Mih Salmi mah teu boga
anak.
Ti Nanggéla Apa pindah
ka Lembur Pasir Jaring, tempatna Ki Agna adi Ki Atma guru Apa. Pernahna éta
lembur kiduleun Pasir Koréd rada anggang ti jalan gedé. Mun mah lembur Nanggéla
wétaneun Pasir Koréd, ngajugjugna teu hararésé sabab aya di gurat jalan badag
nu sarua, ari ka Pasir Jaring mah nya anggang nya reumpil, leumpang mapay jalan
satapak ngaliwatan pasir. Mun rek mapay jalan rada gedé kudu ngajugjug lembur
Koromong, kitu ogé bari mapay sawah, méméhna mapay Susukan Anyar heula. Di
Pasir Jaring nyieun saung leutik asal iuh. Tempatna nu Ki Agna ceunah kop wé
anjuk sakabayarna, kumpulkeun meunang kula-kuli.
Geuning di ieu lembur
mah teu harénghéng teuing. Majar téh ieu mah tanah korsi, hartina matak betah
keur nu nganjrek. Ngan wayahna wé teu siga di tanah garuda ngupuk nu sok loba
rejeki tapi loba berewitna kawas lembur Pasir Koréd.
Sapopoé Apa ngeureuyeuh
kula-kuli di Abah Haji Soleh, anak Éyang Haji Enur nu katilu, sakapeung di Haji
Rafe’i atawa di Haji Sayuti anak Éyang Haji Enur nu kadua. Tiisuk tepi ka bedug
téh anggeur wé buruhna téh béas saléter. Teu naék teu nambahan. Atawa dibéré
sangu timbel sakeupeul laukna anak mujaér. Béda pisan buruhna téh jeung nu
dibikeun ka Ki Ujil. Mun balik digawé téh manéhna mah teu weléh ngaringkiwik
mawa dadahareun.
Lila-lila mah geuning
Apa téh boseneun nyandangan hirup siga kitu, aya dina curuk batur bari teu
beubeunangan ari lain gering haté mah. Hiji mangsa geuning basa geus boga anak
tilu, Apa ngajak dagang ka Ema, cenah Apa rék nanggung, Ema dagang wawarungan. “Ti
mana duitna?” Ceuk Ema harita.
Geuning ari niatna hadé mah Gusti téh teu weléh mihak. Abah Sa’an,
salakina Né Oyoh haat nginjeumkeun modal. Ari Né Oyoh téh adi misan Né Uti
indung Ema. Mimitian dagang téh Apa teu talag-tolog teuing sabab kungsi dagang
tahu di Bandung. Kumaha prak-prakanana éstuning nyaruakeun jeung nu diajarkeun
ku dunungan katut Ki Atma, da geuning ki Atma gé lain ukur ngélmu dina urusan hikmah tapi ogé dina urusan dagang.
Jucung lima puluh taun
Apa rumah tangga jeung Ema, boga anak dua welas, aya dalapan. Hirup-hurip
duaan, teu meunang warisan atawa undian tapi éstuning hirup-hurip ku
jangjangna. Ti mimiti kuli tepika dagang, ti dagang tepi ka maparo ngurus
sawah, tepi ka bisa ngagadé, geus ngagadé bisa meuli, bari teu ngeureunan
dagang. Geuning dina hiji mangsa mah bisa naék kapal ka Mekah bari jeung
duanana, najan geus nini-nini aki-aki gé waruga mah tetep jagjag waringkas.
Bisa nguliahkeun kuring, bisa nyakolakeun si Bungsu najan ukur kuring jeung
manehna nu bisa asup ka paguron luhur gé, sasat lanceuk mah ukur tamatan SD kabéh.
Élmu nu diwariskeun ku Ki Atma diamalkeun,
tutulung kanu butuh tatalang kanu susah bari teu ménta pangupah, éstuning nu rék
méré mah saridona. Ku barokah mah bisa nyieun imah najan panggung gé,
bisa meuli sawah meuli kebon najan sacangkéwok gé. Utang-itung diturutan kumaha
utang-itungna ki Atma. Ngitung tanggal reujeung jam, ngitung lebah kalér
kidulna.
Taun ieu Apa teu
bogaeun kalénder. Teu kadugaeun ngajugjugna. Geus dalapan bulan nyandang
panyakit jeroeun awak. Ngan ukur bisa ngajentul atawa kukulamprengan luareun
imah. Sakalieun aya sémah gé sagala diamanatkeun. Nitah dibaca sagala du’a. Ka
anak ogé ka pamajikan. Peupeujeuh ulah méngpar ti agama. Cenah ngan ukur bisa
ngawariskeun du’a, euweuh harta banda. Sawah sacangkéwok urus baé ku saréréa
ngarah pada ngasaan hasilna babarengan.
Teu lila tina mangsa nyérangkeun
ka kaanggangan, Apa gering teu walakaya, ngaringkuk dina pangsaréan meunang
opat poé. Amanat beuki loba. Ménta hampura ka saréréa, hayang panggih jeung
anak incu. Éling ka nu kawasa. Nu jauh ditéang, nu deukeut nyalampeurkeun. Kabéh
mareutingan. Manghuapankeun mangnyimbutankeun. Mangdarungakeun sing panjang
umurna. Geuning teu aya widi ti nu Maha Suci, poé Juma’ah Apa téh tinekanan
mulang ka Nu Kawasa.
“Jung, Bapa, geuning
ayeuna Bapa téh uih ka Gusti Nu Maha Suci. Ema mah rido lillahitaala, da éta nu
dipikahoyong sareng nu diarep-arep ku Bapa!” Saur Ema bari murubutkeun Cimata.
Bandung, 2010