Tuesday, April 5, 2016

KACAPI BALATI



Ku Iwan M. Ridwan
BAGIAN I

LAMPU CAANG. HIJI ROHANGAN KAMAR NÉMBONGKEUN KAAYAAN KAMAR MAHASISWA. DINA TÉMBOK POTRÉT WANOJA NAPLOK NGARENDENG JEUNG KACAPI.

SUSI, SAURANG MAHASISWI ASUP. PAKÉANANA BASAJAN, PAROMANNA GUMBIRA. NGÉCAGKEUN TAS DINA DIPAN. TULUY MALIKEUN AWAKNA KA HAREUPEUN PANONGTON. GÉK DIUK.

Kang Farél, kaka tingkat. Kasép pisan. Kéna-kéna urang kota nya. Panyangka kuring mah moal daékeun reureujeungan jeung urang kampung. Enya kuring. Pan kuring mah  urang lembur, kampung. Sanajan urang kampung kuring mah teu bau lisung. Kuring mah urang kampung anu seungit parfum, urang kampung nu bisa dangdan.

KAWAS KEUR MIKIR. NARIK NAPAS PANJANG.

Tapi tong salah, kuring mah masih cinta tur haat kana seni budaya Sunda. Teu poho ka temah wadi. Ceuk batur mah seni tradisi téh kampungan, idéntikna urang lembur. Tapi keur kuring mah seni Sunda téh ajenna luhung. Ah nu nyarita seni tradisi kampungan mah nu teu baroga dadasar élmu wé, buktina Kang Farél mah teu nyebutkeun kuring kampungan.

Susi ngaran kuring téh, datang ka kota seja nyuprih élmu pangaweruh ngenaan bagbagan seni budaya sacara akademis. Enya atuh, kiwari mah apanan kudu nyakola rék jadi tukang naon, tukang naon ogé, kaasup jadi seniman kudu luhung élmu. Naha ari kuring rék jadi seniman? Ah duka téh teuing. Rék jadi seniman atawa henteu nu penting mah dina sagala widang kudu bisa mapakan jaman, sangkan teu kagerus ku waktu, teu kapergasa ku mangsa.

SUSI NARIK NAPAS PANJANG. GAP KANA KACAPI ANU NAPLOK DINA TÉMBOK KAMARNA, SATUTAS DIBAWA DIUK DINA DIPAN ÉTA KACAPI TÉH DITEUNDEUN DINA LAHUNANNA. PRAK DIJENTRÉNGKEUN. KITUNA TÉH TEU LILA.

Ah éra ku panongton, pasti aya anu leuwih hébat ngulinkeun kacapi tinimbang kuring. Ieu gé karék diajar. Ké geus lulus mah tapis. Ah meureun sataun dua taun deui gé teu burung hébat. Ayeuna mah wajar wé apanan karék asup kuliahna ogé.

Karék seméster dua. Ari jurusan mah waditra tradisional. Kuring téh resep kacapi, tapi diajar enya-enya mah teu kungsi. Nya kitu téa di lembur mah taya nu ngalatih enya-enya, Si Abah mah ukur kitu wé sakasampeurna, bari jeung manéhna gé da teu jago-jago teuing.

Saur Abah mah, “Jung Susi nu diajarna ka universitas, sangkan naék darajat, keun waé abah mah di dieu ngadungakeun.” Abah nyanggem kitu téh duméh kuring getol diajar kacapi. Abah mah bébélaan ngajual munding sarakit keur mekelan kuring kuliah ka kota, ikhlas cenah, keun da boga kénéh sawah jeung kebon. Hasilna bisa dipaké bekel sapopoé. Abah jeung Ambu mah juwara pokona mah.

Resep geuning di kampus mah diajar nabeuh téh. Éta mah gedung fakultas téh ngeungkeung wé tatabeuhan, keur karuliah, lain satabeuh-tabeuhna. Studiona ogé aya opat. Aya studio, gamelan Sunda, gamelan Bali, gamelan Jawa, jeung gamelan Nusantara.

KACAPI DITEUNDEUN DEUI KANA TEMPAT SAMÉMÉHNA. MANÉHNA NYAMPEURKEUN PANONGTON. MANÉHNA SEURI KAWAS NU RADA ÉRA.

Kang Farél. Kaka tingkat anu kasép. Gaya nya ngaranna ogé, jauh bumi ka langitna jeung ngaran kuring mah. Susi, asli ti lembur, milih jurusan ogé seni tradisi. Béda jeung manéhna anu milih program studi televisi dan film. Cocog pisan. Enya manéhna mah siga artis. Kasép. Jangkung. Bodas, ah pokona mah perfect. Geus saminggu ari wawuhna mah, ngan tadi diajak maksi alias makan siang. Mani seseblakan ieu haté. Diuk paduduaan di résto.

LEOS DEUI KANA RISBANG, KEDEWEK KANA GUGULING LAJU DITATANGKEUP.

Bet heurin ku létah tadi mah. Sieun salting, alias salah tingkah. Sieun témbong kampungan. Manéhna mah cacarita. Cenah kungsi nyieun film, kungsi jadi artis dina layar lebar. Geuning panyangka kuring teu nyalahan. Anu siga artis téh geuning jeung enyana. Baheula, dua taun katukang cenah. Hanjakal kuring mah tara lalajo ka bioskop baheula téh. Atuh da rék ka mana lalajona sapopoé ukur uplek di imah jeung Si Abah.

Tapi keun wé awal ahir gé bisa dipaluruh dina internét, ké lamun jaga geus boga duit rék meuli smart-phone sangkan bisa lalajo film manéhna dina youtube.

GOLÉHÉ MANÉHNA NGEDENG. MELONG KANA GUGULING LAJU DITANGKEUP.

Hayang teuing reureujeungan tadi téh kabawa ngimpi….

LAMPU MOÉKAN LALAUNAN. SORA DETIK JAM KADÉNGÉ DINA SOUND.

BACK OUT



BAGIAN II

LAMPU CAANG. KAAYAAN KAMAR GEUS ROBAH. SEMU KEUMEUH. POTRÉTNA JADI DUAAN, POTRÉT SUSI JEUNG FARÉL.

SUSI ASUP. BEUNGEUTNA ALUM. TAS DIBALANGKEUN KANA PANGSARÉAN. GÉK DIUK DINA DIPAN, TEUTEUPNA SEUKEUT KA HAREUP KAWAS ANU NYIDIK-NYIDIK PANONGTON.

Kang Farél? Éta Kang Farél lain?

MANÉHNA CENGKAT NYAMPEURKEUN PANONGTON. PANONGTON TAYA NU NGAKU.  


Kamana atuh ari Kang Farél, nya?

MANÉHNA LEUMPANG KA SISI KÉNCA ROHANGAN.

Ari éta Kang Farél lain?

NUNJUK KA SALAH SAURANG PANONGTON. TULUY NYIDIK-NYIDIK SABAN JALMA. PANONGTON NGULANG-NGULANGKEUN 

Ah lain deui waé.

MANÉHNA NGAJAUHAN. REG EUREUN NEUTEUP POTRÉT DIRINA JEUNG FARÉL. POTRÉT DICOKOT. DIBAWA DIUK DINA DIPAN NYANGHAREUP KA PANONGTON.

Kang Farél, ceuk sasaha gé kasép.

NÉMBONGKEUN FOTO KA PANONGTON. CICING SAKEDAPAN. 

Mun mah manéhna teu tulus mihukum kuring, tumpur ieu alam dunya. moal rido ieu haté saumur hirupna gé. Moal cageur ku duit sakarung atawa harta banda anu ngalayah. Disebut geus rajét, nya kana kitu meureun ieu haté téh. Kuring mah mending kénéh nelasan pati tinimbang wirang kulawarga. Ayeuna tacan kabandungan ku sasaha sotéh, isuk jaganing géto mah naon anu geus kajadian di antara kuring jeung manéhna téh bakal bruk-brak narémbongan.

MANÉHNA NEUTEUP KA HAREUP KAWAS ANU HAYANG BEBEJA KA PANONGTON.

Sataun reureujeungan téh, inget kénéh basa manéhna kedal cinta. “Akang cinta pisan ka Susi, sumpah daék medu,” pokna téh. Sedil ayeuna mah kana éta kekecapan téh. Horéng ukur pupulasan. Cinta, cenah. Geuning cinta anu disebutkeun ku manéhna mah galak kacida. Bisa mengpar tina tetekon anu geus diguratkeun dina kahirupan jalma loba. Cinta téh égois! Hayang meunang sorangan. Kitu geuning cinta anu disebutkeun ku manéhna mah.

Nyurahan cinta téh saceplakna pisan. Ceuk manéhna mah cinta téh rasa anu ngancik dina haté lalaki ka awéwé atawa sabalikna. Mun mah maranéhna bisa nepungkeun cinta, kabagjaan bakal datang ka maranéhna. Beu, ngan ukur tepi ka dinya nu disebut cinta ku Kang Farél mah.

Kawasna Kang Farél geus teu cinta ka kuring ayeuna mah, sabab meureun geus béak sagala rupa anu mucunghul tina kecap cinta téh. Geus jucung tepi kana mumunggangna nu disebut cinta ku manéhna mah. Meureun. Ku harianeun geuning manéhna mah.

MANÉHNA NARIK NAPAS PANJANG. TULUY NEUTEUP ANTEB KANA ÉTA POTRÉT.

Beubeutkeun waé kitu ieu potrét téh? Ngarah poho. Atawa gunting sina misah, tuluy duruk. Sangkan taya tapakna. Atawa ngarah manéhna panaseun pédah potrétna diduruk?

Ah moal aya pangaruhna, mana sina ieu potrét téh haté manéhna. Apanan ieu mah ukur gambar. Sakadar kertas. Potrét mah teu salah. Potrét mah sakieu kasépna. Imut sakieu amisna. Ihlas. Mani bangun anu enya nyaah ka kuring.

POTRÉT DIUSAP. KECLAK CIPANONNA NGECLAK KANA POTRÉT.

Ah nu salah mah nasib diri meureun. Bet ku daék narima Kang Farél sataun ka tukang. Satadina mah kuring boga anggapan rék bagja hirup jeung manéhna. Satadina bagja boga batur hirup di kota, cacakan kuring mah cukleuk leuweung cukleuk lamping hirup di kota téh. Teu dulur teu baraya.

Nu salah mah kuring meureun teu daék ngadéngé kana omongan Kang Raga anu kungsi nyaritakeun Kang Farél mah playboy. Cenah Kang Farél mah lalaki anu hirupna dipaké ngamurah-maréh awéwé. Teu sirikna boga kabogoh téh sabulan sakali. Jeung itu jeung ieu majar téh.

Nampa béja sarupa kitu kuring teu ieuh percaya. Kuring gé apal Kang Raga téh neundeun haté kadua leutik ka kuring, éta mah akal-akalan manéhna hungkul sangkan kuring ngajauh ti Kang Farél. Tuluy daék ka manéhna.

GÉK MANÉHNA DIUK DINA KORSI HAREUPEUN EUNTEUNG.

Eumh. Mun mah baheula kuring percaya kana omongan Kang Raga, meureun moal ngarandapan nasib sarupa kieu.

GAP LEUNGEUNA KANA KACAPI ANU NAMPEU HAREUPEUNNA. SAWATARA LILA MANÉHNA NABEUH KACAPI BARI JEUNG TEU PUGUH LAGUNA, DILELEBAH KU SORANGAN, SAKUMAHA GENAHNA CEUK SORANGAN, SIGA-SIGA LAGU KINGKIN.

Kuring teu surti basa manéhna curhat. Ngeunaan kahayangna boga bébéné urang lembur. Harita manéhna nyebutkeun kuring béda ti wanoja séjén, kuring mah déwasa, kuring geulis sanajan basajan. Dedeg pangadeg kuring mirip Dinda Kirana artis sinétron, tipeu manéhna pisan majar téh. Panon, biwir, irung nyeples pisan Dinda Kirana, Anu bédana téh kuring mah boga karang handapeun panon kenca. Matak manis ceuk manéhna mah. Cenah.

MANÉHNA NGEUNTEUNG NEGES-NEGES BEUNGEUTNA.

Atoh harita mah dipujii kitu téh, horéng keur ngarayu. Aya ku rikip maling haté awéwé téh. Padahal harita mah kuring jarang diwedak-wedak acan, jajauheun siga-siga artis sinétron.

Bener-bener poékeun harita mah, daék dibobodo, turug-turug kuring keur ngarasa kesel ku Kang Raga anu satengah maksa kudu narima cintana. Atuh gampang pisan kadoja. Eumh bet kapanggih sanggeus urang reureujeungan mah, horéng Kang Farél téh...

NARIK NAPAS PANJANG.

Teu wasa nyaritakeunana gé...

JUNG NANGTUNG. MURU TEMPAT SARÉ. KACAPINA DIKEUKEUWEUK. DIPETIK LALAUNAN DINA DIPAN. LAMPU MOEKAN LALAUNAN.

FADE OUT


BAGIAN III

FADE IN

ROHANGAN KEUMEUH. SUSI CINDEKUL DINA RISBANG. TUNGKUL KANA HENPUN DINA LEUNGEUNNA. DASTER ANU DIPAKÉNA KUCEL.

Béja pamustungan téh ukur nyebutkeun sibuk. Ukur sakecap dina WhatsApp. Teu bébéém teu telepon, kiwari taya nu bisa dikontak.

Sibuk. Baheula kuring gé sok rajeun dibawa ka tempat gawéna upama sibuk téh. Kuring biasa nyérangkeun ti ka anggangan. Resep mun geus nénjo manéhna shooting film. Mani sagala bisa manéhna mah, jadi actor, jadi sutradara, boh film boh téatér.

Kungsi jadi Romeo dina drama Romeo and Juliet, kasép kacida, gagah. Dunya film jeung téater keur Kang Farel mah  kacida pentingna, sapenting dirina dina éta karya. Dunya film jeung téater geus jadi tokoh utama dina kahirupan Kang Farél. Penting pisan keur dirina mah, teu kawas kuring anu ukur piguran dina kahirupan manéhna. Duka teuing kétang, rarasaan mah teu jadi piguran-piguran acan. Jadi level paranti ngadegkeun setting panggung meureun, atawa batten paranti ngagantungkeun lampu. Enya meureun ukur jadi anu kitu, Teu, kuring mah, teu katémbong ayana.

Hina meureun diri téh mun tepi ka disurahan kawas kitu. Malah leuwih ti kitu. Kuring mah ukur tali sasampayan nu salalawasna kapoé kahujanan, sedeng baju anu dipoéna teu weléh ditatap diusap bari jeung diseungitan pakéeun manéhna. Ah boa mémang kuring mah teu dianggap aya.

JRUT MANÉHNA TURUN TINA RISBANG. KATÉMBONG BEUTEUNGNA RADA BUREUYEUNG.

Lunta téh teuing ku lampar Kang Farél mah. Jauh teu kasusul. Ti panggung ka panggung. Ti film ka film, tuluy ngajomantara, ngaliwatan kaméra, wakil sapasang panon manusa. Sanajan manéhna aya di satukangeunana, tapi leuwih sibuk batan baheula, meureun. Manéhna gé mondok moék kawas baheula, meureun. Mun mah baheula remen mondok jeung kuring kiwari mondok teuing jeung saha?

Teu sono ka kuring, kitu? Teu hayang panggih? Kuring mah nineung. Nganti manéhna nu rék mihukum upama geus boga pangasilan sorangan. Sabadana kuring lulus wishuda. Moal bisa ngadagoan wishuda kawasna sabab ieu buah cinta kuring jeung manéhna téh bakal miheulaan kaluar méméh kuring maké toga.

MANÉHNA NGUSAPAN BEUTEUNGNA.

Ieu téh buah cinta, meureun. Ceuk manéhna harita, cinta mah henteu ngan sawates kekecapan, cinta mah kudu aya buktina, nya ieu meureun buktina sanajan matak wirang. Bingung teu manggih tungtung. Lewang taya hinggana.

Kumaha nya pilampaheun? Kamana geusan maluruh bapa ieu budak? Awéwé mah heureut deuleu pondok lengkah téh enya. Kungsi nyusul ka tempat gawéna majar keur di luar. Di luar téh di mana, geuning taya raratan. Naha teu boga waktu kongan pikeun mulang. Kuring mah teu kamamana. Nganti di dieu, di kontrakan anu kiwari can kabayar tilu bulan. Mun mah teu sanggup mayar saminggu deui, nya kuring kudu lunta ti ieu tempat. Lunta kamana?

GEK MANÉHNA DIUK DEUI HAREUPEUN EUNTEUNG. NYANGHAREUPAN KACAPI.

Manéhna mah meureun keur sibuk itu ieu wé. Sagala ditataharkeun. Meureun moal jauh béda jeung anu biasa katénjo baheula. Kuring mah di dieu ngalelengkur napakuran diri. Mapay-mapay deui tapak mangsa duaan meupeuskeun rasa kasono, ngangon kacinta nu teu diwatesan. Jandéla, rérégan, risbang, potrét, kacapi, ayeuna mah kabéh caricing bangun hayang ngabandungan kamana nya ngamalirna cimata kuring.

Kontrakan anu mimindengna ramé basa aya manéhna ayeuna kacida simpéna, boa kamar gé sono hayang deui nyaksian talajak manéhna nalika datang ka dieu.

Bet jadi keueung. Kuring teu wasa ari kudu mulang ka lembur mah. Rék dikamanakeun ieu beuteung. Rék diteundeun di mana ieu beungeut. Tada teuing nyerina batin Ambu jeung Abah nyaksian nasib kuring kawas ayeuna.

SIMPÉ SAKEDAPAN. LEUNGEUNNA NGODOK KACAPI LAJU NGALUARKEUN BALATI.

Ieu titinggal hiji-hijina ti manéhna. Hand porperti pintonan Romeo-Juliet baheula. Meunang ngahaja meuli duaan.

BALATI DITEUTEUP.

“Kang,  lamun Akang teu tulus mihukum kuring, moal rék rido ieu haté sumur hirupna gé. Disebutkeun haté geus rajét, nya meureun kana kitu. Kuring mah mending kénéh teu ngalaman kumelendang di alam dunya tinimbang kudu narima wirang saumur hirup. Wilujeng kantun kang. Meureun jaga di alam baka urang bakal panggih deui. Boa kuring anu nyieun balitungan ka akang mun teu sabalikna ogé.”

“Ambu, Abah, hampura Susi.”

BALATI DIBULAK-BALIK.

“Yeuh balati, kuring masrahkeun ieu diri!”

BLACK OUT
Bandung, 23 Maret 2016
Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com