Thursday, June 7, 2018

MESSENGER TENGAH PEUTING



Galura, Minggu Ka-IV Mei 2018

Ku Iwan M. Ridwan

Manèhna nèmbongan deui satutas pada-pada dipisahkeun ku nasib anu geus sakuduna pajauh. Kuring ogè ngarasa leuwih deukeut batan baheula, sanajan lain raga badagna. Potrèt jeung tulisan-tulisanna anu hiber ti jauhna bet pagilinggisik dina kahirupan kuring kiwari. Bet mawa deui panineungan anu kungsi karandapan mangwelas-welas taun kalarung. Hayangna mah reureujeungan deui sanajan dina enyana teu kungsi salulut. Ukur bisa neuteup imutna anu bèar marahmay, kitu ogè neuteup ti ka anggangan sabab dina buktina mah èta imut tèh mawur keur batur. Sorana matak gantung dèngèeun mangsa ngedalkeun kekecapana anu handap asor. Sopan tur matak tengtrem kana hatèna. Matak seseblakan. Hanjakal pisan èta kekecapan ogè lain keur kuring, tapi keur batur, pangpangna mah keur guru anu mènta kamandang barudak kana salah sahiji pasualan dina hiji pelajaran. Calakan manèhna mah. Pinter. Kasèp deuih.

Enyaan. Ti baheula ogè kasèp. Pinter. Ceuk sasaha ogè kasèp jeung pinter. Komo ceuk Si Nuni mah anu majar sugan tèh urang kota. Awakna mani bodas, beresih tur sarareungit. Pinter deuih. Resep cenah ka lalaki anu kasèp tur pinter tèh. Sedil ngadèngè Si Nuni ngomong kitu. Kawasna mah naksir. Boa enya Si Nuni jeung manèhna tèh kungsi hahadèan? Kawas anu mindeng kadèngè ceuk Si Wiwin. Geuning sok ngaadeuy-adeuy lamun seug Si Nuni tèmbong patanya jeung manèhna tèh. Keuheul kacida mun geus nyaksian talajak sarupa kitu.

Teu hayang leuwih kuring mah. Kasèp jeung pinterna anu remen dibagikeun ka balarèa ogè pèk tèh teuing, sanajan hatè mah kumejot hayang miboga ku sorangan. Sadrah tur lèah hatè tèh sabab meureun kuring mah teu boga tempat dina hatèna. Samalah dina waktu konganna ogè manèhna teu kungsi ngahaja nyampeurkeun kuring najan ukur nanya bari imut. Teu kawas Si Nyayang anu mèh unggal waktu nyampeurkeun. Ngajak ngobrol. Sedil sakapeung mah. Nu diarep-arep manèhna, anu norojol Si Nyanyang deui, Si Nyayang deui. Manèhna mah tiis leuwih-leuwih ti gunung ès. Teu kungsi ngaley sanajan dina jero hatè anu neuteup di tukangeunanan ngagegedur seuneu kageugeut. Teu. Kawasna ukur hatè kuring anu gugupay ngajak kumalayang ka alak paul. Boa kuring anu ngapung ngawang-ngawang ngajomantara sosoranganan. Geuning kiwari kuring anu ngajauhan. Ninggalkeun manèhna anu ceuk rarasaan mah kuring anu ditinggalkeun.

Kuring teu bisa ngalelebah di mana jeung kumaha manèhna nyanghareupan kahirupan satutas pada-pada lunta ninggalkeun sakola. Ceuk Si Sarah manèhna nuluykeun ka sakola lanjutan di puseur dayeuh. Si Sarah kungsi saangkot basa indit sakola. Teu loba nu dicaturkeun cenah, da kitu manèhna mah tara loba catur tanpa bukur. Satutas nampa èta bèja kuring teu nyaho deui ngeunaan manèhna. Hamo bisa panggih deui meureun. Jajauheun bisa reureujeungan mah. Pamustunganana ingètan ngeunaan manèhna tèh disieuhkeun. Jauh. Dikubur dina lèngkob leuweung kahirupan anu pangjerona tur pangpoèkna malah mandar teu bisa kasampeur deui. Nu matak harita kuring nampa lamaran Kang Bibin ogè hayang ngaleungitkeun manèhna tina ieu pikiran. Sugan ari boga salaki mah duriat tèh bisa nyagak. Mun geus nyagak tangtu bakal aya salah sahiji anu mangkak. Mugia waè anu mangkak tèh kacinta ka salaki sorangan sabab tangtu saban waktu dipiara ku dirina, tur anu palastra tèh kacinta anu nganteng keur manèhna anu teuing di mana alang ujurna.

Kang Bibin, nyaah jeung deudeuhna teu kurang-kurang. Hirupna dibèakeun keur mèlaan kulawarga. Ngan hanjakal pagawèan Kang Bibin kalindih ku urang deungeun. Antukna di-PHK. Buburuh itu ieu sakasampeurna. Kangaranan nyiar kipayah anu teu puguh alang ujurna, Kang Bibin kurang bisa ngabayuan kulawarga. Teu bisa nyukupan pangabutuh sapopoè anu hahargaanana beuki ngajaul. Pangabutuh barudak anu geus sarakola duanana. Nyiar deui pakasaban sèjèn nyamos jeung nyamos waè. Matak teu wasa pikeun dicaritakeun. Kula-kuli di sawah apananan geus lain andelkeueun. Sawah-sawahna geus saralin rupa jadi wangunan. Anu nyèsa ogè geus  ditaringgalkeun ku nu bogana sabab parèna geus tara kahasil. Hama geus mahabu. Caina geus kakeumeuhan ku limbah-limbah pabrik anu ngaradeg dina pasawahan sisi jalan. Pabrik bonèka. Pabrik sapatu. Pabrik kaèn jeung sajabana. Kari nungguan pangwangunan satuluyna.

Bet matak ngarumas nyaksian kumaha tihot-hatna Kang Bibin anu keukeuh hayang bisa ngabayuan kulawarga. Nu matak basa Ceu Yuli ngajak nyaba tèh kuring asa aya cukang komo meuntas. Kairut ku pakaya Ceu Yuli hasil tina buburuh di negeri gedong pencakar langit. Enya ogè kuring ukur bisa barang gawè sapopoè di imah, kuring buleud tèkad pikeun ngadu nasib di nagara anu beurat beunghar. Meungpeung umur can opat puluh taun, omong Ceu Yuli harita. Meungpeung geulis kènèh pokna tèh. Lamun geus kolot mah sok hararèsè sabab loba PT. anu arembungeun.

Bari jeung cumalimba ogè hatè kang Bibin lèah ngijinan kuring digawè pikeun sakalieun kontrak. Dua tauneun. Hasil tina buburuh salila digawè rèk dipakè sapopoè sèsana rèk dikumpulkeun keur wawarungan. Sugan bisa ngagolang tur manjang.

Nincak taun kadua kuring bet diparengkeun panggih deui jeung manehna. Ngaliwatan media social facebook. Jadi jalma jegud geuning. Boga pakasaban anu teu ilahar dipigawè ku urang lembur. Fotografer geuning manèhna tèh. Kanyahoan sotèh satutas nitènan potrètna anu diposting dina sawatara mèdia sosialna. Ah bet matak timburu nitènan manèhna sagulung sagalang jeung Nyi Modèl anu sakitu hèrang mèncrangna bari makè baju kawas anu kurangeun bahan.

“Sani, damang?”

Ngadadak ratug tutunggulan basa harita manèhna ngamimitian chatting ngalilwatan messenger kuring. Saminggu satutas facebookna diadd ku kuring. Ham-ham mimitina mah rèk nambahkeun pertemanan ka manèhna tèh lamun teu dipapaksa ku Si Sarah anu ngirimkeun halaman facebookna mah. Inggis teu dikonfirmasi. Tapi ceuk Si Sarah manèhna kungsi natanyakeun kuring basa Si Sarah chatting jeung manèhna. Nya kuring anu ngèlèhan ngaadd tiheula satutas nyaho ceuk Si Sarah manèhna can boga anak pamajikan. Moal aya anu garah-geureuh ieuh meureun.

Wanci papeupeuting manèhna mimiti chatting tèh. Ampir jam sabelas. Cenah di lemburna mah geus ngagayuh ka janari. Geus biasa wayah kitu masih nyileuk pokna tèh. Ngadon cindekul hareupeun kompoterna. Ngoprèk itu ieu anu keur kuring mah biheung nyaho. Ari komputerna teu welèh online. Majar keur ngabangbrangkeun kakesel sok bari internètan.

Aya kana bulanna chatting dina messenger tèh enya ogè tara unggal peuting. Tapi geus loba anu dicaritakeun. Utamana mah ngeunaan pangalaman salila ieu. Samalah remen nyaritakeun mangsa keur sakola tujuh ‘las taun katukang. Manèhna anu sok ngamimitianana mah. Kawas peuting tadi. Manèhna bet los-los natanyakeun Si Nyayang anu remen ngadeukeutan kuring harita.

“Nyanyang?”

“Muhun. Geuning kapungkur mah mani siga anu loma pisan sareng Nyanyang tèh,”

“Ah siga anu teu terang waè kumaha Nyanyang,”

“Hèhèh!” pokna. Kacipta wè manèhna gumujeng.

“Masih sareng Nuni?” giliran kuring anu nalèk.

“Nuni? Na saha anu kantos sareng Nuni?”

“Oh. Henteu nya?”

“Henteu. Na kumaha kitu?”

“Ah teu kukumaha.”

“Abdi mah teu wantun nyakètan anu dipikaresep waktos kapungkur tèh.”

“Maksadna? Kantos aya nu dipikaresep?”

“Duka atuh, da harita mah teu acan ngartos. Mung èta wè aya anu matak abdi geumpeur pami pacaket. Komo waktos pasangrog dina lawag panto mah,” omongna.

“Oh.”

“Muhun. Kumargi èta abdi langki pisan nyarios ka anjeunna, malihan calikna ogè ku abdi dipengkeran waè.”

Lebah èta kalimah kuring ngadadak paranas tiris. Hatè ngadadak seseblakan. Hapè anu keur dikeukeuweuk tèh saharita diècagkeun kana kasur. Sajongjongan mah kuring ngahuleng ngaraga meneng. Ras ka manèhna anu baheula kawas anu kaweur mangsa paadu teuteup dina lawang panto kelas. Manèhna tungkul, tuluy nyisi bari leumpang gagancangan ninggalkeun kuring anu renghap ranjug. Katempo kènèh ceulina tepi ka euceuy harita tèh. Ukur sakali-kalina bisa pasangrog kitu tèh. Harita mangsa jam istirahat basa manèhna rèk asup deui ka kelas ari kuring rèk kaluar.

Cling! Sora hapè kadèngè deui satutas sababaraha lila kuring ngahuleng.

“Nu mawi dugi ka ayeuna ogè tèh èmut wae.”

Kuring ukur ngarèrèt kana hapè. Aplikasi messenger ditutup. Sakedapan mah ukur ngaheneng.

“Tos kulem?” ceuk manèhna deui.

Tèmbong tulisanana ukur sabaris dina balon messenger. Kuring ukur neuteup antep kana hapè anu ngagolèr dina kasur. Golèdag kana bantal. Ngadon nyeueung lalangit kamar anu nèmbongkeun mangpirang lalakon mangsa kuring aya di lemah cai. Lalakon tujuh welas taun katukang mangsa makè seragam biru bodas. Lalakon mangsa mangtaun-taun mitineung manèhna satutas pada-pada lunta ti sakola. Brèh deui kagambar basa Kang Bibin ngalamar kuring jeung kulawargana tepi ka kuring laki-rabi jeung dirina. Brèh deui beungeut barudak. Endan jeung Sopi ngadadak imut dina lalangit kamar. Dina lalangit batin.

P13 Hebras, Mei 2018

Tuesday, May 15, 2018

NU NÈANGAN SAWARGA



Ku Iwan M. Ridwan
Mangle, No. 2679 | 10 - 16 Mei 2018 

Cicah nikreuh mapay jalan anu duka teuing gang ka sabaraha puluhna. Saban nu tingrariung disampeurkeun, nu pasalia ditanyaan, ditalèk kungsi panggih atawa henteu jeung anu ditèanganana. Sakapeung nèmbongkeun gambar nu keur ngajungjungkeun halis sabeulah bari ngaluarkeun tungtung lètah dina layar hapèna. Tapi saban nu diasongan teu welèh gideug, atawa minangka mèrè harepan tèh ukur samet kerung kawas anu nginget-nginget.

Sukuna nikreuh deui mapay jalan gang anu beuki pabeulit. Nyusur-nyusur lulurung dayeuh Bandung. Hègak napasna geus kawas jalma anu ngalalana aya kana poèna. Padahal mah saban pasosorè nyelangan heula mulang. Ngumpulkeun tanaga pikeun lunta satuluyna.  Elak-elakanana geus hanaang bakat ku lila nyusur jalan. Sedeng panon poè kawas anu teu mirosèa ka nu keur ngungun handapeunana. Ngitung lèngkah anu geus aya kana rèbuna.

Cicah anjog ka tungtung gang. Jalan but-bat ngulon ngètan. Pagegek ku mangpirang kendaraan. Sahèng lir gumuruh hatèna anu pagaliwota. Hawa panas beuki ngekeb. Cicah ngulincer nyeukeut-nyeukeut paneuteupna. Mangsa paneuteupna anjog ka lebah parapatan handapeun tihang lampu stopan, panonna mencrong. Ngawaskeun barudak nu keur tinglalimbung bari teu puguh naon anu keur diparèbutkeunana. Hayang nyidikeun, Cicah ngalèngkahkeun deui sukuna anu geus karasa lèklok. Hayang ècès saha-sahana nu keur tingrariung dina trotoar.

Anu parèbut tèh kiwari keur tingcakakak nyaleungseurikeun salah saurang di antarana anu tèmbong jamotrot. Kètang boa nyaleungseurikeun nasibna anu teuing kumaha alang ujurna. Atawa nyaleungseurikeun anu keur luh-lah jero kendaraanana. Karukulutus ngajejelèh macèt. Boa deui nyaleungseurikeun sora-sora anu kaluar tina klakson reujeung knalpot. Geuning rigig anu tingrariung tèh teu kungsi kaeunteupan panènjona. Nitènan anu tingcakakak tèh Cicah bet ras ka nu keur ditèanganana. Moal banè umurna jeung anu keur galumbira. Nincak kelas hiji SMA anu keur meujeuhna hayang sagala nyaho, hayang sagala kaalaman. Ngan lebah rigigna anu moal saruwa tèh, sasatna anu ditèanganana mah teu kungsi pagilinggisik jeung barudak anu ngadaragoan lampu beureum. Èstuning taya ulat gogonjakan. Taya urat cocorowokan jeung pada baturna anu sakapeung tina bahamna kalaluar mangpirang ngaran sasatoan.  Carang takol jeung teu kungsi cumarita lamun boga kahayang ogè manèhna mah. Kawas indungna anu geus leuwih tiheula miang ka alam kalanggengan. Kawasna mah gedè rumasa. Hirup nyiruruk jeung nu jadi aki katut uwana. Padahal boh akina boh uwana tara ieuh ngahirab-hirab anu araya di imah. Tong boro dirina anu geus pahatu lalis, dulur misanna, Tèsya anu masih aya indung bapana ogè teu diwilah-wilah, cul di èyangna, dirorok ku bibina anu papada mihapèkeun diri. Nya kolot-kolot bibina ogè kitu. Pada-pada apilain ka barudakna. Nu matak nurun ka anakna anu kiwari kawas keur sarenang-senang paduduaan. Pamustunganan imah anu teu kurang legana tèh karasa sumpek sabab pagegelek.

Cicah minangka anak anu ngabakti ka kolotna anu geus nyorangan. Hirup jeung salaki di èta imah. Ngurus barudak anu kari opatan deui. Anak pituinna dua Dandi katut Iren, suwanna anu tinggal duaan deui, Dèvita reujeung Ramzi sabab nu jadi lanceuk-lanceukna mah geus nyaliar kasab sorangan di luar kota. Rini alona mah teu pati diperhatikeun sabab geus kawilang dewasa jeung araya kènèh indung bapana. Nu matak geus bisa ngurus Tèsya ogè. Teu kawas Dèvita reujeung Ramzi anu ti keur leutik dirorok ku dirina anu umurna teu geseh jeung Dandi katut Irèn. Ramzi mah dirorok ti keur orok beureum sabab indungna tilar dunya mangsa ngalahirkeun dirina. Ari Dèvita harita keur umur tilu taun.

Ibu, jangan pergi, Bu!” sora Dèvita harita masih ngalanglaung dina ceuli Cicah.

Ceurikna mani eurih-eurihan budak tèh. Ku sarèrèa diupah-apèh. Sarèrèa pada ngarèrèpèh, najan dina enas-enasna saban jalma ogè ngarèrèpèh dirina sèwang-sèwangan.

“Ibu, aku ikut, Bu!” Dèvita bangun anu geus ngartieun indungna bakal ninggalkeun dirina pikeun salalawasna.

“Ibu mah ka surga, bageur. Engkè ogè urang bakal ngiring!” Cicah ngabèbènjokeun.

Sababaraha minggu mah budak tèh teu welèh sasambat ka indungna. Teu daèkeun disambat ku sasaha kitu deui ku bapana. Meureun kurang apèt sabab arang langka aya di imahna.  Duka teuing naon anu bisa ngalantarankeun dirina pohoheun ka indungan tèh Cicah geus teu ingeteun deui. Boa kiwari ogè teu kungsi pohoeun.

Ti saprak harita budak tèh teu pati bèrag. Daharna jadi suda, sarèna kurang tibra. Meus-meus ceurik komo tengah peuting mah, kawas anu manggih kanyeri. Jajauheun bisa ulin kawas budak sèjèn, kahayangna ukur diaais. Pamustunganana budak tèh gering tepi ka dirawat di rumah sakit. Cicah anu jadi gaganti indungna, bet ngarasa leuwih nalangsa tinimbang anu jadi bapa tegesna.

Nyaksian kaayaan anak sarupa kitu tèh bapana bet kalah lunta. Cenah rèk nyiar napakah keur nu jadi anak-anakna. Duka teuing ka mana ka mendina mah sabab teu ieuh bukbrak ka nu jadi kulawarga. Sabulan dua bulan teu kungsi balik. Pleng tepi ka barudakna geus sawawa teu kungsi katèmbong cukang irung-cukang irungna acan. Jajauheun bisa ngabayuan nu jadi anak-anakna. Kungsi nu jadi akina budak maluruh raratanana, tapi lebeng manèhna teu manggih jujutan. Teu bèja teu carita. Palangsiang kumaha onam di pangumbaraan. Pamustunganana kulawarga lèah hatèna pikeun ngurus barudakna. Teu ieuh ngarep-ngarep bapana, sabab dina emprona ukur ngarep-ngarep kalangkang heulang dina mentrangna panon poè dayeuh Bandung anu salalawasna nyongkab. Lir anu teu kungsi iuh.

Poè sapapanjangna bayeungyang keur Cicah mah. Cacakan lain nèangan raratan lain nu jadi anak pituin. Hatèna  teu bisa jolèdar kitu waè. Dirina teu bisa ngawilah-wilah mana anak teges mana anak anu holna lain tina rahimna. Nu matak ceuk pangrasana lamun teu inget kudu nyumponan kawajiban sèjèn di imahna mah moal hayang mulang sapanjang tacan aya raratan. Turug-turug hapè anu sapopoè dikeukeuweukna geus teu nyawaan. Palangsiang matak melang nu di imah. Pamustunganana bari jeung miharep kana saban lieukeuna Cicah ngalèngkahkeun sukuna seja mulang. Mapay-mapay jalan gang anu kungsi diliwatan.

“Batagor, Ceu Cicah?” Ceuk hiji sora.

Cicah mèh-mèhan ngarènjag sabab èta sora tèh aya ti satukangeun roda batagor anu ngageuleuyeung lebah pèngkolan gang. Nyaksian Cicah kawas anu teunggar kalongeun tèh tukang batagor nyèrèngèh bari ngajungjungkeun tak-takna. Sirahna mèh-mèhan kawas titinggi.

“Ceu, Nèng Dèvi mah tos muih,” pokna bari ngangkat deui sirahna.

“Nu bener siah, Udi?”

“Daèk medu, Ceu. Daèk mintul parabot,”

“Nyao, ah!” Cicah gagancangan muru ka imah anu geus kari sababaraha puluh suhunan deui.

Sup ka imah tèh ngaliwatan panto dapur, tèmbong Dèvita keur di rohang tengah. Diuk gigireun akina anu pada-pada nyanghareupan tipi. Meus-meus kadèngè sora akina ngagelendeng najan semu leuleuy. Jinisna mah ukur ngahintul bari ngeluk. Cicah teu waka nyampeurkeun tapi ngadon nyerangkeun tina lawang panto dapur. Hatèna mah teu burung atoh nènjo budak balik deui ka imah. Rohang dina jero hatèna anu molongpong tèh ngadadak aya nu ngeusian deui. Ceuk pikirna moal waka ditanya itu ieu inggis pundung deui. Kojèngkang manèhna ka kamar cai maksudna mah rèk wudu sabab di luar geus kadèngè adan magrib mani rèang dina saban corong masjid.
***

Sareureuh Isa, Cicah ngahaja nyampeurkeun ka kamar Dèvita. Pantona dibuka, brèh Dèvita keur ngahèrang. Dina palipisanana tèmbong aya anu baseuh parat kana puhu ceulina. Cicah geuwat nyampeurkeun. Nènjo aya nu asup ka kamar, Dèvita malikeun awakna. Nyangigir nonggongan panto kamar anu  dibuka ku Cicah. Beungeutna nyulusup kana guguling anu ditangkeupna.

“Dèvita,” Cicah mimiti nyambat. Gèk manèhna diuk dina biwir risbang anu dipakè nyangsaya ku Dèvita.

Anu disebut ngaranna teu ieu nèmbalan. Kawasna mah mèmang teu hayang nèmbalan. Karasaeun dina genggerongna aya anu beurat. Nyelek. Kawas keur neureuy catang bobo.

“Ti mana Dèvita tèh?” Cicah mimiti nalèk.

Sakedapan mah jempling. Cicah ngadagoan anu ditanya nèmbalan. Tapi anu diarep-arepna kawas anu teu mireungeuh. Duka api-api teu ngeuh. Katènjo sarèrètan ukur ngadedempès. Cicah narik napas panjang. Kawas anu ngarahuh jero hatèna.

“Bu Rinda kantos ka dieu sarèng Pa Hèndi,” reug heula eureun. Satutas ngarènghap Cicah nuluykeun deui omonganana.

“Wali kelas nya, Bu Rinda tèh. Pa Hèndi mah saurna guru bèpè,” Cicah eureun deui sakeudeung.

“Naroskeun Dèvita,” Cicah ngahuleng. Kawas anu keur mikiran piomongeun. Sanggeus sababaraha lila pok deui.

“Saur Bu Rinda nembè ogè ngawitan sakola tèh naha tos tara lebet, melang bisi teu damang saurna,” Cicah mimiti medar carita. Tapi satutas kitu tèh jempling deui.

“Dèvita teu uih dua minggu tèh Uwa mah asa teu napak,” simpè deui.

“Melang,” pokna deui. Ayeuna mah semu ngarèrèt ka nu keur nyangkèrè bari nangkeup guguling.

“Na tos ti mana atuh Dèvita tèh?” Cicah neuteup anteb kana beungeut Dèvita anu tèmbong kawas keur jararuh panineungan.

Sajongjongan mah teu ditèmbalan ku Dèvita. Rèt manèhna neuteup. Nyanghareupkeun beungeutna. Panonna neuteup seukeut beungeut Cicah. Pok mah acan.

“Ti mana waè, Bageur?” Cicah anu nanya deui. Sababaraha lila manèhna ngadagoan jawaban.

“Ari surga tèh di mana, Wa?” Dèvita kalah malik nanya.

Sontak Cicah ngarasa hèran. Manèhna kerung.

“Naha naroskeun surga, bageur?”

“Saur Uwa, Ibu aya di surga.”

“Teras Dèvita milarian Ibu?”

Nu ditanya teu nèmbalan. Sajongjongan mah duanana pada-pada ngangon kasimpè.

“Saur batur mah Bandung tèh kota surga,” Dèvita ngarènghap bangun anu hayang minuhan bayahna.

“Saha batur tèh bageur?” Cicah neuteup seukeut kana beungeut Dèvita. Tapi kitu baè anu ditanya tèh kawas anu suda pikeun ngajawab. Samalah kalah nanya deui.

“Saur Uwa, Ibu aya di surga. Di mana, Wa? Di Bandung palih mana?” pokna neuteup seukeut.

Paneuteup Cicah wowotan ku paneuteup anu kawas nganaha-naha. Berebey tina panonna aya anu nyeremih. Bedah teu bisa dipondah. Leungeunna mimiti ngaragamang kana sirah Dèvita. Lalaunan diusapan. Celengok dicium. Hatèna kebek ku karupek. Dina batinna bet nyangkaruk rasa salah anu tohaga. Dirina bet nganaha-naha teu bisa jadi tempat panglumpatan pikeun barudak anu hirup salulut jeung dirina. Disebutkeun teu adil meureun kana kituna. Sabab èta anu cenah karasa ku Dèvita ceuk sobat-sobatna. Horèng kanyaah anu ditamplokeun ka saban nu araya di sakurilingeunana tèh bèda-bèda katampana ku Dèvita mah. Bèda jeung anu katampa ku Irèn katut Dandin. Geuning anu jadi lanceuk-lanceukna ogè kalah birat. Narèangan katingtriman sèwang-sèwangan. Katingtriman anu duka teuing kumaha bungkeuleukna.

Sirah Dèvita diusapan deui. Celengok dicuim taarna. Budak tèh tèmbong peureum kawas anu keur nyorang alam pangimpian atawa alam sèjèn anu can kungsi kasorang ku sasaha. Sajongjongan mah Cicah ukur cindekul ngawaskeun nu keur nyangsaya kawas anu teu walakaya. Rèt kana jam dinding anu ngabigeu dina tèmbok kamar. Geus leuwih ti jam sapuluh. Budak anu keur disanghareupanana kawas anu geus teu ingeteun aya dihareupeun Cicah.

‘Geus tibra kawasna mah,’ hatè Cicah ngagerentes. Tuluy ngojèngkang ka luar ti kamar Dèvita, kituna tèh bari nyusutan cipanon.

Peuting tèh kawas anu dipapaèsan ku mangpirang lalakon ahèng. Paguneman jeung Dèvita mawa bangbaluh pikeun Cicah. Saha anu geus mawa suanna kana alam pipikiran sarupa kitu? Jeung saha anu majar ieu dayeuh tèh dayeuh sawarga. Meureun keur sawatara urang mah sawarga dunya anu bisa henang-hening bari jeung suka bungah. Meureun kitu sotèh keur maranèhna anu teu kungsi nincak jalan kahirupan anu tarahal. Mangpirang patalèkan antukna balawiri dina sirahna. Jajap lelembutanana ka alam pangimpian. Pamustunganana kagareuwahkeun ku nu jadi salakina anu ngaguyah-guyah nitah hudang wanci subuh.

“Mah, gugah. Dèvita geuning tos teu aya deui di kamarna!”

Seni Bandung #1, 2017

Thursday, February 8, 2018

NGANJANG MUNGGARAN

Mangle No. 2666|8 - 14 Februari 2018

ku Iwan M. Ridwan
Dunya ngadadak asa bahé, tumplek  jeung sagala pangeusina kana haté kuring. Mun mah aya anu nanya saha jalma anu paling beunghar saalam dunya dina waktu ayeuna, jawabanana ngan ukur hiji, kuring. Beunghar kuring lain ku harta banda atawa pangkat jeung kadudukan, tapi ku kabeungharan anu hamo kabeuli ku jalma séjén. Néng Lina anu jadi marga lantaranana mah. Manéhna anu taya lian ti perhiasan dunya anu kageulisanana sumebar ka madhab papat, mikeun haténa ka kuring.
Jauh tina sangkaan balaréa Néng Lina bisa narima kuring anu sakieu buktina. Kuring ukur jalma biasa, lain pamuda anu sagala boga, bororaah mobil jeung gedong sigrong apanan boga motor ogé ceuk batur mah meunang hadiahan tina ciki. Si Pinky alias motor bekjul taun dalapan puluhan dicét pulas beureum ngora. Mun seug dipaké ngaboncéng téh pasti waé kudu rada tarapti makéna sabab moal bisaeun lumpat, ukur kitu waé ngadédod kawas éntog. Tapi da Néng Lina mah malah resep diboboncéng naék Si Pinky téh, majar asa petualangan.
Anu matak narima cinta kuring téh cenah manéhna ogé neundeun rasa ka kuring, sok sanajan ukur resep. Duka téh teuing resep kana naonna, harita basa ditanya ngeunaan alesanana téh malah ngajawab ku imut, majarkeun téh lucu wé cenah. Teu puguh atuh ari kitu mah.
Karék dua bulan hahadéan téh ayeuna geus kudu papisah dina waktu anu lumayan lila. Jadwal akademik geus asup kana mangsana liburan ahir semester. Tilu bulan lain waktu anu sakeudeung keur dipaké nineung mah, turug-turug apanan kembang cinta téh karék mangkak ngarandakah, mun mah henteu remen dicébor palangsiang bisa layu atawa malah ngarangrangan. Palias teuing aya batur anu haat nyéboran sabab kunu bogana ditinggalkeun. Palias teuing aya bangbara anu eunteup. Bararaid. Pikiran éta téh geuwat disieuhkeun, apanan ayeuna ogé rék panggih. Jauh dijugjug anggang ditéang téh lain bobohongan. Jarak antara kota jeung kabupaten téh aya kana puluh kilo méterna. Jaba ti éta apanan jalanna ogé lain bantrak-bantrakeun, sabadana Nagrég kadituna téh apanan jalan pungkal péngkol, komo geus béak Malangbong, tanjakan Gentong mah matak paur anu kakara mawa kandaraan. Mun seug kuring maké Si Pinky, tada teuing humaregungna, ngéhkéh waé meureun sajajalan. Hadéna téh lanceuk haat méré nginjeum motor jangkungna,  atuh perjalanan téh asa piknik sok sanajan sorangan.
Rék panggih jeung Néng Lina katut kulawarga pimitohaeun, kuring teu asal datang. Dangdanan sakieu rapihna sagala dipaké: baju kaos dirangkep kaméja kotak-kotak beureum, maké jakét kulit, teu poho kacamata hideung, teu sirikna maksa nginjeum ka lanceuk. Oléh-oléh dayeuh mah komo wé, brownis jeung manggah aromanis. Keur di kampung mah brownis téh pasti anéh, atuh buah ogé moal buah aromanis anu karembu kieu, paling ogé buah limus reujeung kawéni di lembur mah, kumaha wé di lembur nini kuring.
“Punten Bu, badé tumaros, dupi ibu terang alamat ieu?” kuring ngasongkeun alamat dina hénpun ka tukang warung sisi jalan sanggeusna ngeureunkeun motor. Rék sakalian ngaso ceuk pikir téh.
“Parantos caket éta mah, Ncép, lurus waé engke ogé mendakan jambatan, tos jambatan aya jalan anu ka kénca, lebet wé kadinya,” témbal ibu-ibu warung.
Ah geuning geus deukeut, niat rék ngareureuhkeun kacapé téh bolay, kuring hayang geura-geura nepi kanu dijugjug, kapalang bujur asa tépos.
“Hatur nuhun atuh, Bu. Mangga!” kuring amitan.
Biur deui motor téh lumpat di jalan hideung. Léok ka katuhu, léok ka kénca. Majar ceuk Si Ibu mah jalan téh lempeng, geuning ngadon pungkal-péngkol. Aya kana opat kilona kakara manggihan jambatan. Geus liwat jambatan can kénéh waé manggihan jalan anu ka kénca, boa-boa ibu-ibu téh ngabohong. Tapi kuring teu peunggas harepan. Kacinta anu ngagugudag keur Neng Lina mawa sumanget anu gedé pikeun neruskeun lalampahan. Kuring moal rék peunggas hareupan kitu baé, moal enya Néng Lina ogé méré alamat palsu da lain penyanyi dangdut.
Kuring neruskeun lampah, enya wé di hareup geuning aya jalan anu ka kénca. Léok motor méngkol, kénca-katuhueun jalan téh kebon jeung kebon baé. Kebon sawo jeung kebon cau. Sanggeus sababaraha jauh tembong aya imah cul-cel hiji-dua. Motor ngalangsam lalaunan. Kaditunakeun mah  geuning teu coréngcang teuing imah téh, malah lumayan rempeg. Reug kuring eureun hareupeun warung teu jauh ti Masjid Jami. Kusiwel kuring ngaluarkeun hapé.
“Halow, Néng Lina, Aa tos di jalan désa anu disanggemkeun ku Néng!”
“Oh muhun A, di palih mana?”
“Ieu téh caket warung anu payuneun Masjid Al-Walét,” panon mah ngulincer ka ditu ka dieu.
“Oh, atos dugi atuh éta mah. Ieu abdi di sebrang, A!”
Atoh kacida basa ngadéngé kitu. Awak malik ka peuntaseun jalan. Bréh téh imah gedong sigrong linduh ku tutuwuhan, manéhna mukakeun gerbang pager anu témbong muka saeutik. Teu antaparah deui motor dipeuntaskeun, blus waé ka pakarangan.
Euleuh-euleuh geuning ramé di buruan imah anu sakitu legana téh, loba jalma ngarariung dina téras belah kénca. Palangsiang dulurna karumpul kabéh nyaho kuring rék datang. Keun baé kuring mah moal rék éra-éra.
“Nepangkeun, Diman,” kuring sasalaman kanu araya. Kabeh dipapay.
Geuning mani jarudes dulurna téh. Taya nu ngomong saurang-urang acan. Héran. Mani karucem. Pantesna mah kuring datang téh dibagéakeun bari dihiyap, ari ieu mani kawas anu apilain. Asa ku keueung.
“Daramang?” kuring nanya deui bari imut. Angger taya saurang ogé anu anu némbalan.
Kulutrak ti jero aya anu mukakeun panto, hiji lalaki tengah tuwuh kaluar, awakna berséka, maké kacamata.
“Alhamdulillah, Diman ieu téh? Kapendak ogé kadieu, henteu nyasab?” ceuk éta lalaki bari ngasongkeun leungeun. Celengok kuring nyium leungeunna, geus pasti éta téh Bapa Néng Lina.
“Alhamdulillah, henteu, Pa,” témbal kuring bungah kacida.
“Syukur atuh, hayu ka palih dieu! Keun ieu mah da pasén bapa nuju ngalantri,” saur Bapa Néng Lina gumujeng. Kuring dikaléng muru ka téras imah lebah katuhu. Néng Lina mah ngajajanteng ti tadi ogé dina lawang panto belah katuhu.
“Sok ka lebet nya, tuh da Si Ibu gé aya, bapa mah badé prakték deui!” pokna bari ngaléos.
Reuy geuneuk ray pias, beungeut karasa panas. Éra lain di kira. Kuring sasalaman ka jalma anu salah. Néng Lina sorangan ngadon ngantep kuring anu tuturubun.
“Naha Néng teu ngawartosan.”
“Éy, nu matak teu kéngéng miheulaan pribumi geura,” manéhna seuri bangun anu mupuas.
“Dupi itu téh pasén tuang rama?” kuring nanya hayang mastikeun.
“Sumuhun, pun bapa mah kitu wé pami nuju aya di bumi téh. Énggal atuh ka lebet bilih isin mah!” manéhna bangun anu ngéra-ngéra.
“Euleuh haturan, Ncép, tebih-tebih nya kersa rurumpaheun ka dieu,” ceuk hiji sora di jero imah. Teu kungsi lila anu ngomong téh nyampeurkeun bari sasalaman.
“Pun biang ieu, A!” Néng Lina negeskeun.
“Haturan, Ibu!”
“Sok caralik atuh,” saur Ibuna anu tuluy ka jero deui.
Diuk téh dina korsi ukir jangkung gedé, pangdiukanana warna beureum buludru empuk kacida. Diuk nyanghareupan méja anu pereték ku dadahareun. Kéler eusi kuéh kering aya kana welasna, brownis ogé aya didinya.
“Néng, mesék buah geura seger  tos perjalanan tebih mah,” ibuna nyampeurkeun deui bari mawa és jeruk dina gelas jangkung.
“Muhun A, hoyong buah aromanis? Mani arasak téh, kéngéng ngala ti pengker,” omong Néng Lina bari jung nangtung. Sirah kuring ngadadak asa sagedé pedes, nya rék di kamanakeun babawaan kuring ti kota téh?
Bandung, November 2017


                                                                

Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com