Mangle No. 2666|8 - 14 Februari 2018
ku Iwan M. Ridwan
Dunya ngadadak asa bahé, tumplek jeung sagala pangeusina kana haté kuring. Mun
mah aya anu nanya saha jalma anu paling beunghar saalam dunya dina waktu
ayeuna, jawabanana ngan ukur hiji, kuring. Beunghar kuring lain ku harta banda
atawa pangkat jeung kadudukan, tapi ku kabeungharan anu hamo kabeuli ku jalma séjén.
Néng Lina anu jadi marga lantaranana mah. Manéhna anu taya lian ti perhiasan
dunya anu kageulisanana sumebar ka madhab papat, mikeun haténa ka kuring.
Jauh tina sangkaan balaréa Néng
Lina bisa narima kuring anu sakieu buktina. Kuring ukur jalma biasa, lain
pamuda anu sagala boga, bororaah mobil jeung gedong sigrong apanan boga motor ogé
ceuk batur mah meunang hadiahan tina ciki. Si Pinky alias motor bekjul taun
dalapan puluhan dicét pulas beureum ngora. Mun seug dipaké ngaboncéng téh pasti
waé kudu rada tarapti makéna sabab moal bisaeun lumpat, ukur kitu waé ngadédod
kawas éntog. Tapi da Néng Lina mah malah resep diboboncéng naék Si Pinky téh,
majar asa petualangan.
Anu matak narima cinta kuring téh
cenah manéhna ogé neundeun rasa ka kuring, sok sanajan ukur resep. Duka téh
teuing resep kana naonna, harita basa ditanya ngeunaan alesanana téh malah
ngajawab ku imut, majarkeun téh lucu wé cenah. Teu puguh atuh ari kitu mah.
Karék dua bulan hahadéan téh
ayeuna geus kudu papisah dina waktu anu lumayan lila. Jadwal akademik geus asup
kana mangsana liburan ahir semester. Tilu bulan lain waktu anu sakeudeung keur
dipaké nineung mah, turug-turug apanan kembang cinta téh karék mangkak
ngarandakah, mun mah henteu remen dicébor palangsiang bisa layu atawa malah ngarangrangan.
Palias teuing aya batur anu haat nyéboran sabab kunu bogana ditinggalkeun.
Palias teuing aya bangbara anu eunteup. Bararaid. Pikiran éta téh geuwat disieuhkeun,
apanan ayeuna ogé rék panggih. Jauh dijugjug anggang ditéang téh lain
bobohongan. Jarak antara kota jeung kabupaten téh aya kana puluh kilo méterna.
Jaba ti éta apanan jalanna ogé lain bantrak-bantrakeun, sabadana Nagrég
kadituna téh apanan jalan pungkal péngkol, komo geus béak Malangbong, tanjakan
Gentong mah matak paur anu kakara mawa kandaraan. Mun seug kuring maké Si
Pinky, tada teuing humaregungna, ngéhkéh waé meureun sajajalan. Hadéna téh
lanceuk haat méré nginjeum motor jangkungna,
atuh perjalanan téh asa piknik sok sanajan sorangan.
Rék panggih jeung Néng Lina katut
kulawarga pimitohaeun, kuring teu asal datang. Dangdanan sakieu rapihna sagala
dipaké: baju kaos dirangkep kaméja kotak-kotak beureum, maké jakét kulit, teu poho
kacamata hideung, teu sirikna maksa nginjeum ka lanceuk. Oléh-oléh dayeuh mah
komo wé, brownis jeung manggah aromanis. Keur di kampung mah brownis téh pasti anéh,
atuh buah ogé moal buah aromanis anu karembu kieu, paling ogé buah limus
reujeung kawéni di lembur mah, kumaha wé di lembur nini kuring.
“Punten Bu, badé tumaros, dupi
ibu terang alamat ieu?” kuring ngasongkeun alamat dina hénpun ka tukang warung
sisi jalan sanggeusna ngeureunkeun motor. Rék sakalian ngaso ceuk pikir téh.
“Parantos caket éta mah, Ncép,
lurus waé engke ogé mendakan jambatan, tos jambatan aya jalan anu ka kénca,
lebet wé kadinya,” témbal ibu-ibu warung.
Ah geuning geus deukeut, niat rék
ngareureuhkeun kacapé téh bolay, kuring hayang geura-geura
nepi kanu dijugjug, kapalang bujur asa tépos.
“Hatur nuhun atuh, Bu. Mangga!”
kuring amitan.
Biur deui motor téh lumpat di
jalan hideung. Léok ka katuhu, léok ka kénca. Majar ceuk Si Ibu mah jalan téh
lempeng, geuning ngadon pungkal-péngkol. Aya kana opat kilona kakara manggihan
jambatan. Geus liwat jambatan can kénéh waé manggihan jalan anu ka kénca,
boa-boa ibu-ibu téh ngabohong. Tapi kuring teu peunggas harepan. Kacinta anu
ngagugudag keur Neng Lina mawa sumanget anu gedé pikeun neruskeun lalampahan. Kuring
moal rék peunggas hareupan kitu baé, moal enya Néng Lina ogé méré alamat palsu
da lain penyanyi dangdut.
Kuring neruskeun lampah, enya wé
di hareup geuning aya jalan anu ka kénca. Léok motor méngkol, kénca-katuhueun
jalan téh kebon jeung kebon baé. Kebon sawo jeung kebon cau. Sanggeus
sababaraha jauh tembong aya imah cul-cel hiji-dua. Motor ngalangsam lalaunan.
Kaditunakeun mah geuning teu coréngcang
teuing imah téh, malah lumayan rempeg. Reug kuring eureun hareupeun warung teu
jauh ti Masjid Jami. Kusiwel kuring ngaluarkeun hapé.
“Halow, Néng Lina, Aa tos di
jalan désa anu disanggemkeun ku Néng!”
“Oh muhun A, di palih mana?”
“Ieu téh caket warung anu
payuneun Masjid Al-Walét,” panon mah ngulincer ka ditu ka dieu.
“Oh, atos dugi atuh éta mah. Ieu
abdi di sebrang, A!”
Atoh kacida basa ngadéngé kitu.
Awak malik ka peuntaseun jalan. Bréh téh imah gedong sigrong linduh ku
tutuwuhan, manéhna mukakeun gerbang pager anu témbong muka saeutik. Teu
antaparah deui motor dipeuntaskeun, blus waé ka pakarangan.
Euleuh-euleuh geuning ramé di buruan
imah anu sakitu legana téh, loba jalma ngarariung dina téras belah kénca. Palangsiang
dulurna karumpul kabéh nyaho kuring rék datang. Keun baé kuring mah moal rék éra-éra.
“Nepangkeun, Diman,” kuring
sasalaman kanu araya. Kabeh dipapay.
Geuning mani jarudes dulurna téh.
Taya nu ngomong saurang-urang acan. Héran. Mani karucem. Pantesna mah kuring datang
téh dibagéakeun bari dihiyap, ari ieu mani kawas anu apilain. Asa ku keueung.
“Daramang?” kuring nanya deui
bari imut. Angger taya saurang ogé anu anu némbalan.
Kulutrak ti jero aya anu mukakeun
panto, hiji lalaki tengah tuwuh kaluar, awakna berséka, maké kacamata.
“Alhamdulillah, Diman ieu téh?
Kapendak ogé kadieu, henteu nyasab?” ceuk éta lalaki bari ngasongkeun leungeun.
Celengok kuring nyium leungeunna, geus pasti éta téh Bapa Néng Lina.
“Alhamdulillah, henteu, Pa,”
témbal kuring bungah kacida.
“Syukur atuh, hayu ka palih dieu!
Keun ieu mah da pasén bapa nuju ngalantri,” saur Bapa Néng Lina gumujeng.
Kuring dikaléng muru ka téras imah lebah katuhu. Néng Lina mah ngajajanteng ti
tadi ogé dina lawang panto belah katuhu.
“Sok ka lebet nya, tuh da Si Ibu
gé aya, bapa mah badé prakték deui!” pokna bari ngaléos.
Reuy geuneuk ray pias, beungeut
karasa panas. Éra lain di kira. Kuring sasalaman ka jalma anu salah. Néng Lina
sorangan ngadon ngantep kuring anu tuturubun.
“Naha Néng teu ngawartosan.”
“Éy, nu matak teu kéngéng
miheulaan pribumi geura,” manéhna seuri bangun anu mupuas.
“Dupi itu téh pasén tuang rama?”
kuring nanya hayang mastikeun.
“Sumuhun, pun bapa mah kitu wé
pami nuju aya di bumi téh. Énggal atuh ka lebet bilih isin mah!” manéhna bangun
anu ngéra-ngéra.
“Euleuh haturan, Ncép,
tebih-tebih nya kersa rurumpaheun ka dieu,” ceuk hiji sora di jero imah. Teu
kungsi lila anu ngomong téh nyampeurkeun bari sasalaman.
“Pun biang ieu, A!” Néng Lina
negeskeun.
“Haturan, Ibu!”
“Sok caralik atuh,” saur Ibuna anu
tuluy ka jero deui.
Diuk téh dina korsi ukir jangkung
gedé, pangdiukanana warna beureum buludru empuk kacida. Diuk nyanghareupan méja
anu pereték ku dadahareun. Kéler eusi kuéh kering aya kana welasna, brownis ogé
aya didinya.
“Néng, mesék buah geura seger tos perjalanan tebih mah,” ibuna nyampeurkeun deui
bari mawa és jeruk dina gelas jangkung.
“Muhun A, hoyong buah aromanis? Mani
arasak téh, kéngéng ngala ti pengker,” omong Néng Lina bari jung nangtung. Sirah
kuring ngadadak asa sagedé pedes, nya rék di kamanakeun babawaan kuring ti kota
téh?
Bandung, November 2017
0 comments:
Post a Comment