Sunday, June 21, 2020

#STAYHOME


Ku Iwan M. RIdwan
Mangle No. 2783|21-27 Mei 2020 Edisi Lebaran

Lain. Nu keur disanghareupan ku kuring téh lain layar bioskop atawa layar laptop. Taya framing  nu ngawatesan panénjo. Lain layar datar. Lain kotak pasagi panjang. Éstuning di sakuriling bungking ieu mah. Dina panénjo bungkeuleukan. Ngan saruwa pada-pada sawarna. Monochrome ceuk dina istilah fotografi mah. Dominasi pulas hideung. Lir gambar nu ngahaja dibéré kesan pikakeueungeun. Dunya téh kurangeun cahaya. Panon poé kawas anu bangga pikeun moncorong. Sésélékét dina méga hideung nu teu weléh cireumbayan cihujan. Ngecrék ti subuh mula tepi ka pabeubeurang, kalan-kalan tepi ka sorénakeun parat tepi ka tengah peuting.

Sapanjang poé réhé combrék. Beurang kawas peuting. Peuting sakabéhna wanci tumorék. Dunya kawas anu hara-haraeun. Nu narumpi arang nu ngarelol. Sakalieun aya nu ngulampreng teu sidik saha-sahana. Beungeutna ditergos. Kupluk jakét nu dipakéna ditutupkeun kana sirahna. Leumpangna rurusuhan kawas keur dituturkeun malakal maot. Matak kaluar téh geus kapépét kurangeun dahareun atawa meuli bangsaning obat-obatan. Jalan simpé. Kalan-kalan ngalanglaun sora sirineu ambulan nu ngabéngbéos dina jalan baseuh. Lénglang. Dayeuh nu sapopoéna gegek ku patalimarga kiwari ukur hiji dua nu ngalalarna. Numpi. Karéréaanana narumi. Naringkreb di imahna séwang-séwangan nyinglar sakadang mahluk ukuran nanométer anu katelah virus. Bugangna teu kadeuleu ku panénjo jalma biasana, tapi gancang pisan baranahanana. Ti poé ka poé génjah pisan nerékabna.

“Ulah maksakeun angkat atuh, Kang, melang,” sora Diani rada ngagareuwahkeun. Kuring ukur ngarérét.

“Geuning malah langkung mahabu rérés karantina opat belas dinten téh. Keep stay home saurna, Kang. Di bumi deui waé,” pokna deui bari ngadeukeutan milu nyawang hujan nu muragkeun keclakna nu panungtungan.
Sajongjongan taya nu cumarita, tapi pok deui manéhna nu engab téh.

“Batur gé tos teu saranggemeun kaluar ti bumina panginten, Kang. Ulah nandonkeun nyawa keur kapentingan nu sanés,” deui-deui Diani mahing kuring indit.

Kuring narik napas panjang. Bener lebah dinyana mah karéréan pangeusi dayeuh geus narumpi satutas kawijakan Pa Persidén anu nambahan ombér mahing saban wargana kaluar ti imah iwal pikeun nyumponan pangabutuh anu nyerentek kawas barangbeuli obat-obatan atawa kadaharan. Saréréa ogé pan kitu kahayangna mah, cicing di imah. Numpi. #StayHome anu keur jadi trénding topik dina média sosial. Keur nu boga bekel mah teu jadi sual meureun atawa nu barang gawéna bisa ti imah ngaliwatan daring. Kuring mah pan teu kitu, sasatna pagawéan téh nyanghareupan bahaya, najan lain panghareupna kawas tim médis, tapi kuring aya di satukangeunana, purah ngiberan ka balaréa.

“Asa boga tanggung jawab moral Akang mah. Dungakeun wé sing salamet,” kuring némbalan bari tuluy saged ngasupkeun kaméra jeung kaperluan séjénna. Song leungeun kuring minangka amitan. Rada lila manéhna rék nampanan téh. Manéhna kalah rambisak. Manéhna ngagabrug bari nyuuh kana harigu. Sanggeus rada lila manéhna nyuuh, lalaunan kuring ngalésotkeun rangkulanana. Manéhna tungkul ngusapan cipanon maké tonggong leungeunna.

“Dungakeun wé. Lain sapati-pati rék nangtang bahaya, Akang téh” ceuk kuring semu kagagas.

Rap kana jakét tuluy dipaké. Samalah baju mah ngahaja dua rangkep méh teu karasa tiris. Rap deui kana rompi anti angin. Tuluy masker. Masker kaén anyar nyeuseuh jeung ngistrika manéhna. Seungit kaangseu kana satiap rénghap. Sarung tangan ti jero saku rompi dicokot tuluy dipaké. Regeyeng tas eusi kaméra téh digandong. Tas tripod mah dikélék dina taktak katuhu, sabab leungeun kénca dipaké ngarongkong hélm nu diteundeun luhureun bupét sapatu dina téras imah. Méméh maké hélm tripod digantungkeun heula dina kakait handapeun stang motor. Clé kuring diuk tuluy ngahirupan mesinna sababraha lila. Teuteup manéhna ngawaskeun tina lawang panto kawas anu beurat rék ngajajap téh. Sorana kadéngé halon basa ngajawab uluk salam kuring. Biur kuring kaluar ti imah muru ka jalan raya anu masih baseuh sabab hujan karék raat. Sésa cai nu masih nyalangkrung saharita nyéprét basa motor nu ditumpakan ku kuring ngalalar dina beungeut aspal.

Jalan téh teuing ku simpé. Nu ngalalar ukur sababaraha kendaraan. Mobil nu ngabéngbéos. Motor mah arang pisan nu kapanggih. Kantor-kantor pausahaan nu kaliwatan ukur hiji dua nu maruka, ukur toko roti jeung minimarkét anu masih témbong caang bari pantona muka téh. Uyuhan atuh sasatna tiiseun ku nu daratang. Lantaran ngajalankeun motor téh teu pati gancang, dina saban panto kaca kabaca tulisan-tulisan pamahing mukakeun panto maké leungeun, pagigir-gigir jeung poster maklumat ti kapulisian. Samalah aya anu nulisan “DEMI KESELAMATAN BERSAMA SILAKAN MEMBUKA PINTU DENGAN BAHU ATAU BUJUR.” Matak nyelekit basa karérét éta tulisan. 

Hayang seuri aya, cumalimba aya. Dina manglaksa kasedih anu keur nyimbutan alam pawenangan téh bet aya nu pikalucueun. Enya nu keur disanghareupan téh kaalaman méh di sakuliah dunya, di saban nagara. Sabada awal taun kabéwarakeun aya bibit panyakit anu cenah asalna tina kadaharan ékstrem sumebar di salah sahiji kota di nagara deungeun. Sugan téh moal sakieu nebana wabah panyakit anu kaalaman téh sabab tempatna ogé kawilang jauh. Dina erongan balaréa panyakit samodél kitu mah cohagna gé ukur karandapan di lemburna bari jeung moal pati bangga pikeun ngubaranana. Nu matak saréréa ogé teu ieuh ngarasa lewang bakal katépaan.

Enya ceuk saréat mah panyakitna téh teu pira, muriang, batuk, nyeri nelen jeung sesek napas. Maksud teu pira téh panyakit anu remen kawénéhan. Remen kaalaman ku saban jalma, komo keur jalma cacah kuricakan mah kawas jeung dulur pet ku hinis panyakit samodél kitu mah. Muriang ubarna bisa ku babadotan jaman kuring keur leutik mah. Batuk bisa cageur ku kécap jeung cai jeruk nipis, samalah nyeri nelen mah bisa cageur ku ubar anu teu asup akal, ngeueuman panitih ku cihaneut tuluy diinuman. Ngan éta meureun sesek napas anu rada beurat téh, mengi téa. Tapi ieu mah sesekna téh cenah bari jeung nyeri dina bayah kawas anu ditojosan ku jarum. Matak ting sariak bulu punduk ras ka lebah dinyana mah. Bet hayang cicing di imah. Numpi. Stay home téa anu kiwari jadi kacapangan balaréa dina média sosial.

Lain sapati-pati sieun ku pati, da ajal mah geus diguratkeun ku Gusti. Enya ceuk khotib dina solat Jumaah pamungkas dua Minggu katukang gé kitu. Ajal mah dina kakawasaan Pangéran tapi urang téh ulah sok jajagoanan nyanghareupan balai. Agama geus nembrakeun kumaha kuduna nyanghareupan sagala musibah. Perténgtang pisan Khotib téh najan geus cetuk huis, témbong ronghok dina buuk anu teu katutupan ku kopéahna.

“Nabi Musa kantos lumpat nyandak kaomna ninggalkeun Fir’aon jeung bala tentarana, margina Nabi Musa ngaraos teu mampuh ngalawan Fir’aon saparakanca. Padahal pami diémut deui Alloh téh aya di pihak Nabi Musa, teu mustahil Nabi Musa tiasa ngéléhkeun Fir’aon da dibantosan ku Alloh. Tapi geuning Nabi Musa lumpat, hartosna ngukur diri. Kangjeng Nabi Muhammad Solallohu Alaihi wa Salam ogé sami. Anjeunna lumpat sareng Sayidina Abu Bakar waktos diudag-udag ku kaom Kafir Quraisy, padahal logikana mah Alloh Subhanahu wa Ta’ala aya di pihak Kangjeng Nabi, teu pamohalan Kangjeng Nabi tiasa ngéléhkeun sakumna Kaum Quraisy. Naon hartosna éta téh? Logis. Para nabi téh tangtos dituturkeun ku manusa biasa, umatna téa. Mun mah geus ngarasa teu sanggup nyanghareupanana nya kudu lumpat. Kawas anu keur kaalaman ayeuna. Wabah sakitu mahabuna, réa nu teu mampuh nyanghareupanana nya urang kudu lumpat,” pokna tatag. Kituna téh bari imut. Jamaah témbong tenget pisan ngabandunganana. Sawaréh arunggut-unggutan, sawaréh neuteup seukeut. Meureun sapanjang aya Jumaahan ukur harita taya nu lelenggutan téh. Saréréa éstuning ngabandungan pedaran khotib.

“Tapi, lumpat téh ulah salumpat-lumpatna. Urang kudu ngalenyepan naon anu dilakonan ku para Nabi nalika lumpat tina mara bahaya téa. Lumpat bari tawakal. Lakonan naon anu tos dituduhkeun ku Alloh ngalangkungan Rosulna boh dina Quran boh dina Hadits Sohéh. Lobakeun ngadu’a ménta panyalindungan tina sagala rupa mara bahaya anu diciptakun ku Gusti, lobakeun istigfar, singkahan sagala rupa anu mawa kana dosa. Wabah téh bisa jadi rohmat lamun ngadeukeutkeun urang ka Alloh, tapi bisa jadi mamala lamun ngajauhkeun urang ti Alloh. Éta koncina,” ceuk éta Khotib nuluykeun khutbahna.

Teu lila khutbah Jumaah téh. Kitu deui solatna. Susuratan anu ilaharna sok maca Al-Ghosiyah atawa Al-‘Ala téh harita mah ukur maca falaq binnas, surat Al-Falaq jeung An-Nas téa. Cenah ceuk khotib dina khutbah éta kénéh, falaq binnas téh dua surah anu mangrupa dunga ménta panangtayungan tina sagala rupa kagoréngan, tina hal anu teu katénjo boh ti golongan jin boh ti manusa.

Léok, motor nu keur ditumpakan téh semu ngagaléong basa ti tukangeun aya ambulan mangprung mubus jalan nu masih waé peteng. Kareuwas téh dituturkeun ku hapé anu ngageter dina jero saku sababaraha kali. Kapaksa nyisi sabab mukana kudu hararésé. Inggis telepon penting.

“Halow!” kuring ngajawab telepon.

“Mang di mana keneh? Ieu tim ti Nasional ménta dibantuan live report sapuluh menit deui, cenah keur kaméra tambahan,” sora Si Hérty réporter tandem kuring norowélang dina telepon.

“Naha teu mawa tim kitu?”

“Mawa. Tapi gambar anu kudu dicokot ngalobaan. Gempar, Mang,” Si Hérty hariweusweus.

“Okéh. Dua menit nepi,” kuring némbalan bari tuluy ngagas deui motor muru ka rumah sakit darudat anu diadegkeun ku pamaréntah pusat.

Alam nu keur disanghareupan téh ukur sapulas. Monochrome. Dominasi pulas hideung. Lir gambar nu kurangeun cahaya. Enya dunya téh kurangeun cahaya, sabab panon poé kawas anu teu daékeun moncorong. Sésélékét dina méga hideung nu teu weléh cireumbayan ku cihujan. Aya #StayHome dina papan réklameu anu kaliwatan méméh anjog ka tempat tujuan.

Bandung, 24 Maret 2020

Saturday, April 25, 2020

BANDANA BIS*








Iwan M. Ridwan
MANGLÉ 2766 | 23 - 29 Januari 2020

Eunteung jero kamar nèmbongkeun dirina anu keur diteuteup anteb. Eunteung tèh batur anu pangsatiana keur Violani mah. Cenah eunteung mah teu kungsi papalimpang jeung dirina, jeung kereteg hatèna. Teu kungsi nyeungseurikeun dirina dina mangsa cumalimba. Teu kungsi ngarenghik nalika dirina manggih bagja. Kitu deui mun seug keur ngarasa baluweng kawas harita. Eunteung anu bisa marengan bari nèmbongkeun rasa jiwa sakumaha nu aya dina dirina. Enya kitu dangdanan kieu tèh nyamunikeun kaceuceub ka jalma sèjèn? Gerentesna bari nitènna tangtungan jirimna anu mèh teu katèmbong saha-sahana. Bandana-bis anu nyamunikeun beungeutna disidik-sidik. Ukur sapasang panon anu tèmbong, dipencrong ku sapasang panonna. Dina gurat lawon kayas anu mentang handapeun panonna, mangpirang kalangkang jeung kecap tingkolèbat, sawarèh ngeundeuk-ngeundeuk sawareh deui maseuk ngawewegkeun hatèna.

“Teu langkung Violani, Umi mah moal ngahalang-halang badè nganggo niqob atanapi nganggo jilbab wungkul ogè, anu penting mah ulah kabuka orat sareng sing tiasa ngajagi diri. Jeungna deui sagala rupa ogè pan kumaha niatna,” ceuk indungna basa Violani ngaluarkeun gamis anu sasetèl jeung cadarna, tipeu bandana-bis.

“Geuning pulas kayas, ari sugan tèh badè pulas hideung meles,” indungna pok deui bari ngarongkong kana baju anu dikaluarkeun ku Violani.

“Saè nya Mi? Pan Ola mah seneng warna pink, Mi,” pokna.

“Tangtos. Komo upami dianggo ku hidep mah. Tèrang waè kana anggoan anu saè mah,” biangna semu ngagonjak bari mimiti ngèbrèngkeun gamis nu anyar dibukana.

“Omat ulah saukur milu gagayaan nurutan fashion dina jamanna, keur naon awak dibunian ari angger dipamèr-pamèr mah, komo meus-meus diposting dina mèdia sosial mah,” pok deui Indungna teu welèh mapatahan.

“Ah Umi mah mani kitu, isin atuh Mi ayeuna mah,” tèmbalna.

Èra cenah ayeuna  mah èksis waè dina mèdia sosial tèh. Ayeuna mah geus ngarasa sawawa. Geus lain deui Violani anu remen sèlfie di tempat-tempat unik tur pikaresepeun. Geus tara nyieun video boomèrang komo muka deui aplikasi lipsing mah bet asa ku matak èra parada. Hirup tèh teu salalawasna jadi budak alay cenah. 

“Kadè Nèng Viola tèh kacandakeun ku kelompok radikal, Ceu Haji, manglebarkeun ku geulis sareng  pinterna,” ceuk tatangga nu keur ngariung tukang sayur hareupeun imahna. Kadèngè kituna tèh basa Violani amitan ka indungna rèk indit ka kampus, bari geus rada jauh kadèngèna ogè.

“Ah piraku teuing atuh, Ceu, Nèng Violani mah teu aya jeujeuhan kitu ti sepuhna,” nu sèjèn nèmpas.

“Ih cenah ayeuna mah keur loba kelompok anu nyumebarkeun ismeu tèroris, Ceu,” pokna deui.

“Ah naon kaitanna pakean jeung teroris atuh?” ceuk nu sejen deui.

“Eta geuning ayeuna keur jadi sabiwir hiji, geunjleung dipasualkeun dina tivi-tivi,” tèmbalna deui.

“Lah mani teuing didèngè atuh, Ceu, da anu makè dasi jeung jas ogè can tangtu tukang korupsi, kitu deui nu makè rok mini, can tangtu manèhna tukang ngajual diri,” ceuk nu saurang deuina panjang lebar. Kawasna mah mangmèlakeun ka Violani dumèh hareupeun indungna.

“Tah leres, Bu, kitu pisan,” ceuk Indung Violani nyatujuan kana omongan tatanggana.

“Tah kitu, Bu,” ceuk nu sèjènna saur manuk bari nunjuk ibu-ibu anu boga kacuriga ka Violani.

“Enya ogè nya, naha abdi tèh mani bodo atuh,” nu keur marilihan sayuran tèh saharita saleuseurian.

Violani ngarahuh. Bandana bis tèh diudar talina. Lalaunan diturunkeun. Bray beungeutna tèmbong dina eunteung. Aduhareupan jeung dirina. Panineunganana euntreup deui dina kajadian sèjèn nalika dirina can makè cadar. Di jero kelas harita tèh.

 “Sigana pami nuju tuang buah naga tèh, damis Violani mah janten beureum nya, tembus pandang,” Si Izul batur sakelasna semu ngagonjak.

“Enya ngan lamun nginum kopi, bakal hideung meureun,” tèmbal baturna. Atuh di kelas tèh ramè.

“Violani mah moal bisa dicoco reungit nya damisna tèh,” ceuk Si Izul deui.

“Naha?” tèmbal nu lain.

“Enya atuh da karèk ogè euntreup, reungit tèh tisolèdat mantèn bakat ku lemes jeung lèsangna èta damis,” pokna. Kelas anu keur ngadago dosèn tèh beuki ramè.

“Ah jujur wè, maranèh bogoh nya ka Violani,” Laras mèla ti dituna mah sangkan nu ngagaronjak eureun.

“Ih moal kumawantun atuh kedah saingan sareng Persidèn Mahasiswa mah,” ceuleungkeun deui Si Izul kawas anu tacan sugema. Ger atuh barudak lalaki pada-pada ting corowok samalah aya anu tatalu kana mèja leutik katuhueun korsi tempat diukna.

Beungeut Violani dumadak asak. Aya nu panas ngahèab tina jero dadana. Ngagolak tepi kana embun-embunana. Bèja ti mana? Èta kekecapan tèh kawas gelap anu ngageleger tengah poè èrèng-èrèngan. Dirina sama sakali teu rumasa deudeukeutan jeung Gan-Gan, Prèsidèn Mahasiswa. Kungsi sotèh harita dina kagiatan seminar basa dirina jadi ketua pelaksana remen kordinasi jeung Gan-Gan nguruskeun sawatara keperluanana ka pihak lembaga, sarèngsèna kagiatan mah Violani teu kungsi babarengan deui. Èta ogè pan teu paduduaan, sok dibaturan ku nu sèjèn, Laras, Nunik samalah jeung Si Izul ogè.

Enya kitu anu diomongkeun ku Si Zul tèh, gerentesna basa Violani ngaleupaskeun bandana-bisna. Lain teu hayang boga papacangan kawas batur, komo bari jeung anu mikaresep ka dirina tèh lain jalma biasa-biasa, kaka tingkat anu pinter, hadè rupa jeung hadè hatè. Violani norowèlang  jero hatèna. Samalah Gan-Gan tèh kungsi diundang jadi panyatur dina televisi nasional jeung radio pikeun madungdengkeun perkara aksi mahasiswa jeung Prèsidèn Mahasiswa ti kampus sèjèn. Manèhna bèbèja ka Violani basa rèk miangna ka Jakarta. Teu boga curiga naon-naon, meureun hayang ngabèjaan wè. Violani ogè nyaho teu saèutik mahasiswi anu tingkulinting narèangan lawang hatè Gan-Gan sangkan bisa nyirekem di jerona. Tuh Irsyanti, Nanay jeung Jovaria anu nèmbongkeun talajakna hayang kataksir ku Gan-Gan. Tapi naha enya malah dirina anu jadi panineunganana?

Kapanasaranan hatèna tèh horèng kajawab satutas sababaraha kali Gan-Gan nga-whatsapp bari ukur nanyakeun hal-hal anu teu penting tur sifatna pribadi. Mimitina mah dirina teu welèh ngajawab naon anu ditanyakeun ku Gan-Gan, tapi kabehdieunakeun bet ngarasa teu genah. Saban dirina ngabalesan tèh sok tuluy kapapanjangan ngobrolkeun itu-ieu. Lila-lila bet aya kalewang dina hatè Violani. Lewang inggis kahudang rasa anu can sakuduna tumuwuh pikeun jalma anu tacan jadi mahromna. Leuheung basa mun manèhna langsung balaka ka indung bapana bari teu lila tuluy mihukum dirina, najan masih karuliah ogè teu matak jadi sual, ceuk  pikirna.

Gan-Gan lain jajaka munggaran anu ngagedoran hatè Violani. Ti saprak kelas hiji Aliyah ka Violani geus rèa nu balaka. Tapi dirina remen mikir. Karèrèaan anu papacangan tèh malah tigebrus kana lampah salah. Saèutik pisan samalah teu kungsi kadèngè ku dirina anu papacangan mawa kana jalan anu leuwih hadè, ningkatkeun prèstasi akademik upamana. Geuning ceuk bèja anu remen kabandungan boh dina mèdia masa boh internèt, rèa anu miceun orok hasil tina pergaulan anu katalanjuran. Enya nu barobogohan tèa, laleutik kènèh ogè rèa anu cenah dumasar kana silih pikacinta. Rèa ogè anu silih telasan pati atawa bunuh diri balukar kanyenyerian. Nu matak sok rus-ras ka lebah dinya Violani mah mun seug aya nu ngajak hahadèan tèh. Lain teu boga kereteg cenah, da hatè mah saruwa rupana. Saruwa dijieuna tina daging sakeupeul. Gampang katoèl jeung gampang neundeun ngaran jalma anu sikep jeung paripolahna pikayungyuneun. Gampang kabeulina. Tapi sakumaha solèhna lalaki ari geus paduduaan jeung nu lain mahromna mah teu burung dibaturan ku nu katiluna, sètan tèa. Tug tepi ka danget ayeuna aya kana welasna jajaka anu hantem sèsèlèkèt mukakeun panto hatèna, tacan kungsi aya nu diunggahkeun.

“Èta tèh lantaran kamu geulis teuing, Ola,” ceuk Laras bari ngagonjak. Ngobrol kituna tèh teu kahaja basa ngariung di kantin jeung pada batur kuliahna. Bongan harita ditanya ku Laras ngeunaan pangalamanana.

“Ah maenya aya paribasa geulis teuing Laras mah,” Violani nèmpas.

“Siga anu tara ngaca kamu mah. Sakitu raray siga meunang nginjeum ti pangeusi surga. Penyair puitis ogè moal bisa ngadèskripsikeun, niatna nyieun puisi jadina malah surat cinta geura,” Laras beuki norowèco.

“Deuh. Diaminkeun wè sugan enya jadi pangeusi surga. Tapi da ari kitu-kitu teuing mah kacida atuh, Ras,” Violani ngarahuh. Ari Laras mah malah seuseurian nènjo Violani siga anu kesel ka manèhna tèh.

Dina eunteung, Violani nyidik-nyidik deui beungeutna. Anu disidik-sidik tèh ayeuna mah beungeutna anu geus teu kahalangan ku salambar lawon kayas. Ngahuleng saendeng-endeng. Enya kitu dirina tèh geulis teuing. Geulis teuing tèh kumaha? Hatèna pinuh ku patalèkan. Ceuk pangrasana mah teu bèda jeung batur. Halis nya di dinya pernahna dina luhureun panon. Irung nya lebah dinya luhureun biwir, ditepungkeun ku ruruncang. Pakulitan anu cenah ceuk batur hejo carulang, apanan galib rupa kulit sarupa kitu mah. Samalah loba keneh nu sèjèn ogè anu leuwih bodas, leuwih beresih. Nya naon atuh anu ngalantarankeun rèa lalaki anu kapèngpèongan ku dirina. Teu di mana teu di mendi. Saban anu nènjo dirina teu welèh nuturkeun ku paneuteupna. Samalah rèa anu tuluy ngahèroan bari nuturkeun. Rungsing keur dirina mah. Tong boroning jalma saliwat atawa lalaki anu reugeujeug, lalaki anu sakuduna leuwih boga adab jeung tatakrama ogè kawas anu teu bisa naha gedur kairutna ku dirina. Sok hayang ngageroan dirina, padahal taya hal anu penting. Nu matak sakapeung mah manèhna ngarasa teu jongjon iinditan. Nya ti dinya dirina panjeg rèk nyumputkeun naon anu jadi kapunjulan anu dititipkeun ku Pangèran dina dirina. Sugan jeung sugan ku cara kitu mah teu rèa anu uluksalam kana jero hatèna.

“Pantes kamu mah makè cadar tèh, mèmang sakuduna sih ceuk saya mah. Hukumna gè wajib meureun,” Laras nyarita deui basa munggaran panggih jeung Violani anu geus makè cadar.

“Sebel ah Laras mah kitu waè nyarios tèh,” Violani semu judes. Atuh Laras mani ngabarakatak.

“Hayu atuh Laras nganggo, mèh abdi aya rèncang,” sambung Violani.

“Ah, saya mah teu dicadar gè teu loba nu ningalikeun, La. Teuing lamun makè rok mini mah meureun matak jadi pusat perhatian,” pokna ditungtungan ku seuri.

“Ih, wani kitu?” Violani semu reuwas.

“Henteu atuh, kè bisi ditanya geus milu pèrang di mana, Palèstina, Iraq, Suriah atawa Afganistan? Èta dina bitis aya urut pelor,”

“Ngacapruk ah,”

Duanana uplek ngobrol kawas anu bungah. Tapi sanggeus sababaraha lila pok deui Laras nyarita anu daria.

“Tapi ditingali-tingali tèh, kamu makè cadar asa jadi leuwih geulis, jadi leuwih pikaresepeun lalaki geura, suwèr,” gap kana hapè tuluy sèlfie paduduaan. Duanana nyidik-nyidik.

“Tuh pan kamu mah siga modèl èndors,” pok deui Laras anu nyarita. Violani mah teu nyarita sakemèk-kemèk acan.

“Upload I.G ah nya, caption-na ‘bersama artis hijrah, mantul, mantap betul’,” Laras ngerewek hapèna anu keur dicekel ku duaan.

“Ulah atuh Laras, kè abdi disangka....” Violani teu kebat ngomongna lantaran ditukang aya nu uluk salam ka maranèhna.

“Waalaikum salam,” duanana mèh bareng ngajawabna.

Nu uluk salam tèh nyampeurkeun ka hareupeun Laras jeung Violani. Horèng Gan-Gan. Teuteupna kawas anu hookeun. Panonna teu ngiceup-ngiceup, ngan teu lila kituna tèh, luk tungkul bari tuluy nanya.

“Violani?” cenah semu kumeleter.

“Muhun, Kang,” tèmbal Violani halon.

“Pangling nya, Kang Gan,” Laras milu nèmpas. Nu ditanya teu nèmbalan.

Kaayaan kantin anu sakitu ramèna tèh karasana ku hatè Violani mah rèhè combrèk. Komo ku Gan-Gan mah, nu aya tèh kawas ukur manèhna jeung Violani anu pada-pada ngabigeu. Kecap-kecap anu ilaharna rantuy dina saban pentangan inget duanana dumadak maluguran. Nu karasa ukur keteg jajantungna anu kumaranehna keur satekah polah dipondah.

“Ola,” sora indungna ngagèbahkeun panineungan Violani sababaraha poè katukang. Lol indungna ti jero kamar.

“Ummi, mani reuwas. Aya naon, Mi?”

“Tuh di payun aya tamu, saurna mah badè mendakan hidep,” Indungna nungtunViolani kaluar ti kamarna.

“Saha, Mi?” Violani nanya, kituna tèh bari ngarawèl bandana-bis anu ngalumuk dina kasur.

“Duka da sareng sepuhna, saurna mah rèrèncangan hidep di kampus,”

“Istri?” Violani panasaran. Rap bandana-bisna dipakè deui.

“Pameget. Mani kasèp,”

Brèh. Atra anu keur dariuk dina korsi hareup tèh salah saurangna Gan-Gan. Sontak hatè Violani ratug tutunggulan kawas sora dulag malem takbiran.
Bandung, 8 November 2019
* Bandana Bis nyaèta salah sahiji rupa cadar anu model panutup beungeutna dikaput sisina makè bisban atawa pita, dina bagian luhureun panon makè tali. Ari makèna dibeungkeutkeun ka tukang kawas bengker.



Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com