Thursday, July 25, 2019

KATUMBIRI PASOSORÈ


Carita Pondok Iwan M. Ridwan

Hujan tèh geus raat deui. Ukur ngabaseuhan taneuh dayeuh nu geus lantip ku tèmbok jeung aspal. Cileuncang teu kungsi nyangkrung. Saharita laas. Malidkeun gegedoh jalan kana susukan handapeun trotoar. Panonpoè beunta deui tayohna can wancina surup. Langit bèngras marahmay. Mèga bodas titinggal hujan sakedapan pisan. Di jero kamar kontrakan kuring anteng ngajajanteng hareupeun eunteung satangtung. Ngaca aya sajamna. Samalah mèmèh jung tèh rèt deui, rèt deui kana eunteung. Inggis aya nu kurang dina ieu diri. Inggis aya nu matak èra atawa pikaèraeun manèhna. Sahenteuna nu rèk ditepungan tèh sasatna anyar pinanggih. Buuk disisir rapih. Ngadadak makè baju kamèja. Salur warna biru dongker. Henteu ari dikajerokeun kawas anu ngantor mah, bubuhan makè calana jeans. Pulas hideung karesep kuring.

Ku dangdan bener mah kuring tèh teu gorèng-gorèng teuing geuning. Malah asa deukeut-deukeut ka beungeut Ben Joshua. Enya. Kuring gè boga karang dina pipi kènca deukeut kana tungtung biwir. Badis manèhna. Potongan buuk ogè mèh-mèhan satipeu. Padahal da teu ngahajakeun hayang nyaruwaan èta artis sinètron. Enya mirip pisan dialak-ilik dina eunteung tèh. Keun baè ukur ceuk pangrasa ogè. Nya rèk ku saha deui atuh diri tèh dipuji ari lain ku sorangan mah. Baheula remen dipuji tèh ku indung bubuhan masih kènèh saimah. Ari ayeuna mah pan kuring ngumbara demi ngaronjatkeun ajèn diri. Hirup sorangan jauh ti kulawarga demi cita-cita. Sakola di paguron luhur tepi ka boga gelar sarjana. Geus laksana èta cita-cita tèh. Samalah geus boga pacabakan anu matuh di salah sahiji pernerbit. Kuring jadi ilustrator buku-buku bacaeun barudak. Puguh kuliah tèh jurusan desain visual da ti keur leutik resep gagambaran. Horèng karesep tèh jadi cukang lantaran datangna milik rejeki. Teu mènta duit ka kolot ayeuna mah. Sagala pangabutuh bisa kacumponan ku sorangan. Samalah bisa ngiriman unggal bulan. Geus kabeuli motor anu CC-na saratus lima puluh ogè. Kawasna mah geus cukup ngahirupan kulawarga leuleutikan mah. Ngan nya kitu tèa tepi ka kiwari kuring masih kènèh lalagasan.  

Saban mulang ka lembur remen nu natanyakeun iraha rèk ngiringkeun. Babasaan kolot baheula ngiringkeun tèh. Jajaka anu geus ngiringkeun nyi mojang leumpang dina galengan sawah hartina geus deukeut-deukeut ka laki-rabi. Geus jinek ka saha-sahana. Kolot-kolotna pada-pada geus doa. Kecap ngiringkeun tèh jero pisan hartina harita mah, tapi kiwari bèda deui. Nyi mojang tèh bèda kahayangna. Teu hayangeun diiringkeun ti tukang atawa ditungtun ti hareup. Diuk gigireun bari tumpang kaki dina jero wahon kitu kapalayna. Teu kungsi kapanasan ku panon poè atawa kakotoran ku leutak taneuh titincakan. Karingetna teu kungsi ngeclak. Awakna teu welèh meleber seungit parfum.

Lain teu hayang geuwat-geuwat rapalan.  Kabandungan ku sorangan rumah tangga di kota mah teu cukup ku duit saèutik. Hajat nu kungsi kaalaman ku Si Rangga ogè tepi ka mèakeun mangratus juta, sabab hajatna di gedung. Lamun teu di gedung nya di hotèl. Hajat di imah mah èra ngondang babaturan majar tèh. Bisi pada ngaromongkeun. Satutasna rumah tangga pan kudu langsung boga imah. Acan deui mobilna. Dahar pakèna anu lain bantrak-bantrakeun. Samalah sakapeung mah kudu dahar di rumah makan, cafè atawa rèstoran. Pakansi jeung jalan-jalan. Waragad makè up mah can kaasup. Kitu nu kabandungan dina kahirupan Si Rangga satutas kawin jeung urang kota.

Horèng wanoja urang kota mah dangdan tèh geus jadi kabutuhan primer. Lamun teu kitu beungeutna bakal siga anu hudang gering atawa hudang ngajuru. Pias bari jeung bintitan. Halis ukur lalambaran. Mun teu dipinsil tèh kawasna moal aya anu wanieun iinditan. Komo satutas kiwari ibur mojang geulis anu ngahaleuangkeun tembang solawatan mah, mèh-mèhan saban nonoman tèh nurutan dangdosanana. Bajuna, tiungna, calana jeung sapatuna. Geus puguh ari make up-na mah ceuk tadi gè geus jadi kabutuh nu utama. Damisna teu welèh euceuy ku blush on, mèh-mèhan mapakan lipstick dina lambeyna. Kacamata buleud nyangked dina pangambung demèsna mapaèsan socana. Padahal Nèng Biduan Solawatan mah socana semu sipit, nu matak kacasocana buleud sangkan tiasa nyaimbangan kaayaan  socana. Tèrang paèlmuan make up korektif mana kitu ogè. Pami soca sipit kacasocana kedah buleud. Ari  anu buleud socana mah pantesna nganggo kacamata lonjong.

“Nèangan calon tèh urang lembur wè atuh, da urang mah urang lembur. Kudu nurub cupu. Urang lembur ka urang lembur deui. Urang kota jeung urang kota deui. Mahal biaya hirup di kota mah, keun wè sina ku urang kota deui,” Ema sasauran basa kuring balaka ngeunaan kahirupan di kota.

“Nyaèta Ma, urang lembur ogè tos di kota ayeuna mah. Malihan urang lembur sareng urang kota tèh taya bèntenna,” kuring nèmbalan.

“Enya atuh lamun kitu mah tèangan wè nu solèh,” saur Ema deui

“Solèhah panginten, Ma,” pok tèh

“Tah èta,” Ema gumujeng. “Ema mah ukur rèk ngadungakeun wè jeung urang mana waè ogè, nu penting mah hidep bisa hirup rumah tangga dina kaayaan runtut raut sauyunan. Bagja di dunya salamet di ahèrat. Teu kurang itu-ieu. Rumasa Ema mah teu bisa nyenangkeun hidep,” sambungna.

Sok dumadak ngalimba upami Ema tos nyarios kitu tèh. Rumasa kuring ogè tacan bisa nyugemakèun indung. Saèutikna ku hiji hal anu bisa mawa katingtriman kana batinna. Rumah tangga. Nilik kana umur apanan geus ampir nyedek ka opat puluh, sedeng hirup masih lalagasan waè. Majar tèh bujang lapuk. Nu matak sok kasindir lamun aya nu nyetèl lagu ‘Hayang Kawin’ tèh.
*
Jenny. Wanoh tèh dina media sosial. Ngaran akunna Jenny Angle. Bèrèhan manèhna mah. Tina sakitu puluh wanoja anu dikontak ngaliwatan messenger,  ukur manèhna anu ngabales.

“Potona saè,” ceuk kuring basa mimiti chatting. Singget kuring mah. Tara ngucapkeun salam heula. Tara basa-basi ka saban anu dikontak dina messenger tèh. Èta meureun nu ngalantarankeun tara aya anu ngabales tèh. Dianggapna jalma  purunyus anu teu adab teu tatakrama. Jenny mah harita dikitukeun tèh ngabales.

Like atuh saè mah,”

Hiji kalimah anu matak bungangang hatè kuring. Kapanasaran mimiti sumarambah dina sakujur awak. Panon beuki mencerong kana layar hapè. Leungeun mingkin pageuh ngeukeuweuk èta tèknologi anu bisa sagala rupa. Hatè mah nya kitu tèa dumadak silih tabeuh jeung jajantung. Dag-dig-dugna mani nyesek kana bayah. Puguh nu diajak chatting tèh hadè rupa. Atra dina saban potrèt anu di-upload-na.  Kawasna mah ngahaja meunang fotografer. Tematik sagala. Monokrom, fashion, samalah fine-art. Siga foto modèl. Kuring yakin lain meunang ngaropèa tina aplikasi dina hapè. Copèlna ogè diropèa dina photoshop. Kawasna motrètna ogè makè mirrorless, karasa dina kualitas warnana leuwih kentel.

Sok anteng lamun geus nitènan potrèt wanoja anu anyar dipiwanoh dina media sosial tèh. Sok ditelek-telek kawas anu rèk nyieun panalungtikan ilmiah bahasa visual. Tina jejerna. Warnana. Samalah tepi ka poseu nu dipotrètna. Nya kitu pisan kuring nitènan potrèt Jenny. Imeut nakèranan. Matak pogot jeung matak panasaran.

C­hatting tèh jadi ngulon-ngètan. Sagala diobrolkeun. Samalah tepi ka boga nomer whatsapp-na. Tapi ditanya naon gawèna mah ukur nyebutkeun freelance. Gawèna dina poè-poè weekend. Saptu-Minggu. Kungsi tetelepèk ngeunaan sajumlahing potrètna, naha manèhna tèh foto model? Matak kurang percaya puguh gè meunang jawaban ti manèhna anu majar ukur potrèt reresepan. Sok popotoan jeung baturna. Bet pamohalan hasil jeprètan anu aralus kitu ukur dijieun ku dirina jeung baturna anu pajar pilakadar hobi.

“Kopdar, yu,” papeupeuting Jenny nga-whatsapp.

Sontak kuring cenghar deui, padahal harita tèh geus karasa tunduh sabab kakara balik gawè jam sapuluh peuting. Kitu puguh ogè pagawèan tèh, kalan-kalan mah tepi ka mondok moèk di tempat gawè.

“Hayu, hayu,” kuring geuwat ngabales.

Kopdar tèh babasaan barudak jaman kiwari keur nyebutkeun papanggihan. Èta ogè aya anu nyebutkeun nge-date. Tapi geus kaliwat jamanna. Nya kitu geuning barudak di saban jamanna tèh teu welèh boga ciri has basa jeung adabna. Dina jaman anu modèren kiwari tèh rèa hal anu anyar, kaasup dina basa anu dipakè sapopoè. Samèmèhna mah teu kabèjakeun aya nu nyebutkeun kecap kopdar.  Samalah kiwari mah merul ting pucunghul kecap-kecap anyar kawas woles, mager, curcol, baper, otewe jeung sajabana tèh. Basa mah terus maju sanajan tacan bisa kaharti ku sakumna jalma anu hirup kumbuh di sabudeureunana. Enya kawas kekecapan anu bieu pan anu ngartina tèh samet barudak dina jamanna wè, kaom milenial tèa. Samèmèhna deui disebut kids jaman now atawa barudak alay, meureun baheula mah disebutna abègè tèa.
**

Mapagkeun tèh di jalan lebah gapura anu di luhurna aya patung manuk galudra. Cicing sisieunana sakumaha pamènta Jenny. Mondah puguhan rèk dipapagkeun ka imahna tèh. Èra pokna mah. Padahal da kuring mah moal ngèra-ngèra. Atawa meureun anu èra tèh manèhna pèdah dipapagkeun ku lalaki pantar kuring anu geus umuran, pan manèhna mah kakara dua puluh taunan. Lebah dinya mah kuring ogè poèkeun sabab can wanoh jeung jinisna.

Teu lila kurunyung Jenny ti jalan jero gang. Sidik nu nyampeurkeun tèh manèhna. Panon kuring moal kapalingan sanajan salila ieu ukur wawanohan dina media sosial. Buukna anu semu beureum ngarumbay tepi ka puhu leungeunna. Dibeulah tengah. Rarayna atra ayeuna mah lain ukur dina potrèt digital-na. Irungna bangir. Panonna lir talaga nu dipasieup kekembangan. Papakèanana anu rada bèda tèh. Leuwih basajan. Lain pakèan anu ilaharna masieup dirina dina potrèt facebook jeung instagram. Makè kaos bodas, handapna calana semu logor model kulot pulas gading ririakan. Dandananana ukur wedak jeung lip gloss. Tapi matak nyari jeung leuwih manis.

“Jenny?” kuring miheulaan nyambat.

“Hèy, Aa. Tos lami?” cenah ngaaakeun. Nanya sotèh tamba wè meureun pan manèhna ogè nyaho kuring geus aya kana saparapat jamna ngalelengkur di èta tempat. Sajolna ka dinya tèh kuring langsung ngibèran. Manèhna nitah ngadagoan.

“Nembè,” tèmbal kuring bari ngadongkang nyokot hèlm anu ngagantung handapeun stang motor.

Dikitukeun tèh manèhna nyeuleukeuteuk. Seuri anu matak gantung dèngèeun. Kituna tèh bari gap nampanan hèlm anu diasongkeun ku kuring. Rap dipakè. Teu lila leungeunna muntang kana tak-tak kuring.

“Tahan nya, A,” pokna.

Jung manèhna nangtung. Suku katuhuna nincak stèp tukang tuluy ngalèngkahkeun suku kèncana. Gèk diuk dina jok tukangeung kuring. Teu talangkè kuring naèkeun standar motor, tuluy mesinna dihirupan. Lampu sèn dihurungkeun sabab rèk meuntas ka kulonkeun. Manèhna rikat ngulang-ngulang leungeun katuhuna nandakeun nitah ngerèm ka saban kendaraan anu ngalalar ti tebèh kulon.

Jalan ngembat ka kulonkeun. Balawirina patalimarga mirig kaayaan hatè kuring anu keur bungangang. Panon poè beuki ngulon tapi langit mingkin cangra. Di tebèh kalèr tèmbong katumbiri kuwung-kuwung jajap wanci pasosorè, nilemkeun bangbaluh hatè. Cahaya bagja geus mimiti hibar tina tungtung handeuleum anu salila ieu rèhè combrèk. Sakeudeung deui bakal karanggeum pageuh ku diri kuring.

“A, itu katumbiri. Èndah, nya?” Jenny miheulaan nyarita.

“Muhun. Tapi salira langkung èndah,” pok tèh saceplakna. Jeletot manèhna nyiwit kana cangkèng kuring. Ciwit anu bakal jadi ubar kasono. Rarayna anu lemes tèh tèmbong beureum, atra dina kaca spion anu ngahaja dilelebah ka dirina.

Kuring jeung manèhna mangprung dina pagaliwotana kaèndahan anu cikènèh maluguran ti alak paul. Sumebar dina pabinihan kabagja. Layung hurung lir warnaning tresna, sumirat di antara dua hatè anu kakara wakca. Naha urang baris silih pikacinta atawa ieu hatè bakal terus nganogèncang?
P13 – Campaka,  Oktober 2018
dicutat tina buku antologi carpon P-13 "Keretas Bodas"  citakan I taun 2019

Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com