SULAYA
Katumbiri nu baheula nutug kana haté urang duaan
Ayeuna geus ditinggalkeun widadari-widadari kahyangan nu
ngayugakeunana
Hibarna srangéngé dina haté, pareum deui
Cucurugan nu mubus kana leuwi batin ngolétrak saat
Anjeun di mana?
Baheula, kukupu halaliber méh nyalampeurkeun rénghap
anjeun
Sawaréh eunteup dina teuteup,
Sawaréh hiber ngurilingan pameunteu, ting kayapak
luhureun citrésna
Basa mimiti tepung dina iiuh kabutuh,
Anjeun nganyari ngawurkeun kembang pangimpian
Saban mangsa aya dina keteg jajantung
Unggal rénghap kapaluruh tapak-tapak léngkahna jeroeun
daging
Kamana ayeuna?
Dimana sagala nu kungsi karandapan mun ayeuna iiuh
kabutuh geus jadi cimata kapeurih?
Bandung, 2007
PALASTRA
Hujan dina haté kuring
Mareuman duriat
Nu ngagugudag mang réwu-réwu taun
Keur anjeun....
Cianjur, 2007